Rabu, 06 April 2022

NERANGKEUN DZATULLAH, SIFATULLAH, ASMA’ULLAH, AF’ALULLAH

[21/12/2021 15:59] Aing: 

NERANGKEUN 
DZATULLAH, SIFATULLAH, 
ASMA’ULLAH, AF’ALULLAH 



luarna heula, 
nyaeta luareun diri pribadi, meh jentre tuluy kana jasad, tos beres dina jasad 
tuluy, kana hakekat na 
sabab mo beda saeutik. 


Luarna ngaran 

1.Dzatullah, 

nyaeta 
alam ieu anu ngawengku, 
nu ngawengku alam dunya,  

2.Sifatullah, 

nya ieu caang 
satungkebing langit, 
sabab tadi ge Yang Agung, hiji dzatna hiji sifatna, 
mahi kabeh ngaangliput, 
teu aya anu kaluar, tina dzatna Maha Suci. 

hal caang teh eta ngan hiji, saalam dunya katutup, 

3. Asma’ullah 

1.seuneu geus nyata, 
2.angina 
3.cai 
4.bumi, 

tah eta Asma Yang Agung, hiji mahi kasadaya, 
sabab eta nu opat  
jadi huruf, jadi lafad 
Asma Allah, 
Alif Lam Lam He . 


4.Af’alullah 

 nyatana hawa, 
nu ngahirupkeun sabumi. 


Ayeuna kana diri pribadi,   

1.Dzatullah 
sanyatana dina diri, 
buktina badan sakujur, 
nu ngawengku kaayaan, tek-tek bengek kaayaan 
dina wujud, 

2.Sifatullah 
eta rupa urang,
[21/12/2021 19:34] Aing: pangwajibna nyiar ilmi, 
neangan pangarti tangtu, 
tina poek hayang caang, 

4.Af’alullah 
nyatana nu dumuk,
dina badan, nya Nafas urang 
 
Enya eta Af’alullah, 
sareatna anu aya dina diri, nafas nu kaluar asup, 
wawayangan hirup tea, 
nu ngawengku nguatkeun sakabeh wujud, 
eta nu jadi tihangna, 
taya nafas tangtu mati. 

palebah dinya, wajib pisan 
ku urang kudu kaharti, 
nafas teh 

kamana atuh, 
tinggal dangu sareng ucap, mun kaluar tepi kamana 
nya dumuk, 
mun kajero sumawonna, dimana enggonna ngancik. 

Moal leungit tanpa sabab, tangtu bae aya tempatna geus pasti, 


atuh kumaha akalna, sangkan urang kaharti. 

kapan tadi 
Gusti Allah sifat adil, buktina nurutkeun ilmu, 
sareat sareng hakekat, tarekat jeung ma’rifatu, 

eta teh perjalanan, 
jalan manusa baralik. 
Kana asalna baheula, 
tempat roh urang 
keur waktu di kadim, 
keur dina qudratullahu, 

numatak ayeuna urang, 
kudu daek ikhtiar 
neangan ilmu, 
neangan ilmu ma’rifat, 

ma’rifat ka asal tadi. 
Sangkan puguh pangbalikan, ulah teu puguh piloseun 
nya balik, 

teu puguh nu dijugjug, 
atuh mun teu puguh mah, 
nu dijugjug 
jadina teh usrak-asruk, tungtungna saha nu nyambat, didinya teh urang cicing. 

Kumaha lamun disambat, 
ku Siluman ku Onom 
atawa Jin, nu mara kayangan 

atuh tangtu cilakana, 
najan urang bebekelan nyuhun nanggung, 
nyaeta beunang ibadah, 
keur waktu tadi di dohir. 

mun teu aya tempat, 
hak pribadi 
atuh bebekelan tadi, 
teu aya tempatn, 
balatak taya wadahna, 
nyaah temen urut tisusut 
ti dungdung, hese cape ngalakonan, 
ibadah di alam dohir. 

Kitu upamana, 
nu matak urang teh 
sing ati-ati, 
enggoning ibadah 
kudu jeung ma’rifatna, 
kana asal urang 
keur waktu kapungkur, 

jaman keur di qudratullah, pangbalikan nu sajati. 

umumna teh 
lolobaha jalmi-jalmi, 
ibadah anu ti payun, 
nyaeta ibaratna, 
keur kukumpul keur engke pibekeleun wangsul, 
mulih ti pangumbaraan, 
nya ieu ti alam dohir. 

Tapi keur pikeun tempatna, piwadaheun bebekelan nu tadi, sok tara pisan diemut, sumawonna dianjangan, 
sok neumbleuhkeun kumaha bae Yang Agung, 

ana kitu nyieun bujang, 
ka Gusti nu Maha Suci. 

pan tadi Gusti Allah, 
Kun Fayakun 
geus nteu nungtut deui, 
mahi kusakali tangtu, 

kari-kari manusa, 
bet neumbleuhkeun deui 
ka Gusti Yang Agung, 
nyieun purah-purah pisan, kapan tadi geus maparin.
[21/12/2021 19:48] Aing: ngayakeun Naraka, 
jeung Sawarga lain keur sangaja Gusti, ngaganjar sareng ngahukum, 
ngahaja pikeun manusa, 

mun kitu 
Allah teh tukang ngahukum, sinareng tukang ngaganjar, saperti bangsa hawadis. 

yen Gusti nu Maha Agung, pang ngayakeun Sawarega, jeung Naraka lain keur baris 
ngahukum, atawa ngaganjar, manusa di dohir batin. 

Sategesna Gusti Allah, 
ngan ngayakeun 
geunah teu geunah 
geus pasti, 
bareng jeung ngayakeun mahluk, 
sumawonna alam dunya,
ning kitu sidik adilna 
Yang Agung, 

lain sangaja keur nyiksa, ngan bareng ngayakeun jadi. 

pan ku urang karasa, 
ayeuna ge keur aya keneh 
di dohir, 

mun nyieun susah ka batur, nganyerikeun pada jalma, malik deui ka urangna 
eta tangtu, 

karasa hanteu ngeunahna, sabalikna mun nyieun
kahadean, ka sasama 
papada kaula Gusti, 

ka urangna ge geus tangtu, malik jadi kangeunahan, 
ning sidik sawarga naraka 
dijieun ku urang sorangan, tina tekad laku jalmi. 

Sanajan di akheratna, 
pang ayana naraka sawargi, bawana ti dunya tangtu, sabawana-sabawana, sewang-sewangan 
kumaha tekad jeung laku, waktuna di alam dunya, 
sa Ilmu-ilmuna tadi. 

perkawis Allah mah, 
ngan netepkeun sabandana-sabandana tadi, 
bawana ti dunya 
mun mawa kagorengan, kajadian ngan jadi 
teu ngeunah wungkul, 

mun mawa kahadean, kajadian ngeunah deui. 

Mun mawa kasampurnaan, nya jadina sampurna  
balik ka asal kapungkur, kumaha bae elmuna, 
da kabeh ge tunggal ilmuna Yang Agung, 
moal ditampik ku Allah, kamana ge anu aing. 

dina pangbalikan jalma, 
kumaha ilmuna tadi, 
geus moal sulaya deui, 

Dzatullahi, 
hakekatna can didadar. 

Tadi karek di luarna, 
kuma kajerona deui, Dzatullah 
Sifatullah, 
Asma’ullah  
Af’alullah 

panasaran langkung, 
hayang tepi ka jucungna, 
ulah kapambeng hawatir, mangga urang dadarkeun
[21/12/2021 20:23] Aing: HAKEKATNA 


hakekatna eta Dzatullah, 
nya eta rasa

Sifatullah 
nyaeta nu padang mulus, caang padang narawangan, Jatining Sahadat   
Sagarana hirup.
Sifatullah anu tadi, 
dina keur waktu tarekat, 
keur narik ilmu dzat   

Asma’ullah   
ari eta Asma’ullah, 
Nur Muhammad geus pasti, nya eta cahya anu opat tea. 
1.Narun cahyana beureum 2.Hawaun  cahyana koneng 
    tur bening, 
3.Ma’un cahyana bodas. 
   mulus, 
4.Turobbun cahyana hideung 

eta nu ngaran Asma’ullah. 
Eta anu opat warna, 
jadi huruf opat rupi, 
nya eta Alif Lam Lam, He 

nu kaopatna deui, ning sidik Asma Gusti, Lafad Allah 
nu saestu, 
eta ge kapendakna, 
dina waktu keur ngalakonan 
Ismu Dzat. 


sing kapendakna,dina saban ngalakonan wajib, 

sing bisa kapendak  jeung sagara Adam 
enya eta tempat kasampurnaan jasad. 

4. Af’alullah 
nyatana awasna ingdalem ingdalem waktu Tajali, 
nya eta Af’al Allah Ta’ala. 


pasal Kangjeng Rasul, 
Kangjeng NabiMuhammad, 

kacapangan jalmi-jalmi, 
sok disebat awal akhir 
ku sadaya. 

Sarengna sok disebat, 
Jeng Nabi panutup 

ma’nana basa nu tadi, 
kudu kaharti, 
da moal luarna wungkul, 
meureun aya kajerona, 
aya buktina nu karasa 
ku ati urang sadaya. 

pasal Nabi urang, 
pang disebut awal akhir, 
atuh puguh bae 
pan tadi ge diluhur,didadar, hakekatna Muhammad Nabi, bibit tujuh bumi tujuh langit 

Beh dieuna oge nyata, sanggeus aya Adam Nabi, sinarengan Babu Hawa, bibit 

ngaluarkeun jalmi, tetep bae Kangjeng Nabi, 
Muhammad 
Rasulullahu, 
jadi awal jeung akhirna,
[21/12/2021 20:41] Aing: Tangtuna patemon rasa, kapan rasa teh  
hakekatna Rasulullah, 
mun taya rasa mah 
moal kaluar Mani, 
dua-duana ge luput, 
ari eta mani teh, 
Hakekat Adam geus pasti, sidik pisan Adam teh 
sorot Muhammad. 

Nya eta sorotna rasa, 
barang eta mani tadi, 
lila-lila teh mangrupa, 
jadi sirah dada udel suku  sidik jadi lafad 
sirah nyaeta mim 
dada teh jadi He 
udel eta jadi Mim akhir 
Suku teh jadi lafad Dal, 
ning eta sidik, ngajadi 
lafad Muhammad, 
ahirna rasa nu tadi, 
nya eta rupana jalmi, 

nu mawi eta disebut, 
Muhammad jadi wiwitan, jeung jadi wekasan , 
atawana awal ahir 
disebutna. 

Kanjeng Muhammad sinelir, dibasakeun awal akhir teh 
geus nyata. 

Sinarengan aya basa, panutup eta Jeng Nabi,  

panutup soteh ilmuna, 
nu opat geus kasungsi, 
nya eta 
sare’at sareng hakekat. 
Tarekatna dipilampah, 
jalan ma’rifat ka Gusti, 
tepi ka sapatinggalna, 
jeung Gusti nu Maha Suci, 

nu matak pangkatna Nabi, Muhammad Rasulullahu, 
da geus ma’rifat ka Allah, 
kitu sababna 

aya basa opat deui, 
1.Ihkrom
2.Mi’raj  
3.Munajat 
4.Tubadil 

hartina kumaha
dimana pernahna 

nya eta keur solat sajati  
eta basa, nyumponannana sareatna mah di Mekkah, kunu rek marunggah Haji, hakekatna mah aya 
di pulo Jawa ge tangtu, 

geus tangtu pisan ayana, mun can ngarti, 
nya eta keur solat sajati tea. 

Kieu katerangannana, 

1.Ihkrom  
hartina teh peta-peta, 
tekad seja rek indit, 
mun diibaratkeun paksi, manuk arek niat ngapung, geus dibeberkeun jangjangna, ngan teu di kiplik-kiplik, 

2.Mi’raj 
eta,geus jeung ngapung ngalayang. geus ninggalkeun alam dunya, lat poho ka 
alam dohir, 

3.Munajat 
hartina geus munggah 
ka alam batin, 
rek nepi kanu dijugjug, 

4.Tubadil 
hartina teh geus tepi 
kanu diseja. 
Sapatinggal sapocapan, kaula kalawan Gusti, 
geus ngancikdikalanggengan, dina Baetullah suci, 
Baetullah nu sajati, 
nu lain di kulon kidul, 
lain dikaler di wetan, 
jeung teu keuna ruksak, 
enya eta kiblat 
nyawa nu sampurna.
[22/12/2021 00:56] Aing: naon sifatna Baetullahi, Baetullah nu sajatina, rakana nya eta Dzat Yang Widi, sifatna teh padang alus, 
Johar awal, 
sagara hurip 
pikeun kiblat dina waktu 
wafat teh. 

Sabab eta, kiblat wafat, 
wajib ku urang disungsi, 
bisi jadi marakayangan, 
nyawa urang teu nepi, 
teu bisa mulih ka jati, 
pulang ka asal kapungkur, 

atuh pantes arek aya 
Naraka siksaan diri, 
sababna teh 
utrak-atrok taya jalan. 

matak meungpeung di dunya, sing suhud urang milari, milari jalanna wafat, 
sangkan nyawa bisa mulih, geura beuli ku prihatin, sangkana bisa kasusul, 

sabab rugi pisan, 
kudu reujeung kentel peujit, barang dahar ulah sok sakama-kama. 

Talunganan bab ibadah, 
teu sakumaha rugi, 
da aya patokannana, 
nyaeta Qur’an jeung Hadis, didinya geus mahi, 
ngan kari suhudna wungkul, suhud ngapalkeunnana, jeung prakna nyembah ka Gusti, 

ari jalan maot mah 
sejen aturan. 

Da eta mah panungtungan, panungtungan nu kumelip, tungtungna teh kedah wafat, nu ibadah oge sami, 
sareng nu teu Gumusti, 
teu ibadah ka Yang Agung, teu burung wae wafat mah, sareatna oge sami, sadayana pada aya sakaratna. 

Tah dilebah dinya, 
ku urang kudu kapikir, 
kudu sing ka ilmu pisan, 
kumaha sabab pang sami, pada sakarat bukti, 
nu ma’siat, jeung nu suhud, suhud kana ibadahna, 
mana atuh anu tepi, 
mangga jawab ku sorangan 
sugan kapikir.... 

anu ibadah anu tepi, 
ngan make lalakon heula, 
nyorang siksa tilu rupi, 1.nyorang sakarati, 
   nu nyerina kalangkung, 
2.siksa kubur 
3.siksa akherati, dina waktu 
   kiamat alam dunya. 

Lila-lila oge bisa, mungguh kasawarga deui, 
dupi nu teu ibadah, 
tetep langeng eta misti, 
di Naraka api pasti, l
anggeng taya wates , 

ngan utamana nu kumaha paeh teh nu sampurna. 

utamana anu mati, 
ulah nyorang ku siksaan, 
sumawonna tilu kali, 
sakali ge alim teuing, 

kumaha petana, 
sangkan ulah bisa nepi, 
kana eta siksaan Allah 
Ta’ala. 

kapan tadi geus didadar, 
numatak urang teh wajib, kudu ma’rifat  kana 
Dzatna Maha Agung, 
enya eta supaya urang, 
engke dina waktu keur mati, ulah nyorang kana siksaan sakarat.
[22/12/2021 01:09] Aing: Sumawon siksa akherat, 
tah kitu ganjaran ngilmi, jeung anu daek ibadah, 
nurut parentah Nabi, 
mun kitu atuh utami, 
daek ibadah tur suhud, kalawan ma’rifatna, 
kana Dzat Maha Suci, 
tah nu kitu moal 
nyorang siksaan. 

dina aturan bab ilmi, 
sing nepi kaharti sing nyurup kana ati, kade kaliru, 
tegesnailmu kabatinan, kasampurnaan keur batin, nya ayeuna ilmu Cirebon 
timbulna. 

Ayeuna kantun ngajaga, 
laku dohir sing beresih, 
amal ibadah beresan, 
imankeun beurang jeung peuting, 
supaya urang di dohir, 
bisa salamet rahayu, 
ulah keuna panca baya, sabab mun keuna balai, 
osok jadi moekan kana Agama. 

ayeuna mah ngan kantun ngajaga lampah, satungtung hirup di dohir, sumawona tekad sing bersih, 
ulah pasea jeung batur, sumawona bangsa sorangan, najan sejen bangsa ge ulah pisan urang arek goreng tekad. 

Urang hirup babarengan, 
da sarua umat Gusti, 
pada dadamelan Allah, 
mun urang ngewa ka jalmi, sami sareng ngewa deui, kanu ngadamelna 
persasat ngewa ka Allah, sumawonna tekad dengki, boga tekad hayang nyiksa pada jalma. 

Mun kitu mah nyucud pisan, kalebet nu ngaran kafir, kajeun dina bangsa Islam, kapan ceuk hakna mah geuning, kafir lain Cina Bugis, teu beunang dituduh kitu, sategesna kafir teh 
nu jahat atina ayana teh 
dina saantero bangsa. 

Sabab mun jahat atina, kapada manusa deui, 
sami jahat ka Pangeran, 
anu ngersakeun sabumi, pan ceuk Qur’an jeung Hadis, manusa teh geus disebut, anu pang mulya-mulyana, didamelna ku Yang Widi, 
dibedakeun jeung saantero mahlukna. 

kumaha beda-bedana, antara Mahluk jeung Khaliq, 

 perkara nu ngaran makhluk, 
sakur-sakur nu nyareat, 
bukti nu aya dohir, 
nu jarentul sajeroning 
alam dunya. 

Najan ieu alam dunya, seuneu cai angina bumi, makhluk bae disebatna, 
sanjan Naraka Sawargi, 
lebet makhluk bae  
 
ari Khaliq, nu mana jinisna 
nu saleresna. 
nu ngaran Khaliq mah 
eta mah bibitna dunya, 
bibit antero hawadist, 
nya anu kasebat tadi, 
nu geus kaunggel
[22/12/2021 01:14] Aing: nya eta Nur Muhammad, cahya nu opat perkawis, beureum 
koneng 
bodas
hideung  

Nu langgeng teu keuna 
ku ruksak, 
hakekatna Adam    

Gusti Allah 
nu sifat Rahman Rahim, 

Rahman teh murah di dunya, Rahim Allah teh nu asih, 
di aherat  
tah eta ceuk dalil 

ayeuna hayang karasa murahna Allah di dohir, 
nu mana nyatana di badan urang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar