Ceuk babasaan nu tos lumrah di dahar pun biang palastra,teu di tuang pun bapa pinista,kacida abot jeung beuratna,hanacaraka datasawal,eta babasaan anu tumiba tina kirata kanggo jalmi anu nuju kena bancang pakewuh ,kulantaran taqdiran akibat laku lampahna.
Eta dina samangsa ti hiji padumukan anu kasebat kampung leungit sarina aya salah sawios kaluargi anu di pupuhuan ku saurang lalaki anu yuswana tos Lima Puluh tahunan anu ngagaduhan nami Bathara Aji Rasha tur migarwa hiji istri anu kanamian Ambu Cahaya.
Sareng eta kaluargi teh di paparin turunan ku Gusti nu Maha Suci dua putri saurang puta,ari anu pang ageungna putrina teh katelah Nyai Qidam,nu kadua putra anu ka telah Bathara Ali,nu bungsu Putri Ali.
Kaayaan di eta patempatan Bathara Aji Rasha katinggal teu matak pi meulangen,kumargi aya ditengah pakampungan,sok sanaos paanggang jeung pang dumukan ti tatanga nu lianna.
Mangsa ieu di bumi Bathara Aji Rasha,katinggal aya somah anu dedegana sapertos pagawe negri atanapi patugas,lantaran katinggal sakitu rapih tur komaraan.
" Alhamdulillah,kasep dina waktos ieu abdi rumaos tos ngabadega kasalira kedah sumping ka ieu gubug,hampura......nya ulah kirang sing ageung pnghapunten kanggo abdi nu hina oge ka kaluargi abdi.....kasep!, Bathara Aji Rasha cumarios ka eta somah.
" Ohk........abah,sami ti abdi ge,neda di hapunten tina sadaya kalancangan abdi,margi ti sasih kamari ge hartosna,sok sanaos emutan abdi ngaraos ambeuk ka Bathara Ali putra abah,tapi abdi teh tetep ninggali abah,malihan mah eta putra abah teh tos di angken rai,tapi hapunten bah,da adat na teh kacida ngisinkeun nana,saur urang dayeuh teamah di kasih jantung malah minta ati!", eta somah teh ngajelaskeun kacida bentesna.
" Sumuhun kasep,abah nampi temenan,sabab ti sasih kamari nalika salira cumarios perkawis eta putra abah ge,ari manah abah mah tos nampi,mung ari abahmah ngantos anjeuna pribadi anu ngauningakeun eta perkawisna,sabab mu teu acan kahartoseun ku pribadina mah moal janteun anggeran,hapunteun abah sakali deui kasep,abah teh ari isin mah isin,aya babasaan ti urang dieu,hanacaraka datasawala,insya alloh ku abah perkawis ieu di tangung waler,da Bathara Ali teh putra abah,mung abah nyuhunkeun waktos,lamina dugi ka akhir sasih ieu,nya ari enggalna mah mugi we gusti nu Maha Kawasa maparin dina rezekina,dupi ari eta kebeubeurat anu dilakukeun ku putra abah teh sabara ageungna kasep?". Katinggal Bathara Aji Rasha dina cumarios sakitu alumna.
" Nya teu ageung bah,mung Tilu Jogol,tapi abdi teh sieun katohyan ku istri abdi bah,abah langkung uninga dina perkawis ieu,piraku abdi tos nulungan kedah nampi karuwetan di leubet rumah tangga abdi.", Somah nyambungan obrolan Bathara Aji Rasha.
Bathara Aji Rasha katinggal beuki leleb,dina manahna mayunan cumarios,"..........Duh Gusti nu Maha Suci,tobat ampun abdi ka gusti,rumaos kapungkur abdi tos milaku perkawis saperti kieu ka Ibu Rama Abdi,ampun Gusti,kapungkurmah Ibu Rama Abdi tiasa nyimbutan abdi da aya calagrangna,ari ayeuna abdi rumaos tu daya teu upaya,namung abdi sieun tur isin kaliwat saking......ampun gusti........!".
Somah surti ka pribumi,teu lami amit mundur,mung disela ku cariosan eta somah sateu acan jung," Bah ku abdi di ceupeng cariosan abah........".
" Insya Alloh kasep,pi doa na,mugi sing dugi kana janjina.", waler Bathara Aji Rasha.
Muajin ti masjid kaum kakuping,tanda ning waktos Isya tumiba,Bathara Aji Rasha saentosna somah eta mundur,lajeng wae ka kamar pang sujudan di eta bumina.
nyambung...............................
Tidak ada komentar:
Posting Komentar