[22/12/2021 11:10] Aing:
NERANGKEUN
RAHMAN – RAHIM
Murah jeung Asihna
nyatana dina badan.
mun murah Gusti Maha Suci, ku perkara hal dunya barana, naha atuh buktina teh,
bet beda-beda kitu,
aya nu beunghar
aya nu miskin,
nu senang nu susah,
mun kitu, siga Gusti Allah, pilih kasih teu kasadaya jalmi, murahna dipilihan.
Malahan umatna Gusti,
ka umatna Jeng Nabi Muhammad,
nu kacida bedana teh, seuseueurna anu ripuh,
tina hal kurangna rizki,
teu sapertos sejen bangsa, hirupna jaregud,
mungguhing di bangsa Islam, teu weleh nandangan lara prihatin, hirupna hirup sangsara.
pan tadi Gusti Maha Suci, murahna teh ka kabeh makhlukna, tapi dina buktina teu cocog hanteu luyu,
tur tadi Muhammad Nabi,
cenah kakasih Pangeran, sagala diturut,
naha buktina salia,
ari bangsa sejen
nu sanes Agami,
bet siga marulya pisan.
Tah ulahkaliru manah,
sirik ka bangsa nu sejen, hirupna jeregud, sing kaharti,
dina kamurahan Allah,
ka sadaya makhluk,
nu geus nyata bro sapisan, geus tumiba ka diri urang pribadi, naha can ngarasa.
Nu sakitu Gusti Maha Suci, ngamulyakeun ka makhluk-
makhlukna,tayakakurangan
na teh,
geus bro sarta cukup
jeung teu pilih kasih deui,
sanajan ka hewan pisan, geus dibere cukup, samrtabat-martabatna,
mana kamurahan Allah.
kamurahan na Yang Manon, nu tumiba dina wujud,
[22/12/2021 11:33] Aing: maparin anggahota, panangan jeung suku, pangangseu jeung paninggal, pangdangu pangucap
eta geus bukti,
budi pamilih jeung akal.
tah kitu ti Gusti,
kamurahan ka urang sadaya, papak sadayana ge,
lain murahna Yang Agung, sok maparinan rizki,
rupa barang sareng uang,
eta lain kitu
ari pasal rezeki mah,
tangtu bae beda-beda
moal sami,
aya nu leutik aya nu loba.
Da perkawis rizki mahnya kumaha ngagolangkeunnana, eta panggahota bae,
mun urangna suhud,
temen wekel teu lanca linci,
metakeun panggahota, sageuy hanteu untung,
piraku teu jadi senang,
tatapina jalanna senang teh kudu daek ripuh heula.
geuning bangsa asing, bangsa Cina atawa Walanda, bangsa Arab Japan oge, baleunghar jaregud,
sarugih laksaan duit,
ku bakating tina suhudna, daek nyorang ripuh,
temen wekel teu bengbatan, nya metakeun kamurahan
nu ti Gusti,
daek mikir jeung praktekna.
pantes jadi sugih mukti, beurat beunghar didunyana, da tara bosen ku hese,
tara hoream ku ripuh, dikeureuyeuh teu lanca inci, mun can hasil maksad,
teu weleh ngatur,
beurang peuting dipikiran,
lila-lila daek mikir mah
tangtu bisa kajadian.
Kapan tadi unggel Hadist, dalilna teh sok disebat,
sadaya ge pada ngartos, dawuhan Gusti Yang Agung, Waman Thalaba Saian Jiddan Fawajiddahu,
hartina teh
saha-saha, anu temen pang mentana ka Yang Widi,
menta bari jeung prakna.
Tangtu pisan
Gusti Maha Suci,
ka jelema temen pang mentana, awal akhir tangtu dikabulkeun samaksud,
sabalikna mun aya jalmi,
kurang temen mentana,
sasat kurang suhud, sumawon teu jeung prakna,
migawena gancang bosen embung mikir, bosen hoream ku bangga.
Atuh Gusti nu Maha Suci, moal enya ngabulkeun kahayang,
da urangna lanca-lence,
tah kitu,
numatak ulah sok sirik, pedah batur jadi senang, baleunghar jaregud, komo ditungtungan ku sugal, nyebut-nyebut ka Gusti Allah teu adil, tur urang nu
salah tampa.
asihna Yang Agung,
eta asih di Akherat,
asihna teh Allah di Akherat, piraku teu karaos,
pek papay heula atuh, Akherat teh naon
nyatana di badan urang,
akherat teh nyata alam rasa, buktina di urang teh,
ayeuna meureun kamafhum, pang asihna di Akherat Gusti,
[22/12/2021 11:39] Aing: piraku teu karasa,
asihna Yang Agung,
pan geuning sadayana,
kaayaan dina ieu alam dohir, boh di cai boh di darat.
Anu amis anu pelem
nu pait nu asin
nu lada nu gahar,
kamana sumurupna teh,
aru lain asup kana rasa,
jalanna mah puguh,
nya kanu opat tea,
di tampana ku rasa ning
bener asihna teh Allah.
pek geura manahan,
kayaan di dunya teh, cucukulan nu rarentul,
rupina laksaan keti, sinarengan beda-beda, rasana geus tangtu,
taya deui anu nampa,
anging rasa
nya rasarasulullahi,
bakat ku asih-asihna.
1.hakna Yang Agung,
2.Hak Muhammad
3.hakna Adam,
Tidak ada komentar:
Posting Komentar