Rd. Muslimin : Sedengkeun ayeuna anu didunungan, anu dituturkeun ku urang parantos pupus, parantos teu aya di ieu Alam dunya, tah….ayeuna urang rek nurut teh kana naonnana ?
Rd. Muslimat : Nya tangtosna oge kana “ Elmuna”, boh anu aya rengkolna dina tulisan, atawa anu diwasiatkeun, pikeun diesotkeun, diturut ku sing saha anu ngangken ka Anjeunna.
Rd. Muslimin : Tah upami kitu, mugi kauninga ku rai, yen “Elmu” (katerangan) anu jadi ageuman Kanjeung Nabi Muhammad SAW. teh sagemblengna disebatna nya “ RUKUN AGAMA “ tea. Ari Rukun teh sauyunan atawa runtut, ari Agama, hartina nya sakumaha parantos diterangkeun ti payun nyaeta “Henteu kacau”.
Rd. Muslimat : Ke…kang !, ari basa sauyunan mah diterapkeunana teh kedah kanu langkung hiji, naha ari rukun Agama teh sabaraha hiji ?
Rd. Muslimin : Da memang sanes hiji, sadayana teh aya 4 (opat) tahap. Hiji-hijina nyaeta :
ELMU SYAREAT
ELMU TAREKAT
ELMU HAKEKAT
ELMU MA’RIFAT
Tah ieu Elmu Kanjeung Nabi Muhammad SAW. Dina bag-bagan Agama Islam teh, antara ka hiji sareng ka dua, sareng nu ka tilu, oge sareng nu ka opat teh istuning pakuat-pakait (satu kesatuan).
Rd. Muslimat : Kang !, teu tiasa kitu bae kedah aya dasar hukumna, cobi rai pasihan terang !.
Rd. Muslimin : Ih…. Kantenan atuh rai mah, kieu geura :
Engkang sering nguping ti para Ulama, kieu sanggeumna : “ Ari neuleuman Agama teh kudu nete taraje nincak hambalan, kudu Iman heula, terus kedah Tauhid, kedah Ma’rifat, salajengna nembe Islam. Tah geuning parantos kasebat Ma’rifat.
Engkang kantos nguping kieu : “ SYAREATUN BILLA HAQIQATUN ATILLATUN”. Anu hartosna : “ngaji sareat lamun teu jeung hakekat, cenah kosong”. Atuh sawangsulna “ HAQIQATUN BILLA SYAREATUN BATILLUN”. Hartosna : “ngaji hakekat lamun teu jeung sareat, cenah batal”.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar