Jumat, 10 September 2021

Dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad SAW kieu :
Ari SYAREAT teh : Caritaan Kami.
Ari TAREKAT teh : Pagawean Kami.
Ari HAKEKAT teh : Kalakuan Kami.
Ari MA’RIFAT teh : Tujuan Kami.

Hadist Rasululloh :
ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﺍ ﻤﻌﺮﻓـﺔ ﺍﷲ ﺗﻌـﻼ

AWALU DINI MA’RIFATULLAHI TA’ALA

Anu hartosna : “awal-awalna Agama kudu nyaho heula ka Alloh Ta’ala”.
Rupina rai…!, pikeun saksi yen leres elmu Kanjeung Nabi Muhammad SAW. Aya 4 (opat) tahap, di anggap cekap heula.

Rd. Muslimat : Parantos cekap kang, kantun mugi sakantenan jelaskeun kumaha tah peretelan hiji-hijina.

Rd. Muslimin : Puguh oge da sok nyosok jero. Urang sacara gurat badagna wae, kieu geura :

Ari Elmu Sareat teh tahap munggaran anu nekenkeun kana ka Imanan, yen Alloh SWT teh aya. Nya didadarkeun ku Rukun Iman anu genep perkara tea. Tah pikeun ngabuktikeun ka Imanan teh, kudu daek ngalaksanakeun sagala aturan-aturan atawa katangtuan katut kadisiplinan “ ibadah” anu di tangtukeun dina Rukun Islam anu lima perkara tea. Atuh kudu bisa ngahargaan atawa ngahormat ka “ Kolot”, ka “Guru”, ka “ Pamingpin” (Penguasa), tur kudu patuh kana aturan-aturan kamasyarakatan sareng ngajaga kasaluyuan lingkungan. Cohagna, Syareat mah muser dina “ Sah jeung batalna ibadah”, boh “ Hablum minalloh”, boh “Hablum minannas”, nekenkeun ibadahna ku pamolah jasad.
Tapi…..rai, upami jalmi parantos ngaraos cekap semet ibadah Syareat upami nembe ngaku percaya wungkul ka Alloh (kakara “ Taklid” sareng “ Idlal” ), teras nembe terang sarta apal kana hukum-hukum, kawajiban-kawajiban, katut sah batalna ibadah, eta teu acan cekap tiasa numuwuhkeun “ rasa sieun ku Alloh”, upami teu disarengan ku “ nitenan atawa ngelesan jiwa”. Ibarat tukang “madu gula”. Tina ngupingkeun, tina Maca bakal jadi Basa, can tangtu Karasa ku pribadina. Anu mawi sanggeum Kanjeung Nabi Muhammad SAW, Syareat teh Caritaan Kami.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar