Rabu, 06 April 2022

sing kaharti, sing ka elmu

[20/12/2021 08:17] Aing: 

sing kaharti, sing ka elmu sabab Allah ta’ala teh, 
ceuk saksina 
Dzat Laesa, Kamislihi 
hartina dzat yang agung, hanteu aya umpamana.
[20/12/2021 08:23] Aing: dawuhan Jeng Nabi, 
Illa anna awallanafsah, 
fardu ‘ain, 

kieu eta sundana, 
mimitina hal ibadah, 
sing terang jatining hirup, 
masing tepi ka ‘aena. 

Sasat kudu katinggal, 
sifat hirup sing kapendak, 

jatining sahadat eta teh, 
bibitna sagala rupa, 
hahekat Muhammad, 
awalna Muhammad  
nya eta Sagara Hayat.
[20/12/2021 08:27] Aing: sategesna hurip hirup, 
hirup nyatana cahya, hakekatna Muhammad Nabi, hurip rasa, 
rasa teh nya Rasulullah. 

Tah kitu hartina, 
bilih tacan ngarti, 
lain urang ceuk nu anyar, 
nu anyar mah damelan gusti, nu anyar moal tinggali, 
tangtu gusti anu weruh, 
anu Dzat laisa tea, 
bila haiffin makanin, 
nya eta sategesna Ahadiyat
[20/12/2021 08:30] Aing: upami kitu mah jadi 
sasat nu uninga, 
nya gusti Rasulullohi,
leres bener kitu, 
mana ulah salah paham, hartina Rosulullohi, 
rasa Allah eta moal salah.
[20/12/2021 08:33] Aing: Saha-saha anu terang, 
kana dirina pribadi, 
tangtu nyaho ka Pangeran, 

saha nu nyaho ka gusti, 
bodo dirina pasti, 

unggel Hadist kitu, 
naha diri nu mana, 
nu kudu dipilari, 
naha ieu nu ngajentul 
badan badag.
[20/12/2021 08:36] Aing: naha tacan nyaho, 
kana diri nu satuhu, 
pan ieu mah jasad,
ngarana oge jasmani, 
ngaran diri 
anu sabener-benerna.
[20/12/2021 08:42] Aing: Narun  
Hawaun, 
Turobun 
Ma’un 

bilih tacan harti, 
eta badan rohani, 

tah eta nu kudu, 
ku urang masing kapendak, 

ari nu ngaran jasmani, 
kudu ilang tapi papada
ilangna. 

Ulah leungit tanpa sabab, leungitna kudu kaganti, 

kagenten ku opat rupa, kakara bisa ngajadi, 

mun masih badan jasmani, kumaha geusanna mafhum, 

kudu genten ginentenan, ilangna badan jasmani, 
sing kagenti 
ku badan rohani tea. 

Sabab hartina Jas eta, 
piraku hanteu kaharti, 
kapan baju ceuk sundana, 

ari hartina teh mani, 
nyaeta badan rohani, 
sasatna baju teh bungkus, 
bungkusna rohani tea, 

anu mawi moal hasil, 
lamun urang 
nganyahokeun badan nyata. 

Kudu dirakrak bajuna, sangkan eusina kapanggih, tah sakitu ibaratna, 

ieu teh badan jasmani, hijabna ka Maha Suci, 
mun teu ilang heula wujud, 
eusina moal kapendak,
[20/12/2021 08:44] Aing: menggah di jalmi ge, 
mun hoyong ma’rifatu, 
kana dzat Allah ta’ala, 
kudu sing ngarasa pasti, 
sing ngarasa 
hanteu ngabogaan jasad.
[20/12/2021 08:46] Aing: Dina keur waktu tarekat, 
sing ilang rasa jasmani, kagenten kuRasulullah, 
rasa ni’mat anu sajati, bakating resep ninggali, 
kana dzatna Maha Agung, 

tangtu ngarasa ilangna, dunya sarawuh jasmani, 
ceuk babasan 
sarangka manjing curiga.
[20/12/2021 08:54] Aing: Mun manusa  
ma’rifat mutajilah eta pasti ngajirimkeun Allah, 
katinggal ku panon bukti, 
ku mata anu buncelik, 
atuh saperti engkong, 
papanggih jeung alawi, 
sidik aya dua jirim, 
aya itu jeung 
aya diri manehna. 

pan Allah Nafi Isbat, 
aya Isbat euweuh Nafi, 
aya Nafi euweuh Isbat, 

kalem timbul 
Isbat ayana pasti, 

diri manusa geus tangtu, 
nya ieu sifatna urang, 
Nafi ayana rohani, 
mun keur Nafi Isbatna 
kudu teu aya. 

atuh saha, 
nu ma’rifat ka Yang Widi, 
ari sanes manusa mah, 

mun teu harti, 
anging Jeng Rasulullohi, Muhammad Nabi panutup, 
nu sumareh di Madinah, majajina mah geus sidik, 
eta sareatna nu ma’rifat. 

Diurang mah hakekatna, hakekat Muhammad Nabi, nyatana nyaeta rasa, 
awas paninggali ati, 
eta nu bisa tinggali, 
ma’rifat ka Maha Agung, 

ari tinggal manusa mah, 
nu make panon buncelik, 
eta kitu katerangan nana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar