Jumat, 06 Juni 2014

BUAH SIMALAKAMA 2

     Bathara Aji Rasha anu katelahna ka eta lalaki teh memang di lindihkeun ku sorangan anu tujuan nana mah supaya tetep jadi pangeling ngeling ka diri sorangan,sabab mun hirup di alam kumelendang ieu teu bisa ngarasakeun kana rasa kanu lian,mantak mawa diri jadi asa leewih ti batur,kasombongan pakean nana,katakaburan solendangna,kaadigungan asa jadai pangawasana.
     Dumasar kana eta lindihan Bathara Aji Rasha , mangkana eta lalaki teh tara aya ketakna mentengkreng kana karep soranganari lain kuduna kalayan di dasaran ku parentah agamana mah,diantara kalakuan sang Bathara Aji Rasha eta nyaeta,nalika anjeunna kasumpingan saurang sahabatna kang Prabu Solomo.
     Sa bada Isya,sang Bathara nuju calik di rencangan ku misanna,anu tegesna di bumi sang Bathara,eta tos ngabiasa kanggo misan na Bathara mah,ti nimbang utrak atrok teu puguh mah saurna langkung sae deudeuheusan ka bumi Bathara we,sabab tara daekeun ceunah Batharamah dina ngobrol teh urusan pangkaliruan.
     Nya teu lami jol sumping deui kang Prabu Solomo bari ngucapkeun uruk salam,sologrong ngasongkeun dampal panangan ngajak sasalaman ka Bathara sareng ka misan na.
     " Alhamdulillah kang Prabu,sehat salira? enya eta tadi siang naha kamana? pan murangkalihna nuju ngalaksanakeun pangujian kang. " Bathara naros bari marahmay.
     " Aduh hampura bah,abdi mah uih,peraosan nuju kesel pisan,da eta ninggali tulisan dina papan pengumuman nyulayaan kana aturan,kesel pisan bah.", Prabu ngawaler bari katingali sikap anu masih keneh keselna.
      " Ambuing anaking,wajar we keselmah,pan salira teh kapala urusan anu tugasna nya diantawisna ngaburuhan sadayana pagawe,tinangtu salira bakal ngaraos isin ku sadayana pagawe,naha kunaon sasih ieu telat,sanes kitu kang?",Bathara nyambungan Prabu bari meseum.
       " Cobi ku abah di emutkeun,kapungkur waktos taun 13,aya bantosan ti luhur tina DUZ,anu ka uninga mah eta bantosan teh nu kaanggo mung 15 jalu,padahal ageungna bantosan ti luhur 135 jalu,naha di kamanakeun sesana bah,ngan abdi teu seueur saur,sabodo we ari beuki mah da engke ge sing saha eta anu ngahakan,da dirina anu bakal narima kana sagala rasana,tapi bah ari kudu nyulayaan ka para pagawenamah abdi nu ngaraos isin,pajarkeun mah saruanan!" , Prabu nyraita masih katingali ambeukna.
     " Nya cek kuringmah kang keun weh atuh,sina raoseun karep manahna eta jalmi,pan pimpinan salira sanes,nya kanggo ka para pagawemah terangkeun we saujradna,praku sugan nyalahkeun saliramah,da tos pada uningaeun sanes sarerea ge?" Bathara tetep ngupahan .
     " Ihhhhh bah,ieu amarah masih tetep kesel kana kasulayaan eta jalma bah, sabab taun ieu ge bantosan ti luhur teh masih nampi deui nya anu ageungna 135 jalu,angger ti DUS malah di tambihan ti EZN,abdi tetep bungkem sanajan apal di sulayakeun kana kuduna,asa ke nemen nemen teuing eta jalma teh bah!". Prabu malah asa dijalanan,bisa ngabudalkeun kakeuheul hatena.
     " Emh ambuing kang prabu,kieu atuh cek kuringmah,geura teguhkeun karep salira,naha kudu di beberes saujardna,atawa keun bae sina ku mangsa,nu penting mah urang terus mepelingan nana,ari enya tea mah nyulayaan kana bebeneran nana,tah kuring ge bisa mantuan da kuring ge ka asup kana salah saurang anu ngawangun eta paguron,bari ngagaduhan hak geusan nalungtik tina kamaslahatan nana,jeung kudu inget kang,eta paguron teh di wangun ku urang duaan kalayan di dadasaran ku pundasi LAA ILAHA ILLOLLOH,kade kang hilap!" , Bathara tetep nyaritana leuleuy.   





                                                                                                 nyambung deui engke nya....................

Tidak ada komentar:

Posting Komentar