Jumat, 10 September 2021

Rd. Muslimin : Kieu eta mah rai, saupami jalmi parantos kateleuman Elmu Sareat oge Elmu Tarekat, tur khusyu dilaksanakeun, bari disarengan ku Ridho Alloh SWT, nya bakal kapendak “ Hakekat “ (Kanyataan anu benerna), mangrupa tahapan anu sampurna.
Sabenerna ari Elmu Hakekat, ayana ditulis di “ Lauhim Mahfuds “. Sabab sagala rupa anu bakal kajadian parantos aya tulisanana didinya. Ngan gumantung kana bersih sareng kotorna “ Qolbu” atawa Hatena jalma. Upami kaayaan beresih “ Kaca kalbu na hate” nya bakal bisa noropong ka Lauhim Mahfudz, bakal tiasa ningali Elmu anu aya didinya. Ari anu jadi hijab (pepedut), panghalang antara kalbu/hate sareng Lauhim Mahfudz teh nyaeta dosa-dosana. Ari hate/kalbu teh aya dua lawang atawa panto : Panto Kahiji nyaeta anu mukakeun “ Panca indera” anu nyoko kana “ Alam Wujud” ieu. Panto Kadua, upama teu kahalangan ku “ Hijab”, nya molongpong ka “ Alam Malakut”, sabab alam nu aya ieu, asalna parantos ditetepkeun dina Alam Malakut / Lauhim Mahfudz.

Rd. Muslimat : Manawi engkang henteu kaabotan kumaha kagok hiji deui kana tahap Ma’rifat, margi rai ngaraos gantung areuyeun.

Rd. Muslimin : Edas ari rai, sok nyosok jero ngukuy Elmu teh. Tapi sae rai, da kedah kitu neleuman elmu mah kedah tutug ngarah teu utag atog. Perkawis Elmu Ma’rifat teh rai, eta tahap pangluhurna, nyaeta tahapan manusa parantos ngaraos gumulung dirina sareng nu Maha Suci. Dina tahapan ieu, jiwa manusa parantos kontak sareng Jiwa Alam Semesta, moal ngaraos digunjang-ganjing ku kabungah atawa prihatin ku haliah dunya. Istuning parantos teguh tangtu hatena, percaya kana Wujud-Na Dzat nu Wajibul Wujud, tur parantos tembusna paningal atina kana Dzat Alloh ku ridho tur pitulung Manten-Na. Kitu tah rai, perkawis Elmu Ma’rifat mah.

Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang ….!, kana sagala rupi penjelasanana. Satadina mah manawi teh elmuna Kanjeng Nabi teh mung sakumaha anu ilahar dilaksanakeun secara biasa, singhoreng kakara elmu sareat eta mah. Cik kang !, manawi aya katerangan anu langkung eces, supados gampil katangkepna.

Rd. Muslimin : Edas ari rai, urang ibaratkeun atuh nya, kieu :

ELMU SAREAT Teh ibarat “ WANGUNAN KAPAL LAUT”

ELMU TAREKAT Teh ibarat “ KAMUDI KAPAL LAUT”

ELMU HAKEKAT Teh ibarat “ LAUTNA”

ELMU MA’RIFAT Teh ibarat “ INTEN ANU AYA DIDASAR LAUT”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar