Jumat, 10 September 2021

Rd. Muslimin : Eta mah rai !, Muhammad Majajina atawa Syareatna, oge Rasululloh Majajina, Syareatna, da ari Muhammad sareng Rasululloh Hakekina atawa Hakekatna mah teu maot. Cing ku rai !, eta catetan ngeunaan Alam Wahdat sareng Wahidiat buka deui sareng lenyeupan deui. Kapan saparantosna jumeneng Nur atawa Johar Awal anu jadi bibit hirup jeung bibit hurip.
HIRUP nyatana Nur (Cahaya) atawa Hakekat Muhammad

HURIP nyatana Rasa, Rasana Nurani, Rasa Alloh nya RASULULLOH.
Pan saterasna boh Nur boh Rasa, kapan ngaliputan gumulung dina saniskara anu dumadi, nya tangtosna oge ngaliputan, ngancik, gumulung, akrob di diri manusa.
Sing eta ku rai emut !, ngaraos aya Hirup sareng Rasa ?……. lamun diri rai parantos dikantunkeun ku Hirup (Nur), sareng Hurip (Rasa) atuh nya maot pingaranennana.

Rd. Muslimat : Parantos rada paham sareng rumaos, oge karaos kang pangna rai tiasa usik malik teh ku ayana Hirup, teras sok ngaraos pait, asin, lada, amis, sieun, keueung, melang, ngewa, water, sedih, sareng sajabana, kapan eta teh nuduhkeun yen di diri urang aya Rasa. Paingan dalil sareng Hadist nuduhkeun kudu daek ngukur ka kujur, ngaji ka diri, da bisa ngajinis.

Rd. Muslimin : Tapi mangkade rai !, perkawis Rasa teh sanes hiji, tapi aya tilu tumpa atawa tingkat. Ka hiji Rasa Jasmani, kadua Rasa Rohani, katilu Rasa Nurani. Ari Rasa Jasmani tangtuna anu karasa ku jasad, contona : ateul, diciwit, kakadek, dicabok, pasti nyeri. Anu ngaliwatan letah, contona : Asin, amis, pait, lada jsb. Anu kana irung contona : Hanyir, bau, seungit jsb. Ari Rasa Rohani contona : Nyeri hate, ngewa, keuheul, resep, senang, sugema, melang, keueung, sieun jsb. Ari Rasa Nurani anu ngadorong kana sifat-sifat kahadean, luyu sareng Sifat Alloh Rahman – Rahim, contona : Jorojoy rasa nyaah, hayang mere ka budak yatim, kanu miskin (welas asih), jorojoy hayang ngalaksanakeun ibadah luyu sareng ajaran Agama, rasa cinta ka Alloh SWT, sujud, sumerah diri dibarung ku rasa rumasa yen usik malik teh ku Qudrat tur Irodat-Na Alloh SWT. Tah…. Rasa anu ieu rai !, anu ka golong kana title Rasa Alloh atawa Rasululloh mah, penting pisan Sidik tur sing langgeung karasana ku urang. Kumaha rai !…… kahartos sareng kapaham….?

Rd. Muslimat : Alhamdulillah kang !, rada kahartos ayeuna mah. sing horeng Rasululloh atawa Rasa Alloh anu teu pisah sareng diri urang anu kedah diusahakeun sangkan langgeung karasana. Hanas tadina mah kedah kapendak atawa sidik ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Sareng Rasululloh anu parantos pupus emutan teh.

Rd. Muslimin : Tah…kapan nyambung sareng anu sakumaha ka- unggeul dina dalil oge hadist-hadist Nabi anu parantos dikapayunkeun. Diantarana :

ﻮﻤﻦ ﻄﻠـﺒﻞ ﻤﻮﻠﻦ ﺒـﻐـﻴـﺮﻱ ﻧـﻔـﺴـﺢ ﻓـﻘﺪ ﻇﻞﻇﻞ ﻷ ﻦ ﺒـﻴـﺪ
WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA DHOLALAN BA’IDA
Ceuk sundana : “ SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA SORANGAN BAKAL KASASAR, SABAB BOGA RASA ALLOH JAUH TI DIRINA”.
Sok sanaos rai parantos paham kana babaran kedah Sidik ka Rasululloh, tetep kedah kagungan padamelan, kanggo ngabuktoskeun kana kecap : “ WA ASHADU ANNA MUHAMMAD RASULULLOH”.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar