Sabtu, 18 September 2021

mustika

( nu Maha Tunggal Tunggal sarasa , tunggal sa-pangawasa, Ngancik’na raga salira. Dina batin anu sidik, anu tara daek nga-bohong, jeung di bohongan. Nu hurung dina jajantung. Nu herangna, di kalilipa Hurung tanding dammar hurung.Siang tanding dammar herang.
Anu hurungna, kurungan anu herang, eusi rasa kadi bulan, kadi sarangéngé ngahing medal. Remet menteng dina angen. Anu ngilo dina tikoro. Nu ngintip dina lalangit
Buka ini buka rohani Buka sintung, bukakeun gedongan ati.
Pang mukakeun cahaya ti anu maha kawasa. Supaya kapanggih bukti. Nu puguh diri sajati. Kudu nyata ceuk tuduhna...)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar