Jumat, 24 September 2021

sakawayana

Kalam kasundaan:

SASAKA SAKAWAYANA: 
SAKAWAYANA KAMI SAKUMAHA EUY? DIMANA SASAKANA?

Eddy Nugraha

PANGANTEUR

I
Sasaka Sakawayana. 

Kecap sasaka masih keneh asup kana entri kamus sunda nu hartina TIHANG atawa 
lulugu, aya oge nu nyebut pusaka ( kamus umum basa sunda LBSS). Ari sakawayana 
mah asana ku para ahli basa sunda formal ayeuna geus teu diasupkeun kana entri 
kamus atawa ensiklopedi sunda (Naha nya??) 

Dina ayana oge, kecap sakawayana teh disambungkeun atawa aya hubungana jeung 
saukur ngaran nami gelar luluhur pajajaran teureuh talaga manggung baheula 
kongas kasebat Batara Sakawayana buyutna Prabu Niskala Wastukancana ti Ajar 
Kutamangu Kusumalaya sareng Ratu Simbarkancana (tingal diantawisna sajarah Jawa 
Barat nu dikempelkeun bahan-bahana ku Drs. Yoseph Iskandar) atawa ngeunaan 
sababaraha tempat di tatar sunda (misalna wae di sumedang jeung, nu geus teu 
bireuk mah nya, daerah Sakawayana di Sukabumi kidul). 

Sakawayana –dina logat lokal sok jadi sokawayana- boga harti: kahiji, tina 
kecap sakawaya(H)na. diwancah jadi saka-wayahna, saka-waktuna (ieu pamendak , 
salah sahijina, katampi ti salah sawios inohong sunda Drs. H.R. Hidayat 
Suryalaga, waktos anjeuna cumarios di bumi wargi dina raraga milangkala tepang 
taun – taunan kapengker). Harti kadua, nurutkeun basa urang kampung sapopoe 
sakawayana teh tina kecap sa-kawaya-na ari kawaya teh hartina SABUK, BEUBEUR, 
EPEK. Jadi lamun geus dicalana dibaju memeh indit saged rek kaluar teh sok 
nyarita kieu “ke atuh rek dikawaya heula” maksudna calanana rek dibeubeuran 
heula ameh teu morosot jeung leuwih pantes. 

Tangtu geus pada terang yen guna na kawaya salian ti ‘accessories’ nu rupa-rupa 
model warna jeung bahanna supaya pantes (sakaresepna, sakahayangna) , oge 
pakeun nyangcang calana supaya teu morosot/pas dina cangkeng da bisa diatur ku 
nyangreudna (ayeuna mah aya liangan) ameh aurat handapeun beuteungna (karesep, 
kasusah, kangeunah, kaerana nu dibabawa jeung ngilu) teu kaciri lain dina 
waktuna. Ari cangkeng utamana ngagedean ngaleutikanana kumaha beuteung 
sedengkeun beuteung nya kumaha eusi peujitna; aya nu leutik, gede nepi ka 
burayut nu ditangtukeun ku kabutuh pakeun hirupna (kayaning rupa rupa hakaneun 
jeung rea henteuna nyatu), jeung kabetah jelema salira hirupna (nu teu daek 
olah raga mah ku dahar wae teh beuteungna jadi burayut moal tuluy boga beuteung 
rata ‘six pack’ tuluy, da geus betah dina haroream ngusikeun awak). Jadi, 
kawaya mernahkeun calana (sakabutuhna, sakabetahna, sahirupna, sahuripna) 
supaya pas merenah alus ditiap cangkeng
masing masing jalma nu bisa ngagedean /ngaleutikan -bari beda-beda ukuran 
(liang) kawayana- sabab tiap jelema ukuran beuteung (kabutuh/kabetah) eusi 
peujitna teu sarua jeung teu angger saban wayah saban waktu (saka-wayahna) . 

Ana kitu, hususna dina ulikan kapribadian di sunda, sakawayana boga harti 
sakabutuhna sakabetahna sahirup huripna masing masing (boh batur boh 
sorangana). Sedengkeun Sasaka sakawayana hartina tihang lulugu pusaka nu nahan 
nu ngauban nu nyaangan nyaharaan hirup hurip nu kumelip nurutkeun sakabutuhna 
sakabetahna sakadaekna sahirupna sahuripna saban wayah saban waktu sawayahna 
sawaktuna. 

II
Ari sakawayana maneh sakumaha? kumaha nihanganana, ngaubanana, nyukupanana? 

Naha bet natanyakeun kitu? 

Ih …. cik atuh peupeuriheun salila hirup ukuran kawaya (kabutuh, kabetah jrrd) 
sorangan the embung ge… dialukur batur wae (leuleutikanana diomongkeun, …. bari 
can tangtu bener ngukur dewek… da batur mah ngukur kawaya urang the aya 
pambrihna (moyok we mun ngewaeun komo asa kasoro mah, muji mun resepeun eta ge 
pedah sakabeuki sakabetah), lamun sorangan bisa ngukurna mah meureun genah … da 
nu sorangan ukuran sorangan. Moal cilaka katideresa dicalana morosot katingali 
kanjut ku batur lain wayah, arek ge make model morosot siga budak ayeuna taya 
bayana da nyaho bisa keneh katahan ku bujur sorangan teu kudu ku bujur batur… 

Lamun geus nyaho kawaya sorangan meureun bisa ngarasakeun ngahargaan kawaya 
batur nu oge baroga masing-masing malah (mun bisa mah) daek wani nyaho ngauban 
nihangan nyukupan (jadi sasaka) kawaya batur. 

Euleuh…euleuh …gampang nyarita (nulis…he..he) na kumaha nihangan, ngauban, 
kawaya batur ? meureun kudu apal liang, apal bahan, nyaho warna, nyaho model, 
nyaho kakantet kabutuh batur, jeung kumaha mikeuna ameh teu asa leungiteun nu 
sorangan? Kumaha nalianana ameh batur teu asa dipaksa dicangreud? Ameh bisa sa 
kabutuhna sakaresepna sahirup huripna. Lamun henteu da boro boro daek narima 
komo tumarima, nu aya mah meureun asa kacekek atawa angger susah era calanana 
morosot. Jeung mana atuh Sasakana pakeun nyukupan ngauban nihangan kawaya the? 
boh nu di aing boh nu di batur?

Saluyu jeung ‘inquiry’ diluhur, Ieu tulisan rek nganepikeun yen disunda 
(baheula) ajaran atikan nu geus masagi ngeunaan Sakawayana jeung Sasakana 
mangrupakeun hiji ulikan poko dina ulikan kasundaan (baheula) nu diajarkeun 
diwariskeun turun manurun supaya dijadikeun tangtungan seuweu siwi. 

Wah….mana saksina aya ajaran di sunda kawas kitu? Mana buktina? Tong asal 
nyarita tong sok kikirataan (dinyata nyata ku kira-kira)…. (teu usum komo 
dijaman alam pikiran jelema nu kagedenakeun na (lolobana) ku pola pikir 
positivis mungkul). 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar