[19/2 17:30] Aing:
Laesa kamisylihi syaeun
“Hanteu aya
pikeun contona
atawa misilna
ka Dzat Alloh Ta’ala mah Saperkara oge”.
[19/2 17:32] Aing:
Dzat Alloh Ta’ala
hanteu tiasa ku urang
di contokeun jeung sifat-sifat mahlukna kusabab
sakabeh sifat-sifat
eta ciptaan nana
sareng kagungan nana ku kitu teu aya perkara naon bae atawa
misil naon bae
anu bisa nyaruan
atawa ngamisilkeun sabab sakabeh perkara eta mahlukna
(ciptaan nana).
Alloh atos ngadawuh dina Al Qur’an
dina surat Asy Syuraa ayat 11
[19/2 17:33] Aing: Laesa kamisylihi syaeun “Hanteu aya
pikeun contona
atawa misilna
ka Dzat Alloh Ta’ala mah Saperkara oge”.
Kumargi kitu sakur anu manganut Islam
kudu to’at
ka Dzat Alloh Ta’ala didawuhkeun
dina surat Al Baqarah ayat
Wabudulloha Walatusriku Bihi Sae’an
“Jeung maraneh kabeh ulah nyarieun babandingannana
anu nyarupakeun
ka Dzat Anjeuna saperkara oge.”
Deui didawuhkeun
dina surat An Nahl
ayat 74
[19/2 17:35] Aing: Fala tadhribu lillahi amsyala innalloha ya’lamu wa antum latu’lamun
“Mangka poma
ulah nyarieun misil maraneh kabeh
ka Dzat Alloh
karana saenyana
ari Alloh eta anu uninga jeung ari maraneh kabeh hanteu nyaraho.”
Atuh kumaha pibisaeun nyieun misil atawa conto kana perkara anu
hanteu nyaho ?... kumargi kitu
boh itikod,
boh ucapan,
boh kalakuan
sareng seueur keneh
anu matak jadi musyrik. Ieu mah
sakadar panggeuing atawa paringatan
ka jalma-jalma
anu ngamaksud ninggalkeun perkara
anu matak jadi kamusyrikan
ka Dzat Alloh Ta’ala. Karana ari musyrik eta parantos didawuhkeun dina surat An Nisa
ayat 48 :
[19/2 17:36] Aing: Innalloha la yaqfiru an yusyroka bihi wa yaqfiruma duna dalika liman yasau wa man yusrik billahi faqodiftaro isyma ‘adhima “Saenyana Alloh Ta’ala moal ngahampura kanu sok nyieun conto-conto nyarupakeun ka Dzat Anjeuna jeung baris ngahampura kanu salian tiperkara anu kitu mah kasaha bae Kitab Taohid
Laesa kamisylihi syaeun “Hanteu aya
pikeun contona
atawa misilna
ka Dzat Alloh Ta’ala mah Saperkara oge”.
[19/2 17:38] Aing: anu dikersakeun
jeung sing saha
anu sok nyonto-nyontokeun nyasamaan
ka Alloh Ta’ala
mangka nyata
migawe dosa
anu kacida gedena.”
Audzubillahiminas syaitonirrozim
[19/2 17:46] Aing: Ari satiap jalma
anu iman jeung Islam dina pamadeganana
estu sok mayunkeun kayakinan,
moal kersa udar
tina hal anu alus
komo ieu masalah hirup ku melip dialam dunya seueur halangan rintangan,
ujian cobaan
silih gunta ganti
lamun pikeun jalma
anu iman tur Taohid
ka Alloh SWT
moal gimbir
sanajan peurih atina, sanajan loba benturan sabab pikeun jalma
anu iman
bisa tahan bantingan
ku margi
apal perlindungan, sadayana
kagungan Alloh
jeung tetep tara leupas tina aturan Alloh SWT.
Koncina nyaeta
kalimah Taohid
“Audzu billahi minas syaetonir rozim “
hartosna
” abdi nyalindung
ka Alloh SWT
tina panggoda syetan anu ngarajam”
Datang pertarosan “nyalindung ka Alloh teh kana naonana ? nyalindung ka Alloh SWT nyaeta nyalindung
kana rahmatna,
aturana
tegesna
kana pertulunganana.
Maksudna
sanajan loba
anu ngahina,
moyok,
mitnah,
eta panghina teh
henteu matak
jadi kanyeunyeurian sanajan nyeuri mah
aya da manusa biasa, tapi hanteu teras terasan nyeuri sabab
apal resepna
Qul qullu min ‘indillah “hartosna ”
Ucapkeun’ sakabeh-kabeh ti Alloh nu Alloh”
Jalma anu
bisa nyalindung
nyaeta
jalma anu sadar
sabab
dimana aya panyaci, panghina, ngaledek moyok
tara dilawan saruana sabab
ngarti eta teh sabenerna nu mitnah, moyok, jeung sabangsana
geuning sacara
teu langsung nanyakeun kana jiwa urang
“saha pangeran Anjeun” “Man Robbuka “
mun di hina
di poyok
ngajawab Alloh SWT pasti moal saruana komo hayang males kanyeuri kunu leuwih nyeuri.
Jadi jalma Iman
jeung Islam jiwana
di pake nyalindung
kana Aturan Alloh Ta’ala.
Dimana loba jalma
anu aral pedah
ku panghina moyok panyaci
eta teh jalma anu ngaku pangeran Alloh SWT mung sabatas
dina omongannana wungkul.
Atuh moal bisa ngajawab pertanyaan tadi
“saha pangeran Anjeun”
mun ngahina
dilawan ngahina deui, aya anu moyok
dilawan ku poyokan deui
berarti pangeran teh dendam lain Alloh.
Urang nyalindung
ka Alloh
sing apal jawaban datang hujan
geus sayogi payung, datang panas
geus sayogi payung,
bisa ngiuhan tina perkara anu hanteu di pikaharep ku urang jeung cocok aturan.
Minangka ka hujan, panas, teh ujian ti Alloh mun teu bisa ngajawab berarti kahujanan, kapanasan,
oh jadi baturna syetan sabab
teu bisa nyalindung.
Alloh Ta’ala ngadawuh dina surat An Nahl
ayat 98 :
[19/2 17:48] Aing: Faidza koro’tal Qur’ana fastaidz billahi minas syaetoni rozim”
Hartosna
“mangka dimana
rek maca Qur’an
keur maca qur’an atawa geus maca qur’an
mangka prak geura nyalindung ka Alloh
tina panggoda Syetan anu ngarajam”
Kitab Taohid
Laesa kamisylihi syaeun “Hanteu aya
pikeun contona
atawa misilna
ka Dzat Alloh Ta’ala mah Saperkara oge”.
[19/2 17:53] Aing: Dimana jalma
anu bisa taudz
pasti di gerak
jeung lampah
katut lisannana
teu lepas
dina aturan Alloh
jeung pedoman hirupna Al-Qur’an.
Ciri-ciri jalma
anu Taudz
bisa di nyatakeun :
1. Tekadna panceug,
sabab
indit tina kapastian.
dirina anu nyalindung,
ciri teu sanggup lepas
tina undang-undang
ka imanan jeung
ka islaman.
2. Ucapannana pertela,
sababna kaluar eta
lisan tina hasil
ka panceugan dirina
anu teu lepas
tina panyalindungan
rohmat sareng
pertulungan
Alloh SWT.
3. lampahna nyata,
sabab
kabuktian yen
ku lampah cocok jeung
aturan meningka bukti
tina ka taohidan,
lepas tina pangajakna
syetan anu ngarajam.
[19/2 17:54] Aing: “Saestuna syetan
moal aya tangan pangawasa ka jalma
anu iman jeung tawakal ka pangerana”
anu mawi tetep panceug jadi jalma
anu bisa taudz”
[19/2 18:04] Aing: Bismillahirrohmaanirrohim
Alhamdulillah
assolatu wassalamu
ala syayidina muhammadin
wa alla ali wasobihi ajmain
ama badu.
Ari kalimah
Al bassmallah
anu di serat
jadi ngawitan
upami bade didamel terutama bade ibadah atawa bade ngajalankeun amal hade.
Margi Al Qur’an
anu dibagi jadi 30 juz eusina aya 114 serat
anu jumlah ayatna 6666 ayat,
ari sadaya kalimahna
aya 77934 kalimah
eta kabeh
wahyu Alloh Ta’ala
anu diturunkeun
ka kanjeng
Nabi Muhammad Saw saperti :
Jabur,
Taurat,
Injil
nyaeta wahyu
anu parantos
di turunkeun
ka para nabi-nabi
anu ti heula
di wahyukeun deui
ka kanjeng
Nabi Muhammad Saw nyaeta
Al-Qur’an.
Lamun di ringkeskeun hakekatna eta Al-Qur’an jadi sasurat
nyaeta surat Alfatihah anu ayatna aya 7.
Eta anu 7 ayat teh diringkeskeun deui hakekatna jadi saayat nyaeta
kalimah Al-Bassmallah, ari ringkesna
atawa hakekatna kalimah basmallah teh nyaeta
titik Ba.
Eta kalimah
kumarga titik ba tea
jadi wahyu Al-qur’an
dina bakalna mah dilungsurkeun
ka kanjeng
nabi Muhammad Saw teu sakaligus,
ngan dohirna
jadi hidayah,
dina jaman 23 taun ditungtut numutkeun kaperyogiannana.
Ari titik ba teh
nyaeta
“Bariul Baroya”
tegesna kumpulna
kholik jeung mahluk,
sundana mah
kumpulna
nu ngajadikeun jeung
nu di jadikeun.
Kenging di contokeun saperti
manusa (mahluk)
anu di mulyakeun
Alloh ta’ala
nyaeta
elmu jeung akal
sarua dibisakeun cumarita tur
disina ngagawean kaayaan alam dunya,
anu matak
di aherat aya
surga jeung naraka pikeun manusa,
ceuk kateranganana oge :
Al insanu sirri
waana siruna
hartosna
“Ari manusia rusiah Kami ari Kami rusiah manusa” nyaeta
anu ngadawuhkeun
ku Alloh ta’ala,
kumargi titik ba
aya dina kalimah Bassmallah,
ari Bassmalah
hakekatna jadi sajilid nyaeta Al qur’an
ari Al qur’an
eta pituduh pokona anggaran dasar agama islam.
Ana kitu
kalimah bassmallah teh upama walungan
lir ibarat sirahna
jadi lamun anu diajar agama islamna,
diajar heula ngahartikeun kalimah bassmallah
eta lir ibarat anu ngungsi walungan tina sirahna
ka hilirkeun
tangtu moal sasab.
Kitab Taohid
Laesa kamisylihi syaeun “Hanteu aya
pikeun contona
atawa misilna
ka Dzat Alloh Ta’ala mah Saperkara oge”.
[19/2 18:11] Aing: Tapi
lamun anu diajar
agama islam
teu ngahartikeun heula kalimah Bassmallah
eta lir ibarat
anu nyungsi walungan
ti hilir ka girangkeun
eta tangtu kana sasabna lamun nyungsi sirahna teh.
Margi pirang-pirang walungan anu ngamuara kana eta walungan teh anu di papay tea
susah nepina
kana sirahna
lamun urang teu aya
nu nuduhkeun mah.
Nya kitu deui lamun terjemahan kalimah
Al Bassmallah
jadi jembatan
elmu Usuludin.
Barang elmu Usuludin eta fardu ‘aen,
anu wajib dikanyahokeun ku sakur anu manganut agama islam,
nyaeta
anu bade ngalakonan ibadah (kumawula)
kana parentah
Alloh Ta’ala,
cara ceuk keterangan : “Lianal asla walusasa huwa ma’rifatul ma’bud koblal ibadah”
“karana
saenyana dapuranana jeung dadasaranna agama
eta kudu ngarti
kanu dikawulaan samemeh kumawula”
Deui ceuk keterangan : Awaludin marifatullohi “Mimitina agama
eta kudu ngarti heula
ka Alloh Ta’ala
nyaeta
ngarti ku akal jeung faham”
Keterangannana :
Aklu nurun pilkolbi yupariku baenal hakki wal batili
“ari akal
eta cahaya
dina leubeting ati
anu sok bisa misahkeun antara hak jeung batal (bener jeung salah).”
Tapi sanajan
geus kaharti ku akal oge kudu tetela pisan benerna Ceuk keterangan :
Awwalu wajibin
alal insani marifatullahi bistikon
“ari mimiti wajib
ka manusa
anu geus islam
kudu ngarti heula
ka pangeran
kalawan yakin,
ari geus yakin eta tetela’”
Aya keterangan pituduh wahyu Alloh Ta’ala
anu kaunggel dina
Al Qur’an
nu sundana :
“Barang ari mimitina pikeun Taohid
ka Alloh Ta’ala
nyaeta
kudu ngarti heula eusina kalimah Al Bassmallah, margina dina eta
kalimah teh
aya jenengan-jenengan tina sawarehna jenengan Dzat Alloh Ta’ala.
Ari anu di ngaranan kalimah Al Bassmallah teh nyaeta kalimah Bismillahirohmanirohim, anu asalna tina lafazd : Bi Ismin,
Alloh,
Arrohmanu jeung Arrohimi.
Bi ismin sundana kalawan nyebat jenengan atawa dengan nama nyaeta jenenganana teh lafazd Alloh.
Lapad Arrohmani jeung lapad Arrohimi
nyaeta jenengan-jenengan tea ceuk arab mah Asma.
Barang anu kagungan
eta jenengan mah
nyaeta numutkeun waktu kangjeng nabi Muhammad Saw
yuswa 40 taun,
Anjeunna bisa ngalakonan ibadah
ka Alloh Ta’ala numutkeun sacara ibadahna anu parantos dilampahkeun
ku kanjeung
Nabi Ibrohim As.
Harita kangjeng
Nabi Muhammad
aya di guha hiro
nuju ngalakonan ibadah kaleresan kaping
17 Ramadhon,
mimiti ku Alloh Ta’ala
di turunkeun wahyu :
[19/2 18:44] Aing: Ikro bismirobbikalladi kholaq kholakol insan min alaq
“mangka baca
kalawan nyebat jenengan pangeran Anjeun Muhammad,
Dzat anu ngajadikeun sakabeh mahluk
(anu geus ngajadikeun manusa)
tina satetes getih kenteul”
Kitab Taohid
Laesa kamisylihi syaeun “Hanteu aya
pikeun contona
atawa misilna
ka Dzat Alloh Ta’ala mah Saperkara oge”.
Kangjeng
nabi Muhammad
dugi ka 3 kali dipiwarang maos nyebut jenengan Dzat
anu geus ngajadikeun sakabeh mahluk.
Tapi kangjeng
nabi Muhammad
tetep ngawalerna henteu tiasa maos.
Atuh dugi ka 3 kali didakep bari dirangkul
ku jibril Alaihi salam.
Barang ka 4 kalina dipiwarang maos
nya teras gusti rasulullah, kalawan wahyuna
Alloh Ta’ala
tiasa ngawaler nyaeta maos teh :
[19/2 18:48] Aing: Bismillahirohmanirrohim “kalawan nyebat jenengan Dzat
anu ngajadikeun sakabeh mahluk yakni Alloh, Arohmani, arrohimi. Kumargi eta,
jadi lapad Alloh,
lapad arrohmani jeung lapad arrohimi teh
eta nyatana jenengan-jenengan Dzat anu geus ngajadikeun sakabeh mahluk,
ceuk keteranganana
Layakunu illahan
illa manyahluku.
“henteu aya deui pangeran
anu wajib diibadahan
ku sabenerna anging
Dzat anu ngajadikeun sakabeh mahluk.”
Ari tegesna mahluk nyaeta anu dijadikeun, barang ari
anu jenenngan Alloh, Arrohmani, Arrohimi mah eta kholik
tegesna
anu ngajadikeun.
Sarta ari
kalimah Al Basmallah
eta ceuk keteranganana teh bismillahirrohmanirrohim
aedi kulli ismin
min asma
idadatillohi ta’ala
jadi bismillahirrohmanirrohim eta ku ayana saban-saban jenengan tina sawareh jenengan Dzat Alloh ta’ala
nyaeta
kuayana jenengan
lapad Alloh,
lapad Arrohmani jeung lapad Arrohimi tea.
Barang anu kagungannana eta jenengan-jenengan teh nyaeta Dzat
anu ngajadikeun sakabeh mahluk.
Anu Anjeuna parantos ngadawuh dina surat
Al Ikhlas
ayat 4
[19/2 18:51] Aing: Walam yakullahu kupuwan ahadun
“jeung hanteu aya
pikeun contona
ka Dzat Alloh Ta’ala
hiji perkara oge.”
Kumargi teu aya
hiji perkara bisa
di contokeun
ka Dzat Alloh mah
dina keteranganana :
Layari fulohi ilallohu
kullu mahatoro billahi fallahu hilafa dzalika”
“Moal aya anu nyaho
ka Dzat Alloh mah anging anu uninga teh Ajeunna bae, saban-saban perkara
anu dikeretegkeun ku ati mangka Dzat Alloh mah sulaya jeung kumeretegna ati.” Kumargi kitu, kumeretegna sakabeh mahluk
eta dikeretegkeun
ku kudrat Ajeungna wungkul,
atuh yakin
Dzat Alloh mah
moal bisa dicita-cita
ku ati
tegesna moal kacipta,
ari margina
anu sok kacipta mah nyaeta
anu geus kapangih wujudna
atawa geus katingali contona,
jeung ari anu
kacipta mah
eta tangtu bisa digambar seperti mahluk.
Karana ari
Dzat Alloh Ta’ala mah Anjeuna ngadawuhkeun dina surat An’am
Ayat 103
[19/2 18:58] Aing: Latudrikuhu absoru wahuwa yudrikuhu absoro
wahuwal lathifu khobir
“teu aya anu tepi
ka Dzat Alloh
awasna sakabeh paninggal
kana Anjeuna teh
anu kagungan
anu nganepikeun awasna sakabeh paninggal
jeung Anjeuna teh
anu kagungan
sifat lemes tur
anu kagungan sifat waspada.”
Kumargi ka
Dzat Alloh Ta’ala mah hanteu aya anu bisa nepi awasna sakabeh paninggal,
jadi moal aya anu nyaho ka Dzat Alloh Ta’ala mah, moal aya anu
bisa nyaksian
saperti Anjeuna parantos ngadawuhkeun
dina surat :
Wallohu ala kulli sai’in sahidun
“jeung ari Alloh Ta’ala
eta anu geus nyaksian kana saban saban perkara.”
Kumargi sama sakali oge hanteu aya anu nyaho, hanteu aya anu bisa nyaksian
ka Dzat Alloh Ta’ala,
jadi Dzat Alloh Ta’ala mah kasebut
Dzat mutlak.
Barang ari mahluk mah bisa disaksi
ku mahluk deui
disebut
Dzat mukoyad.
Kumargi kitu kudu tumut kana dawuhan hadist :
Tafakaru filkholki walatafakarohu filkhofihi
“Maraneh kabeh
kudu mikiran teh dina hal anu dijadikeunana bae, jeung maraneh kabeh ulah mikiran dina hal
anu ngajadikeunnana”
Nyaeta mikiran
Dzat Alloh Ta’ala
sabab
Dzat Alloh Ta’ala mah hamo moal kapikiran.
Margi pikirananana sakabeh mahluk eta dibisakeunana mikir teh ku kudrat Irodatna
Alloh Ta’ala,
ari anu disebut
kudu mikiran dina hal anu dijadikeunana nyaeta
mikiran mahluk.
Karana ceuk dawuhan hadist :
Wanadru fihokihi yujibul imani biholikihi
“jeung ari ngalirik
dina hal anu dijadikeun ku Alloh Ta’ala
mastikeun iman
kanu ngajadikeunana”.
Nyaeta
ka Dzat ka Alloh Ta’ala.
Kumargi hanteu aya hiji-hiji acan
pikeun contona
ka Dzat Alloh Ta’ala mah, atuh poma
ulah rek nyieun misil-misil atawa conto-conto
ka Dzat Alloh Ta’ala.
Karana Anjeuna parantos ngadawuhkeun dina
Al Qur’an
Wabudulloha walatusriku bihi sae’an.
“jeung kudu
kumawula maraneh kabeh kana parentahna Alloh,
tapi poma maraneh kabeh ulah nyontokeun ka Dzatna Alloh Ta’ala
ku saperkara oge,”
Surat An Nahl
ayat 74
[19/2 19:00] Aing: Falatadribu lillohil amsala
innallohi ta’alamu
wa antum la ya’lamuna
“mangka maraneh kabeh ulah nyarieun pirang-pirang misil atawa pirang-pirang conto
ka Dzat Alloh Ta’ala
ku naon bae oge,
saenya
Alloh Ta’ala
eta anu uninga
ari maraneh eta
anu hanteu nyaraho.”
Karana
ceuk keteranganana kitu, atuh kumaha pibisaeunana nyieun misil atawa conto-conto kana perkara
anu hanteu nyaho,
deui ceuk katerangan dina surat Al Baqarah ayat 22
[19/2 19:02] Aing: Fala taj’alulillahi andadan wa antum ta’lamun
“mangka poma
maraneh kabeh
ulah nyontokeun
ka Dzat Alloh Ta’ala sedeung
maraneh nyaho yen
moal bisa nyontokeun kana perkara anu hanteu nyaho.”
Barang ari ngamisilkeun ka Dzat Alloh Ta’ala atawa ngaruparupakeun eta hukumna musyrik.
Saperti dawuhan
Alloh Ta’ala
dina surat an Nisa
ayat 48
[19/2 19:06] Aing: Innallohi
layaq’firu anyusroka bihi wayaqfiru ma duna dzalika liman yasau wamanyusrik billahi aktaro isma’adzima
“Saenya
Alloh Ta’ala
eta moal ngahampura
ka jalma anu sok nyarupakeun
ku misil-misil atawa
ku conto-conto
ka Dzat Anjeuna
jeung Anjeuna baris ngahampura kanu salian tinu kitu mah
kasaha bae sakersana jeung
sing saha
anu sok nyarupa-rupakeun
ka Dzat Alloh
eta mangka
nyata migawe dosa
anu kacida gedena.”
Ari musyrik
ka Dzat Alloh Ta’ala
eta aya 3 bagian
nyaeta :
1. Musyrik Itikod (Niat)
2. Musyrik Pangucap
3. Musyrik Pagawe
(perbuatan)
Di handap ieu diterangkeun
hal Itikod atawa
hal pangucap
anu tumiba
kana kamusyrikan
ka Dzat Alloh Ta’ala.
1. Lamun nyontokeun
atawa nyebutkeun yen
Alloh Ta’ala teh
linggih disawarga
atawa linggih di
naraka.
Jadi ana kitu mah
Dzat Alloh teh
dicontokeun misil
jelema
margi ari anu kasipatan
kalinggih eta sok
kasipatan ku ngadeg
atawa kungedeng .
barang anu kasipatan
ku eta perkara
nyaeta jelema,
ari jelema eta mahluk.
[19/2 19:08] Aing: 2. Lamun nyontokeun
yen Dzat Alloh teh.
Langgeng Bae.
Eta lamun kitu mah
Dzat Alloh teh
dicontokeun misil
gunung atawa batu
saperti Anjeuna
parantos
ngadawuhkeun dina
surat Ar Ra’d
ayat 2
[19/2 19:10] Aing: Summastawa alal arsi
ari sundana
numutkeun faham taohid nyaeta
usuludin
nujukeun (ngersakeun) kalungguhanana
kana aras,
tegesna
kadudukan atawa jabatan salah sahijina jenengan anu alus
(asma husna)
anu ditetepkeun kadudukanana kana aras saperti ngajelaskeun dina Alqur’an
surat Tohaa
ayat 5
[19/2 19:13] Aing: Arrohmanu
Alal Arsistawa
“Dzat Alloh
anu kagungan
ni’mat gede”
Ari ni’mat gede
kana aras ditujukeunana (kalungguhanana)
ari ngaran ni’mat gede nyaeta
iman jeung islam
anu pusatna di aras (mustawan).
Jadi eta
yakin lain linggih
tapi kalungguhanana, anu pusat ni’mat gede nyaeta iman jeung islam.
Kumargi kitu atuh
Dzat Alloh
eta ulah dicontokeun misil jelema
karana eta hukumna musyrik
ka Dzat Alloh Ta’ala
3. Lamun nyontokeun
yen ieu bumi langit
uteuk tongo walang
taga dadamelan
Alloh Ta’ala,
eta lamun kitu
Dzat Alloh Ta’ala
dicita-cita dicontokeun
jijieunan atawa
dadamelan
heuheureuyan.
Jadi Alloh Ta’ala teh dicontokeun misil budak mangka ari
Dzat Alloh Ta’ala
sama sakali hanteu jijieunan atawa didamel heuheureunyan/kaulinan karana
Anjeuna ngadawuh
dina surat Ad Dukhan ayat 38-39
[19/2 19:15] Aing: Wama kholaqna assamawati al ardi wama baenahuma la’ibina
ma kholaqnahuma
ila bilhaqi
walakina aksarohum
la ya’lamuna
“Jeung kami hanteu ngajadikeun sakabeh langit jeung bumi kuheureuyan jeung sakabeh perkara eusina antara langit jeung bumi tapi kami ngajadikeun langit jeung bumi teh anging kusabenerna.”
[19/2 19:23] Aing: Kumargi kitu atuh poma Dzat Alloh teh
ulah rek dicontokeun misil budak
nyaeta sok jijieunan atawa dadamelan heuheureuyan.
4. Lamun dicontokeun yen Dzat Alloh mah
anu ngadamel
tegesna anu ngagawean.
Jadi ana kitu mah
Dzat Alloh teh dicitacitakeun
ku misil jelema
anu kasipatan
ku meta,
ku cicing,
ku usik,
ku ngangur,
kugarap
ku eureun.
Barang anu ngadamel mah
lamun nyieun rupa barang
eta sok digegentenkeun hanteu bisa dibaringkeun jeung
ari anu ngadamel mah lamun geus anggeus
sok eureun,
tah kasipatan kitu teh mahluk
saperti misil jelema.
Mangka ari Alloh mah anu geus ngusikkeun
anu nyicingkeun
tegesna
anu ngersakeun usik,
anu ngersakeun cicing kasakabeh mahluk saperti keterangan
dina surat :
Fa’alullima yuridu
“ari Alloh
eta anu ngadamelkeun kana sakabeh perkara anu di kersakeunana.”
Ari tegesna
anu ngadamelkeun mah eta beda deui
jeung anu ngadamel,
ari anu ngadamelna mah mahluk
nyaeta mahlukna
anu sifat latif jeung
sifat Maojud
eta pada ngadaramel sanasib-nasib, sapak-pakna saanleh-anlehna
kalawan kudrat irodatna Alloh Subhanawata’alla
lapad yuridu teh
eta hartina
lain anu ngadamel
tapi dina sundana
anu ngersakeun
nyaeta
nuduh kana irodatna, karana dina Al-Qur’an hanteu kasebut jenengan-jenengan Anjeuna.
Alpa Ilu =
anu sundana
anu ngadamel,
aya oge jenenganana dina al-qur’an
Ya kholiku =
anu sundana
“hey Dzat
anu ngajadikeun”.
Jadi nyata
Dzat Alloh mah
lain anu didamel atawa anu ngadamel
tapi
Dzat Alloh Ta’ala mah anu ngajadikeun
atawa
nu ngersakeun
cenah eta
anu nyebutkeun ngadamel soteh
ngan samet lisan
ari dina itikod mah hanteu pisan
padamelan Alloh dicontokeun misil padamelan mahluk.
Eta sing emut,
ari musyrik ka Alloh teh aya 3 bagian pokona nyaeta
diantara musyrik Pangucap jeung Itikod,
jadi lamun nyebut
Dzat Alloh Ta’ala
sok ngadamel teh
eta hukumna
musyrik pangucap
margi
ari anu sok ngadamel mah
eta mahluk,
ngan ari mahluk mah
eta hanteu bisa
ari ngajadikeunana mah.
Karana ceuk katerangan nana:
Masya Alloh
Kanawama Lamyasa lamyakun
“Sakabeh perkara
anu dikersakeun
ku Alloh Ta’ala
eta jadi,
jeung anu sakabeh perkara
anu hanteu dikersakeun mah euweuh
(Hanteu jadi).
5. Lamun nyontokeun yen Alloh Ta’ala mah
anu ngadamelna oge hanteu kalawan pakakas jeung hanteu aya
anu ngarencangan nyaeta hanteu aya
anu ngabaturan.
Eta lamun kitu
Dzat Alloh Ta’ala teh dimisilkeun siga mahluk lantaran
ari anu ngadamelna
[19/2 19:52] Aing: hanteu make pakakas jeung make parabot jeung hanteu aya anu ngarancangan atawa hanteu aya anu ngabantuan,
tah anu lacurna kitu teh mahluk nyaeta lancah kumargi kitu atuh poma Dzat Alloh teh
ulah dicontokeun
misil lancah
jadi nyatana
Dzat Alloh Ta’ala mah
eta anu ngajadikeun saperti Anjeuna
parantos ngadawuhkeun dina al Qur’an
Surat Qaaf
ayat 38
[19/2 19:54] Aing: Walaqod kholqnas samawati wal ardi
wama baenahum fisitati ayaumin
wama masana
min lugubbin
“Jeung Saenyana Pangeran Anjeun Dzat anu geus ngajadikeun langit jeung bumi jeung sakabeh perkara antara langit jeung bumi
dina genep mangsa
nu teu ka sifatan
sifat cape”.
Ari margina
paham dina
genep mangsa,
karana sakabeh mahluk anu dijadikeun ku
Alloh Ta’ala
eta pada kawengku
ku umur
sarta pada nyorang lantaran mangsa Contona
saperti urang mimiti
ti rama ka ibu
aya dina pirang-pirang mangsa.
Nyakitu deui
sanggeus dibabarkeun nyorang mangsa
nyaeta
mangsa orok,
mangsa budak,
mangsa baleg,
mangsa dewasa,
jeung saterusna.
Jadi sakur mahluk
eta pada kasorang kumangsa.
Nyaeta saperti
bumi katut eusina kayaning sato hewan atawa tutuwuhan
eta kabeh pada nyorang mangsa.
Sarta dina eta mangsa, eta samangsa-mangsana teh pada aya ngarana saperti ngadawuhkeun dina Surat Nuh
ayat 14
[19/2 19:56] Aing: Wakod kholakum
at waron
“Jeung,
Yakni geus dijadikeun maraneh kabeh
anu digunta ganti.”
Jadi yakin
mahluk eta
pada kasorang mangsa.
Karana
fisitati ayaumin eta sundana dina genep mangsa”,
deui lamun
dina genep poe mah
siga pisan Alloh teh kasorang ku beurang kahalangan kupeuting, padahal beurang jeung peuting eta
dikersakeun ku Anjeuna.
Deui Alloh eta
anu ngersakeun
karana ngadawuhkeun dina surat Yasin
ayat 82
[19/2 20:04] Aing: Innama amruhu
idza aroda saean
an yaquulalahu
kun fayakun
“Saenyana
sakabeh perkara urusannana Alloh
eta dimana
ngersakeun salah sahijina perkara
sok ngadawuh kagungan Anjeuna jadi
mangka jaradi”.
Ayeuna yakin,
Alloh teh
anu kagungan atawa
anu ngersakeun
lain anu ngadamel
karana sundana
‘Idza Aroda” teh ngersakeun,
lamun nyata-nyatakeun misil jelema,
mangka Dzat Alloh
ceuk kateranganana :
Bilasaotin Walhardin “kalawan hanteu kusowara jeung
teu ku Aksara”
Mangka ari sundana Anyakulu :
“mangka sok ngadamel” lahu :
kagungan Alloh
Nyaeta Lapadna (kecapna) jadi lapad Kun eta isarah kana sakabeh sowara anging Alloh
anu uninga contona Saperti
Meletekna mata kelong tina siki
nalika mimiti jadi atawa sowara peupeusana enog
nalika mimiti megar.
Tah eta kabeh sowara teh estu
kagungan Alloh Ta’ala
ari dina wahyu mah nuduhkeun
ku lapad isarah bae nyaeta ku lapad Kun tea.
Kumargi kitu poma
Alloh teh
ulah dicontokeun
misil jelema
nyaeta nyoara Kun saban-Saban isuk
dina lebet genep poe.
Lamun nyata-nyata
Dzat Alloh ngadawuh Kun dina lebet genep poe.
Jadi nepi ka genep kali ngadawuh kun
sarta saban-saban ngadawuh kun
jleg bae aya mahluk.
Jadi ana kitu
Dzat Alloh Ta’ala teh dicontokeun
siga mahluk
nyaeta jelema tukang sulap,
jeung deui lamun kun jleg atuh mahluk oge
moal tina leutik heula, saperti tina johar piri
anu jadi johar morokab jeung mahluk-mahluk moal aya parobahan gonta-ganti saperti tina pitik kana jajangkar
nepi ka jadi jago
barang ari lapad kun eta ceuk katerangannana :
Wamruhu Baenalkafi
Wa nun
“Jeung Ari urusanana Alloh Ta’ala
eta antara
Kop Jeung Nun “.
Ari eta anu antara
kop jeung nun teh
anu abadilabad
barang di runtuykeunana Kop jeung Nun teh
nya jadi Lapad Kun.
Eta kecap Kun teh
jadi isarah kana sakabeh kudrat irodat Alloh Ta’ala anu tanpa wates wangena
nyaeta anu dua hurup jadi lapad Kun eta
dina antara dua aksara hanteu aya wates wangena
hanteu aya pegatna hanteu aya hahalangna, jeung
hanteu aya lowongna
eta teh jadi isarah
kana sakabeh perkara pangersa Alloh Ta’ala.
Anu Abadilabad
nyaeta saperti
urang ti mimiti dikandung ku indung nepi ayeuna pisan.
Eta tetep masih terus dijadikeun atawa dikersakeun
ku Alloh Ta’ala
anu hanteu aya eureuna sadetik oge
nepi ka hanteu karasa gunta ganti parobahannana
[19/2 20:07] Aing: Alloh Ta’ala
ngajadikeun atawa ngersakeunana mahluk anu tetep terus
hanteu aya eureuna
eta teh nyatana
lapad Kun tea.
6. Lamun Nyontokeun yen Dzat Alloh Ta’ala
eta
hanteu diluhur,
hanteu dihandap,
hanteu di wetan,
hanteu dikulon,
hanteu dikidul,
hanteu dikaler,
eta lamun kitu
jadi nepak dada
nuduh kana diri sorangan ngaku Alloh.
Lamun nyontokeun yen Alloh mah
hanteu ditengah-tengah hanteu dimana-mana
eta lamun kitu
Dzat Alloh Ta’ala dimisilkeun
kana lowong atawa suwung,
sedang ari
lowong atawa suwung eta mahluk keneh.
Lamun nyontokeun yen Dzat Alloh Ta’ala teh
Teu Warna,
teu rupa,
teu beureum, teu hideung,
teu bodas,
teu kayas,
teu kulitan,
teu lamadan,
teu dagingan
teu tulangan.
Eta lamun kitu
Dzat Alloh teh
di misilkan
kana hawa atawa angin
seudeung ari
hawa atawa angin
eta teh mahluk keneh.
Mangka Ari
Dzat Alloh Ta’ala mah Anjeuna ngadawuhkeun dina surat Al Imron
Ayat 6 :
[19/2 20:12] Aing: Huwalladi yushowwirukum
fi arhami kaefa yasau “
ari Dzat Alloh
eta anu ngersakeun
rupa maraneh kabeh
dina piaraeunana sakumaha anu dikersakeunana
ku Anjeunna bae”.
Jadi numutkeun keterangan mah
Dzat Alloh
eta anu kagungan sakabeh rupa,
anu kagungan sakabeh warna atawa
anu ngarupakeun
anu ngawarnakeun,
anu ngersakeun warna.
7. lamun nyontokeun yen Alloh teh
hanteu ibuan,
hanteu Ramaan,
hanteu Putraan,
lain awewe,
lain lalaki,
tara dahar,
tara leueut,
tara sare,
salawasna.
Eta lamun kitu
Dzat Alloh teh dicontokeun
misil malaikat,
jadi nganggap
Ka Dzat Alloh teh Malaikat.
Barang ari Malaikat teh Mahluk,
terang ari Alloh kagungan sakabeh
para malaikat.
Dzat Alloh Ta’ala teh
anu kagungan,
anu teu ramaan,
hanteu ibuan
tapi putraan
nyaeta kanjeng
Nabi Adam Alaihi salam.
Dzat Alloh Ta’ala teh
Teu ibuan tapi ramaan nyaeta
kanjeng nabi Sis
Alaihi salam,
jeung Deui
Dzat Alloh Ta’ala teh
anu kagungan
anu hanteu ramaan
tapi ibuan
nyaeta Kanjeng Nabi Isa Alaihi mu solatu wassalam
[19/2 20:13] Aing: Mangka Dzat Alloh ta’ala mah ngadawuh dina surat Asy syuura
ayat 11
[19/2 20:14] Aing: Laesa kamisli saeun “ Hanteu aya
pikeun contona atawa ngamisilkeun
ka Dzat Alloh Ta’ala mah Saperkara oge”
Ari margina
sakabeh perkara oge kagunganana
saperti pituduh Anjeuna dina surat Al Baqarah ayat 284 :
[19/2 20:15] Aing: Lillahi mafissamawati wama fil ardi
“Kagungan Alloh
eta sakabeh perkara
anu disakabeh langit jeung sakabeh perkara anu dibumi.”
Kumargi kitu atuh
Dzat eta ulah dicontokeun atawa dimisilkeunkeun kawas sakabeh mahluk, sakumaha pituduh Anjeuna dina
surat Ath Thuur 43
[19/2 20:17] Aing: Subhanallohi
amma yusrikun
“ari kagungan
Maha bersih atawa Suci Dzat Alloh tina sakabeh perkara anu sok dicontokeun (disasamakeun)
ku maraneh kabeh”
8. Lamun nyontokeun yen Dzat Alloh teh
sifat Murah
Eta lamun kitu
Dzat Alloh Ta’ala teh dimisilkeun kana
barang rupa banda
anu hargana pangrendahna,
sedeung anu sifat murah teh lawanna mahal, mangka ari
Dzat Alloh mah
anu kagungan
Maha bersih tina sifat-sifat lalawanan.
Karana Anjeun parantos ngadawuhkeun dina surat Yasin
ayat 36.
anu ngersakeun lalawanan :
[19/2 20:20] Aing: Subhanaladzi kholakol ajwaja kullaha mimma tunbitu ardu
wamin anfusihim wamimma layalamuna.
“ari Kagungan
Maha Suci Dzat anu geus ngajadikeun jojodoan (lalawan)
tina sakabeh perkara
anu ku maraneh
sok jaradi (tumbuh)
dina bumi,
jeung tina maraneh oge jeung tina perkara
anu maraneh
henteu nyaho.”
Cenah eta
sifat murah soteh
dumeh urang
aya ceuli,
aya irung,
aya panon jeung saterusna,
tah eta oge
hanteu kaharti
sabab eta lain
meunang meulian meunang nyurup
karana anu sok disebut murah atawa mahal teh nyaeta anu menang meulian.
Lamun kitu
jadi Dzat Alloh teh misilkeun tukang dagang jeung siga pisan urang teh aya kaboga
anu lain kagungan
Dzat Alloh
paranti ngurup atawa paranti nukeuran
ka Dzat Alloh
Padahal urang
hanteu ngagaduhan naon-naon sakumaha dawuhan Alloh Ta’ala dina surat An Nisa
ayat 78
[19/2 20:23] Aing: Kul kullum min indilohi
“caritakeun
ku Anjeun Muhammad yen sakabeh perkara
eta kagungan
Alloh Ta’ala wungkul.”
Dina pepelakan oge saperti bangsal sasiki jadi saranggey eta lain, Dzat Alloh sifat murah, margi urangna,
taneuhna, jeung bibitbibitna
estu kagungan
Dzat Alloh Ta’ala,
jeung lamun
dina pepelakan nyontokeun yen
Dzat Alloh teh
Sifat Murah
atuh kumaha lamun pepelakan tea teh
keuna kuhama
meureun Dzat Alloh teh sifat mahal,
cenah eta
lamun amal hade
sok panen hade jeung anu amal goreng
sok panen goreng.
Eta lain
Dzat Alloh sifat murah karana bisana ngajalankeun
amal hade atawa
amal goreng,
tah eta teh
ku kudrat irodatna
Dzat Alloh Ta’ala,
sakumaha dawuhanana dina surat fathir
ayat 8 :
[19/2 20:24] Aing: Fainnalloha yusholu
man yasyau
wayahdi man yasau
“Mangka saenyana
Dzat Alloh Ta’ala eta
anu baris nyasarkeun kasaha anu dikersakeunana jeung Alloh Ta’ala
anu baris nuduhkeun
ka saha bae anu dikersakeunanan.”
Ari dina buahna amal
eta Dzat Alloh
parantos ngersakeun pituduhna dina surat
Al Baqarah
Ayat 286 :
[19/2 20:27] Aing: Laha makasabat
wa ‘alaiha maktasabat
“Pikeun Awakna teh naon-naon anu
di kasabna (pigawe) bae jeung ka awakna teh
boh mangfaatna
boh madorotna sakumaha anu geus
di kasabna (diparigawe)
Jadi numutkeun ieu katerangan mah
nyaeta nyata Anjeuna teh kagungan jenengan
anu ka unggel dina Al-qur’an Al adlu,
upami di ango ngundang Ka Anjeuna Ya Adlu.
“Hey Dzat
anu kagungan sifat adil”
Nya jadi nyata
aya wawales sakumaha numutkeun amalna,
tah eta mah
sifat adilna
kagungan
Dzat Alloh Ta’ala
saperti anu Parantos didawuhkeun dina.
Al Imran
ayat 18 :
Koiman bilqisti
[19/2 20:36] Aing: “Dzat Alloh Ta’ala eta
anu ngadegkeun sakabeh urusannana kalawan kaadilan (kukaadilan)”.
Karana eta
lain Alloh sifat murah tapi Dzat Alloh eta
anu kagungan
sifat murah jeung
anu kagungan
sifat mahal.
9. lamun nyontokeun
yen diri katut rezeki teh eta titipan ti Alloh
eta lamun kitu Alloh teh dicontokeun misil jelema karana sok nitipkeun jeung anu katitipan teh nyaeta jelema
jeung jelema anu patepung pa adu lawung.
Deui lamun di aku titipan tangtu urang
kudu katempuhan dimana
aya anu ruksak atawa aya anu leungit atawa aya anu robah
kudu sanggup ngaganti. Margi ari titipan mah tegesna
amanat
anu hanteu meunang ilang atawa ruksak.
Lamun nyata-nyata.
Dzat Alloh sok nitipkeun, ana kitu mah
Dzat Alloh Ta’ala teh
siga anu kapanggih jentulna pajonghok
bari jeung nitipkeun jeung lamun kitu
Dzat Alloh teh dimisilkeun siga jelema.
Lantaran ari jelema
anu sok nitipkeun teh nyaeta jelema
anu karepotan
mangka
ari Dzat Alloh mah Anjeuna parantos ngadawuhkeun dina surat al Baqarah
ayat 255 :
Wasyi’a kursyiyuhussamawati wal ardi
wala yaududu hifdhuma
“Jembarkeun
karajaan kagungan
Dzat Alloh Ta’ala ngageugeuh sakabeh langit jeung bumi
jeung hanteu karepotan Anjeuna teh
ngaraksa sakabeh langit jeung bumi”
Tah kumargi Dzat Alloh hanteu kasipatan kukarepotan,
jadi tangtu Anjeuna
moal nitipkeun ka jelema, jeung deui urang oge ulah arek ngecapkeun
ka Alloh
nitipkeun deui Ka Alloh
kumargina kabeh oge kagunganana
jeung lamun urang nitipkeun naon
Dzat Alloh Ta’ala
jadi ka Dzat Alloh teh nganggap sasama nyaeta dimisilkeun
siga jelema pada jelema deui.
10. lamun nyontokeun yen diri katut rezeki teh paparin ti Alloh Ta’ala, eta oge lamun kitu
Dzat Alloh Ta’ala teh
eta dimisilkeun
jeung jelema
margi ari anu
sok masihan teh
eta jelema jeung jelema anu sok pajonghok.
Jeung ari jelema mah sok silih pasihan soteh eta kasipatan kueuweuh atawa
sok kasipatan kuloba kakurang.
Jadi nyontokeun
Dzat Alloh sok masihan
ana kitu mah nuding
ka Dzat Alloh
tineung kanu hideung, ponteng kanu koneng margi masihannana teh hanteu sarua
nyaeta diwilah-wilah.
Jeung lamun nyita-nyita Alloh Sok maparin
nuding ka Alloh
sulaya jangji geus maparinan
sok dipundut deui atawa sok dihilian deui
saperti
maparin huntu pangpadeurina
dipundut huntu pangheulana
padahal Alloh Ta’ala mah Anjeuna ngadawuh
dina Al qur’an
surat Ar Raad
ayat 31
Innalloha
layukholiful mi’ada
“Saenyana Alloh eta moal Sulaya jangji”
Jeung lamun
Alloh maparinan
ka urang diri katut rejeki eta moal diwajibkeun ibadah,
taat kana parentahan undang-undang Anjeuna.
Jeung lamun Alloh
geus maparin mah tangtu moal diparioskeun deui
dina poe kiyamah (akherat),
seperti Anjeuna ngadawuh dina surat Attakasur
ayat 8 :
[19/2 20:50] Aing: Summa latus’alunna yaumaidin anil na’im
“Terus
nyata diparioskeun
dina poe akherat
tina hal kanikmatan”.
Jeung lamun
Dzat Alloh
maparinan atuh
lamun urang geuring tangtu moal dihilian
ku cageur,
lamun ruksak
moal dihilian ku wteuh da puguh geus dipaparinkeun
padahal nyatana mah Dzat Alloh teh
lain nitipkeun jeung
lain anu maparinan kaurang
tapi saenyana mah kabeh oge
diri manusa
katut rejeki
eta kagunganana sakumaha Anjeuna
geus ngadawuhkeun
dina keterangannana
Kulla amliku finafsihi naf’an
walanadaron illa
masya Alloh”
“Caritakeun
ku Anjeun Muhammad yen hanteu ngamilik
kana diri dina manfaatna jeung hanteu ngamilik madoratna
anging sakabeh
perkara oge
anu geus dikersakeun
ku Dzat Alloh Ta’ala”
Deui pituduh
dina ketranganana
Layamliku linafsihi dorow
walanafa awwalam maotan
walanusuro.
“hanteu ngamilik mangfaatna jeung hanteu ngamilik
kana hirupna jeung
kana paehna jeung
kana gelarna.”
Jadi numutkeun ieu katerangan
estu sagala-gala teh kagungan Anjeuna wungkul.
Kumargi kitu atuh
hanteu aya pamaparin hiji perkara oge.
Aya jenengan
dina al Qur’an
Al muti
lamun dianggo
nyambut ka Anjeuna,
Ya Muti :
“hey Dzat
anu maparinkeun”
ari tegesna
nu maparinkeun mah
eta beda deui
jeung kecap
nu maparinan
ari hartina
nu maparinkeun mah nyaeta
anu ngersakeun
ku Dzat Alloh Ta’ala.
Ieu dihandap
nerangkeun sakadar conto pikeun sundana jenengan jenengan Anjeuna
supaya dina nyundaanana ulah matak jadi musyrik
nyaeta saperti :
Ya kholiku :
“Hey Dzat anu ngajadikeun,
(Hey Dzat anu kagungan jajadian)
Ya Rojaku :
“Hey Dzat anu ngarizkian, (Hey Dzat anu kagungan rizki)
Ya Wajidu :
“Hey Dzat
anu ngayakeun,
(Hey Dzat
anu kagungan sifat Aya)
Ya Muhyi :
“ Hey Dzat
anu ngahirupkeun,
(Hey Dzat anu kagungan hitup)
Ya Mumitu :
“Hey Dzat
anu maehkeun ,
(Hey Dzat
anu kagungan anu paeh)
Ya Hayyu :
“ Hey Dzat
anu ngahirupkeun,
(Hey Dzat anu kagungan hirup)
Ya Koyumu :
“Hey Dzat
anu ngadegkeun,
(Hey Dzat
anu kagungan ngadeg)
Tah aya sundana teh ulah ditambahan
ku kecap numasihan
tambahna teh
kudu kecap
anu kagungan
atawa
anu ngersakeun.
11. Lamun
ngalakonan ibadah ngaitikodkeun kasangakeun
ka Alloh Ta’ala.
Eta lamun kitu
jadi ngamisilkeun
ka Dzat Alloh teh
saperti ka sasama papada jelema
sarta siga pisan urang teh
aya kaboga atawa
aya kabisa sorangan
padahal kabeh oge kagungan Anjeuna jeung pitulung Alloh Ta’ala.
Sakumaha parantos didawuhkeun dina
surat Al an’am
ayat 162 :
Kul inna
sholati
wanusuki
wamahyaya
wa mamati
lillahirobil ‘alamina
“Caritakeun
ku Anjeun Muhammad :
”Saenyana abdi
sholat, jeung
abdi ibadah, sareng
abdi hirup jeung
paehna
estu kagungan Alloh
anu mangurus
sakebeh Alam.
Lamun ngaitikodkeun
ari diri katut rezeki pamaparin ti Alloh
ari ibadah
kasanggakeun ka Alloh
Tah eta jadi nganggap
ka Alloh teh sasama saperti ka papada manusa
lantaran anu
sok silih haturanan
silih kiriman teh
sifat jalma jeung jalma anu sok timbang tarima.
Karana ari jelema mah sok kasifatan ku leuwih atawa ku kurang,
sok kasipatan ku untung ku rugi,
ku aya
ku euweuh.
Barang ari
Dzat Alloh Ta’ala mah moal kasipatan
ku untung lamun dibaktian, jeung
moal kasipatan
ku senang lamun dikawulaan jeung
moal kasipatan kuripuh lamun hanteu dikawulaan sarta
ulah dicontokeun
misil jelema
nyaeta sok senang lamun dikawulaan.
Ari saenyana
kumawula (Ibadah)
ka Dzat Alloh Ta’ala mah anging taat
kana parentahan undang-undangna bae, sakumaha parantos didawuhkeun
[19/2 20:54] Aing: Lasarikalahu
wabidzalika umirtu
wa anna awalul muslimin
“Hanteu ngasamaan
ka Dzat Alloh
kumargi kitu ibadah teh di parentah karana ibadah langkung tipayun ngaku anu pada sumerah (ngaku manganut)
kana agama islam”.
Ari ibadah (kumawula) eta lain ngabantuan atawa ngahaturanan
ka Dzat Alloh Ta’ala,
sakumaha parantos didawuhkeun dina
surat Lukman
ayat 12 :
Waman yasku
fainama yaskuru linafsihi waman kafara fainnalloha qoniyun hamid
“Jeung sing saha
anu sok syukuran
keur kana awakna manehna jeung
sing saha anu ingkar tina toat syukuran
mangka saenyana
Dzat Alloh eta
anu kagungan sifat sugih tur
anu kagungan sifat puji.”
Kumargi kitu
jadi amal ibadah
lain ngahaturanan
ka sanggakeun
ka Alloh Ta’ala
tapi seja turut
kana parentahan undang-undangna wungkul
sarta
sumerah estu
kagungan Anjeuna bae
dibisakeunana
ibadah oge
estu pitulung
Alloh Ta’ala.
12. Lamun nyata-nyata atawa nyangka yen
Dzat Alloh sok bendu, lamun hanteu dikawulaan.
Eta ana kitu mah
Dzat Alloh teh ngamisilkeun
siga mahluk atawa
siga jalma ogoan.
Barang eling ka Anjeuna eta diparentah,
karana didawuhkeun dina surat Al Muzzamil
ayat 8 :
[19/2 20:56] Aing: Wadkurisyma robbaka wa tabatal ilaehi tabtiylan
“Jeung kudu eling
ka Anjeuna teh
anu kacida tamplokna”
Deui didawuhkeun
dina surat ayat 23 :
Wakurisma robbika bukrotawa wa asilan
“Jeung kudu eling
ka jenengan pangeran Anjeun Muhammad berang jeung peuting”.
Jeung didawuhkeun dina surat Al A’la
ayat 14-15
Kod aflaha mantazkaha wadzakaro as,a
robihi fashola
[19/2 21:05] Aing: “ nyata leuwih bagja jalma anu
bebersih tina dosana, jeung
eling kana jenengan
Dzat Pangeran
sarta
sok ngalakonan sholat.”
Numutkeun ieu katerangan mah
jadi eling kana jenengan Dzat pangeran
anu kagungan
sakabeh mahluk,
tah eta nurutkeun
kana parentah wungkul, saperti
maca asmaul husna, Ismuladom,
tauzd,
Al Bassmallah,
maca kalimah toyibah, tasbeh,
tahjid,
tahlil,
takbir,
takdis,
istiqfar
jeung saterusna.
Kumargi kitu atuh
poma
Dzat Alloh teh
ulah dimisilkeun
siga jelema gumede
jadi pangkat sok bendu lamun hanteu dikawulaan.
13. lamun ngaitikodkeun yen Dzat Alloh
leuwih deukeut
ka manusa tibatan urat beuheung”
eta ana kitu
Dzat Aloh teh dicontokeun misil roh sakumaha anu didawuhkeun dina
surat Qaaf
ayat 16
Wanahnu akrobu ilaehi min habli warid
“Jeung urang sarerea leuwih deukuet
ka manusa
tibatan urat beuheung”.
Aya anu ngadawuh “urang sarerea” teh
moal nyalira
tangtu kana seuerna marga
lamun nyalira mah tangtu ngadawuh
nyebut kami.
Ari saenyana
anu ngadawuh
“urang sarerea” teh nyaeta
asmaul husna
nyaeta jenengan-jenengan
anu aralus
saperti :
Arrohmanu,
Arrohimu,
Al jabbar,
Assalamu,
Al latifu,
Al Alimu,
Al kodiru,
jeung sajabana ti eta.
Nyatakeun jenengan
anu mana bae
anu cumantel
dipika ingeut atawa
di pieling
anu diaos
dianggo riyadoh
nyaeta
dipelakeun
dipuhit anu matuh,
ari hikmahna
jadi akrab
nyaeta
leuwih deukeut atawa leuwih deuheus
ceuk jawana mah
leuwih pareh kana eta jenengan-jenengan
ana dipuhit tea
lamun geus akrab jeung jenengan Dzat Mutlak
nu mana bae
tangtu ka acikan
karamat
barokah
kaagunganana jenengan-jenengan
anu diaos tea.
Barang ari
Dzat anu kagungan jenengan mah
(Dzat Alloh Ta’ala) hanteu kasipatan
ku deukeut,
ku jauh
margi ari anu
kasipatan kudeukeut jeung jauh mah
eta mahluk.
Ari jenengan teh
eta oge mahluk
ngan mahlukna
mahluk kodim
tegesna
nu dijadikeun pangheulana.
Jadi lamun nyontokeun yen Dzat Alloh
leuwih deukeut
tibatan urat nadi
anu nganteng tina beuheungna
eta tumiba musyrik.
Margi Dzat Alloh Ta’ala dimisilkeun siga mahluk nyaeta dicontokeun misil jenenganjenenganana atawa dimisilkeun saperti
roh (nyawa).
14. Lamun nyontokeun yen nu bisa ngaijabah teh si itu atawa
nyebutkeun hanteu ditulungan ku si itu atawa
nyebutkeun hanteu di tulungan ku kuring.
[19/2 21:17] Aing: Eta ana kitu jadi jelema atawa diri sorangan / manehna nyasamaan ka Dzat Alloh Ta’ala,
karana ari mahluk mah didawuhkeun dina keterangan
Yadullohi faoko Aedihiem
“Kudrat Irodatna Alloh ngaubah kana usaha maraneh kabeh.”
Padahal ari manusa mah ngan sakadar ihtiar dumeh diayakeun
akal jeung faham.
Karana numutkeun anu didawuhkeun dina
surat Al Kahfi
ayat 84-85
Min kuli syain sababan faatba’a sababan
“Tina saban-saban perkara eta
aya marga lantaranana mangka
kudu tumut kata metakeun marga lantaranana.”
Deui didawuhkeun dina surat Ar Rad
ayat 11
Innalloha layuqoyiru
ma bikoumi hatta yuqoyiruma bianfusihim
“Saenyana
Alloh moal ngarobah kana naon-naon perkara hiji kaomna sahingga sok ngarobah kana sakabeh perkara teh
ku awak maranehanana.”
Dina surat Yasin
ayat 54 :
Falyauma latudhlamu nafsun syaean
wala tujzauna illa
ma kuntum ta’malun
“Mangka dina poe
anu baris kasorang
moal aya hiji baris nganiaya kana awak saperkara oge jeung moal aya nu baris ngaganjar
anging sakumaha kaayaan maranehanana sakumaha anu
sok diparigawe bae.”
Numutkeun ieu katerangan,
jadi urang kudu ihtiar pikeun turut marga lantaran.
Ari diri kagungan
Dzat Alloh Ta’ala
anu diayaan
ilmu jeung akal,
atuh jadi moal putus pangharepan
tapi dina hakekatna enggoning ihtiar teh
kudu turut atawa tumarima,
yen dibisakeunanan ihtiar jeung dina hasilna atawa
hanteu hasilna
anging
ku kersana pitulung
Alloh Ta’ala,
karana didawuhkeun dina surat Al Baqarah
ayat 255 :
Allah,
tidak ada Tuhan
(yang berhak disembah) melainkan Dia
yang hidup kekal lagi terus menerus mengurus (makhluk-Nya);
tidak mengantuk dan tidak tidur. Kepunyaan-Nya
apa yang di langit dan
di bumi.
tiada yang dapat memberi syafa'at di sisi Allah tanpa izin-Nya? Allah mengetahui apa-apa yang di hadapan mereka dan di belakang mereka,
dan mereka
tidak mengetahui apa-apa dari ilmu Allah melainkan apa yang dikehendaki-Nya.
Kursi[161] Allah
meliputi langit dan bumi. dan Allah tidak merasa berat memelihara keduanya,
dan Allah
Maha Tinggi lagi
Maha besar.
“Hanteu aya nu boga
nu sok bisa nulungan anging bisana nulungan teh ku idin ayeuna bae.”
Deui ceuk Kateranganana
dina
Masya Allohu
kanawama lamyasa lamyakun
“sakabeh perkara
anu dikersakeunnana
ku Alloh eta jadi
jeung sakabeh perkaran anu hanteu dikersakeun mah eta hanteu jadi.”
Jadi
anu kagungan ijabah (pelaksanaan) mah anging Dzat Alloh Ta’ala.
Karana jenengan Anjeuna anu kaunggel dina Alqur’an
Al Mujibu
lamun dianggo nyambut
Ya Mujibu
“Hey Dzat
anu Kagungan Pelaksana atawa
“Hey Dzat
anu ngalaksanakeun”
Ari nyatana mahluk mah Lahaola walakuwata
illa billahi
hartina
hanteu gaduh
daya upaya sareng hanteu gaduh kakuatan anging dayana kakuatan eta
kagungan Alloh Ta’ala.
Jadi hakekatna
dina ngajalankeun ihtiar eta
bikudratilloh –
Biidznilloh
sakuma geus didawuhkeun dina Keterangan
Kullan yusiban illa makataballohu Lana
“Caritakeun
ku Anjeun Muhammad taya lian
nasib abdi sadaya teh anging naon
anu geus ditetepkeun
ku Alloh
ka abdi sadaya.
Deui didawuhkeun dina surat Insaan
ayat 30
[20/2 00:18] Aing: Wama tasauna
illa anyasa’allohu
“Jeung Hanteu aya
anu baroga dikersakeun ku Alloh Ta’ala.”
karep anging anu
Ari Itikodna nurutkeun ieu katerangan mah ngarana
Torekat Jabbariyah
anu hikmahna
supaya ulah musyrik ka Dzat Alloh Ta’ala.
Jadi lamun hasil
tina ihtiar teh
moal ujub ria jeung takabur
rasa bisa sorangan tangtu baris syukuran ka Dzat Alloh Ta’ala
Jeung Lamun
dina Ihtiarna teh
hanteu hasil
tangtu jadi Sabar,
jadi bisa baresih
tina aral jeung
subaha,
rumasa sarta
hanteu gaduh naon-naon bari ngimankeun.
Wabilkodri hoerihi wasarrihi minallohi ta’ala
“Jeung hasilna
jadi percaya
kana papasten goreng jeung hade tea
kodratna Alloh Ta’ala”
Eta torekat
pikeun gunakeun
dohir jeung bathin, karana ari lapad
Al qodariyah jeung Jabarru teh
eta sami-sami jenengan Dzat Anu mutlak
anu ngajadikeun
sakabeh mahluk.
15. lamun ngakukeun yen agama islam teh
agama urang atawa agama kuring atawa agama urang arab.
Eta lamun kitu
jadi jelema teh disamikeun jeung
Dzat Alloh
margi siga pisan
agama islam teh beunang ngatur atawa beunang ngarancana manusa,
jeung lamun
agama islam teh
agama arab
atuh waktu
kangjeng rosul ngebrehkeun
agama islam teh
tangtu urang arab
moal ngewa
ka kangjeng rasul.
Malah kangjeng Rosul oge uningana kana agama islam teh saparantos diturunkeun wahyu ku Alloh Ta’ala.
Barang ari
agama islam mah
geus didawuhkeun
dina surat Al Imran
Ayat 19
[20/2 00:18] Aing: Innaldina
‘indallohil islam
“Saenyana
agama kagungan Alloh teh nyaeta
agama islam”
Jeung geus didawuhkeun dina surat An Nashr
ayat 2
[20/2 00:20] Aing: Waroaetan nasayad khuluna fidiynillohi afwajang
“Jeung tangtu nenjo Anjeun Muhammad
ka manusa manusa
baris pada arasup
agama islam anu pohara abrulabrulanana.
Numutkeun ieu katerangan mah
jadi yakin yen
agama islam
teh lain boga manusa tapi agama kagungan Dzat Alloh Ta’ala
ari manusa jeung jin
anu iman mah
ngan manganut wungkul kana agama islam teh,
kumargi kitu
lamun ngaku ngabogaan agama teh eta
hukum musyrik
lantaran ngasamaan ka Dzat Alloh Ta’ala.
[20/2 00:24] Aing: Lamun nyontokeun
elmu si et amah
elmu syetan
Eta lamun kitu
jadi syetan teh
di sasamakeun jeung Alloh Ta’ala
padahal boro-boro setan boga agama atawa elmu,
manusa oge
anu dimulyakeun ku Alloh Ta’ala
hanteu ngabogaan elmu karana geus
di dawuhkeun dina
surat Al Mulk
ayat 26
Qul innamal ‘ilmu ‘indallohi
wa innama nadiyrun mubin
“Caritakeun
ku Anjeun Muhammad Saenyana
sakabeh perkara elmu eta kagungan Alloh
jeung Saenyana perkara kaula mah
anu ngelingan bae
anu nyata.”
Kumargi sakabeh elmu kagungan Alloh Ta’ala jadi anu nyebutkeun
ilmu setan teh
eta hukumna musyrik margi setan disasamakeun jeung Dzat Alloh Ta’ala.
17. Lamun nyontokeun urang mah boga Alloh
si itu mah atawa golongan itu mah
hanteu ngabogaan Alloh.
Eta lamun kitu jadi
Dzat Alloh teh dimisilkeun
barang benda atawa dimisilkeun ingon-ingon margi
Alloh anu dibogaan
ku jelema,
barang dawuhanana dina surat Ar Rum
ayat 26
[20/2 00:26] Aing: Walahu man fissamawati wal ardi
kullulohu qonituna
“Ari kagungan Alloh teh sing saha bae
anu aya disakabeh
langit jeung bumi
eta oge kabeh kagungan bae pada sumujud.”
Jadi yakin
lain urang anu ngabogaan Alloh,
cenah eta
disebutkeun hanteu ngabogaan Alloh soteh dumeh ingkar
tina iman jeung islam.
Eta oge geus didawuhkeun dina
al Qur’an
surat Ataghaabun
ayat 2
[20/2 00:27] Aing: Huwalladi kholaqokum faminkum kafirun waminkum mumin
“Alloh eta
anu geus ngajadikeun maraneh kabeh
mangka tisawarehna maraneh anu ingkar
tina iman jeung islam jeung ti sawarehna maraneh anu iman.”
Jeung deui didawuhkeun dina surat An Nahl
ayat 93 :
[20/2 00:36] Aing: Walau sya’allohu laja’alakum ummatan
wa hidatan
walakin yudilu min yasau wayahdi man yasyau
“Sanajan Alloh
geus ngersakeun nyata geus ngajadikeun maraneh kabeh umat anu sagolongan
tapi bae anu baris sasar sing saha bae
anu di kersakeunana jeung anu baris meunang pitulung (pituduh)
sing saha bae
anu dikersakeunana.”
Jadi anu matak numutkeun katerangan mah
anu pada ingkar jeung anu pada iman teh
eta kabeh
dua golonganana kagungan
Dzat Alloh Ta’ala.”
18. Lamun Nyontokeun dimana bae urang aya didinya Dzat Alloh aya.
Eta lamun kitu
ka Dzat Alloh teh dicontokeun misil
hawa anu ku urang diango ngambekan, nganggap
ka Dzat Alloh Ta’ala teh kana hawa.
Padahal ari hawa eta
lain Dzat Alloh Ta’ala
tapi mahluk,
ari nyatana
anu ngabarengan
ka urang mah
anu dimana bae
urang ayana
nyaeta
elmuna,
kodratna jeung Rohmatna
saperti anu didawuhkeun dina surat Al hadid
ayat 4 :
Ya’lamuma
yaliju fi ardi
wama yakhruju minha wama yang jilu minassama’I
wama ya’ruju fiha wahuwa ma’akum aenama kuntum
wallohu bima ta’maluna basyirun
“Bari Alloh eta
anu uninga
kana naon anu asup
ka jero bumi jeung
kana naon-naon
anu kaluar ti jero bumi jeung kana naon-naon anu turun ti langit jeung kana naon-naon
anu naek ka langit jeung ari ka uningana
Alloh Ta’ala Ngabarengan
ka maraneh kabeh dimana bae ayana maraneh.”
Tah ieu mah nganyatakeun
anu ngabarengan teh kauninga Alloh jeung elmu Alloh
Margina lapad
Huwa tea domir
kana lapad Yalamu,
contona saperti
urang ngagawean
hiji perkara
anu acan ngarti sarta hanteu aya gunana,
tapi kalah kutemen wekel mah
tangtu kana bisana
tah eta nyatana dibarengan,
sakumaha katerangan :
Inna Rohmatallohi koribun minal muslimin
“Saenyana
Rohmatna Alloh Ta’ala deukeut tina sawarehna anu ngajalankeun kahadean.”
Lamun
ngalakonan ibadah
aya padangan saluyu jeung hawa nafsuna
Eta lain toat
karana parentahanana undang-undang
Alloh Ta’ala
tapi Alloh Ta’ala teh dianggap hawa nafsu bae
sabab ibadahna teh ngawula kana
hawa nafsu.
Barang ari hawa nafsu eta mahluk,
jadi anu ibadahna milihan anu cocog jeung hawa nafsu eta
hukumna musyrik ka Dzat Alloh Ta’ala
nyaeta saperti
anu parantos didawuhkeun dina
surat Al Jaatsiyah
ayat 23 :
[20/2 00:41] Aing: Afaro aeta
manitakhoda
ilahahu huwahu
“Naha hanteu nenjo Anjeun Muhammad jalma-jalma
anu nganggap
pangeran kan nafsu”
Jadi ana kitu mah
anu nganggap
Dzat Alloh Ta’ala
kana hawa nafsu teh tumiba musyrik
ka Dzat Alloh Ta’ala ;
20. Lamun
anu ngalakonan ibadah agama islam
nurutkeun piwuruk guruna
anu hanteu
make katerangan Alqur’an.
Eta ana kitu mah
jadi rukun imana teh sanes
wakutubihi
tapi waguruhi,
mangka geus didawuhkeun dina
surat Al Kahfi
ayat 110
Qul innama ana yasarun misylukum yuuha ilaya annama ilahukum
ilahun wa hidun
faman kana yarju liqo’a robihi falyamal
‘amalan sholihan
wala yusrik bi’ibadati robihi ahada’
“ caritakeun
ku Anjeun Muhammad saenyana
perkara kaula
anu diwahyuan
saenyana pangeran maraneh kabeh
tepung jeung
rohmat pangeran maraneh,
mangka perkara
migawe amal hade jeung poma ulah nyarupakeun dina ibadah kapangeran maneh
ku hiji perkara oge”
Kumargi kitu
mangka manganut agama islam teh
kudu ngalakonan kumawula ka Alloh Ta’ala nurut piwuruk guru
anu make katerangan
Al Qur’an
[20/2 00:51] Aing: Lamun nyontokeun yen Alloh teh Wujud
anu sundana
sifat aya.
Eta ana kitu
Dzat Alloh teh dimisilkeun
kana sifat Mahluk
margi anu sifat aya mah karasa,
katara,
kadenge,
kaambeu,
karagap,
lamun deukeut
bisa diragap atawa dirampa
jeung lamun jauh
bisa ditunjuk
jeung lamun sifat aya teh lalawananana
sifat eweuh,
mangka ari anu kasipatan ku aya jeung kueweuh eta teh
mahluk.
Karana ceuk
katerangan nana.
Alhamdulillahiladi
ahroja ibadahu
minal adam
wal wujudi
“Ari sakabeh puji
estu kagungan Alloh
anu geus ngaluarkeun
ka abdina
tina euweuh kana aya”
Deui ceuk kateranganana
Allohu kholikul basaru minal adamu
“Eta anu ngajadikeun manusa
tina euweuh kana aya tuluy euweuh
sangeus aya.
Numutkeun katerangan Anjeuna anu kaunggel dina AL-Qur’an
Wajidu atawa
Al Wajidu,
lamun dianggo
ngundang ka Anjeuna
Ya Wajidu
anu sundana :
Hey Dzat anu ngayakeun atawa
Hey Dzat
anu ngersakeun aya
” jadi tegesna mah
Dzat Alloh
anu kagungan sifat Aya jeung
anu kagungan sifat euweuh,
lamun nyontokeun yen Alloh teh sifat aya,
siga pisan Alloh
anu diayakeun
padahal sifat Aya teh
eta mahluk,
karana ayana teh diayakeun
ku Dzat Alloh Ta’ala.
Barang lamun
Dzat Alloh aya,
kusaha diayakeunana,
ari nyatana
anu ngayakeun sareng anu ngeuweuhkeun teh nyaeta Alloh Ta’ala
tegesna
anu ngersakeun sifat aya jeung sifat euweuh.
Ari nyatana yen
Dzat Alloh Ta’ala
anu kagungan sifat aya nyata buktina
aya langit,
aya bumi,
aya bulan,
aya bentang, jeung saterusna jeung sakabeh
perkara anu dijadikeun
ku Dzat Alloh Ta’ala diluhur bumi
tah eta ayana teh diayakeun
ku Dzat Alloh Ta’ala.
Jadi lamun nyontokeun yen Dzat Alloh teh
sifat aya
tah eta jadi dicontokeun misil mahluk
anu bieu ditataan
anu diayakeun
ku Anjeuna.
Ari nyata Alloh
anu kagungan
sifat euweuh
nyaeta
sateuacan diayakeun
eta mahluk-mahluk saperti
manusa,
bumi,
langit
bulan,
bentang
jeung saeusina antara bumi langit eta pasti,
euweuh samemeh diayakeun .
Jadi lamun nyontokeun yen Dzat Alloh Ta’ala sifat euweuh teh
eta dicontokeun
mahluk nu euweuh.
Barang parantos aya
eta mahluk teh
sok terus areuweuh deui,
kumargi kitu
jadi nyata
yen Dzat Alloh Ta’ala
eta teh
anu kagungan sifat aya tur
anu kagungan sifat euweuh.
Karana
Anjeuna anu
kagungan sifat uninga kanu aya jeung
kanu euweuh
da puguh
anu sifat wujud jeung sifat adam eta
mahluk.
Mangka ari
Dzat Alloh Ta’ala mah anu didawuhkeun dina
Al Qur’an
[20/2 01:00] Aing: Subhanallohi
Amma Yasifun
“Nu kagungan maha suci (bersih)
tina sakabeh perkara
anu sok di sifat-sifatkeun ku maraneh kabeh.”
Tegesna
Dzat Allah eta
anu kagungan
Maha bersih
tina sakabeh perkara sifat mahluk,
kumargi ceuk pituduh tina Al Qur’an kitu,
atuh ulah wani-wani nyipatan ka
Dzat Alloh Ta’ala.
Lamun nyontokeun yen sifat aya teh
sabab aya mahlukna,
ari nyontokeun
pedah aya mahluk mah, ana kitu
Dzat Alloh teh
di contokeun
misil patukangan
(tukang nyieun)
nyaeta dumeh aya
anu dijieun (maf’ul)
tangtu aya
anu nyieun (Fa’il).
Padahal ari “fa’il”
nyaeta lamun jauh
bisa ditunjuk atawa dijujuk dipangihan,
jeung lamun euweuh tangtu paeh atawa pindah tempat.
Barang
jenengan Anjeuna
sanes Al Fa’ilu tapi
Al Kholiku
anu sundana
“Dzat anu ngajadikeun”
lamun nyontokeun yen Dzat Alloh Ta’ala teh
sifat Kodim
anu sundana
sifat tiheula.
Eta lamun kitu
siga pisan Dzat Alloh teh diheulakeun,
lamun dicontokeun
saha anu mangheulakeunana jeung ari
sifat tiheula
eta aya lalawananana karana paratos
di dawuhkeun dina
surat Yasin
ayat 36 :
Subhanalladzi
Kholaqol ajwaja.
“Kabersihan
kagungan Dzat
anu ngajadikeun jojodoan
(lalawanan/papasangan)
Kumargi
Dzat Alloh Ta’ala ngajadikeun
jojodoan
(lalawanan/papasangan),
jadi mahluk teh
aya anu tiheula jeung
aya sifat pandeuri contona
nyaeta
sifat mahluk (manusa),
tiheula ti pihak lalaki nyaeta
kangjeng Nabi Adam Alaihi salam jeung
ti pihak awewe
nyaeta siti Hawa Alaihi Salam.
Terus aranjeuna putraan
tah eta para putra
anu sifat pandeuri
jeung eta
aya anu sifat tiheula.
Nyaeta cikal
jeung aya anu
sifat pandeuri
eta bungsuna.
Atuh yakin
jadi mahluk-mahluk eta aya anu sifat tiheula
eta lanceukna
aya anu sifat anyar.
Barang ari
Dzat Alloh mah
anu ngersakeunana margi jenenganana
anu kaunggel di Qur’an
Al Hadiid
ayat 3 :
Huwal
awalu
wal akhiru
waddhohiru
wal bathinu
[20/2 01:06] Aing: “Ari Dzat Anjeun
anu kagungan tiheula (mimiti),
anu kagungan pandeuri (Akhir),
anu kagungan dhohir, anu kagungan bathin.”
Lamun nyontokeun
Dzat Alloh
anu tiheula
aya mimitina
anu pandeuri
anu hanteu aya panganggeusanana.
Tah eta
kudu kaharti
margi ari tiheula eta moal pandeuri
nyakitu deui saban-saban anu pandeuri moal tiheula,
tah kumargi kitu
Dzat Alloh mah
moal bisa kasifatan
ku naon-naon,
karana dawuhanana
dina surat Al Insaan
ayat 1
Hal ata’alal insani
hinun midadhari lamyakum saean madkuron.
“Naha hanteu datang kabar ka manusa mangka dina waktu
anu kaayaanana manusa dina eta mangsa
hanteu bisa nyaritakeun naon-naon kana
Dzat Alloh mah
ngan bisa nyatakeun
anu kagungan nana bae.”
Saperti anu parantos didawuhkeun dina
surat Al Hadiid
ayat 3
Huwal
awalu
wal akhiru
waddhohiru
wal bathinu
“Ari Dzat Anjeun
anu kagungan
tiheula (mimiti),
anu kagungan pandeuri (Akhir),
anu kagungan dhohir, anu kagungan bathin.”
Lamun Nyontokeun Yen Dzat Alloh teh
sifat “Baqo”
anu sundana
sifat Langgeung.
Eta yen Dzat Alloh
di contokeun
misil mahluk
karana mahluk oge
anu langgeng
saperti akherat
anu tos didawuhkeun dina surat Al A‘ala
ayat 17 :
Wal Akhirotu khoerun
wa abqo
“Jeung ari Akherat
leuwih langgeng jeung leuwih alus jeung sakabeh arwah oge
eta pada langgeng.
Karana didawuhkeun dina Alqur’an
Wahum Fiha Kholidun “jeung maranehanana eta pada langgeng disurga atawa dinaraka”
Deui didawuhkeun
dina Alqur’an
[20/2 01:12] Aing: Wajabko
Wajhu Robbika
“Jeung baris langgeng perjalanan anu dimaksud ku pangeran anjeun Muhammad
nyaeta mahluk keneh anu di jadikeun
(anu dikersakeun
ku Alloh Ta’ala)
Nya kitu deui
anu sifat langgeng teh saperti
luhur handap,
wetan kulon,
kaler jeung kidul
eta tetep pada langgeng moal barubah atawa parindah
ana kitu
anu sifat langgeng teh mahluk
nyakitu deui lalawananana
nyaeta
bulan,
bentang,
panonpoe jeung sajabana
saperti
rohani sifat langgeng tapi
jasmani mah sifat rusak.
Barang ari
Dzat Alloh
kagungan jenengan
anu kaunggel dina
Al Qur’an
“Al Bakiyyu”
lamun dianggo undang Ya Bakiyyu
anu sundana:
“Hey Dzat
anu Kagungan
Sifat Langgeng”.
Jadi Dzat Alloh mah
anu ngersakeun
sifat langgeng jeung
anu ngersakeun
sifat ruksak jeung anjeuna mah
moal kakeunaan
ku eta dua sifat lawanan.
Lamun nyontokeun yen Dzat Alloh teh
sifat Mukholafatu lilhawadisi
anu sundana
beda-beda jeung sakabeh anu anyar.
Ana kitu mah
Dzat Alloh teh dimisilkeun
kawas mahluk
margi saenyana
sifat beda-beda
sakabeh anu anyar jeung anu pandeuri
saperti ibu rama teh
sifat anu tiheula
ari putrana
sifat pandeuri
nyaeta beda-beda
pikeun sakabeh
anu anyar
sanajan sami putrana nepi ka aya likurna
eta tangtu moal sarua boh adat tabeatna
boh nasib jeung rupana.
Karana geus didawuhkeun dina suratul Lail
ayat 4 :
Inna Sa’yakum lasyata
“Saenyana
pagawean kalakuan maraneh kabeh
eta yakin beda-beda pisan
jeung deui didawuhkeun dina surat fathir
ayat 28
[20/2 01:14] Aing: Waminal nasyi waldawabbi
wal anami mukhtalfun alwanuhu kadalika
“Jeung sakabeh manusa, jeung sakabeh gegeremetan
jeung sakabeh ingon-ingon
eta beda-beda pisan warna jeung rupana”
Barang lamun nyipatan beda ka Dzat Alloh Ta’ala naha urang geus manggihan sabaraha kali Dzat Alloh teh.
Anu mawi
urang bisa ngabedakeun teh
eta tangtu kana perkara anu geus kapanggih atawa katingali jentulna.
Mangka Alloh
geus ngadawuhkeun dina surat Al An’am
ayat 103 :
[20/2 01:22] Aing: Latudrikuhul absoru wahuwayudrikul absoro wahuwallathiful khobier
“moal aya anu nepi ka Dzat Alloh Ta’ala awasna sakabeh paninggal“
Kumargi hanteu aya
anu bisa ningali tangtu moal bisa dicita-cita
ku ati
nyaeta moal kacipta deui,
lamun kacipta eta tangtu bisa digambar
jeung eta tangtu kaharti.
Atuh kumaha bisana ngabedakeun
kana perkara anu hanteu nyaho,
margi urang
bisa soteh ngabedakeun anu nyieun
jeung anu dijieun
nyaeta
“Fa’il” jeung Maful mah margi
eta mahluk
anu ku urang bisa
diilikan rupina atawa conto bandinganana.
Mangka Dzat Alloh mah hanteu aya pikeun conto hiji perkara oge, jeung sifat beda teh
aya sifat lalawanana nyaeta
sifat sarua
saperti,
sarua jelema,
sarua sato,
sarua kai,
sarua pada batu,
malah jelema oge
aya anu sarua
tujuanana,
ingetanana,
saperti anu didawuhkeun dina surat Al Baqarah ayat 6.
Innalladzina kafaru syawaun ‘alaihim ‘aandzartahum
am lam tundzirhum layu’minun
“Saenyana
sakabeh anu ingkar
tina kaimanan jeung kaislaman
eta sarua bae
kana
pikiran maranehnana teh sanajan di elingan
ku maneh Muhammad maranehnana
sarua jeung hanteu
di elingan pikiranana teh jadi tetep bae
hanteu daraek Iman.”
Jadi anu numutkeun katerangan
anu sifat sarua
eta mahluk
anu ku urang
bisa dipanggihan
jadi nyatana
Dzat Alloh mah
anu kagungan
sifat beda-beda jeung anu kagungan
sifat sarua,
margi Dzat Anjeuna mah anu kagungan beresih tina sakabeh,
sifat-sifat anu tumerap
di mahlukna
karana Anjeuna
anu ngersakeun
sakabeh sifat.
Jadi lamun ngamisilkeun yen Alloh beda
eta siga pisan
Dzat Alloh teh
bisa dicita-cita atawa bisa kacipta.
Padahal Dzat Alloh mah ceuk Kateranganana.
Kullu Mahatoro
Bilbali Fallohu hilapa dalika.
“Tiap anu dikeretegkeun ku ati
mangka Dzat Alloh mah sulaya jeung kumeretegna Ati.”
Lamun ngaitikodkeun yen Dzat Alloh teh
sifat Kiyamuhu Binafsihi nyaeta
anu sundana
anu jumenengna
ku anjeun
nyaeta kuawak Ajeuna bae.
Eta lamun kitu
Dzat Alloh teh dicontokeun
siga mahluk
margi mahluk teh
aya anu jeneng
ku awakna sorangan saperti jelema
[20/2 01:30] Aing: sato-sato jeung sajabana.
Jeung
ari mahluk teh
aya jumeneng kunu lian saperti bangunan-bangunan, bangsa parabotan, kadaharan jeung sajabana.
Jadi Dzat Alloh mah sanes
anu jumenenganeun
ku Anjeun
tapi
Anjeun mah
kagungan mahluk
anu sifat jumeneng
ku Anjeun
nyaeta
ku awakna bae
jeung
anu kagungan mahluk anu sifat jeneng teh
ku awak anu lian.
Margi jenengan Anjeuna anu kaunggel dina Alqur’an
“Al Koyyum”
ari sundana
Dzat anu ngajumenengkeun,
Dzat anu ngadegkeun tegesna
Dzat Alloh teh
anu ngersakeun
sifat jeneng atawa
anu ngersakeun
sifat ngadeg”
Lamun nyontokeun yen Dzat Alloh teh
sifat Wahdaniah
anu sundana
sifat bangsa hiji.
Padahal
anu sifat bangsa hiji teh eta mahluk
saperti
panon poe,
bulan,
jeung saterusna,
ari lalawannana
eta sifat bingbilangan saperti
bentang,
jelema,
sato-sato,
gunung,
jeung bentukna hiji-hiji nyaeta
hanteu nyusun juz bingbilangannana
saperti
aya sirah,
aya beuteungm
aya leungeun,
aya beuheung,
aya suku,
eta lamun kitu
Dzat Alloh teh dimisilkeun
conto panon poe atawa bulan,
saperti didawuhkeun dina surat yunus
ayat 5 :
Huwalladzi ha’alassamsa dhiyaan walqomaro nuuron
“Dzat Alloh eta
anu geus ngajadikeun panon poe
anu nyaangan jeung bulan anu aya cahayaan.”
Kumargi kitu
Dzat alloh teh
ulah dicontokeun misil sifat-sifat mahlukna karana parantos didawuhkeun dina
surat Az zukhruf
ayat 82
Subhana
robbissamwati wal ardi robbil ‘arsyi ‘
amma yashifun
“anu kagungan bersih jeung
anu mangurus
tina sakabeh perkara.”
Deui didawuhkeun dina surat Al Ikhlas
ayat 1 jeung
ayat 4
Qul huwallohu ahad “Caritakeun
ku anjeun Muhammad : ari Dzat Alloh
anu di ibadahan
ku anjeun teh jenengannana Alloh
tur anu kagungan
sifat hiji
[20/2 01:37] Aing: Walam yakullahu kufuwan ahad
“Jeung hanteu aya
ka Dzat Alloh Ta’ala pikeun contona hiji perkara oge”
Deui jenengan
anu kaunggel dina
Al Qur’an
“Wahidun” atawa
“Al Wahidu”
lamun dianggo ngundang ka Anjeuna
Ya Wahidu :
“Hey Dzat
anu ngersakeun hiji”,
jadi nyatana
Dzat Alloh mah
anu kagungan ngersakeun sifat-sifat anu tumerep di sakabeh mahluk.
Lamun nyontokeun yen Dzat Alloh Ta’ala teh
sifat “Nafsiah”
anu sundana
sifat awak-awakan.
Jadi lamun kitu dimisilkeun siga mahluk margi
anu awaken atawa badanan teh
eta wujud atawa bungkeuleukannana mahluk.
Lamun nyontokeun yen Dzat Alloh mah
sifat “Nafsiah” oge hanteu katingali
jadi ana kitu yen
Dzat Alloh teh dimisilkeun siga mahluk “Jismun Latifun”
anu sundana
“mahluk waruga lemes”, padahal anu kitu teh mahluk “Nuroniah” nyaeta
mahluk bangsa cahaya nyaeta
dimisilkeun
para malaikat atawa dicontokeun
para goib saperti
Jin,
dedemit,
siluman.
Margina anu karitu teh awaken
ngan hanteu katingali anging
lamun kawenehan atawa lamun ditingali
ku panon bathin
ku badan lemes tea, margi didawuhkeun dina surat Ali Imran 185 :
Kullu nafsin
dzaiqotul maut “Caritakeun
ku anjeun Muhammad yen saban-saban
anu awakan
baris nyorang maot”
Jadi nyatana
Dzat Alloh mah
anu kagungan
sifat nafsiah
atawa
anu ngersakeun sifat bangsa awakan
nyaeta wujudna
atawa
jentulna mahluk
ari Dzat Alloh Ta’ala mah hanteu bisa dimisilkeun kana sifat mahluk,
karana deui dawuhkeun dina surat Ash Shaafaat ayat 180
Subhana
robbika robbil izati ‘amma yashifun
“Anu kagungan
maha suci
pangeran anjeun Muhammad,
Pangeran anu kagungan sifat mulya
tina sakabeh perkara
anu sok disifat-sifatkeun ku maraneh kabeh.”
Deui didawuhkeun dina surat Asy Syuraa
ayat 11
[20/2 01:48] Aing: “Hanteu aya
pikeun contona atawa misilna
ka Dzat Alloh Ta’ala mah Saperkara oge”.
Kumargi kitu
sakur anu manganut Islam kudu to’at
ka Dzat Alloh Ta’ala
didawuhkeun dina
surat Al Baqarah ayat
Wabudulloha
Walatusriku Bihi Sae’an
“Jeung maraneh kabeh ulah nyarieun babandingannana
anu nyarupakeun
ka Dzat Anjeuna saperkara oge.”
Deui didawuhkeun dina surat An Nahl
ayat 74
Fala tadhribu lillahi amsyala
innalloha ya’lamu
wa antum latu’lamun
“Mangka poma
ulah nyarieun misil maraneh kabeh
ka Dzat Alloh
karana
saenyana ari Alloh
eta anu uninga
jeung ari maraneh kabeh hanteu nyaraho.”
Atuh kumaha pibisaeun nyieun misil atawa conto kana perkara anu hanteu nyaho ?...
Ngan dugi kadieu nerangkeun
anu matak tumiba
kana kamusyrikan
ka Dzat Alloh
kumargi
boh itikod,
boh ucapan,
boh kalakuan
sareng seueur keneh
anu matak jadi musyrik.
Ieu mah sakadar panggeuing atawa paringatan
ka jalma-jalma
anu ngamaksud ninggalkeun perkara
anu matak
jadi kamusyrikan
ka Dzat Alloh Ta’ala.
Karana ari musyrik eta parantos didawuhkeun dina surat An Nisa
ayat 48 :
Innalloha
la yaqfiru an yusyroka bihi
wa yaqfiruma duna dalika liman yasau
wa man yusrik billahi faqodiftaro isyma ‘adhima “
Saenyana
Alloh Ta’ala
moal ngahampura
kanu sok nyieun conto-conto nyarupakeun
ka Dzat Anjeuna
jeung baris ngahampura kanu salian tiperkara
anu kitu mah
kasaha bae
anu dikersakeun
jeung sing saha anu sok nyontonyontokeun nyasamaan
ka Alloh Ta’ala
mangka nyata migawe dosa anu kacida gedena.”
Jeung deui
geus didawuhkeun dina suratul Lukman
ayat 13
Waidzqola
luqmanu ibnihi
wahuwa yaidzhuhu labunan latusyrik billahi inna syirka ladzhulmun ‘adhim
“jeung tatkala ngadawuh syeh lukman putrana jeung Ajeuna teh
sok ngomatar
ka putrana :
”Hey putra,
poma ulah nyasamakeun ka Dzat Alloh
saenyana anu musyrik
ka Anjeuna teh
yakni nganiaya ka dirina anu kacida gedena.”
Kumargi kitu
boh itikod,
boh pangucap,
boh panggawe
ka Dzat Alloh mah
kudu dipaham
bilih musyrik ka Anjeuna
karana ceuk keterangan
Fafhamu
Ya ayyuhal akilun
“mangka
kudu diparahamkeun
ku maraneh kabeh :
Hey inget
sasakabeh jalma
anu Ariman
mangka kudu ngalarti
tur anu pada
diayaan akal
karana geus
di dawuhkeun dina
surat Az zhukhruf
ayat 3 :
[20/2 02:03] Aing: Inna ha’al nahu qur’ana ‘arbiyal la’alakum ta’qilun
“Saenyana
kami nurunkeun kitab-kitab ku bacaan bahasa arab
supaya maraneh
pada daraek ngakalan (nu baris ngahartikeun)
ASMA HUSNA
Ayeuna
nerangkeun jenengannana
Dzat Mutlak
anu geus ngajadikeun sakabeh mahluk
anu disebut
lapad Jalalah
nyaeta Alloh.
Ari Alloh
eta alam,
karana ceuk keterangannana.
Allohu a'lamun
alal mabud bihakki.
“Ari Alloh
eta hiji alam
kana Dzat anu wajib diibadahkeun kusabenerna.”
Kumargi
Alloh eta hiji alam tegesna
hiji ciri atawa
hiji alamat atawa
hiji address.
Jadi Alloh
eta hiji jenengan,
ari eta jenengan
mahluk keneh
ngan
jenengan Dzat Mutlak anu kagungan
sakabeh mahluk mah
eta mahluk kodim
tegesna
anu dijadikeun pangheulakeun.
Saperti urang mimiti solat
maca takbiratul ihram nyaeta
maca Allohu Akbar
anu sundana
Alloh anu
kagungan Agung atawa Alloh anu
ngersakeun agung. Atawa
Alloh anu
ageung hampura.
Eta kalimah teh
hiji ciri (hiji alam)
karana
anu kagungan ciri mah nyaeta
didawuhkeun dina
surat Al an’am
ayat 79 :
Inni wajahtu
wahiya lilladi
fathoras samawati
wal ardo hanifan
wama anna minal musrikin.
“Sayaktosna
abdi madep
kana undang-undang Dzat
anu ngajadikeun
sakabeh langit jeung bumi
abdi sumerah pisan sareng
abdi sanes nyasamaan ku ieu pituduh”.
Jadi yakin yen
anu kagungan alam mah Allohu Akbar
nyaeta
Dzat anu ngajadikeun sakabeh alam
langit jeung bumi
tegesna mah
nyaeta
Dzat
anu ngajadikeun
sakabeh alam atawa
anu kagungan
sakabeh mahluk.
Barang ari Alloh mah
aya mimitina
tegesna aya asal usulna nyaeta
ari asalna Alloh eta
Lahun
sanggeus ditambah
alif
jadi
Ilahun,
terus
di laan tanwinna
sarta ditambah ku
alif
jeung
lam
nyaeta
di panjingan
ku atangrip
ngaran
taphim
cara kamaripatan
jadina
Al Ilahun,
terus
di Idgomkeun
nyaeta
hurup lam
anu tiheula
di tasjidkeun
kana
hurup lam
anu pandeuri
jadi
Alloh,
tah kitu eta teh
mimitina atawa
asal usulna
jeung ari
Alloh
eta aya sasamana tegesna
aya bangsana
saperti anu geus didawuhkeun dina
surat Tahaa
ayat 8
Allohu la ilaha illa huwa lahul asmaul husna
“Ari Dzat Alloh
eta hanteu aya deui pangeran anu wajib
di ibadahan
ku sabenerna
anging
Dzat Anjeuna bae
tur anu kagungan Anjeuna teh pirang-pirang jenengan anu aralus.”
Barang seueurna
eta jenengan
nyaeta
sasamana Alloh tea
ka unggel tina
kitab istirobadi Innaddatallohi Ta’ala Arba’atun ala pismin
“saenyana
Dzat Alloh Ta’ala
eta aya opat rebu jenengannana.”
Barang eta kabeh jenengan-jenengan teh lain meunang ngajenengkeun mahluk tapi
estu kengin ngajenengkeun Anjeuna bae,
sarta eta kabeh jenengan aralus kabeh
pada Jalajalahu
tegesna sami
pada maha luhur kabeh pada agung kabeh hanteu aya anu hina hanteu aya aya bedana ngan
pada beda lapadna wungkul
karana ceuk katerangan : Abtadiul Imla
abismidatil aliyah
“Ngawitan cumarios kalawan jenengan bangsa maha luhur.”
[20/2 02:11] Aing: Ngan aya jenengan
anu pangmashurna
anu kaunggel dina
AL Qur’an
sarta anu lazim
disebut eling
kana eta jenengan nyaeta
jenenganana
numutkeun katerangan :
Wallohul asmaul husna wa asharuna
lapadlul Jalalah
wa huwallohu
“jeung kagungannana teh pirang-pirang jenengan anu aralus
jeung ari
anu pangmashurna
eta jenengan
lapad jalalah
nyaeta
Alloh.”.
Barang ari
Alloh
eta ceuk keterangannana :
Allohu
Ismunkli
Dzatil wajibil wujud
“ari
Alloh
eta hiji jenengan
kana Dzat anu wajib ayana eta jenengan”
Barang ari eta jenengan kabeh diterangkeun dina kitab Istirobadi nyaeta :
Di sawarga
aya 1000 jenengan
Di Naraka
aya 1000 jenengan
Di Langit
aya 1000 jenengan
Di Alam Dunya
aya 1000 jenengan
Jumlahna kabeh
aya 4000 jenengan
Ari anu 1000 jenengan anu aya di alam dunya nyaeta
di daratan aya 400
jenengan
dilautan aya 600 jenengan.
Ari sakabeh jenengan anu di alam dunya kaunggel dina :
kitab jabur aya 300 jenengan
kitab Taurat aya 300 jenengan
kitab Injil aya 300 jenengan
kitab Al Qur’an aya 100 jenengan
Jadi
jumlah saeusining
eta jenengan kabeh digundukeun
diserat dina
kitab Hirjijaosah
aya 1000
punjul 1 jenengan,
lamun hanteu aya jenengan Anjeun sakabeh perkara
anu aya dibumi.
Jeung moal madorot atawa ruksak sakabeh perkara anu aya dilangit jeung dibumi.
Ari Dzat Anjeuna teh
anu kagungan
sifat ngadangu tur
anu kagungan
sifat uninga.
Barang anu jadi tawis dina Al Qur’an
aya 100
punjul 1 jenengan
nyaeta
di deui digundukeun
nu diserat
disebut du’a
Asmaul Husna.
Aya oge anu nyebut
Hijib Alamdaruna.
Nya ieu lapad :
[20/2 02:22] Aing: bismillahirrohmanirrohim
1. Allohuma inni As aluka Ya Jabbaru,
Ya Hakimu,
Ya koharu,
ya Wadudu,
Ya Salamu
taparodat
pijubbarutika
bihikmatika
ya koharu
takoda
sat aniddana ati
wal amsali
ya wadudu
ya mu’ta ali
laillaha illa anta
ya allohu
ya rohmanu
ya rohimu.
2. Ya maliku.
Yakudusu,
ya muhaeminu,
ya ajiju,
ya jabbaru.
ya salamu,
ya muminu,
3. Ya mutakabbiru,
ya kholiku,
ya bari’u.
ya musowiru,
ya goparu,
ya koharu,
ya wahabu,
ya rojjaku
ya pattahu
ya alimu.
4. Ya kobidu,
ya basitu,
ya hofidu,
Ya Rofi’u,
Ya Muiju,
Ya Mudillu,
Ya Samiu,
Ya Basiru.
5. Ya Hakamu,
Ya Adlu,
Ya latifu,
Ya Kobiru,
Ya Halimu,
Ya Adimu,
Ya Gofaru,
Ya Sakuru.
6. Ya Aliyyu,
Ya Kabiru,
Ya Hafidu,
Ya Mukitu,
Ya Hasibu,
Ya Jaulu,
Ya Karimu,
Ya Mujibu,
Ya Musiu,
Ya Hakimu.
7. Ya Wadudu,
Ya Majidu,
Ya Baisu,
Ya Sahidu,
Ya Haqqu,
Ya Wakilu,
Yakowiyyu
Ya Matinu.
8. Ya Waliyu,
Ya Hamidu,
Ya Muhsi,
Ya Mubdiu,
Ya Muhyi,
Ya Mumitu,
Ya Hayu,
Ya Koyyumu.
9. Ya Wajidu,
Ya Majidu,
Ya Wahidu,
Ya Ahadu,
Ya Somadu,
Ya Kodiru,
Ya Muktadiru,
Ya Mukoddimu,
Ya Muahiru,
Ya Awwalu,
Ya Ahiru,
Ya Dohiru,
Ya Batinu,
Ya Waliyyu,
Ya Muta Ali.
10. Ya Barru,
Ya Tawwabu,
Ya Munimu,
Ya Muntakimu,
Ya Aduwwu,
Ya Roudu,
Ya Malikul Mulki,
Ya Dzal Jalali Wal Ikrom.
11. Ya Muksitu,
Ya Jamiu,
Ya Goniyyu,
Ya Mugni,
Ya Muti,
Ya Maniu,
Ya Doru,
Ya napiu,
Ya nuru.
12. Ya Hadi,
Ya Badiu,
Ya Bakki,
Ya Wakisu,
Ya Rosidu,
Ya Soburu.
13. As Aluka,
Bisamaikal,
Husna Ma Alimtu,
Minna wam lam alam antaspirli dunubi, watastar ujubi waksifli, kurubi ya jabbaru,
ya koharu
bijahinnabiyil
muhtar
as aluka
bisamaikal
adimi
antahfadna
hafidun
salamun
bihakki
balhuwa
kuranun
majidun
filaohim mahfud walahaola
walakuwata
illa billahi
aliyyil adim.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar