Kamis, 30 September 2021

ngeunaan cara kasundaan

terang hartosna Islam? hartosna pasrah sumerah kanu murbeng alam
carana kumaha dinya rek make sareat naon bae. kuring nyebut yen keur
budiman sundana alusna apal cara manggihan sunda teh boh ku cara islam
MUhammad boh ku cara sunda (lain sunda aliran/sekte). 

kalam kasundaan 3~disiplin kasundaan eusi

Bag III
> Disiplin Ulikan Kasundaan Eusi
>
> Ulikan eusi kasundaan, ulikan sunda jero, eusi atawa jati,
mangrupakeun ulikan nu lengkep teori reujeung praktekna sanajan
pustakana aya dina hambalan sunda nu ayeuna geus teu populer deui di
lingkungan formal alam pikiran kalolobana urang sunda katut para
budiman sunda ayeuna. Ieu ‘elmu’ ngeunaan Sunda, katut
‘teknologi’ tina metakeun sunda eusi keur kamaslahatan alam katut
eusina nu geus kapanggih ku luluhur sunda baheula, kahontalna teh make
parabot rasa nu geus kacaangan sunda.
> Ulikan ieu dina proses edukasina mentingkeun JADI tibatan saukur
nyaho. Hartina ulikan disiplin kasundaan leuwih mentingkeun jadi Sunda
(Nyunda) tibatan nyaho ka sunda, leuwih mentingkeun jadi Caang
moncorong cahayaan. Tibatan saukur nyaho ayana Sunda.
>
> Kabiasaan Dina Nganepikeun Sunda Eusi
>
> Saperti nu di sebutkeun diluhur ulikan sunda eusi mentingkeun jadi,
mentingkeun jadi sunda nu caang cahayaan timanan ngan saukur nyaho
ayana caang eusi. Jadi dina nganepakeun ulikan ngeunaan sunda eusi teu
sambarangan ditepikeun.
> Nepikeuna jeung nepakeunna teh make ‘media’ husus nyaeta make
paawas awas rasa pabersih bersih ati ku cara mernahkeun tangtung di
bumi suci alam padang hasil tina henang hening henung sunda.
> Kulantaran ngeunaan alam rasa dina hambalan sunda, tulisan, ucap
‘teori’ atawa katerangana sering disilib sindirkeun atawa
dipilihan ngajaga timbulna salah harti nu ngadenge/numacana. Dina geus
kacekel barang tur Aya-na karek dijentrekeun satarabasna.
> Hal eta teh lantaran, caritaan sunda eusi mah hese kahontal ku jalma
nu ngagedekeun keneh uteuk jeung angkeuhna sorangan. Dina merenahkeun
tangtung nage carita sunda eusi bakal ngan saukur dikira kira lamun
jalmana can manggih ‘Aya’ jeung ‘barang’na. Ari kira kira
tangtu lain jeung moal nu enyana.
> Sigana moal jadi aneh upami budiman sapertos Hoof-Panghulu H. Hasan
Mustapa seueur masihan simbol siloka sareng sindir dina ngadugikeun
pamendakna teras dipilih-pilih nurutkeun pamahaman nu ngupingna,
diantarana misalna wae H Hasan Mustapa mung milih sabagian ayat
Qur’an â€"dina adab padikana disebut 105 ayat, numutkeun etangan
Ayip Rosidi 352 ayat- dina nyerat tafsir qur’anul adhim.
> Dipilih ngan sabagian leutik tina qur’an sigana tangtos kaemuteun
ku anjeuna yen tafsirna hiji waktos, bakal kaaos ku umum nu teu
sadayana apal kana aya jeung barangna, kaayeunakeun geus kajadian.
Eusining qur’an nu numutkeun anjeuna, hatamna ti sunda ka sunda deui
teh moal gampang kaharti ku ‘bangsa kaula’. Saurna ge, ‘Komo
lamun jalmana geus tikait kana panyakit ati’.
> Bangsa kaula didinya lain nuduhkeun urang sunda kabeh tapi sakabeh
bangsa jalma nu masih keneh di ka-kaulaan, teu masagi dina rasa
kuring, rasa kami, rasa ingsun jeung rasaning aing. Nu karitu moal
bisa ngahontal eusining bacaan sagemblengna.
> Kusabab sunda(eusi)na mah moal kahartieun ku pamahaman ka-kaula-an
komo deui ku nu geus kotor hatena nu ngan ngarti sisindiran jeung
wawangsalan. Ayat ayat nu dipilihna keur nuduhkeun supaya jalma nu di
ka-kaula-an katuduhkeun kana sunda.
> Dina kanyataanana lantaran kamampuh umum nu teu sarua eta tafsir
jadi ‘dongeng’ atawa ‘carita’ penafsiran nu warna warna
utamana ku para budiman nu teu weruh ka sunda eusi.
> Tapi tangtu eta teh lumrahna kitu jeung kuduna kitu, ku ayana wacana
teh ngabantu nyaangan uteuk dina nyusuk kanyataan ‘aya’ jeung
kanyataan ‘barang’ nu dicaritakeun nyaeta Sunda tea.
> Ngan jadi pihanjakaleun lamun dina ngabahasna saukur make uteukna
mungkul teu daek make ati anu putihna. Tangtunganana teu daek
dijadikeun kabuyutan (kabuyutan=tempat suci) da nganggap kabuyutan teh
ayana diluar, di kuburan luluhurna mungkul, teu hayang nyieun sorangan
siga luluhurna baheula nu mampuh nyieun jeung boga kabuyutan.
> Kapan loba kacaritakeun elmu tapak kamampuh pikeun ‘tanjeur na
juritan’ ‘heubeul jaya di buana’ teh pan ayana di kabuyutan,
jadi boga kabuyutan sorangan teh kudu pisan lamun hayang hirup mulya
ameh masing masing bisa makena dina nyanghareupan musuh jeung
tangtangan hirup.
> Nu teu daek nyieun kabuyutan dina dirina sorangan pohoeun kana ayat
Al Qur’an nu unina kieu: Fi buyutin addinallahu anthur fa'a wa
yudzkara fihasmuhuu yusabbihu lahuu fiihaa bilqudhuwi wal ashal (QS
Annur: 36), yen ngan di buyut=tempat suci asma Allah teh diijinkeun
ayana. Matak kudu jadi nyieun kabuyutan nu deuheus ka awakna supaya
bisa nyusuk jeung gampang makena. Dina ngahartikeun sunda nu teu daek
beberesih ati jeung lampahna mah ngan saukur meunang dongeng bari teu
karasaaeun manfaatna ku inyana sorangan.
> Hal ieu teh nu oge sok dipaurkeun ku para budiman sunda eusi
sanesna, sieun sunda teh ngan saukur jadi dongeng, pagede gede carita,
parame rame mere tafsiran tapi nyundana teu jadi, da teu daek
manggihan aya jeung barangna.
> Kadieunakeun, paling henteu nu katengetan taunan katukang, dina
ngahartikeun mentingkeun jadi Sunda tea, sabagean jalmi tedak sunda nu
nganyahokeun sunda eusi nganggap ieu ulikan pamali. Pamali diomongkeun
pamali dituliskeun sagawayah sabab ngajaga jeung kasieunan bisi ulikan
teh jadi ngan saukur dongeng, pagede gede carita wungkul, bari teu
karasaeun teu kapanggih. Dina kapaksa nulis, nulisna terus sok di
silib sindirkeun atawa lamun ditepikeun sok milih milih kanu enggeus
‘mateng’ pola pikir jeung pola lakuna, dipilihan kanu geus tapis
neuleuman sunda luar heula. Ngarariung nepikeun eusi na ge sok milih
dina waktu sareureuh budak atawa ditepikeun teu sagemblengna, sesana
sina kapanggih sorangan ku nu hayang nyusudna.
> Kabiasaan nu katengetan eta tangtu ngan saukur kawijakan jalmina
atawa sifatna kasuistis nu kahareup bisa di saluyukeun jeung kabutuh
selerna asal tetep mentingkeun JADI. Sabab, harti ‘hese’
nganyahokeun sunda eusi didieu lain hartina teu bisa kahontal jeung
teu bisa manggihanana, komo teu bisa di ‘bukakeun’ mah sabab lamun
puguh ‘cara jeung jalanna’ mah teu hese hese acan.
> Cara jeung jalan ieu, nu ayeuna dina loba lingkungan formal karasa
asing, tibabaheula sabenerna turun tumurun di tepakeun ditepikeun
dicekel dialusan ti mimiti kapanggihna ku luluhur urang sunda tug nepi
ka jaman ayeuna disampurnakeun nganggo sir’ah jeung minhaj Islam
nu datang ti tanah Arab.
> Ulikan kasundaan eusi nu tangtungan jeung nembongkeunana 1)
ngagunakeun awas caang rasa jeung bersih ati; 2) bijilna tina SIR nu
ku sari, 3) ayana lantaran RAS ku rasana nu hasil tina merenah
tangtungan di bumi suci alam padang sabab mampuh henang hening henung
dina Sunda eusi, sabenerna mangrupa skill nu bisa diajarkeun bisa
ditepakeun kalawan empiris.
> Ulikan sunda eusi ieu ngarupakeun ulikan empirik sabab lamun make
jalanna saha wae nu makena bakal tepi. Tapi tangtu lamun teu nyaho
jeung teu make carana lebeng moal panggih. Lir ibarat hayang nyaho
internet [sunda eusi diibaratkeun internet] teu boga modemna (warnet
euweuh), sanajan komputer awakna alus hardware jeung software na alus
moal bisa nepi. Jadi we internet ku nuboga eta komputer ngan saukur
‘khayalan’ Nya terus we dikira kira da rea maca ngeunaan internet
eta tina majalah, buku atawa dongeng batur nu eusina lain hand book
atawa journal tapi ngan saukur ‘cenah’ nu dibungbuan ‘basa
iklan’. Sanajan cang tangtu jadi ‘sasar’ atawa ‘bias’ dina
nyahona ngan saukur dongengna wungkul. Informasi jeung fasilitas ti
internetna mah weleh teu ngarasaan jeung ngabuktikeun. Tapi, lamun
bisa nga-acessna mah kabeh nu nga-access pada ngarasa jeung
ngabuktikeun sarua gening kitu internet teh. Tah dina sapopoena tiap
netter beda beda
> makena beda beda naon nu didownload [khasanah pustaka jeung
teknologi sunda eusi] ka komputer awakna kumaha karesepna kumaha
kabutuhna.
> Ngawanohkeun ‘modem’ ieu nu sigana perlu ditepikeun deui supaya
kana sunda eusi teh loba nu nganyahokeun, ngarasaan, jeung
ngabuktikeun. Supaya jaradi caang nyaangan uteuk angkeuh jeung
lampahna dina nanjeurkeun deui sunda boh dina budayana boh dina
tangtungan kasundaana nu ayeuna warna warna jeung terus kagerus jaman.
> Jenis modemna nu aya dina pabetekan pustaka hambalan Sunda: aya nu
tina Agama Islam, aya oge nu tina ‘inovasi’ luluhur sunda baheula.
Ngan ari kanggo para budimanna mah, sigana, kedah tapis nganggo
duanana sabab lamun teu pernah ngaraoskeun jeung ngabuktoskeun sacara
haqul yakin ngeunaan inovasi luluhur tedak sunda, terus teu jadi
‘tacit jeung explicit knowledge’, tangtos moal ngeusi dina
nganepikeun jeung ngama’naana budayana, moal ENYA, da ngan saukur
nganggo kira-kira. Nuduhkeun jeung ngajelaskeun budaya sunda -nu
nyunda- ka selerna oge tangtu teu eusian da teu merenah Sundana.
>
>
> Panutup
> Panginten nu ngaos, timimiti ningal ieu tulisan ngemut : naha bener
henteu ? boa ngan saukur ngira-ngira, ngimpi, ngahayal, atawa
supertisi ? atawa naha ngan saukur pamanggih subyektif ?
> Ieu tulisan ‘panganteur’ bijil tina hasil multiple case study.
Protocol jeung data base kajian sadia pikeun external validity,
Tehoritical proposition keur nganalisa papanggihan aya, sabagian
ditepikeun dina ieu tulisan Keur internal validityna. Key informants
masih aya, Dokumentasi artefak arsipna aya, oge chain of evidence
dina hambalan sundana bisa nedunan construct validity, Tinggal daek
langsung jadi participant observer ngalakukeun kajian sorangan pikeun
nganyahokeun ngeunaan tangtungan Sunda jati - lain ngan saukur mitos
tapi aya, empirik jeung bisa dipake. Ngan tangtu pikeun ngalakukeun
participant observation, maca data base jeung nyusud chain of evidence
na perlu ‘training’ heula.
> Ieu ‘kajian’ perlu ‘tempat’ keur ngawacanakeun utamana dina
nepikeun hasilna, ‘pustaka’ sumber na masih dikalangan koleksi
pribadi-pribadi tertentu hariwangeun keneh lamun disimpen di
‘perpustakaan umum’ lantaran sieun ‘pustakawanna’ teu
‘eungeuh’.
> Ngahaja ditulis ti pandeuri sabab hayang oge nganepikeun yen
tangtungan sunda jati, khasanah pustaka jeung teknologi sunda dina
hambalan sunda bisa di talungtik dibuktikeun make pola pikir pola laku
disiplin ilmu ‘jalmi nyakola modern’ , supaya rea urang sunda
ayeuna nu gedena ku sikep ilmiah (scientific) bisa maca pustaka jeung
make ‘teknologi’ dina hambalan sunda keur nanjeurkeun deui sunda;
sugan ari rea mah engke paTAPA di nagara nu masagi dina tangtungan
sunda eusi, aranjeunna jadi sauyunan nanggarakaeun Pajajaran anu mulya
nohonan uga.
> Ngan tangtu kudu dimimitian ku sumanget, nu saur kangjeng Nabi
Muhammad saw mah, Al hanifiyyat al-samhah.
>
> Robbana atmim lanaa nuuranaa…
> Nun… Nungauban sampurnakeun sunda abdi..
> (At-tahrim 66:8)
> Amin.
>
>
> Cag.
>

Hana kabeh teureuh wani pateuh

Parutuna Rajadirajana Guru bakalana warman
Puseurana Rarajana Dipantara
Jaya Nagarana Kala kabhinekan ageuman
Brahmanan rajaresi teu rasa pangbeneran

Lain ngajak malikeun ageuman
Yeuh sarina kabeh ageuman

Dharma sembahyang kudu ka nu bener
Nu Nyipta, Ngajaga, Nyirna tah tilu inti dina hiji Gusti
Budi lumaku lampah kudu sing bener
Nu kapuji ku hate sakabeh purwa ciptaan Gusti
Bakti panangtungkeun kudu jaradi bener
Manunggaling jeung nangtungkeun titah Gusti

Basakeun ku Basa Dia !
Na Ayana Kabeh ti saha ?

Ngan Mah
Kunjara Basa Purwa
Kabeda Pamawa upacara
Kapengkol Rasa Paranditana
Dia milih kuma dia
Pilih Pangpangna kuma dia
Yen sing bener anu dia, kuma dia
Yen milih bati sewang-sewang
Yen moksa Sawarga Kahyang sewang-sewang
Aya Mah
Silih Asoran Wargana
Silih Ajeunan Wargana
Nyawarga tah Nagara Jaya Buana
Gemah Ripah Repeh Rapih
Jang Naha kaBener bawa apuy pati ?
Jang Naha kaBener bawa bohak nyeuri
Aya Mah
Kabhineka surti ngahiji
Impleung …leumpeung…

Jeup heula Wangi !
Da dia mawa nyeuri
Bisi naringali katukang nurun kanyeuri
Kula muka ti candrabaga ngarah taya deungki
Mangka kersa Dia moal ngajadi

Ieu lain jang entragan maraneh !
Dia mah pada heureuy, heuheuy, deudeuh
Moal kasampak moal kasorang
Kala Warman Kala Kesang
Kala Wangi Kala Pateuh
Dia mah pada heureuy, heuheuy, deudeuh
Piceun bagen ieu tulisan
Lamun Dia jamedud bari enyaan nyiaran Kasundan
Kabehan Riwan Kabuyutan Moal eureun pangharepan
Kuma Maraneh !

Bubat Wangi…..!
Kula ningali..
Kala pada beureum
Awak beurem lir apuy wesi
Bari Baraseuh peurih pinuh getih
Mata beureum lir apuy geni
Bari merebey ngalembereh getih
Huntu Rumekot
Mata Molotot
Guar Gaur … Gagauran
Supu Sapa … Sasapaan
Tepi ka tepung pati
Nyeuri milu neupi ka pati
Ngawangi ngabakti bela pati
Maraneh Hareureuy Heuheuy Deudeuh
Raja jadi punakawan

Pulasari Wangi….!
Kula ningali
Kala wirang
Kadungsang-dungsang
Jibrug kucimata reujeung kesang
Samar awak jadi sudraan
Rewag rewig jiga sasatoan
Nembang bari ceurik kapeurihan
Mangke siah tingali
Mangke siah tingali
Ngajerit maratan langit
Ngoceak maratan jagat
Tepi ka tepung pati
Nyeuri milu neupi ka pati
Ngawangi nyimpeun papati
Maraneh Hareureuy Heuheuy Deudeuh
Raja jadi punakawan

Jeup heula Wangi !
Da dia mawa nyeuri
Bisi naringali katukang nurun kanyeuri
Kula muka ti candrabaga ngarah tong aya nu deungki
Mangka kersa Dia moal ngajadi

Mangka teungeut sing rineh !
Budak cacarita di aya jeung taya
Sumput ku maraneh
Bisi kahalang ngeusi talaga warna
Kasampak pangna bedah
Ngiringan jadi pedah
Pandawa ti Amarta
Nyunda balik ka Hastina

Cag heula…

Sukmajaya

ngeuna an islam

Islam teh nya Aslamtu atawa Sumerah tea.  Jadi sing saha anu Sumerah 
ka Yang Murbeng Alam eta kasebatna Islam, da geuning Nabi-nabi 
sateuacan Muhammad ge (anu sacara sareat teu nganggo Sareat Islam 
Muhammad) disebatkeunana Islam. Janten naha bade ajaran Sunda, bade 
ajaran naon oge anu samangsa "Sumerah", nya Islam tea panginten.

ka adam an sunda

Tina kasundaan, mun nyebut Adam teh teu dialamatkeun ka Nabi Adam nu 
dipercanten 
sabage jalma mimiti, tapi nyebut Adam teh keur wujud badag manusa, nu asal teu 
aya bakal mulih teu aya tea, wiwitan dugi lekasan. Tina Sahadat Adam, urang 
diajarkeun hubungan Allah-Muhammad-Adam (alif lam mim) nyaeta nyatana mah 
hubungan hirup-rasa-wujud, nepikeun ka diwincik hiji-hijina nu mana itu nu mana 
ieu. Oge ngikrarkeun yen urang kudu mawa wujud sakumha pangandika rasa, nyaeta 
nu didatangkeun ti Nu Maha Kawasa tea.

silat sunda olah buhun

Sakali deui nuhun Ambu diantos pisan kintunana. Keun kang MH sareng nu sanesna 
seuna kagegeloan ku aksara sunda nu mang rupa SUKMA URANG SUNDA. Eta hurup nu 
HIRUP teu sagawayah dina ulikan ulin sunda nu mangrupa tanda\ simbol cara 
karuhun sunda ngajentrekeun kailmuan.
 Ceuk urang barat mah urang sunda mangrupa budaya pangkolotna nu tatapakanana 
para karuhun loba di conto ka asup penca ku nagara2 sa dunya. Bukti uin  
nyontokeun ka urang USA. Tinggal ninggang kana waktu nu rek datang ulin sunda 
tos norobos ngigel di sakabeh daratan benua amerika utara jeung selatan. 

Eta karuhun  gaduh pandangan elmu umum 
Nu dipikaresep di manca nagara. 

Anu disebatkeun tina bayah ka hamperu jeung ngabadega pakait jeung ulik nafas  
ku Ambu  leres pisan  aya di ulin sunda pang pangna di hurup sunda nu masihan 
arah opat lima pancerna. Dina sombul2 anatara perpecahan kaler kidul wetan 
kulon nu dpecah janten 4 8 16 32.  Ieu disimbulkeun di arah lengkah dasarna 
obah gerak raga. 


Tos dijentrekeun mani ilmiah pisan  x retor ITB. Lilik ,ulik nafas nu teu 
kaciri tapi aya jeung loba mamfaatna keur terpi alternatip. 
Eta tanaga jero tea nu aya di getih nu simbulkeun jadi Indung da beureum. Jadi 
we bubur beureum jeung bubur bodas nu jadi bendera nusantara. 

Eh bet teu nyambung nya "tanaga JERO" jadi simbol bendera.  

Tah kumaha Ambu. 
Aya patarosan Yoga anu hindi jadi hindu   ti india atanapi ti sunda. ?

Baktos
Kang Yana

silih wangi

SILIWANGI > HARUM -
 SEUNGIT janten wawangi SUNDA karawitanana ku alatan PALAGAN BUBAT nyaeta 
kulawarga PREBU MAHARAJA dibeuli ku getih pengorbanan nu kacida agungna... nya 
dinamian Prabu WANGI
ti harita sadayana katurunana anu nyilihan (silih) anjeuna manggung (wawangina) 
nyan ganggo SILIWANGI, 

SILIWANGI I = PREBU MAHARAJA
SILIWANGI II = PREBU RAJA WASTU(KANCANA)
SILIWANGI III = PRABU ANGGALARANG (NINGRATKANCANA)
SILIWANGI IV = RADEN MANAH RARASA (PAMANAH RASA) = SRI BADUGAMAHARAJADIRAJA 
RATU HAJI DI PAKWAN PAJAJARAN SRI SANG RATU DEWATA

Senin, 27 September 2021

jampe nyarang hujan

Jampe -Nyarang Hujan

Bismillahirrohmanirrohim…
nini raspati jaya ning angin
embah buyut dalem jaya kusumah
(Dibaca 7x sambil nahan nafas)

(Uyut Katmi, 98 thn, Cikeusal, Serang, Banten)

jampe rek maen bola

b.Jampe maen Bola


Katimur kabarat kaselatan jeung ka utara 
sakabeh angin cicing di awak aing 
lumpat kenceng tendangan kenceng 
sundulan kenceng jeung jagaan gawang 
aing yaa Mbah Buyut Bahrudin 
Mbah Buyut Bahrudin…
Mbah Buyut Bahrudin
salam ka dewa-dewa langit
(dibaca sambil nginjek bumi 3x)

(Munir, 34 thn, Cilehem, Padarincang, Serang, Banten)

elmu ka kuat an ( ti baduy )

Kai buyut kepel hideung
Nu tapa di leungeun katuhu
Nyai buyut kepel hideung
Anu tapa di leungeun kenca
Sang gumuruh putih
Tangi dampal leungeun aing
Batara karang awak lebur
jagat narima rorongkahannana.

elmu ka kuatan ( ti baduy )

Sahayu mulya
Rayu sakawayhna
Nu gumuling luhureun langit
Nugumelang di awang-awang
Nuhurip teu jeung getih
Nu herang teu jeung nyawa
Yaisun sampurna
Sampurna kukarsaning Widi.

elmu panolak

Bila ada para sahabat yang punya musuh yang akan membuat celaka anda atau punya usaha dan ada saingan yang akan menghalangi usaha tersebut, silahkan baca Ilmu Puji Dina)…

BISMILAH..SENTIK MELIK PUJI DINA.. PUJINE SI BIBIT SANA..SAPA KANG NGADANG NGADANG ISUN..SAPA KANG NGUNGKUL NGUNGKUL ISUN..BAKAL KESABET MARANG PUJI DINA..

puji na wedalan

PUJIAN HARI KELAHIRAN



1. Dina jum'at, lung9uhe ing bebalung, kuwasane sekti mandra guna, nabine nabi rasul, pujine " yaa kapi, yaa mugni ." 600x

2. Dina sabtu, lung9uhe ing sungsum, kuwasane angumpulaken sakehing rasa kabeh, nabine nabi ishak, pujine " yaa fattah yaa rajah ." 900x.

3. Dina ahad, lung9uhe ing wulu, kuwasane teguh ora kena winengkang, lan ora katon, nabine nabi adam, pujine " yaa kayu yaa kayumu ." 400x.

4. Dina senen, lung9uhe ing kulit, kuwasane teguh tan kena bineng9ang, nabine nabiu'llah, pujine " yaa rahman yaa rahim ." 500x.

5. Dina selasa, lung9uhe ing bebayu, kuwasane angumpulaken cahya kabeh, nabine nabi isa, pujine " ya maliku ya kudusu ." 300x.

6. Dina rebo, lung9uhe ing daging, kuwasane teguh tan kena winangenan, nabine nabi musa, pujine " yaa kabiru yaa muntaha ." 700x.

7. Dina kemis, lung9uhe ing otot, kuwasane teguh sajege urip, nabine nabi idris, pujine " ya ngalim ya ngalimu ." 800x.


Kasebut ing nduwur mau kuwasane puji dina pitu kang mung9eng sarira kabeh, kuwasane luwih agung.

- lakune poso mutih 7 dina, malem keridewe ora oleh turu lan selametan opo enek'e.

Minggu, 26 September 2021

nitis~reinkarnasi 2

II. Sare - Hudang Kajadian Nitis Sukma Sinukma Nu Tuluy Tumuluy….Satungtung 
Awak Kuat
A

Nu nyukma ngareaan nyawa nguatan awak ngagedean. Gawena…
di lahir awak (jasad/badan) jadi kaula nyawa; di batin nyawa ngaulaan awak.

Sir anu piur jadi nafsu nyawa, dilahirna, awak nu nurut nandangan. Suku lempang 
leungeun ngaragamang mata neuleu ceuli ngadenge sungut engab biwir seuri 
nyengir sab nyawa nu hayangna. Ti dieu, bijil babasan kampung…..nafsu nu matak 
kaduhung badan (awak) anu katempuhan… (duhung =peso; kaduhung =pegat, misah, 
putus, eureun, anggeus ).

Kitu na teh enya pisan sab….kahayang nyawa lamun diturut mah anggeus kaluar 
tinggal badan nu ngarasakeun narimana; dahar kahayang nyawa…diturut…kaduhung 
hayangna..da dahar di turut..tinggal seubeuh, bunghak, gembrot, kuat, jagjag, 
nyeri beuteung, pantes jrrd awak nu nampa nyimpen mamawa; 
Sahwat..diturut..kaduhung hayangna….tinggal leuleus, reuneuh, relaxed, 
HIV/AIDS..sehat…jrrd jst jst…kabeh awak nu katempuhan. Diajar ngelmu kahayang 
nyawa duhungna ti kirik nepi ka jadi anjing awak kahese hese.


Ngan kade tong templang sabeulah…


Kajadian di batin beda deui…jasad/awak mangaruhan nyawa. Nu ditampa disimpen 
dibabawa jeung sakabeh nu geus dipigawe awak/badan di batina engkena mangaruhan 
nyawa; awak caharaan aya dangiang sab hasil ngelmu ngulikna nyawa; Nyeri huntu 
sapeupeuting nyawa nu nandangan ceurik/ambek ambekan teu bisa hees. Pernah 
ngadek nyarekan nipu batur ku sungut kahadean ku leungeun..kasimpen…dina 
awak….isuk jaganing geto sok nembongan mangaruhan deui kana nyawa sanajan 
sungut teu nyarita awak-awak nu lain nyaritakeun pagawean nu enggeus. Ka batur 
mah gampang bisa nutupan ku sungut, kapribadina mah moal bisa sab marengan bawa 
jeung mawa sorangan.


Beuki lila nyawa beuki kapangaruhan tapak tina jasad….pon kitu deui sabalikna 
jasad awak kapangurahan nyawa…. Naon-naon amal nyawa dilahir kabeh dicatet dina 
awak/jasad/badan, engkena di batin naon naon nu geus katarima ku awak 
mangaruhan deui nyawa…- nyawa mangaruhan awak…. awak mangaruhan nyawa…lahir 
batin…lahir jeung batin… kitu jeung kitu.. kitu jeung kitu… Kitu jeung 
kitu...kitu jeung kitu…



B

Untungna,….

Nu Maha Hirup…maha suci welas asih ngamurbeng reujeung ngauban saenyana, 
kaayaan ‘causa effect’ karma catetan kitab tingkah laku amal dina jasad dina 
nyawa teh dibere lolongkrang... aya eureuna aya reureuhna….aya dioemeanana… 
nyatana dibere sare….. PAEH nyawana… Jeung deui, saencan rusak awakna 
kasempetan PAEH terus nyawaan deui… teh tuluy tumuluy dibikeun ka jelema - 
henteu sakali – sigana, ameh daek mikir (lila lila mah sugan ngarti) pakeun 
manggihan jalan nalutur…

Atawa…

Sugan we kengeungeunahan kaedanan resep tuluy di dunya resep ka nyawa nu saukur 
bobogaan hese paeh teu daek leah ngaleupaskeun nyawa. Nu karitu teh pohoeun ka 
caritaan urang lembur nyawa gagaduhan/bobogaan banda sasampeuran….enya ukur 
narima nu nararitis nu nyarukma sab eukeur jadi jelema da samemehna mah henteu 
boga …nyampeur banda raja kaya didunya meungpeung eukeur.


1. Lamun Leutik keneh

Leuwih loba sare, sarena leuwih loba ngimpi (Rapid Eye Movemet/REM) bari poho.. 
Ngimpi keur “restorate” awak. Pules keur ‘restorate’ nyawa….tah kahayang hirup… 
nyawa keur meujeuhna dipikabutuh keneh…nyawa ngadominasi….da memang perlu ameh 
engkena lengkep jadi jelema…ameh kasebut jelema. Dipepende di do’an ku 
indungna..sing “mimpi indah”.. lila sare…tibra…he he he enya da indungna 
jelema.. hayang kabaturan engkena ku jelema deui.

2. Kagedenakeun (ti sawawa ka dewasa)-

Waktu sare ngurangan, ngimpi + poho “kaimbangan’ ku eling; Pili genti gumantung 
mana nu kuatna… Matak sok aya nu inget tadi peuting geus ngimpi..matak sok loba 
nyarita rupa rupa ngimpi teu puguh/teu runtut,..asa ngimpi tapi teuing 
naon/poho deui, aya nu kebluk hese hudang, aya nu keuna ku eureup eureup 
(pangaruh sukma ti luar nu hayang asup…tapi dina arek ‘beresonansi’ awak nyawa 
nolak/kurang cocok frekuensina)…aya nu keuna ku teluh/gendam/wisaya/hipnotis, 
aya nu meunang tuduh (ngimpi 1/6 ka nabian)…matak aya nu hese sare..matak aya 
nu sare lila tapi teu seger sare sakerejep tapi cukup…jrrd jrrd….[cat: detailna 
sab musabab + kontrolna..dihapus.. katimbang too technical - ngan peryogi kanu 
hoyong janten partcipant observer)….

Tuluyna, rebutan/perang di jero kurungan antara poho jeung eling. Perang sajero 
kurungan…....tah kahayang hirup …jelema didunya asup ayakan dipilih mana nu 
enya-enya ;




C

Kumaha ari kajadian kana jasad/awak/badan…..


Salira sare…sab hirupna masih aya….Jutaan sel dina awak/badan/jasad robah… aya 
nu diomean aya nu nambah nu ngagedean nu ngajauhan jrrd jrrd. Kukituna sanajan 
nu kaciri gampang mah robahna awak jadi ‘bentuk’ anyar teh ngan saukur: orok, 
budak, sawawa, dewasa, kolot. Sabenerna tiap peuting ngalaman robahan ditingkat 
sel nu sakitu lobana.

Kukituna pas hudang teh geus lain awak nu samemeh sare….tapi awak nu anyar 
(beda)...nu ngalaman robahan jutaan sel ti nu samemehna. “Fungsi integral” nu 
hirup sabenerna sab aya obahan jutaan “increment”. Orok, budak, sawawa, dewasa, 
kolot mah ngan tilikan ‘pengamatan’ sababaraha ‘milestone’ mungkul.

Jadi,… saluyu jeung nu ditepikeun diluhur….

Dina hudang deui sanggeus sare teh nyawa nyukma nitis deui kana awak nu anyar- 
jeung terus anyar tiap nitis. “the rebirth of a soul in a new body”; jeung 
kusabab sare hudang teh terus tuluy tumuluy saacan awakna rusak….nya sukma 
sinukma jadi tutuluyan “Passage of the soul through successive bodies”… ka awak 
nu anyar deui… anyar deui…anyar deui…itung we..lamun umur 63 tahun aya 
63X12X30=22680 kali re-incarnate… sukma sinukma.

Tangtu lamun imeut ngararasakeun ku sorangan,….kasaksi yen..’kualitas’ 
patitisan saenggeus sare (paeh tadi peuting) ditangtukeun ku kualitas 
amal-tapak samemehna (samemeh sare),.:

Geus diajar elmu motivasi kamari…nyerep kana awak kana jiwa…isukna jadi jelema 
anyar nu pinuh sumanget (teuing isukna deui mah); meunang stress kasusah trauma 
kamari…isukna gering nangtung stroke maag gelo jrrd….……; nu dizkir asal 
dikir…kasarean (paeh)… pas hudang nitis jadi nu lain (gelo)- loba conto jaradi 
gelo sanggeus dzikir rebuan kali bari teu bener nu ngajarna; nu dzikir bener 
migawe jeung mursidna ..sare..isuk na (bisa sakali atawa sanggeus ratusan kali 
nyukma) nyukma tawadlu jrrd kaalusan…;

Tilikan urang gedean (rentang waktu tilikan)…

Leutikna geringan awak goreng cicing di kampung….kabeneran tuluyna kacukupan 
daek olahraga/kadidik elmu luhung cicing di kota…gedena…amal/tapakna jadi 
alus.. eta awak/nyawa ‘menjelma’ jadi titisan anyar nu mulya luhur darajat 
dangong menak…pada ngaharomat….moal nyarangkaeun baheulana ti kampung bau 
lisung-urang kotana nyahona lir titisan kusumah..nyahoeun soteh batur sakola 
keur SD-SMPna di lembur…eh gening si eta teh baheulana mah anu..anu anu…; kitu 
oge sabalikna….asal menak … goreng amal…isuk (jaga ning) getona kakolotnakeun 
patitis jadi jalma rujit awak euweuh nu ngambeuan tingggal ngambeuan 
padung…jsst jsst sukma sinukma causa effect amal tingkah laku…loba conto moal 
beak picaritaeun…

Kitu jeung kitu..kitu jeung kitu..kitu jeung kitu …


D

Moal anggeus anggeus.. moal aya eureuna muir muter di dunya kadunyaan –sanajan 
dina engkena diajar (kudu diulik heula) nitis ka awak batur (tingali bag 11 
reinkarnasi ka awak batur –kumaha cara ka orok, ka nu geus boga ingetan jrrd)… 
Tah dihandap ieu caritaan qur’an…

Nu Ngamurbeng geus nangtukeun : Qaala Fiihaa tahyauna wa fiihaa tamuutuuna wa 
minhaa turjauna…….jelema mah di dunya (bumi) hirup, di dunya (bumi) paeh, 
didunya (bumi) keneh dihirupkeun deuina…(QS. 7:25)….<b.Matakna SATUNGTUNG JADI 
JELEMA hirup paeh dihirupkeun tuluy teh didunya…sukma sinukma reinkarnasi tuluy 
di dunya (bumi)…moal bisa ka aherat.

Matak lamun masih keneh jadi jelema nyawaan…nya tuluy di dunya. …… kitu jeung 
kitu..kitu jeung kitu…kitu jeung kitu….Satungtung can bisa (ngadeg) yaomil 
qiyamah keur manehna (bisa sorangan kalawan tulungna nu Ngamurbeng). Bongana 
deudeuieun ka bobogaan (nyawa)…

…ari kuduna….

Atuh sing bisa ngaleupaskeun nyawa meh teu jadi jelema…moal keuna ku kurungan 
dunya..
Ieu kabeh kudu diulik disaliksik waktu awak jagjag keneh….dikeureuyeuh…..sing 
keuna babasan di sunda yen nu ngulik dina kapribadian …usik malik teu asa 
ngumbara sanajan ceuk batur kawas jelema da KIAMAT SAPAPANJANGNA (jelema jeung 
lain jelema ukur sabarabat nyawa geus tapis pulang anting sakarat …

..mun teu kitu mah lapur moal leupas ti sukma sinukma…sok asaan… lain eukeur??? 
…..


….[tingali bag 15 atawa eddy nugraha-kiamat sapapanjangna)].


E

Ti dieu ….nuhun rebu rebu nuhun…di sunda di wariskeun turun tumurun ti 
babaheula ti rebuan taun katukang….atikan tuntunan ajaran ti nu marulya 
-kongasna -conto Sang Uswatun Hasanah….rahmatan lil alamin …teu eureun eureun 
aya wae nu nerus nyambungkeun, ahlak anjeuna, apik ka diri nyaah ka 
badan/awak,….diantarana:

1. Ari bade kulem anjeuna mah mrogram anjeun:

Bismika Allahumma Ahyaa wa bismika Ammutu…..

Nyawaan sareng henteuna lillah ku asmaNa. Tah ari sare teh paeh..hudang hirup 
deui nyawaan deui ..tara was was antara paeh jeung hirup... komo teu paeh teu 
hirup..laa yammutu fiiha wa laa yahya…sare henteu hudang henteu ge kumaha 
rasana??

Diwincik deui di sunda:

Memeh sare….ngado’a mrogram heula…..(tingali do’a memeh sare di bagian 
panganteur –bag I).. meh enya enya ngalaman sare paeh nyawana…bari merenahkeun 
pantes saperluna jeung leuwih specific….badan (awak) nu sarena,…ari ati tanghi 
(nyaring-eling henteu keuna ku poho)… sukma (nyawa tinu nyarukma kana 
awak)…muji jst jst;

Lamun paeh nu nyesa hirupna…ari hirup tarakeuna ku poho…eling terus…

Lamun sare (keur) euweuh nyawaan, nya (keur) paeh tea ngarana. Disebut eukeur 
da hirupna aya keneh di jasad … Nafasna kaluar kajero keneh…atawa jajantungna 
ngetug keneh; kaayaan kitu teh bisa paeh tuluy…bisa hudang deui.

Kajadian kieu teh saluyu jeung nu diingetkeun ka urang rebuan taun katukang 
dina qur’an yen saenyana Allah nu ngamurbeng “yatawafa anfusa hiina mautiha 
wallatii lam tamut fii manaamihaa, fa yumsikul latii qadaa alaihal mauta wa 
yursilu ukhraa ilaa ajalin musamma…inna fii daalika la aayaatnin liqaumi 
yyatafakkaruun. Nu maha asih tur nyaah nyabut nyawa /maehan jelema dina keur 
maot sarua jeung kanu keur sare, (bedana) nu sare mah 
dihirupkeun/diasupkeun/dibikeun deui (ka na jasad), ari nu maot mah henteu, 
nepi ka mangsa nu ditangtukeun…..saenyana eta teh tanda-tanda keur nu daek 
ngalenyepan (abrulan, 39:42).

Sok ngado’a memeh sare?....lamun geus ngado’a bener bisa sare?... enya jampe 
teh di sorangan bareng jeung pamakena?...

2. Hudang tipeuting-..assolatu khairum minanaum…

Nu masih keneh di ka-jelema –an ‘sare’na ngalaman sababaraha panta nu bulak 
balik (cyclus pattern)..tiap 1,5 -2 jam. ….Singgetna rek les,…pules,..ngimpi 
(REM/Rapid eye movement) balik deui kitu jeung kitu. Lamun sare 8 jam ngalaman 
3-4 cyclus. bijaksana asih nyaahna Maha hirup…jelema dibere 
kasempetan….sabagian keur ngaalusan nyawa sabagian keur ngaalusan awak da nyawa 
awak kudu diibadahan….sabagian keur ngabdi ka hirup.

Matakna …gening…

Sabagian di pake keur awak (REM-ngimpi), sabagian keur nyawa (pules-deep 
sleep), sare…(2/3 peuting) da keur jadi jelema…sabagian deui keur hirup 
(1/3)….tibatan di program ku bobogaan -nyawa tina sukma nu nitis terus 
(ngimpi)..mening leuwih alus mrogram sorangan bari nyaring ..matak aya 
tahajud,.. kasubuhnakeun aya nu ngingetan ..eusina assolatu khairum minanaum 
(mening ge shalat ti batan hees tuluy)….ieu panggeuing tara disada waktu isa.. 
. tara rek sare diguyah guyah salat..tapi ulah kajongjonan tuluy hees kawas 
bangke atawa kababawa impi… mening solat mrogram sorangan supaya teu ditulisan 
ku nu nyukma…sageuy ari ku sorangan mah.

..Dadasar kawijaksanaan Sang Rahmatan lil alamin…. nyaho pernahna ngabagi bagi 
kumaha kabutuh Sakawayana…

F

Kumaha nyaliksikna leuwih jero….kumaha cara nitis ka awak batur (reinkarnasi ka 
awak batur –kumaha cara ka orok, ka nu geus boga ingetan jrrd,…; naha eta teh 
ulah –nunjukeun kabodoan?...kumaha nu disebut kasampurnaan? Sampurna ning 
sampurna?......

Sabtu, 25 September 2021

nitis ~ reinkarnasi

Adeg Adeg

Reinkarnasi maksudna (1) hirup deui na hiji jiwa (jelema atawa sato) dina awak 
nu anyar “the rebirth of a soul in a new body” (The Oxford PDCE), atawa (2) 
sukma sinukma tutuluyan ka awak nu anyar “Passage of the soul through 
successive bodies”, kajadiana teh ku sabab karma
‘causa effect’ amal tingkah laku (World encyclopedia). Singgetna lamun di sunda 
mah reinkarnasi teh NITIS/NYUKMA (ka nu anyar).

Tulisan ieu rek ngajelaskeun diantarana: Naha enya sare hiji kajadian hirup 
paeh tuluy dihirupkeun deui? Kumaha wae kajadian keur sare? naha enya aya jalma 
ayeuna titisan batur baheula?..kumaha kajadian nitis ka awak nu anyar lamun 
awakna geus rusak? Naha bet bisa? Naon gunana? Naha sanajan ulikan na aya tapi 
dina ahirna ….. diulahkeun? nurutkeun nu kapanggih di sunda. Urang mimitian ku:

1. Urang kabeh reinkarnasi sato/jelema saencana…tapi ulah itu jadi gustina

-----
KAMI, ngaku satata jeung nu lain (dia) euweuh luhur handapan. KAULA, abdi nu 
ngaula/ngabdi ka batur (nu jadi gustina).
----

Geus jadi kanyaho sarera yen Jelema nu hirup didunya disebut nyawaan, lamun 
geus euweuh nyawana disebut teu hirup/paeh.

Nyawa teh teu datang sakaligus lengkep (inditna ge saeutik saeutik,.. tingali 
eddy nugraha-ulikan diajar paeh bag XII). Barang gubrag sanajan mata ceuli 
irung sungut aya bari dibungkus kulit…orok can bisa neuleu, can bisa ngadenge, 
can bisa nyarita, can bisa ngangseu, can bisa ngarasa…nu gede ngamurba orok mah 
hirup (diantarana kabukti aya nafasna)…. bisa na panca indera boga/ lengkep 
sampurna teh …saeutik saeutik… sanggeus asup Gizi kadaharan/inuman kana awakna 
nu asalna tina sato (asi & tutuwuhan, herbivore; jelema (indung&bapa) omnivore 
jst rantai makanan) nu geus (di) paeh (an).

Didieu benerna caritaan kampung yen “ti nu paeh bijil nu hirup” . Sabab ku 
asupna/nitisna sato/tutuwuhan nu geus paeh (terus diolah jadi kadaharan) nya 
orok ngagedean jadi jelema nu hirup nu ngadenge nu ngadeuleu nu ngangseu nu 
nyarita nu ngarasa. Hirup nu nandeanana.

--
Dina ulikan kasundaan, aya dua istilah nu beda hiji hirup hiji deui nyawa. 
HIRUP nyatana nu ngajadikeun sperma + sel telur jadi janin katiban sukma 
-proses nitis ka 1- (tingali :eddy nugraha-Pohaci sanghyang dewek) terus usik 
malik dina beuteung indung…

Sedengkeun, NYAWA mah mimiti kapimilik marengan hirup na sanggeus si janin 
gubrag ka dunya ditampa ku indung beurang/bidan/dokter terus di buka 
‘selaput’na.. antel jeung hawa dunya nya terus ceurik..nya jadi bareng hirup 
(hayat) jeung nu hirupna (hayan) aya nyawaan.
---

Asupna/nitisna ieu ‘bangke’ kana kuburan beuteung teh jeung ruh/jiwana, 
lantaran asalna can hayang dahar nitis eta jadi hayang/bisa dahar da saacana 
sato mah nyatu; asalna can hayang/bisa sahwat jadi hayang/bisa da saacana sato 
mah sahwat mungkul; asalna can hayang maehan/bisa gelut jadi hayang/bisa da 
samemehna tukang sesebred tukang ngahakan, jst jst jst..

Wah maenya?..

iih…cobaan tong dahar rada lila..komo mun daek mah nepikeun ka kurang gizi/gizi 
buruk …. Moal hayang dahar,…moal resep ningali bujur Megan fox…, (batur oge 
moal timbul sir resep/bogoh ka nu gizi buruk sab teu nyampak anaSIR ‘sato’na nu 
jadi daya tarikna)….moal mikir hayang burger hayang boga leuit gede hayang 
korupsi pasea maehan, shalat dzikir tafakur ge embung, …diuk nangtung bener ge 
moal bisa. Eta kabeh sab geus euweuh/teu jadi/teu boga deui sir tina sari 
kadaharan, sari na ilang/kurang… sagala jadi teu nyari..kalahka dipikaresep 
laleur (bangke).

Jadi sir teh ku sabab sari,… sir ku sari… sur ser kaditu kadieu ana piur jadi 
nafsu nya ngumpul ngawarnaan/ngaribriban rasa dina hate –dua kakuatan ngumpul 
dina pikir/akal bijil jadi pamilihna, patunggalan loba jisim kapirasa jadi hiji 
(tingali: eddy nugraha-Martabat tujuh kami).

Beuki lila,… tina ngagoler jadi nangkuban jadi diuk jadi nangtung, hulu 
saluhureun jajantung,..akal leuwih luhur/gede pangaruh/ dominan tibatan hate. 
Hate nu mimiti mah ka limpudan/awas ka hirup mungkul, jadi leuwih 
kasorot/narima/kapangaruhan ka loba loba warna warna nu hirup/nyawa titisan 
sato. Matak antukna bagian hirup saukur jadi hate leutik jeung bari hese 
diteangana da nu lobana ngabengbreng. Nu leutik ieu the nu caangna (nurani) 
jeung nyaangan lampah….tapi jadi kalimpudan ku nyawa …meureun apal kanu ngulik 
sunda=nur kapanggihna ATI the nyatana sunda nu lir pulo leutik ditengah sagara.


Jelema… basariyah.. jadina kumaha nu nitis kana awak....you are what you eat. 
boga sir nafsu akal kabeh pangaruh nu nyukmana… gening di china mah jelema 
jeung jaman ge dicirian ku sato ..tingal kalender jeung SHIO china. Ku pangaruh 
nu nitis dina mangaruhan sifat/karakter jelema lamun dilajur, Jelema bisa 
leuwih ti sato – da kumpulan ti rupa-rupa sato nu nitis. Matak kongas aya 
dongeng cenah malaikat kantos ‘protes’ naha jelema dijantenkeun 
khlalifah..generasi pengganti nu dominan ngalifahan di buana…sab jelema mah 
tukang ngarusak jeung ‘ngaluarkeun getih mungkul’ (sapi bikang:30).

Tapi, lamun euweuh nu nitis....jelema moal aya di dunya-kadunyaan. Lamun teu 
make nu nyukma ka jelema basariyyah moal bijil…. Kongas Siwa ti argadumelah ka 
dunya ‘naek’ sapi sapatemon dina nandini naha teu tiasa hiber nyalira?…Wisnu ti 
utarasegara hoyong ka pertiwi ‘jadi’ bagong, naha wisnu goreng rupa?; ari ka 
dunya kedah wae nitis, ka awak batur (misalna: ka Krisna Rama 
Arjunawijaya)?…guruminda ka purbasari nganggo ‘acuk’ lutung?

Nu naritis nyukma… diperlukeun ku jelema guna sangkan boga ka 
-jelema-an….kasebutna ayeuna mah maraneh na teh ibadah mantuan ka jelema ku 
jalan nyukma. Ari ka jelemaan dipake keur ngajadi nu hirup ameh nyawaan. Ngan 
bedana araranjeuna mah –Hyang Siwa, Hyang Wisnu, Sang Patanjala- saukur dina 
peryogi mungkulkasukmaan the teu katutuluyan… tiasa ulah alih sukma. Hiji resi 
dina mahabarata mah gening sapatemon ‘jadi‘ sato..tapi…nepika tiwas ka panah 
pandu.

Eta sabab…. teu kendat kendat ajaran/nasehat/pangwewedi tinu karenging hidayat 
nyatana nu pareng hate leutikna/nuranina kapanggih tuluy nguatan caang - jadi 
meunang tuduh ti nu Maha Suci, para nabi para rasul para batara nu linewih 
marasihan ‘lilinggeran’ supaya teu jadi sato teuing teu jadi sato tuluy…. meh 
aya bijil kamanusaan nu bisa jadi wawakil kasimpenan/katitisan/tempat mancur 
mubyarna HIRUP nu bijil ti hate leutikna/nuranina sorangan memeh kaanglipudan 
nyawa…

Eta sabab…sok loba nu harayang balik ka fitrahna lir orok karek lahir..kaayaan 
nu jiwa can kapinuhan nyawa masih keneh gede Hirup…kanyataan nu Maha hirup. 
….Nya mulya pisan kanyaho tapak geus loba awak kuat keneh ari jiwa geus balik 
deui ka wiwitan dina sagara hirup… genah pisan.. eta kabeh dipigawe ku jalan 
nahan teu kaasupan nu nitis nu gening tara puasa (bulan puasa) tutuluyan…kudu 
wae ahirna mah buka dahar nginum sahwat deui…muka deui lawang patitisan… jadi 
wadah nu nyukma… …. dadasar prawira sasmitaning Sang Uswatun hasanah rahmatan 
lil alamin…..


Sabab teu tuluy-tuluyan puasa nahan teu kaasupan, dina pas usik malik teh 
kumaha petana sangkan maranehna teu jadi gustina dewek? tapi saukur ngaulaan 
ibadah kanu boga awak…….kami (mah) hayang jadi titisan para kaula mungkul. Kami 
(mah) daek soteh narima reinkarnasi para kaula nu daek mantuan pedah eukeur 
jadi jelema …

…Kumaha carana?.... Naha enya sare hiji kajadian hirup paeh tuluy dihirupkeun 
deui? Kumaha wae kajadian keur sare?

2. Sare - hudang hirup paeh tuluy dihirupkeun deui kajadian nitis sukma sinukma 
nu tuluy tumuluy….satungtung boga awak..

tambih na

*Syahadat Sunda*

Ashadu syahadat sunda, syahadat pamuka lawang.
Buyut lembur mangun sari eusina manusa pasti, hirup ning kawasa hurip
ning keresa, dilawangan rancamala. Milawangan ing kuasa puhu ratu congo
wali. Nya isun sesewu putu, sasaka sakawayana, ratu kuncing putih kudrat
pasti.

*Syahadat Tunggal
*
Ashadu ratu Alloh teu aya deui ijin gusti.
Parentah Alloh sembah guru, sembah ratu, sembah atua sadaya. Ibu Ratu
Siti Badriah turunan Ibu Mas Gamparan Muhammad kakasih Alloh

*Syahadat Manusa*

Ashadu syahadat manusa, jleg langit, jleg bumi, jleg manusa sajatining
manusa.

sah adat

Ashadu ratu Alloh teu aya deui ijin gusti.
Parentah Alloh sembah guru, sembah ratu, sembah atua sadaya. Ibu Ratu
Siti Badriah turunan Ibu Mas Gamparan Muhammad kakasih Alloh"
Maksudna teu aya deui nu disembah iwal ti Allah jeung Muhahamad the kakasih
Allah.

kalemesan elmu

Kapungkur abdi sateuacan rimbitan kantos naroskeun naon
anu disebat mari'rifat ka Gusti the ? saurna, gali olah
manfaatkeun jadi tos dugi the sanes beres malah kedah
tiasa ngagali ngolah na sareng ngamanfaatkeun dina na
naon oge ti mikro dugi kamakro

Lajengna deui diajarmah ka mana wae jeung kasaha wae, ngan
alusna mah saenggeus rimbitan saurna, ngan ari patokan mah
anu katanpi tentang kailmuan diantawisna :

1.      Elmu sarea't nya eta :
§       Elmu tentang panyarek sareng panitah nusok dijantenkeun
tata cara paribadatan sareng diaji di ajaran agama
termasuk dina adat istiadat dugika hukum ka tatanagaraan
anu rupi rupi tergantung kana asal usul, tempat  sareng
jaman dikaluarkeunana eta sare'at. Dzikirna dzikir jahar
(tarik)
§       Manfaatna henteu picarekeun jeung henteu titaheun estu
pujieun da mani soleh
§       Godaanana sok haying nitah jeung nyarek bari kirang pas
§       Upami dina silatmah pangintean ibing penca
§       Carana sering maca sareng ngobrol ka ahlina

2.      Elmu tarekat nyaeta :
§       Elmu tentang jalan pikiran atanapi ayeunamah logika
panginten, mung dina sekup diri mah ngalatih otak tina
ngalatih alatna dugika digawena eta alat, sareng kanggo
nalungtik naon nu sabenerna, make jeung dicarek jeung
dititah tah caang weh eta ge nembe kaharti kedah
diteraskeun dugi terang hakekatna atanapi kaluarna rahmat
dina hate
§       Manfaatna tiasa ngiatan kana panyarek sareng panitah
dzikirna dzikir khouf (laun) alamna malakut
§       Godannana pedah kenging kakiatan sok jadi wani teuing
jeung ngajago
§       Upami dina penca mah panginten olahan nafas atanapi
nusok disebat pernapasan
§       Carana sering latihan ka ahlina sareng ngobrol

3.      Elmu hakekat nyaeta:
§       Elmu tentang naon nusabenerna panyarek jeung panitah the
sareng terang manfaatna. Atanapi olahan hate tina mulai
alatna gerakna sareng ngamaknaannana kana panyarek jeung
panitah sareng sidik jeung nuturkeun gerakna eta rahmat ti
gusti dina hate
§       Manfaatna tiasa ngajelaskeun sareng mere kasadaran kan
ayana panyarek sareng panitah. Dzikirna dzikir sir jeung
alamna alam jabarut kenging roh weh roh kudus
§       Godaannana sok nurutan jiga nu bogana padahal tos teu
usum atanapi sanes wancina lantaran apal jeung nyaho kana
eta panitah jeung panyarek
§       Upami dina penca mah panginten gerak otomatis terang
kana sagala jurus boh diurang jeung dibatur
§       Cara na sering meditasi sareng munajat dibingbing ku
ahlina bari sering dialog paduduaan.

Ma'rifatmah langsung sareng gustina dina nyiptakeun sagala
solusi sesuai dengan kadarna masing-masing tos dialam
caang (sunda)  tapi heunteu serab jeung nyerabaan tos
disebat jalmi tanggel waler jadi wali pinilih nya ahli
rasa nu sajati anu tiasa ngamerdekakeun sajati sa dunya.
kitu saurna
Mangga nyanggakeun kasadaya abdi nampi wejangan oge
hapunten kanu langkung uninga kana ieu perkara. Ieumah
mung penelaahan simkuring.

warna kahirupan sunda

Tah dina jejer simbul warna kasundaan ieu, simkuring rek nambahan pedaran naon 
nu geus kaharti/kapanggih, nu can kapanggih nya tangtu kuring ngaharepkeun 
pamairan ti ki dulur sejenna.
 
A. Opat Warna (beureum-koneng-bodas-hideung)
Saperti nu tiheula diebrehkeun yen simbul warna kasundaan nu utama teh nyaeta 
beureum-koneng-bodas-hideung, nu ngalambangkeun seuneu-angin-cai-bumi nu jadi 
asaling wujud dunya gede, jeung dunya leutik (diri). Tah saripati atawa 
acining-acining  seuneu, angin, cai, bumi ieu ngajadi wujud diri ngaliwatan 
dahar, nginum, napas jeung barang nu diasakan. Eta 4 unsur tadi sanggeus 
ngajadi dina diri nimbulkeun napsu-napsu:
-         napsu/sumanget baranggawe jeung kapangkatan tina acining 
seuneu/beureum
-         napsu/sumanget ngudag kanikmatan kaasup napsu “birahi” nu asal tina 
acining cai/bodas 
-         napsu/sumanget ngudag kadunyaan (harta banda) tina acining 
angin/koneng
-         napsu/sumanget tetep/mertahankeun naon bae nu geus kapimilik (teu aya 
jalma nu hayang ngalaman kamunduran).
 
Jadi dina hal ieu elmu Sunda mah dina perkara napsu-napsu teh teu nyalahkeun ka 
mahluk sejenna (setan, iblis jeung sajabana) nu sarua mahluk Gusti, tapi 
estuning memang ngancik jeung nempel (raket) teu pisah tina badan sakujur 
sapanjang hirup di dunya gede, tinggal kumaha sang kuring ngadalikeunana 
(ngamudina), naha rek diabur atawa rek diatur nyoko kana papagon hirup nu 
kamanusaan. Kuringna nu kudu boga pamilih sabab ‘sang kuring’ geus dibere 
wenang ku Nu Maha Wenang pikeun make diri jeung pangawasana di alam Pawenangan 
Gusti mah teu nyaram teu nitah, ngan sagala ucap-tekad jeung lampah teh aya 
karmana (hukum sabab-akibat patokan ti Nu Maha Kawasa), melak hade buah 
hade-melak goreng buahna goreng. Pan sang kuring teh asal ti Nu Maha Suci 
(Cahyaning Gusti = Nur Allah tea ceuk tukang ngelmu mah) nu tangtu ngabogaan 
sipat-sipat suci. Matak aya benerna nu ngahartikeun ucapan sampurasun teh 
ngandung sampurna ning (dina) ingsun, dina harti ingsun teh sang
 kuring nu asal ti Gusti jeung teu pisah jeung Gustina.
 
Napsu-napsu dina diri eta aya nu hade (positip) aya nu goreng (negatip), jadi 
ceuk elmu Sunda mah napsu teu meunang dipaehan tapi dikadalikeun/ dikokolakeun, 
sabab mun diabur bakal ngarugikeun batur jeung ngarugikeun dirina, mun dipaehan 
bakal moal aya kahirupan manusa di dunya, matak dina legenda Sangkuriang nu ku 
simkuring pernah dipedar dina milis ieu. Dayang Sumbi (diri) kacida ngambekna 
waktu si Tumang (napsu) dipaehan ku Sangkuriang (sang kuring), buktina karek 
dikurangan oge waktu diri butuh dahar atawa butuh nginum teu ditedunan (puasa) 
apan sakitu ngambekna diri teh (beuteng kukurubukan, hanaang jeung laleuleus). 
Mun urang teu make eta opat unsur, tinangtu bakal leungit napsu-napsu dina diri 
teh .....da tangtu tiwasna.
 
Tah didieu aya pabedaan nu prinsip dina asal usul kajadian manusa/jalma antara 
elmu Sunda jeung elmu ti Timur Tengah. Sakanyaho simkuring elmu ti Timur Tengah 
mah (Yahudi-Kristen-Islam), yen cenah jalma teh dijieun tinu taneuh, terus 
ditiupkeun roh (angin), ari syetan dijieun tinu seuneu, malaikat dijieun tina 
Cahaya (duka tah nu asal tinu cai jadi mahluk naon? Simkuring teu apal, manawi 
kiduluraya nu terang,  bejaan simkuring). Jadi aya sababaraha mahluk, 
sedengkeun dina elmu sunda mah gumulung jadi jalma tea. Jadi ngandung harti 
dina elmu sunda mah, bisa diibaratkeun setan jeung malaikat teh gumulung 
ngancik dina diri manusa, matak pantes ucap-tekad-lampah hade atawa goreng teh 
aya nu nyatet atawa kacatet ku dirina sewang-sewangan.
 
Bukti kalinuhungan luluhur Sunda, geura mun dilenyepan kajadian wujud diri asal 
tinu cahaya beureum-koneng-bodas-hideung teh, geuning nyatana universal atawa 
cocog keur sadunya, da buktina jalma di dunya teh geuning bisa digolongkeun 
(kelompok) kana bangsa kulit merah (Indian), bangsa kulit kuning (Indocina), 
bangsa kulit putih (Eropah), jeung bangsa kulit hitam (Negroid). Can ngareungeu 
aya bangsa kulit bulao atawa bangsa kulit hejo/ungu jsb.
 
Ari bangsa Sunda (Malayu) kaabus golongan mana ? Apan cenah bangsa urang mah 
kaabus golongan bangsa kulit sawo matang nu hartina aya campuran nu saimbang 
antara beureum-koneng-bodas-hideung (unsur nu 4). Tah...tah...tah...mun kitu 
nyoko kana palsapah ieu, sabenerna urang Sunda kudu nganuhunkeun ka Gusti Nu 
Maha Suci, sabab sabenerna bangsa Sunda kacida pantes jeung meujeuhna ngajadi 
bangsa manusa nu utama teh, sualna aya dina kasaimbangan unsur nu ngabentuk 
dirina, oge dirojong ku alam/lemah-caina nu oge saimbang sagala aya nyukupan 
pangabutuh pangeusina (mun bener ngokolakeunana). Matak ceuk elmu sunda mah ari 
kuring teh (lain nu aya di lalaki bae, awewe ge sarua hakna) kudu bisa boga 
pamajikan 4 kalayan adil, sabab kakurangan atawa kaleuwihan salah sahiji unsur 
bae matak pigeringeun. Contona loba teuing beureum awak bakal panas/demam 
(sipat lahir) atawa loba amarah/gancang ambek (sipat batin)
 
Hayu urang aji nu lianna tutungkusan hasil kalinuhungan luluhur dina perkara 
opat warna ieu, geura urang purak dina pawayangan. Urang gubrag jeung 
ngalalakon di dunya ku luluhur urang digambarkeun lir ibarat wayang, tah 
sajeroning milampah kahirupan gumelarna wayang, tangtu dipirig ku gamelan 
wayang, nu marengan dina metakeun ucap tekad jeung lampah eta sakabeh wayang 
kalayan ninggang dina wirahmana. Saha nu mirigna? Ceuk dina wayang disebutkeun 
“wali sasanga” (ke tunda guaran perkara wali sasanga ieu-teundeun di haneuleum 
sieum), urang guar bae alat gamelanana. Eta gamelan sarupaning saron, kenong, 
goong jsb, tetekon nu aslina mah kudu dijieun tina bahan perunggu, ari perunggu 
teh mangrupakeun campuran logam tina tamaga (beureum), kuningan (koneng), perak 
(bodas) jeung beusi (hideung), malahan gamelan pusaka mah sok oge nu ditambahan 
emas (koneng nu aya ajen). 
 
Tuh geuning nyata kalinuhungan jeung kamotekaran luluhur teh natrat pisan, eta 
nepi ka kapikir pikeun ngagabarkeun kahirupan manusa di dunya nu salawasna make 
diri nu asal ti 4 unsur acining, dilarapkeun kana lakuning wayang nu dipirig 
gamelan nu oge dijieun tina 4 warna nu nyimbulkeu, asal diri. 
 
Ayeuna lumpat kana tokoh wayangna, di alam Kahiyangan (Mayapada) aya Batara 
Brahma nu ngawasa seuneu (warna wayangna beureum), Batara Bayu nu ngawasa angin 
(koneng), Batara Indra nu ngawasa cai (bodas), jeung Batara Wisnu nu ngawasa 
bumi (hideung), tambah Batara Sambu nu hartina sembada (cageur lahir-cageur 
batin). Eta 5 dewa batara (papat kalima pancer) teh turunan 
(derivasi/penjabaran) ti Sanghiyang Manikmaya (manik = mustika/sostya/ mani; 
maya = cahaya mancur => cahaya mancur nu asal tina mani = diri keneh bae), pon 
kitu deui di alam Marcapada, tingali kulawarga punakawan :
 
Semar ngawakilan simbul beungeut bodas, awak hideung nu hartina tetep dina 
kasucian atawa katetepan ti Nu Maha Suci, semar ngagambarkeun rasa/batin nu 
bersih, matak Semar mah teu boga kalangkang, disebut lalaki tapi bujurna gede 
jeung pinareupna jiga awewe. Jadi lalaki lain awewe lain (kitu gambaran luluhur 
pikeun ngagambarkeun batin/rasa), 
 

Dewi Sutiragen pamajikan Semar nu dina wayang digambarkeun geulis (Dewi = awewe 
utama/linangkung, Suti tina siti/ksiti nu hartina taneuh; ragen tina kecap 
ragi-an), jadi Sutiragen teh ngandung harti ragi/acining taneuh, naon tah?.... 
Nya diri atawa raga keneh, matak pantes pamajikan nu hartina pangancikan 
rasa/batin teh taya lian iwal dina raga/diri/lahir nu asal tina acining taneuh. 
Sutiragen digambarkeun geulis, nya tangtu bae sabab diri manusa teh 
mangrupakeun ciptaan Nu Kawasa nu paling sampurna dibanding mahluk sejenna, 
jeung di dunya ieu, naha aya jalma sehat nu teu micinta kana dirina.  
 

Cepot atawa Sastrajungga (sastra = tulisan, jingga = beureum) ngawakilan simbul 
beureum asal dicipta tina kalangkang semar, matak boga watekna kasar, babari 
ambek, ngomong saengangna).
 

Dawala dicipta tina angin, warna wayang Dawala koneng, ngagambarkeun angin, 
Dawala ngabogaan irung nu gede jeung panjang (ngagambarkeun lawang napas nu 
asal ti angin), matak karakter Dawala mah angin-anginan.
 

Gareng, tah Gareng mah dicipta tina rerenteng nu ngagambarkeun rerenteng hirup 
dina ngumbara di alam dunya bakal kasampeur/kaalaman sarupaning  hade-goreng, 
ngeunah-teu ngeunah, susah-senang, cageur-gering jsb.
 
Patempatan Semar di Karangtumaritis, nu hartina tempat pada nitis, nyaeta dunya 
leutik (diri) tempatna pikeun nitis (titisan indung-bapa, jeung bakal nitiskeun 
anak katurunan), oge nya dunya gede (lemah cai) tempatna para titisan.
 
Tah ku guaran ieu, naha rek mungkir kana luhungna elmu kisunda?, naha tetep 
boga anggapan yen wayang teh asal ti India?, naha teu reueus jeung ajrih ku 
kalinuhungan jeung kamotekaran luluhur sorangan? Naha rek era ngaku jadi urang 
Sunda?, Naha rek cicing, teu era ku kamotekaran luluhur? Iraha atuh rek 
ngajenan luluhur sorangan teh?....mangga teu langkung.
 
Tah kidulur, rada mundel simkuring ngaguar tina palsapah pawayangan teh, ngan 
can kaboro nuliskeun jadi buku, memang kahareup simkuring boga niat ngaguar 
lengkep makna pawayangan Purwa ti awitan Sanghiyang Wenang.
 
B. Warna beureum-bodas
Harti simbul warna Sunda, kacida euyeubna. warna beureum-bodas, bisa 
ngalambangkeun getih beureum nu asal ti indung jeung getih/geutah bodas nu asal 
ti bapa. Dua warna ieu oge ngalambangkeun asal kajadian atawa sajarah diri 
urang. Dina elmu Sunda pangheulana ngajenan teh kudu ka indung-bapa, sabab 
indung bapa nu jadi cukang lantaran gumelarna urang kadunya. Indung bapa nu 
jadi juru salamet urang teh, da buktina kanyaah indung-bapa ti mimiti dikandung 
nepi ka geus rarumah tangga baroga budak deui ge kanyaah-kaasih indung-bapa 
moal pegat, geus jadi babasan kanyaah kolot ka anak mah : leutik ku leutikna, 
gede ku gedena, hade ku hadena, goreng ku gorengna jsb, matak simkuring mah teu 
ngarti ku jalma nu leuwih mikareueus kolot/luluhur batur tinimbang 
kolot/luluhur sorangan. Sakuduna urang nempatkeun kolot/indung bapa di 
tempat/kadudukan nu luhur, matak dina adat tradisi nyieun imah, sok 
disimbulkeun masang bandera beureum-bodas dina tihang/kai suhunan nu
 pangluhurna (bagean suhunan naon tah kang Oca disebutna eta teh?).
 
Beureum-bodas oge ngalambangkeun kawani jeung kasucian, nu hartina wani 
merjuangkeun kabeneran, mun salah-salahkeun, mun bener benerkeun, ngadek 
sacekna nilas saplasna.
 
Beureum bodas oge sok dipake pasaratan dina sasajen mangrupa gula beureum jeung 
uyah. Beureum bisa ngandung napsu/sumanget berjuang nu kudu dimbangan ku 
rasa/batin (uyah sok disebut oge panyari rasa), oge sok aya bubur beureum-bubur 
bodas.
 
Tah mun ningali dina perkara beureum-bodas, eta nempatkeun beureum teh 
salawasna di luhureun bodas, ieu teh ngandung maksud yen paugeran Sunda mah 
geus luhung nempatkeun indung (awewe) teh saluhureun bapa (lalaki), pon kitu 
deui dina kekecapan atawa dina papatah sok diheulakeun, saperti : ‘indung-bapa’ 
(tara nyebutkeun bapa-indung), ‘indung nu ngandung-bapa nu ngayuga’; ‘indung 
tunggul rahayu-bapa tangkal darajat’ (tara bapa tangkal darajat-indung tunggul 
rahayu), ‘wujud asal ti indung-adat asal ti bapa’, indung beurang, indung 
leungeun, indung suku, indung poe, indung peuting, jsb. Nyata bedana jeung 
paugeran bangsa Timur Tengah (punten sanes agamana) nu nempatkeun awewe leuwih 
handap ti lalaki.

ingsun

JUNG NANGTUNG WAWUH KA KUJUR
AJEGKEUN SAPANGADEG
HURIP INGWANG HIRUP INGSUN
JIRIM JISIM PANGANCIKAN
 
 
Tah dina perkara jirim-jisim jeung kuring oge naon bedana jeung ingsun/isun, 
kaula atawa abdi, pamanggih simkuring numutkeun ajaran nu katampa dina ajaran 
spiritual Bapak Mei aya beda jeung kanyaho umum. 
 
Kieu kateranganaana:
Ari "jirim" teh nyaeta wujud nu katingali atawa badan wadag (lahir) nu asalna 
tina cahaya beureum (acining seuneu) - cahaya bodas (acining cai) - cahaya 
koneng (acining angin) -jeung cahaya hideung (acining bumi), sedengkeun "jisim" 
nyaeta  wujud nu teu katingali badan halus (batin) nu asal ti pangawasa Gusti. 
Jirim teh tempat pangacikan jisim (kawas dina papatet di luhur, contona: awas 
ngancik di panon, denge ngancik di ceuli, langkah ngancik di suku jsb). Tah eta 
jirim jeung jisim mangrupakeun parabot nu digunakeun ku kuring pikeun ngumbara 
di dunya. Naha saha ari "kuring"?.
 
Tah ari "kuring" mah nyaeta lain lalaki-lain awewe, lain budak lain kolot, teu 
boga anak teu dianakkeun nu asalna ti Gusti jeung salawasna teu pisah jeung 
Gustina jeung sifatna langgeng, ngan sok kadang kapopohokeun atawa dipopohokeun 
ku jalma, nyatana nu sok ngelingan, sok mapagahan, sok nitah bener nyaram 
salah nu ngancik di unggal jalma sakuringna-sakuringna.
 
Ari eta nu salawasna boga kahayang jeung sok kadang sakadaek-daek teu mikirkeun 
batur nu oge sok aya di unggal jalma eta saha?. Naha eta nu disebut Syetan teh 
?.
  
Tah dina elmu sunda sakanyaho kami teu acan manggihan katerangan soal syetan 
saperti nu digambarkeun dina agama samawi. Nu boga kahayang atawa napsu teh 
nyaeta nu disebut "ingsun/isun" tea nu asal tina kajadian anyar sanggeus ayana 
jirim jeung jisim nu asalna ti sagaraning hirup. Jadi ingsun/isun mah urang 
dunya nu tangtu teu leupas ti pangabutuh dunya atawa napsu-napsu dunya.
 
Kunaon pangna isun boga napsu? Tangtu bae sabab kahiji ingsun urang dunya, 
kaduana ingsun make wujud lahir (jirim) nu asal tina acining dunya 
(seuneu-cai-angin-bumi) nu nimbulkeun napsu-napsu, geura pek ulah napas-ulah 
nginum-ulah dahar-ulah make haneut, tangtu moal boga kahayang/euweuh napsu. Tah 
dina ajaran nu katampa ku kami napsu-napsu ieu teh datangna tina 4 unsur ieu, 
lain ti syetan nu asal ti saluareun diri urang (ieu ceuk pamanggih kami salah 
sahiji bedana pamahaman ajaran sunda keung ajaran agama sejen).
 
Dina hirup urang kabeh mun dilenyepan bener-bener tangtu bakal manggihan mana 
ingsun jeung mana kuring, sok sanajan susah ngabedakeunana, sabab kuring jeung 
ingsun hiji tapi dua, dua tapi hiji, lir dua beulahan "mata uang" logam mun 
katingali garudana, angkana teu ngatingali oge sabalikna. Tah kuring nu asal ti 
Gusti ieu nu bisa nganyahokeun ka Gustina, nu bisa nganjang ka pageto, jeung 
bisa nganyahokeun nu geus kajadian baheula. Ngan memang sok sering 
diapilainkeun ku ingsun.
 
Tah ari nu disebut "abdi", nyaeta jalma nu boga rasa rumasa keur ngabdi ka 
Gustina, tah lamun geus bisa salawasna ingsun bisa ngabdi ka Gustina luyu jeung 
sifat-sifat Katuhanan eta meunang pangkat "manusa",  sedengkeun "kaula" nyaeta 
nu boga rasa rumasa jeung keur kumawula ka dirina, kumawula ka luluhurna 
(indung-bapa), kumawula ka lemah-caina, kumawula ka bangsana jeung kumawula ka 
Gustina. Tah ari "kami" nyaeta ingsun nu keur ngagunakeun lahir jeung batin.
 
Kitu sun, pamahaman kami dina perkara ieu, mudah-mudahan bae aya gunana pikeun 
nambah wawasan kidulur Sunda.     

kanugaran

Di kampung sim abdi akang..eteh,

Di gunung tangtung; Leresan Karang adeg aya dongeng
ngeunaan elmu kanuragan nu jadi tunggul kawedukan nu
jadi tangkal kabedasan nu cenah cecepengan pamuk
pajajaran baheula.

Saurna, kieu.....

Usik tangtung teh  jadi na (kudu) hiji ngan diwangun
ku  opat bagian nu kudu bisa jadi reng..dina aweuhan 
jadi sir dina sari...jadi ras dina rasa...jadi pakean
dina awak jadi dangdanan dina badan:

1. Usik awak

Usik na awak, resep pisan gampang kacirina, kamampuh
naon wae asal nu kadongkang bisa ditonjok, ditajong, 
dibabuk, nyingcet, lumpat jrrd.  Kana awak jadi
�atletis� nepi ka jadi kawas �rambo�; nu  siga rambo
pasti bisa neunggel samsak 50 kg, nu begeng hudang
gering 10 kg misalah urat. 

Jampena pakuat kuat pakesit kesit pagede gede

Ngan edas ngulik usik na awak mungkul mah sakeudeung
jayana, dina umur ngolotan teh ngurangan/leungit; 
matak timbul basa.... �baheula mah jang abah teh jago
tarok jago bobok jago mukakeun anderok...�. ayeuna mah
..emh ...leungit/ngurangan geus suda ku tanaga...eleh
kadeseh ku nu ngarora. 

Matak mun tukang ngulik usik na awak mungkul ngajago
keur ngora...tungguan we 5 taunan deui...komo geus
rarempo mah ....geus kitu tinggal babuk ku nu
ngora...gampang. Gening muhammad ali ge keur ngora mah
jago ...tong wani ngajak gelut ka inyana...ayeuna mah
kudu wani da geus kolot ....parkinson deuih.

2. Usik napas

Usik na napas, resep pisan sabab siga teu pira tapi
lamun kaolah bisa nimbulkeun ka mampuh diluar usik na
awak nu luar biasa...teu kudu paantel ...bisa
ngalempag ti kajauhan...rosa tanaga..cepet
usikna...weduk..awakna... entengna bisa motongkeun
beusi..nu leuwih teus tibatan tulangna jrrd ..jrrd. 

Jampena pakuat kuat pangger angger pa lemes lemes

Pan dina gelut na ge...saha nu kuat napas na pasti
meunang.... teu kudu awak siga rambo....asal kuat
dimana neundeunna napas jeung apal
ngagunakeunana...rek dijero rek didada rek di beuteung
...rek kaluar rek kajero rek di luar kabeh aya guna
jeung kamampuhna...masing masing....pasti jago...beuki
kolot teh beuki tapis beuki jago...lain jadi eleh.

Ngan edas ngulik usik na napas teh kudu diniatan heula
makena...kudu usaha heula....kudu di kamudi ku
uteuk... komo rada hese mun metakeunna tukangeun bujur
treuk. lamun geus teu napasan leungit.


3. Usik rasa

Usik na rasa, resep pisan sabab aneh ayana teh lamun
sareh. Neangana ku paeh. Carana ku henang hening
henung. Jampena ku tarima,  Eusi na teh lamun suwung, 
suwung na teh lamun eusi, 

satungtung rasa na tedak wedalan galunggung hartina
galuh agung nu ngagalunggung moal ka tembus ku
wisaya...moal kahalangan tempat. Teu kudu diniatan
heula da geus jadi tumpah darahna, teu kudu hese cape
heula da wisesa murba.

Jampena pasareh sareh panggger angger

Pantangana lamun keuna ku was-was jeung pangridu ridu
nafsu. Bates kamampuhna  ngan nepi ka bahrul
hayat...saleuwihna ti eta moal nyaho da geus karem ka
jatina...... Tapi edas eta  mah teuing ku mulya. 

4. Usik na cahya eusi

Eleuh komo ieu resep pisan sabab jatining
usik...sakabeh nu aya di alam teh nyatana cahya...ceuk
einstein wae e=mc2...awak teh cahaya.. cahaya teh awak
constanta na wadah... fungsina jadi. Dikamudi ku ati
nurani (ati nu caaang cahayaan). Ayana di jero-jerona
tangtung.

Jampena pacaang caang pa poek poek...Nyaho jatining
caang nyaho jatining poek....bisa nyumput buni dinu
caang. Sabab nganyahokeun caang soteh ceuk nu poek
lamun ceuk nu caang kumaha? Poek soteh ceuk nu caang
ceuk nu poek kumaha? Nyatana mah caang lain poek lain
caang enya poek enya ngan lamun usik papoek poek
pacaang caang.

Pantangana lamun ngaku... cirina lamun
jadi...kahontalna lamun geus teu maneh maneh acan.

Anu kasinugrahan cahya bari tapis ngagunakeunana...teu
kahalanganku awak..teu kahalangan ku umur...teu
kahalanganku tempat teu kahalangan ku jaman.  Teu
kahalangan ku bahrul hayatna...Awak na leungit ge
terus mancur. Runtut jeung nu alus, wawuh jeung nu
lembut, galo jeung nu nyaho, dalit jeung nu leutik,
Satungtung dunya ieu katut eusina aya Moal runtag
seseliran.

Tina eta nu opat,.................. 

Elmu na  pamuk pajajaran mah nyaeta lamun geus bisa
ngahijikeun usik sunda (Nur) jeung rasa galuh; jadi di
PAKU-an Pajajaran tangtung. Sumarambah dina nafas
nyiliwangikeun awak. Awakna dikamudi nafas, nafasna
jadi pamanah rasa; rasana merenah di jaya dewata
(dewa=dev=cahya); dewatana di pakuan...nunggal di
pajajaran....kanyataan wahdaniat. 
Usik awak usik nafas ... luarna; usik rasa usik
cahya... jerona; 
Jero tembus ka luar; luar paesan jero
jero bagian jero... luar bagian luar; 
jero luar... luar jero... 
ngan jero mah jero luar mah luar.

Ari usik urang aya dimana? 

boa dilebah teuing...  

teuing ku awak teuing ku nafas teuing ku rasa teuing
ku cahya 
teuing ku Allah... teuing ku batur nu sok disebut
lelembut ngan cilaka temen lamun kitu sabab asup kana
paribasa sayang kaak na suhunan kut angkut nu boga teu
nyaho nyaho.

=======================

Baktosna
Eddy Nugraha

Jumat, 24 September 2021

pepeling diri

Ayana wujud jalma nyaeta:
  1. Diturunkeun ROH ti Gusti ka Nabi Adam
  2. Ayana ROH bisa aya dinu diantara :
-         2 sapta pangdangu
-         2 sapta paninggal
-         2 sapta pangambeu
-         1 sapta pangucap
-         2 sapta pamiceun
-         1 sapta pusereun agung
  1. Ragana dijieun tinu :
-         Cai paling bersih
-         Taneuh paling bersih
-         Seuneu paling bersih
Datangna SIR ti bapak anu BODAS nyaeta tulang jeung Sum-sum
                 SIR ti indung anu Beureum nyaeta Getih, Daging oge Kulit.
 
Jadi jalma kudu suci, sabar, eling aya dina ikhlasan sabab:
  1. ayana sumpah samemeh dijieun jeuleuma nyaeta, Kaula nyaksian hirup-hirup nyaksian teugeus kaula anu hirup nyaksian jeung nyata, sumpah kaula anu hirup disaksian ku hirup. Keucapkeun ku ati nu suci, sabar jeung eling adeugkeun ku ka Ikhlasan. Lamun nya anjeunna jadi Manusa, ieu pagawean manusa, keucapkeun sumpah ka Alloh wujud hirup  moal bengkok sineumbah. Malah hirup saumpama bengkok sineumbah kana hirup, hak nyeumbah kaula menta jadi sato anu teu manfaat dahar ku manusa. Hirup nyaksian nu hirup di saksian sakumaha anu geus dirag-ragkeun cara pangawasa manusa "Kaula Sanggup Ngajalankeun".
  2. Singsaha jeuluema anu geus kenal kana dirina tangtu nyaho ka nu nyiuen/nunyiptakuenna. Jeung sing saha anu nyaho kana anu nyieuna tangtu nyaho kana dirina (Syahadat).
  3. Lamun jeuleuma ngahina ka sasama sarua jeung ngahina kanu nyiptakuenana. Lamun ngahina ka Indung Bapa, sarua jeung ngahina kanu diri sorangan. Soalna Gusti alloh ayana di hate manusa sewang-sewang.
  4. Jadi jeuleuma ulah adigung, sabab pinteur jeung bodo teu ngabogaan, soalna Gusti Alloh moal ngarobah tingkah laku Manusa iwal ti Manusa eta sorangan (Tingkah lakuna). Kumargi kitu keudah jadi jeuleuma WISESA (diri jeuleuma anu geus bisa mawa dirina)
  5. Syahadat Manusa, jleug Langit, jleug Bumi, Jleug Manusa - Sajatining Manusa anu sajatina.
 
"Seja mapagkeun diri, ku teutep anu geuget ku raray hegar marahmay sangkan diri miboga kaluhungan elmu kajembaran manah anu geus ngancik kiwari"

pepeling dewa niskala

Pepeling Hyang Niskala
 
Ieu Darma Pamulih Hyang Niskala
Ku aci darma pamulih
Ku aci nulsya sakti
Ku aci nusya larang
Ngageugeuh nusya seda
Ngageugeuh nusya sakti
Ngageugeuh nusya larang
 
Aci putih herang jati
Di jero ning jembawasa salira
Salawasna dimanikan
Mangka datang ka bulanna
Mukakeun kowari manik
 
Sawetuna ti tan hana
Salawasna dimanikeun
Mangkana nepi ka mangkana
Dongkap ka mangsa
Pulang deui ka tunana
 
Bayu tan metu
Sabda tan muwah
Hedap tan ngaruan
Kurungan tan keneng tumuwuh
 

sakawayana

Kalam kasundaan:

SASAKA SAKAWAYANA: 
SAKAWAYANA KAMI SAKUMAHA EUY? DIMANA SASAKANA?

Eddy Nugraha

PANGANTEUR

I
Sasaka Sakawayana. 

Kecap sasaka masih keneh asup kana entri kamus sunda nu hartina TIHANG atawa 
lulugu, aya oge nu nyebut pusaka ( kamus umum basa sunda LBSS). Ari sakawayana 
mah asana ku para ahli basa sunda formal ayeuna geus teu diasupkeun kana entri 
kamus atawa ensiklopedi sunda (Naha nya??) 

Dina ayana oge, kecap sakawayana teh disambungkeun atawa aya hubungana jeung 
saukur ngaran nami gelar luluhur pajajaran teureuh talaga manggung baheula 
kongas kasebat Batara Sakawayana buyutna Prabu Niskala Wastukancana ti Ajar 
Kutamangu Kusumalaya sareng Ratu Simbarkancana (tingal diantawisna sajarah Jawa 
Barat nu dikempelkeun bahan-bahana ku Drs. Yoseph Iskandar) atawa ngeunaan 
sababaraha tempat di tatar sunda (misalna wae di sumedang jeung, nu geus teu 
bireuk mah nya, daerah Sakawayana di Sukabumi kidul). 

Sakawayana –dina logat lokal sok jadi sokawayana- boga harti: kahiji, tina 
kecap sakawaya(H)na. diwancah jadi saka-wayahna, saka-waktuna (ieu pamendak , 
salah sahijina, katampi ti salah sawios inohong sunda Drs. H.R. Hidayat 
Suryalaga, waktos anjeuna cumarios di bumi wargi dina raraga milangkala tepang 
taun – taunan kapengker). Harti kadua, nurutkeun basa urang kampung sapopoe 
sakawayana teh tina kecap sa-kawaya-na ari kawaya teh hartina SABUK, BEUBEUR, 
EPEK. Jadi lamun geus dicalana dibaju memeh indit saged rek kaluar teh sok 
nyarita kieu “ke atuh rek dikawaya heula” maksudna calanana rek dibeubeuran 
heula ameh teu morosot jeung leuwih pantes. 

Tangtu geus pada terang yen guna na kawaya salian ti ‘accessories’ nu rupa-rupa 
model warna jeung bahanna supaya pantes (sakaresepna, sakahayangna) , oge 
pakeun nyangcang calana supaya teu morosot/pas dina cangkeng da bisa diatur ku 
nyangreudna (ayeuna mah aya liangan) ameh aurat handapeun beuteungna (karesep, 
kasusah, kangeunah, kaerana nu dibabawa jeung ngilu) teu kaciri lain dina 
waktuna. Ari cangkeng utamana ngagedean ngaleutikanana kumaha beuteung 
sedengkeun beuteung nya kumaha eusi peujitna; aya nu leutik, gede nepi ka 
burayut nu ditangtukeun ku kabutuh pakeun hirupna (kayaning rupa rupa hakaneun 
jeung rea henteuna nyatu), jeung kabetah jelema salira hirupna (nu teu daek 
olah raga mah ku dahar wae teh beuteungna jadi burayut moal tuluy boga beuteung 
rata ‘six pack’ tuluy, da geus betah dina haroream ngusikeun awak). Jadi, 
kawaya mernahkeun calana (sakabutuhna, sakabetahna, sahirupna, sahuripna) 
supaya pas merenah alus ditiap cangkeng
masing masing jalma nu bisa ngagedean /ngaleutikan -bari beda-beda ukuran 
(liang) kawayana- sabab tiap jelema ukuran beuteung (kabutuh/kabetah) eusi 
peujitna teu sarua jeung teu angger saban wayah saban waktu (saka-wayahna) . 

Ana kitu, hususna dina ulikan kapribadian di sunda, sakawayana boga harti 
sakabutuhna sakabetahna sahirup huripna masing masing (boh batur boh 
sorangana). Sedengkeun Sasaka sakawayana hartina tihang lulugu pusaka nu nahan 
nu ngauban nu nyaangan nyaharaan hirup hurip nu kumelip nurutkeun sakabutuhna 
sakabetahna sakadaekna sahirupna sahuripna saban wayah saban waktu sawayahna 
sawaktuna. 

II
Ari sakawayana maneh sakumaha? kumaha nihanganana, ngaubanana, nyukupanana? 

Naha bet natanyakeun kitu? 

Ih …. cik atuh peupeuriheun salila hirup ukuran kawaya (kabutuh, kabetah jrrd) 
sorangan the embung ge… dialukur batur wae (leuleutikanana diomongkeun, …. bari 
can tangtu bener ngukur dewek… da batur mah ngukur kawaya urang the aya 
pambrihna (moyok we mun ngewaeun komo asa kasoro mah, muji mun resepeun eta ge 
pedah sakabeuki sakabetah), lamun sorangan bisa ngukurna mah meureun genah … da 
nu sorangan ukuran sorangan. Moal cilaka katideresa dicalana morosot katingali 
kanjut ku batur lain wayah, arek ge make model morosot siga budak ayeuna taya 
bayana da nyaho bisa keneh katahan ku bujur sorangan teu kudu ku bujur batur… 

Lamun geus nyaho kawaya sorangan meureun bisa ngarasakeun ngahargaan kawaya 
batur nu oge baroga masing-masing malah (mun bisa mah) daek wani nyaho ngauban 
nihangan nyukupan (jadi sasaka) kawaya batur. 

Euleuh…euleuh …gampang nyarita (nulis…he..he) na kumaha nihangan, ngauban, 
kawaya batur ? meureun kudu apal liang, apal bahan, nyaho warna, nyaho model, 
nyaho kakantet kabutuh batur, jeung kumaha mikeuna ameh teu asa leungiteun nu 
sorangan? Kumaha nalianana ameh batur teu asa dipaksa dicangreud? Ameh bisa sa 
kabutuhna sakaresepna sahirup huripna. Lamun henteu da boro boro daek narima 
komo tumarima, nu aya mah meureun asa kacekek atawa angger susah era calanana 
morosot. Jeung mana atuh Sasakana pakeun nyukupan ngauban nihangan kawaya the? 
boh nu di aing boh nu di batur?

Saluyu jeung ‘inquiry’ diluhur, Ieu tulisan rek nganepikeun yen disunda 
(baheula) ajaran atikan nu geus masagi ngeunaan Sakawayana jeung Sasakana 
mangrupakeun hiji ulikan poko dina ulikan kasundaan (baheula) nu diajarkeun 
diwariskeun turun manurun supaya dijadikeun tangtungan seuweu siwi. 

Wah….mana saksina aya ajaran di sunda kawas kitu? Mana buktina? Tong asal 
nyarita tong sok kikirataan (dinyata nyata ku kira-kira)…. (teu usum komo 
dijaman alam pikiran jelema nu kagedenakeun na (lolobana) ku pola pikir 
positivis mungkul). 

bulan kala sunda

Panataan sasih numutkeun  Kala-Surya, Caka-Sunda :
bulan kahiji -- Kasa
bulan kadua -- Karo
bulan katilu -- Katiga
bulan kaopat -- Kapat
bulan kalima -- Kalima
bulan kagenep -- Kanem
bulan katujuh -- Kapitu
bulan kadalapan -- Kawalu
bulan kasalapan -- Kasangga
bulan kasapuluh -- Kadasa
bulan kasabelasa -- Hapitlemah/Desta
bulan kaduawelas -- Hapitkayu/Sada

Panataan sasih numutkeun  Kala-Candra, Caka-Sunda :

bulan kahiji -- Kartika
bulan kadua -- Margasira
bulan katilu -- Posya
bulan kaopat -- Maga
bulan kalima -- Palguna
bulan kagenep -- Setra
bulan katujuh -- Wesaka
bulan kadalapan -- Yesta
bulan kasalapan -- Asada
bulan kasapuluh -- Srawana
bulan kasabelasa -- Badra
bulan kaduawelas -- Asuji

pamulang teluh

ieu pamulangkeun teluh
 
 "...ratu teluh ti Galunggung
 aing nyaho asal sia
 ratu teluh ti gunung agung
 aing weruh dumuk sia
 si sang ratu cedacawal buah reumbay
 sang ratu gereleng herang
 baya, baya tan ku baya
 nya sia nu baya ta mah
 hirup ku pangaweruh
 waras ku pangawasa
 hiding ! hiding ! hiding !
 istan ! istan ! istan !
 mangprung ka gunung agung
 ka asal sia 
 malik kana diri..."
 
 AMBU
 

jampe halimunan

Bismillah hirroman nirrohim


Durugdug turun - tumurun

Daragdag tinu Pangersa

Diluhur di payungan ku nu Agung

Dihandap di reksa ku Allah

Leus leungit

Leus teu aya



Wasalam,


A.Suhendi  

5. payekadan syeh siti jenar

VIII

Kumaha gulung supaya ngagalunggung??
Diulemna SSJ kana  gempungan Wali Sanga mah, sabenerna,  pakeun ngabahas 
kaayaan umat kusabab ayana pamahaman murid-murid SSJ (ngaku tina 
ajaran/pangwuruk  SSJ) ngeunaan syariat agama  – nu aya imbasna ka masarakat 
umum (malah nepi kana ranah politik –ki kebo kenanga, ki Ageng Pengging jrrd).  

Tangtu geus pada nyaho yen pamanggih murid can tangtu bener ngawakilan  (teu 
kabeh bisa ngawakilan) pamanggih guru sanajan loba oge murid nu leuwih 
pinter/jero/bener pamanggihna ti guru. Tapi lamun muridna salah –migawe salah- 
guruna sok dipenta bantuanana/pamanggihna/ ‘advisna’ pakeun ngomean muridna 
jeung ngomean ‘akibat’ tina kalakuan murid. Kasalahan murid lain kasalahan 
guru- iwal ti lamun memang kabukti guruna nitah murid supaya migawe salah.  Ieu 
kabeh alesan diulemna SSJ kana riungan Wali. 


SSJ pupus dina eta riungan (Pajemuhan Wali Sanga), atuh jadi katurug katutuh, 
ngajadi ‘bukti’ yen SSJ kenging ‘hukuman’ dugi ka pupusna. Aya nu nyebat ku 
para wali dihukum pati (diantawisna kadugikeun ku kang 
Mrachmatrawyani-haturan); Aya oge nu nyebatkeun yen SSJ milih pupus nyalira 
dina riungan wali – ‘Serat Siti Jenar”  Bratasekawa);

Padahal (nurutkeun ieu dadaran mah) anjeuna pupus cilaka ku ‘polah’ nyalira. 
Matakna ieu dadaran, insya Allah,  arek nepi kana kumaha supaya salamet gulung 
na abdi gusti teh jadi ngagalunggung.

Saacanna urang dongengkeun gambaran kajadian pupusna SSJ dina riungan wali:

Dina pamadegan yen sakabeh wujud jeung nu maujud dialam dunya teh teu aya deui 
iwal ti Allah. Laa maujuda ilallah laa wujudika ilallah...dicobi ku keris 
duhung (keris “Kantanaga” kagungan  Sunan gunung jati) ..ku kangjeng sunan 
kalijaga. 

Barang dicobi teh.... eta keris teu teurak...teu tiasa antel antel acan 

(kawas ajian batara karang panta/level batu- tingal kaadaman + Batara karang).

---------
Kabiasaan nguji kamampuh patekadan kasampurnaan  dina tohid nepikeun ka ayeuna 
masih keneh  aya.... jeung bakal terus dipake  Sabab patekadan / kayakinan teh 
kudu kaharti karasa tur bukti.

Lolobana mah nu jauh keneh kana alam tohid sok sarieun mun diajak ngukur 
kasampurnaan sabab sieun kabawa paeh. Nu kapikirna teu bisa baralik deui. 
Lebareun keneh ku kahirupan dunya. 

Padahal cenah ceuk nu geus paeh samemeh paeh...he...he..he.. lamun paeh 
(nyawana) nu aya (nyesa) hirup mungkul  usik malik pan kongas dina qur’an Allah 
nyanggem “nu paeh dijalan Allah sabenerna hirup masih barang hakan barang pake 
ngan batur-batur teu apaleun” (tingali paeh samemeh paeh).
-------------




urang tuluykeun deui:

“Enya...enyana mah tapi wujud (af’al) Allah (awak) nu ngajentul ieu mah lamun 
ditewek lumrahna kudu teurak....”
Nguping kitu..teras we eta keris teh nanceb...tapi teu bijil getih...biasa wae 
teu reg rog 

(kawas ajian batara karang panta/level taneuh- tingal kaadaman + Batara karang)

“... lumrahna wujud (af’al) Allah/awak nu ngajentul mah mun katewek bijil 
getih.”
Teras we tina salira SSJ bijil getih tapi bodas... 

(kawas ajian batara karang panta/level taneuh/cai (Jannah)  - tingal kaadaman + 
Batara karang)

“.... lumrahna mun getih tina wujud (af’al) Allah/awak nu ngajentul mah... 
bijilna beureum”

Teras eta getih jadi beureum ngaberebey... bari salirana tetep seger tur teras 
sila. 

(Tah ngawitan ti dieu SSJ katideresa ku polah nyalira “nyebut Allah kanu 
sejen...” rido nu maujudna jadi awak ‘jelema biasa’ nu getihna beureum...sanes 
wujud ‘manusa’ af’alna Allah..... bari nuju ditakonan ku si “kantanaga” nu 
maunatna teh mun dipake moal bisa dibalikan deui)

“Aeh...naha bet jadi kitu? 
...lumrahna mah nu bijil getih terus moal hirup tapi tuluy paeh.”
....Tuluy eta awak-awakan...teh ngagoler. 

SSJ nyarios...”sok hayang ditembongkeun naon deui?” 
Ditempas “... teu lumrah aya mayit masih keneh nyarita...”

Saharita...SSj..nyarios kieu...”heug atuh kula moal deui cacarita... 
ninggalkeun ieu alam...ngan engke sing waspada bakal daratang munding bule....

bakal aya.... 
bakal aya ... 

(nu sabagaian seueur tos kabuktos ieu cariosan SSJ teh)

Saatos nyarios kitu badan SSJ sirna kagentos ku hiji tangkal nu seungit 
ngadalingding.

Naha bet kajadiana kitu?? Naon maksudna?? 
(Urang teraskeun upami pareng)

4. patekadan syeh siti jenar

VII

Gulung dina Patekadan Lemah Abang
Lamun geus geus loma/dalit, euweuh gusti euweuh abdi babar sapisan jadi sobat 
(wali). 

Tapi, dina tohid bisa na qurbah (qarib=dalit) nunggal ngahiji gulung teh ku 
modal islam (aslamtu sumerah) nepikeun ka jiwa ragana teu ngaboga boga nepikeun 
ka teu ku maneh maneh acan (da teu daya teu upaya). 

Ayeuna lamun ka-maneh-an geus aya deui, tuluy bareng jeung batur batur,  tuluy 
nyarita  meletus bijil ti sungut,  make basa maneh (sedengkeun lain gusti mah 
nyaritana ge teu make sungut? ari ieu bijil ti sungut), ceuk batur nu ningali 
mah maneh teh keur fana (rusak). Ari nu rusak euweuh nu pantes nurutkeun alam 
tata alam semu.

Meureun batur salembur leueleutikanna pada heran pada teu ngarti,...  gorengna 
pada nyalahkeun,.... ceuk batur teh naha ari aing henteu, boa si itu 
nurustunjung jelema gelo...nu kitu teu sarua jeung fiqh (asal kecap fiqh = 
pamahaman, tapi ahirna jadi hukum) batur-batur.

Ieu kajadian  geus loba, di jawa mah kajantenan ka  Syech Siti Jenar (SSJ).. 

Aya  cariosan SSJ nu kadugikeun kanu sejen (utusan) nu beda tingkat pamahamanna 
(beda alam) ngeunaan ageman - nyatana waktos  para wali miwarangan ngulem   
SSJ,  caritana nu katepikeun mah kieu:

----
Kahiji, waktos kaleresan SSJ nuju dina ‘kafanaan’, Utusan wali nepangan:  
“Kangjeng Syech,.... dipundut sumping ku Kangjeng Sunan... sun” 
SSj: “Euweuh sitijenar mah, aya ge Allah”. 

Dasar ka jalmi nu dipercaya luhung sanajan ucapan na’aheng’, nu dipiwarang teu 
wantun mindo catur  teras wangsul deui pupulih ka para wali teu tiasa ngangkir 
SSJ margi nuju suwung nu aya ge ngangkenna Allah. 

Para wali  mah maphum teras we mindo (kaduana), miwarang utusan supados nu 
diulemna teh Allah, ngan kaleresan pas tepang teh SSJ tos dina ‘biasa’ deui.

”sun...dipiwarang ku Kangjeng Sunan supados ngulem Allah”.
..atuh  waler SSJ teh:  “tong ngangkir Allah ka kami da kami mah SJ”. 

Atuh ki utusan  mulih deui ka Para Wali wawartos yen teu tiasa ngulem Allah da 
nu kasampak mung SSJ. 

Para wali, ahirna, mutus supados ngutus nu cekap ngilmina (sa alam) pakeun 
ngangkir  SSJ. Sanggemna ieu utusan teh :

 “Ieu kami... menta Sj  Kalawan Allahna supaya hadir ayeuna keneh”.  
Sakedet netra  SSJ nu tos ras jlig... tos dugi ka riungan wali. 

Ngan,.... nyebut Allah ka nu sejen  ieu nu engkena jadi label ‘hukuman’ ka  
SSJ..., ti ieu beja nu nepi ka utusan teh, tuluy nyebar ka bala rea SSJ teh 
jalma nu ngaku Allah.


Naha sesebatan  lain SSJ teh Lemah Abang?

Ari lemah hartina taneuh ari abang hartina beureum. Di sunda mah lamun aya 
jelema nu anyar paeh sok disebutkeun cirina taneuhna ge beureum keneh. “puguh 
ki anu the maotna kamari tuh taneuh na ge beureum keneh”. Taneuh beureum 
dibasakeun kana pajaratan anyar:  Padahal teu kabeh taneuh beureum, siga nu 
dikuburna di lembang mah kajeun anyar ge teu beureum da taneuh na hideung.

Ari pajaratan anyar mah salian ti paesan (nisan) teh taneuh na ge melendung 
keneh...cirining can kabeh sirna...matak sok ditahlilan sok direwahkeun... can 
jadi paesan jati pisan  da katambahan keneh sesa bangkarak.

Ari nu ngulik kasampurnaan mah kudu bisa paeh heula samemeh paeh ceuk 
batur/jamak  (tingali-paeh samemeh paeh) sabab kongas aya ayat qur’an:  “Jeung 
jalma jalma nu geus paeh, tuluy dihirupkeun deui, terus dibere sunda, nu ku 
Sunda (nur) eta maranehna bisa lumampah hirup diantara manusa, naha sarua jeung 
nu aya dinu poek mongkleng anu manehna henteu bisa kaluar tidinya (6:122)’.

Kajadian SSJ meletus cariosan kasaksi ku batur ngangken Allah, sabab masih 
keneh anyar (kafanaan keneh teu acan pulih) lumampah saatos ‘paeh samemeh paeh’ 
-sanajan tos kapasihan sunda (nur) ti nu murbeng alam benten jeung jalmi biasa. 
 (tingali-panaekan warnaning tangtung).

(....Enya kitu??..pikiraneun )

Kamis, 23 September 2021

3.patekadan syeh siti jenar

V

KUMAHA SUPAYA  GULUNG ?
Naha kudu gulung?

Alam abdi-gusti mah alam anggang...sadeukeutna ge ka gusti...para abdi mah teu 
bisa deukeut sabab beda pangkat beda kabiasaanana. Tara gusti satata jeung 
abdi..sabab lamun satata leungit kagustianana. 

Hayang deukeut mah nya gusti jeung gusti deui....abdi jeung abdi deui.  ngan 
lamun abdi-jeung abdi, gusti jeung gusti. Leungit kagustian leungit ka 
abdian...pan basa nage jeung sasama mah pa dewek-dewek pa aing aing. Ngan kade 
mun keur aya abdi ulah gusti padewek dewek pa aing aing meureun abdi  bisa 
ngunghak? Sabalikna mun keur aya gusti abdi tong sambewara...bisi tideuha.. 
naha bet aya abdi cumantaka?

Alam abdi-gusti mah alam tata alam semu....tara dicaritakeun sajalantrahna... 
Strategy jeung kaayaan presiden  (gusti) tara dijelaskeun kabeh ka sakabeh 
rakyat (abdi).... cenah ge kapaksa kudu ‘white lie’ sabab mun dicaritakeun 
sajalantrahna mah bisi kuciwa...bisi putus asa...bisi CAN BISA NARIMA..bisi 
mancangah ..jrrd. 

Pan kongas dina agama oge...loba nu disumputkeun ..saur Gusti teh dina 
qur’an...”nu nyaho eta  mah ngan saukur kami jeung nu dikersakeun ku 
kami..maraneh mah para abdi moal..moal kabeh nyaho (nu saenyana) aya ge ngan 
saukur nyangka”....ari nyangka tara pas ka enya...malah, saur gusti dina 
qur’an, nyangka ngeunaan gusti mah pagawean abdi nu ditundung (setan)”. 

Hayang nyaho nu saenyana mah kudu pindah ka alam gusti jeung alam nu daralit  
(qarib/qurbah) sabab kapeto kapilih dikersakeun ku gusti. 

VI

Kumaha carana? 

Kudu daek saalam sakabeuki jeung gusti. Engke nyaho kumaha ari gusti sapopoena 
usik malikna.

Didieu para ulama mere tuduh, dumasar  beja ti gusti dina qur’an, yen gusti 
Allah teh boga sifat  20 siki.  

Aya (wujud), mimiti (qidam), langgeng (baqa), nangtung sorangan (qiyamuhu 
binafsihi - tingali “lingga kabuyutan jeung sirotol mustaqim/nangtung 
sorangan”), beda jeung nu anyar (mukhlafah lil hawadis),  wahdaniat (gulung). 

Cik atuh lalanyah diajar kawas kitu.... 

Pan saur Sang Sri Uswatun Hasanah tedak quraysh ge... “akhlak maneh sing kawas 
akhlak Allah”

Bisa wanoh  kanu  6 diluhur teh kudu bisa wani daek nyaho jeung hirup (keneh).  
Maneh nu nandangan (nu daek nu wani nu bisa nu nyaho nu hirupna). 

Hirup (hayat) jeung (hayan) nu hirupna, Bisa (qudrat) jeung (qadiran) nu 
bisana, Daek (iradat) jeung (muridan) nu daekna, nyaho (ilmu) jeung (aliman) nu 
nyahona....atuh kudu sagala ku sorangan di sorangan lain euceuk lain cenah.

Ngucap (kalam) jeung (mutakaliman) nu ngucapna tapi teu make sungut.... atuh 
diajar nyarita teu ku sungut
Ningal (basar) jeung (basiran) nu ningalina tapi teu make mata.... atuh diajar 
ningali teu kumata
Denge (sama) jeung (samian) nu ngadenge tapi teu make ceuli... atuh diajar 
ngadenge teu ku ceuli

Teori na mah loba tinggal leukeun daraek diajarna...diantarana aya nu  boga 
pamanggih: 

cenah, kudu asup tareqat..tong sareat wae.... (kade loba nu ‘kabodokeun’ ku 
guruna, kasiksa/kapager ku ‘labelling’ brotherhood tarekat/ sareat jeung 
golongan/aliran, komo kana tareqat nu sok ninggalkeun sareat),... 

cenah,  kudu ngaliwatan tobat, zuhud, wara, faqir, sabar, tawakal rido ikhlas 
(kade ulah lieur ku metoda)... jrrd cenah pamanggih jelema.

..klise lamun dituluy keun. 

Ari ceuk  kami mah: 

Prak teangan Ajarna ulama ahli waris nabi nu bisa ngajarkeun nyarita teu ku 
sungut, ningali teu ku mata, ngadenge teu kuceuli, hirup teu bari ngarenghap. 
Nungtun kawani kabisa kadaek jeung kanyaho nu aya di sorangan. 

Tah engkena tara kaeuweuhan da aya  wujud  maujud tara neangan nu euweuh, 
langgeng baqa da mapay nu jadi mimiti maneh (qiyam)  memeh awang-awang 
uwung-uwung, nangtung sorangan bi nafsih, beda jeung batur-batur  nu anyar nu 
pandeuri (mukhalafah lil hawadis). Gulung gumulung...sagulung 
sagalang...meureun teu kudu kararagok..da jeung sobat dalit. Sab geus  
sakabeuki sakanyaho sakadaek sakabisa sakawani. 

Tah engkena nu disebutkeun ku teori-teori katasawufan jadi sorangan.

2.patekadan syeh siti jenar

III

Urang buka saeutik lalangsena, .....
Lamun urang ningal dina basa sapopoe. Kecap abdi dipake  dina alam tata alam 
semu, pihak “abdi” nempatkeun sahandapeun (jauh-anggang ti)  pihak ka dua nu 
dianggap ‘gusti’ na. Gawe kitu sabab: 

•       Pihak ka hiji ku ngaku nempatkeun jadi ‘abdi’ teh ngarepkeun /boga 
pamrih  ‘kagustian’ bijil ti pihak ka dua. 

Ari kagustian nyatana gambaran /’manifestasi’/perwujudan Asmaul Husna nu rupa 
rupa-kayaning ngabulkeun pamenta, berehan, nganteur kahayang, tempat 
nyalindung, tempat kanyaho,.. jrrd.  

Ari kaabdian kudu sabar, kudu daek menta, teu guminter, kudu tawakal 
(nyanggakeun kumaha gusti),..tungtungna ning sok ngaromong sadaya-daya. 
Shalatna (do’ana/pamenta na) ge sok disarebut sembahyang...nyembah ka hyang... 
da rumasa jadi abdi ( tingal –“shalat kami aya 4”). Migawe sabab geus kuduna 
kitu/ sabab sieun/sabab era/sabab asa katitah ku gusti nu salilana moncongok 
bae.

Ari ka abdian kudu handap asor, nyarita kudu lemes,  jrrd..jrrd. Ari ka gustian 
cenah kudu balabah, berehan, murah congcot hambur bacot, jrrd..jrrd. Lamun 
manggih abdi teu boga adeuh sok tara dekeut jeung gusti. Mun gusti kored keked 
moal loba aya abdi nu deukeut jst..jst..jst. 

(Undak usuk basa lemes kasar nu lengkep pakeun mernahkeun maneh dina 
‘komunikasi’ ku, misalna, basa lemes heula ka nu anyar pinanggih/nyaluyukeun 
jeung alam nu diajak komunikasi di sunda sabenerna cara maju- ‘highly 
civilised’ hiji budaya) 

Nu  parerceka tarapis dina ngolah nempatkeun budi basa rasa rumasa... loba 
meunangna. ..lamun ka jelema urang handap asor (jadi abdi)...sok kaluar ti 
manehna (lawan komunikasi) teh kagustianana... Meureun resep meureun ngeunah 
meureun betah loba nu mere maweh disebut jelema bageur pikanyaaheun batur.... 
tah kagustian batur bijil keur maneh ari maneh bisa jadi abdi. 

Kitu oge sabalikna....

Tong nolak mun aya abdi sumolondo... sabab karek mun aya abdi.... ka gustian 
bijil ti maneh...tungtungna pada ngamulya-mulya kunu ngarasa kahutangan kunu 
ngarasa meunang kahadean ti kagustian maneh.

Ka handap asoran...  oge dipake ‘nguji’ kawas haphap...ieu jelema nu 
disangharepan jalma perceka nu kawaris sifat kagustian atawa henteu?...sabab di 
handap asoran teh aya ge nu jadi mancangah...cirining..jelema  teu baleg teu 
kawaris kagustian.. 

..beuki handap urang..lamun itu (batur) teu bisa ngahandapan...cirining rek 
robah laku.... itu eleh duduga urang jadi gustina itu nu ngaabdi-abdi..pek bae 
cobaan mun cacarita jeung menak...teu percaya mah. (menak ayeuna mah leuwih 
dimaksudkeun kana diantarana ‘educated’ luhung elmuna  ‘wise’  jembar panalar  
‘leader’ lulugu/ kokolot /pananyaan panannggeuhan umat- nu boga gelar raden 
ayeuna mah saukur nu pastina turunan menak-jadi henteuna menak mah wallahu 
alam) 

Tapi,  Mun teu bisa teu tapis .... loba menak (gusti) kaperdaya ku pamuji abdi 
(feodal) jadi mere tapi awuntah ...loba somah (abdi) heurin ku letah teu wasa 
sieun teu nyaho basa...saukur bisa kumaha anu dibendo (nu jadi gustina).

Dasar hirup di alam pamrihan....nu dipambrih kasalametan kahadean. Matak kudu 
tapis mernahkeun maneh.


IV

Pek pecakan ka Rabb Gusti nu murbeng alam...Sarua.....

Ku nempatkeun ‘ka abdian’ teh ngarepkeun ka gustian ti nu dipenta, pan 
dipapatahan ku Qur’an: 

Ari ngadu’a (menta neneda) keur abdi mah tarik teuing ulah laun teuing 
ulah..pan cenah ngadu’a teh kudu sineger tengah sorana ari ka Gusti (rabb) mah;

Kudu daek menta/ngadu’a ..ulah api lain..pan cenah Rabb teh teu resepeun ka 
(abdi) nu tara ngadu’a/menta; 

Kudu narima dina kalaipan/dina katunaan/dina kakurangan/dina kasalahan  (pek 
tengetan du’a du’a nu diawalan ku Rabb).  ... eta teh ameh bijil gustina  sabab 
nu datang abdina nu  boga rasa rumasa. 

Ari ka gusti kudu sabar bae jeung tetep kudu menta (do’a/shalat) bae  pan cenah 
ceuk qur’an “menta tulung ka kami ku sabar jeung shalat” (kajeun can dibere 
kudu tetep menta) da wayahna jadi abdi nunggu-nunggu di kabul gusti.

Jeung ,....

Ceuk qur’an ge cenah kudu jejem yakin arek dikabul pamenta.   ...Lamun henteu? 
he..he..he..kumaha deui? rek menta deui ka salian ti gusti?.... euweuh...euweuh 
 deui nu bisa iwal ti gusti...pan maneh mah abdi.

Jst..jst...jst..

Tah..hirup di alam pamrihan... nu dipambrih kasalametan kahadean.  Matak kudu 
tapis mernahkeun maneh.

1. syeh siti jenar

Patekadan Lemah Abang:

Para wargi assalamualaikum, wr wb
Kaleresan pirajeunan nga”search” entry eddy nugraha di kisunda bade ningali 
bilih aya ‘sametan’ serat nu teu acan ka’respond’. Ari pek teh pangluhurna 
ngaos seratan Kang Ilen ngeunaan ‘Alfatihah sareng SSJ’. Ku kituna,... 
kaleresan oge dinten minggu nuju ‘nganggur’ urang cobi dugikeun. 

Pangapunten ka  nu kirang panuju upami perkawis SSJ di bahas di millist... ieu 
mah nyaosan pamundut kawargian lami wae (nu teu acan patepang-tapi 
alhamdulillah tiasa teras silaturahmi ngalangkungan ki sunda)

Para wargi, tangtos sadaya tos pada terang yen ‘cariosan’ ngeunaan Syech Siti 
Jenar (SSJ) teh seueur versina (versi jawa timur, jawa tengah, jawa barat nu 
diwakilan ku  cirebon, priangan jsst) –seuseurna  ‘serat’ siti jenar 
(Jatim-Jateng) nempat keun SSj langkung sae pamendakna ti wali sanga sedengkeun 
versi Cirebon, Wali sanga langkung leres ti SSJ.  

Nu didugikeun ku sim abdi mah dina ieu dadaran sabagian alit ‘cariosan’ SSJ 
versi kampung sunda wae (da kenging wae sanes?..da nu sanes ge mung saukur 
‘versi’ he..he..he).  

....nyanggakeun sun.

Baktosna 
Eddy Nugraha
=========






============






I


I
BUBUKA

Ieu dadaran - punten teu langsung ngeunaan/nyoko kana SSJ- urang buka  ku 
ngundangan sabagian alit  seratan  Haji Hasan Mustapa (HHM) nu numutkeun Ajip 
Rosidi mah saurna HHM teh bujangga Sunda pangbadagna – ngan ‘for the sake of 
objectivity & fairness information’  keur sabagian mah “kontroversial’. 

PANGKUR-
PANGKURANG-KURANGNA RASA

Barabat pada disada,
Hening jati tigin sirotol mustaqim,
Pada boga undak usuk,
Parangkat luhur handapan,
Pangluhurna mah tepi ka hakkan hakkun,
Patekadan Lemah Abang,
Dihukum ku alam biwir.

Jadi pamuntangan sara
Ulah muka rasiah rabul alamin
Meletik bijil ti sungut
tangtuna di hukuman
bongan salah jeung sungut batur batur
di nagara pakalaman
nungtik pakalaman deui


II
        
WAHDAT AL WUJUD(MANUNGGALING/ GULUNGNA KAULA  GUSTI)

Wahdatul Wujud di Indonesiakeun jadi kesatuan eksistensial (numutkeun Nurcholis 
Madjid). Di jawa mah dijelaskeun ku kecap manunggaling kawula gusti, tapi di 
sunda kampung mah istilahna teh (leuwih merenah jeung leuwih nunjukeun kana 
hasil) nyaeta: Gulung na abdi jeung gusti nepi ka ngagalunggung.

Sabenerna keur di sunda mah, ieu penjelasan wahdatul wujud ku  kecap 
manunggaling kawula gusti  -nu (ditambahan) sing nepi ka ngagalunggung- teh 
‘mere arahan’ kana kumaha sabenerna ahlak jelema dina tohid (tauhid).

Manunggaling kaula (abdi) gusti –mimitina kudu aya dua (alam midua) nyatana aya 
abdi  aya gusti.

Jadina teh... 

Alus gusti sabab abdina alus, goreng gusti sabab abdina ge goreng. 
Alus abdi sabab gustina alus, goreng abdi sabab goreng gustina.

Pan cenah ge kalahutan bijil lamun kanasutan na enya. Lahut ngaridoan mere 
hidayah berkah jeung rohmat sabab nasutna aslamtu.  Lahut kejem ngantep 
ngahukuman sabab nasutna nolak nambalang (kafir).

Pan cenah ge loba kapanggih abdi rujit sabab salah muhit nu jadi gustina. Loba 
nu ngajadikeun hawa nafsu jadi (ilah) gustina. 


Matakna....

Kudu hurip gusti waras abdi. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak sabobot 
sapihanean.

Kudu daek jadi abdi meh loba gusti keur maneh,... tong embung jadi gusti 
ngeunah jadi lawang kahadean lamun loba abdi nu butuheun..

Pek pambrih pek nuhun lamun perlu; Pek bere pek  cekel lamun boga  (tingal 
dongeng  Sang Sulaeman dina qur’an)

Lain kitu gawena kahadean?

TAPI, 

TONG NGAKU gusti bisi keur teu kaseundeuhan (kawas nu ngaku turunan menak (lain 
menak)...ari hirup walurat) ...nu cilaka diera-era mah maneh.... 

TONG NGAKU ngaku abdi agul boga gusti.... bisi keur teu diaku (pamenta keur teu 
dikabul)...nu era belehem mah maneh...dinaha-naha.

Sing boga tata titi duduga peryoga; migawe haphap ngendag-ngendag memeh luncat 
nuturkeun alam batur, tulaten nurutan sireum tarapti kawas titinggi meh seukeut 
duduga miyuni gagak  dina nempatkeun kaabdian kagustian. Ulah melengkung bekas 
nyalahan  sarosopan teu pantes mernahna.

...nu era cilaka mah maneh keneh maneh keneh....da maneh nu  nandangan.


======
Re: [kisunda] Re: Al-Fatihah ceuk kuring...Syeh Siti Jenar 


Kang Hasan,

Ber atuh geura dibalakan, sakalian kaluarkeun balak genep na. Yeuh ku abdi 
diomberan:

Sakumaha diserat ku gan Ema, Urang Sunda oge seueur anu nyepeng kaluhungan SSJ 
sabab Ulikan SSJ oge diberik dina elmu kasundaan, nyaeta pikeun manusa anu geus 
mernah kamanusaanana terus ningkat kana kaluhungan para wali.

Sim abdi ngahaturanan Kang Eddy Nugraha supados medar pamendakna. Diantos kang.

Lajengkeun ku sadayana........

sahadat manusa

*Syahadat Manusa*
> 
> Ashadu syahadat manusa, jleg langit, jleg bumi, jleg manusa
sajatining
> manusa.

sahadat tunggal

Syahadat Tunggal
> *
> Ashadu ratu Alloh teu aya deui ijin gusti.
> Parentah Alloh sembah guru, sembah ratu, sembah atua sadaya. Ibu
Ratu
> Siti Badriah turunan Ibu Mas Gamparan Muhammad kakasih Alloh

sahadat sunda

Ashadu syahadat sunda, syahadat pamuka lawang.
> Buyut lembur mangun sari eusina manusa pasti, hirup ning kawasa
hurip
> ning keresa, dilawangan rancamala. Milawangan ing kuasa puhu ratu
congo
> wali. Nya isun sesewu putu, sasaka sakawayana, ratu kuncing putih
kudrat
> pasti.

Rabu, 22 September 2021

asihan

Si Taruk Kucubung
 Asihan aing si taruk kucubung
 sataruk nu matak lanjung
 salambar nu matak edan
 sasoeh nu matak leweh
 lebur pucus jadi tujuh
 rempag bayah loro belah
 pegat rantunan sia
 hiap atmana bayuna
 nya aing panutan sia

jampe asihan

tongton panon inten putih suligat tojo matana teg nyawa 3X sih asih ka awaking; 
awaking ratu asihan