[20/12/2021 09:11] Aing:
SIFAT DUA PULUH
Wujud, Qidam, Baqo,
Mukholafah Lilhawadist Qiyamuhu Binafsihi
Wahdaniat.
Qudrat Iradat,
Elmu Hayat.
Samma Bassar
Qalam.
Qodiran,
Mudiran.
Aliman
Hayan.
Sami’an,
Basiran
Mutakalliman,
jejeg eta dua puluh sifat.
nya dibagi opat,
1. Nafsiah
2. Salbiah.
3.Ma’ani
4.Ma’nawiyah
nyatana anu puguh,
sifatna di urang,
Nafsiah teh,
pangambung nyatana,
Salbiah nyaeta
paninggal urang sifatna.
Ma’ani
pangdangu sifatna,
Ma’nawiyah
Nyatana pangucap
sifatna baham
nu matak disebatkeun Ma’nawiyah.
[20/12/2021 09:23] Aing: 1.Wujud,
hartina teh aya,
Allah mohal euweuh tangtos, tanda aya
kusabab ayana nafas.
Mohalna teh
pang aya nafas teh tangtu, mohal bet euweuhna,
samangsa aya nafas teh, tangtu bae aya hurip
teu salah.
Mangsa-mangsa aya hirup geus tangtu,
mohal euweuh Allah,
sabab sifatna hirup teh,
tina dzatna sifatna Allah ta’ala.
2.Qidam
hartina teh
Allah ti heula teh,
mohal enya Allah kapandeurian.
Sareatna
nyata dibadan sakujur, sifatna teh soca,
awas soca ti heula teh,
sabab eta
nu ngabuktikeun sifat.
katerangannana kieu rasakeun baheula,
waktu urang goib keneh,
memeh gelar ngumbara
ka alam dunya.
Kangjeng Rama sinarengan Kangjeng Ibu,
Rama masih bujang,
Ibu ge parawan keneh,
barang tepang geus tangtu patinggal-tinggal.
Saparantos pada awas
Rama Ibu, jorojoy manahna, dua-dua ting sereset,
jadina teh ngajodo geus
moal lepat.
Sanggeus nikah
geus disahkeun ku kaum, parantos nikah mah,
tangtos bae sapatemon,
dua rasa jadi hiji moal lepat.
Saparantos rasa rama Ibu gulung,
gerentel beh urang,
eta geuning geus eces,
pang disebut
panon pangheulana.
[20/12/2021 12:36] Aing: Baqo
hartina langgeng Gusti Allah, teu keuna ku ruksak,teu owah teu gingsir Allah ta’ala.
Baqo
nyaeta dzat Allah,
nu langgeng
hirup eta kagungan
Allah ta’ala.
Mukhalafatuhul ilhawaditsi
hartina eta
beda Allah sareng nu anyar mohal enya Allah
sami jeung nu anyar.
kumaha bedana,
Allah sareng nu anyar teh,
bilih tacan mafhum,
Gusti Allah
ninggal teu kalawan soca.
Ngadanguna teu kalawan cepil
nyaurna teu kalawan
lambe,
kitu ari bedana teh.
Seueur deui bedana
lian ti kitu,
Qiyamuhu Binafsihi,
Gusti Allah
jumenengna ku anjeuna.
Mohal aya nu ngistrenan
cacakan nu anyar,
ning betteu ngaraos,
badan urang didamel
ku Ibu Rama.
Najan Ibu Rama ge
dna waktu, rek patemon rasa, teu boga tekad rama teh,
ku sangaja niat
rek midamel putra.
ning sidik jumeneng
ku anjeun
ngan ari urang mah,
jeung kalawan kersana,
Gusti Allah
ngalantarankeun ka Rama.
kitu sareatna mah ti Ibu,
ari hakekatna,
estu kersana Yang Manon,
nya eta wenangna Allah
ta’ala.
Wenang pisan Gusti
nu Maha Agung, ngajadikeunnana,
jeung wenang henteuna oge,
tatapina maot mah
geus wajib pisan.
Wahdaniat
sah Dzatna
sah Sifatna
sah Asmana
sah Af’alna.
[20/12/2021 13:06] Aing: pasal Wahdaniat
tumerapna dinu opat,
baham
soca
cepil,
pangangseu
wincikna kieu
Upami dina pangambung, dzatna teh pangngseu
sahna moal rek cidra,
mun ngangseu minyak
nu seungit,
tetep seungit diakuna,
moal bet pahili deui.
sah sifatna kitu,
naon nu diangseu pasti,
sah Asmana,
boh bau boh ngaran seungit, moal sulaya ngarana,
bau hangru pahang seungit.
sah Af’alna,
sasat sah gawena deui,
ning pangangseu teh nyata, tara daekeun pahili,
nu bau tetep bauna,
mun seungit tetep seungit.
Misah- misah bae tangtu,
tah kitu sahna teh
sanajan munguh di soca,
sah dzat teh awasna pasti, sah sifatna oge nyata,
naon anu katingali.
Boh hideung beureum
boh wungu,
sakur sifat anu bukti,
sah asmana oge sidik, kumaha dina sifatna,
bet tara sulaya deui.
Saterasna oge kitu,
Qudrat,
qudrat Yang Widi.
Qudrat teh kawasa
tatapi kawasa Gusti,
teu kalawan pakakas,
teu jeung parabot deui,
kumaha pangawasana,
pang teu jeung parabot teh kieu mun can harti.
Upami urang keur nuju,
boga maksad hiji rupi,
naon bae nu diseja,
saperti rek nyieun bumi, samemeh prak dipilampah, tangtu ku urang dipikir.
Kumaha kahayang kalbu, rupana eta si bumi,
boh panjang pondokna, sumawon majuna deui,
ka kaler boh ka wetanna, kamarna pon kitu deui.
Diatur-atur ku qalbu, dicipta-cipta ku ati, direrengga ku kahayang,
sangkan sieup eta bumi, upami enggeus kacipta,
kana pisaeeun eta bumi.
mun kitu tangtu luyu,
da geus kacipta ku ati,
ning eta nyata,
geus ngadeg dijero ati,
kana pirupaeun nana,
sae awon eta bumi.
[20/12/2021 21:35] Aing: yaktos samemehna jadi, bumi mah enggeus kacipta, enggeus ngadeg dina ati.
ngadegna teh eta bumi,
na kunaon parabotna,
bol-bol geus jleg katingali.
teu make parabot deui,na itu diyah, ayeuna meureun harti, kitu kawasana Allah,
yakin eta katerangan,
moal bisa dirobih deui,
Iradat
Allah teh sifatna kersa,
kapan bukti anu tadi,
eta bumi geus katinggal,
nu ngadeg na jero ati.
Kantun ayeuna mah atuh, jadikeun kersa urang,
rek midamel bumi tea,
hakekatna mah geus jadi, ayeuna kantun sareat, buktikeun Iradat urang na.
Tapi urang mah kudu,
rek midamelna teh bumi, moal cara Gusti Allah,
teu kalawan parabot deui,
urang mah kudu sadia, nyadiakeun bahan bumi.
Tihang kenteng jeung pamikul, palang dada cemped bilik, usuk
darurung jeung sarang, sumawon bedog ragaji,
tatah baliung jeung
rimbas, palu gegep sugu deui.
jadi iman beurang peuting, kitu ngahartikeun nana, qudrat jeung iradat Gusti.
Ilmu
Ilmu eta, ngahiji jg Hayat
sabab hartina Ilmu teh nyaeta kanyaho
ari Hayat caang pasti,
tah eta kitu sundana,
numawi pasti ngahiji.
Sabab kanyaho teh
tangtu, dina caang ,
da moal aya katerang,
lamun poek buta rajin,
sabab ari kanyaho mah,
dina caang bae sidik.
Dohir batin oge kitu,
moal beda tangtu sami, dohirna lamun di dunya,
kumaha bisa ninggali,
lamun hanteu aya caang, piraku boga pamanggih.
Aya kanyaho teh tangtu,
ku caang eta geus pasti, caang katinggal ku soca, soca ieu anu jirim,
bagian kajasmanian,
caang tina matahari.
Elmu batin oge kitu,
sing sidik ‘ainal yakin,
sing tepi kana caangna,
caang ilmu sing kapanggih, tapi lain caang beurang, caang dina jero ati.
Katinggali na teh kudu nyata ku panon ati,
dina keur waktu tarekat,
mujasmedi ka Yang Widi, sidakep sinuku tunggal, nununggu sihing Yang Widi.
[20/12/2021 21:38] Aing: Samma Basar
[20/12/2021 21:53] Aing: Kalam
kieu hartina, nu kasebut
Samma
Hartina Allah ngadangu,
tapi teu kalawan cepil,
Bassar
Allah uninga,
teu kalawan soca deui,
Kalam
Allah ngandikana,
tapi teu kalawan biwir.
sangkan kaharti,
jeung karasana,
jen Allah lamun ninggali, hanteu kalawan ku soca,
ngadanguna teu ku cepil.
mun hayang ngarti,
udag anu tujuh basa,
sifat dua puluh tadi,
1.Qadiran
2.Muridan
3.Aliman
4.Hayan
5.Sami’an,
6.Basiran
7.Mutakalliman,
tah eta masing kaberik.
eta anu tujuh,
hartina sahiji-hiji,
Qadiran,
hartina kawasa Gusti,
Muridan Kersa Allah,
Aliman uninga Gusti.
Hayan teh hartina hirup, nyaeta hirupna Gusti,
Sami’an ngadangu Allah,
Basiran Allah ninggali,
Mutakalliman, Allah nu ngandika
Sabab eta anu tujuh,
aya nyatana di diri,
aya dibadan sapata,
mun kapanggih tangtu hasil, kabuka hijabna Allah, kabingung tangtos leungit.
malah mun, kapanggih
nu jutuh tadi,
sifat-sifatna kapendak,
dina sakujuring diri,
tapi sanggeusna kapendak, tarekatna pek pilari.
Mun tarekatna kasusul, tanwande Ma’rifat jati,
kana dzatna Gusti Allah,
nu caang sajero ati,
carek babasan jawa mah, teangan sajero dzikir.
Nu kaya dilah gumantung, kaya sarangenge bijil, gumantung tanpa cantelan,
kitu ceuk babasan jawi,
tatapi lamun kapendak, jasmani tangtuna sepi.
Rasa moal boga wujud,
kagenten ku warna rupi, nyaeta nu tadi tea,
nu kaya sarangenge bijil, kaya lintang karahinan, jeung kaya emas sinangling.
mun enggeus kitu,
kakara tangtu mangarti,
kana Nafi sareng Isbat,
karasa sareng kapikir,
mun teu acan kapendak, kumaha bisana harti.
Malah dalil
Antal Mautu, Qoblal Mautu kapanggih,
hartina bisa ngarasa,
paeh samemeh mati,
Aya paeh memeh pupus, naonnana anu mati,
mun nyawana anu wafat, atuh moal balik deui,
gumelar deui ka dunya,
kade kaliru,
sanes nyawana anu mati, sategesna rasa nyawa,
nu paeh sama sakali,
ari rasa nyawa eta,
sategesna nafsu dohir.
Dina waktu eukeur kitu,
teu inget ka anak rabi, sumawon ka harta banda,
diri ge teu kapieling,
wungkul cengeng
ka dzat Allah,
ninggal ku sajero ati.
Kitu mun teu mafhum,
eta anu saperkawis,
nu kadua perkawisna,
kudu ngersakeun misti,
dina nyerina sakarat,
jalan paeh ke diakhir.
[20/12/2021 22:05] Aing: ning ceuk basa karuhun,
ka anakna ngaweweling,
he barudak kudu bisa, nganjang ka pageto misti, supaya maneh waluya, sangkan lampah ati-ati.
Geura pek emutan,
eta saur sepuh tadi,
nu bener kabina-bina,
ning ayeuna kapanggih,
bet aya dina hadistna, babandingan basa tadi.
Nyaeta
Antal Mautu, Qoblal Mautu kapan teu beda maksudna, kudu paeh memeh mati, sihoreng sangkan baroga, kasieun engke di ahir.
mun geus ngarasa pupus, sasat geus ngarasa nyeri, ngarasa rasa sakarat,
piraku rek liwar teuing, ngajujur laku ma’siat,
da aya kasieun mah pasti.
Jeung nambahan
kana suhud,
milampah parentah Nabi, rukun Islam anu lima,
tah kitu jadina ,
Nagara ge tangtu aman, sabab geus boga pamilih.
Mun geus junun
ka Yang Agung,
laku dohir ge dipilih,
moal sagala disorang, memeh prak tangtu dipikir, tangtu dianjangan heula, dicipta-cipta ku ati.
Ibaratna karep nafsu,
niat hayang maling duit, barang-barang upamana,
mun urang inget tadi,
kana saur sepuh tea,
yen kudu inget di ahir.
Nganjang kapageto kudu, tangtu ku urang dipilih,
naha kumaha jadina,
lamun nurut nafsu tadi, maling banda anu lian, salametna jeung balai.
bener mun geus kitu mah, nafsu goreng teh kajaring, sasat geus aya pagerna,
nu kuat kaliwat saking.
sifat 20, dibagi deui ku 4, 1.Nafsiah
2.Salbiah
3.Ma’ani
4.Ma’nawiyah
ngarana nu opat tadi,
jeung barang-barangna,
kudu kaharti,
Nafsiah nyaeta nafas,
sifatna irung nu bukti.
Salbiah paninggal
sifatna soca nu bukti,
Ma’ani pangdangu,
sifatna nyaeta cepil,
Ma’nawiyah pangucap, sifatna baham pasti.
Mung eta nu opat tadi, sabaraha bagiannana,
naha beda naha sami,
bagian hiji-hijina,
[20/12/2021 22:07] Aing: NERANGKEUN SIFAT 20
DIBAGI 4 SARENG DITERANGKEUN
DINA BARANG-BARANGNA ANU NYATA
[20/12/2021 22:23] Aing: kieu mun can harti,
bagian hiji-hijina,
tangtu beda teu sami,
Nafsiah mah ngan sahiji, bagiannana teh
Salbiah, lima teu salah deui,
Ma’ani mah tujuh
Ma’nawiyah bagian ge tujuh
mung naon sababna kitu,
mana bet teu sarua,
Nurutkeun kuma buktina, barangna sahiji-hiji,
tangtu bae teu sarua,
da sifatna ge teu sami, baham
soca
cepil,
pangambung
malah pagaweana, ge ning bukti teu sami,
soca cepil
baham angseu
beda-beda.
Nafsiah.
Sahiji bagiannana,
Salbiah lima geus pasti, Ma’ani tujuh teu lepat,
Ma’nawiyah tujuh deui,
tah eta bukti, barangna
dina baham dina soca,
dina pangambung jeung cepil, geus tangtu kanyataan nana beda.
Ulah ngan tuduh apungan, mun hayang sidik, ulah kabar ulah beja,mun hayang sidik bukti, supaya ulah taklid, ngan ngandel ka beja wungkul,
nyaurkeun dina bab ngilmi, caritana beres luis,
dalil Qur’an Hadis kitu,
dupi pek dipataroskeun mah, ngaraoskeun nana dalil,
jeung dipenta mana pibarangeunnana.
Sok buntu teu ngajawab, rajeun oge mere harti
dijawab deui ku basa,
dalil dijawab ku dalil,
sanes dijawab ku bukti,
atuh ati teh nalapung,
teu kaharti teu karasa,
ngan apal asmana badis, ngaji omong atuh
moal aya tungtungna.
eta urang buktikeun
sing sidik, dina perkawis
Nafsiah,
bagiannana ngan hiji,
ning sifatna ge hiji,
nyatana eta pangambung,
irung urang teu dua,
kitu nyatana mah,
nu mawi ngan hiji
bagiannana. leres nyata pan,
Nafsiah hiji, dina hal bagiannana,
ayeuna Salbiah
eta barangna, nu mawi lima nyatana dina barangna teh
[20/12/2021 22:41] Aing: eta dina soca,
aya 5 perkawis,
barangna nu bukti,
geura urang itung, 1.bobodasna soca, 2.hihideungna deui, 3.kokonengna tina soca.
4.beubeureumna soca
5.heherangna panon sidik, tah geuning bukti,
5 barang jadi gulung,
kawasana Gusti Allah,
dina saban-saban jinis, tangtu pisan aya bae
rasiahna.
sing kaharti, sing karasa
da aya barangna,
Ma’ani,
eta naon barangna,
nu nyata dina cepil,
nu mawi tujuh bagiannana.
eta dina cepil
itung etalelegokna cepil,
pan eta sidik lelegokna cepil tujuh, katujuh jeung liangna, moal aya mubadir,
pangna lalegok tangtu
aya sababna.
tah kitu bab Ilmi, sauranna
dibuktikeun jeung barangna.
Ma’nawiyah,
naon barangna nu bukti,
tujuh bagiannana
supaya gulung pisan,
sifat 20 tadi,
ngagulungna kanu 4
sing karasa.
Ma’nawiyah
numawi bagiannana 7
eu salah deui, geus tangtu aya bukti,
moal catur teu puguh,
geus tangtu aya barangna,
1.anu nyata,
nyaeta ngaranna biwir,
biwir nu ti handap,
2.biwir,anu luhur,
3.gugusi nu tiluhur tea bukti, 4.gugusi beulah ti handap.
5.lalangit,anu ti handap,
6.lalangit,ti luhur,
7.ditengah letah sahiji.
pan aya bukti sidik pisan katinggali, eta dina jero baham, bet kaliwat hiji deui, naha lali, aya hiji nu kalarung, naha bet diliwat,
naha bodo-bodo teuing,
bet manah make kaliru,
pan eta huntu ,
datangna ge pandeuri, sanggeus urang
kaasupan aci dunya.
[20/12/2021 22:55] Aing: Ari balik pangheulana,
aya dalil,
Iqro kitabaka dalil,
kafa binafsika
Alyauma ‘alaika Hasiba
sundana nu kamasyhur,
yen wajib pisan manusa
ngaji teh kudu ngajinis, nyaeta ngaji saadeging badan. Ulah ngaji luar badan, matak ngajauhkeun Gusti,
teu ngarasa babarengan, siang wengi ngangliputi,
eta kitu, sageusna
maca daluang,
terus ngaji luang ,
nyaeta rasakeun daluang tea.
Dihartikeun dilenyepan, dirarapkeun kana diri,
sing cocog jeung sareatna, hakekatna mah geus pasti, aya didiri pribadi,
nu matak kudu diemut, kalawan make tarekat, sangkan bisa ma’rifati.
Sareat sareng hakekat, tarekat ma’rifat
teu beunang dipisah-pisah,
kudu gulung jadi hiji,
boh dina lakon agami, sumawonna dina ilmu,
kudu gulung nu 4 ,
sabab manusa ge ning, sampurna bisa gumelar
di dunya.
Taya lain ngan ku 4
1.pangucap
2.pangangseu
3.paninggal
4.pangdangu
jadi mun kurang 1,
teu sampurna urang hirup, komo mun kurang 2,
pinasti moal katepi,
sumawonna kurang 3
nyucud pisan.
sing kaharti ku ati, sing sumarambah kana bayah, geus sumurup kana kalbu,
ari eta sifat 20
saterasna manawi aya kebatna, salangkungna tinu tadi, nu geus dipisaur,
masih teras eta sifat teh, pasal sifat 20
lajengna
jadi aksara,
sabab aksara ge pasti, meunang nyutat tina
adeging manusa.
kumaha nu mawi,
didamel deui aksara,
sifat 20 tadi,
keur dameleun naon deui,
eta pikeun ngaunikeun Qur’an, wetna Agama sabumi, jalan jalma ibadah
ka Gusti Allah.
Jeung pikeun ngamankeun dunya,
sangkan manusa didohir, hirupna bisa waluya,
repeh rapih jeung sasami, anu mawi aya Agami,
bakat
[21/12/2021 11:14] Aing: ti ka asihna Yang Agung, ngamulyakeun ka manusa,
ti dunya nepi ka batin,
diunggulkeun tina
sasama mahlukna.
tah singa kahartos kana pimaksudeunnana aksara,
bari cukup ku hurup nu 20 pikeun ngaunikeun Qur’an,
cukup moal nya kurang.
malah 17 aksara, hakekatna mah ku sakitu oge cekap,
ari nu umum mah 30 hurup eta mah rangkepannana.
Bibitna mah 20 bae pasti, lantaranna sifat 20 tadi, sifatna Gusti Yang Widi,
teu kurang oge langkung, moal enya ngaleuwihan,
ti sifatna maha suci,
seueur soteh eta mah rangkepannana.
harti, huruf Qur’an 17
eta aya sumurupna,
katerangannana
nu mawi ku 17 cukup
teu kurang teu leuwih,
tapi eta tehhakekatna , hakekatna eta huruf,
sareatna mah teu salah,
aya 30 bukti,
kieu kateranganna.
ning dina sembahiyang,
dina sapoe sapeuting,
ngan 17raka’at,
teu kurang teu leuwih,
malah rukunna ge 17
tah geuning dina ibadah,
ku 17 ge mahi,
tarekatna
nyusul anu 3 sifat.
nu 3 sipat teh nu disusul
ku tarekat, ku 17raka’ati,
nya nyusul
1.Dzatna Gusti Alloh,
2.Sifatna Gusti Alloh
3.Asmana Gusti Alloh ta’ala.
Asmana nu hiji tea,
nu mahi ka tujuh bumi,
tujuh langit sadayana,
tah eta anu diberik,
nu mawi Qur’an ge,
hurupna teh ngan sakitu,
hakekatna 17,
nyaeta nyusul nu tadi,
Dzat, Sifatna Asmana
Alloh ta’ala.
Kanyataan aksarana,
anu 3 teh , nu teu aya
dina Qur’an,
1.aksara Ca
2.aksara Nya
3.aksara Nga
tah eta anu teu aya,
dina Qur’an teu ditulis,
hakekat dzat sifat asmana Alloh.
Atawa
Allah Muhammad,Adam ,
tah eta nu diteangan,
diberikna kunu tadi,
ku tarekatna Agami,
nyaeta dina waktu,anu 5
dina sapoe sapeuting,
kapan raka’atna eta 17
kade sing kapaham,
pasal tarekat agami,
dina waktu lima,
dina sadinten sawengi,
17 raka’ati,
teu kurang teu punjul,
sing kapanggih,
dzat sifat asmana alloh ta'ala
[21/12/2021 11:35] Aing: Akbar na sing kapendak,
ari ibadah ti leuleutik,
teu ninggalkeun waktu 5,
bingun na liwat saking,
najan dicipta ku ati,
weleh bae teu ka emut, anggur hate ambariang,
cus cos ka sagala rupi,
duh naha kumaha
atuh kudu na.
Sangkan sampurna ibadah, ulah gawe tanpa hasil,
aya Hadist,
mun amal teu reujeung ilmu, batal teu jadi amalna,
bukti ning,
bet teu raos karaosna,
ku dirina.
mantak bingung rasana, tandana jadi teu beresih
nya manah,
jadi mang-mang ati ge,
mun hayang bersih,
ibadah ka Maha Agung,
prak geura teangan,
tarekat na Ilmu Wali,
mun ka pendak
geus tangtu bisa ma’ripat.
Buktikeun hurup aksara,
nu 17 tadi,
teangan dina salira,
jalan tarekatna Ilmi,
pikeun nyusul anu tadi,
Dzat Sipat Asma
Yang Agung,
tanwande bisa kapendak, katinggal ku rasa jati, mimitina teangan nu 17
Da moal enya bet beda,
jeung tarekatna Agami, pada-pada 17,
ngan aya beda saeutik,
dina migawena,
ari ku tarekat ilmu,
nu 17 aksara,
eta bareng dipakena
dina waktu waktu na
Nu mawi bisa ma’ripat,
kana jatining Agami,
tah kitu sababna,
pang na kudu ma’ripat jati, sangkan urang keur di dohir, sampurna ibadah ,
ngalakonan rukun Islam, parentahna Kangjeng Nabi, alus pisan daek amal
jeung elmuna.
tarekat ilmi,
pasal hurup nu 3
huruf Ca Nya Nga,
nu teu aya dina Qur’an,
naha naon margi na,
pang teu aya na
eta teh bibit,
bibitna sagala rupa,
nu langgeng teu owah gingsir, dzat sipat asmana gusti Allah jeung
Muhammad Rasul, Adam bibit Nabi
bibit Wali,
eta aksara,nu 3 Ca nya Nga cecekna paek geura itung, aya sabaraha jumlahna,
gening 9
3~3 dina sahiji aksara.
Tah eta
hakekatna para Wali, sareatna geuning aya,
di Cirebon geus bukti,
Wali salapan
Wali tunggal kasapuluhna
hakekat teh
tangtu aya
sare’at.
[21/12/2021 11:50] Aing: nu bieu mah hakekat, nyandak tina huruf tulis,
ari hakekatna,
Wali di diri pribadi,
pan kudu ngajinis,
ngaji sa adegan wujud,
aya nyatana,
hakekatna para Wali,
dina ieu saadegan wujud
pek bilang cecek na
badan urang liangna diri, nyata pisan,
liang-liang di jasmani,
nu dilihur 7 jeung
2 dihandap.
Kasapuluh Wali tunggal, tunggalna wujud pribadi,
ma’nana Wali teh hartina
pangurusna hal agama.
Wawakilna rasulullah,
ma’nana Wali,
nyatana eta pangurus,
sing rumasa, diurus
beurang jeung peuting,
pan sidik nu ngurus diri
eta 9 liang.
ning mun hayang dahar, diurus ku baham pasti,
kitu deui hayang ninggal, diurus ku panon bukti, hayang ngangseu
diurus ku irung,
hayang ngadenge ge nyata, diurus ku cepil
kiih ngising diurus
ku liang handap.
Wali teh wawakil Gusti, wawakilna Rasulullah,
eta ge bener
naha eta liang tadi,
lain wawakilna Rasul,
nyaeta rasa,
rasa teh pan gaib,
nu bukti mah
panon cepil irung baham.
leres pan teu tebih ti diri,
ku bawaning nya ngahiji, sagala rupa teh kumpul, arasup ka wujud urang,
kana saadeging diri,
teu ingkah teu ical ti salira.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar