[24/3 00:36] Aing:
unggeling ceuk dalil,
pamulihan, nu bener eta
yen urang teh kudu balik,
ka Allah
teu kenging salah,
mung ulah kaliru,
kudu tohid ti ayeuna,
sing mirasa
urang geus aya di Gusti, geus mulang
ka Gusti Allah.
Mun geus tohid
ngarasa geus balik,
rasa urang geus ngancik
di Allah,
dina sifatna geus ‘aen,
nu tadi disebat
Nurullah
iman sajati,
nu caang
padang gumawang,
dina lebet kalbu,
beubeunangan nyiar nyahona,
dina laut ka yakinan
nu jerona tanpa tepi,
nyaeta Sagara Hayat.
sing kaharti,
yen mulih teh
kedah ti ayeuna,
ka Allah sing kapiraos,
geura ngarasakeunnana geus balik,
geus aya
di Gusti Allah.
ti ayeuna
[24/3 00:36] Aing: Wa huwa ma’akum, babarengan jeung Pangeran,
geura karasa ti ayeuna aqrob na sareng
gusti nu maha suci
Sabab mun boga tekad balik, tanda-tanda boga rasa anggang,
jeung Allah pajauh keneh, teu
wanahnu aqrobu,
geuning kitu unggel dalil,
sundana
taya antara,
Allah sareng makhluk,
sing lenyep mikiran eta tuduh tadi,
Na ayeuna ngaraos patebih, jeung sifatna anu
Maha Mulya,
anu tadi
enggeus ‘aen,
nyaeta sifatna nur,
wujudna iman sajati
kade urang mah ulah ngarasa mopohokeun,
tong ngarasa pajauh,
wengi sumawonna siang, najan nepi kana wafat.
sing mgaraos qorib srg nu maha kawasa....
salamina ti
ayeuna.
[24/3 00:36] Aing: sing inget ka wiwitan tadi, waktu urang samemeh
ka dunya,
ti alam Akherat ge,
teu ngabogaan maksud urang gumelar ka dohir,
tapi teu burung aya,
di dunya ngawujud,
eta kersana saha ?
teu aya deui,
anging ku kersana Allah.
pang ayana urang di dunya, ku kersana
Gusti Yang Manon,
hal dina pamulihan,
engke waktu pupus,
tong boga cita-cita,
boga tekad arek mulih,
kana salian ka alloh.
kapan nurutkeun dalil ge, Inna lillahi kauni,
wa inna ilaihi , rojiun
urang asal ti Gusti,
nyaeta ti Gusti Allah.
diwajibkeun kudu bisa,
balik deui ka Allah Ta’ala, ,
jadi mun teu bisa wangsul, ka Allah asalna tadi,
nya tangtu bakal cilaka, nyasab moal burung,
tangtu sakaparan-paran, untrak atrok
sakabulang bentor pasti, temahna jadi sangsara.
pan kitu ceuk dalil,
kudu tohid ti ayeuna,
sing mirasa urang geus aya di Gusti,
geus mulang ka Gusti Allah.
[24/3 00:36] Aing: mun eta nyawa jalmi, imanna beurat kana dunya,
nya tangtu ragragna ge,
ka dunya deui ,
kakurung ku alam dohir,
nya jadina marakayangan,
ka onom nyalindung,
kana dedemit siluman,
kana batu
kana cai
kana kai,
boh nitis menitisan.
Ka manusa
sok surup sumanding,
mun dina keur aya kahayang sok nyurup ka saha bae,
pokna teh hayang surutu, jeung cikopi anu amis,
sakur kabeuki tadina,
dina keurna hirup,
da ilahar di dunya mah,
hirupna teh
kudu barang dahar ,
pan geuning sidik pisan.
geura prak ti ayeuna
mirasa babarengan na
sareng gusti nu maha
suci........
[24/3 00:36] Aing: urang geus aya,
di Gusti geus dumuk, kapersifat ku Pangeran,
diuk nangtung leumpang sare jeung nyaring,
teu weleh kudu ngarasa
aya di Allah.
Mun geus kitu ekeur naon kudu boga patekadan,
ke dina waktu maot,
da ti ayeuna geus teu ngarasa pajauh jeung alloh,
pan basa ngaran balik,
kudu aya antarana,
sareng lamun kitu,
atuh Allah teh bertempat,
pan tadi unggel dalil, mungguhing Gusti Allah mah.
teu arah
teu enggon deui,
teu warna
teu rupa,
rarasakeun mun rek sare, dina saparantos tunduh
ning teu karaos deui,
tina eling kana lesna,
sareng teu puguh,
teu ninggal aya tempatna,
malah teu kudu ditekadan deui,
sumawon bade nyaringna.
Eta bae contona mah
da sare teh
gambaran wafat
tapi nyaring sare oge, sanajan ngimpina kitu,
geus teu kaluar deui,
tina Qudrat Iradatna,
Gusti Maha Agung,
tina kawasa kersana,
jadi atuh ayeuna mah
urang kantun
nyekelan sarupa.
nya
Laa haula,
wa laa quwwata
illa billahil ‘alillyul ‘adzim,
tegesna
sing ngarasa, bodona
si wujud,
teu daya teu upaya,
sing ngarasa jadi teu ayana
upama geus kitu tekad.
Jadi rasana urang teh
geus mati,
enya soteh masih usik obah, sarta masih aya keneh,
ayeuna di alam dunya kitu, dikersakeun keneh ku Gusti,
teu gaduh nya kahayang, kantun pasrah wungkul, nandean sakersana,
cek dalilna
lillahi ta’ala
pasrah bae ka pangeran.
Kantun urang Iman bae siang wengi
ulah samar-samar,
kana dzat sifat Yang Manon, Haqullah anu disebut,
lenyepkeun ulah rek lali, insya Allahu ta’ala,
mun geus kitu,
salamet dunya akherat,
boh hirupna
sumawon maotna deui,
da teu kaluar ti dinya.
Geus kakurung
ku hak Maha Suci,
keur hirupna sumawon paehna,
atuh bet piraku bae, manggih siksaan kitu,
da tetep dina hak Gusti,
enya soteh bakal aya, siksaan di kubur, sareng siksaan di Akherat,
nya eta mah nyawa jalma anu balik,
kana Haqul Adam tea.
Haqul Adam teh,
nyatana
ieu anu bukti,
nyatana alam dunya,
mun nyawa makhluk, paehna balik ka dunya,
geus tangtu cilaka
bakal balai,
nyorang sagala siksaan.
Dina ke Walyaomil akhiri, nya eta kiamat dunya,
lajeng
ngawalon, eta nyawa anu wangsul, nu balik ka dunya deui, nya ieu ka
Haqul Adam, eta jalma kitu, kumaha keur di dunyana,
eta sifatna Haqullah,
nya etabnu ngaran
sagara hirup,
Tidak ada komentar:
Posting Komentar