samangsa dina Saptu sonten,Bathara Aji Rasha nampi sasauran ti rerencangan nana anu janten pagawena pamarentah di padumukan Bathara,anu eusina menta tulung dina dinten Minggu ceunah bakal kasumpingan tamu anu peryogieun lokasi anu aya batuan,sidikna mah gunung batu.
Nya dina dinten Minggu Bathara Aji Rasha angger dina lagancana teh tabuh Sapuluhan we bada Duha,nya Bathara emut kana sasauran ti rerencangan nana tea,tapi Bathara Aji Rasha katinggali kaleum tur biasa wae,nya naon anu jadi kabiasaan atanapi padambelan pribadina anu kamari katunda nya diteraskeun naon anu sakeudahna.
" Assalamualaikum,.........", Di payunenun panto anu masih keneh nutup kakuping aya anu sumping bari uruk salam.
" wa alaikum salam,kedap kang pantona masih di tutupan,hampura....", Waler Bathara bari muka konci panto gubukna.
Eta semah teh teras asup calik di payunenun Bathara,teras nyusul dua urang deui sabari uruk salam tur sasalaman ilaharna antawis semah jeung pribumi.
" Mangga caralik,ngan hampura da korsimah kuring teu acan tiasa ngagaduhan,saayana dina talupuh ge........",Bathara nyambat semahna.
" Okh terimakasih pak.",Waler semahna ku bahasa Nagari.
Saentosna Ambu istrina Bathara masihan leueuteun saayana,eta semah ngobrol sakumaha anu dipimasksad anu tos di uningakeun ku rerencangan Bathara ti dinteun Saptu tea.
Teras Bathara sarenga sadaya semahna angkat ngajugjug ka hiji tempat anu katelah Gunung Kanaga anu aya di wewengkon Dalem Cikembar.
Ngan sateuacan kalokasi eta Bathara ngadeuheus heula ka rerencangan nana anu uninga kana eta urusan nya eta ka Sukadiningrat.
" Assalamualaikum......!", Bathara uruk salam,tapi kaleresan Sukardi nuju aya di bumi anu sagedengeun na nya di bumi raina,nya Bathara terus nyusulan.
Teu sabara lami ge Bathara sareng Sukardi tos aya di bumina bari nyuguhkeun kopi ka sadaya semahna anu di candak ku Bathara.
" Bapa hampura kuring teu masihan uninga ti anggalna bade nganjang kadieu,mung enggal we pa,abdi bade nguningakeun maksad ti para ieu konco,nya teu aya lian diantawisna nyusul saur kapungkur nya eta lokasi batu atanapi gunung batu tea.", Bathara bubuka langsung kana maksud intina.
Bathara sareng Sukardiningrat tur para semahna ngobrol kaditu kadieu,sabari nyeepkeun kopi panyuguhan pribumi,terus teu sabaraha lami arangkat kalokasi gunung Kanaga tea.
Di lokasi eta semah tea nyerios atanapi naros ka Sukardi naon naon anu perluna kedah di taroskeun,conto batu nyuhunkeun bade di taliti ka Sukardi anu ageungna sadampal pean.
" Pak aku minta contoh dari ini batu untuk di leb,insya alloh kahabarnya nanti aku sampaikan ke Abah Bathara." Semah tea nyarios sateu acan uih deui.
nyambung engkin...............................
Tidak ada komentar:
Posting Komentar