Jumat, 10 September 2021

Rd. Muslimat : Nuhun kang, ngartos ayeuna mah, boh kecapna boh gunana. Cohagna mah upama manusa sajeroning di umbarakeun di dunya supaya ulah kacau, nya kudu ngaranggeum agama. Tapi…. Rai sok mendakan, kanyataan di masyarakat, aya sawatara tukang ngolah tur mamatahan agama, teu pika teu patanya jeung tukang ngolah agama deui, alatan ragot sawala ngeunaan “ kaidah-kaidah agama “. Tah upami nu kitu kumaha ?.

Rd. Muslimin : Nya upami dugi ka pasea tur teu patanya mah, nya kacau tea, papalimpang jeung kecap Agama. Anggap bae teu ber-Agama, tapi da dituduh kitu mah moal teuing kersaeun.

Rd. Muslimat : Ke…ari di turunkeunana agama ti kawit iraha ? naha ti mimiti Nabi mana ? Cing manawi aya katerangan .. ?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar