Rabu, 06 April 2022

JALAN KA MAKRIFAT AN

[24/12/2021 11:11] Aing:

 ﺒﺴــــــﻢﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻤﻦﺍﻠﺮﺤﻴﻢ

MUKADIMAH

Ka-aqroban saurang hamba jeung Gusti-Na, sapertos anu tos di Firmankeun ku Alloh dina salah sawios Hadist Qudsi (anu langsung sumping ka leubeut Qolbu Rasululloh) :

ﻤـﺎاﺗـﻘـﺮبااﻠﻲاﻠﻤﺗـﻘـﺮﺒـﻮﻥﺒـﻤـﺜـﻞاﺪاﺀﻤﺎاﻓـﺗﺮﻀﺖﻋـﻠﻴـﻬـﻢ ﻮﻻﻴـﺰاﻞاﻠﻌﺒـﺪﻴـﺗـﻘﺮﺐاﻠﻲﺒﺎﻠﻧﻮاﻓﻞﺤـﺗﻰاﺤـﺒـﻪﻓﺎﺀ ﺬااﺠـﺒﻠـﺗـﻪﻜـﻧـﺖ ﺴـﻤـﻌـﻪاﻠـﺬﻱﻴﺴﻤـﻊﺒـﻪﻮﺒﺼﺮﻩاﻠﺬﻱﻴﺒﺼﺮﺒـﻪ ﻮﻠﺴﺎﻧـﻪاﻠﺬﻱ ﻴـﻧﻃﻖﺒـﻪ ﻮﻴﺪﻩاﻠﺗﻰﻴـﺒﻃﺶ ﺒـﻬﺎﻮﺮﺠﻠـﻪاﻠﺗﻲﻴـﻤﺷﻰ ﺒﻬﺎﻮﻗﻠﺒـﻪاﻠﺬﻱﻴـﻀﻤﺮﺒـﻪ

“MA ATAQARRABA ILAYYAL MUTAQARRIBUNA 
BIMISTLI ADA’I 
MAFTARADLTU’ALAIHIM, WALAYAZALUL’ABDU YATAQARRABU ILAYYA BIN NAWAFIL, HATTA UHIBBAHU, FA IDZA AHBABTUHU KUNTU SAM’AHULLADZI YASMA’U BIHI WABASHARAHUL LADZI YUBSHIRU BIHI
WALISANUHUL LADZI YANTHIQU BIHI WAYADAHUL LATI YABTHISYU BIHA 
WA RIJLAHUL LATI YAMSYI BIHA WA QALBAHUL LADZI YADLMIRU BIHI”
Hartosna :
Jalma-jalma anu ngarasa deukeut ka KAMI, 
teu saukur ngalaksanakeun naon anu Kami Fardhukeun wungkul ka maranehna, malahan si jalma eta ngarasa deukeut ka Kami bari jeung ngalaksanakeun amalan-amalan Nawafil (salaku ibadah tambahan) neupikeun Kami oge mikacintana. mun Kami geus mikacinta kamaranehna, Nya Kami nu bakal jadi pangdanguna, anu jeung eta manehna bisa ngadenge, Kami anu jadi paningalna pikeun nenjo, Kami anu jadi pananganna pikeun nyekeul, Kami anu jadi suku pikeun lempang, jeung Kami oge anu jadi Hatena, anu jeung eta manehna bisa ber-Fikir kalawan boga cita-cita (panghareupan). 
(Riwayat imam bukhori).

Dina salah sawios Hadits Qudsi Allah SWT Berfirman :

ﻜـﻧﺖ ﻜـﻧﺰا ﻤﺧـﻔـﻴﺎ ﻓﺎﺀ ﺤـﺒـﺒـﺖ اﻦ اﻋـﺮﻒ ﻓـﺧـﻠﻘﺖ اﻠﺧﻠﻕ ﻠﻴـﻌﺮﻓـﻧﻲ

KUNTU KANZAN MAKHFIYYAN, 
FA AHBABTUAN ’URAFA 
FA KHALAQTUL LIYA’RIFANI
Hartosna :
“Kami nyaeta (hiji) rusiah (pembendaharaan) anu Gaib. Tuluy Kami boga kahayang supaya di kanyahokeun. Terus Kami nyiptakeun Alam sarta makhluk (Muhammad). Taya lian supaya maranehna bisa Ma’rifat (nyaho) ka Kami”.

ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ﺗـﻌـﻼ
AWALUDINI MA’RIFATULLAHI TA’ALA

Naon Artina “ AWALUDINI (ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ) ? Yakni Permulaan Agama.
Jeung Permulaan Agama eta Ma’rifatullah (ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ), nyaeta Nyaho jeung ngaku ayana Allah.
Naon asal Ma’rifat (ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ) ? Bahwa asal Ma’rifat eta bisa dibedakeun antawis Mukhadas sareng Qodim sabab Hakikat akan wujud eta Mukhadas, jeung Hakikat Wajibul Wujud eta Qodim, teu tiasa bersamaan kaduana, jeung tidak berhimpun kaduana.
Anu mana dinamakan Agama itu ? Bahwa yang dinamakan Agama itu yaitu ibarat dari pada menghimpunkan ke-Empat perkara, Yaitu : Iman, Islam, Tauhid dan Ma’rifat
[24/12/2021 11:14] Aing: WAMAN LAN YAKFIRULLOH FIDDUNYA, FAKAIFA YAROHU FIL AKHIROH
( Q.S. BANI ISRAIL : 72 )
Hartina : Saha-saha anu lolong (teu nyaho) ka Alloh keur didunyana, geus tangtu di akheratna oge lolong.

LAESA KAMISLIHI SYAEUN WAHUWA SAMIUL BASHIR
Hartina : Gusti Alloh teh teu bisa disaruakeun jeung naon bae nu aya di ieu dunya.

LATAHAROKUL JASADU 
ILLA BIIDNIROH, WALATAHAROKUL ROHU ILLA BIIDNILLAH.
Hartina : 
Obah usikna jasad ku Roh, Jeung obah usikna Roh 
ku Gusti Alloh.

WAHUWA MAAKUM AENAMA KUNTUM
Hartina : 
Gusti Alloh teh 
babarengan bae jeung makhluk-makhlukna, 
dimana bae manehna aya didinya anjeuna aya 
( Q.S. Al-Hadid : 4 )

WANAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL WARID 
(Q.S. Qaf : 16 )
Hartina : 
Kami jeung maneh geus eweuh antarana deui, 
deukeut keneh Kami 
ka maneh ti batan urat beuheung nu nganteung dina beuheung maraneh.

WALLOHU BIKULLI SYAIIN MUHIT
Hartina : 
Jeung Allah nga angliputan ka sakabeh makhlukna 
nu aya dina ieu alam.
[24/12/2021 11:20] Aing: AL-INSANU SIRRI 
WANA SIRRUHUU
Artinya : 
“Manusia teh gudangna rusiah Kami, 
Jeung Kami teh gudang rusiahna (maranehannana)”.

LAM YANSA’NI ARDHI 
WA LA SAMAA’IY WAWASI’ANI QOLBU AB’DI ALMUUMINU ALLAYYINU ALWAADI’U.
Bumi jeung langit 
teu sanggupeun ngamuat 
Zat Kami (Dhat Allah), lintang ti hate hamba-hamba Kami anu mukmin nu Mukhlis (ikhlas), kalayan tawadhu.

AL-INSANU DHOHIRULLAHI WA ILLAHU BATHINUL IMAMMA
Artinya : 
Manusia teh wujud lahiriahna sedengkeun Allah 
wujud batinna.

ﻮﻤﺎﺧﻠـﻘـﻞاﻧـﺴﻦﻠﻞ ﻤـﻌـﺮﻓـﺘـﻴـﻪ

WAMA KHOLAQOL INSANAA LIL MA’RIFATIHI
“Dan Tidaklah Aku Ciptakan Manusia Melainkan Untuk Ma’rifat (mengenal) ke pada-KU”.

YAA AYYUHAN NAS !, 
MAN QASHADANII’ARAFANII WAMAN A’RAFANII ARAADANII 
WAMAN ARAADANII THALABANII. 
WAMAN THALABANII WAJADANII 
WAMAN WAJADANII DZAKARANII WALAM YANSANII. 
WAMAN DZAKARANII WALAM YANSANII DZAKARTUHUU 
WALAM ANSAHUU.

( Hai Manusa ! 
Singsaha anu nuju ka Kami, manehna bakal nyaho (Marifat) ka Kami. 
Singsaha anu nyaho ka Kami, menehna miharep ridho kami Singsaha anu miharep Kami, tangtu neangan Kami. Singsaha anu neangan Kami, tangtu bakal menangkeun Kami. 
Singsaha anu geus menangkeun Kami, salawasna manehna nyebut tur eling ka Kami, jeung moal rek mopohokeun Kami, Singsaha jalma anu
salawasna nyebut tur eling 
ka Kami, 
maka Kami salawasna ingeut jeung manehna moal Kami popohokeun.

WAMAN ARAFALLAAHA 
FA ATHOO’AHU NAJAA WAMAN ARAFASY SYAITHAANA 
FA TARAKAHUU SALIMA. WAMAN ARAFADDUNYA FARAFADLAHAA KHOLISHO. WAMAN ARAFAL AKHIRAH FATHALABAHAA WASHOLA FA INNALLAAHA YAHDII MAN YASYAA’U WA ILAIHI TUQLABUUN.
(Jeung singsaha anu nyaho ka Allah, manehna taat, 
maka manehna salamet. Singsaha anu nyaho setan, manehna ninggalkeun godaannana, 
manehna salamet. 
Singsaha anu nyaho dunya, manehna nolak, 
maka menehna bersih jeung lepas tina sagala keterikatannana. 
Singsaha anu nyaho akherat manehna nuntut kalawan miharepna, maka manehna nepi kanu ditujuna. 
Saenyana Allah mere pituduh ka singsaha wae anu dikehendakina jeung mung 
ka Anjeunna urang bakal dikembalikeun.
[24/12/2021 11:27] Aing: Ari kawajiban Ma’rifat 
pikeun manusa aya 4 hal nyaeta :
1.Marifatul Kholqi 
(Nyaho kana sakabeh makhluk ciptaannana),
2.Marifatul Al-Ghair 
(Nyaho kana sakabeh jiwa jeung tabeat manusa)
3.Marifatu Nafsi 
(Nyaho ka dirina sorangan),
4.Marifatullah 
(Nyaho ka Allah).

ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ﺗـﻌـﻼ
AWALUDINI MA’RIFATULLAHI TA’ALA

Hartina : 
Ari awal permulaan agama nyaeta kudu nyaho ka Allah Ta’ala. 
Maksudna supaya enggoning urang ngalakonan ibadah teh ngarah syah ditarima 
amal ibadahna ku 
Allah Ta’ala sabab “amal teh kudu kalawan elmu, 
lamun teu kalawan elmuna bakal batal, 
moal aya manfaatna pikeun di akhirat, ngan saukur keur mapaesan dunya wungkul”.
Tapi nganyahokeun ka Allah eta lain kawas nganyahokeun kahawades beh jentulna 
tapi kudu ku Elmuna 
sabab ceuk dalilna oge 
ari Allah mah 
“ Dhat Laesa Kamislihi Saiun” 
(teu aya upamana bakating kuhiji-hijina) 
mung Anjeuna nyalira anu jumeneng ku Anjeun 
“Dhat tanpa wiwitan-
Dhat tanpa wekasan”.
“AWALU WAJIBUN 
ALAL INSAN MARIFATULLAHI BI ISTIQANI”
Ari awalna (mimitina) kawajiban manusa nyaeta kudu nyaho ka Allah 
ku kayakinan anu panceug/kuat (istiqomah) 
nyatana anu teu umbut kalinuan teu gedag
kaanginan. 
Lir ibarat urang ngucapkeun dua kalimah syahadat, 
lain ngan ukur bisa ngucapkeun wungkul dina sungut, 
bahwa urang geus nyaksi 
yen teu aya deui panggeran iwal ti Allah sareng Muhammad Rasul Allah, 
lain saperti kitu bae 
tapi kudu jeung sidikna nyatana 
Sidik kana Dhatna, 
Sidik kana Sifatna, 
Sidik kana Af’al-na jeung 
Sdik ka Rasulna. 
Lamun urang geus sidik 
kanu opat perkara tadi 
baru urang bisa disebatkeun syah ibadahna, 
ari kangaranan SYAHADAT nyaeta Syah/ bener nurutkeun Adat/carana nyatana 
Syah Dhat-na, 
Syah Sifat-na, 
Syah Asma-na jeung 
Syah Af’al-na. 
Kapan ceuk dalilna 
dina Qur’an oge 
“WABUDU ROBBAKA HATTAA YA’TIYAKAL YAQIN” 
(Jeng Ari nyembah ka Allah teh kudu sidik kalawan yakin Q.S Al-Hijir : 99). 
Kecap yakin didieu ngandung harti anu geus bener-bener percayana, 
percaya oge cumah lamun teu dibarengan ku Ma’rifatna ari hartina Ma’rifat 
nyaeta nyaho. 
Jadi percaya kana ayana Allah teh kudu jeung nyaho kalawan sidikna, 
upama teu jeung nyahona/sidikna berarti Iman-na Taklid (Nyaeta ngaku Iman ngan saukur sabatas omongan jeung mung sakadar ceuk kitab wungkul).
[24/12/2021 11:32] Aing: ﻮﻤﻦﺍﻋـﺮﻑ ﻧـﻔـﺴـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺍﻋـﺮﻑ ﺮﺒـﻪ ﻮﻤﻦ ﺍﻋـﺮﻑ ﺮﺒـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺠـﻬـﻳﻼ ﻧـﻔـﺴـﻪ

“WAMAN AROFA NAFSAHU FAQOD AROFA ROBBAHU, WAMAN AROFA ROBBAHU FAQOD JAHILANNAFSAHU” 
(Singsaha jalma anu geus nganyahokeun kadirina sorangan tangtu bakal nyaho ka Panggerannana, Samangsa-mangsa geus nyaho ka Panggerannana tangtu bakal leuwih nyaho kadirina anu bodo).
اﻋـﺮﻓـﻜﻢ ﺒـﺮﺒـﻪ اﻋـﺮﻓـﻜﻢ ﺒـﻧـﻔـﺴـﻪ
ARAFUKUM BIRABBIHI ARAFUKUM BINAFSIHI Artina : 
Jalma anu bener-bener 
nyaho ka Allah nyaeta 
anu geus lewih ngarti jeng nyaho ka dirina sorangan.
Tapi nyaho ka Allah lain cukup kupanon lahir wungkul tapi kudu jeung elmuna, sabab 
Ghoib kudu ku Ghoib deui 
da manusa oge aya ghoibna kapan saur dalilna oge “WALLAHU GHOIBUN AL-INSANU GHOIBUN”
(Ari Allah teh Ghoib 
manusa oge Ghoib), 
Iwalti kudu nganyahokeun 
ka dirina sorangan.

ﻤﻦﻋـﺮﻒاﷲ ﻻﻴـﺧـﻔﻰﻋـﻠﻴـﻪ ﺷـﻲ
MAN ‘ARAFALLAHA 
LA YAKHFA ‘ALAIHI SYAI’UN
Hartosna : 
Singsaha anu geus nyaho 
ka Alloh, 
teu aya deui rusiah sejen (anu Ghoib) di MantenNa.
Pengenalan ka diri sorangan ngarupakan Fardhu Ain sesuai jeung dalilna 
“WALA ANA AWALU NAFSI FARDHU AEN”. 
(Jeung kanyahokeun 
ku anjeun saenyana 
mimitina kudu nganyahokeun kana sifatna hirup kalawan “aen”/wajib). 
Bagi tiap-tiap manusia mengenal bahwa diri itu harus dikenal sebagai suatu Zat yang hina, lemah, dhoif, umi dan fana pengenalan mana dapat menimbulkan keyakinan bahwa 
Tuhan itu Mulia, Berkuasa dan Kekal AdaNya. 
Orang yang tidak mengenal dirinya tidak akan mengenal Tuhan-Nya 
baik didunia maupun 
di akhirat dan apabila ia tidak kenal akan TuhanNya maka ia tidak dapat menyembah TuhanNya itu dengan sebaik-baiknya. 
Bukankah orang yang buta didunia ini akan buta pula nantinya di akhirat bahkan lebih sesat lagi ?

WALIKULI QULU UMATIN WAROSULIHI 
(Q.S. Yunus : 47)
Hartina : 
Dina sakabeh umat 
pada katetepan Rasululloh, hartina Rasa Alloh.

WATTAQULLOHA WAYU’ALIMUKUMULLOHU
Hartina : 
Kudu taqwa maraneh (ngabersihkeun kokotor lahir batin) engke maraneh tangtu di paparinan elmu Allah.

AM KAEFA YARHALU ILLALLOH WAHUWA MAKBALUN BI SAHWATIHI
Hartina : 
Kumaha rek bisana lumampah nepangan Alloh, sedeng manehna diringkus ku hawa nafsuna.
[24/12/2021 13:36] Aing: Kusabab eta mempeng urang keur hirup didunya, 
urang kudu bener-bener ibadahna ka Allah, 
jeung ikhtiar pikeun beukeul urang engke mulang 
mun geus di parengkeunnana cunduk waktu  
ninggang mangsa 
balik ka akherat 
nyatana maot anu bakal pasti kaalaman kusakabeh 
anu hirup, 
aya paribasana 
“Mawa payung samemeh hujan” 
tegesna kudu bisa nganjang kapageto 
nyaeta kudu bisa
ngarasakeun maot 
samemeh maot nusabenerna
ﻤـﻮﺘـﻮ اﻗـﺒﻞ اﻦ ﺘﻞ ـﻤﻮﺘـﻮ
MAUTU QOBLA 
ANTAL MAUTU 
atawa 
(ANTAL MAOTU 
QOBLAL MAOTU)
Hartina : 
Kudu bisa paeh 
samemeh paeh 
( kudu bisa mati 
sajeroning hirup)

HASABU ANFUSAKUM QOBLA ANTAL HASABU.
Hartina : 
Hisab heula 
ka badan sorangan 
samemeh ngahisab ka batur

INNA LILLAHI 
WA INA ILAIHI RO’JIUN
Hartina : 
Asal ti Alloh 
kudu balik deui ka Alloh.
ﺍﻻﺣﻖ ﺒـﺎﻻﺣﻖ ﺍﻻﺣﻖ ﺒـﺎﻻﺣﻖ
ILLA HAQQA BILLA HAQQIN - ILLA HAQQIN BILLA HAQQA
(Hak Allah teh
Hak Muhammad – 
Hak Muhammad teh 
Hak Allah)

Jadi ngeunaan 
Hak Allah jeung 
Hak Muhammad 
eta kabeh oge 
geus kahimpun tina 
“Dua Kalimah Sahadat”.
Kapan Ari Kasampurnaan SAHADAT eta aya 4 (opat) perkara :

1.Nganyahokeun : 
Ngandung harti kudu geus Sidik kalawan Ma’rifat-na 
Ka Allah Ta’ala 
kapan Hak Mutlak Allah SWT eta dikenali dan diketahui keberadaan Diri-Nya, 
Yang meskipun Al-Ghaib (tidak akan pernah menampakan diri 
di muka bumi ini) 
namun dapat dirasakan 
amat sangat dekat sekali dalam rasa hati ini 
(lewih deket tibatan urat beheng hamba-hambaNa).

2.Ngucapkeun : 
Ngandung harti nandesken atawa negaskeun ku ucap, kana naon hal anu geus kapanggih jeung kasungsi 
ku diri pribadina. 
Sebagai ikrar penyaksian kana Ka-Agungan Allah SWT.

3.Ngabenerkeun : 
Ngandung harti ngaenyakeun kana naon hal anu geus jadi padamelannaNa, 
Nyatana ayana Urang, 
Bumi, langit, Sawarga jeung Naraka, katut sakabeh pangeusina. 
Anu ngarupakeun bukti nyata tina sagala Af’alna 
Kang Maha Suci.

4.Ngayakinkeun : 
Ngandung harti anu geus nyampai kana 
Syarat syah-na Sahadat
[24/12/2021 13:38] Aing: Syarat Syahna Maca Sahadat teh :

1.Kudu geus Netepkeun 
   Kana Dhat-na Allah Ta’alla
2.Kudu geus Netepkeun 
   Kana Sifat-na Allah Ta’alla
3.Kudu geus Netepkeun 
   Kana Af’al-na Allah Ta’alla
4.Kudu geus Sidik 
  Ka Rasululloh kalawan 
  geus netepkeun kana 
  Sifat Rasululloh, 
  nyatana : Sidik, Amanah,
  Fathonah, jeung Tabligh.
[24/12/2021 13:42] Aing: paribasa sepuh mah 
Ulah nuduh kanu jauh 
ulah nyawang kanu anggang, Anu anggang geuwat raketan, anu deukeut geuwat dehesan (Anu hartina : 
riksa kudiri sorangan naon-naon anu aya dina diri/awak sorangan).
Saur Pidawuh Rasulullah oge “NAFSIKA MATIYATUKA FARFUK BIHAA” 
Artina : 
Diri anjeun lir ibarat Jalan (Alat) pikeun bisa Nyampai kana Ridho-Na Kami.
ﻮﻤﻦ ﻄﻠـﺒﻞ ﻤﻮﻠﻦ ﺒـﻐـﻴـﺮﻱ ﻧـﻔـﺴـﺢ ﻓـﻘﺪ ﻇﻞﻇﻞ ﻷ ﻦ ﺒـﻴـﺪ
WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA 
DHOLALAN BA’IDA
(Jeng Saha-saha jalma anu neangan Panggeran (Allah) kaluar tina dirina sorangan mangka satemen-temenna eta jalma geus kasasar.) 

Dina hal ieu nembe 
ku urang tos tiasa kasawang jeung kalenyeupan yen hakekatna Panggeran sabenerna teu jauh 
jeung diri urang sorangan, malahan justru leuwih moncongok Manten-Na tibatan diri urang sorangan “Nahnu Aqrabun Illaihi Min Hablil Warid” 
(Kami leuwih deukeut kamaraneh tibatan urat beheungna sorangan 
Q.S Qaaf Ayat 16 ) 
“Wahuwa Ma’akum Ainama Kuntum” 
(Jeung kami marengan kamaraneh sakabeh (Dimana anjeun aya nya didinya kami aya) 
Q.S Al-Hadid Ayat 4).
“Ru’yatullahi Ta’ala fidunya bianil Qolbi” 
(Ningalina Allah didunya kupanon (mata hati) 
tapi teu kalawan kafiat 
sabab teu adu hareupan, kusabab geus ngahiji sagulung sagalang lir upama sagara jeung ombakna, 
seneu jeung panasna, 
cai jeung tiisna, 
kembang jeung sengitna, 
gula jeung amisna, 
kopi jeung paitna, 
uyah jeung asinna. 
Kapan ceuk dalilna oge “ Innalloha Ala Kulli 
Sai’in Muhit” 
(Saenyana Allah Ta’ala ngaangliputi kasakabehna lir ibarat cahaya kaangliputi 
ku caangna, 
seneu kaangliputi 
ku panasna).
[24/12/2021 13:47] Aing: IMAN – 
TAUHID – 
MA’RIFAT – 
ISLAM

IMAN : Percaya kalawan  
             yakinna
TAUHID : Teuteup – ajeug – 
                Jeujeug
MA’RIFAT : Nyaho – Nyata – 
                   Teu samara
ISLAM :Suci – Sumerah – 
             Salamet

Haqul Aen : Kakara.  
                    deudeukeutan  
                    reureujeungan
Haqul Yakin : Geus deukeut / 
                        geus.  
                        reureujeungan
Ma’rifatul Aen Nyaeta kakara 
                         basa jeung.    
                         carita.
Ma’rifatul Haq Nyaeta geus 
                         nyata, tetela 
                         karasana

NU KA ASUP KUMAWULA KA GUSTI TEH NU ASIH KA PAPADA MAKHLUKNA
Hartina : Jalma anu geus nyaho hartina bener, tara gampang nyalahkeun nu lian.
Jalma anu geus uninga ka Gusti, tangtu welas asih ka abdi abdina. Anu welas asih ka abdi abdina, saolah-olah ngabakti anjeunanana. Ulah waka ngaku tunggal jeung gusti, upama can welas asih ka makhlukna.
AGAMA teh pituduh jeung katerangan ti Alloh Ta’ala. Filsafat hasilna tina pikiran manusa.
Iman teu jeung ikhtiar, Elmu teu jeung amal sarua jeung kosong. Saksi nu nomer hiji nu baris nyalahkeun jeung ngabenerkeun teh hate. Najan pinter bisa nyarita ngareka reka basa, najan unggul dina catur, hate mah tetep nyaksian ( nu salah bakal cilaka, nu bener bakal salamet).

◙ LENYEPANEUN
Akal jeung pikiran dikamudikeu ku tekad, tekad dikamudi ku Tekad anu lempeng bener, teu cukup ku elmu nu luhur, teu cekap ku paham nu tabah, anging ku “ KODRAT IRADAT NU MAHA SUCI”. (Nyeka raga, Mersihan diri, Nyucikeun ati ‘TATAPA NEDA LAKSANA’
Dina Al-Qur’an : “WA’ ASMAIHI TA’ALLOH ABADAN BI KUFRO”
Hartina : Sing saha nu ngaji Asmana bae, tetep kafir lamun teu timu barangna.

Barang dina wujud ngan aya 4 (opat) perkara :
SAREAT
Sareat, lakuna badan letakna dina sungut (Pangucap)
TAREKAT
Tarekat lakuna ati nu letakna dina irung (Pangambung)
HAKEKAT
Hakekat lakuna nyawa, letakna di ceuli (Pangdangu)
MA’RIFAT
Ma’rifat lakuna rahsa, letakna di mata (Paninggal)

Sholat Subuh : Nabi Adam ayana dina Wujud
Sholat Lohor : Nabi Enoh ayana dina Pangdangu
Sholat Asar : Nabi Ibrahim ayana dina Paninggal
Sholat Maghrib : Nabi Musa ayana dina Pangucap
Sholat Isa : Nabi Isa ayana dina Pangangseu
Sholat Minal Witir : Nabi Muhammad ayana dina Rasa Jasmani

Allah Muhammad Adam
Hirup Rasa Adeg


HIRUP = Kanyataan ayana Gusti
RASA = Kanyataan ayana Muhammad
ADEG = Kanyataan ayana Adam

Malaikat Jibril mepelingan ka kanjeung Nabi Adam “ Kudu tobat, ari anu di ucapkeun ku Nabi Adam dina dalil Qur’an nyaeta :
ROBBANA DOLLAMNA ANFUSSANA WA ILAM TAGHFIRLANA WATARHAMNA LANA KUNNANA MINAL KHOSIRIN
[24/12/2021 13:50] Aing: ASMA MUHAMMAD 
ETA AYA 4 (OPAT) PERKARA :

1.MUHAMMAD HAQ 
(ANU SAJATI)
Nyatana Dhat Sifat = 
rupina caang dumeling anu ngarupakeun sagara hirup nyaeta bibit nyawa sakabeh.

2.MUHAMMAD HAKEKI
Sorotna tina Dhat Sifat 
anu ngaluarkeun  
cahaya opat warna :
Asal tina 4 (opat) 
unsur Alam :
Seneu (Na’run / ﻧـﺮﻮﻥ )
Angin (Hawa’un / ﺤـﻮﻋـﻮﻥ )
Cai (Ma’un / ﻤـﺎﻋـﻮﻥ )
Taneh ( Turabun / ﻄﺮﺍﺒـﻮﻥ )

Asal tina 4 (opat) 
unsur Cahaya :
Cahaya Beureum 
(Nurul Ahmar)
Cahaya Koneng 
(Nurul Ashfar)
Cahaya Bodas (Nurul Abyad)
Cahaya Hideung 
(Nurul Aswad)

3.MUHAMMAD HARID
Nyaeta Rasa pribadi atawa Rasa Jasmani urang

4.MUHAMMAD MAJAJI
Anu ngarupakeun 
Rupa Jasmani
[24/12/2021 13:55] Aing: Suku 
Cangkeng/
udel Badan/
Tangan Kepala

ﻣ ﺣ ﻣ ﺩ

WA’BUDU ROBBAKA HATTA, YA TIYAKAL YAKIN 
(Q.S. AL-HIJIR : 99)
Hartina : 
Sembah Panggeran Anjeun sing nepi ka datangna kayakinan 
( kudu aenal yakin, 
sing sidik ka Maha Agung, ulah dikira kira, di judi judi 
ku ati yen Alloh teh 
ayana di luhureun arasy).

Anu Aqrob 
jeung kakawasaan 
anu Agung, hirup urang, 
eta kakawasaan Gusti 
Nyaeta hakekat Muhammad tea.

HAQULLOH = 
Hak Allah = hirup urang haqqul Adam = rasa jeung 
                        nafsu = Nyawa. Ari nyawa sifatna geutih 
ari geutih nyatana Nafsu.

Sifatna Hirup = Sifatna caang 
                        = Roh Suci.

Manusa kudu wajib percaya kana barang ghoib, 
kapan ceuk dalilna oge :
HUDAN LIL MUTTAQIENNA, ALLADZINA YU’MINUNA 
BIL GHAIBI 
(Q.S. Al-Baqoroh : 3)
Hartina : 
Nyaeta sakabeh jalma 
anu iman nekadkeun, ngabenerkeun, sarta ngaku kana perkara ghaib.

WA ALLOHU GHOIBUN 
AL INSANU GHOIBUN
Hartina : 
Jeung Alloh teh Ghoib manusa oge Ghoib.
[24/12/2021 13:57] Aing: ASMA’UL HUSNA 
(Asma Gunti Alloh ) sadayana aya 99. 
Diringkeus jadi aya 5, diantarana bae :
1.ASMAUL DHAT
2.ASMAUL SIFAT
3.ASMAUL ASMA
4.ASMAUL AF’AL
5.ASMAUL JINSI

IMAN AYA TILU PANTA :

1.IMAN TAKLID : Iman tina 
                              beja batur
2.IMAN IDLAL : Naek tinu ka 
                           hiji
3.IMAN TAHKIK : Geus 
              gembleng, geus yakin 
              kana Dhat, Sifat, 
              Asma jeung Af’alna 
              Alloh Ta’ala
[24/12/2021 13:59] Aing: BEDANA RIJALUL ALAM JEUNG RIJALULLAH

Duanana oge sapangkat, nyaeta pangkat Senapati. 

1.Rijalul Alam : 
Nyaeta senapati Alloh 
anu ngagelarkeun Elmu Dohir nyatana elmu kadewaan. 
Ari asalna ti kanjeung Sayidina Anwar (Istijrad).

2.Rijalullah : 
Nyaeta senapati Alloh 
anu ngagelarkeun 
Elmu Agama, 
anu asalna ti kanjeung Syaidina Anwas (Mujizat). 

Duanana putra Nabi Sit A.S. incu ti kanjeung 
Nabi Adam sareng 
Babu Hawa.
[24/12/2021 14:04] Aing: BEDANA ELMU ISTIJRAD JEUNG MUJIZAT

1.elmu istijrad mah 
teu sesah napaan, 
asal percaya oge geus cukup. 2.elmu mujizat mah 
kedah di galeuh ku ngirangan tuang leueut (Tirakat).

SING TALITI – 
SING SIDIK

NUR MUHAMMAD 
= ADAM HAKEKI 
= BABAKALNA ALAM DUNYA

CAHAYA BEUREUM 
= NARUN = SENEU

CAHAYA KONENG 
= HAWAUN = ANGIN

CAHAYA BODAS 
= MAUN = CAI

CAHAYA HIDEUNG 
= TURABUN = TANEUH / 
   BUMI
KALIMA CAANGNA 
ALIP – LAM – LAM – HE 
= ALLOH ( ﺍﷲ)
DHAT – SIFAT – ASMA

NABI ADAM, PANGKATNA : HALIFATULLAHU

NABI ENUH, PANGKATNA : HABIBULLAHU

NABI IBRAHIM, PANGKATNA : HALILULLAHU

NABI MUSA, PANGKATNA : KALAMULLAHU

NABI ISA, PANGKATNA : ROHULLAHU

NABI MUHAMMAD, S.A.W. PANGKATNA : RASULULLAHU

Para Nabi kasebut diluhur parantos parupus, 
Para “Rasul” mah teuteup 
teu robah nepi ka kiamat oge, kumargi kitu urang keudah : SING APIK – SING TELIK

CATETAN 
TINA BAGIAN HAK :

1RASULULLAH 
= RASA ALLAH

2.RASA MANUSA 
= RASA SEJATI GHAIB

3.RASA JASMANI 
= RASA PRIBADI
[24/12/2021 14:05] Aing: Naon hartina 
DALIL – HADITS – 
IJMA – QIYAS

DALIL = Pangandika 
              Allah SWT
HADITS = Pangandika Rasul
IJMA = Pangandika para Wali         
             para muslimin /ulama
QIYAS = Sategesna Akal.
[24/12/2021 14:07] Aing: DHAT SIFAT ALLOH  
= HAKEKATNA MUHAMMAD = SAJATINING SAHADAT 
= JOHAR AWAL 
= SAGARA HIRUP 
= BIBIT NYAWA SADAYANA.

Tarekatna ngelmu  
= ngagunakeun akal sangkan 
   Aenal Yakin.
[24/12/2021 14:09] Aing: NAON BEDANA 
HIRUP JEUNG NYAWA

Gusti Allah 
maparin Nyawa ka manusa teh dina urang mimiti ngabogaan rasa, nafsu, 
jeung kahayang. 
Nafsu anu opat perkara nyaeta : 
Nafsu Amarah, Loamah, Sawiyah, Mutmainah. 
Barang mimiti gubrag 
ka alam dunya. 

Sedeng ari Hirup mah 
geus ti beh ditu, 
dijero beuteung indung oge geus bisa usik (hirup suci).
Ceuk Hadits :
“MAN SOLA BILA MA’RIFATIN LAA TASINU SOLATUHU”
Hartina : 
Singsaha jalma 
anu solat bari teu kalawan Ma’rifat, 
maka teu sah solatna.
[24/12/2021 14:13] Aing: Sabda Nabi Muhammad SAW (Imam Gojali)

ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ﺗـﻌـﻼ
AWALUDINI MA’RIFATULLAHI TA’ALA
Hartina : 
Awal-awalna agama 
ku Ma’rifat heula ka 
Allah Ta’ala.

Dawuhan Allah Ta’ala dina Qur’an Surat Al Hijir ayat 99 :
WA BUDU ROBBAKA HATTA YA’TIYAKAL YAQINU
Hartina : 
Kudu nyembah maneh 
ka Panggeran maneh 
teupi ka Yakin.

Anu Ghoib diwujud manusa teh nyaeta : 
DHAT – SIFAT – ASMA ALLAH.

Jadi hartina Ghoib teh 
sifat sifatna Hakekat.
DHAT 
= HAKEKATNA ALLAH
SIFAT 
= HAKEKATNA MUHAMMAD
ASMA 
= HAKEKATNA ADAM
AF’ALULLOH 
= Amanat Gusti Alloh, 
nyaeta suci atina, 
suci ucapna, 
suci lakuna. 
Samemeh urang 
ngawincik Gusti 
ngudag kanyataan Panggeran perlu di kanyahokeun pertanyaan-pertanyaan dihandap ieu :

Naon hartina Agama ?
Naon hartina Gama ?
Naon hartina Hirup ?, 
Hirup ku Hirupna – 
Hirup kunu Hurip.
Saha nu Hirupna ?
Saha nu Hurip ?
Naon hartina Qudrat ?
Naon hartina Iradat ?
Naon hartina nu Maha Suci ?
Naon hartina Elmu ?
Naon hartina diri Gama ?
Manusa teh makhluk 
nu pang unggul-unggulna 
ti saantara makhluk. 
Naon unggulna manusa 
ti makhluk nu sejenna ?
Naon bedana hirup urang jeung salian hirup ti urang ?
Naon ari tetengger 
Agama Islam ?
Sajaba Rukun Islam jeung Rukun Iman, rukun naon deui anu di kanyahokeun deui 
ku urang ?
Naon ari 
Rukun Agama Islam ?
Naon ari 
Fardhuna Agama Islam ?
Naon ari Saratna Islam ?
Naon ari batalna Islam ?
Dina kitab naon pepekna caritaan jeung prak-prakannana 
anu di parentahkeun 
ku hukum sara ?
[24/12/2021 14:18] Aing: Saparantos kajawab pertarosan-pertarosan diluhur perlu oge 
di emutkeun, 
margina aya perlu kanggo bahan kapayun nyaeta :

Para Nabi = Mu’jizat
Para Wali = Karamat
Para Mu’min = Syafa’at
Ahli Bid’ah = Ihana
Bangsa Kafir = Mujajilah

Rek “Iman” ka Gusti Alloh ?, Aos engke dina bagbagan 
“ Ngawincik Gusti “ 
ngudag kanyataanPanggeran.

Alam Anu Tujuh :
1.Alam Ahadiyat
2.Alam Wahdat
3.Alam Wahidiyat
4.Alam Arwah
5.Alam Mitsal
6.Alam Ajsam
7.Alam Insan Kamil

DEMI PUJI AYA 4 (OPAT) HARKAT :

1.PUJI : “KODIM ALA KODIM”
DALILANA : 
“LAILLAHA ILLA ANA”
HARTOSNA : 
“EUWEH DEUI ALLAH LIAN 
  TI KULA”

2.PUJI : “KODIM ALAL
                HADITS”
DALILANA : 
“NI’MAL ABDU INNAHU AWWABBUN”
HARTOSNA : 
“PANG ALUSNA JALMA TEH ANU SABAR” GUSTI ALLAH MUJI KA ABDINA

3.PUJI : “HADITS ALAL 
                KODIM”
DALILANA : 
“LAILLAHA ILALLAH”
HARTOSNA : 
“EUWEH DEUI PANGGERAN ANU WAJIB DI SEMBAH ANGING GUSTI ALLAH ” 
TI ABDI MUJI KA GUSTINA

4.PUJI : “HADITS ALAL 
                HADITS”
DALILANA : 
“JAEDUN KARIMUN”
HARTOSNA : 
“JALMA MUJI KA JALMA DEUI”
[24/12/2021 14:25] Aing: NGAWINCIK GUSTI

Ngawincik Gusti 
ngudag kanyataan Panggeran ku pirang-pirang hadits 
ku pirang-pirang dalil. 

Hadits teh saringeun deui, dalil teh intipeun deui, 
diintip ciri-cirina, 
disaring sari-sarina, 
mun geus ka intip cirina sarta geus kasaring sarina, 
ciri teh jadi ciciren diri, 
sari teh jadi sarining budhi, budhi basa kanyataan, 
ciciren diri sajati.

Ngawincik Gusti 
ngudag kanyataan Panggeran lain pagawean anu gampang-gampang, 
mun ku jelema anu nganggap bangga, 
sabalikna teu gampang-gampang acan lamun ku jelema kakotektak jalan jalanna.

Ngawincik Gusti 
ngudag kanyataan Panggeran moal ka udag ku jalan apal-apalan jeung galur do’a-do’aan, 
henteu cukup ku kuru cileuh kentel peujit bae, 
tapi kudu kalawan dibarengan ku jalan “Kautamaan”
nyaeta kautamaan lahir batin.

Ngawincik Gusti 
ngudag kanyataan Panggeran kudu sing puguh galurna, sing nincak kana tapakna, nyaeta 
galur anu nuntun kana kujur, tapak anu nuduhkeun kana jalan, 
jalan cukang kautamaan, nungtun kana karahayuan, geusan kasalametan lahir batinna.

Naon ari Gusti Alloh teh ?
Naon ari Panggeran teh ?
Anu bisa ngajawab 
ieu pertanyaan, 
ngan jalma anu geus nyaho kana hartina 
IMAN – TAUHID – 
MA’RIFAT – ISLAM 
(Islam teh 
Rukun Agama Islam )

IMAN : 
Percaya kalawan yakinna

TAUHID : Teuteup – ajeug – 
                Jeujeug

MA’RIFAT : Nyaho – Nyata – 
                   Teu samara

ISLAM :Suci – Sumerah – 
             Salamet

Jalma anu percaya, 
anu geus tetep, 
anu geus nyaho jeung 
anu geus suci, 
tangtu 
nyata ka Panggeranana, tekadna jeung lampahna saimbang jeung iradatna 
anu kawasa, 
satuju jeung gusti Allah anu Maha Murah jeung 
Maha Asih.
Uapama urang hayang nyaho kumaha Qudrat Iradatna Gusti anu Maha Murah jeung Maha Asih, 
urang kudu mapay heula tina bag-bagan “ELMU TAUHID”. Demi “Elmu Tauhid” teh nyokot patokanana tina kitab “USHULLUDIN”. 
Kitab Ushulludin teh, 
nyaeta anu medarkeun 
hal ihwal Agama Islam, ngadadarkeun kana 
kaayaan Panggeran, 
Gusti diwincik ku wiwitanana, Panggeran dipedarkeun dugi kawekasanana, 
ku perantara bagbagan “SIFAT 20 ALLOH”.
[24/12/2021 14:29] Aing: DHATTULLOH : 
Nuduhkeun yen Gusti Alloh teh hiji/ tunggal.

SIFATTULLOH : 
Nuduhkeun sagala pasifatan nu digelarkeun ku 
Gusti Alloh.

AS’MAULLOH : 
Nuduhkeun kana pangjeunengan Gusti Alloh anu Murah tur Asih.

AF’ALULLOH : 
Nuduhkeun kana padameulan jeung kakawasaan 
Gusti Alloh

Dhattulloh : 
Anu ngayakeun Sifat

Sifattulloh : 
Anu Ngayakeun Asma ALLOH

Asma’ulloh : 
Anu ngayakeun Af’al

Nu “Teu aya” teh 
saenyana mah “ aya” numatak aya “ngarana”. Sanajan disebut “Euweuh” oge saenyana mah henteu jauh tin u aya jauh. 
Wajib ayana 
mustahil “Euweuhna”. 
Sabab, sanajan euweuh 
nu aya, tetep moal euweuhna. 

Tah kitu sababna pang 
Gusti Alloh wajib ayana 
di mustahilkeun euweuh teh (AYA TEU KALEUNGITAN 
KU EUWEUH).
[24/12/2021 14:31] Aing: NAON ARI AF’ALULLOH ?

Af’alulloh 
nyaeta amanat Gusti Alloh, ka abdina. 
“Kudu suci tekadna, 
suci ucapna, jeung 
suci lampahna, 
jelema anu geus uninga 
ka Gusti, tangtu welas asih ka abdina. 
“Anu welas asih ka abdina, saolah-olah ngabakti 
ka anjeunana”.
“Ulah waka ngaku tunggal jeung gusti 
upama encan welas asih kapapada makhlukna.
[24/12/2021 14:33] Aing: DINA PANGAJARAN 
“ELMU MA’RIFAT” 
BISA DIBAGI KANA 
DUA BAGIAN :

1MA’RIFAT AEN 
= Kakara basa jeung nyarita

2.MA’RIFATUL HAQ 
= Geus nyata, tetela jeung 
    karasana.

Lamun hayang nyaho, jeung bener ngarasa 
“Tunggalna kaula Gusti” 
kudu aya guru tuduh 
anu mursyid, 
sangkan ulah aya akhirna nepi ka bekas nyalahan, sabab dina ieu pangajaran henteu ngan saukur 
ku paribasa jeung carita bae, tapi kudu kalawan 
make “Praktek” 
nyaeta praktek pangajaran “Nunggalkeun” Kaula Gusti.
Kitu lamun upama memang urang hayang ngudag pangajaran “Ma’rifatul Haq”, tapi upama ngan saukur ngudag pangajaran “Ma’rifatul Aen” mah 
cukup ku sasemet basa jeung carita bae.
[24/12/2021 15:35] Aing: CATEUTAN :

Ngelmu teh kudu : KAPANGGIH – 
KAHARTI – 
KARASA - Jeung 
NYATA

KAPANGGIH Pituduhna
KAHARTI Maksudna
KARASA Eusina ALLOH
NYATA Ayana

Teangan jalanna (Tarekat) eta 
carana keur nunggalkeun Kawula jeung Gustina.
Nya: 
REP SIDAKEP TUNGGAL, AMATENI PANCAINDERA, NUTUP BABAHAN HAWA SANGA – 
SIRNA RASANA – 
BUNGAH MANAHNA ( MATENI PATANG PERKARA ).

Ulah nunjuk anu jauh, 
ulah neang anu anggang, cukcruk badan sakujur, kotektak awak sorangan, 
sing terbuka, sing kapanggih, karampa sarining rasa, 
ciri diri anu sajati.

KARATON YANG MANON, Tegesna, 
Dhat Yang Agung 
= Baetulloh anu sajati tempatna ngahampura dosa, teu di kulon, teu di kidul, 
teu di kaler, teu di wetan, 
teu di luhur, teu dihandap, tapi dina hate anu suci. (QOLBU MU’MININA BAETULLOH).

Ingeut ! 
Ulah nuduh ka Alloh 
kana wujud, 
da Alloh mah teu beunang disaruakeun jeung naon bae nu aya di ieu dunya, 
Kapan ceuk dalilna oge : “LAESA KAMISLIHI SYAE’UN”.
Sumawonna make nyamarutkeun kana dirina hukumna oge kufur. 
Manusa mah teu daya teu upaya, kapan “LAHAWLA”.
Urang wajib neda dihampura ku Alloh, 
tapi Alloh moal waka ngahampura dosa urang, lamun indung bapa urang henteu ngahampura.

Lamun urang henteu Ma’rifat ka Alloh, kana Dhat, Sifat-na Gusti, bisa jadi “Akbarna geu meureun kamana mendi, 
hare hare ngaler ngidul.

Ulah gampang-gampang nyalahkeun kana kaayaan 
nu lian, lantaran itu ieu oge acan tangtu, et amah anging Alloh anu Maha Uninga.

Ulah hayang kapuji, 
lantaran jalma anu resep 
di puji teh, batinna rugi.

Ulah bosen-bosen nanyakeun lamun aya anu teu ngarti, sabab loba tatanya teh 
teu aya gorengna, 
sarua jeung ngumpul-ngumpul bahan keur naekeun darajat pribadi.

Ulah adigung-adiguna, 
ieu aing pang akangna, 
boga rasa pinter aing 
teu deugeun, bisi ti soledat anu akhirna matak kawalat.

Sajabina ti eta urang 
kudu boga : 
TATA-TITI, SOPAN SANTUN, JEUNG DUDUGA PERYOGA. 

Kudu dipake.
Gusti wajib dipuji, 
Ibu rama wajib dipunjung dipuja, 
(Ka Alloh urang sumembah, 
ti Ibu rama ngalap mulus rahayuna sareng berkah salametna.

Sirik pidik, jail kaniaya, 
hiri deungki ka batur, 
keur silih tulungan, 
silih titipkeun nya diri, 
budi akal lantaran ti pada jalma. 

Ulah sok panasan ku milik batur, matak ngarerab hate sorangan. 

Jalma kudu rea batur, 
keur silih tulungan, 
silih titipkeun nya diri budi akal lantaran ti pada jalma.

Eling-eling mangka eling rumingkang di bumi alam darma wawayangan bae, raga taya pangawasa, 
hirup katungkul ku pati, 
paeh teu nyaho dimangsa.
(HIRUP NU NGABOGAAN PATI – PAEH TEU NYAHO DIMANGSA).

Nafsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan. 

Nu teguh ngukur ka kujur, ingkar ti takabur, 
betah nimbang-nimbang awak, pasti maksudna katewak.
[24/12/2021 15:43] Aing: PATOKAN ELMU SAREAT

1.Kudu nurut kana 
   parentahna Gusti Alloh.
2.Ulah saomong-omongna.
3.Ulah satenjo-tenjona.
4.Ulah sok sadenge-dengena
5.Ulah sacokot-cokotna.

PATOKAN ELMU TAREKAT

1.Kudu nganyahokeun 
   dawuhannana Gusti Alloh.
2.Kudu nyaho nu perlu jeung 
    nu teu perlu di omongkeun.
3.Kudu nyaho nu perlu jeung 
   nu teu perlu di tenjo.
4.Kudu nyaho nu perlu jeung 
   nu teu perlu di denge.
5.Kudu nyaho nu perlu jeung 
   nu teu perlu di cokot.

PATOKAN ELMU HAKEKAT

1.Kudu nyaho bener ka 
   Gusti Alloh.
2.Kudu ngomong anu bener.
3.Kudu nenjo anu bener.
4.Kudu ngadenge anu bener.
5.Kudu nyokot anu bener.


PATOKAN ELMU MA’RIFAT

1.Kudu sing nyaho bener 
   tunggalna Kawula Gusti.
2.Kudu sing nyaho bener 
   bedana anu hade jeung anu 
   goreng.
3.Kudu sing welas jeung asih 
   kapapada makhlukna.
4.Kudu panjang ingetan, kudu 
   boga wiwaka pamilih.
5.Kudu campleng wawanen, 
   pengkuh ngukuhan 
   kanyataan.

MA’RIFATNA IMAN 
AYA 5 RUPA

1.IMAN TAKLID 
= Nyaeta iman anu masih ula 
   ilu (tuturut munding)
2.IMAN ELMU 
= Nyaeta iman anu hasil tina 
   pangaweuruh / Guguru.
3.IMAN AYAN 
= Nyaeta iman anu geus teu 
   samara-samar deui 
   ( Ma’rifatul Aen)
4.IMAN YAKIN 
= Nyaeta iman anu geus 
   yakin kana Dhat, Sifat, 
   Asma, Af’al-na Gusti Alloh 
   Ta’ala (Ma’rifatul Yakin).
5.IMAN HAK 
= Nyaeta iman anu geus 
   murakabah, nyaeta anu 
   geus bisa netepkeun kana 
   sajatina Niat, nyatana : BILLAHI, FILLAHI, LILLAHI, MINALLAHI, ILALLAHI.

NGEUNAAN ROH 
AYA 7 RUPA

1.ROH NABATI
2.ROH HEWANI
3.ROH RABBANI
4.ROH RAHMANI
5.ROH IDLOFI
6.ROH JASMANI
7.ROH ROHANI

Tidak ada komentar:

Posting Komentar