Rd. Muslimat : Rada aya cepengan eta katerangan ti engkang teh , mung carana hoyong dugi ka Iman Tahkik atawa Haqul yakin teh kudu kumaha ?
Rd. Muslimin : Atuh nya kedah terang elmuna sareng terang jalanna atawa tarekahna. Lamun elmu rai, atawa katerang rai ngan semet beja atawa ceuk, cenah mah, nya ngan semet “ Basa”. Tina “ Maca” jadi “Basa”, henteu nepi “Karasa”. Upami hoyong dugi kana “Karasa”, nya kedah susul sakumaha anu parantos dipayunkeun tadi tuntunan ti Rasululloh nyaeta hadist : AWALUDINI MA’RIFATULLOH. Janten rai teh wayahna kedah neleman “ Elmu Ka-Ma’rifatan”. Naming sateuacanna kadinya teh kedah terang heula kana RUKUN AGAMA.
Rd. Muslimat : Ke…kang !, rai mah nembe nguping aya Rukun Agama, manawi teh ngan Rukun Iman sareng Rukun Islam wungkul ?. cing mangga ku engkang dadarkeun ?
Rd. Muslimin : Anu matak oge rai…..!, kedah ngotektak, kedah rapekan, da elmu mah moal aya tungtungna. Omat ulah dipenggeul ku parantos ngaraos tutug, atawa nutup “ Elmu et amah lain bantrak-bantrakeun urang” pokna teh , padahal eta teh elmu jungjungan urang Kanjeng Nabi. Tah anu kitu nutup diri, hartina ngawatesanan ngarasa sugema semet dinya. Ayeuna engkang bade naros ka rai, ari rai perkawis cepengan Agama, kasaha ngadunungan teh ?
Rd. Muslimat : Nya ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, panginteun engkang oge sami, pokona anu ngangken Agama Islam mah pasti ka Anjeunna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar