[21/2 13:17] Aing:
Asal Muasal
Nabi Adam
Diterangkeun ku Hadits
Asal na Nabi Adam teh
tina opat (4) perkara, nyaeta :
1. Aci Bumi
2. Aci seuneu
3. Aci Cai, jeung
4. Aci Angin
Ari
Aci Bumi,
Aci Seuneu,
Aci Cai jeung
Aci Angin teh
asal timana?
Diterangkeun ku hadits nyaeta tina
“Nur Muhammad”
Cahaya Opat Perkara, nyaeta :
1. Cahaya Beureum
Hakekatna Seuneu.
2. Cahaya Koneng
Hakekatna Angin
3. Cahaya Bodas
Hakekatna Cai
4. Cahaya Hideung
Hakekatna Bumi
Ari Nur Muhammad
asal ti mana? :
Eta oge diterangkeun
ku Hadits
nyaeta asal ti :
Nur Maha Suci,
nyaeta tina
Johar Awal tea.
Tah semet eta buntu.
Diterangkeun
ku Hadits jeung
Al-Qur’an,
eta
Johar Awal teh
bibitna
tujuh (7) Bumi
tujuh (7) Langit
sarawuh eusina kabeh.
Jadi mana kitu
ceuk dalil
asal ti Allah teh
Gulungan Dat jeung Sifat na Nu Maha Suci.
Kakarak jenengan
Allah Ta’ala atawa
Asma Allah.
Alif, Lam, Ha, jeung Panasjid.
- Cahaya Beureum
jadi Hakekatna
lapadz : ALIF
- Cahaya Koneng
jadi Hakekatna
lapadz : LAM Awal
- Cahaya Bodas
jadi Hakekatna
lapadz : LAM Akhir
- Cahaya Hideung
jadi Hakekatna
lapadz : TASJID
Jadi Karek
ALIF, LAM, LAM, HA,
kitu ceuk katerangan,
jadi eta cahaya
anu kasebut diluhur teh
anu disebut ISMU DAT tea hartosna
Asma Dat Laesa Kamislihi atawa
Asma Nu Maha Suci.
Ceuk dina ahli padzikiran mah nyaeta
Latipah Tea.
Tah engke teh
kudu bisa balik deui
ka dinya,
numatak kacida
kudu dipikanyahokeun
ti ayeuna,
geura susul tarekatna
anu bisa miceun Hijabna atawa
Pepedut Pipinding
anu matak jadi Moekeun kana Dat Sifatna Allah Ta’ala.
Sing kapanggih jeung Hakekatna
Tasjid Muhammad
anu aya
dina wujud urang pribadi.
Tah eta anu bisa atawa konci Muhammad
anu bisa ngubrak ngabrik Hijabna ka Allah Ta’ala.
Upama kapanggih
Insya Allah tangtu urang bisa nyumponan
kana basa
Inna Lillahi
Wa Inna Ilaihi Raji’un,
awata
basa sunda na mah
Mulih ka Jati
Mulang ka Asal.
[21/2 13:30] Aing: Ari
Mulih ka Jati :
Rasa Jasmani
anu ayeuna keur di pake balik deui karasa tadi
keur waktu aya
dina
NURULLAH (JOHAR AWAL).
Ari Mulang ka Asal :
nyaeta
Jasmani urang
jadi asalna deui
ngajadi
Nur Muhammad,
jadi :
Cahaya Beureum,
Cahaya Koneng,
Cahaya Bodas,
Cahaya Hideung.
Samangsa-mangsa balik
ka Asal
nya ngarana
Sampurna :
Beak beresih,
beak Rasa
beak Jasmani.
Mimiti mun rek neangan Pangeran (Allah Ta’ala)
aya dawuhan
Keng Jeng Nabi
Muhammad SAW :
“Mantalabul Maulana
Bi Gairihi Napsihi
Pagodala Ba’ida”
anu hartosna :
Saha-saha jalma
neangan Pangeran (Allah) kalura tina dirina sorangan, mangka satemen-temen na eta si jalma kasasar hirupna. Karana
dina tekadna pangrasana manehna jauh jeung
Allah Ta’ala.
Padahal aya dalil na : “Wanahnu Akrobu
Ilaihi Min Hablil Warid”.
Anu hartosna :
Kami (Allah)
geus teu aya deui diantara maraneh sakabeh,
sanajan diibaratkeun
urat beuheung jeung beuheung maneh pribadi oge
masih keneh dekeut kami (Allah).
Nu matak Manusa
leuwih di Mulyakeun
ku Allah Ta’ala
batan makhluk anu sejena.
Kapan aya deui dalilna kieu :
“Man Arapa Napsuhu
Pakod Arapa Rabbahu”.
Anu hartosna :
Saha-saha jalma
nu geus nyaho diri sorangan, geus tangtu
nyaho ka Pangeran (Allah).
“Waman Arapa Rabbahu Pakod Jahilna Napsuhu”.
Anu hartosna :
Jeung saha-saha jalma
anu geus nyaho
kaPangeran (Allah),
tangtu ngarasa bodo dirina,
karana tangtu kaharti.
Si jasad moal bisa
usik malik
lamun teu daya upaya Pengeran (Allah).
Sidik ieu jasmani
jadi ruksakna,
anu matak urang ngaji teh ulah ngaji kitab
anu keuna ku ruksak bae,
tapi
kudu ngaji kitab
anu langgeng.
Kapan ceuk hadits na oge kieu :
“Ikro Kitab Baka
Kapa Binap Sika
Ayarama Alaika Kasiba”.
Anu hartosna :
Maneh kudu ngaji kitab
anu langgeng,
nya kudu ngaji kitab langgeng anu aya
di diri sorangan.
Geura teangan
Kodrat Irodat Pangeran (Allah) teh
dina diri sorangan.
Jeung
leuwih nyata Tingalina Pangeran (Allah) teh
dina diri sorangan.
Jeung
leuwih nyata Danguna Pangeran (Allah) teh
dina diri sorangan.
Jeung
leuwih nyata Pangandika Pangeran (Allah) teh
dina diri sorangan.
Karana aya dalil :
“Wahua Maakum
Ainama Kuntum”.
Anu hartosna :
Allah Ta’ala teh
ngabarengan bae
ka umat-umat sakabeh dimana bae maneh aya
kami (Allah) didinya aya.
Tapi sategesna
ngaran dibarengan
ku Allah Ta’ala teh
ku
Kodrat
Irodatna Jeung
Elmuna.
Kapan sidik dina
sifat 20 oge
geus nga rangkep
- Aya
“Hayat” sareng “Hayan” : (Hayat hartosna Hirup, Hayan hartosna Nu Hirup)
- Aya
“Basar” sareng “Basiron” : (Basar hartosna Ningali, Basiron hartosna Nu Ningali)
- Aya
“Kalam” sareng “Mutakaliman” :
(Kalam hartosna Ngucap, Mutakaliman hartosna Nu Ngucap)
- Aya
“Kudrat sareng “Irodat” : (Kudrat hartosna Kawasa, Irodat hartosna Nu Kersa)
Naon bae
nu kawasa
dina diri urang teh?
Teu aya deui iwal ti
Hirup,
buktina geuning bisa usik.
Ari
Irodat hartosna Kersa, nyaeta buktina
Panon bisa Ningali,
Cepil Bisa Ngadangu, Pangambung Bisa Ngangseu,
Baham Bisa Nyarita.
Tuh Gening sidik
teu pisahna teh
ayeuna mah atuh,
ngan kari
neangan barangna bae.
Siga naon
sipat Kodrat atawa
sipat Hirup teh?
Wajib pisan kapanggihna, supaya
kaharti jeung karasana,
ulah ukur percaya
kana bejana bae,
kudu yakin ku sorangan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar