Rabu, 06 April 2022

aya anu manfa’at aya anu madlorot.

بسم الله الرحمن الرحيم

Kumalayangna fikiran 
aya anu manfa’at 
aya anu madlorot.

Fikiran anu manfa’at 
aya 7 :

1. Tafakkur
2. Tafaqquh Fiddin
3. Ta’allum
4. Tadzakkur
5. Muroqobah
6. Mujahadah
7. Muhadloroh.

I. Tafakkur,

Ari ngaran tafakkur 
nyaeta molahkeun hate jeung fikiran 
pikeun mikir-mikir 
5 perkara 
anu bisa ngabuahkeun kana Murooqobah jeung Musyahadah:

a) 
Tafakur jeung mikirkeun kana maot / pimaoteun

Diri kudu inget yen 
maot pasti bakal karandapan sarta datangna ngadodoho, moal aya jalma anu langeng di alam dunya. 
Alam dunya anu keur 
di pikabetah, 
anak pamajikan anu dipikanyaah, jeung 
dunya barana anu dipikadeudeuh, 
ku datangna maot eta kabeh bakal ditinggalkeun. 
Saluyu jeung dawuh Alloh’
{ أَيْنَمَا تَكُونُوا يُدْرِكُكُمُ الْمَوْتُ وَلَوْ كُنْتُمْ فِي بُرُوجٍ مُشَيَّدَةٍ }
Hartosna: 
“Dimana bae aranjeun ayana maot pasti bakal nyampeur-keun, 
sanajan anjeun aya dina peti beusi.” 
(QS. An-Nisa : 78)

Ari anu ngahalangan 
kana rasa yen diri bakal maot teh 
nyaeta resep kana dunya, sakumaha pidawuh Alloh :
{يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمْ وَاخْشَوْا يَوْمًا لَا يَجْزِي وَالِدٌ عَنْوَلَدِهِ وَلَا مَوْلُودٌ هُوَ جَازٍ عَنْ وَالِدِهِشَيْئًا إِنَّ وَعْدَ اللهِ حَقٌّ فَلَا تَغُرَّنَّكُمُ الْحَيَاةُ الدُّنْيَا وَلَا يَغُرَّنَّكُمْ بِاللهِالْغَرُورُ}
“He, golongan manusa!, kudu taqwa aranjeun 
ka pangeran aranjeun jeung kudu sieun aranjeun kana hiji poe anu moal bisa nyukupkeun (nulungan) anu jadi kolot kanu jadi anakna jeung anak kanu jadi kolotna saeutik oge, 
saestuna jangji Alloh 
eta nu nyata, 
maka aranjeun ulah katipu ku kahirupan dunya jeung ulah katipu tipuan-tipuan syetan”.
(QS. Luqman : 33)

Lamun jalma teu inget kana yen diri rek maot 
pasti hirupna bakal katalanjuran, 
ngalajur hawa nafsu ngumbar amarah. 
Sabab dirina boga rasa 
rek lana hirup di dunya. 

Sabalikna lamun jalma 
daek tafakkur kana maot pasti bakal bisa muhadloroh (rasa diri dihadiran ku Alloh), atuh hirupna 
moal katalanjuran 
sabab boga rasa diteuteup jeung di hadiran salawasna ku Alloh.

b) 
Tafakkur kana alam Barzakh

Ari alam barzah 
nyaeta hiji alam anu pasti bakal kasorang ku satiap insan 
anu keur kumelendang di alam pawenangan, 
moal aya jalma anu henteu nyorang alam barzah, sanajan awakna diduruk atawa dipiceun ka laut, 
tetep bakal nyorang 
alam barzah, 
anu di eta alam moal aya anu ngabarengan kajaba amal sorangan.

Lamun jalma geus bisa tafakkur kana maot jeung kana alam barzah pasti sagala kasusah jeung kabingung bakal leungit, sabab dirina jadi kadedemes kana amal 
pikeun pibatureun hirup 
di alam barzah.

c) 
Tafakkur kana ‘adzab Alloh.

Diri kudu bisa tafakkur 
kana ‘adzab Alloh. 
Alloh bakal nyiksa ka jalma anu gawe dosa,. 
Kulantaran kitu ulah rek nyapirakeun kana dosa, 
rek dosa gede atawa leutik ngaran dosa mah 
tetep dosa. 

Da’ sanajan dosa gede atawa leutik, 
tetep eta ma’siat ka Alloh. Atuh kudu ditobatan 
bisi kaburu datang 
poe qiyamah.

d) 
Tafakkur kana 
Sama’ Bashor Alloh.
{ اللهُ لَا إِلٰهَ إِلَّا هُوَ الْحَيُّ الْقَيُّومُط لَا تَأْخُذُهُ سِنَةٌ وَلَا نَوْمٌ }
“Alloh, teu aya deui Pangeran anu wajib 
di ibadahan sareng di ta’ati parentahna anging Anjeuna anu jumeneng 
kalayan dzatna, 
Anjeuna tara nundutan sareng tara kulem”. 
(QS. Al Baqoroh:255)

Jalma aya sarena 
aya pohona, 
tapi Alloh mah 
moal aya hilapna, 
moal kulem, 
Alloh tara nundutan, 
tara kulem, 
teu aya waktu anu kosong, teu aya waktu anu kosong, teu aya tempat anu kosong tina Sama’ Bashor Alloh, sanajan anjeun henteu boga rasa ditingali jeung 
didangu ku Alloh, 
tetep Alloh mah ningali jeung ngadangu kana sagala gerak-gerik anjeun.

e) 
Tafakkur kana tanda-tanda kakawasaan Alloh.
{إِنَّ فِي خَلْقِ السَّمٰوَاتِ وَالْأَرْضِ وَاخْتِلَافِ اللَّيْلِ وَالنَّهَارِ لَآٰيَاتٍ لِأُولِي الْأَلْبَابِ }
“Yakin ari dina nyieun 
langit jeung bumi jeung gunta-gantina beurang jeung peuting 
eta jadi ciri 
(tanda kakawasaan Alloh) pikeun anu boga ‘aqal”. 
(QS. Ali Imron : 190)
” تَفَكُّرُ سَاعَةٍ خَيْرٌ مِنْ عِبَادَةِ سِتِّيْنَ سَنَةً ”
“Ari tafakkur sajam 
eta leuwih alus tibatan ibadah 60 taun”.

1. 
Tafaqquh Fiddiin

Ari Tafakkuh Fiddin 
nyaeta ngarti jeung nyaho kana ajaran jeung hukum-hukum islam, 
rek anu tafshili 
(pigaweun diri ayeuna dina shirot anu keur karandapan), atawa 
hukum anu ijmali, 
nyaeta hukum anu umum, anu ngurung ka sakabeh manusa, 
rek mangrupa 
parentah atawa larangan.
( مَنْ يُرِدِ اللهُ بِهِ خَيْرًا يُفقِّهْهُ فِي الدِّينِ )
“Saha jalma anu rek dikersakeun hade ku Alloh, tangtu Alloh bakal mere ngarti ka eta jalma 
kana agama”. 
(HR. Bukhori Muslim)

Atuh jalma anu teu ngarti kana Agama 
sanajan tukang murooqobah (ngadeukeutkeun diri ka Alloh) 
ku jalan puasa, 
wiridan dzikir ka Alloh, ziarah ka kubur atawa tatashowufan bari henteu tafaqquh (ngarti) kana agama, 
eta jalma moal dijieun jalma hade ku Alloh, 
malah sabalikna di sebut Zindiq.
مَنْ تَصَوَّفَ بِلاَ تَفَقُّهٍ تَزَنْدَقَ * وَمَنْ تَفَقَّهَ بِلَا تَصَوُّفٍ تَفَسَّقَ

“Saha jalma 
anu make Tashowuf 
bari henteu make 
kana hukum Fiqh 
eta ngaranana Zindiq, jeung jalma nu make hukum fiqh bari henteu make 
ilmu tashowuf 
eta ngaranna jalma faseq.”

Ari carana Tafaqquh Fidddin nyaeta kujalan 
Muthola’ah, 
Mudzakarah, 
Istima’, 
ngaji, jsb.

2. 
Ta’allum
Ari Ta’allum 
nyaeta nungtut ilmu jeung ngaji ajaran agama Islam. 

Tanpa ngagerakkeun hate moal bisa ngaji. 

Ari nungtut ilmu, ngaderesna sarua jeung maca tasbih, 
ngajina sarua jeung jihad, malahan lamun niat ngajina pikeun nangtukeun jeung ngagungkeun syiar 
agama Alloh 
eta jalma jadi Mujahid.

3. 
Tadzakkur

Ari tadzakkur 
nyaeta eling ka Alloh, 
boh dzikir ku lisan 
saperti maca 
Tasbih, 
Tahmid, 
Takbir, jeung 
Tahlil 
atawa dzikir ku hate 
saperti eling ka Alloh 
ku jalan 
tafakkur atawa dzikir 
ku lisan jeung hate 
saperti 
dzikir anu salapan 
bari dibarengan ku hate.

4. 
Murooqobah, 
Musyahadah jeung Muhadloroh.

Ari 
Murooqobah, 
Musyahadah jeung Muhadloroh eta akibat tina Tafakkur, 

lamun tafakkur kana maot jadi Muhadloroh ka Alloh, imanna nyicingan dina maqom Fana’ (‘ainul yaqin), 

lamun tafakkur kana 
Sama’ Bashorna Alloh jadi Murooqobah, 
imanna nyicingan dina iman ‘Ilmul Yaqin, 

lamun tafakkur kana tanda kakawasaan Alloh 
jadi Musyahadah, 
imanna nyicingan 
dina iman Haqqul Yaqin.


Diantara anu 7 
anu pangalusna nyaeta Tafakkur jeung Ta’allum, sabab 
ku tafakkur kabawa 
4 perkara, 
nyaeta 
Tadzakkur, 
Murooqobah, 
Musyahadah jeung Muhadloroh, 

khususna anu 3 mah 
akibat tina ieu tafakkur. 

Ari Ta’allum ngabawah kana Tafaqquh, 
da’ moal Tafaqquh 
lamun henteu Ta’allum heula.

Ari fikiran anu henteu manfa’at nyaeta :

1. 
Haditsun Nafsi (ngalamun) mikiran perkara anu teu puguh.

2. Takhoyul, 
mikiran perkara 
nu pimohaleun moal kaalaman.

3. Hammu, 
nyaeta bingung ku perkara anu bakal datang bari can puguh kaalaman, 
saperti bingung 
ku pipolaheun poe isuk, 

jeung Hazan, 
nyaeta bingung kunu geus kasorang, anu moal mungkin bisa dibalikan deui.

4. Jabban, (borangan).

5. Hubbul Mal, 
nyaeta resep kana harta kakayaan.

6. Hubul Jah, 
cinta kana kadudukan jeung kapangkatan.

7. Hubbus Syahwat, 
cinta jeung resep kana syahwat, 
tegesna resep ngalajur kana hawa nafsu jeung ngumbar syahwat.

Lamun pikiran kumalayang kanu jauh 
ieu kudu buru-buru ditinggalkeun 
sarta terus Istigfar, 
sabab teu aya guna jeung manfa’atna, 
malah nambah kabingung jeung kapusing 
anu akhirna matak nimbulkeun kana putus asa jeung ngarasula, 

leuwih hade gunakeun eta waktu jeung kasempatan kana ibadah 
anu leuwih manfa’at. 

Da urang diturunkeun 
ka alam dunya teh 
lain pikeun ngalamun atawa takhoyul, 
tapi pikeun ibadah. Sakumaha dawuhan Alloh dina surat Adz-Dzariyat :

{ وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنْسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ }
Atuh ulah aya waktu anu kosong tina dipake ibadah, komo lamun nepika dieusian ku ma’siat mah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar