Minggu 24 April 2022
CIPAKU DARMARAJA
Cicingkeun -
Pageuhkeun -
Kukuhkeun
LAYANG CAANGNA HIRUP
Bab ieu pikeun sakabeh manusa anu butuh kana didikan jeung atikan
hiji elmu pikeun nganyahokeun makna-makna jeung omongan anu ngandung hikmah.
Sareng panuntun supados eta manusa teh bisa paham kana kabeneran jeung cerdas.
Gunana oge pikeun nangtungkeun kaadilan jeung kajujuran kana dirina.
Muka kana kacerdasan diri pikeun manusa nu pinuh ku pangalaman jeung panemu jeung ngajarkeun kabijakan pikeun anu ngarora.
Mudah-mudahan ngajadi hiji kahadean, dimana nu aranom ge diajar
kana bab kabijakan diri jeung meunang bahan pertimbangan anu sae pikeun ngarti jeung ngahartikeun
bab perjalanan hirup anu pinuh ku rupa-rupa masalah.
Mudah-mudahan paribasa jeung siloka manusa
nu bijak bisa nungtun urang balarea ka jalan anu dipika ridho kudirina jeung Gustina,
sieun kana salah jeung hayang manggih bener.
Eta modal urang mimiti muka atawa nincak kana bab ieu.
Manusa nu bodo bakal moal beuki kana mikir jeung ngahinakeun kana jalan
nu bener.
Nyela kana didikan diri. Sarua jeung mohokeun kana nu aya dina jero dirina nyaeta hiji rasa nu mulya. Pinuh ku lautan elmu jeung ma’rifatna diri nu hakiki.
saeutik kudu mahi
loba kudu nyesa
mun mahi pikeun diri
aya nyesa pikeun sasama
nyanggakeun sadayadaya
teu rek ngaku
teu rek ngaboga-boga
ngan mun dekil
sing manggih cai
lapar sing manggih dahareun
galah cedek papas runcing
moal rek leuleuwiheun
mun ala kadar na
caang damar sing jadi panggeuing
kundangeun urang sarerea
ulah nafsu diakheratna
ulah nafsu di alam dunyana
salamet sakawasana
langgeung salalawasna
atining hurip
PAMUKA
Muji syukur urang sadaya
ka diri urang pribadi.
Nu masing-masing masih keneh tiasa ngarasakeun hirup waktu poe ayeuna.
Muji syukur khususna abdi narimakeun hirup ku hirup kiwari dina kaayaan sehat sentosa kucaang hate, caang pikir, seger budi pakarti, herang manah, ku ngayogana hirup nu sajati.
Dina kandungan tiap-tiap manusa nu peryoga kana dirina,
munjung kana rasa hirup
nu asli
nu parantos wawuh jeung nyaksian kana jero hirup
nu haq.
cunduk kana waktu ninggang kana mangsa.
ka jurung ku jorojoyna hate.
medarna manah.
abdi niat mukasafah
makna hirup.
nu ku abdi
kahartos.
katingali.
kareungeu.
kaambeu.
kabuktoskeun.
Hapunteun sateuacana bilih tina muka bab ieu aya keneh atanapi masih seuer kakirangan tina bahan nu aya dina manah abdi.
Jeung kirang imeut na akal abdi dina nampi rasa nuntun abdi.
Dugi kana rengsena ieu bahasan.
Hapunteun sakali deui ti pribadi.
Ka para sesepuh
nu langkung seueur pangalaman dina muka atanapi nyeratkeun sagala anu ka sirat dina jeroning ati.
Medarkeun sagala lalakon kuluhungna elmu jeung jerona pangarti.
Hatur nuhun ku sadaya-daya.
Mugi naon anu bade ku abdi dibuka aya manfaat ka diri. Deungeun pikeun eunteung bae
nu lian pikeun tauladan nyanggakeun.
ayeuna kantun
badan sakujur
bade nyanggakeun ka gusti
rek dihideungkeun,
abdi luas
rek dibereumkeun,
abdi nampi
upami rek teras abdi hirup, neda hurip
sanaos satungtung buuk
neda sahurip sadami
caang padang narawang
hirup teu katungkul ku pati
tapi hirup hurip tunggal
tunggalna abdi di gusti
ti luhur sahibas rambut
ti handap sahibas dampal
adeg-adeg abdi gusti
tangtung na gusti abdina
abdi tunggaling gusti
gusti nu di ahub tanjung
abdi nu wedi widi
widi napaan anjeunna
da ku dunya teu ka teupi
ku badagna sok bengbatan
sugan teupi lahir bathin
rep sirep sa kujur tangtung
rep sirep di sanubari
rep sirep sinuku tunggal
kabeh tunggaling pribadi
yaiku sang ngawe padang
teka maring sun sajati
laa ilaah ha illallahu
gusti kuring nu sajati
ora ana kang sinembah
anging ingsun kang dumadi
sira ingsun
ingsun sira
sapadamian ngajadi.
pangajen aji wiji
wiku wastu kancana
PANGULAS
Hirup
Naon eta hirup?
Aya nu nyebatkeun yen hirup teh eusi.
Hiji kanyataan yen hirup eusian sakabeh ruang tempat jeung waktu.
Hirup ngeusi kana sakabeh kahirupan nu aya.
Hirup teu aya rupana,
teu aya bauna jeung
teu aya warnana.
Hirup ge teu aya sorana. Hirup eta mandiri
teu keuna kana ruksak,
teu bisa dicabak,
teu bisa digambarkeun.
Eta gambaran sajatina hirup.
Aya anu nyilokakeun yen hirup eta Hihiji rupa-rupa. Jadi dimaknakeun yen hirup teh hiji
ngan nyurupna hirup eta kana hiji wadah ngajadi rupa-rupa,
jadi tiasa dihartikeun yen hirup boga kahayang pikeun nampilkeun atanapi
ningali dirina
maka hirup butuh
ku wadah kasar
ku lantaran hirup aslina mah halus atawa lemes pisan.
Bener upami kitu mah, upami aya nu nyebatkeun yen hirup teh nyaksian dirina ku hakekat diri pribadina sorangan
supaya tetep dina hakikina atanapi kalanggengan sajatina diri.
Hirup oge dihartikeun
teu keuna atanapi
teu ka tungkul ku pati
sabab lamun hirup keuna
ku pati
eta lain hirup.
Di dieu makna hirup langgeng salalawasna
teu kena ku robah,
ku polah, ku misal,
jadi hirup teh kudu pasti.
Hirup ge dimaknakeun
boga rasa
jadi aya harti yen
wujud hirup nyaeta rasa atawa
pancaran dina hirup teh nyaeta
rasa hirup
ibarat rasa,
gede tapi leutik,
leutik tapi gede.
Hirup, rasa, jeung wadah
teu kahalangan ku waktu ngan supaya eusi jeung wadah alus
atawa
sampurna hirup bakal
nga robah waktu,
ngarobah cuaca,
ngarobah kaayaan
nu leuwih alus,
leuwih sampurna.
rep sirep sakujur tangtung
rep sirep di sanubari
rep sirep sinuku tunggal
jeroning ati nu suci
jeroning ati nu mukaha
kumelip bintang di langit
mararay bulan opat welas
nyarorot cahaya panon poe
nyurup dina curugan
bray caang narawangan
katumbiri pinuh ku widadari
rupa-rupa cahaya
rupa rupa warna
kabengbat
ku welas asihna diri
diri manusa nu sajati
lat hilang buana sajagat
dat..
ngancik jeroning
cupu manik
les sakabeh alam corengcang
bararay, buriyal,bunceulik nur sajati
sing ngait kana ati
gusti nu teu jauh jeung diri
sing kapi ati ku diri
emut teguh kana jangji
jadi saksi nu sajati
---------------------------
tunggal tan tinggal
lawan ing pasti
roro pan tan roro
lir jiwa tinon lawan ragane
katon tunggal ke tinggal
ke kalih
mangke ana mami
lawan gusti ning sun
tan kena ning pisah
syang lan ratri
tan syah awor winor
angemban ingemban salawase
amuruki osik eneng mami
awisik awisik
akeh bekti lulut
adepna mukanira iku
marang ing sang katon
hiya iku kabeh rarahine
angalingi rahining dumadi
rarahi kang luwih
sang katon sa wegung
pengetining sun
ing sira ra wujil
den dat na
urip inaneng donya
jiwa sumambarange gawe
kaweruhna den estu
sari ranta pon dudu jati
sing sapa pun iku
weruh rekeh ing sarira
maka sangsat
weruh sira
maring hiyang widi
iku marga utama
serat centini
ra wujil
"rahasia diri manusa" samemeh urang muka kana hiji pangarti nu bakal nuduhkeun kana eusi jerona manusa urang mimitian ku unggelna siloka :
teangan
tapak meri ngojay di cai, tapak bango di awang-awang
bebek ngeyepek,
soang titeuleum
bancet rarecet,
bangkong ngaheumheum
di jero liang
masih loba siloka
nu nuduhkeun kana
nu bener
ngan hanjakal manusa ayeuna leuwih resep
kana raramean
samar ku dedengean
samar ku tetempoan
hal ieu teh kakara saeutik pituduh nu muka kana jalan pikeun mukakeun
rahasia diri manusa.
Lain saeutik manusa
nu teu merhatikeun kana hal ieu sabab memang geus kitu awalna,
moal waka beuki lamun can ngasaan,
moal waka hayang lamun can dituduhkeun,
moal waka muka mun can kapikir,
hayam jago kongkorongok dina jero endog.
Pileuleuyan,
sapu nyere pegat simpay. Pileuleuyan,
paturay patepang deui. Hayam hideung
endogna bodas,
cing naon tah silokana eta kalimah.
Urang kudu mimiti diajar mikir kana pihartieun eta kalimah.
Hudangkeun
rasa kanyaah,
rasa bogoh,
rasa deudeuh,
kana diri urang pribadi.
Euweuh nu nyaah
ka diri urang salain
diri urang.
Euweuh nu daek hook
ka diri urang salain
diri urang pribadi.
Pertahankeun
eta sifat asih ka diri
ku sakuat tenaga,
sakuatna nyawa,
sakuat jiwa
supaya kaluar eta
hiji rasa nu sajati
nu asli dina jero diri manusa nu sebut
Al Haq.
Nyaeta benerna
diri manusa nu pasti atawa disebutna
sari sarining rasa nur sajati, maksud dina siloka nu dibabarkeun di payun tiasa digambarkeun ku mang rupa-rupa gambaran
ngan urang hartikeun kana nu pang gampangna bae.
Tapak meri ngojay di cai,
ari tapak teh lalakon,
ari meri teh urang,
ngojay the mentas.
Cai teh asalna manusa atawa cirina manusa.
Jadi maksadna teh
asal manusa teh ti mana?
Ti saha?
Ti mana kaluarna?
Saha nu medalkeun?
Ku Kersana saha eta manusa ngawujud?
Saha kudratna manusa? Saha mawujudna manusa? Jeung sajabana,
rupi-rupi pipikiran teh
mimiti tatanya ka jero
diri pribadi.
Tapak bango
di awang-awang,
maksadna nyaeta
teangan asalna kecap, dongeng jeung carita. Supaya urang ngelingan
ka diri teh
ulah saukur ceunah jeung saukur beja ti batur.
Ti mana asalna sora teh, naha bisa ditewak atawa dicekel eta sora teh?
Cing saha nu bisa ngaluarkeun sora teh?
Cing saha nu boga sora dina jero diri manusa teh?
aya naon dina diri manusa teh mangkana
bisa soraan
bisa nyarita,
bisa ngucap kitu,
bisa ngucap kieu
bijil sora teh ti saha?.
Bebek ngeyepek,
eta teh
usik jeung malikna diri urang ku sifat badan.
Soang titileum,
tah eta
sifat jeroan urang
nu mimiti ningalian
ka jero dirina
pikeun ngawawuhan jero dirina pribadi.
Naha bet aya urang teh?
Ayana diri urang teh
ku ayana jasad atawa
nyawa, atawa
ku ayana jiwa, atawa
ku hayangna zat atawa
ku rasa,
eta pertanyaan mulai minuhan alam pikiran manusa nu berpikir kana dirina,
ngaragemkeun elmu jeung panemu dina dirina meunang tatanya
meunang ngala ti dulur jeung babaturan.
Tah kitu geuningan
asal muasalna urang ngamimiti diajar
kana wawuh jeung dirina.
Bancet rarecet,
maksudna
carita jeung lalakon mah rame jeung deui panjang euweuh tungtungna.
Bangkong ngaheumheum di jero liang,
maksudna
sakabeh asal muasalna carita
nyaeta ti jero diri manusa keneh
ngan pastina nu geus warawuh kana dirina
ku ragemna akal
nu pinuh ku pa ngarti jembar ku pangabisa
mere maweh ku pituah atawa pituduh nu alus pikeun sakabeh manusa
nu hayang wawuh soan kajero dirina
supaya kapanggih jeung
hiji kamulyaan diri.
Kapanggih jeung kamulyaan diri sajati.
Bab ieu bakal dibuka kapayunna supados langkung eces dina nerangkeun perihal bab manusana.
hayam jago kongkorongok dina jero endog.
Tatarucingan atawa
siloka pikeun
mukakeun diri :
heula mana
hayam jeung endog
heula mana
sirr atawa heula rasa
heula mana
wadah atawa heula isina
heula mana
wujud atawa heula maujudna
heula keris atawa heula sarangkana
heula batu atawa heula taneuh
heula cai atawa heula angin
heula koral atawa heula heula pasir
heula langit atawa heula bumi
heula nyawa atawa heula jasad
heula caang atawa heula poek
heula siki atawa heula buah
heula akar atawa heula tangkal
heula ruh atawa heula jiwa
heula nagara atawa heula rakyat
Cing pikiran sing bener eta tata rucingan!
Ngahaja di kahareupkeun supaya urang bener,
bener daek mikir
ulah ceuk batur,
ulah ceuk beja.
Sok urang babarengan pedarkeun sakabeh
nu jadi gerentes dina hate sanubari urang,
regepkeun tina manah jeung nurani nu jujur,
apa bener urang teh
geus pernah mikiran
kana eta perkara nu ka cida enteng siga nu deet,
siga nu heuheureuyan jeung sajabana.
Pileuleuyan pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay, maksudna
sabaraha lila urang teh
geus mohokeun diri,
poho kana ngelingan ka diri, mohokeun kana ngamumule ka diri,
ibaratna geus teu wawuh
ka diri,
ngaraksa ngariksa ka diri jeung
geus nepi urang
kana ngalalakon kapanggih can jeung salsena?
Geus beres acan urang teh ngabebenah,
ngabebetah diri?,
cukup can pamanggih urang teh pikeun ngabedah
diri urang supaya diri urang kapanggih jeung
eusina manusa?.
pileuleuyan pileuleuyan paturay patepang deui, mudah-mudahan sing aya dina waktuna
urang bisa ngedalkeun sakabeh rasa
nu geus jadi kapanasaran dina diri urang
nu keur di bere hirup
dibere nafas
nu panjang
pikeun maparkeun jalan anu yakin benerna.
hayam hideung
endogna bodas,
maksadna
urang teh kudu hideung pikeun nganyahokeunnana, supaya manggih buah nu jelas.
Nyacas eces ngebreh
dina pikiran nu bersih hate, nu caang diregepkeun
ku rasa jeung sanubari
anu suci.
Nyacas dina nurani
anu narimakeun kana sagala kakurangan jeung kaleuwihan manusa.
Lain luhung ku elmu
lain luhur ku aji.
Eta manusa wawuh
kana dirina
maka bakal manggih kana benerna diri.
Jeung lain ku leber wawanen atawa
ku jembar pangabisa, manusa bakal bisa wawuh kana diri teh,
tapi
ku rasa rumasa nu murni
nu kaluar tina ati sanubari nu bersih,
lain pinter nu bakal ngajamin urang wawuh kana diri.
Sakabeh manusa boga haq pikeun wawuh kana diri, mung ngan saeutik
nu kapilih
nyaeta
nu daraek mikir,
daraek tatanya.
Tah ayeuna urang muka kana bab lanjutannana.
Sing kahade.
Samemeh eunteup,
kudu diintip heula
sing taliti kadiri
dina nalungtik kana jeroannana diri
supaya manggih pangarti
nu bakal jadi mustika jeung jimatna hirup.
eling eling mangka eling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
lamun kasasarna lampah
nafsu nu matak kaduhung
badan nu katempuhan
Jisim nu ngarasa nyeri.
Hate nu ngarasa cape. Hareudang nyandang wiwirang.
Purba perbawa hawa.
Ujub suma’ah takabur.
Rea ku panggoda setan. Ulah syirik ka pangampih. Ulah nyacad kanu lian. Dengeun pikeun eunteung bae.
Nu lian pikeun tauladan. Hade goreng kasawang
ukur ku tangtung sakujur. Sing tapis ngawisik diri. Awak ngaraksa salira. Totonden hade jeung goreng.
Mun peryoga sok turutan. Anu nista disingkahan.
Anu rukun kanu umum, nyorang lampah ka lumrahan.
Anu mangfaat ka diri.
Taya batan kahadean.
Hade ucap,
hade hate,
hate sabar tawakal,
pinuji kinasihan,
teu nunjuk ka luhur adigung, nyaeta jalma budiman.
Hirup hurip.
Pamuka
Samemeh aya itu jeung ieu. Eta teu aya na naon
iwal ti ayana hirup.
Hirup awalna
lain wujud
lain jasad.
Hirup mah hirup bae
tanpa aya itu jeung ieu.
Ayana hirup
nyaeta
ayana dina alam kalanggengan.
Kulantaran makna hirup teh langgeng.
Teu katungkul ku pati,
teu kena ku ruksak.
Teu keuna ku lapar,
teu keuna ku dahaga.
Teu boga kabutuh atawa pangabutuh.
Teu kacampuran ku itu jeung ku ieu.
Hirup teh manggih caang dina nu poek.
Manggih poek di nu caang, maksud poek di dieu, nyaeta
nyumputkeun
sagala kanyaho
sagala kahayang.
Atawa
nyumput buni di nu caang, ngubur sagala kahayang,
nu lain bijil tina kahayang.
Hirup eta sorangan.
Hirup teh sifatna mandiri sifatna oge
bisa disebut rahasia atawa ngarahasiakeun dirina, mangka disebutna hirup teh rahasia diri
nu teu bisa dicaritakeun atawa didongeng keun
ku salian kanu hirup deui.
Hirup boga makna wujud jeung boga makna mawujud.
Hirup boga makna syareat oge boga makna hakekat.
Hirup sorangan disebut Haq,
nu saukur di kanyahokeun ku dirina nu boga hirup,
hirup euweuh rupana,
hal ieu jadi pandangan hakekatna,
hirup teu boga bau,
hirup oge teu boga warna. Hirup ge teu boga bentuk tapi
hirup pribadi boga rasa
nu ngawalian diri,
hirup teh bisa nyaksian dirina,
hirup ge saukur ngadenge naon kahayang dirina,
hirup teu bisa diatur ku itu jeung ku ieu,
hirup boga kabebasan
nu penuh pikeun ngatur dirina,
hirup euweuh ucap euweuh basa,
hirup teh ngan saukur
rasa jeung caang.
Saha nu wawuh jeung hirup maka bakal nyaho eta hirup.
Jeung bakal jadi bibit hirup eta sorangan,
usik malik hirup saukur diwalian ku rasa
jeung
dicaangan ku dirina,
ku cahaya sari dirina,
nu sajati
asal hirup ngawujud
ku ayana opat perkara.
cai nu jadi ciri,
silokana badan hirup,
seuneu nu jadi ciri,
silokana ruh atawa
nyawana hirup,
angin nu jadi ciri,
silokana sifat hirup,
taneuh nu jadi ciri,
silokana rasa hirup.
Tapi sing kahade
ulah salah ngahartikeun
hirup lain cai,
lain seuneu,
lain angin,
lain taneuh
eta ngan saukur perangkat pikeun ngawujudkeun hirup.
Hirup ge bisa dihartikeun cicing,
teu keuna ku owah
makana siloka nu nyebutkeun yen
hirup teh
ibarat cai,
teu bisa dibeulah,
hirup ibarat angin,
teu bisa dipapas,
hirup ibarat seuneu,
teu bisal dibeslah.
Hirup teh rasa,
teu bisa dihalangan ku naon bae,
kakuatan rasa hirup
moal bisa diukur
ku takeran, leutik tapi gede, hurung moncorong dina tiap-tiap manusa
nu hirup jeung dirina.
Sakali deui
yen hirup teh
dina poek tempat
kaluarna caang.
Jeung dina caang nyumputkeun diri
dina samarna caang.
Ieu bab hirup nu kudu dihartikeun,
dilenyeupan
supaya leuwih kaharti
yen hirup teh siga damar, hirup teh zat,
teu bisa disaruakeun jeung ayana jasad,
hirup teh
haq kamulyaan pribadi
dina kamandirian hirup.
Hirup sarua jeung
kasajatian nu rasa, sajatining hurip,
dening dzat,
mangka hirup
ge sok disebut
Robb
anu nyekel tilu suluk hirup nyaeta :
nur rasa,
nur sari,
nur sajati
pengaruhna kana,
sirna rasa,
sirna sari,
sirna jati,
hirup hiji kanikmatan pribadi anu lain datang dina
nu di dahar jeung
nu di inum,
kadaharan hirup
ngan dua perkara
ku aya na caang jeung
ku ayana rasa.
Hirupna Robb
atawa
dzat
saukur bisa ditarima
ku rasa dirina,
rasa eta bakal ngawujudkeun cahaya atawa caang kana jero dirina eta rasa pribadi.
Katingali ti luarna bakal siga cahaya atawa sinar anu ngabersit kaluarna tina dzat eta pribadi,
siga bentang nu ngan saukur boga cahaya
nu kaluar tina dirina
lain caang ku lantaran ayana cahaya anu nyorot kana eta bentang,
gugusan dzat atawa bentang nu pang gedena saperti ayana panon poe.
Ngan kahade
eta hirupna dzat atawa Robb eta leuwih sampurna
tibatan ayana bentang jeung panon poe,
eta saukur jadi perlambang atawa gambaran silokana, sing waspaos tina ngartikeun jeung ngahartikeun ieu bab
supaya ulah kajebak
ku rupa-rupa perlambang anu ditampilkeun
ku lantaran sakabeh anu aya ngajadi lautan simbul
pikeun muka kana
hirup nu sajatina.
Ulah samar jeung kasamaran.
Hirup teh
ngeusi kana sakabeh ruang,tempat, jeung waktu.
Sabab hirup teh
hiji anu teu disababkeun
ku itu jeung ku ieu.
Hirup oge
bisa boga kahendak atawa kahayang.
Hirup aya
tapi euweuh wujudna.
Tapi hirup eta sorangan
bisa ngawujudkeun dirina
ku sabab haqna
eta sorangan.
Eta disebatna
kawenangan eta wujud.
Ngan
dina sagala perwujudannana hirup
bakal nyamarkeun dirina
ku lantaran hirup dzat mah tersembunyi atawa ngarahasiakeun dirina,
ngan
maujudna mah pasti ayana tiasa ditingali
sedengkeun
wujud aslina mah
tetep disamarkeun saukurtiasa
ditingali
disaksian
ku dirina sorangan.
Maka jelas mun disebut
dzat mah
embung disaruakeun,
jeung sakabeh
nu ngawujud
jeung keuna nu ruksak.
Hirup
bisa nampilkeun rupa-rupa warna dirina.
Hirup
bisa nampilkeun mangrupa bentuk wujud,
hirup
bisa mintonkeun mangrupa rasa dina dirina,
hirup
bisa ngawujudkeun rupa-rupa babauan jeung wawangian serta rupa-rupa alam dirina.
Hirup eta sorangan boga mangrupa rencana pikeun dirina
kulantaran hirup ge
kadang katingali ku dirina jeung nyaksian dirina serta ngawalian dirina.
Maka hirup
kadang aya
kadang euweuh
kadang ngawujud
kadang maujud
kadang bisa jadi syareat kadang saukur jadi hakekatna,
maka
hirup teh
teu kena ka wates
ku rupa-rupa hal
anu bakal ngabeuratkeun dirina.
Hirup saukur wawuh
jeung dirina atawa
anu wawuh jeung dirina.
Nyaeta
cahaya jeung rasa.
Hirupna dzat
boga sifat hirup.
Hirupna Robb
boga ngaran,
Hirup ge
boga sir,
boga af’al.
Hirup teh
boga bebener kana dirina serta jujur kana dirina,
hirup teh
boga tekad jeung
laku lampah,
hirup teh
haq ngawawuhan dirina.
Ngan rumasa kana dirina jeung ngawalian rasa dirina, maka
hirup teh bakal ngahiji jeung jatining hirup dirina, nunggalna tunggaling dirina, nyaksian sagala bener dirina,
nyaksian sagala laku lampahna, tekad dirina, rencana dirina,
nyaksian kana harkat darajat dirina, dina tangtungan dirina, anu tunggaling diri.
Maka bener mun disebut yen hirup teh
ayana dina
asma, sifat, dzat, sirr, af’al anu ngajadi maujudna,
laisa kamislihi syaiun
walam yakun lahu kufuan ahad
kun faya kun,
teu aya deui hirup
salain hirupna pribadi,
teu aya deui anu disaksian salain ti nyaksian
rasa tunggalna pribadi, mandiri tina sakabeh tekadna,
ucap dirina,
laku lampah dirina,
jujur jeung bener pikeun dirina,
ngaraksa ngariksa dirina, dina kalanggengan dirina
nu sajati,
sampurna ku sajatining haq na
maka hirup
mun geus kapanggih jeung hirup bakal manggih
ka na saestuna diri.
Bab lain aya oge anu muka kana harti
yen hirup teh
nu sabenerna mah
teu ngaboga -boga,
hirup teu boga ngaran
da hirup mah
tetep hirup
teu butuh ku ngaran,
ngan hirup ge
butuh ku salamet
pikeunn nyampurnakeun sakabeh rasa dirina ngawaluyakeun dirina,
hirup oge ngawicaksanakeun
kana dirina
asih kana dirina,
ngasuh kana wujud jeung maujudna,
ngasah sakabeh rasa dirina, bisa ngamumule jeung ngabagjakeun kana dirina,
hirup ge wawuh kana awalan jeung akhiran dirina,
hirup ge wawuh jeung qodho jeung qodar dirina.
Dzat hirup ge
boga jinis,
boga jisim,
jirim dirina,
jinisna robb,
jisimna cahaya
jirimna rasa.
Sanajan yen dirina teh
lebur dina sakabehna.
Jadi hirup teh
tetep hirupna.
Lebur dina sakabeh nu aya. Jeung lebur dina sakabeh nu teu ayana.
Tapi hirup tea tadi
tetep aya dina hirupna.
Sajatina pribadi hirup
dina poek tetep aya nu hirup. Dina caang oge tetep aya nu hirup
teu aya nu ngawatesan dirina salian ti karep dirina.
Da sakabehna
aya dina pikirannana hirup eta pribadi,
aya dina tanggung jawabna pribadi jeung sakabeh ijinna pribadi.
Lebur dirina
musnah dirina,
dina alam hirup jeung kalanggeungannana pribadi.
Maka hirup teh
disebut sang pribadi haq tina sakabeh sajatining haq, da hirup teh
bisa ngukur kana tungtung rasa dirina pribadi
teu sieun ku itu jeung ku ieu da ka beh geus ka cekel
jadi rahasia dirina pribadi sakabehna oge geus
ka eunteung ku dirina.
Maka jusnurna hirup teh sampurna teu kena ku robah,
maka
hirup yakin kana wajibul wujudna diri atawa jasad,
aenul yakin kana wajibul goibna.
Manusa,
nyawa,
ruh
haqul yakin
kana ghoibun ghoibna.
Sajatina rasa atawa
batin
pikeun nyaksian
jeung ngawalian cahaya rasana.
Cahaya rasa ieu
aya dina tempat anu poek buta rajin,
aya dina alam keueueng
nu ngadangdeung,
di dingding ku rupa-rupa kelir,
nyacas di alam mokaha, nitis dina sari,
nirca dina rasa,
mancala pancasona sajati, nunggalna nafs dina nafas nu sajati,
hirup langgeng salalawasna di alam rahasiana,
hirup sang mukamil,
lebur sakabeh kubur,
lebur papan lan tulisna, bersih suci teu aya corat coret deui,
musnah ilang tanpa karana, ka alam kanikmatan
anu tanpa kira kira,
ilang rasa,
ilang cahaya,
hirup dina kalanggengan jeung kanikmatan nu sajati.
hong munah
sing kari munah
munah lemah munah langit
bayu punah bayu kapunah
rahayu swasti astu
nirmala seda malilang
jisim lantif kang salamet
kubur kang allah
manusa ngandeg
alam padang poe panjang
nagara tunjung sampurna
sah jero sampurna jasad
sirr dzat les
kusuma jatining sampurna
suci dunya akherat
sirnaning jinagad gusti
menyang tujuh lapis bumi
tujuh lapis langit
les angles
panglimunan gusti
nurbuat dzatining hirup
hirup manusa sunda
Perbawa teu puguh dumuk
Tara tanjruh kunu bukti
Balukarna hejo tihang
Mun pasilingsingan ati
Nyiar keneh susuganan
Nu enya di lain lain
Hiji ciri manusa
nu wawuh kadiri
Bagja hurip bareng gusti
Sajeroning hirup
iwal ti pasrah
Neda parentah gusti
jeung rosulna
Hirup hurip manusa pasti
Lain hirup owah gingsir
Tapi teguh mawa bakti
Lampahna jadi tauladan
Budi panrangina
siga nu elehan
Tapi hate
cadu eleh
Kanu salah
Kalawan patokan urang
Cicing dinu bener
Nangtung dina sahadat
Manusa nu pasti
Teu nyiar pribadi
Kaluar ti diri
Manggih pasti
Wates haq na diri
Gusti ngancik dina alam manusa nu tunggal
Ngajadi saksi dirina
Saksi Gusti nu hakiki
Rido tur ikhlas
Sumerah kana
nafsiahna Gusti
Renghapna nafas
eta manusa
Dihampura sadaya daya
Kusorotna nur cahaya rasa
Gustina nu sajati
Hurip tunggal
PANGEUSI
Bagja manusa nu fakir dirina sabab bakal manggih kana rasana hirup.
Bagja manusa nu manggih sedih sabab bakal manggih kana nunggalna hirup.
Bagja manusa nu manggih kana halusna hirup sabab bakal manggih kana rasa sajatina hirup.
Bagja manusa nu lapar jeung haus kana bener sabab bakal manggih kana kapuasan rasa hirup.
Bagja manusa anu murah hate sabab bakal manggih kana sagala kamurahan hirup. Bagja manusa anu manggih kana kasucian dirina sabab bakal ningali atawa nyaksian robbna nyaeta zat hirup nu sajati.
Bagja manusa anu ngadegkeun kadamaian jeung karahayuan sabab nyurup rasa hirup nu sajati.
Bagja manusa anu di aniaya ku sasamana sabab bakal hudang rasa nu sajati tina jero dirina, anu nantungkeun hak jeung bebener dina sakabeh rasa manusa nu pasti. Bagja manusa anu dicela ku sabab manggih hirup nu sajati sabab rasa moal bisa dibobodo, moal bisa dibohongan, moal bisa diulinkeun mangka cahaya hirup bakal nyorot ka dirina.
Caang padang narawangan, poe panjang nagara tunjung sampurna “dina sagala nu hirup eta, aya kami nu boga hirup, jeung kami keneh nu jadi rahasia hirupna”. “sakabeh rasa aya dina nu hirup jeung nungkulan kahayang rasa hirup nu sajati. Ngan manusa loba ngarobah sagala kahayang KAMI, jadi kahayang dirina. Maka loba manusa anu ingkar dina jalan hirup KAMI. Maka KAMI nyumputkeun diri KAMI dina poek dirina”.
“KAMI hirup. moal ngabohongan kunu can warawuh ka KAMI. KAMI nyaksian hirupna manusa, sabab KAMI aya dina hirupna manusa, jeung rasa manusa. sabab kami hakekatna manusa”.
“Manusa teu boga haq pikeun dirina salian ti KAMI. Maka manusa wajib nyaksian kami supaya ulah ngalajur nafsu dina dirina”. “kami boga haq pikeun hirup kami kami anu boga haq ngatur diri kami. Sabab kami nu hirup jeung benerna KAMI”.
“Manusa nu teu nyaah kana hirupna, sarua jeung teu nyaah ka KAMI”
“Manusa anu teu mikir kana dirina, maka bakal jauh jeung KAMI”, “KAMI hirup, anu diuk dina rasa manusa anu lantif dina dirina. KAMI hirup anu milih jeung kapilih tina sakabeh nu hirup”.
“KAMI hirup teu gedag ku ka anginan, teu tiris ku kahujanan, teu panas kukapanasan, teu leungit ku diduruk, teu sirna ku singsieunan, teu hanjat ku dicacag”.
“KAMI hirup teu ngaboga-boga, teu katundung ku sedih, karagragan kusangsara, teu katajong ku cilaka, teu nincak awi regas, teu kahalangan kupipinding”.
“KAMI hirup teu butuh pamuja teu butuh pamuji, teu syirik ka pangampih, teu nyacad kanu lian”.
“KAMI hirup anu teu boga pamrih. teu neang upah”. “Hirup lain nantung, lain diuk, lain sare, tapi hirup teh cicing bari nantung”. “Gek bari diuk, rogojod bari sare bari indit, gap bari nyabak. set bari meta, bray bari beunta. nging bari ceurik, nyeh bari seuri”. “Saha manusa anu wawuh jeung dirina, maka wawuh jeung hirupna KAMI, jeung benerna KAMI. Maka bakal dijamin hirupna ku hirup KAMI, diganti hirupna ku hirup KAMI. Moronyoy rasana ku rasa KAMI. Caang dirina ku caangna diri KAMI, dina jero jeung luar dirina”.
“KAMI hirup anu nyaksian jeung disaksian ku aranjeun sabab KAMI teu butuh ku dunya aranjeun sakabeh geus kami pasrahkeun ka aranjeun”. “Sing saha jalma anu ngalaworakeun kana nyaksian ka KAMI, maka KAMI ge bakal nyabodokeun kana sagala nu dilakukeun ku dirina sabab KAMI moal ngahukuman ka maranehna salian kalakuan maranehna sorangan anu bakal ngahukuman kana dirina”.
“KAMI karunya ka dirina tapi dirina teu nyaah jeung karunya ka dirina sorangan, sing saha jalma anu teu nyaksian ka KAMI maka aya dina hiji karugian nu gede”.
“Ya Muhammad apa anjeun jeung umat anjeun teh geus nyaho kana surga kami?”
“naha umat anjeun ngaharep kana surga KAMI naha bakal aya surga nu bakal kami bangun di mana aranjeun geus ngalaman alam maut”. “Teu aya surga jeung naraka nu KAMI buat pikeun aranjeun. Salian aranjeun sorangan nu miharep kana eta ayana surga, jeung moal kami bangun eta surga jeung naraka salian keur aranjeun ngalaman keneh hirup gelar di alam dunya”. Sabab kami teu ngarepkeun aranjeun manggihkana surga nu dibuat dina alam misal aranjeun tapi kami saukur miharep aranjeun nyaksian kana benerna jeung ayana kami.
“Mun manusa eta masih miharep kana surga kami sabenerna dirina can wawuh jeung kami. sabab kami saukur miharep ka aranjeun pikeun jadi saksi-saksi kami”. “Saha anu miharep upah ka kami, sabenerna manehna meunang upah tina naon anu diyakinkeun kudirina lain ti kami”, “Jeung saha jalma anu miharep kana bebendon ti KAMI sabenerna eta datangna bebendon teh ti dirina, lain ti KAMI”. “KAMI Dzat anu Maha Sampurna anu teu kitu teu kieu. Ngan KAMI aya dina sakabeh syak jeung wasangka aranjeun”.
“KAMI hirup, anu aya dina sakabeh hirup aranjeun. Ngan aranjeun teu wawuh jeung kami. Jeung teu nyaksian ka kami. Saukur lisan anjeun nyaksian KAMI ”.
“Hirup eta hiji kaadaan, hiji kanyataan, teu bisa dipungkirkeun deui” “Hirup hiji eusi pasti butuh wadah, ngan moal cukup ku hiji. Tapi tiap wadah nu aya can tangtu cocok salilana. Hese neangan wadah nu pas jeung eusi”. “Eusi ge kadang nyaah ka dirina, maka pikeun ngeusina eta wadah, kadang nunggu hiji wadah anu pas dipersiapkeun dina waktu nu lila, pikeun nyaimbangkeun pamor eusi jeung urat wadah”.
“Hirup eusi hirup wa dah ngahiji dina rasa. Rasa nya angan luar jeung jerona eusi. eusi nampilkeun wadah. Wadah nampilkeun rasa, perbawa eusi” “Ibarat amis jeung giungna, pait jeung nyaketna, asin jeung ngelelna” “Ibarat badag jeung lemesna, leuleus jeung liat na, sari jeung rasana, cahya jeung caang na, moronyoy jeung sorotna”. “Maka lamun wadah jeung eusi geus ngahiji, jadi saru, kulantaran jadi sarupa. Sareunteut saigeul sapa temon sahiji atawa nunggal ”
“Eusi aya anu leuwih lemes ti wadah, atawa wadah leuwih hipu ti eusi. Aya oge eusi jeung wadah sarua lemesna atawa sarua heurasna” “Kadang aya wadah teu sarua jeung gambaran eusi. Kurangna wadah ditutupan ku eusi. Kurangna eusi ditutupan ku wadahna”. “Ngan emang pikeun ngudag anu pas atawa punjul eta aya dina perhitungan jeung rencana hirup nu leuwih sampurna. Ngan biasana bisa kaitung atawa saeutik nu kapilih, pas antara wadah eusi jeung ngaran saimbang atawa silih mawakeun. Saperti Koneng: ngaran, wadah, eusi sarua atawa ngahiji”.
“Kalanggengan hirup eusi teu katingali ku rupa, ku seungit, atawa bau. eusi pasti kasirep kaluarna atawa wadahna. Aya nu wadahna leutik tapi eusina bisa jadi panyear alam ”
Hirup Ngan saukur ngaran. saukur kasebutna. Ari hirup teh nu kumaha rupana? Jelas hirup teh teu aya bentukna. kumaha ari warnana hirup, sugan aya jirimna? apa mereun hirup teh aya bau jeung seungitna? can aya anu eces nerangkeun kana hirup teh. Naha can nyarahokeun kana hirupna? ari sapopoe teh jeung saha atuh maranehna bisa usik jeung malik. Naha lain ku hirup meureun maranehna bisa ojah kokojayan dina alam ieu. Ari hirup teh cicingna dina naon? apa ari hirup teh boga tempat? apa hirup teh ngeusi kana sakabeh ruang? jeung aya dina sakabeh waktu? saha saksina hirup teh? jeung naon ari ngaran aslina hirup teh? cing saha anu geus wawuh jeung hirup? jeung saha a ri ngaran na anu bisa nyaksian hirup teh?
Sigana moal waka aya jalma anu beuki kana ieu carita. Komo bari daek mikiran kana naon anu jadi pertanyaan jeung tatarucingan eta hirup. Mimiti tah urang teh narawangan kana jero alam pikir urang pribadi. Anu sapopoe makean hirup bari jeung teu wawuh kana hirup sora ngan. Cing urang sieurkeun lalakon teh. Supaya bener-bener medarna. Kaharti katarima kunu daraek mikir, daraek ngajina, daraek maca hirupna supaya manggih hirup nu sabenerna anu saja tina jeung nyaho kana haqna eta hirup pribadi, sing katimu sing ka harti, katimu ku akalna kaharti ku jeroning atina, acining elmu aya dina jero diri.
Breh buka bray caang sing lalaunan ulah hayang buru buru muka, bari jeung gura-giru tina muka bab ieu. Samemeh eunteup kudu diintip heula. Samemeh ditelen kudu dibeuwung heula. Samemeh dihuapkeun kudu dipilihan heula. Ulah samar ku beja, samar ku tetenjoan, samar ku ambek, kabawa sakaba-kaba, katelah bisa jeung nyaho bisa maparkeun tapi bari can puguh nyaksianana. Kahade urang kudu ati-ati sing imeut ulah gampang kaolo, kapangaruhan kabawakeun kacampuran ku nu teu pararuguh, reugeupkeun dina hate, wadahan dina ati sanubari, siratkeun eta nurani nu bersih, bijil rasa sajati, kanyaah kadiri, ciri welas asihna, hirup kana wadah nu dicicingan nur sajati.
“sir wenda, dat nur wendah”
Hirup bareng jeung huripna, hirup teu kena ku sabab, tapi hurip ku sabab keun ku ayana hirup. Kumelipna bentang kulantaran aya nu hirupna atawa aya nu jadi hirup dina dirina. Hirupna ngahiji jeung caangna diri, lain caang nu datang ti luar dirina “Ari Robb, can aya kalimah nu pas pikeun nerangkeun naon eta Robb. Tiasa disebat dzat, kusabab Agung tur Sampurna. Endah kabina-bina teu tiasa dirupakeun atawa digambarkeun ku samanea, saukur nu geus nyaksian eta Robb tapi pa sti bingung mun dititah ngarupakeun eta rupana Robb”.
“Maka disimpulkeun ku ayana eta Robb sakabehna tehbisa hirup”. “tempat kaluarna eta Robb dina poek mongkleng buta rajin”. “Buburiakan ku hurungna, ngagebur cahayana nyorot caangna, endah rupana, endah warnana teu bisa dikira-kira”. “Eta Robb oge nyumput buni dina caang, nyumputkeun sajatina dirina, ngarahasiakeun sahadirina nu jadi misteri rahasia sakabeh alam hirup”.
Alam hirup sakabeh manusa, sakabeh alam, sasatoan, tatangkalan jerona langit, jerona bumi, jeung jerona lautan. Alam hirup Robb teu kahalangan ku tempat waktu rohangan, jeung masa, eta sakabehna nu ngajadi alam hirup. Alam nu endah, alam ribuan cahaya, mangjuta rupa, mangjuta rahasia.
Pikeun manusa anu daek ngulik naluktik kana sakabeh wacana alam Robb, kurangna urang bisa mesek kana ieu bab moal tangtu beak ku sataun atawa dua taun, ka saumur tangtungan urang kumalayang di alam dunya ieu moal waka kahontal, kaburu kapegat ku nyawa.
Maka peupeujeuh ti kami, teangan hiji kolot atawa guru anu luhung ku elmu jeung pang artina anu bisa mukakeun ieu sakabeh rahasia alam ngan anu leuwih jentrena, teangan guru anu geus pertapa, nyaho jeung dikanyahokeun naon anu kudu ditapaanana jeung geus kapanggih jeung tatapaana, ngan sing kahade, eta ge kudu diuji heula, bisi manggih careuh buluna domba, mere elmu kudu aya jasa.
Keun ka ukur iyeuh ku rasa diri, lamun rasa merean, hartina aya saeutik benerna ngan lamun rasa teu panuju tong diteruskeun, pan moal aya lamun urang menta wajit diasongan gambang. Sing tarapti, ulah kabawa sakaba-kaba kajurung ku napsu, bisi hanjakal jeung kaduhung, mun nu bener mah eta guru, moal loba pamenta jeung sarat naon-naon, ku kapanggihna oge geus bungahna.
Sok teangan pigurueunana. Wawuh ka gusti, kudu di dunya, di akherat saukur siksana, Gusti moal rek ngadzoliman ka umatna, iwal ti umatna nu ngadzoliman dirina. Puguh kudu diwawuhan, memang wajib disaksian, mun saukur ku lisan budak anyar borocot ka dunya ge bisaeun, mun bener urang boga tekad Gusti bakal muka jalanna, ulah gampang dibobodo, ulah gampang dipinteran, mun bener kyai teh sakti, geus puguh can nyaksian? mun bener eta ulama teh bisa, kudu nyaho bari maksa eta elmu kudu bukti, ulah saukur neangan panglaris.
Salamet lain jang saukur di dunya tapi kudu nepi ka akherat. Ngudag dunya moal aya tungtung, akherat geus tepi dina tikoro, sing kahade, loba anu alim, alim pulasan, luar jeung jero teu sa rua. Ngaku ulama loba maksiat, kitu deui haji-haji.
Kudu nyaho kana hakekatna ulama, komo deui hakekatna HAJI. Mun bener papanggih jeung nu kitu, tanyakeun heula ku anjeun, naon anu leuwih luhur batan langit, naon anu leuwih beurat batan bumi, naon anu leuwih cepet batan angin, naon anu leuwih loba batan jukut.
Mun can nyaho jawabna, eta kitab geus di gelar di sakabeh alam. Jadi panyear jagad, lain saukur dibaca dibolak-balik. Panon bolotot mata peda, hirup teh wasiat diri, hiji amanat pikeun wawuh jeung dirina. Ayeuna tah naon anu leuwih jero batan leuwi, batan laut, batan bumi? naon eta tunggul karang tumaritis? mun urang bener geus nyaho jeung hirup moal aya deui eta rahasia, lamun gajah nyaho iraha eta manehna kudu balik mulangkeun hirup kanu hirupna maka sakabeh sasatoan bakal ti hareula balik ka Rohmat suci, naha bet manusa nu dimuliakeun, boro boro nyaho, komo kudu dikanyahokeun ku dirina mah, jeung nu bogana hirup can tangtu geus nyaksian komo wawuh kana kubur nu hirup, eta ciri pinterna manusa, bodona jalma.
Tiwu hideung, catang kangkung, ari ti luarna mah hareuras jerona mah kosong, awi andong, wesi bolong kuat katingalina mah, da geus di yakinkeun benerna ngan kamana neangan eusina.
Aya guru, mun ditanya, nagara alaihim susulumpatanna dimana? deuh ceunah eta mah tatarucingan budak, tapi ngajawabna teu beluleun.
Lamun aya nu kajepit jadi ucing, nu nyumput kudu dihongkeun, sakabeh siloka jeung tatarucingan ulah dianggep enteng mun teu kapanggih, kaduhung sagede gunung, hanjakal kabina bina.
Indung keur lenjang, Bapa keur bujang dimana urang ayana?
mun langit tacan aya, dunya tacan dibuat dimana urang cicingna?
Bral kaditu tareangan, naon maknana naon eusina kaharti jadi pangarti, katimu jadi panemu, jadi jampi pikeun diri, elmu lain kaluar dina bincurang jeung siku hirup manusa, disamakan ku raga, dianggelan ku nyawa, dielingan ku guguling, diharudung ku salimut, dimana ngancikna hirup teh?
Moal rek neangan domba nu loba, ngangona oge sakitu beuratna, ngan saukur neangkeun domba anu leungit tina sakitu lobana domba. Sugan ku manggih hijina. Oge leuwih bungah tibatan ngangon anu ngaratus jeung ngarebu. Lain rek ngajual, lain rek meuli saukur nganteurkeun kanu bogana da lain haq kaula. Eta domba teh aya nu bogana aya nu leuwih haq, kaula saukur tatamba sugan ka anteur, bisi eta domba teh keueungeun rek balik ka kandang, bisi poekeun di jalan, sugan kaoboran. Bisi lapareun teu manggih dahar, bisi susaheun teu manggih jalan balik, da ngarana oge domba, kiwari sok disebut embe sok saukur tuturut munding, kumaha wae nu hareupeun kabawa ku itu, kitu. Kabawa ku ieu, kieu. Sugan ari geus dianter mah, bisa balik sorangan ka kandangna da geus nyaho jalan iyeuh. Iraha waktuna nyiar dunya, iraha waktuna kudu bebenah, iraha waktuna kudu beberesih. Jadi teu kapoosan dina waktu nu munggaran, nyaho iraha waktuna kudu mulang kandang. Supaya tartib, rapih, beres sagala urusan, ku ningalina ge geus bungah, ku ngadengena ge geus senang. Moal rek sirik, komo ngalelewa mah justru rek nurutan supaya sakabeh embe jeung domba teh nyarahoeun balik ka kandangna sorangan. Sugan kawaris sakabeh.
PANUTUP/PANGJEUJEUH
Sakitu heula eta pedaran jeung lalakon, moal waka rek jentre ngabuka kana ieu lalakon nu jadi konci. Sakabeh manusa nu gelar di alam dunya ngan saukur rek mancing dina cai nu herang sugan laukna beunang, lamun bener beunangna, rek dipais tapi samemehna rek dipais dibumbuan heula, jeung diuyahan heula supaya ngeunah rasana, mun embung saukur beja, saukur cenah wayahna kududaek neangananna dimana eta ngancikna jimat hirup jeung naon eta mustikana hirup. Jauh dijug-jug, anggang diteang ari nu dekeut diliwatan, ber ka ditu, ber ka dieu. Jarah, ka kaler, ka wetan, ka kulon, jeung ka kidul meunang naon?, awak leuleus, sirah lieur, beak itu, beak ieu. Hayang menang tapi bebeakan, karunya teuing.
Tong siga batur, tong siga nu lian, tong kabawa angin, kajuru ku seuneu, tong nuturkeun teuing indung suku, tong samar kunu ka tenjo bisi kasebut hejo keneh tihang. Teang jalan jeung lampah nu pasti.
Panutup, neda bagja ti sadaya, neda caang ti papada, neda hirup hurip sadami, sapadamian ngajadi, rukun kanu umum, runtut raut jeung balarea, leukeun neangan panuntun, peso raut bakal seukeut. Alus ku niat, bisi goreng ku tekad, alus ku ucap, bisi goreng ku basa, manusa kudu silih hampura pikeun ngawangun nagara dina hakekat, waruga dirina supaya sampurna jeung sejahtera hirupna jeung dipika asihku sasama kupapada jalma, damar ngajadi darma, darma ngahiji jeung damar, manusa teu daya upaya, anging masrahkeun sadaya daya ka jinisna, nu kagungan jisim jasmani panganika nu kagungan pangawasa. Isuk jaganing pageto, sing kapanggih jeung eusina, sing gede hate, ulah pondok pangharepan. Titis tulis moal pahili. Neang bagja, teu manggih pahala. Pahili moal kapanggih. Pahala moal katarima.
Saukur bagja nu kabina bina, swarga tanpa kira-kira.
Muji abdi, muji gusti.
Abdi nu muji gusti.
Gusti muji ka abdina.
Muja muji tunggaling pribadi
...cag. tabe pun
kengeng nyutat ti rerencangan, mugia aya mangpaatna ==========================================
Tidak ada komentar:
Posting Komentar