Kamis, 12 Juni 2014

BUAH SIMALAKAMA 4

     Eta nalika Bathara ngiring ngariung di riungan bulanan para pencetak Karakter Anak Bangsa di hiji Lembaga anu dina waktos kalangkung di tahun 2000 Bathara Aji Rasha sareng Kang Parbu Solomo ngawangun Kalembagaan anu di Pondasian Laa ilaha illolloh,nyaeta Lembaga Pendidikan Islam.
     Salami Tilu taunan Bathara ngiring ngabandungan secara seksama,sabab endog cikal bakal eta ulah dugi ka gagal netes keun generasi generasi bangsa,ari kang prabu Solomo terjun langsung di lebet kalembagaan,sabab mun kang Prabu sami mung ngabandungan di luar kagiatan tangtosna bakal ngalaman pajuliut proses pengeraman endog endog munggaran ieu,sabab sadaya para pelaku pencetak karakter anak bangsa anu aya eta sadaya teu saluyu jeung teu percaya bakal ngawujud,sanajan eta maranehna tos janten profesi anu di buruhan ku negara.
      Tilu taun teu karaos,generasi anak bangsa lulusan pertama tos ngawujud,Bathara ngaraos bingah,tarikan napas karaos panjang,kahariwang teu pati honcewang,lantaran kang Prabu tos mulus ngagiring calon generasi bangsa di eta lembaga ngwujud.
     " Alhamdulillah,hatur nuhun gusti..........", Bathara muji ka gusti dina nikmat kabingahan,sok sanaos tantangan dina eta salami Tilu taun sakitu rongkahna,nya teras Bathara nyambung cariosan khususna ka Parabu Solomo.
      " Kang sing emutnya,waktos urang calik nuju ngarencanakeun ngadamel lembaga pendidikan tea di teras Masjid Jami Attaqwa,numana kin mun tos ngawujud ieu lembaga Lima Taun ,Sapuluh Taun kapayun,salira bakal ngalaman hiji tantangan anu pikanyerieun mungguh pikiran,sabab eta mangsa bakal aya sababaraha urang jalma anu tandes nghinakeun ka urang,khususna ka saliara lantaran salira aya dilebet eta kalembagaan,jeung eta lembaga bakal di aku aku ku eta jalma jalma.sing emut nya,urang ulah eleh kuhal eta,sabab urang gaduh pondasi nu teu meunang di popohokeun." Bathara nyariosna teuleub tapi hampang pisan sabari ngaluarkeun haseup udud dina bahamna.
       " Insya Alloh bah , mudah mudahan abdi tetep dipaparin kakiatan ku gusti." Kang Prabu ngawaleur khudu.
       Kala terus maju,Tilu Welas Taun tos kalangkung,Lembaga tos tiasa nyetak anak anak bangsa babaraha angkatan,gusti ngageurakeun Bathara anu salami Sabeulas taun jonjon teu pati peduli ka eta lembaga.
      Sabab musababna,Bathara ngarasa aneh aya murangkalih anu bakal lulus wantuneun nyarios kasar ka sepuh anu mana eta sepuh teh dipkawauh,kom mun kanu teu apal.
     Jadi emutan Bathara ngaraos aneh,kunaon kang Prabu lali,naha salam ieu eta lembaga teh teu ngarasa yen cikal cikal generasi bangsa anu di tempa di lembaga na teh gagal,sabab Budi jeung Pekertina teu napel,iwal mun tujuanna rek ngadamel jalmi jalmi kasar bari takabur.
     Ieu hiji patokan,Ari Lembaga eta tos pasti kudu aya pupuhuna,aya papatihna,aya kapala ekonomina,aya para staf pelaksana tugas hariannana.
     Dimana pupuhuna eta tarapti tur apik dina ngarahkeun sadaya anak buahna dina ngageroh anak anak didikna,bari di dasaran ku pondasi asal,maka hasilna moal nyulayaan.
     Tapi dimana pupuhuna pasalia sareng papatih,kapala ekonomi,komo lamun sadaya na para pelaksana harian nana, hasilna tangtu bakal nyulayaan,nya ujung ujungna kahancuran baik akhlaq oge kalembagaan nana.
     Bathara Aji Rasha terus ngadeuheusan ka Prabu Solomo bari nyarios," Kang Prabu kade sing teguh dina nincak,sing kuat dina nyeukel,sing panceug dina kuda kuda,sabab bisi di tagih ku alip di tanya ku dewa urang ke di akhir,lantaran ari ngadamel sarjana sarjana anu elmuna satingkat esde mah gampang bari zaman ayeuna tos wujud kang,tah urangmah kudu sabalikna,kumaha carana urang nempa budak budak es de tapi elmuna sarjana."
     " Muhun bah,eta ge ka emutan ku abdi,sok s anaos salami ieu abdi ngaraos nyorangan di ieu lembaga,paitna memang langkung ageung karaosna batan kaamisna." Prabu ngawaler.
     Hatur nuhun kang ari tos rumaos bari narimakeunmah.insya alloh gusti tetep bakal ngaping salamina,sabab pondasina ,kade ulah di popohokeun.




                                                                                          nyambung ke kapayun.............................
       

Tidak ada komentar:

Posting Komentar