Jumat, 10 September 2021

Rd. Muslimat : Tah…ayeuna mah, anu bade ditaroskeun teh faedahna atawa gunana Al-Qur’an keur manusa, mugi engkang kersa ngajelaskeun.

Rd. Muslimin : Kieu….rai !, manusa di umbarakeun ka Alam Dunya teh lain lur kitu wae, tapi puguh Tujuan jeung Tugasna. Ari Tujuan-na aya dua tahap :

TAHAP KAHIJI
Tujuan jangka pendek, nyaeta kudu bisa nyaluyukeun diri jeung kahirupan di Alam Dunya (Pidunya Hasanah).

TAHAP KADUA
Tujuan jangka panjang, nyaeta Perjalanan mulang deui kana asal urang nyatana Alam Akherat. Sagala tekad, ucap, lampah keur di Alam Dunya teh kudu jadi pangdorong kana kalancaran “ WA INNA ILLAIHI ROJI’UN “. Sedengken Tugas-na nyaeta kudu bisa nyuburkeun di Bumi Alam ieu. Hartina kudu bisa ngagolangkeun modal ti Nu Maha Suci nyaeta BADAN JASMANI jeung BADAN ROHANI.
Tina Rohani kudu bisa ngagelarkeun BUDHI (CIPTA, RASA, KARSA). Sedengken tina Jasmani ngagelarkeun eta Cipta, Rasa jeung Karsa, nya ngajanggelek hasilna disebut “ Karya” atawa hasil pagawean. Dina palebah dieu, jelema mah gumantung kana museurkeun “ Cipta, rasa, jeung karsana “, kana ciptaan atawa dadamelan Allah SWT, anu “ Dua pasangan “ nyaeta “ Alam Semesta sareng Agama pikeun imbangannana.

Rd. Muslimat : Cing sing jentre kang…!, tadi sanggeum engkang gumantung kana museurkeun ciptaanana anu dua papasangan tea. Ayeuna kumaha upama salah sahiji jalma anu museurkeun kana ciptaan Allah nyaeta kana Alam Semesta ?.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar