[22/12/2021 13:25] Aing:
NERANGKEUN
Hidayat,
Darajat,
Ni’mat,
Rohmat
[22/12/2021 13:33] Aing:
saentasna tuang Ni’mat, sabab eta anu asup kabeh
ge aya roh na.
Dina karek asup roh na teh can misah,tina kadaharanna lantaran can bubuk pisan, sasat can bijil acina, lami-lami sanggeus bubuk, aci jeung hampasna misah.
Hampasna kaluar deui,
aci mah tangtu tinggal, ngajadi getih sakabeh,
tuluy surup sinurupan,
roh tina kadaharan,srg
roh jasmani tepung, kajadianna nya Rohmat.
Jadina ti Rohmat
nya nu nimbulkeun tanaga, murakabah kasakabeh,
terang denge bengras tinggal, sowara ge bisa terang,
da nu teu dahar mah kitu, haroshos geuning sorana.
Tinggalna sok ruam pasti,
teu terang kawas biasa, denge sok rajeun torek,
nu kitu jadi teu Rohmat, sabab kurang getihna,
kurang getih tangtu lesu,
taya tangan pangawasa.
jalanna eta roh kadaharan, asal ti opat perkara,
bumi cai angin banyu,
di urangna ge opat.
[22/12/2021 13:42] Aing: ngulik kanyaho diri
kedah ngango bibit,
nya eta iman
jeung kedah ngango parabot, nya etatarekat
meh terang kana bibit, supaya tiasa kebat, nyatakeun panyebut,
.
Sanes pisan guminter peleci, ngan ngemutkeun hate
anu seca,
kajeun disebatna ngaco, sapedah babaran ngan kieu tuduh jalan anu suci,
malah mandar jasa ngaca, ngeunteungan nu lucu, bubuhan jalma mah Arca, tatapina mun urang terang
ka Maha Suci,
tangtos moal jadi Arca.
[22/12/2021 13:49] Aing: ngan sakadar pangeling,
sugan jadi panalang,
nalang kanu masih lolong, margi seueur nu linglung,
teu aya pisan kaeling,
katungkul ku kamelang, melangna kana kahayang
estu teu diselang-selang, badanna teu dijaring
teu dilingling,
da resep kanu teu puguh
Biasana mungguhing di lahir, sadaya oge geus ilahar, resepna teh kanu moher, moher tapi hanteu luhur, luhurna ukur dilahir,
pada hayang beunghar, supaya kamasyhur, kamashur teu kurang dahar, teu inget kumaha ke diakhir, moal terang kanu gahar.
Menggah eta nu gahar sajati, mun dibeli ku duit sayuta, leuwih hese taya conto,
da meulina sanes kitu,
mun hoyong anu sajati,
nu resep matak kabita,
nu alus saestu,
cik akalan sangkan nyata, anu suci padang
sajeroning ati,
lir urang ninggal permata.
sing emut ulah ngawagu, kapan urang geus dibagi,
sagala ge geus boga,
mangka teu digugu, pibahlaeun teu dijaga,
teu pisan rek eling
kanu ngabagi,
marukan taya nu boga.
[22/12/2021 13:58] Aing: Sanggeusna urang hurip, tangtu pisan aya nu ngalarap, teu beda ibarat sirop,
amisna anu sumurup,
komo nu disebat hurip, tangtu aya nu ngagarap,
dina keurna hirup,
badan teh aya nu marap, marap laku lampah
keur waktuna hurip,
sanaos waktu kasarap.
Waktu ieu keur dialam kabir, ulah arek kajongjonan sabar, bilih kaburu ku bobor,
susah mun geus dikubur, kumaha rek jasa takbir,
da geus misah jeung
nu jembar,
tungtungna teh takabur,
bongan didunya ngolembar
ngagugu pangajak hate
malibir,
embung neangan nu jembar.
geura jajah salirana,
pilari nu nyumput buni,
ulah ngan sakadar muni,
nu disembah bangsa Wisnu,
mun kitu salah nyembahna, nyaah teuing ku jasmani, tangtos pisan moal dugi
ka asalna.
Da menggahing Gusti Allah, teu nyempad teu milih-milih, sanajan lakuna salah, dianteur tara ditolih,
ngan ku urang kudu pilih,
ulah tungtung matak
ngangluh,
mun urang jalanna salah, tangtos moal jasa mulih, sabab urang teu panggih jeung dzatna Allah.
Pan aya basa carita,
mun ka jalma nu mati, lumbrah jalma cacarita,
pok na teh mulih kajati, pedah dugi kana pasti,
tapi saenyana tangtu,
ngan ukur dina carita,
atina jongjon teu ngarti,
na kumaha mun jatina tacan
nyata.
Geus lumrah karana aman, nyambung dunga bari hamin, muga ditarima iman,
nurutan nu geus muslimin, tapi elmuna muslimin,
ukur dicipta kulamun,
jauh terang kana iman,
teu cara para mu’min, nyebutna teh geus terang jatining iman.
Kapan jalma aya asal,
tapi najan teu misil,
mun palay mulih ka asal,
mangga tungtik tangtu hasil, tangtos mun disisil,
ilmuna masing kasusul,
sanajan miara bangsal, lamun hantem disisil, geuning sidik rasana
teu jadi kosal.
Tah kitu jalanna upama,
nu jadi jalmi utami,
Milari Ilmu Agama,
da urang teh moal lami, tangtu misah jeung sasami, geus pisah jadi kamumu, lamtaran teu tumarima,
ngan tarima jadi jalmi, marukanan teu aya
jatining jalma.
jalma teh kawas palapah
Mun palapahna geus misah, tangkalna hanteu miasih, numawi ilmu kedah sah,
ulah sok pasalisih,
ka jalmi kedah miasih,
ulah rek nyieun musuh,
bisi pinanggih jeung susah, tegesna kedah beresih, masing sieun ku Allah
da teu papisah.
[22/12/2021 15:45] Aing: Kumaha jalanna,
supaya pendak nu buni,
tapi di urang ayana,
teu katinggal ku jasmani,
da puguh badan rohani,
ceuk dalil Wujud Nur,
mun teu dirakrak wujudna, nya ieu wujud jasmani,
hamo bisa kapanggih
jeung eusina.
Numawi wajib teangan,
malar ati bisa dingin,
tangtu jadi kasenangan,
sing panggih jatining angin, geura manah angin-angin, mun kapanggih moal
ngungun,
kana tahayul ngiringan, sabab terang jatining angin, geus terang mah
da pakeun urang sorangan.
Numawi wajib disungsi, margi urang teu kawasa, kedah ngalakukeun hese, sartana kedah rumasa, rumasa taya kabisa,
kabisa ngan nganteur nafsu, teu eling kanu Kawasa.
Mugi-mugi sing areling,
ulah asih kumapalang,
ulah seueur nu dipelong, pedah aya kamelang,
bilih urang jadi belang, tungtungna sok matak linglung, teu terang kanu gumilang.
Nu gumilang dina diri,
ayana henteu katara,
numawi henteu kawaro,
upami nu ngaji sara,
moal weleh pinanggih lara, upama henteu guguru,
guguru ngakat salira.
Tapi mun rek milari,
milari eusi salira,
ngarah urang ngeunah sare,
badan ibarat panjara,
dikunci henteu katara,
tah eta ulah kaliru,
pilari kunci salira.
mun kunci geus katukil, tangtos kaharti ku akal, sagala oge kacokel,
bekel sinarengan bakal,
moal aya manah basangkal, sanajan anu mukul,
ditampa sabar tawekal.
Males ku kalimah kalih, Syahadat anu katelah, saratna karana saleh,
tah pilari ulah salah,
nyatana Dzat Gusti Allah,
da teu mangpuluh-puluh,
estu hiji moal salah.
Tapi mun geus kapanggih, poma ulah rek gumagah, baragagah beregegeh,
kajeun kolot dipiconggah, carios teu diagah,
rasa aing nu geus puguh,
tah eta kedah dicegah.
Batal ceuk basana Santri,
teu terus jadina serta, malahan jadi celetre,
sanajan bungkusna sutra, lamun laku henteu setra, tungtungna sok loba satru, dipingewa palamitra.
Ku urang kedah diaji,
ulah ngan sakadar beja,
kudu karana katenjo,
dina ati masing ngoja,
kudu sidik ka raja,
da wujud mah jadi baju,
bungkus ngahalangan raja.
Ari nu kedah diuji, ngabuktikeun omong beja, sanes ngaji jilid hejo,
eta mah anu bebeja,
tuduh jalan anu diseja, sangkan urang dipaju,
supaya jadi raharja.
[22/12/2021 15:53] Aing: Ieu basa ngajurung,
supaya sami ngajaring, malah mandar jadi terang,
terang di jatina kuring,
kapan teu aya kakirang, pepek karana dijaring.
Nu mawi jalmi teh kudu,
amis basa alus budi,
ku sabab henteu beda,
anjeun jeung diri pribadi,
ulah rek ngabeda-beda,
sing inget asalna tadi.
Mangkade ulah kalangsu, masing kenging eta sosi, sosina anu Kawasa,
sangkan urang henteu risi, geus kenging tangtos karasa, paeh moal aya risi.
Ku sabab urang diandum, diandum Qur’anul ‘Adim, jeung aya basana Qidam,
ti heula nyaeta Kadim,
kitu sundana teh Qidam,
nya eta Qur’anul ‘Adim.
Tah eta teh anu perlu, mangkade ulah pahili,
anu kasebat tiheula,
numawi ulah lali,
sabab aya nu tiheula,
disebat mah da pamali.
Ngaji teh kudu sing suhud, malah mandar terang tohid, terang ka Qulhu nu ahad, nganyahokeun anu wahid, geus terang nyatana ahad, tangtos urang bisa tohid.
mun rek milari ilmu,
pilahir anu utami,
ulah ka samarang jalma,
utami jatining jalmi,
nu geus manjing Ulama,
nu nerangkeun asal jalmi.
Margi seueur anu palsu,
nu mawi kedah risi,
risi nyandangan panyiksa,
tah nu nyiksa geura sungsi, naon atuh anu nyiksa,
ku urang kedah kasaksi.
Da bonganna tekad kalbu,
teu neang hakekat Nabi, sumawona daekseba, kalindih resep rarabi,
seba lain seba domba,
ngan kedah nyaho ka Nabi.
Kalbu mun hantem dilajur, henteu inget kana ajir,
moal pinanggih ginanjar,
teu beda jeung embe bajir, tapi mun daek diajar, meureun terang gambar ajir.
[22/12/2021 16:00] Aing: neangan ilmu nu patut, nganyahokeun nu nguntit,
nu beurang peuting petot.
Rejeki teu milu ka jero kubur, estu wungkul keur di dohir, da puguh keuna ku lebur,
nteu cara jembar takbir,
ka urangna jasa nyebor.
urang teh ulah kumumu,
mikir teh anu utami,
kotektak masing katimu, katimu bakaling jalmi,
sing terang gawena ramo.
Pilari tegesna nu saestu,
nu kira nepi ka Gusti,
lain solat lima waktu,
pilari solat sajati,
sangkan urang boga conto.
Ari eta
sambahiyang lima waktu, cenah keur nyembah
ka Gusti,
tapi
saenyana kitu,
muji dzikir laksa keti,
weleh teu meunang conto.
Najan kitab ngabrugbrug mangpuluh-puluh,
sakabeh henteu dipilih,
diapalkeun ratus puluh, Gustina henteu katolih,
teu panggih jg dzatna Allah.
Samarukna nyembah
ka Gusti teh kitu,
da tuduh kitab teu harti,
teu dipikir anu estu,
pedah Gusti taya bukti,
tacan nganjang ka pageto.
Padahal mah mundisusul,
eta tangtu pisan hasil,
tangtu terang Nabi Rasul, sagala rupa kamisil,
moal beunang ku pangosol.
Saenyana badan teh
kedah diukur,
diukur reujeung dipikir,
ulah ngan saukur akur,
teu nanya nyatana dzikir, matak waktuna teh bongkor.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar