[12/3 14:41] Aing:
RISALAH TAREKAT
QODIRIYAH NAKSYABANDIAH
[12/3 14:49] Aing:
Ari manusa eta ka ancikan
ku rupa-rupa nafsu
dina saban-saban latifahna, tegesna lelembutanana manusa.
Ari nafsu
aya nu ngajak
kana kahadean, jeung
aya nu ngajak
kana kagorengan,
anu matak
dina agama Islam,
di sayagikeun pangajaran TAREKAT, nyaeta maksudna pikeun miara badan manusa sakujur lahir batinna,
supaya bisa nyingkahan
tina kagorenganana,
nyaeta moal daek nurut
kana hawa nafsuna,
daek milampah
kana kahadeanana.
Ari pangwujukna nafsu
anu goreng teh
eta jadi rereged kumarewedna manusa didunya anu temahna
cilaka akheratna,
upama manusa henteu palay ngaleungitkeun reregedna ku anjeun tangtu moal ajeg panceug
dina kabenerannana
moal cucud
dina kajujuranana
moal tinemu kaluhunganana, jeung
moal tanjrih kaadilanana, salawasna,
sabab
ngagugulung kana pangwujukna hawa nafsu anu henteu aya ereun-ereunana,
benang disebut nu kitu teh ngajauhkeun kana ka-islaman,
tegesna
nirca tina kasalametan dunya rawuh akherat,
anu matak dawuhan
para ulama muhakikin.
Manusa-manusa kudu ngageum Tarekat Qodariyah Naksyabandiyah,
anu mantak tawajuh latoif, hartina
perjalanan keur madepkeun lelembutan manusa
kana kahadean,
keur nukangkeun
kana kagorengan,
seperti dawuhan kanjeung SYEKH ABDUL QODIR JAELANI.
Pihartosen ceuk sundana kieu :
“ JADI KAWAJIBAN MILURUHNA HIRUPNA ATI TEGESNA
ELING KA PANGGERAN, ANU JADI KASALAMETAN AKHERATNA,
SUPAYA JADI LEUNGIT REREGEDNA MANUSA
ANU JADI PANGHALANG-HALANG KANA KAHADEAN,
ARI MILURUHNA
NYAETA
ANJEUNA MASIH HIRUP KENEH DIDUNIA
SARTA NGALAPNA
TI PARANTINA
(GURU TAREKAT).
Malahan dawuhan
SYEKH IBN ATTO’ILLAH moal bisa wusul
ka Allah Ta’ala
salagi hatena masih keneh kaganggu kana
hawa nafsuna.
Sundana :
DIMANA REK BISANA PADANG ATI,
TEGESNA ELING
KA PANGGERAN (TAUHID) SALAGI ATINA PINUH
KU RUPA-RUPA GAMBAR MAHLUK (NGALAMUN)
ANU DI CAP DINA KACANA HATE
(RUPA-RUPA CIPTAAN). JEUNG MOAL BISA WUSUL KA ALLAH TA’ALA,
MALAH NUMUTKEUN DAWUHAN ALLAH
DINA QUR’AN.
SAKIRA-KIRA MANUSA HAYANG NGALEUNGITKEUN REREGEDNA DINA AWAKNA LAHIR BATIN
TAYA LIYAN IWAL KUDU DZIKIR KA ALLAH,
SUPAYA BISA WUSUL
KA ALLAH
AYANA IEU AYAT DINA JUZ QUR’AN.
Sundana :
MANUSA DIMANA MARILAMPAH KANA RUPA-RUPA KAGORENGAN ATAWA NGARASA AWAKNA SORANGAN POEK
KU KARUDETAN JEUNG KACUPETAN,
TEU SALAH DEUI
DZIKIR BAE KA ALLAH (ELING KA PANGERAN) TANGTU MOAL DAEK DEUI MILAMPAH KANA KAGORENGANANA,
JEUNG TANGTU LEUNGIT POEK MONGKLENGNA, SACARA KA BUKA KARUWEDAN JEUNG KACUPETANANA,
JADI BISA SALAMET
LAHIR BATINNA
NYAKITU DEUI DAWUHAN ALLAH DINA QUR’AN.
“ PANGNA KAMI NURUNKEUN KANA DZIKIR KA MANEH MUHAMMAD, SUPAYA BISA ATRA JEUNG PERTELA DINA LAKU LAMPAHNA MANUSA, TEGESNA
BOGA PADOMAN
BISA NGALAKUKEUN KAHADEAN JEUNG
BISA NYINGKAHAN
TINA KAGORENGAN”.
[13/3 00:07] Aing: Ari dzikir ceuk mungguh lugat :
Tiap-tiap kalimah
anu ngeunaan kana
asmana Pangeran seperti sajabana,
eta kasebut dzikir
mungguh lugat.
Tapi ari dzikir
mungguh istilah
tegesna dzikir
anu diatur dicatur
ku ahli dzikir
aya dua bagian ;
sabagian dzikir
anu di amalkeunana
ku badan rohani,
anu dingaranan
Tarekat Naksyabandiah,
jadi dzikir ieu
anu dua bagian
dingaranan
Tarekat Qodariah,
nyaeta
pikeun agemen manusa, supaya lulus
jasadna,
nyawana,
mulus lahir batinna,
beres syareatna, hakekatna jeung matak wilujeung dunya akheratna.
Ari tuduhna kana dzikir
anu di amalkeun
ku badan jasmani,
anu dingaranan
tarekat qodiriah
nyaeta anu diunggeulkeun dina salah sawios katerangan :
Tatkala Allah Ta’alla nurunkeun kana dzikir-dzikir pikeun maraneh
pek geura kanyahokeun kumaneh,
saestuna dzikir teh nyaeta
Ari adab-adaban dzikir aya 12 perkara
1. Dzikir teh kudu
di gurukeun heula,
sarta guruna kudu
anu mursyid,
tegesna cukup elmuna,
bijaksana
ngawurukeunana,
titi surti maparin
pangartina.
2. Kudu dijaga dzikirna
ulah sampai ka
Ghoplah
nyaeta ari petana
cara nu dzikir,
ari hatena luas leos
inget kanulian,
sabab utamana dzikir =
dzikir lambei
kudu dibarengan
ku dzikir hate.
Malah aya kasauran.
“ Ari dzikir ku lambei,
tapi atina poho,
nyaeta dzikir biasa bae
(lumrah)
nu kitu teh
dzikir jalma anu bodo.
Ari buahna dzikir
jadi siksa,
karna dosa,
sabab bongan
dohirna nyangharep
ari batinna sulaya.
3. Dina rek dzikir
kudu Robithoh heula,
tegesna nyipta dibarengan
ku guru,
supaya sagala piwulang
guru ulah di momorekeun.
4. Kudu bersih atina
tina sagala hadas jeung
najis.
5. Kudu nyanghareup
ka kiblat
upama nyorangan
6. Dina keur dzikir
ulah aya pamandangan
istuning wungkul
kumereb.
7. Kudu perem
supaya lewih tuhu
8. Kudu dina poek atawa
dinu sunyi supaya leuwih
tengtrem
9. Upama keur dzikir
nafi-isbat,
kudu karasa mapayna
ka sakabeh latifah,
nurunkeun sakumaha
panuduh guru
upama keur dzikir isbat
wungkul,
kudu dipernahkeun
dina jero latifahna.
[13/3 00:22] Aing: 0. Kudu terang kana hartina.
1. Dina keur dzikir
sina karasa dina sakabeh
latifahna,
malah dina sakuliah
warugana oge karasa
milu dzikir.
2. Sabada dzikir
maca latifah :
Ari latifahna manusa tegesna
lelembutanana manusa, numutkeun
hukum Muhakikin
nyaeta aya 7 latifah :
1. Latifah Qolbi
(Lelembutan Jantung)
2. Latifah Ruh
(Lelembutan nyawa)
3. Latifah Sir
(Lelembutan rasa)
4. Latifah Khofi
(Lelembutan anu samara)
5. Latifah Akhfa
(Lelembutan rasa
anu leuwih samar)
6. Latifah Nafsi
(Lelembtan Nafsu)
7. Kakurung ku latifah Qolab,
tegesna
lelembutan sakabeh
badan
nyaeta lelembutan acining
Cai –
Angin –
Seneu –
Taneuh,
sabab badan jasmani teh kajadian tina acining
Cai –
Angin –
Seneu –
Taneuh.
Ari lelembutan manusa
di eusian ku nafsu
anu rupa-rupa pangajakan, ari luluguna aya 7 nafsu nyatana :
1. Nafsu Amarah
Tegesna
tukang marentah kana
kagorengan
kalawan maksa mirusa
sangkan ngalampahkeun
kana kagorengan,
ngancikna
dina latifah Nafsi,
pernahna
antara halis dua,
ari baladna
aya 7 nyaeta :
Buhlun (koret)
Hirsun (Sarakah tur
hawek taya ereunna
teu noleh mere kanu lian).
Hasadun (dengki ka
papada batur)
Jahlun (bodo)
Kibrun (angkuh jeung
gumede)
Sahwatun.
(keukeureweut)
Ghodobun (barangasan,
getasan, henteu kaopan)
2. Nafsu Lawwamah
tegesna
pojokan,
cawadan
nganjreukna
dina latifah qolbi,
pernahna
dina handapeun kenca,
ari baladna aya 8,
nyaeta :
Hawaun (kabitaan)
temahna teu matak jujur
kana pagawean.
Mukron (deleka)
Udjbun (nangtukeun nu
tacan bukti)
Ghibatun (ngumpat
simuat)
Riyaun (amal perbuatan
mandang katingali,
katangen ku batur)
Dhulmun (neungteuingan)
Kidbun (cidra)
Ghaflatun.
(ngamomorekeun kana
kawajiban)
3. Nafsu Mulhamah
atawa
Sawiyah
Tegesna
tukang nampa ilham,
bisa terbuka rasana,
padang atina,
ngancikna
dina Latifah Ruh,
pernahna dina handapeun susu katuhu,
ari baladna aya 7,
nyaeta :
Sanowah (balaba laluasa.
taya rudetan)
Qona’ah (ngalap cukup
saayana)
Hilmun (someah ramah
tamah rasrasan)
Tawadhun (handap ashor)
Thobatun (kapok tina sagala
kasalahan)
Shobrun (bisa nahan
kangewa jeng
kakeseul hate)
Tahamul (kuat nandangan
kasusah)
4. Nafsu Mutmainah
Tegesna
anu purah ngajak-ngajak
kana kateguhan,
ka ampuhan,
kajatnikaan,
ngancikna
dina Latifah Siri,
pernahna
dina luhureun susu kenca, ari baladna aya 6,
nyaeta :
Judun (berehan, murah
tangan)
Tawakulun (pasrahan,
kajeunan)
Ibadatun (kumereb,
humadep, saregep)
Sukurun (metakeun waruga
katut milikna kanu idin
Panggeran)
Ridhotun (tengtrem ayeum
kana pamasti
ti Allah Ta’ala)
Hosyatun (inggis risi
narajang kana
salah)
[13/3 00:29] Aing: 5. Nafsu Rodiyah
Tegesna
narik kana kapilucueun
dina sagala tingkah polah,
ngancikna
dina Latifah Qolab,
nyaeta dina sakuliah badan, ari baladna aya 6,
nyaeta :
Kanomun (mulus tingkah.
polahna)
Zuhdun (tatapa)
Ikhlasun (bersih ati dina
sagala tingkah.
polah)
Waraun (apik ati-ati
dina sagala tingkah
polah)
Riyadotun (ngawarah salira
sina dumuk dina
kasaean)
Wifaun (nyumponan,
nohonan kana
kahadean)
6. Nafsu Mardiyah
Tegesna
ngajak kana sagala
kanu dipisuka,
nyaeta
jalan kasaean,
ari ngancikna
dina Latifah Khofi,
pernahna
luhureun susu katuhu, baladna aya 7,
nyaeta :
Husnul chuluk (hade
bubuden)
Tarku masiwallah (henteu
nolih rasana kana
sagala rupa anu
dipigawe (Tauhid)
Lutfun biholqi (mikawelas ka
papada makhluk)
Hamluhum alassolah (daek
leukeun nungtun
kana ka alusan)
Sophunan dunubil ghoer (hampuraan ka jalma anu nyieun salah ka pribadina).
Hubul Kholqi (deudeuhan ka
papada batur).
7. Nafsu Kamilah
Tegesna
purah ngajak kana kasampurnaan manusa, ngancikna
dina Latifah Akhfa,
pernahna
dina tengah-tengah dada,
ari baladna aya 3,
nyaeta :
Ilmu yakin (kanyahona
tetela)
Aenal yakin (kanyataan anu
tetela)
Haqul yakin (kanyataanana
anu kacida tetelana
[13/3 00:32] Aing: Numutkeun
Syekh Faruk Sarhanji
yen Latifah 10 teh
aya 2 bagian.
Sabagian 5 nyaeta :
Qolbi,
Ruh,
Sir,
Khofi,
Akhfa
dingaranan Alamul Omri /Alam Amar (tempat wawadah sagala aturan), nyaeta
parabotna manusa
pikeun mikir-mikir
anu henteu kaharti,
paranti mikir-mikir
anu henteu kaharti,
paranti ngulik anu muskil-muskil (mustahil) mahamkeun anu bangga /demit (hese),
paranti narima rumasa
kana parentah Allah Ta’ala jeng Rasulna,
pangna kitu
ku ayana Latifah di manusa wungkul,
di makhluk sejenna henteu aya
malah dawuhan
Ulama Muhaqqiqin.
Sundana :
ieu Latifah anu 5 (lima) teh aya panampaan paparentahan dampal sampean
anu aragung
anu kagungan kasabaran, nyaeta
para Rasul anu 6.
1. Nabi Adam As
2. Nabi Nuh As
3. Nabi Ibrahim As
4. Nabi Musa As
5. Nabi Isa As
6. Nabi Muhammad SAW
[13/3 00:43] Aing: Ari anu 5 deui
nyaeta
Latifah Nafsiah
(lelembutan nafsu
jeung 4 anu aya
dina Latifah Qolab.
Lelembutan sakabeh badan nyaeta
tina acining
CAI,
ANGIN,
SENEU,
TANEUH
eta latifah anu 5
disakabeh makhluk
(manusa jeung liyanna) dingaranan
Alamul Kholqi
(alam kajadian sakabeh makhluk)
ari aturanana supaya dina lelembutan manusa
ulah kalindih
ku pangwujukna nafsu,
nyaeta
kudu karasa dzikir
dina hiji-hijina Latifah, ditungtutan hiji-hiji Latifah tina asal di ajar dilalanyah tepika ngalemah,
betah ayana dzikir (eling) teh hideng sorangan,
tuluy ditungtutan deui
kana latifah anu kadua nyakitu bae cara ngawarah latifah anu kahiji,
tepika saterusna
kabeh latifah,
malah karasana lain dina latifah bae,
tapi dina sagala waruga sakujur oge
pada ngarasa ngalemah katut kabulu-bulu sadagingna sakulitna, sauratna katut ka pejit-pejitna pada nyarampak nyararing areling
tepi ka nyerep lenyep sumeresep dina sakuliah waruga manusa,
ceuk bahasa arab mah khusyu (tuhu, junun,
teu nolih kanu liana, henteu malire rasana
kana sagala anu dipilampah ku jasadna,
anging rasana
anu cengeung manteung
ka Allah Ta’ala wungkul beunang oge disebut istigrok =
tegesna kaliputan ku lautan Muso’adah Sidkiyah (waspada anu tetela)
ngesto taya petotna,
ngabdi taya sepina,
rumasa sapapanjangna
teu nolih kana liana
teu malire kanu sejenna, ngancik rasa anu sampurna, istu tetes teleb-teleb,
nyelep lenyip, lahir batinna, sumawona kanu ngayuga, sanajan kapapada manusa teu welwh aya ras-rasan karumasaan boga rasa samodal sawedal sabangsa taya aya rasa angkuh sorangan,
sepi tina kadiran,
pinter aing henteu lian, ginding aing heunteu lian, beunghar aing teu lian, pangkat aing estu kasaluhureun
boh harkat darajatna,
boh kabogana tara hayang nanduk,
sabalikna
daek nyampur aku-baur kasasama tara hayang pasea,
sabalikna
jadi persahabatan
anu sampurna, kasahandapeun tara hayang ngahina,
sabalikna
nungtun nuju kana jalan kajujuran,
kapakir miskin teu weleh darehdeh sareseh,
jeung daek mere maweh nganyatakeun welas asihna jeung ngarasakeun
dina sagala rupa
ka purba ku kawasa
sanajan sagede lisah (benyer),
moal salah tumarima, kasugri paparina,
misilna tileuleutik tepi ka gede,
ti susah tepika bungahna, teu weleh ngait meulit
dina rasana aya karumasaan anu sampurna.
Tah anu kitu dingaranan tegesna
anu bisa nungtik nyangsi kana kasampurnaan manusa =
keuna kasauran sepuh-sepuh
tara unggut kalinduan,
tara gedag kaanginan,
ceuk basa arabmah ‘Istiqomah’.
Tegesna
ajeug panceug salalawasna tara katarik kataji
ku anu muji,
teu tugenah manah
ku anu mitnah,
tara sewot ku anu moyok, teu haripeut
ku anu ngaleum,
teu kabongbrong
ku anu ngolo,
teu tibelat ku anu ha’at,
teu sedih pedah kaperdih, teu sungkan pedah dipenta, jejeug ajeug calik
dina kayakinan
teu aral ku rugina,
teu bosen ku usahana,
teu agul ku untungna, sadrah dina keur geringna, ikhlas keur ngubaranana, syukuran dina cageurna.
[13/3 20:21] Aing: Teu cicingeun keur bodona, teu bosenan diajarna,
teu takabur ku pinterna,
jadi teu sepi-sepi hasilna, dina sagala tingkah polahna, henteu suwung ibadahna tegesna humadep saregep ngawula sapapanjangna.
Teu kaliwat pedah berang teu kalindih pedah peting, teu kahalangan ku berang, teu kahalingan ku peting, singhoreng teh cicingna dina antara,
heuleut berang
heuleut peting,
heuleut hina
heuleut mulya,
heuleut rugi
heuleut untung,
berjalan diduanana,
kelar napak sapanjangna.
Misilna nu tumpak kuda, calik ditengah-tengah
sanes payun sanes pungkur, heuleutna payun jeung pungkur
payun teuing mah
tisuksruk,
tukang teuing mah tijengkang,
cirina kudu nengahan,
ari kuda ditunggangan,
nu matak
tipayun dipasang kadali rangah,
ti pungkur ku apis buntut, papak rata sangawedina, bisina kuda jengjaran,
bisina rusuh sandungan,
lain kuda teu huluan,
lain kuda teu buntutan,
ngan cicing diantarana nahan pungkur jeung payunna,
lain teu aya susahna,
lain teu aya bungahna,
lain teu aya geuringna,
lain teu aya cageurna,
lain teu aya rugina,
lain teu aya untungna,
ngan cicing diantarana, ngamudi kaduana,
tah kakara ngarasa papak ratana,
henteu beurat kasabelah sabab
mun resep teuing kakatuhu, sok jadi ngewa ka kenca, resep teing ka kenca
sok tugenah ka katuhu, resep teuing kana benghar, sok ngewa kana malarat, cicingeun dina malarat,
sok hayang nu benghar, resep teuing dina pangkat, sok ngewa panggih jeung cacah,
pedah urang dina cacah,
teu hayang luyu jeung pangkat,
padahal mah keur susah teh pibungaheun,
padahal keur bungah teh pisusaheun,
padahal mah keur benghar teh pimalarateun,
padahal keur malarat teh pibenghareun,
padahal mah keur jadi rakyat teh pipangkateun,
padahal mah keur jadi pangkat teh pirakyateun.
Tah lamun kitu teh
karasa papak ratana layeut kahilir kagirang,
upamana marojengja,
pasti kana sulayana, tinangtu paraseana,
sababna pakia-kia.
Kumargi kitu kasugri
nu parantos ngageum Tarekat Qodariyah
khususna kaum Muslimin umumna,
mugi sami bareng-bareng ngaihtiaran kana jalan kasaean,
nyingkahan tina jalan kaawonan,
karana anu jadi kasalametan di akherat teh
nyaeta anu ngalampahkeun hade di dunyana,
nyakitu deui anu cilaka akheratna teh,
nemahan salah didunyana,
jadi sadaya manusa
pada boga tanggung jawab, kuduna
ngurus badan sakujur, ngadidik diri pribadi,
ulah rasa kajongjonan,
betah dina kasalahan,
matak cerik akhirna,
matak cilaka tungtungna dina enggoning ngumbara
di alam dunya,
kudu bisa mernahkeun salira,
dina kahadean salawasna, mangkana salira taya serepna,
kari-kari lalawora,
henteu apik miarana
boh dohirna boh batinna, tetep resep dina kasalahan, ngumbar nafsu sapanjangna.
Numatak ayana
Tarekat Qodariyah teh, nyaeta
perjalanan perihtiaran
keur mernahkeun kahadean kasampurnaan lahir batin, nyingkahan tina kasalahanana.
[13/3 20:23] Aing: Mugi-mugi Gusti Allah Ta’ala maparin terbuka ilham
anu mulya
supaya tinemu bagja,
hasil pamaksudanana, sinareng ieu risalah, muga-muga jadi wasilah,
ka seja nu milampah,
bisa ka ala buahna
bisa kapeutik hasilna, manfaat sapapanjangna, salamet dunya akheratna, salamet jasadna,
salamet nyawana,
salamet lahir batinna, diraksa ku Nu Kawasa,
bisa napakkeun hadena, bisa nyingkahan gorengna, parek rizkina,
jauh balaina,
taya sanes nu di suprih Cageur-Bageurna.
[13/3 20:30] Aing: INTISARINA
Martabat Alam
nurutkeun Makomna
Aya 2 (dua)
nyaeta :
1. Alam Amar (Alamul Omri)
2. Alam Khalaq (Alamul
Kholqi)
Ari Alam Amar
kasusun tina :
1. Qolbu
nyaeta Alam Malak jeung
Sahidan
2. Roh
nyaeta Alam Malakut
jeung Arwah
3. Sir
nyaeta Alam Jabarut
4. Chafi
nyaeta Alam Lahut
5. Achfa
nyaeta Alam Ghoib
Huwiyah Ilahiah.
Alam Kholaq
kasusun tina
1 Nafsu jeung
4 Unsur Alam
hiji-hijina diantawisna :
1. Nafsul Hayawani
(Hewaniah)
2. Turabun (Acining Taneuh)
3. Maun (Acining Cai)
4. Hawaun (Acining Angin)
5. Narun (Acining Seneu)
Martabat Qolbi
dilebetkeun kana
Martabat Af’al
Tempatna : Riqqah, Marifah,
Hub, Sabr, nyatana
kelembutan,
tahu,
kecintaan dan
sabar
Martabat Roh
dilebetkeun kana
Martabat Asma
Tempatna :
Rahmah,
basath, dan
surur
yatana
kasih sayang,
kemurahan, dan kegembiraan
Martabat Sir
dilebetkeun kana
Martabat Sifat Subutiyah
Tempatna :
Farah,
dhahak,
ghurur,
yatana
gembira,
tertawa dan
kebimbangan.
Martabat Chafi
dilebetkeun kana
Martabat Sifat Salbiyah
Tempatna :
Hazzan,
chauf,
buka
nyaeta
kahawatiran,
sieun jeung
ceurik.
Martabat Achfa
dilebetkeun kana
Martabat Zat Mutlaqah
anu pangluhungna..
Tempatna :
Syahwat,
djur’ah,
sjadja’ah,
harus
yatana
hawa nafsu,
keberanian,
kesatria jeng
kasungguhan..
wassalam
Tidak ada komentar:
Posting Komentar