Jumat, 10 September 2021

Rd. Muslimin : Tadi oge parantos diterangkeun, yen diturunkeunana wahyu teh gumantung kana kaayaan, kana kaperluan. Atuh tangtu loba bedana mah. anu nonjol bedana mah kieu. Ari kitab anu tilu mah ( Tauret, Jabur, Injil ), ngan nyarioskeun sajarah masing-masing Nabi-na, henteu nerangkeun dugi ka akhirna jaman, atawa akhirna dunya. Sedengkeun Al-Qur’an mah, eusina teh nerangkeun ti awalna dugi ka akhirna, anu mawi disebat WAL AWALU – WAL AKHIRU, ti kawit Nu Maha Suci (Dzat) jumeneng “ Sifat “ nyaeta Nur, atawa Hakekat Muhammad (Johar Awal), teras janten Nur Muhammad, teras ngajantenkeun Alam Semesta, teras ngajantenkeun Adam sareng Hawa, dugi ka janteun Muhammad Nabi Panutup, terus ka umat-umatna, tug dugi ka engke Kiamat.

Rd. Muslimat : Ke…kang ! Al-Qur’an teh cenah sok disebut Dalil atawa Pangandika Alloh, naha sareng Kanjeng Nabi Muhammad teh kantos pajonghok kieu, teras masihan wahyu ?atawa kumaha ?

Rd. Muslimin : Rai, eta alus patarosan teh hartina rai teh maju emutan. Kapan sanggem Rasululloh oge : “ TAFAKKURU SA’ATIN KHAIRUN MIN IBAADATI SAB’IYNA SANATAN “. (Anu hartosna : mikir /tafakur samenit atawa sakedeung leuwih alus batan ibadah 70 taun). Ngan eta patarosan teh nenggeul teuing sok sanaos diterangkeun oge, moal ujug-ujug jelas katarimana, eta mah kudu malapah gedang heula. Ke urang papay saeutik-saeutik. Keur saheulaanan mah, kumaha lalakon Muhammad nalika di “ Guha Hiro “ kasumpingan Malaikat Jibril masihkeun wahyu anu kahiji.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar