Rabu, 06 April 2022

Ka-aqroban saurang hamba jeung Gusti-Na,

[10/3 11:48] Aing: 


MUKADIMAH

Ka-aqroban 
saurang hamba jeung Gusti-Na, 
sapertos anu tos di Firmankeun ku Alloh 
dina salah sawios 
Hadist Qudsi 
(anu langsung sumping ka leubeut Qolbu Rasululloh) :
ﻤـﺎﺍﺗـﻘـﺮﺑﺎﺍﻠﻲﺍﻠﻤﺗـﻘـﺮﺒـﻮﻥ ﺒـﻤـﺜـﻞﺍﺪﺍﺀ ﻤﺎﺍﻓـﺗﺮﻀﺖ
ﻋـﻠﻴـﻬـﻢ ﻮﻻﻴـﺰﺍﻞ ﺍﻠﻌﺒـﺪﻴـﺗـﻘﺮﺐﺍﻠﻲ ﺒﺎﻠﻧﻮﺍﻓﻞ
ﺤـﺗﻰﺍﺤـﺒـﻪ ﻓﺎﺀ ﺬﺍﺍﺠـﺒﻠـﺗـﻪ ﻜـﻧـﺖ ﺴـﻤـﻌـﻪﺍﻠـﺬﻱ
ﻴﺴﻤـﻊﺒـﻪ ﻮﺒﺼﺮﻩﺍﻠﺬﻱ ﻴﺒﺼﺮﺒـﻪ ﻮﻠﺴﺎ ﻧـﻪﺍﻠﺬﻱ ﻴـﻧﻃﻖ
ﺒـﻪ ﻮﻴﺪﻩﺍﻠﺗﻰ ﻴـﺒﻃﺶ ﺒـﻬﺎﻮﺮﺠﻠـﻪﺍﻠﺗﻲ ﻴـﻤﺷﻰ ﺒﻬﺎ
ﻮﻗﻠﺒـﻪﺍﻠﺬﻱ ﻴـﻀﻤﺮﺒـﻪ
“ MA ATAQARRABA 
ILAYYAL MUTAQARRIBUNA BIMISTLI ADA’I MAFTARADLTU’ALAIHIM, WALA YAZALUL’ABDU YATAQARRABU ILAYYA 
BIN NAWAFIL, 
HATTA UHIBBAHU, 
FA IDZA AHBABTUHU KUNTU SAM’AHULLADZI YASMA’U BIHI WABASHARAHUL LADZI YUBSHIRU BIHI 
WA LISANUHUL LADZI YANTHIQU BIHI WAYADAHUL LATI YABTHISYU BIHA 
WA RIJLAHUL LATI YAMSYI BIHA WA QALBAHUL LADZI YADLMIRU BIHI”

Hartosna :
Jalma-jalma anu ngarasa deukeut ka KAMI, 
teu saukur ngalaksanakeun naon anu Kami Fardhukeun wungkul ka maranehna, malahan si jalma eta ngarasa deukeut ka Kami bari jeung ngalaksanakeun amalan-amalan Nawafil (salaku ibadah tambahan) neupikeun Kami oge mikacintana. 
Lamun Kami geus mikacinta kamaranehna, 
Nya Kami 
anu bakal jadi pangdanguna, anu jeung eta manehna 
bisa ngadenge, 
Kami anu jadi paningalna pikeun nenjo, 
Kami anu jadi pananganna pikeun nyekeul, 
Kami anu jadi suku pikeun lempang, 
jeung Kami oge 
anu jadi Hatena, 
anu jeung eta manehna 
bisa ber-Fikir kalawan boga cita-cita (panghareupan). (Riwayat imam bukhori).
Dina salah sawios 
Hadits Qudsi 
Allah SWT Berfirman :
ﻜـﻧﺖ ﻜـﻧﺰﺍ ﻤﺧـﻔـﻴﺎ ﻓﺎﺀ ﺤـﺒـﺒـﺖ ﺍﻦ ﺍﻋـﺮﻒ ﻓـﺧـﻠﻘﺖ ﺍﻠﺧﻠﻕ ﻠﻴـﻌﺮﻓـﻧﻲ
KUNTU KANZAN MAKHFIYYAN, 
FA AHBABTUAN ’URAFA 
FA KHALAQTUL LIYA’RIFANI
Hartosna :
“ Kami nyaeta (hiji) rusiah (pembendaharaan) 
anu Gaib. 
Tuluy Kami boga kahayang supaya di kanyahokeun. Terus Kami nyiptakeun 
Alam sarta makhluk (Muhammad). 
Taya lian supaya maranehna bisa Ma’rifat (nyaho) 
ka Kami”.
ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ﺗـﻌـﻼ
AWALUDINI MA’RIFATULLAHI TA’ALA
Naon Artina “ AWALUDINI ( ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ) ?
Yakni 
Permulaan Agama.
Jeung Permulaan Agama eta Ma’rifatullah ( ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ), 
nyaeta 
Nyaho jeung ngaku 
ayana Allah.

Naon asal Ma’rifat (ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ) ? 
Bahwa asal Ma’rifat eta 
bisa dibedakeun antawis
Mukhadas sareng Qodim sabab 
Hakikat akan wujud 
eta Mukhadas, 
jeung 
Hakikat Wajibul Wujud 
eta Qodim, 
teu tiasa bersamaan kaduana, 
jeung tidak berhimpun kaduana.

Anu mana dinamakan Agama itu ? 
Bahwa yang dinamakan Agama itu 
yaitu ibarat dari pada menghimpunkan 
ke-Empat perkara, Yaitu : Iman, 
Islam, 
Tauhid dan 
Ma’rifat
[10/3 11:54] Aing: WAMAN LAN YAKFIRULLOH FIDDUNYA, 
FAKAIFA YAROHU 
FIL AKHIROH
( Q.S. BANI ISRAIL : 72 )

Hartina : 
Saha-saha anu lolong 
(teu nyaho) ka Alloh 
keur didunyana, 
geus tangtu 
di akheratna oge lolong.

LAESA KAMISLIHI SYAEUN WAHUWA SAMIUL BASHIR
Hartina : 
Gusti Alloh teh 
teu bisa disaruakeun 
jeung naon bae nu aya 
di ieu dunya.

LATAHAROKUL JASADU ILLA BIIDNIROH, WALATAHAROKUL ROHU ILLA BIIDNILLAH.
Hartina : 
Obah usikna jasad ku Roh, Jeung 
obah usikna Roh 
ku Gusti Alloh.

WAHUWA MAAKUM AENAMA KUNTUM
Hartina : 
Gusti Alloh teh 
babarengan bae jeung makhluk-makhlukna, 
dimana bae manehna aya didinya anjeuna aya 
( Q.S. Al-Hadid : 4 )

WANAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL WARID (Q.S. Qaf : 16 )
Hartina : 
Kami jeung maneh 
geus eweuh antarana deui, deukeut keneh Kami 
ka maneh 
ti batan urat beuheung 
nu nganteung dina beuheung maraneh.

WALLOHU BIKULLI 
SYAIIN MUHIT
Hartina : 
Jeung Allah nga angliputan ka sakabeh makhlukna 
nu aya dina ieu alam.

AL-INSANU SIRRI 
WANA SIRRUHUU
Artinya : 
“Manusia teh gudangna rusiah Kami, 
Jeung Kami teh gudang rusiahna (maranehannana)”.

LAM YANSA’NI ARDHI 
WA LA SAMAA’IY WAWASI’ANI QOLBU AB’DI ALMUUMINU 
ALLAYYINU 
ALWAADI’U.
Bumi jeung langit 
teu sanggupeun ngamuat Zat Kami (Dhat Allah), lintang ti hate hamba-hamba Kami anu mukmin 
nu Mukhlis (ikhlas), 
kalayan tawadhu.

AL-INSANU DHOHIRULLAHI WA ILLAHU BATHINUL IMAMMA
Artinya : 
Manusia teh 
wujud lahiriahna sedengkeun 
Allah wujud batinna.
ﻮﻤﺎﺧﻠـﻘـﻞﺍﻧـﺴﻦ ﻠﻞ ﻤـﻌـﺮﻓـﺘـﻴـﻪ
WAMA KHOLAQOL INSANAA LIL MA’RIFATIHI
“Dan Tidaklah Aku Ciptakan Manusia Melainkan Untuk Ma’rifat (mengenal) 
ke pada-KU”.

YAA AYYUHAN NAS !, 
MAN QASHADANII’ARAFANII WAMAN A’RAFANII ARAADANII 
WAMAN ARAADANII THALABANII. 
WAMAN THALABANII WAJADANII 
WAMAN WAJADANII DZAKARANII 
WALAM YANSANII. 
WAMAN DZAKARANII WALAM YANSANII DZAKARTUHUU 
WALAM ANSAHUU.
( Hai Manusa ! 
Singsaha anu nuju ka Kami, manehna bakal nyaho (Marifat) ka Kami. 
Singsaha anu nyaho 
ka Kami, menehna miharep ridho kami. 
Singsaha anu miharep Kami, tangtu neangan Kami. Singsaha anu neangan Kami, tangtu bakal menangkeun Kami. Singsaha anu geus menangkeun Kami, salawasna manehna 
nyebut tur eling ka Kami, jeung moal rek mopohokeun Kami, 
Singsaha jalma anu salawasna nyebut tur eling ka Kami, 
maka Kami salawasna ingeut jeung manehna moal Kami popohokeun.
[10/3 12:03] Aing: WAMAN ARAFALLAAHA 
FA ATHOO’AHU NAJAA WAMAN ARAFASY SYAITHAANA 
FA TARAKAHUU SALIMA. WAMAN ARAFADDUNYA FARAFADLAHAA KHOLISHO. WAMAN ARAFAL AKHIRAH FATHALABAHAA WASHOLA FA INNALLAAHA YAHDII MAN YASYAA’U WA ILAIHI TUQLABUUN.

(Jeung singsaha 
anu nyaho ka Allah, manehna taat, 
maka manehna salamet. Singsaha anu nyaho setan, manehna ninggalkeun godaannana, 
manehna salamet. 
Singsaha anu nyaho dunya, manehna nolak, 
maka menehna bersih jeung lepas tina sagala keterikatannana. 
Singsaha anu nyaho akherat manehna nuntut kalawan miharepna, 
maka manehna nepi 
kanu ditujuna. 
Saenyana Allah 
mere pituduh ka singsaha wae anu dikehendakina jeung mung ka Anjeunna urang bakal dikembalikeun.

Ari kawajiban Ma’rifat 
pikeun manusa aya 4 hal nyaeta :

Marifatul Kholqi 
(Nyaho kana sakabeh makhluk ciptaannana) ,

Marifatul Al-Ghair 
(Nyaho kana sakabeh jiwa jeung tabeat manusa)

Marifatu Nafsi 
(Nyaho ka dirina sorangan) ,

Marifatullah 
(Nyaho ka Allah).
ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ﺗـﻌـﻼ

AWALUDINI MA’RIFATULLAHI TA’ALA
Hartina : 
Ari awal permulaan agama nyaeta 
kudu nyaho ka Allah Ta’ala. 

Maksudna 
supaya enggoning urang ngalakonan ibadah teh ngarah syah ditarima 
amal ibadahna 
ku Allah Ta’ala 
sabab 
“amal teh 
kudu kalawan elmu, 
lamun teu kalawan elmuna bakal batal, 
moal aya manfaatna 
pikeun di akhirat, 
ngan saukur keur mapaesan dunya wungkul”.

Tapi nganyahokeun 
ka Allah 
eta lain saperti nganyahokeun kahawades beh jentulna 
tapi kudu ku Elmuna 
sabab ceuk dalilna oge 
ari Allah mah 
“ Dhat Laesa Kamislihi Saiun” 
(teu aya upamana 
bakating kuhiji-hijina) 
mung Anjeuna nyalira 
anu jumeneng ku Anjeun “Dhat tanpa wiwitan-
Dhat tanpa wekasan”.
“ AWALU WAJIBUN 
ALAL INSAN MARIFATULLAHI 
BI ISTIQANI”
Ari awalna (mimitina) kawajiban manusa 
nyaeta 
kudu nyaho ka Allah 
ku kayakinan anu panceug/kuat (istiqomah) 
nyatana anu 
teu umbut kalinuan 
teu gedag kaanginan. 
Lir ibarat urang ngucapkeun dua kalimah syahadat, 
lain ngan ukur bisa ngucapkeun wungkul 
dina sungut, 
bahwa urang geus nyaksi yen teu aya deui panggeran iwal ti Allah 
sareng 
Muhammad Rasul Allah, 
lain saperti kitu bae 
tapi kudu jeung 
sidikna 
nyatana 
Sidik kana Dhatna, 
Sidik kana Sifatna, 
Sidik kana Af’al-na jeung Sdik ka Rasulna. 

Lamun urang 
geus sidik kanu opat perkara tadi 
baru urang bisa disebatkeun syah ibadahna, 
ari kangaranan SYAHADAT nyaeta 
Syah/ bener nurutkeun Adat/carana 
nyatana 
Syah Dhat-na, 
Syah Sifat-na, 
Syah Asma-na jeung 
Syah Af’al-na. 

Kapan ceuk dalilna 
dina Qur’an oge 
“ WABUDU ROBBAKA HATTAA YA’TIYAKAL YAQIN” 
(Jeng Ari nyembah ka Allah teh kudu sidik 
kalawan yakin 
Q.S Al-Hijir : 99).
[10/3 14:38] Aing: Kecap yakin 
didieu ngandung harti 
anu geus bener-bener percayana, 

percaya oge cumah 
lamun teu dibarengan 
ku Ma’rifatna 
ari hartina Ma’rifat 
nyaeta nyaho. 

Jadi percaya 
kana ayana Allah teh 
kudu jeung nyaho 
kalawan sidikna, 
upama teu jeung nyahona/sidikna 
berarti Iman-na Taklid (Nyaeta ngaku Iman 
ngan saukur sabatas omongan 
jeung mung sakadar 
ceuk kitab wungkul).
ﻮﻤﻦﺍﻋـﺮﻑ ﻧـﻔـﺴـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺍﻋـﺮﻑ ﺮﺒـﻪ ﻮﻤﻦ ﺍﻋـﺮﻑ ﺮﺒـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺠـﻬـﻳﻼ ﻧـﻔـﺴـﻪ
“ WAMAN AROFA NAFSAHU FAQOD AROFA ROBBAHU, WAMAN AROFA ROBBAHU FAQOD JAHILAN NAFSAHU”
(Singsaha jalma 
anu geus nganyahokeun kadirina sorangan 
tangtu bakal nyaho 
ka Panggerannana, Samangsa-mangsa geus nyaho ka Panggerannana tangtu bakal leuwih nyaho kadirina anu bodo).
ﺍﻋـﺮﻓـﻜﻢ ﺒـﺮﺒـﻪ ﺍﻋـﺮﻓـﻜﻢ ﺒـﻧـﻔـﺴـﻪ
ARAFUKUM BIRABBIHI ARAFUKUM BINAFSIHI Artina : 
Jalma anu bener-bener nyaho ka Allah 
nyaeta anu geus lewih ngarti jeng nyaho ka dirina sorangan.


Tapi nyaho ka Allah 
lain cukup kupanon lahir wungkul 
tapi kudu jeung elmuna, sabab 
Ghoib kudu ku Ghoib deui 
da manusa oge aya ghoibna kapan saur dalilna oge
“WALLAHU GHOIBUN AL-INSANU GHOIBUN” 
(Ari Allah teh Ghoib 
manusa oge Ghoib), 

Iwalti kudu nganyahokeun ka dirina sorangan.
ﻤﻦﻋـﺮﻒﺍﷲ ﻻﻴـﺧـﻔﻰﻋـﻠﻴـﻪ ﺷـﻲ
MAN ‘ARAFALLAHA 
LA YAKHFA ‘ALAIHI SYAI’UN
Hartosna : 
Singsaha anu geus nyaho 
ka Alloh, 
teu aya deui rusiah sejen (anu Ghoib) di MantenNa.

Pengenalan ka diri sorangan ngarupakan Fardhu Ain sesuai jeung dalilna 
“WALA ANA AWALU NAFSI FARDHU AEN” . 
(Jeung kanyahokeun 
ku anjeun saenyana mimitina kudu nganyahokeun kana 
sifatna hirup kalawan “aen”/wajib). 

Bagi tiap-tiap manusia mengenal bahwa diri itu harus dikenal sebagai 
suatu Zat yang hina, lemah, dhoif, umi dan fana 

pengenalan mana 
dapat menimbulkan keyakinan bahwa 
Tuhan itu 
Mulia, 
Berkuasa dan 
Kekal AdaNya. 

Orang yang tidak mengenal dirinya 
tidak akan mengenal Tuhan-Nya 
baik didunia maupun 
di akhirat 
dan apabila ia tidak kenal akan TuhanNya 
maka ia tidak dapat menyembah TuhanNya itu dengan sebaik-baiknya. 

Bukankah orang yang buta didunia ini 
akan buta pula nantinya 
di akhirat 
bahkan lebih sesat lagi ?

WALIKULI QULU UMATIN WAROSULIHI
(Q.S. Yunus : 47)

Hartina : 
Dina sakabeh umat 
pada katetepan Rasululloh, hartina Rasa Alloh.

WATTAQULLOHA WAYU’ALIMUKUMULLOHU
Hartina : 
Kudu taqwa maraneh (ngabersihkeun kokotor lahir batin) 
engke maraneh tangtu 
di paparinan elmu Allah.
[10/3 14:44] Aing: AM KAEFA YARHALU ILLALLOH 
WAHUWA MAKBALUN 
BI SAHWATIHI
Hartina : 
Kumaha rek bisana lumampah nepangan Alloh, sedeng manehna diringkus ku hawa nafsuna.

Kusabab eta 
mempeng urang keur 
hirup didunya, 
urang kudu bener-bener ibadahna ka Allah, 
jeung ikhtiar pikeun beukeul urang engke mulang 
lamun geus 
di parengkeunnana 
cunduk waktu 
ninggang mangsa 
balik ka akherat 
nyatana maot 
anu bakal pasti kaalaman kusakabeh anu hirup, 
aya paribasana 
“Mawa payung 
samemeh hujan” 
tegesna 
kudu bisa nganjang kapageto 
nyaeta kudu bisa ngarasakeun maot samemeh maot 
anu sabenerna
ﻤـﻮﺘـﻮ ﺍﻗـﺒﻞ ﺍﻦ ﺘﻞ ـﻤﻮﺘـﻮ
MAUTU QOBLA 
ANTAL MAUTU , atawa ( ANTAL MAOTU 
QOBLAL MAOTU)
Hartina : 
Kudu bisa paeh 
samemeh paeh 
( kudu bisa mati 
sajeroning hirup)

HASABU ANFUSAKUM QOBLA ANTAL HASABU.
Hartina : 
Hisab heula 
ka badan sorangan samemeh 
ngahisab ka batur

INNA LILLAHI 
WA INA ILAIHI RO’JIUN
Hartina : 
Asal ti Alloh 
kudu balik deui ka Alloh.
ﺍﻻﺣﻖ ﺒـﺎﻻﺣﻖ ﺍﻻﺣﻖ ﺒـﺎﻻﺣﻖ
ILLA HAQQA 
BILLA HAQQIN – 
ILLA HAQQIN 
BILLA HAQQA
(Hak Allah teh 
Hak Muhammad – 
Hak Muhammad teh 
Hak Allah)

Jadi ngeunaan 
Hak Allah jeung 
Hak Muhammad 
eta kabeh oge 
geus kahimpun tina 
“Dua Kalimah Sahadat”.

Kapan Ari 
Kasampurnaan SAHADAT
eta aya 4 (opat) perkara :

1. Nganyahokeun : Ngandung harti 
kudu geus Sidik 
kalawan Ma’rifat-na 
Ka Allah Ta’ala 
kapan 
Hak Mutlak Allah SWT 
nyaeta 
dikenali dan diketahui keberadaan Diri-Nya, 
Yang meskipun Al-Ghaib (tidak akan pernah menampakan diri 
di muka bumi ini) 
namun 
dapat dirasakan 
amat sangat dekat sekali dalam rasa hati ini 
(lewih deket tibatan 
urat beheng hamba-hambaNa).

2. Ngucapkeun : 
Ngandung harti 
nandesken atawa negaskeun ku ucap, 
kana naon hal 
anu geus kapanggih jeung kasungsi ku diri pribadina. Sebagai 
ikrar penyaksian kana Ka-Agungan Allah SWT.

3. Ngabenerkeun : Ngandung harti 
nga enyakeun 
kana naon hal anu geus 
jadi padamelannaNa, Nyatana ayana Urang, 
Bumi, langit, Sawarga jeung Naraka, katut sakabeh pangeusina. 
Anu ngarupakeun 
bukti nyata 
tina sagala Af’alna 
Kang Maha Suci.

4. Ngayakinkeun : 
Ngandung harti 
anu geus nyampai 
kana 
Syarat syah-na Sahadat.
[10/3 14:49] Aing: Sedengkeun Ari 
Syarat Syahna 
Maca Sahadat teh :

1. Kudu geus Netepkeun 
    Kana Dhat-na Allah Ta’alla
2. Kudu geus Netepkeun 
    Kana Sifat-na Allah Ta’alla
3. Kudu geus Netepkeun 
    Kana Af’al-na Allah Ta’alla
4. Kudu geus Sidik Ka 
    Rasululloh kalawan geus 
    netepkeun kana Sifat 
    Rasululloh, 
    nyatana : 
    Sidik, 
    Amanah, 
    Fathonah, jeung 
    Tabligh.

Ceuk paribasa sepuh mah Ulah nuduh kanu jauh 
ulah nyawang kanu anggang, 
Anu anggang geuwat raketan, 
anu deukeut geuwat dehesan 
(Anu hartina : 
riksa kudiri sorangan naon-naon anu aya dina diri/awak sorangan).

Saur Pidawuh Rasulullah oge
“NAFSIKA MATIYATUKA FARFUK BIHAA” 
Artina : 
Diri anjeun lir ibarat 
Jalan (Alat) pikeun bisa Nyampai kana Ridho-Na Kami.
ﻮﻤﻦ ﻄﻠـﺒﻞ ﻤﻮﻠﻦ ﺒـﻐـﻴـﺮﻱ ﻧـﻔـﺴـﺢ ﻓـﻘﺪ ﻇﻞﻇﻞ ﻷ ﻦ ﺒـﻴـﺪ
WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI 
FAQOD DHOLA DHOLALAN BA’IDA
(Jeng Saha-saha jalma 
anu neangan Panggeran (Allah) 
kaluar tina dirina sorangan mangka satemen-temenna eta jalma geus kasasar.) 

Dina hal ieu 
nembe kuurang tos tiasa kasawang jeung kalenyeupan 
yen hakekatna Panggeran sabenerna teu jauh jeung diri urang sorangan, malahan justru leuwih moncongok Manten-Na tibatan diri urang sorangan “Nahnu Aqrabun Illaihi Min Hablil Warid”
(Kami leuwih deukeut kamaraneh tibatan urat beheungna sorangan 
Q.S Qaaf Ayat 16 ) 

“Wahuwa Ma’akum 
Ainama Kuntum” 
(Jeung kami marengan kamaraneh sakabeh ( Dimana anjeun aya 
nya didinya kami aya)
Q.S Al-Hadid Ayat 4).

“Ru’yatullahi Ta’ala fidunya bianil Qolbi” 
(Ningalina Allah didunya kupanon (mata hati) 
tapi teu kalawan kafiat sabab teu adu hareupan, kusabab geus ngahiji sagulung sagalang 
lir upama 
sagara jeung ombakna, seneu jeung panasna, 
cai jeung tiisna, 
kembang jeung sengitna, gula jeung amisna, 
kopi jeung paitna, 
uyah jeung asinna. 

Kapan ceuk dalilna oge “ Innalloha Ala Kulli Sai’in Muhit”
(Saenyana Allah Ta’ala ngaangliputi kasakabehna 
lir ibarat cahaya 
kaangliputi ku caangna, seneu kaangliputi 
ku panasna).
[10/3 15:00] Aing: IMAN – 
TAUHID – 
MA’RIFAT – 
ISLAM

IMAN : 
Percaya kalawan yakinna

TAUHID : 
Teuteup – ajeug – Jeujeug

MA’RIFAT : 
Nyaho – Nyata – Teu samara

ISLAM : 
Suci – Sumerah – Salamet

Haqul Aen : 
Kakara deudeukeutan atawa reureujeungan

Haqul Yakin : 
Geus deukeut / geus reureujeungan

Ma’rifatul Aen 
Nyaeta kakara basa jeung carita.

Ma’rifatul Haq 
Nyaeta geus nyata, tetela karasana

NU KA ASUP 
KUMAWULA KA GUSTI TEH NU ASIH KA PAPADA MAKHLUKNA
Hartina : 
Jalma anu geus nyaho hartina bener, 
tara gampang nyalahkeun nu lian.

Jalma anu geus uninga 
ka Gusti, 
tangtu welas asih 
ka abdi abdina. 

Anu welas asih 
ka abdi abdina, 
saolah-olah ngabakti anjeunanana. 

Ulah waka ngaku 
tunggal jeung gusti, 
upama can welas asih 
ka makhlukna.

AGAMA teh 
pituduh jeung katerangan 
ti Alloh Ta’ala. 

Filsafat 
hasilna tina pikiran manusa.

Iman teu jeung ikhtiar, 
Elmu teu jeung amal 
sarua jeung kosong. 

Saksi nu nomer hiji 
nu baris 
nyalahkeun jeung ngabenerkeun teh 
hate. 

Najan pinter bisa nyarita ngareka reka basa, 
najan unggul dina catur, 
hate mah tetep nyaksian ( nu salah bakal cilaka, 
nu bener bakal salamet).

◙ LENYEPANEUN

Akal jeung pikiran dikamudikeu ku tekad, 

tekad 
dikamudi ku Tekad 
anu lempeng bener, 
teu cukup ku elmu nu luhur, teu cekap ku paham 
nu tabah, 
anging ku 
“ KODRAT IRADAT 
NU MAHA SUCI ”. 
(Nyeka raga, 
Mersihan diri, 
Nyucikeun ati 
‘ TATAPA NEDA LAKSANA’
Dina Al-Qur’an : 
“WA’ ASMAIHI TA’ALLOH ABADAN BI KUFRO”
Hartina : 
Sing saha 
nu ngaji Asmana bae, 
tetep kafir 
lamun teu timu barangna.

Barang dina wujud 
ngan aya 4 (opat) perkara :

1. SAREAT
    Sareat, lakuna badan.  
    letakna dina sungut 
    (Pangucap)

2. TAREKAT
    Tarekat lakuna ati 
     nu letakna dina irung 
     (Pangambung)

3. HAKEKAT
    Hakekat lakuna nyawa,   
    letakna di ceuli. 
    (Pangdangu)

4. MA’RIFAT
    Ma’rifat lakuna rahsa,    
    letakna di mata 
    (Paninggal)

Sholat Subuh : 
Nabi Adam 
ayana dina Wujud

Sholat Lohor : 
Nabi Enoh 
ayana dina Pangdangu

Sholat Asar : 
Nabi Ibrahim 
ayana dina Paninggal

Sholat Maghrib : 
Nabi Musa 
ayana dina Pangucap

Sholat Isa : 
Nabi Isa 
ayana dina Pangangseu

Sholat Minal Witir : 
Nabi Muhammad 
ayana dina Rasa Jasmani

Allah Muhammad Adam
Hirup Rasa Adeg

HIRUP = Kanyataan ayana 
                Gusti
RASA = Kanyataan ayana 
              Muhammad
ADEG = Kanyataan ayana 
              Adam
[10/3 15:07] Aing: Malaikat Jibril mepelingan ka kanjeung Nabi Adam “ 

Kudu tobat, 
ari anu di ucapkeun 
ku Nabi Adam 
dina dalil Qur’an 
nyaeta :
ROBBANA DOLLAMNA ANFUSSANA 
WA ILAM TAGHFIRLANA WATARHAMNA 
LANA KUNNANA 
MINAL KHOSIRIN

ARI ASMA MUHAMMAD ETA AYA 4 (OPAT) PERKARA :

1. MUHAMMAD HAQ 
    (ANU SAJATI)
    Nyatana Dhat Sifat =    
    rupina caang dumeling 
    anu ngarupakeun 
    sagara hirup 
    nyaeta bibit buitna nyawa 
    sakabeh.

2. MUHAMMAD HAKEKI
    Sorotna tina Dhat Sifat 
    anu ngaluarkeun / 
    ngabijilkeun 
    cahaya opat warna:
    Asal tina 4 (opat) 
    unsur Alam :
1. Seneu (Na’run / ﻧـﺮﻮﻥ )
2. Angin (Hawa’un / ﺤـﻮﻋـﻮﻥ )
3. Cai (Ma’un / ﻤـﺎﻋـﻮﻥ )
4. Taneh ( Turabun / ﻄﺮﺍﺒـﻮﻥ )

Asal tina 4 (opat) 
unsur Cahaya :
1. Cahaya Beureum 
    (Nurul Ahmar)
2. Cahaya Koneng 
    (Nurul Ashfar)
3. Cahaya Bodas 
    (Nurul Abyad)
4. Cahaya Hideung 
    (Nurul Aswad)

3. MUHAMMAD HARID
    Nyaeta Rasa pribadi atawa 
    Rasa Jasmani urang

4. MUHAMMAD MAJAJI
    Anu ngarupakeun 
    Rupa Jasmani
    Suku Cangkeng/udel 
    Badan/Tangan Kepala
ﻣ ﺣ ﻣ ﺩ
WA’BUDU ROBBAKA 
HATTA, YA TIYAKAL YAKIN (Q.S. AL-HIJIR : 99)
Hartina : 
Sembah Panggeran Anjeun sing nepi ka datangna kayakinan 
( kudu aenal yakin, 
sing sidik ka Maha Agung, ulah dikira kira, 
di judi judi ku ati 
yen Alloh teh ayana 
di luhureun arasy).

Anu Aqrob jeung kakawasaan anu Agung, hirup urang, 
eta kakawasaan Gusti Nyaeta 
hakekat Muhammad tea.

HAQULLOH = 
Hak Allah = 
hirup urang 

haqqul Adam = 
rasa jeung nafsu = 
Nyawa. 

Ari nyawa 
sifatna geutih 
ari geutih 
nyatana Nafsu.

Sifatna Hirup = 
Sifatna caang = 
Roh Suci.

Manusa kudu wajib percaya kana barang ghoib, 
kapan ceuk dalilna oge :
HUDAN LIL MUTTAQIENNA, ALLADZINA YU’MINUNA BIL GHAIBI 
(Q.S. Al-Baqoroh : 3)
Hartina : 
Nyaeta sakabeh jalma 
anu iman nekadkeun, ngabenerkeun, 
sarta ngaku 
kana perkara ghaib.

WA ALLOHU GHOIBUN 
AL INSANU GHOIBUN
Hartina : 
Jeung Alloh teh Ghoib manusa oge Ghoib.

ASMA’UL HUSNA 
(Asma Gunti Alloh ) sadayana aya 99. 
Diringkeus jadi aya 5, diantarana bae :
1. ASMAUL DHAT
2. ASMAUL SIFAT
3. ASMAUL ASMA
4. ASMAUL AF’AL
5. ASMAUL JINSI
[10/3 15:15] Aing: IMAN AYA 3 PANTA :
1. IMAN TAKLID : 
    Iman tina beja batur
2. IMAN IDLAL : 
    Naek tinu ka hiji
3. IMAN TAHKIK : 
    Geus gembleng, 
    geus yakin kana 
    Dhat, 
    Sifat, 
    Asma jeung 
    Af’alna Alloh Ta’ala

BEDANA 
RIJALUL ALAM JEUNG RIJALULLAH

Duanana oge sapangkat, nyaeta pangkat Senapati. 

Rijalul Alam : 
Nyaeta 
senapati Alloh 
anu ngagelarkeun 
Elmu Dohir 
nyatana elmu kadewaan. 
Ari asalna ti kanjeung Sayidina Anwar (Istijrad) .

Ari Rijalullah : 
Nyaeta 
senapati Alloh 
anu ngagelarkeun 
Elmu Agama, 
anu asalna ti 
kanjeung Syaidina Anwas (Mujizat). 

Duanana oge 
putra Nabi Sit A.S. 
incu ti kanjeung Nabi Adam sareng Babu Hawa .

BEDANA 
ELMU ISTIJRAD JEUNG MUJIZAT

Ari elmu istijrad mah 
teu sesah napaan, 
asal percaya oge 
geus cukup. 

Sedeng ari 
elmu mujizat mah 
kedah di galeuh 
ku ngirangan tuang leueut (Tirakat).

SING TALITI – 
SING SIDIK

NUR MUHAMMAD = 
ADAM HAKEKI = BABAKALNA ALAM DUNYA

CAHAYA BEUREUM = NARUN = 
SENEU

CAHAYA KONENG = HAWAUN = 
ANGIN

CAHAYA BODAS = 
MAUN = 
CAI

CAHAYA HIDEUNG = TURABUN = 
TANEUH / BUMI

KALIMA CAANGNA 
ALIP – 
LAM – 
LAM – 
HE = 
ALLOH ( ﺍﷲ )

DHAT – 
SIFAT – 
ASMA

1. NABI ADAM, 
    PANGKATNA :  
    HALIFATULLAHU

2. NABI ENUH, 
    PANGKATNA : 
    HABIBULLAHU

 3. NABI IBRAHIM, 
     PANGKATNA : 
     HALILULLAHU

4. NABI MUSA, 
    PANGKATNA : 
    KALAMULLAHU

   5. NABI ISA, 
       PANGKATNA : 
       ROHULLAHU

6. NABI MUHAMMAD, S.A.W. 
    PANGKATNA : 
    RASULULLAHU

Para Nabi kasebut diluhur parantos parupus, 

Para “ Rasul” mah 
teuteup teu robah 
nepi ka kiamat oge, 
kumargi kitu 
urang keudah : 
SING APIK – 
SING TELIK

CATETAN TINA 
BAGIAN HAK :

RASULULLAH = 
RASA ALLAH

RASA MANUSA = 
RASA SEJATI GHAIB

RASA JASMANI = 
RASA PRIBADI

Naon hartina 
DALIL – 
HADITS – 
IJMA – 
QIYAS

DALIL = 
Pangandika Allah SWT

HADITS = 
Pangandika Rasul

IJMA = 
Pangandika para Wali jeung para muslimin /ulama

QIYAS = 
Sategesna Akal.
[10/3 16:12] Aing: NAON ARI “ KAFIR “ ?
KAFIR teh 
sategesna lain 
si itu, si eta, 
tapi nyaeta 
jalma anu jahat atina, disagala bangsa oge 
aya tangtuna.

DHAT – SIFAT ALLOH TEH = HAKEKATNA- MUHAMMAD 

SAJATINING SAHADAT = JOHAR AWAL = 
SAGARA HIRUP = 
BIBIT NYAWA SADAYANA.

Tarekatna ngelmu teh = ngagunakeun akal 
sangkan Aenal Yakin.

NAON BEDANA 
HIRUP JEUNG NYAWA

Gusti Allah 
maparin Nyawa ka manusa teh 
dina urang mimiti ngabogaan 
rasa, 
nafsu, jeung 
kahayang. 

Nafsu anu 4 perkara 
nyaeta : 
Nafsu Amarah, 
Loamah, 
Sawiyah, 
Mutmainah. 

Barang mimiti gubrag 
ka alam dunya. 

Sedeng ari Hirup mah 
geus ti beh ditu, 
dijero beuteung indung oge geus bisa usik (hirup suci).
Ceuk Hadits :
“ MAN SOLA 
BILA MA’RIFATIN 
LAA TASINU SOLATUHU”
Hartina : 
Singsaha jalma anu solat bari teu kalawan Ma’rifat, maka teu sah solatna.

Sabda 
Nabi Muhammad SAW (Imam Gojali)
ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ﺗـﻌـﻼ
AWALUDINI MA’RIFATULLAHI TA’ALA
Hartina : 
Awal-awalna agama 
ku Ma’rifat heula ka 
Allah Ta’ala.
Dawuhan Allah Ta’ala dina Qur’an Surat Al Hijir ayat 99 :
WA BUDU ROBBAKA 
HATTA YA’TIYAKAL YAQINU
Hartina : 
Kudu nyembah maneh 
ka Panggeran maneh 
teupi ka Yakin.

Anu Ghoib 
diwujud manusa teh 
nyaeta :
DHAT – 
SIFAT – 
ASMA ALLAH.

Jadi hartina Ghoib teh 
sifat sifatna Hakekat.
DHAT = HAKEKATNA ALLAH
SIFAT = HAKEKATNA 
              MUHAMMAD
ASMA = HAKEKATNA ADAM
AF’ALULLOH = Amanat Gusti Alloh, nyaeta 
suci atina, 
suci ucapna, 
suci lakuna. 

Samemeh urang 
ngawincik Gusti 
ngudag kanyataan Panggeran teh, 
perlu di kanyahokeun pertanyaan-pertanyaan dihandap ieu
1. Naon hartina Agama ?
2. Naon hartina Gama ?
3. Naon hartina Hirup ?, 
    Hirup ku Hirupna – 
    Hirup kunu Hurip.
4. Saha nu Hirupna ?
5. Saha nu Hurip ?
6. Naon hartina Qudrat ?
7. Naon hartina Iradat ?
8. Naon hartina nu 
    Maha Suci ?
9. Naon hartina Elmu ?
0. Naon hartina diri Gama ?

1. Manusa teh makhluk 
   nu pang unggul-unggulna. 
   ti saantara makhluk. 
   Naon unggulna manusa 
   ti makhluk nu sejenna ?

2. Naon bedana hirup 
    urang jeung salian hirup ti. 
    urang ?
3. Naon ari tetengger Agama 
    Islam ?
4. Sajaba Rukun Islam jeung
    Rukun Iman, rukun naon.    
    deui anu di kanyahokeun
    deui ku urang ?
5. Naon ari Rukun Agama 
    Islam ?
6. Naon ari Fardhuna Agama 
    Islam ?
7. Naon ari Saratna Islam ?
8. Naon ari batalna Islam ?
9. Dina kitab naon pepekna.  
    caritaan jeung 
    prak-prakannana anu di
    parentahkeun ku hukum 
    sara ?
[10/3 18:37] Aing: Saparantos ka jawab pertarosan-pertarosan diluhur 
perlu oge di emutkeun, margina aya perlu 
kanggo bahan kapayun nyaeta :
1. Para Nabi = Mu’jizat
2. Para Wali = Karamat
3. Para Mu’min = Syafa’at
4. Ahli Bid’ah = Ihana
5. Bangsa Kafir = Mujajilah

Rek “Iman” ka Gusti Alloh ?, Aos engke dina bagbagan “ Ngawincik Gusti “ 
ngudag 
kanyataan Panggeran.

Alam Anu Tujuh :
1. Alam Ahadiyat
2. Alam Wahdat
3. Alam Wahidiyat
4. Alam Arwah
5. Alam Mitsal
6. Alam Ajsam
7. Alam Insan Kamil

DEMI PUJI AYA 4 HARKAT :

1. PUJI : 
    “KODIM ALAL KODIM”
     DALILANA : 
    “LAILLAHA ILLA ANA”
     HARTOSNA : 
     “EUWEH DEUI 
      ALLAH LIAN TI KULA”

2. PUJI : 
    “KODIM ALAL HADITS”
     DALILANA : 
     “NI’MAL ABDU INNAHU.   
      AWWABBUN”
      HARTOSNA : 
     “PANG ALUSNA JALMA.  
      TEH ANU SABAR” 
      GUSTI ALLAH 
      MUJI KA ABDINA

3. PUJI : 
    “HADITS ALAL KODIM”
      DALILANA : 
      “LAILLAHA ILALLAH”
       HARTOSNA : 
       “EUWEH DEUI.  
        PANGGERAN ANU 
        WAJIB DI SEMBAH.  
        ANGING GUSTI ALLAH ” 
        TI ABDI MUJI 
        KA GUSTINA

4. PUJI : 
    “HADITS ALAL HADITS”
      DALILANA : 
      “JAEDUN KARIMUN”
       HARTOSNA : 
      “JALMA MUJI 
        KA JALMA DEUI”
[10/3 18:49] Aing: NGAWINCIK GUSTI 

Ngawincik Gusti 
ngudag 
kanyataan Panggeran teh, 
ku pirang-pirang hadits 
ku pirang-pirang dalil. 

Hadits teh saringeun deui, jeung 
dalil teh intipeun deui, 

diintip ciri-cirina, 
disaring sari-sarina, 
mun geus ka intip cirina sarta geus kasaring sarina, 

ciri teh jadi ciciren diri, 
sari teh jadi sarining budhi, budhi basa kanyataan, ciciren diri sajati.

Ngawincik Gusti 
ngudag 
kanyataan Panggeran teh, lain pagawean anu gampang-gampang, 
lamun ku jelema 
anu nganggap bangga, 

sabalikna 
henteu gampang-gampang acan lamun ku jelema kakotektak jalan jalanna.

Ngawincik Gusti 
ngudag 
kanyataan Panggeran teh, moal ka udag 
ku jalan apal-apalan jeung galur do’a-do’aan, 

henteu cukup 
ku kuru cileuh kentel peujit bae, 
tapi kudu kalawan dibarengan ku jalan
“Kautamaan” 
nyaeta 
kautamaan lahir jeung batin.

Ngawincik Gusti 
ngudag 
kanyataan Panggeran teh, kudu sing puguh galurna, sing nincak kana tapakna, nyaeta 
galur anu nuntun kana kujur, tapak anu nuduhkeun 
kana jalan, 
jalan cukang kautamaan, nungtun kana karahayuan, geusan 
kasalametan lahir batinna.

Naon ari Gusti Alloh teh ?
Naon ari Panggeran teh ?

Anu bisa ngajawab 
ieu pertanyaan, 
ngan jalma 
anu geus nyaho 
kana hartina 
IMAN – 
TAUHID – 
MA’RIFAT – 
ISLAM 

(Islam teh 
Rukun Agama Islam )

IMAN : 
Percaya kalawan yakinna

TAUHID : 
Teuteup – ajeug – Jeujeug

MA’RIFAT : 
Nyaho – Nyata – Teu samara

ISLAM : 
Suci – Sumerah – Salamet

Jalma anu percaya, 
anu geus tetep, 
anu geus nyaho jeung 
anu geus suci, 
tangtu nyata 
ka Panggeranana, 
tekadna jeung lampahna saimbang jeung iradatna anu kawasa, 
satuju jeung gusti Allah 
anu Maha Murah jeung Maha Asih.

Uapama 
urang hayang nyaho 
kumaha Qudrat Iradatna Gusti anu Maha Murah jeung Maha Asih, 
urang kudu mapay heula tina bag-bagan 
“ ELMU TAUHID” . 
Demi “Elmu Tauhid” teh nyokot patokanana tina 
kitab “USHULLUDIN”. 
Kitab Ushulludin teh, 
nyaeta 
anu medarkeun hal ihwal Agama Islam, 
ngadadarkeun kana kaayaan Panggeran, 
Gusti diwincik 
ku wiwitanana, 
Panggeran dipedarkeun 
dugi kawekasanana, 
ku perantara bagbagan “SIFAT 20 ALLOH” .
PANYELANG
[11/3 01:35] Aing: PATOKAN ELMU SAREAT
1. Kudu nurut kana  
     parentahna Gusti Alloh.
2. Ulah saomong-omongna.
3. Ulah satenjo-tenjona.
4. Ulah sok.  
    sadenge-dengena
5. Ulah sacokot-cokotna.

PATOKAN ELMU TAREKAT
1. Kudu nganyahokeun   
    dawuhannana Gusti Alloh.
2. Kudu nyaho nu perlu 
    jeung nu teu perlu di 
    omongkeun.
3. Kudu nyaho nu perlu 
    jeung nu teu perlu di tenjo.
4. Kudu nyaho nu perlu 
    jeung nu teu perlu di 
    denge.
5. Kudu nyaho nu perlu 
    jeung nu teu perlu di 
    cokot.

PATOKAN ELMU HAKEKAT
1. Kudu nyaho bener ka  
    Gusti Alloh.
2. Kudu ngomong anu bener.
3. Kudu nenjo anu bener.
4. Kudu ngadenge anu 
    bener.
5. Kudu nyokot anu bener.

PATOKAN ELMU MA’RIFAT
1. Kudu sing nyaho bener 
    tunggalna Kawula Gusti.
2. Kudu sing nyaho bener 
    bedana anu hade jeung 
    anu goreng.
3. Kudu sing welas jeung 
    asih kapapada 
    makhlukna.
4. Kudu panjang ingetan, 
    kudu boga wiwaka 
    pamilih.
5. Kudu campleng wawanen, 
    pengkuh ngukuhan 
    kanyataan.

MA’RIFATNA IMAN 
AYA 5 (LIMA) RUPA
1. IMAN TAKLID = 
    Nyaeta iman anu masih 
    ula ilu (tuturut munding)
2. IMAN ELMU = 
    Nyaeta iman anu hasil tina 
    pangaweuruh / Guguru.
3. IMAN AYAN = 
    Nyaeta iman anu geus teu 
    samara-samar deui 
    ( Ma’rifatul Aen)
4. IMAN YAKIN = 
    Nyaeta iman anu geus 
    yakin kana 
    Dhat, Sifat, Asma, Af’al-na
    Gusti Alloh Ta’ala 
    (Ma’rifatul Yakin).
5. IMAN HAK = 
    Nyaeta iman anu geus 
    murakabah, 
    nyaeta anu geus bisa 
    netepkeun kana sajatina 
    Niat, 
    nyatana :
BILLAHI, 
FILLAHI, 
LILLAHI, 
MINALLAHI, 
ILALLAHI.

NGEUNAAN ROH 
AYA 7 (TUJUH) RUPA
1. ROH NABATI
2. ROH HEWANI
3. ROH RABBANI
4. ROH RAHMANI
5. ROH IDLOFI
6. ROH JASMANI
7. ROH ROHANI

BAB SHOLAT
SHOLAT TEH AYA 
2 (DUA) BAGIAN :
1. SOLAT ISTILAH
2. SOLAT LOGAWI

SOLAT ISTILAH
Demi solat istilah, 
nyaeta solatna badan anus ok biasa dipigawe sapoe sapeuting 5 waktu tea nyaeta : Subuh, Lohor, Asar, Maghrib, Isa.
Kapan dina dalilna oge :
“ AQWALUN WA AF’ALUN MUFTAHATUN BI TAKBIRI MUFTAHATUN BI TASLIMI”
Anu hartosna : 
Solat anu dimimitian 
ku takbiratul ikhram, jeung ditungtungan ku 
aweh salam.
[11/3 01:37] Aing: Syarat-syaratna Solat Istilah eta aya 15 perkara :
1. Islam
2. Pinter
3. Manjing waktuna (Baleg)
4. Nyaho kana fardhu jeung 
    kipayahna.
5. Ulah nyunatkeun nu perlu 
    jeung sabalikna.
6. Suci badanna
7. Suci prakprakanana.
8. Buni oratna.
9. Madep ka Kiblat.
0. Ulah ngomong salian 
    ti anu dibaca
1. Ulah aya gawe anu sejen
2. Ulah baranghakan
3. Ulah mangmang hate.
4. Ulah megatkeun solat
5. Ulah batal solat.

Ari Fardhuna Solat 
aya 5 Perkara :
1. Takbiratul Ikhram
2. Fatihah
3. Atahiyat
4. Salawat
5. Salam

Ari Mukaranahna Solat 
aya 4 Perkara :
1. IHRAM = 
    Ngaleungitkeun guruhna. 
    dunya
2. MI’RAJ = 
    Dumeheus teu karana 
    lengkah
3. MUNAJAT = 
    Unjukan teu karana ucap
4. TUBADIL = 
    Cul pagawean nu sejen, 
    tetep solat kari solat.
[11/3 01:44] Aing: Lantaran sagala dicokot ringkesna, 
babacaanana jeung prakprakanana solat Istilah didieu teu dicaritakeun. 

Pangna urang wajib solat anu lima waktu teh nurutkeun 
“Hukum Sara” mah kieu : TUMARIMA 
URANG DIGELARKEUN 
KA ALAM DUNYA 
KU NU MAHA SUCI TEH, KUDU AYA TANDANA, 
DEMI TANDANA 
NYAETA KU RUPA SOLAT ANU LIMA WAKTU TEA.

Ari hartina solat istilah teh : Pangabakti ka Gusti 
Nu Maha Suci 
ngemban dawuhan Panggeran. 

Pangna diayakeun 
sapoe sapeuting 5 waktu teh nyokot tina tangtungan 
wet anu di ayakeun ku “Hukum Islam”, 
nyaeta rukun anu lima tea.

Nurutken paham mah 
solat istilah teh 
ngandung harti anu kacida pisan pentingna, 
penting kana bagian lahir, oge penting kana bagian batin. 
Jadi solat anu lima waktu teh, 
bisa dibagi kana dua bagian nyaeta : 
WET LAHIR jeung 
WET BATIN.

WET LAHIR
Wajib sakabeh umat 
kudu berseka, 
berseka leungeun, 
sungut, 
irung, 
ceuli, 
suku, 

berseka badan khususna, sabab 
samangsa-mangsa 
sehat pikiranana tangtu sehat uteukna jeung saterusna.

Wudhu teh 
nyaeta 
saolah-olah pangajaran nitah urang supaya mindeng ngumbah leungeun, mindeung kekemu, mindeung ngumbah irung, mindeung ngumbah beungeut, 
mindeung ngumbah ceuli, mindeung ngumbah suku, malah alusna pisan mah sing getol mandi 
bari ngaruruan daki.

Oge lain arek solat bae 
wajib ngumbah leungeun teh, 
tapi arek dahar oge 
wajib ngumbah leungeun the ; 
lain arek solat bae 
wajib kekemu teh, 
tapi entas dahar oge 
wajib kekemu ; 
lain arek solat wae 
ngumbah irung teh, 
tapi ari aya kokotor mah wajib disusut.; 
lain arek solat wae 
wajib ngumbah ceuli teh, tapi ari aya kokotor mah wajib dibersihkeun; 
lain arek solat bae 
wajib ngumbah suku teh, tapi lamun asup ka imah oge teu aya halanganana ngumbah suku ; 
lain arek solat wae 
wajib kekebut teh, 
tapi arek sare oge 
wajib kekebut jeung saterusna. 
Kujalan kitu, 
badan rawuh paparabotanana bisa sehat salilana, 
sarta upama bener diturut anu kasebat di luhur, 
tangtu barudak pasantren atawa budak anu sejenna ditanggung moal aya anu barudug (baca saratna solat ti nomer 1 nepi ka nomer 9).
[11/3 01:48] Aing: WET BATHIN
Wajib sakabeh umat teh kudu ngaraksa jeung ngariksa, 
Nyaeta 
ngaraksa leungeun 
bisi barang cokot lain cokoteunana; 
kudu ngaraksa sungut 
tina ucap, 
bisi ngucapkeun lain ucapeunana; 
kudu ngaraksa irung 
tina ambeuan bisi nu 
di ambeu eta 
lain ambeueunana; 
kudu ngaraksa ceuli tina dedengean, bisi nu didenge teh lain dengeeunana; 
kudu ngaraksa suku 
tina lengkah, bisi anu dilengkahkeun eta lain lengkaheunana; jeung saterusna. 

Kujalan kitu tangtu pikiranana, 
bisa solat salilana, samangsa-mangsa sehat pikiranana, 
tangtu sekeut uteukna, 
sarta upama bener diturut sakumaha anu kasebat diluhur, tangtu barudak pasantren atawa budak sejenna moal aya anu parasea, sumawona nepi ka maseaan Indung Bapa mah. (Baca saratna solat tina nomer 10 nepi ka nomer 15).

SHOLAT LOGAWI
Demi solat “LOGAWI” teh nyaeta 
solatna Hakekat 
anu teu digeret ku waktu, 
teu di wates wangeunan 
ku jaman.

Kapan saur dalilna oge :
LAWAKTAN 
WALA HADDAN 
WALA JIHATAN 
WALA BIJAMANIN 
WALA BIRUKUN 
WALA BIJUDIN KOALBAHRI
Hartosna :
(Solat) teu aya waktuna, 
teu di wates wangeunan, 
teu aya tempatna, 
teu aya jamanna, 
teu aya rukuna, 
teu aya sujudna, 
ngemplang saperti 
sagara dina lautan.
[11/3 01:54] Aing: KABEH SOLAT LOGAWI TEH AYA 4 (OPAT) :

1. SHOLAT WUSTO
2. SHOLAT DAIM
3. SHOLAT HAJI
4. SHOLAT ISMU ADAM

Hartosna SHOLAT WUSTO
Nyaeta 
ngabaktina solat 
ka Gusti Alloh teh 
saban kaluar kajerona “Napas”, 
kaluar inget “Nafi” 
kajero inget “Isbat” 
nyaeta nyumponan lapad “ LAILAHA ILALLOH ”. 
Dina saringkak sarigig, 
diuk nangtung leumpang ngadeg teh 
teu aya deui anu dipieling anging Gusti Alloh, 
sarta eta ngagunakeun elingna kalawan yakin, 
Yen teu aya deui 
anu wajib disembah 
anging Gusti Alloh.

Hartina SHOLAT DAIM
Nyaeta 
ngabaktina ka Gusti Alloh teh saban usikna “Hate” sausik malikna ati 
teu aya deui anu di pieling, anging Gusti Alloh, saucapna, 
satekadna, 
salampahna, 
dibarengan ku tumarima kana kamurahanana jeung pangasihna Gusti Alloh. Dina sajero ngabakti nyumponan dalil : “FA’BUDHU WATAWAKKAL ALAIHI” , 
nyaeta 
ngabaktina teh ka anjeuNa, jeung sumerah diri oge 
ka anjeuNa.

Hartina SHOLAT HAJI
Nyaeta 
ngabaktina ka Gusti Alloh teh 
saban usikna “Ati” 
obahna “Manah” 
sarengkak saparipolah 
teu aya deui anu di pieling anging Gusti alloh, sarengkak, 
sarigigna, 
saucapna, 
satenjona, 
sadengena, 
saambeuna, 
satekadna, 
salampahna, 
teu tinggal ti Alloh. 
Nu katenjo, 
nu kadenge, 
nu di ucapkeun, 
anu dilampahkeun teh anging Alloh, 
nyumponan kana dalil :
“ U’BUDILLOH KAANAKATARAHU FAIN LAMTAKUN TARUHU FAINAHU YAROKA”
Nyaeta : 
ngabaktina ka Gusti Alloh teh 
saperti 
ningali ka AnjeunNana, 
anjeunNa ningali 
ka maranehanana.

Gawena welas asih ka sakur dadamelanana Gusti Alloh, nyaah ka sasama kaula, sabab 
netepkeun Tunggalna 
nu katingal jeung nu ningal.
[11/3 01:58] Aing: Hartina ISMU ADAM
Nyaeta 
ngabaktina ka Gusti Alloh teh, 
lain bae ngan saukur 
sausik malikna “Ati” saobahna “Manah” bae, 
tapi 
salirikna “Sir”, 
sagedagna “Rasa”, 
Sir ngabakti 
ka Nu Maha Suci, 
Rasa kumawula 
ka Gusti anu Kawasa, 
Roh madep maring Dhat 
anu Kawasa, 
Sukma madep maring Dhat kang Maha Suci, 
sir nu asih 
karep nu langgeng, 
wis teguh mulaning teguh, teguh anu matak hayu, 
hayu kuciptaning teguh, nyumponan kana dalil :
“ AL ISANU SIRI 
WA ANNA SIRRUHU”

Hartosna : 
Manusa teh rusiahna Panggeran, 
Panggeran teh rusiahna manusa, 
nu salilana jadi abdi, 
moal nyaho rusiahna Gusti, nu hayang nyaho rusiahna Gusti kudu sakola heula “ Karaton ka Gustian” . 
Sabab 
ngan Gusti pribadi 
anu uninga 
kana rusiahna Gusti.
Kapan ceuk dalilna oge :
“ FAMAN KANA YARJU LIQOOA ROBBIHI FALYA’MAL A’MALAN SYALIHAN WALA YUSRIK BI IBADATIHI ROBBIHI AHADAN”.
Hartosna : 
Saha-saha anu percaya, manehna bakal papanggih jeung panggeranana, manehna kudu ngalampahkeun amal 
anu hade sarta 
ulah nyaruakeun naon-naon ka Panggeranana 
tina ngalampahkeun parentahanana.
[11/3 02:06] Aing: LENYEPANEN

Solat ISTILAH teh 
solatna badan, 
ngemban 
dawuhan Panggeran nepungkeun 
ti abdi 
ka Gustina.

Solat LOGAWI teh 
solatna batin, 
ngemban 
dawuhan Panggeran nunggalkeun 
kawula jeung Gustina.

Kumpulna 
solat ISTILAH jeung 
LOGAWI teh, 
saolah-olah 
kumpulna ibadah 
Alamul Asghor jeung 
Alamul Akbar, 
nyaeta 
kumpulna ibadah 
kasakur anu kumelip 
di dunya kabir jeung 
dunya sogir.
Hartina :
Manusa 
anu kasebut “Alam Sogir” teh, 
anu baris nyubadanan ibadahna sakabeh makhluk, kayaning : Bumi, bentang, srangenge, sawarga, naraka, arasy, kursi, bumi ka 7, jeung langit ka 7. 
pangna nyubadanan 
kana sakabeh makhluk, sabab 
manusa anu kasebut 
“Alam Asghor” teh 
kumpul kabeh pepekna 
kana kaayaan Alamul Akbar aya dibadan manusa saperti : 
7 lapis bumi, 
7 lapis langit, 
bulan, bentang, srangenge, tatangkalan, sasatoan, sawarga, naraka, arasy kursi . 
Jeung saterusna.

RINGKESNA
Sareatna solat teh : Nyanggakeun sembah 
ti kawula ka Gustina 
nyaeta anu sapoe sapeuting 5 waktu tea.

Tarekatna solat teh : Dumeuheus 
ti kawula ka Gustina, 
nyaeta 
nepangkeun abdi 
ka Gustina.

Hakekatna solat teh : Nunggalkeun 
ti kawula ka Gustina, 
nyaeta rep sidakep sinuku tunggal.

Ma’rifatna solat teh : Tunggalna 
kawula jeung Gustina, nyaeta 
amateni “ Panca Indera” nutupi babahan hawa sanga, sirna rasana, 
bungah manahna.

SOLAT SAREAT 
Nyumponan pangajaran
IHRAM

SOLAT TAREKAT Nyumponan pangajaran
MI’RAJ

SOLAT HAKEKAT Nyumponan pangajaran
MUNAJAT

SOLAT MA’RIFAT Nyumponan pangajaran
TUBADIL

Dina hiji ibadah 
kudu aya bae fanana, 
fanana dina hiji-hiji pangajaran 
nurutkeun kumaha tahapanana pangajaran 
anu keur dipaju.

Demi martabatna fana bisa dibagi kana 4 (opat) bagian :
1. FANA FIL AF’AL
2. FANA FIL AS’MA
3. FANA FIL SIFAT
4. FANA FIL DHAT

Pangajaran IHRAM 
kaasup kana bagian 
FANA FIL AF’AL

Pangajaran MI’RAJ 
kaasup kana bagian
FANA FIL ASMA

Pangajaran MUNAJAT kaasup kana bagian
FANA FIL SIFAT

Pangajaran TUBADIL 
kaasup kana bagian
FANA FIL DHAT

Nu FANA FIL AF’AL 
ngarasa kahutangan 
lamun heunteu SOLAT.

Nu FANA FIL ASMA 
ngarasa kahutangan 
lamun heunteu KHUSYU.

Nu FANA FIL SIFAT 
ngarasa kahutangan 
lamun heunteu KHUSYUSIL KHUSYU.

Nu FANA FIL DHAT 
ngarasa kahutangan 
lamun heunteu MA’RIFAT.

Dalilna Nu FANA FIL AF’AL : “LA FAILA ILALLAH” 
(Hartosna : 
Henteu aya anu ngadamel anging Gusti Alloh.

Dalilna Nu FANA FIL ASMA : “LA MATLUBU ILALLAH” 
(Hartosna : 
Henteu aya deui 
anu dipikaresep 
anging Gusti Alloh.
[11/3 02:07] Aing: Dalilna Nu FANA FIL SIFAT : “LA MABUDHU ILALLAH” 
(Hartosna : 
Henteu aya deui 
wajib disembah 
anging Gusti Alloh.

Dalilna Nu FANA FIL DHAT : “LA MAWJUDA ILALLAH” 
(Hartosna : 
Henteu aya deui anu maujud anging Gusti Alloh.
[11/3 14:28] Aing: BAB PUASA

Dina sataun sakali, 
nyaeta dina bulan romadhon sakur kaum islam diwajibkeun puasa. 
Ari martabatna puasa 
eta aya 3 (tilu) perkara :
1. PUASA UMUM = 
    Puasa anu biasa saban 
    bulan Ramadhan
2. PUASA KHUSUS = 
    Puasana jalma pilihan.
3. PUASA KHUSUSIL.  
    KHUSUS = 
    Puasa sapapanjangna.

HARTINA PUASA UMUM
Demi anu dingaranan 
puasa umum teh nyaeta : Puasa anu di parentah keun ku “Hukum Syara” 
dina sataun sakali, saban-saban dina 
bulan Ramadhan. 
Syaratna puasa teh 
nyaeta 
nyegah dahar, 
nyegah nginum, 
nyegah nyapek raheum jeung sajabana. 

Wajib puasa jeung sunatna puasa umum teh lengkep diterangkeun dina 
Kitab Fikih, 
sangkan dianggap sah puasana, 
kudu di niatan anu bener.

HARTINA PUASA KHUSUS
Demi anu dingaranan 
puasa khusus teh nyaeta : Jaba ti nyegah dahar, nyegah udud, nyegah nginum jeung capek rahem teh, 
nyegah pangajakna leungeun, 
tina ngucap jeung ngomong nu teu aya perluna, 
nyegah tina pangajakna pangrungu anu sakira-kira teu aya manfaatna, 
nyegah tina pangajakna panenjo mata anu sakira teu aya hasilna, 
nyegah tina pangajakna suku anu sakira-kira matak mawa ma’siat kana kalakuan.

HARTINA PUASA 
KHUSUSIL KHUSUS
Demi anu dingaranan 
puasa khusus teh nyaeta : Jaba ti nyegah 
pangajakna panca indera anu lima, 
oge nyegah tina sagala kamaksiatan batin, 
saperti : Syirik, pidik, jail, kaniaya, aral subha, munafek, ngunek-ngunek, ujub, ria, takabur, gumede, tara ngalamun teu puguh, tara berewit, delet, sulit ati, belang bayah, tara ngumandeuar, rumahuh, miara kasusah .

Lamun ieu nu 3 bagian puasa teh ku urang diringkeuskeun, 
bisa dibagi 2 bagian, 
nyaeta :
1. PUASA LAHIR
2. PUASA BATHIN
Nu kaasup kana 
puasa “Lahir” 
nyaeta 
puasa umum jeung 
puasa khusus. 

Sedengkeun anu kaasup kana puasa “Bathin” 
nyaeta puasa 
khususil khusus.

SAMPURNANA PUASA LAHIR AYA 5 PERKARA :
1. Ngaraksa sungut 
    tina ambeuk, 
    ngupat, pasea, 
    ngageuhgeuykeun jeung 
    ngomong anu jorang.
2. Ngaraksa panon 
    tina pangdeuleu nu 
    dicegah ku Sara, 
    babakuna nenjo barang 
    anu lain hakna.
3. Ngaraksa ceuli 
    tina pangdenge, 
    ngadengekeun anu 
    ngupat simuat, 
    nu parasea, pendek 
    ngaraksa tina sagala rupa 
    dedengean nu matak ria.
4. Ngaraksa panyipta, 
    dina sajeroning keur 
    puasa teh ulah 
    nyipta-nyipta pibukaeun, 
   sumawona bari jeung 
   ngumpul-ngumpulkeun 
   dahareunmah, dina bukana 
   kudu saaya-aya bae, ulah 
   makmak mekmek sapedah 
   tas kosong.
5. Puasa kalawan ikhlas, 
    sarta kudu nyaho kana 
    paedahna puasa.
[11/3 14:30] Aing: SAMPURNANA 
PUASA BATHIN 
AYA 20 PERKARA :
1. Ulah ngalajur nafsu
2. Ulah gede ambeuk
3. Ulah ngomongkeun batur
4. Ulah nyieun teu ngeunah 
    ka batur
5. Ulah nyieun susah 
    ka batur
6. Ulah sirik kana kaayaan 
    batur
7. Ulah ujub ria takabur
8. Ulah cawadan
9. Ulah teu payaan
0. Ulah aral subha
1. Ulah miara kasusah
2. Ulah nguluwut kabingung
3. Ulah embung dihina
4. Ulah umanggul hayang 
    kapuji
5. Ulah hawek
6. Ulah ngalamun teu puguh
7. Ulah eraan leuwih ti misti
8. Ulah pahereng parasea 
    jeung batur
9. Ulah kebluk beuki sare
0. Ulah gembul kalahkah 
    baranghakan
[11/3 14:35] Aing: 20 hal eta ngarujuk 
kana Dalil :
“ LATAHAROKUL JASADU ILLA BI IDZNILLAH, 
WA LATAHAROKUL ROHU ILLA BI IDZNILLAH”.
Hartosna :

Obah usikna jasad ku Roh, jeung 
obah usikna Roh 
ku Gusti Alloh.
“ WATTAQULLOHA WAYU’ALIMUKUMULLOHU”
Hartosna :
Jeung kudu takwa maraneh (ngabersihkeun kokotor 
lahir batin) 
engke maraneh dipaparin elmu ku Alloh.
“ AM KAEFA ILLALLOHU WAHUWA MUKBALUN BISAHWATIHI”
Hartosna :
Kumaha rek bisana lumampah nepungan Panggeranna, 
sedeng maranehna oge diringkus ku hawa nafsuna.

JADI INTI TINA 
HAKEKAT PUASA
Lamun lirapkeun kana sejatina puasa, 
hakekat puasa 
aya 2 larapan :
1. Puasa lamun dilarapkeun 
    kana unsur diri 
   dibagi kana 7 bagian, 
   nyatana :
1. Puasana Badan 
    nyaeta kudu handap 
    asor / depe-depe.
2. Puasana Hate 
    nyaeta mengkek sagala 
    kahayang
3. Puasana Nafsu 
    nyaeta nyabarkeun diri
4. Puasana Nyawa 
    nyaeta temen / syuhud
5. Puasana Rasa 
    nyaeta bertindak utama
6. Puasana Nur 
    nyaeta susuci
7. Puasana Atma 
    nyaeta awas lan waspada

2. Puasa lamun dilarapkeun kana unsur wujud 
dibagi kana 7 bagian, nyatana :
1. Puasana Panon 
    nyaeta kudu melek 
    (ngurangan sare).
2. Puasana Ceupil 
    nyaeta nyegahan nafsu
3. Puasana Irung 
    nyaeta ngurangan nginum
4. Puasana Baham 
    nyaeta ngurangan dahar
5. Puasana Parji 
     nyaeta nyegahan syahwat
6. Puasana Leungen 
    nyaeta nyegahan tunggal 
    teunggeul, cocorokot anu 
    lain hakna
7. Puasana Suku 
    nyaeta tunda langkah 
    kana laku goreng
[11/3 14:42] Aing: SYARAT – SYARAT 
NGA IKHWANKEUN
ﺒﺴـــﻤ ﺍﷲ ﺍﻠﺮﺤﻤﻦ ﺍﻠﺮﺤﻴﻢ
ﻄﻠﺐ ﺍﻠﻌﻠﻢ ﻓﺮﻴـﻀـﺔ ﻋـﻠﻰ ﻜﻞ ﻤﺴﻠﻤ ﻮﻤﺴﻠﻤﺔ ﻤﻦﺍﻠﻤﻬـﺪﺍﻠﻰﺍﻠﻠﺤﺪ
Thalabul Ilmi Fharidatun 
A’la Kulli Muslimin 
wal Muslimat 
Minal Mahdi I’lallahi
“Nyiar Elmu teh 
eta wajib ka satiap 
jalma Islam lalaki jeung Islam awewe 
ti mimiti aya dina aisan 
nepi ka sedong kubur (maot)
(H. Riwayat Bukhari wal Jama’ah)

Saur Pangandika 
Rasulullah SAW
ﺒﺴـــﻤ ﺍﷲ ﺍﻠﺮﺤﻤﻦ ﺍﻠﺮﺤﻴﻢ
ﺍﻠﻌـﻠﻢﻋـﻠﻤﺎﻦ؛ ﻋـﻠﻢ ﻓﻰﺍﻠـﻘـﻠﺐ ﻓـﺰﺍﻚﺍﻠـﻌـﻠﻢﺍﻠﻧﺎﻓـﻊ، ﻮﻋـﻠﻢﻋﻠﻰﺍﻠﻠﺴـﺎﻦ ﻓـﺯﺍﻚ ﺤـﺠـﺔ ﻋـﻠﻰ ﺍﺒـﻦ ﺍﺪ ﻢ
Al-Ilmu Aliman : 
Ilmun Fii Qalbi 
Fazaaka Ilmunnaafi, 
Wa Ilmun Alal’lisaani Fazaaka Hujjattun 
A’la Abni Adam
Anu hartosna : 
“Ari elmu teh aya dua rupa :
1). Elmu dijero ati, 
      saestuna eta teh 
      elmu-elmu anu berguna.
2) Jeung elmu anu ayana 
     dina ucapan, 
     tapi eta mah ngan saukur 
     jadi hujah pikeun turunan 
     bangsa Adam 
    (ngan sakadar 
     ngaramekeun dunya 
     wungkul).
Sabda Rasulullah SAW
ﺒﺴـــﻤ ﺍﷲ ﺍﻠﺮﺤﻤﻦ ﺍﻠﺮﺤﻴﻢ
ﻠـﻠـﻌﺎ ﻟﻢ ﺜـﻼ ﺜـﺔﻋـﻟـﻮﻢﻋﻠﻢ ﻇﺎﻫـﺮﻴـﺒـﺬ ﻠﻪﻻﺀﻫﻞﺍﻠﻇﺎﻫـﺮﻭﻋـﻠﻢ ﺒـﺎﻄﻦﻻﻴـﻧﺒﻐﻰﺍﻆﻬﺎﺮﻩﺍﻻﻻﻫـﻠﻪ ﻭﻋـﻠﻢ ﺒـﻴـﻧﻪ ﻭﺒـﻴـﻦ ﺍﷲﻻ ﻴـﻇﻬـﺮﻩﻻﺀ ﺤﺪ
LIL ALMI SALASATU ULUUMIN ILMUN DHOHIRUN 
YUBDILUHU LI AHLI DHOHIRI WA ILMU BATHIN LAYAN BAGI I’DHARUHU ILLA LI A’HLIHI WA ILMUN BAINAHU WABAYINALLAHI LAYUDHIRUHU LI A’HADIN
“Ilmu terbagi pada 
3 (tiga) macam :
1. Ilmu Lahir 
    Satemenna eta ilmu teh 
   disampaikeun ka balarea 
   secara umum. 
   (Ilmu Umum)
2. Ilmu Bathin 
    Nyaeta elmu nu teu 
    sakuduna disampaikeun 
    secara luas kecuali 
    ka ahlina 
   (nu boga minat pikeun 
    mempelajarina) 
    (Ilmu Khusus)
3. Ilmu Antarana 
   Jeung Allah 
   Nyaeta elmu nu teu 
   salayakna disampaikeun 
   ka sing saha wae oge. 

(Ilmu Khusus bil Khusus pikeun dirina sorangan) Maksudna : 
Sagala hal anu nyangkut peristiwa/kajadian 
anu di alaman 
nyaeta kaayaan nu bersifat pribadi /individual 
nu dikehendaki ku Allah, berfungsi sebagai suatu “Rahasiah tersembunyi” mung ukur dikanyahokeun antara Sipelaku (Diri Pribadi) sareng Allah Swt. 

terus lamun urang nyebarkan 
elmu rahasiah ketuhanan eta, 
pikeun disampaikan secara meluas ka umum, 
loba kamungkinan bakal ngadatangkeun fitnah, tuduhan-tuduhan negatif, atau bisa nimbulkan parasaan `Ujub 
(ngarasa hebat sorangan) 
nu akibatna bisa ngancurkeun kana nilai-nilai elmu pamanggihna.
[11/3 14:46] Aing: Jadi nurutkeun hal eta diluhur, hal ieu didasarkeun kana Hadist Rasulullah 
anu unggeulna 
“ ALA QADRI UQULLIHIM” 
(Sapanjang ukuran akal maranehna anu nuntut).

Anu dimaksud tina kalimah diluhur eta, 
nyaeta 
nu geus nyampai kana syarat-syarat tertentu :
1. Geus mapan tina 
    Syariat jeung Thoriqatna.
2. Kudu geus manjing umur 
    antawis umur 40 Tahun 
    ka luhur, karna usia eta 
    tos dianggap stabil
3. Teu terlalu terikat jeung 
     urusan dunia.

Dengan tiga syarat ini 
akan lebih mencapai tujuan. Adapun pendapat lain bahwa pengertian 
“ Ala Qadri ‘Uqulihim” itu ialah
a) ada minat yang kuat 
    untuk menuntut,
b) sudah memahami secara 
     keseluruhan pokok-pokok 
     ajaran islam/iman, dan
c) usia dewasa dan memiliki 
     kecerdasan yang 
     memadai untuk 
     memahami hal-hal yang 
     ghaib.

Bila seseorang yang hendak menuntut, memiliki minat/keinginan yang kuat yang bukan ikut-ikutan orang, bukan dibuat-buat, kegairahan yang tinggi, maka hal tersebut sudah merupakan 
NUR (Hidayah) 
dari Allah SWT. 

Syarat yang kedua, 
sebagai seorang yang 
sudah dewasa tentu mengerti dan melaksanakan shalat, puasa, 
ada pengertian tentang 
sifat dua puluh 
meskipun tidak rinci. 

Penyampaian ilmu 
tidak kepada anak-anak dibawah umur atau 
orang yang nyata-nyata memiliki ciri-ciri kebebalan. 

Mereka yang berusia dewasa, 
secara umum dapat diperkirakan mampu untuk memahami segala uraian yang diajarkan. 

Dengan tiga syarat tersebut, maka inilah yang dimaksudkan 
“Ahlinya”. 

Pendapat inilah umumnya yang berlaku dikalangan pengajian Tasawuf,
mungkin itu saja keterangan wassalam…
[12/3 14:40] Aing: Jadi nurutkeun hal eta diluhur, hal ieu didasarkeun kana Hadist Rasulullah 
anu unggeulna 
“ ALA QADRI UQULLIHIM” 
(Sapanjang ukuran 
akal maranehna anu nuntut).

Anu dimaksud tina kalimah diluhur eta, 
nyaeta nu geus nyampai kana syarat-syarat tertentu :
1. Geus mapan tina 
    Syariat jeung Thoriqatna.
2. Kudu geus manjing umur 
    antawis umur 40 Tahun 
    ka luhur, karna usia eta 
    tos dianggap stabil
3. Teu terlalu terikat ejeung 
     urusan dunia.

Dengan tiga syarat ini 
akan lebih mencapai tujuan. Adapun pendapat lain bahwa pengertian 
“ Ala Qadri ‘Uqulihim” 
itu ialah
a) ada minat yang kuat 
    untuk menuntut,
b) sudah memahami secara 
    keseluruhan pokok-pokok 
    ajaran islam/iman, dan
c) usia dewasa dan memiliki 
    kecerdasan yang 
    memadai untuk 
    memahami hal-hal yang 
    ghaib.

Bila seseorang yang hendak menuntut, memiliki minat/keinginan yang kuat yang bukan ikut-ikutan orang, bukan dibuat-buat, kegairahan yang tinggi, maka hal tersebut sudah merupakan NUR (Hidayah) dari Allah SWT. 

Syarat yang kedua, 
sebagai seorang yang sudah dewasa tentu mengerti dan melaksanakan shalat, puasa, ada pengertian tentang 
sifat dua puluh 
meskipun tidak rinci. 

Penyampaian ilmu tidak kepada anak-anak dibawah umur atau orang yang nyata-nyata memiliki ciri-ciri kebebalan. 
Mereka yang berusia dewasa, secara umum dapat diperkirakan mampu untuk memahami segala uraian yang diajarkan. 

Dengan tiga syarat tersebut, maka inilah yang dimaksudkan “Ahlinya”. 

Pendapat inilah umumnya yang berlaku dikalangan pengajian Tasawuf,mungkin itu saja keterangan dari saya haryawanto kurang lebihnya mohon maaf wassalam…

Tidak ada komentar:

Posting Komentar