V
KUMAHA SUPAYA GULUNG ?
Naha kudu gulung?
Alam abdi-gusti mah alam anggang...sadeukeutna ge ka gusti...para abdi mah teu
bisa deukeut sabab beda pangkat beda kabiasaanana. Tara gusti satata jeung
abdi..sabab lamun satata leungit kagustianana.
Hayang deukeut mah nya gusti jeung gusti deui....abdi jeung abdi deui. ngan
lamun abdi-jeung abdi, gusti jeung gusti. Leungit kagustian leungit ka
abdian...pan basa nage jeung sasama mah pa dewek-dewek pa aing aing. Ngan kade
mun keur aya abdi ulah gusti padewek dewek pa aing aing meureun abdi bisa
ngunghak? Sabalikna mun keur aya gusti abdi tong sambewara...bisi tideuha..
naha bet aya abdi cumantaka?
Alam abdi-gusti mah alam tata alam semu....tara dicaritakeun sajalantrahna...
Strategy jeung kaayaan presiden (gusti) tara dijelaskeun kabeh ka sakabeh
rakyat (abdi).... cenah ge kapaksa kudu ‘white lie’ sabab mun dicaritakeun
sajalantrahna mah bisi kuciwa...bisi putus asa...bisi CAN BISA NARIMA..bisi
mancangah ..jrrd.
Pan kongas dina agama oge...loba nu disumputkeun ..saur Gusti teh dina
qur’an...”nu nyaho eta mah ngan saukur kami jeung nu dikersakeun ku
kami..maraneh mah para abdi moal..moal kabeh nyaho (nu saenyana) aya ge ngan
saukur nyangka”....ari nyangka tara pas ka enya...malah, saur gusti dina
qur’an, nyangka ngeunaan gusti mah pagawean abdi nu ditundung (setan)”.
Hayang nyaho nu saenyana mah kudu pindah ka alam gusti jeung alam nu daralit
(qarib/qurbah) sabab kapeto kapilih dikersakeun ku gusti.
VI
Kumaha carana?
Kudu daek saalam sakabeuki jeung gusti. Engke nyaho kumaha ari gusti sapopoena
usik malikna.
Didieu para ulama mere tuduh, dumasar beja ti gusti dina qur’an, yen gusti
Allah teh boga sifat 20 siki.
Aya (wujud), mimiti (qidam), langgeng (baqa), nangtung sorangan (qiyamuhu
binafsihi - tingali “lingga kabuyutan jeung sirotol mustaqim/nangtung
sorangan”), beda jeung nu anyar (mukhlafah lil hawadis), wahdaniat (gulung).
Cik atuh lalanyah diajar kawas kitu....
Pan saur Sang Sri Uswatun Hasanah tedak quraysh ge... “akhlak maneh sing kawas
akhlak Allah”
Bisa wanoh kanu 6 diluhur teh kudu bisa wani daek nyaho jeung hirup (keneh).
Maneh nu nandangan (nu daek nu wani nu bisa nu nyaho nu hirupna).
Hirup (hayat) jeung (hayan) nu hirupna, Bisa (qudrat) jeung (qadiran) nu
bisana, Daek (iradat) jeung (muridan) nu daekna, nyaho (ilmu) jeung (aliman) nu
nyahona....atuh kudu sagala ku sorangan di sorangan lain euceuk lain cenah.
Ngucap (kalam) jeung (mutakaliman) nu ngucapna tapi teu make sungut.... atuh
diajar nyarita teu ku sungut
Ningal (basar) jeung (basiran) nu ningalina tapi teu make mata.... atuh diajar
ningali teu kumata
Denge (sama) jeung (samian) nu ngadenge tapi teu make ceuli... atuh diajar
ngadenge teu ku ceuli
Teori na mah loba tinggal leukeun daraek diajarna...diantarana aya nu boga
pamanggih:
cenah, kudu asup tareqat..tong sareat wae.... (kade loba nu ‘kabodokeun’ ku
guruna, kasiksa/kapager ku ‘labelling’ brotherhood tarekat/ sareat jeung
golongan/aliran, komo kana tareqat nu sok ninggalkeun sareat),...
cenah, kudu ngaliwatan tobat, zuhud, wara, faqir, sabar, tawakal rido ikhlas
(kade ulah lieur ku metoda)... jrrd cenah pamanggih jelema.
..klise lamun dituluy keun.
Ari ceuk kami mah:
Prak teangan Ajarna ulama ahli waris nabi nu bisa ngajarkeun nyarita teu ku
sungut, ningali teu ku mata, ngadenge teu kuceuli, hirup teu bari ngarenghap.
Nungtun kawani kabisa kadaek jeung kanyaho nu aya di sorangan.
Tah engkena tara kaeuweuhan da aya wujud maujud tara neangan nu euweuh,
langgeng baqa da mapay nu jadi mimiti maneh (qiyam) memeh awang-awang
uwung-uwung, nangtung sorangan bi nafsih, beda jeung batur-batur nu anyar nu
pandeuri (mukhalafah lil hawadis). Gulung gumulung...sagulung
sagalang...meureun teu kudu kararagok..da jeung sobat dalit. Sab geus
sakabeuki sakanyaho sakadaek sakabisa sakawani.
Tah engkena nu disebutkeun ku teori-teori katasawufan jadi sorangan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar