Rabu, 06 April 2022

HIRUP TEH SOLAT,SHOLAT TEH ISLAM,ISLAM TEH AGAMA,AGAMA TEH HIRUP

[24/12/2021 15:52] Aing: 

BAB SHOLAT

SHOLAT TEH 
AYA 2  BAGIAN :

1.SOLAT ISTILAH
2.SOLAT LOGAWI

SOLAT ISTILAH
Demi solat istilah, 
nyaeta solatna badan anu
sok biasa dipigawe 
sapoe sapeuting 5 waktu tea nyaeta : 
Subuh, Lohor, Asar, 
Maghrib, Isa.

dalilna oge :
“AQWALUN WA AF’ALUN MUFTAHATUN BI TAKBIRI MUFTAHATUN BI TASLIMI”
Anu hartosna : 
Solat anu dimimitian ku takbiratul ikhram, jeung ditungtungan ku aweh salam.

Syarat-syaratna Solat Istilah eta aya 15 perkara :
Islam
Pinter
Manjing waktuna (Baleg)
Nyaho kana fardhu jeung kipayahna.
Ulah nyunatkeun nu perlu jeung sabalikna.
Suci badanna
Suci prakprakanana.
Buni oratna.
Madep ka Kiblat.
Ulah ngomong salian ti anu dibaca
Ulah aya gawe anu sejen
Ulah baranghakan
Ulah mangmang hate.
Ulah megatkeun solat
Ulah batal solat.

Ari Fardhuna Solat 
aya 5 Perkara :

Takbiratul Ikhram
Fatihah
Atahiyat
Salawat
Salam

Ari Mukaranahna Solat 
aya 4 Perkara :

IHRAM 
= Ngaleungitkeun guruhna 
   dunya
MI’RAJ 
= Dumeheus teu karana 
   lengkah
MUNAJAT 
= Unjukan teu karana ucap
TUBADIL 
= Cul pagawean nu sejen, 
   tetep solat kari solat.
[24/12/2021 16:01] Aing: Lantaran sagala dicokot ringkesna, 
babacaanana jeung prakprakanana solat Istilah didieu teu dicaritakeun. 

Pangna urang wajib solat 
nu lima waktu teh nurutkeun “Hukum Sara” mah kieu : 

TUMARIMA 
URANG DIGELARKEUN 
KA ALAM DUNYA KU NU MAHA SUCI TEH, 
KUDU AYA TANDANA, 
DEMI TANDANA 
NYAETA KU RUPA SOLAT ANU LIMA WAKTU TEA.

Ari hartina solat istilah teh : Pangabakti ka Gusti 
Nu Maha Suci 
ngemban dawuhan Panggeran. 
Pangna diayakeun 
sapoe sapeuting 5 waktu teh, nyokot tina tangtungan wet anu di ayakeun ku 
“Hukum Islam”, 
nyaeta rukun anu 5 tea.

Nurutken paham mah 
solat istilah teh ngandung harti anu kacida pisan pentingna, 
penting kana bagian lahir, kana bagian batin. 

Jadi solat anu 5 waktu teh, bisa dibagi kana 2 bagian nyaeta : 
WET LAHIR jeung 
WET BATIN.

WET LAHIR
Wajib sakabeh umat 
kudu berseka, 
berseka leungeun, sungut, irung, ceuli, suku, 
berseka badan khususna, sabab samangsa-mangsa sehat pikiranana tangtu 
sehat uteukna jeung saterusna.

Wudhu teh 
nyaeta saolah-olah pangajaran nitah urang supaya 
mindeng ngumbah leungeun, mindeung kekemu, 
mindeung ngumbah irung, mindeung ngumbah beungeut, 
mindeung ngumbah ceuli, mindeung ngumbah suku, malah alusna pisan mah 
sing getol mandi bari ngaruruan daki.

Oge lain arek solat bae 
wajib ngumbah leungeun teh, tapi arek dahar oge 
wajib ngumbah leungeun teh ; lain arek solat bae 
wajib kekemu teh, 
tapi entas dahar oge 
wajib kekemu ; 
lain arek solat wae 
ngumbah irung teh, 
tapi ari aya kokotor mah wajib disusut.; 
lain arek solat wae 
wajib ngumbah ceuli teh, 
tapi ari aya kokotor mah wajib dibersihkeun; 
lain arek solat bae 
wajib ngumbah suku teh, 
tapi lamun asup ka imah oge teu aya halanganana ngumbah suku ; 
lain arek solat wae 
wajib kekebut teh, tapi arek sare oge wajib kekebut jeung saterusna. 

Kujalan kitu, 
badan rawuh paparabotanana bisa sehat salilana, sarta upama bener diturut anu kasebat di luhur, tangtu barudak pasantren atawa budak anu sejenna ditanggung moal aya anu barudug 
(baca saratna solat ti 
nomer 1 nepi ka nomer 9).

WET BATHIN
Wajib sakabeh umat teh 
kudu ngaraksa jeung ngariksa, 
Nyaeta ngaraksa leungeun bisi barang cokot lain cokoteunana; 
kudu ngaraksa sungut tina ucap, bisi ngucapkeun lain ucapeunana; 
kudu ngaraksa irung tina ambeuan bisi nu di ambeu eta lain ambeueunana; 
kudu ngaraksa ceuli tina dedengean, bisi nu didenge teh lain dengeeunana; 
kudu ngaraksa suku tina lengkah, bisi anu dilengkahkeun eta lain lengkaheunana; jeung saterusna. 

Kujalan kitu 
tangtu pikiranana, 
bisa solat salilana, samangsa-mangsa sehat pikiranana, 
tangtu sekeut uteukna, sarta upama bener diturut sakumaha anu kasebat diluhur, tangtu barudak pasantren atawa budak sejenna moal aya anu parasea, sumawona nepi ka maseaan Indung Bapa mah. (Baca saratna solat tina nomer 10 nepi ka nomer 15).
[24/12/2021 16:02] Aing: SHOLAT LOGAWI
Demi solat “LOGAWI” teh nyaeta 
solatna Hakekat 
anu teu digeret ku waktu, 
teu di wates wangeunan 
ku jaman.
dalilna oge :

LAWAKTAN WALA HADDAN WALA JIHATAN WALA BIJAMANIN WALA BIRUKUN WALA BIJUDIN KOALBAHRI
Hartosna :
(Solat) teu aya waktuna, 
teu di wates wangeunan, 
teu aya tempatna, 
teu aya jamanna, 
teu aya rukuna, 
teu aya sujudna, 
ngemplang saperti 
sagara dina lautan.
[24/12/2021 16:07] Aing: KABEH SOLAT LOGAWI TEH AYA 4

1.SHOLAT WUSTO
2.SHOLAT DAIM
3.SHOLAT HAJI
4.SHOLAT ISMU ADAM

SHOLAT WUSTO
Nyaeta ngabaktina solat 
ka Gusti Alloh teh 
saban kaluar kajerona “Napas”, 
kaluar inget “Nafi” 
kajero inget “Isbat” 
nyaeta nyumponan lapad “LAILAHA ILALLOH”. 
Dina saringkak sarigig, 
diuk nangtung 
leumpang ngadeg teh 
teu aya deui anu dipieling anging Gusti Alloh, 
sarta eta ngagunakeun elingna kalawan yakin, 
Yen teu aya deui anu wajib disembah anging Gusti Alloh.

SHOLAT DAIM
Nyaeta ngabaktina 
ka Gusti Alloh teh 
saban usikna “Hate” 
sausik malikna ati 
teu aya deui anu di pieling, anging Gusti Alloh, 
saucapna, satekadna, salampahna, 
dibarengan ku tumarima kana kamurahanana jeung pangasihna Gusti Alloh. 
Dina sajero ngabakti nyumponan dalil : 
“FA’BUDHU WATAWAKKAL ALAIHI”, 
nyaeta ngabaktina teh 
ka anjeuNa, jeung 
sumerah diri oge ka anjeuNa.

SHOLAT HAJI
Nyaeta ngabaktina 
ka Gusti Alloh teh 
saban usikna “Ati” 
obahna “Manah” 
sarengkak saparipolah 
teu aya deui anu di pieling anging Gusti alloh, sarengkak, sarigigna, saucapna, satenjona, sadengena, saambeuna, satekadna, salampahna, 
teu tinggal ti Alloh. 
Nu katenjo, nu kadenge, 
nu di ucapkeun, 
nu dilampahkeun teh 
anging Alloh, 
nyumponan kana dalil :
“U’BUDILLOH KAANA
KATARAHU FAIN LAMTAKUN TARUHU FAINAHU YAROKA”
Nyaeta : 
ngabaktina ka Gusti Alloh teh saperti ningali kaAnjeun na
anjeunNa ningali 
ka maranehan nana.
Gawena welas asih 
ka sakur dadamelanana Gusti Alloh, 
nyaah ka sasama kaula, sabab netepkeun Tunggalna nu katingal jeung nu ningal.
[24/12/2021 16:10] Aing: ISMU ADAM
Nyaeta ngabaktina 
ka Gusti Alloh teh, 
lain bae ngan saukur 
sausik malikna “Ati” saobahna “Manah” bae, 
tapi salirikna “Sir”, sagedagna “Rasa”, 
Sir ngabakti ka Nu Maha Suci, 
Rasa kumawula ka Gusti 
anu Kawasa, 
Roh madep maring Dhat 
anu Kawasa, 
Sukma madep maring Dhat kang Maha Suci, 
sir nu asih karep nulanggeng, wis teguh mulaning teguh, teguh anu matak hayu, 
hayu kuciptaning teguh, nyumponan kana dalil :
“AL ISANU SIRI 
WA ANNA SIRRUHU”
Hartosna : 
Manusa teh rusiahna Panggeran, 
Panggeran teh rusiahna manusa, 
nu salilana jadi abdi, 
moal nyaho rusiahna Gusti, nu hayang nyaho rusiahna Gusti kudu sakola heula “ 
Karaton ka Gustian”. 
Sabab ngan Gusti pribadi 
anu uninga kana rusiahna Gusti.

Kapan ceuk dalilna oge :
“FAMAN KANA YARJU LIQOOA ROBBIHI FALYA’MAL A’MALAN SYALIHAN WALA YUSRIK BI IBADATIHI ROBBIHI AHADAN”.
Hartosna : 
Saha-saha anu percaya, manehna bakal papanggih jeung panggeranana, manehna kudu ngalampahkeun amal 
anu hade sarta 
ulah nyaruakeun naon-naon ka Panggeranana 
tina ngalampahkeun parentahanana.
[24/12/2021 16:14] Aing: LENYEPANEN

Solat ISTILAH teh solatna badan, ngemban dawuhan Panggeran nepungkeun ti abdi ka Gustina.
Solat LOGAWI teh solatna batin, ngemban dawuhan Panggeran nunggalkeun kawula jeung Gustina.
Kumpulna solat ISTILAH jeung LOGAWI teh, saolah-olah kumpulna ibadah Alamul Asghor jeung Alamul Akbar, nyaeta kumpulna ibadah kasakur anu kumelip di dunya kabir jeung dunya sogir.
Hartina :
Manusa anu kasebut “Alam Sogir” teh, anu baris nyubadanan ibadahna sakabeh makhluk, kayaning : Bumi, bentang, srangenge, sawarga, naraka, arasy, kursi, bumi ka 7, jeung langit ka 7. pangna nyubadanan kana sakabeh makhluk, sabab manusa anu kasebut “Alam Asghor” teh kumpul kabeh pepekna kana kaayaan Alamul Akbar aya dibadan manusa saperti : 7 lapis bumi, 7 lapis langit, bulan, bentang, srangenge, tatangkalan, sasatoan, sawarga, naraka, arasy kursi. Jeung saterusna.

RINGKESNA

Sareatna solat teh : Nyanggakeun sembah 
ti kawula ka Gustina 
nyaeta anu sapoe sapeuting 5 waktu tea.

Tarekatna solat teh : Dumeuheus ti kawula 
ka Gustina, 
nyaeta nepangkeun 
abdi ka Gustina.

Hakekatna solat teh : Nunggalkeun ti kawula 
ka Gustina, 
nyaeta rep sidakep 
sinuku tunggal.

Ma’rifatna solat teh : Tunggalna kawula jeung Gustina, 
nyaeta amateni 
“Panca Indera” 
nutupi babahan hawa sanga, sirna rasana, 
bungah manahna.


SOLAT SAREAT 
Nyumponan 
pangajaran IHRAM

SOLAT TAREKAT 
Nyumponan 
pangajaran MI’RAJ

SOLAT HAKEKAT Nyumponan 
pangajaran MUNAJAT

SOLAT MA’RIFAT 
Nyumponan 
pangajaran TUBADIL

Dina hiji ibadah 
kudu aya bae fanana, 
fanana dina hiji-hiji pangajaran 
nurutkeun kumaha tahapanana pangajaran 
anu keur dipaju.
[24/12/2021 16:18] Aing: Demi martabatna fana 
bisa dibagi kana 4 bagian :

1.FANA FIL AF’AL
2.FANA FIL AS’MA
3.FANA FIL SIFAT
4.FANA FIL DHAT

Pangajaran IHRAM 
kaasup kana bagian 
FANA FIL AF’AL

Pangajaran MI’RAJ 
kaasup kana bagian 
FANA FIL ASMA

Pangajaran MUNAJAT kaasup kana bagian 
FANA FIL SIFAT

Pangajaran TUBADIL 
kaasup kana bagian 
FANA FIL DHAT

Nu FANA FIL AF’AL 
ngarasa kahutangan 
mun heunteu SOLAT.

Nu FANA FIL ASMA 
ngarasa kahutangan 
mun heunteu KHUSYU.

Nu FANA FIL SIFAT 
ngarasa kahutangan 
mun heunteu KHUSYUSIL KHUSYU.

Nu FANA FIL DHAT 
ngarasa kahutangan 
mun heunteu MA’RIFAT.

Dalilna Nu FANA FIL AF’AL : “LA FAILAILALLAH” 
(Hartosna : 
Henteu aya anu ngadamel anging Gusti Alloh.

Dalilna Nu FANA FIL ASMA : “LA MATLUBU ILALLAH” 
(Hartosna : 
Henteu aya deui 
nu dipikaresep anging 
Gusti Alloh.

Dalilna Nu FANA FIL SIFAT : “LA MABUDHU ILALLAH” 
(Hartosna : 
Henteu aya deui nu wajib disembah anging Gusti Alloh.

Dalilna Nu FANA FIL DHAT : “LA MAWJUDA ILALLAH” 
(Hartosna : 
Henteu aya deui anu maujud anging Gusti Alloh
[24/12/2021 16:20] Aing: BAB PUASA

Dina sataun sakali, 
nyaeta dina bulan romadhon sakur kaum islam diwajibkeun puasa. 
Ari martabatna puasa 
eta aya 3  perkara :

PUASA UMUM 
= Puasa anu biasa 
   saban bulan Ramadhan

PUASA KHUSUS 
= Puasana jalma pilihan.

PUASA KHUSUSIL KHUSUS 
= Puasa sapapanjangna
[24/12/2021 16:28] Aing: HARTINA PUASA UMUM
Demi anu dingaranan 
puasa umum teh nyaeta : Puasa anu di parentah keun ku “Hukum Syara” 
dina sataun sakali, saban-saban dina 
bulan Ramadhan. 

Syaratna puasa teh 
nyaeta nyegah dahar, 
nyegah nginum, 
nyegah nyapek raheum jeung sajabana. 

Wajib puasa jeung 
sunatna puasa umum teh lengkep diterangkeun dina Kitab Fikih, 
sangkan dianggap 
sah puasana, 
kudu di niatan anu bener.

HARTINA PUASA KHUSUS
Demi anu dingaranan 
puasa khusus teh nyaeta : Jaba ti nyegah dahar, 
nyegah udud, nyegah nginum jeung capek rahem teh, nyegah pangajakna leungeun, tina ngucap jeung ngomong nu teu aya perluna, 
nyegah tina pangajakna pangrungu anu sakira-kira 
teu aya manfaatna, 
nyegah tina pangajakna panenjo mata anu sakira 
teu aya hasilna, 
nyegah tina pangajakna suku anu sakira-kira matak mawa ma’siat kana kalakuan.

HARTINA PUASA 
KHUSUSIL KHUSUS
Demi anu dingaranan 
puasa khusus teh nyaeta : Jaba ti nyegah pangajakna panca indera anu 5, 
oge nyegah tina sagala kamaksiatan batin, saperti : Syirik, pidik, jail, kaniaya, aral subha, munafek, ngunek-ngunek, ujub, ria, takabur, gumede, 
tara ngalamun teu puguh, tara berewit, delet, sulit ati, belang bayah, 
tara ngumandeuar, rumahuh, miara kasusah.

Lamun ieu nu 3 bagian puasa teh kuurang diringkeuskeun, bisa dibagi 2 bagian, 
nyaeta :

1.PUASA LAHIR
2.PUASA BATHIN

Nu kaasup kana 
puasa “Lahir” 
nyaeta puasa umum jeung puasa khusus. 

Sedengkeun anu kaasup kana puasa “Bathin” 
nyaeta puasa 
khususil khusus.


SAMPURNANA PUASA LAHIR AYA 5 PERKARA :

Ngaraksa sungut 
tina ambeuk, ngupat, pasea, ngageuhgeuykeun jeung ngomong anu jorang.

Ngaraksa panon 
tina pangdeuleu nu dicegah ku Sara, babakuna nenjo barang anu lain hakna.

Ngaraksa ceuli 
tina pangdenge, ngadengekeun anu ngupat simuat, nu parasea, pendek ngaraksa tina sagala rupa dedengean nu matak ria.

Ngaraksa panyipta, 
dina sajeroning keur puasa teh ulah nyipta-nyipta pibukaeun, sumawona bari jeung ngumpul-ngumpulkeun dahareunmah, dina bukana kudu saaya-aya bae, ulah makmak mekmek sapedah tas kosong.

Puasa kalawan ikhlas, 
sarta kudu nyaho kana paedahna puasa.

SAMPURNANA 
PUASA BATHIN 
AYA 20 PERKARA :

Ulah ngalajur nafsu
Ulah gede ambeuk
Ulah ngomongkeun batur
Ulah nyieun teu ngeunah 
         ka batur
Ulah nyieun susah ka batur
Ulah sirik kana kaayaan batur
Ulah ujub ria takabur
Ulah cawadan
Ulah teu payaan
Ulah aral subha
Ulah miara kasusah
Ulah nguluwut kabingung
Ulah embung dihina
Ulah umanggul hayang kapuji
Ulah hawek
Ulah ngalamun teu puguh
Ulah eraan leuwih ti misti
Ulah pahereng parasea jeung 
         batur
Ulah kebluk beuki sare
Ulah gembul kalahkah 
         baranghakan

20 hal eta 
ngarujuk kana Dalil :
“LATAHAROKUL JASADU ILLA BI IDZNILLAH, 
WA LATAHAROKUL 
ROHU ILLA BI IDZNILLAH”.
Hartosna :
Obah usikna jasad ku Roh, jeung obah usikna Roh 
ku Gusti Alloh.

“WATTAQULLOHA WAYU’ALIMUKUMULLOHU”
Hartosna :
Jeung kudu takwa maraneh (ngabersihkeun kokotor 
lahir batin) engke maraneh dipaparin elmu ku Alloh.

“AM KAEFA ILLALLOHU WAHUWA MUKBALUN BISAHWATIHI”
Hartosna :
Kumaha rek bisana lumampah nepungan Panggeranna, 
sedeng maranehna oge diringkus ku hawa nafsuna
[24/12/2021 16:32] Aing: JADI INTI TINA 
HAKEKAT PUASA

Lamun lirapkeun kana sejatina puasa, 
hakekat puasa aya 
2 larapan :

Puasa lamun dilarapkeun kana unsur diri dibagi kana 
7 bagian, 
nyatana :

1.Puasana Badan 
nyaeta kudu handap asor / depe-depe.

2.Puasana Hate 
nyaeta mengkek 
sagala kahayang

3.Puasana Nafsu 
nyaeta nyabarkeun diri

4.Puasana Nyawa 
nyaeta temen / syuhud

5.Puasana Rasa 
nyaeta bertindak utama

6.Puasana Nur 
nyaeta susuci

7.Puasana Atma 
nyaeta awas lan waspada

Puasa lamun dilarapkeun kana unsur wujud dibagi kana 7 bagian, 
nyatana :

1.Puasana Panon 
nyaeta kudu melek (ngurangan sare).

2.Puasana Ceupil 
nyaeta nyegahan nafsu

3.Puasana Irung 
nyaeta ngurangan nginum

4.Puasana Baham 
nyaeta ngurangan dahar

5.Puasana Parji 
nyaeta nyegahan syahwat

6.Puasana Leungen 
nyaeta nyegahan tunggal teunggeul, cocorokot anu lain hakna

7Puasana Suku 
nyaeta tunda langkah kana laku goreng
[24/12/2021 16:35] Aing: SYARAT – SYARAT 
NGA IKHWANKEUN

ﺒﺴـــﻤ ﺍﷲ ﺍﻠﺮﺤﻤﻦ ﺍﻠﺮﺤﻴﻢ

ﻄﻠﺐ ﺍﻠﻌﻠﻢ ﻓﺮﻴـﻀـﺔ ﻋـﻠﻰ ﻜﻞ ﻤﺴﻠﻤ ﻮﻤﺴﻠﻤﺔ ﻤﻦﺍﻠﻤﻬـﺪﺍﻠﻰﺍﻠﻠﺤﺪ
Thalabul Ilmi Fharidatun 
A’la Kulli Muslimin 
wal Muslimat 
Minal Mahdi I’lallahdi
“Nyiar Elmu teh 
eta wajib ka satiap jalma Islam lalaki jeung 
Islam awewe 
ti mimiti aya dina aisan 
nepi ka sedong kubur (maot)
(H. Riwayat Bukhari wal Jama’ah)


Saur Pangandika 
Rasulullah SAW

ﺒﺴـــﻤ ﺍﷲ ﺍﻠﺮﺤﻤﻦ ﺍﻠﺮﺤﻴﻢ

ﺍﻠﻌـﻠﻢﻋـﻠﻤﺎﻦ؛ ﻋـﻠﻢ ﻓﻰﺍﻠـﻘـﻠﺐ ﻓـﺰﺍﻚﺍﻠـﻌـﻠﻢﺍﻠﻧﺎﻓـﻊ، ﻮﻋـﻠﻢﻋﻠﻰﺍﻠﻠﺴـﺎﻦ ﻓـﺯﺍﻚ ﺤـﺠـﺔ ﻋـﻠﻰ ﺍﺒـﻦ ﺍﺪ ﻢ
Al-Ilmu Aliman : 
Ilmun Fii Qalbi Fazaaka Ilmunnaafi, 
Wa Ilmun Alal’lisaani Fazaaka Hujjattun 
A’la Abni Adam
Anu hartosna : 
“Ari elmu teh aya dua rupa :
1). Elmu dijero ati, saestuna eta teh elmu-elmu anu berguna.
2) Jeung elmu anu ayana dina ucapan, tapi eta mah ngan saukur jadi hujah pikeun turunan bangsa Adam 
(ngan sakadar ngaramekeun dunya wungkul).

Sabda Rasulullah SAW
ﺒﺴـــﻤ ﺍﷲ ﺍﻠﺮﺤﻤﻦ ﺍﻠﺮﺤﻴﻢ
ﻠـﻠـﻌﺎ ﻟﻢ ﺜـﻼ ﺜـﺔﻋـﻟـﻮﻢﻋﻠﻢ ﻇﺎﻫـﺮﻴـﺒـﺬ ﻠﻪﻻﺀﻫﻞﺍﻠﻇﺎﻫـﺮﻭﻋـﻠﻢ ﺒـﺎﻄﻦﻻﻴـﻧﺒﻐﻰﺍﻆﻬﺎﺮﻩﺍﻻﻻﻫـﻠﻪ ﻭﻋـﻠﻢ ﺒـﻴـﻧﻪ ﻭﺒـﻴـﻦ ﺍﷲﻻ ﻴـﻇﻬـﺮﻩﻻﺀ ﺤﺪ

LIL ALMI SALASATU ULUUMIN ILMUN DHOHIRUN YUBDILUHU LI AHLI DHOHIRI WA ILMU BATHIN 
LAYAN BAGI I’DHARUHU ILLA LI A’HLIHI 
WA ILMUN BAINAHU WABAYINALLAHI LAYUDHIRUHU LI A’HADIN
[24/12/2021 16:38] Aing: “Ilmu terbagi pada 
3  macam :

1.Ilmu Lahir 
Satemenna eta ilmu teh disampaikeun ka balarea secara umum. (Ilmu Umum)

2.Ilmu Bathin 
Nyaeta elmu nu teu sakuduna disampaikeun secara luas kecuali ka ahlina (nu boga minat pikeun mempelajarina) (Ilmu Khusus)

3.Ilmu Antarana Jeung Allah Nyaeta elmu nu teu salayakna disampaikeun 
ka sing saha wae oge. 
(Ilmu Khusus bil Khusus pikeun dirina sorangan) 

Maksudna : 
Sagala hal 
nu nyangkut peristiwa/kajadian anu dialaman nyaeta kaayaan nu 
bersifat pribadi /individual 
nu dikehendaki ku Allah, berfungsi sebagai suatu “Rahasiah tersembunyi” mung ukur dikanyahokeun antara Sipelaku (Diri Pribadi) sareng Allah Swt. 
terus lamun urang nyebarkan elmu rahasiah ketuhanan eta, pikeun disampaikan secara meluas ka umum, 
loba kamungkinan bakal ngadatangkeun fitnah, tuduhan-tuduhan negatif, atau bisa nimbulkan parasaan `Ujub 
(ngarasa hebat sorangan) 
nu akibatna bisa ngancurkeun kana nilai-nilai elmu pamanggihna.

Jadi nurutkeun hal eta diluhur, hal ieu didasarkeun kana Hadist Rasulullah 
anu unggeulna 
“ALA QADRI UQULLIHIM” 
(Sapanjang ukuran akal maranehna anu nuntut).
[24/12/2021 16:42] Aing: Anu dimaksud tina 
kalimah diluhur eta, 
nyaeta nu geus nyampai kana syarat-syarat tertentu :
Geus mapan tina 
Syariat jeung Thoriqatna.
Kudu geus manjing umur antawis umur 40 Tahun 
ka luhur, 
karna usia eta tos dianggap stabil
Teu terlalu terikat ejeung urusan dunia.

Dengan tiga syarat ini 
akan lebih mencapai tujuan. Adapun pendapat lain 
bahwa pengertian 
“Ala Qadri ‘Uqulihim” itu ialah

a) ada minat yang kuat untuk 
     menuntut,
b) sudah memahami secara 
     keseluruhan pokok-pokok 
     ajaran islam/iman, dan
c) usia dewasa dan memiliki 
     kecerdasan yang 
     memadai untuk 
     memahami hal-hal yang.   
     ghaib.

Bila seseorang yang hendak menuntut, memiliki minat/keinginan yang kuat yang bukan ikut-ikutan orang, bukan dibuat-buat, kegairahan yang tinggi, 
maka hal tersebut sudah merupakan NUR (Hidayah) dari Allah SWT. 

Syarat yang kedua, 
sebagai seorang yang sudah dewasa tentu mengerti dan melaksanakan shalat, puasa, ada pengertian tentang 
sifat 20 meskipun tidak rinci. 

Penyampaian ilmu 
tidak kepada anak-anak dibawah umur atau 
orang yang nyata-nyata memiliki ciri-ciri kebebalan. 

Mereka yang berusia dewasa, secara umum dapat diperkirakan mampu untuk memahami segala uraian yang diajarkan. 

Dengan tiga syarat tersebut, maka inilah yang dimaksudkan “Ahlinya”. 

Pendapat inilah 
umumnya yang berlaku dikalangan pengajian Tasawuf.
[25/12/2021 14:40] Aing: yaitu 
jim titik tiga diucapkan ca, 
ain titik tiga diucapkan nga 
fa titik tiga diucapkan pa, 
kaf titik satu diucapkan ga, nun titik tiga diucapkan nya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar