Rabu, 06 April 2022

MANUNGGALING/ GULUNGNA KAULA GUSTI)

[6/3 12:49] Aing: 


WAHDAT AL WUJUD 
(MANUNGGALING/ GULUNGNA KAULA GUSTI)

Wahdatul Wujud 
di Indonesiakeun jadi kesatuan eksistensial (numutkeun Dr.Nurcholis Madjid). 

Di jawa mah dijelaskeun 
ku kecap 
manunggaling kawula gusti, 

tapi di sunda kampung mah istilahna teh 
(leuwih merenah jeung leuwih nunjukeun kana hasil) nyaeta: 

Gulung na 
abdi jeung gusti 
nepi ka ngagalunggung.

Sabenerna 
keur di sunda mah, 
ieu penjelasan 
wahdatul wujud ku kecap manunggaling kawula gusti -nu (ditambahan) 
sing nepi 
ka ngagalunggung- teh ‘mere arahan’ kana 
kumaha sabenerna ahlak jelema dina tohid (tauhid).

Manunggaling 
kaula (abdi) gusti –

mimitina kudu aya dua (alam midua) 
nyatana 
aya abdi 
aya gusti.

Jadina teh...

Alus gusti sabab 
abdina alus, 
goreng gusti sabab 
abdina ge goreng. 
Alus abdi sabab 
gustina alus, 
goreng abdi sabab 
goreng gustina.

Pan cenah ge 
kalahutan bijil lamun kanasutan na enya. 

Lahut ngaridoan 
mere hidayah berkah jeung rohmat sabab 
nasutna aslamtu. 

Lahut kejem ngantep ngahukuman sabab 
nasutna nolak nambalang (kafir).

Pan cenah ge 
loba kapanggih abdi rujit sabab 
salah muhit nu jadi gustina. 

Loba nu ngajadikeun 
hawa nafsu jadi 
(ilah) gustina.

Matakna....

Kudu hurip gusti waras abdi. Ka cai jadi saleuwi 
ka darat jadi salebak sabobot sapihanean.

Kudu daek jadi abdi meh loba gusti keur maneh,... 

tong embung jadi gusti ngeunah jadi lawang kahadean 
lamun loba abdi 
nu butuheun..

Pek pambrih 
pek nuhun lamun perlu;
Pek bere 
pek cekel lamun boga
(tingal dongeng Sang Sulaeman dina qur’an)

Lain kitu gawena kahadean?

TAPI,

TONG NGAKU gusti 
bisi keur teu kaseundeuhan (kawas nu ngaku turunan menak (lain menak)...

ari hirup walurat) ...
nu cilaka diera-era mah maneh....

TONG NGAKU ngaku abdi agul boga gusti.... 
bisi keur teu diaku 
(pamenta keur teu dikabul)...
nu era belehem mah maneh...
dinaha-naha.

Sing boga...

tata titi duduga peryoga; migawe haphap ngendag-ngendag memeh luncat nuturkeun alam batur, 

tulaten nurutan sireum tarapti kawas titinggi meh seukeut duduga miyuni gagak 
dina nempatkeun 
kaabdian 
kagustian.

Ulah melengkung 
bekas nyalahan 
sarosopan teu pantes mernahna....
nu era cilaka mah 
maneh keneh 
maneh keneh....
da maneh nu nandangan.
[6/3 13:03] Aing: Abdi lawan Gusti

Lamun urang ningal 
dina basa sapopoe....

Kecap abdi 
dipake dina 
alam tata 
alam semu, 
pihak “abdi” 
nempatkeun sahandapeun (jauh-anggang ti) 
pihak ka dua 
nu dianggap ‘gusti’ na. 
Gawe kitu sabab:

• Pihak ka hiji 

ku ngaku nempatkeun 
jadi ‘abdi’ teh 
ngarepkeun /boga pamrih ‘kagustian’ 
bijil ti pihak ka dua.

Ari kagustian 
nyatana gambaran /’manifestasi’/perwujudan Asmaul Husna nu rupa rupa-kayaning ngabulkeun pamenta, berehan, 
nganteur kahayang, 
tempat nyalindung, 
tempat kanyaho, 
adil ngahukuman.. 
jrrd.

Ari kaabdian 
kudu sabar, 
kudu daek menta, 
teu guminter, 
kudu tawakal (nyanggakeun kumaha gusti),..
tungtungna ning 
sok ngaromong sadaya-daya. 
Shalatna 
(do’ana/pamenta na) 
ge sok disarebut sembahyang...
nyembah ka hyang... 
da rumasa jadi abdi 
( tingal –
“shalat kami aya 4”). 

Migawe 
sabab geus kuduna kitu/ 
sabab sieun/sabab era/sabab asa katitah ku gusti nu salilana moncongok bae.

Ari ka abdian 
kudu handap asor, 
nyarita kudu lemes, 
jrrd..jrrd.

Ari ka gustian cenah 
kudu balabah, 
berehan, 
murah congcot 
hambur bacot, 
jrrd..jrrd.

Lamun manggih abdi 
teu boga adeuh 
sok tara dekeut jeung gusti.

Lamun gusti 
kored keked 
moal loba aya abdi 
nu deukeut 
jst..jst..jst.

(Undak usuk basa 
lemes kasar nu lengkep pakeun mernahkeun maneh dina ‘komunikasi’ ku, misalna, 
basa lemes heula 
ka nu anyar pinanggih/nyaluyukeun jeung alam 
nu diajak komunikasi 
di sunda 
sabenerna cara maju- 
‘highly civilised’ 
hiji budaya)

Nu parerceka tarapis 
dina ngolah nempatkeun budi 
basa 
rasa 
rumasa... 

loba meunangna. ..
Lamun ka jelema 
urang handap asor 
(jadi abdi)...
sok kaluar ti manehna (lawan komunikasi) teh kagustianana... 

Meureun resep 
meureun ngeunah 
meureun betah loba 
nu mere maweh 
disebut jelema bageur pikanyaaheun batur.... 

tah kagustian batur 
bijil keur maneh 
ari maneh bisa jadi abdi.

Kitu oge sabalikna....
Tong nolak 
mun aya abdi sumolondo... sabab 
karek mun aya abdi.... 
ka gustian 
bijil ti maneh...

tungtungna 
pada ngamulya-mulya 
kunu ngarasa kahutangan kunu ngarasa meunang kahadean 
ti kagustian maneh.

Ka handap asoran... 
oge dipake ‘nguji’ 
kawas haphap...

ieu jelema 
nu disangharepan 
jalma perceka 
nu kawaris sifat kagustian atawa henteu?...
sabab 
di handap asoran teh 
aya ge nu jadi mancangah...

cirining..
jelema teu baleg 
teu kawaris kagustian.. ..

beuki handap urang..
lamun itu (batur) 
teu bisa ngahandapan...

cirining rek robah laku.... 
itu eleh duduga 
urang jadi gustina 
itu nu ngaabdi-abdi..

pek bae cobaan 
mun cacarita jeung menak...
teu percaya mah.

(menak ayeuna mah 
leuwih dimaksudkeun 
kana diantarana 
‘educated’ 
luhung elmuna 
‘wise’ jembar panalar 
‘leader’ lulugu/ kokolot /pananyaan panannggeuhan umat- 
nu boga gelar raden 
ayeuna mah 
saukur nu pastina 
turunan menak baheula - jadi henteuna menak mah wallahu alam)

Tapi, 
Mun teu bisa teu tapis .... loba menak (gusti) kaperdaya ku pamuji abdi (feodal) 

jadi mere 
tapi awuntah ...
loba somah (abdi) 
heurin ku letah 
teu wasa 
sieun teu nyaho basa...

saukur bisa 
kumaha anu dibendo 
(nu jadi gustina).

Dasar hirup 
di alam pamrihan....

nu dipambrih 
kasalametan kahadean. Matak 
kudu tapis 
mernahkeun maneh.
[6/3 13:08] Aing: Pek pecakan 
ka Rabb Gusti 
nu murbeng alam...
Sarua.....

Ku nempatkeun 
‘ka abdian’ teh 
ngarepkeun 
ka gustian 
ti nu dipenta, 

pan dipapatahan ku Qur’an:
Ari ngadu’a (menta neneda) keur abdi mah 
tarik teuing ulah 
laun teuing ulah..

pan cenah ngadu’a teh 
kudu sineger tengah 
sorana ari ka Gusti (rabb) mah;

Kudu daek menta/ngadu’a ..
ulah api lain..
pan cenah Rabb teh 
teu resepeun ka (abdi) 
nu tara ngadu’a/menta;

Kudu narima 
dina kalaipan/
dina katunaan/
dina kakurangan/
dina kasalahan 

(pek tengetan du’a du’a 
nu diawalan ku Rabb). ... 

eta teh 
ameh bijil gustina 
sabab 
nu datang abdina 
nu boga rasa rumasa.

Ari ka gusti 
kudu sabar bae jeung tetep kudu menta (do’a/shalat) bae 

pan cenah ceuk qur’an “menta tulung ka kami 
ku sabar jeung shalat” 
(kajeun can dibere 
kudu tetep menta) 
da wayahna jadi abdi nunggu-nunggu 
di kabul gusti.

Jeung ,....

Ceuk qur’an ge cenah 
kudu jejem yakin 
arek dikabul pamenta. ...

Lamun henteu? he..he..he..kumaha deui? 
rek menta deui 
ka salian ti gusti?.... euweuh...
euweuh deui nu bisa 
iwal ti gusti...
pan maneh mah 
abdi.

Jst..jst...jst..

Tah..
hirup di alam pamrihan... 
nu dipambrih 
kasalametan kahadean. Matak kudu tapis mernahkeun maneh.
[6/3 13:15] Aing: KUMAHA SUPAYA GULUNG ?

Naha kudu gulung?

Alam abdi-gusti mah 
alam anggang...

sadeukeutna ge 
ka gusti...
para abdi mah 
teu bisa deukeut 
sabab 
beda pangkat 
beda kabiasaanana. 

Tara gusti 
satata jeung abdi..
sabab 
lamun satata 
leungit kagustianana.

Hayang deukeut mah 
nya gusti jeung gusti deui....
abdi jeung abdi deui. 

Ngan lamun 
abdi jeung abdi, 
gusti jeung gusti. 

Leungit kagustian 
leungit ka abdian...

pan basana ge 
jeung sasama mah 
pa dewek-dewek 
pa aing aing. 

Ngan kade 
mun keur aya abdi 
ulah gusti 
padewek dewek 
pa aing aing 
meureun 
abdi bisa ngunghak? 

Sabalikna 
mun keur aya gusti 
abdi tong sambewara...
bisi tideuha.. 
naha bet aya abdi cumantaka?

Alam abdi-gusti mah 
alam tata 
alam semu....

tara dicaritakeun sajalantrahna... 

Strategy jeung kaayaan presiden (“gusti”) 
tara dijelaskeun kabeh 
ka sakabeh rakyat (“abdi”).... cenah ge kapaksa kudu ‘white lie’ 
sabab 
mun dicaritakeun sajalantrahna mah 
bisi kuciwa...
bisi putus asa...
bisi CAN BISA NARIMA..
bisi mancangah ..
jrrd.

Pan kongas 
dina agama oge...
loba nu disumputkeun ..
saur Gusti teh 
dina qur’an...

”nu nyaho eta mah 
ngan saukur kami 
jeung nu dikersakeun 
ku kami..
maraneh mah 
para abdi moal..
moal kabeh nyaho 
(nu saenyana) 
aya ge 
ngan saukur nyangka”....
ari nyangka 
tara pas ka enya...
malah, 
saur gusti dina qur’an, nyangka ngeunaan gusti mah pagawean setan 
(abdi nu ditundung)”.

Hayang nyaho 
nu saenyana mah 
kudu pindah ka alam gusti jeung 
alam nu daralit (qarib/qurbah) 
sabab 
kapeto kapilih 
dikersakeun ku gusti.
[6/3 13:26] Aing: Kumaha carana?

Kudu daek 
saalam 
sakabeuki 
jeung gusti. 

Engke nyaho 
kumaha ari gusti 
sapopoena 
usik malikna.

salah sahijina 
didieu para ulama 
nu satmata mere tuduh, dumasar beja ti gusti 
dina qur’an, 
yen gusti Allah teh 
boga sifat 20 siki.

Aya (wujud), 
mimiti (qidam), 
langgeng (baqa), 
nangtung sorangan (qiyamuhu binafsihi - 

tingali eddy nugraha 
“lingga kabuyutan jeung sirotol mustaqim/
nangtung sorangan”), 
beda jeung nu anyar (mukhlafah lil hawadis), wahdaniat (hiji).

Sok atuh... 
lalanyah diajar kawas kitu.... Pan saur Sang Sri Uswatun Hasanah tedak quraysh ge... “akhlak maneh 
sing kawas akhlak Allah”

Bisa wanoh kanu 6 
diluhur teh 
kudu bisa wani 
daek nyaho 
jeung hirup (keneh). 

Jeung engke Maneh 
nu nandangan: 
nu daekna 
nu wanina 
nu bisana 
nu nyahona 
nu hirupna.

Hirup (hayat) jeung 
(hayan) nu hirupna, 

Bisa (qudrat) jeung 
(qadiran) nu bisana, 

Daek (iradat) jeung (muridan) nu daekna, 

nyaho (ilmu) jeung 
(aliman) nu nyahona....

atuh diajar tandang 
kudu sagala 
ku sorangan 
di sorangan… 
lain euceuk 
lain cenah.

Ngucap (kalam) jeung (mutakaliman) nu ngucapna tapi teu make sungut.... 
atuh diajar nyarita 
teu ku sungut.

Ningal (basar) jeung (basiran) nu ningalina 
tapi teu make mata.... 
atuh diajar ningali 
teu kumata.

Denge (sama) jeung (samian) nu ngadenge 
tapi teu make ceuli... 
atuh diajar ngadenge 
teu ku ceuli.

Teori na mah loba 
tinggal leukeun daraek PRAKna...
diantarana aya 
nu boga pamanggih:

cenah, 
kudu asup tareqat..
tong sareat wae.... 
(kade loba nu ‘kabodokeun’ ku guruna, 
kasiksa/kapager ku ‘labelling’ brotherhood tarekat/ sareat jeung golongan/aliran, 
komo kana tareqat 
nu sok ninggalkeun sareat),...

cenah, 
kudu ngaliwatan 
tobat, 
zuhud, 
wara, 
faqir, 
sabar, 
tawakal 
rido 
ikhlas 

(kade ulah lieur 
ku metoda)... 
jrrd 
cenah pamanggih jelema...
klise lamun dituluy keun.

Ari gampangna mah:

Prak teangan 
Ajarna ulama ahli waris nabi nu pangkatna satmata 
nu bisa ngajarkeun 
nyarita teu ku sungut, 
ningali teu ku mata, ngadenge teu kuceuli, 
hirup teu bari ngarenghap. Nungtun 
kawani 
kabisa 
kadaek jeung 
kanyaho 
nu aya di sorangan.

Tah engkena... 
tara kaeuweuhan 
da aya wujud maujud 
tara neangan nu euweuh, langgeng baqa 
da mapay 
nu jadi mimiti maneh (qiyam) 
memeh 
awang-awang uwung-uwung, 
nangtung sorangan bi nafsih, 
beda jeung batur-batur nu anyar nu pandeuri (mukhalafah lil hawadis).

Gulung gumulung...
sagulung sagalang...
meureun teu kudu kararagok..

da jeung sobat dalit. 
Sabab geus 
sakabeuki 
sakanyaho 
sakadaek 
sakabisa 
sakawani.

Tah engkena ...
ieu nu disebutkeun 
ku teori-teori katasawufan....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar