[31/12/2021 22:38] aji rasha:
Kitab Élmu Tasauf
Titinggal Jagasatru
Kitab Ka Hiji
Élmu Jasad Manusa
Sabada urang ngabandungan Bab Kajadian Dunya jeung Kajadian Manusa, ayeuna uranng papay
Bab anggahota badan
nu aya dina jasad Manusa jeung naon sababna
disebut hirup?
Sababna manusa disebut hirup téh lantaran boga
‘usik jeung malik’:
- Ningali,
- Ngareungeu,
- Ngangseu,
- Ngarasa,
- Nyowara.
Jadi manusa hirup téh
kaciri pagawéanana
ku parabot anggahota jeung pancadriana,
di antarana:
- Nyowara ku cangkem,
- Ngangseu ku Pangambung
(irung),
- Ningali ku panon,
- Ngarungu ku cepil,
- Ngarasakeun kadaharan
ku létah,
- ngarasakeun kasar-lemes/
peurih-ateul ku kulit.
Jadi upama eta prabot sakuma henteu digarawé, upama
cepil molongo tapi teu nguping,
panon molotot tapi teu awas, canhkem teu nyowara,
irung teu ngambeu,
jajantung teu ngempés.
Éta jalma tangtu kaayanana teu béda ti bonéka.
Hartina paéh.
Jadi nyirikeun hayat mah kudu kupagawéan MAJABI.
Ayeuna urang terangkeun hiji-hijina parabot Majabi jeung pagawéanana,
supaya urang bisa nyaho kana hirup urang,
ulah nepi kana pamuhitan parabot Mujabi,
tapi kudu ka Anu Suci jeung lalakona Suci,
nyaéta:
Alif Lam Lah Ha.
Panon.
Ieu parabot anu pangapesna ti antara anu lima.
Pangna disebut pangapesna nyaéta kusabab pagawéanna ngan sapihak baé ti hareup, sabab panon mah henteu sidik atawa awas ka nu aya di tukangeun,
tapi ari jalanna mah sarua jeung nu lian nyaéta
ku geteran aether.
Ari jalanna kieu:
sagala rupa wujud anu katinggal ku panon
bérésna mah ku Uteuk mencarkeun cahaya.
Éta cahaya asup kana lensa, terus ditepungkeun jeung parabot nu liana,
Nepi ka ngageterkeun tungtung urat syaraf anu aya dina panon.
Lantaran cahaya téh pagawéanana aether anu ngageter,
éta urat syaraf jadi ngageter sapanjangna nepi ka muarana, Uteuk téa.
Ku geterna urat syaraf dina Uteuk tuluy ngaberebet aya gambar anu katinggal ku panon tadi,
jadi nungayakinkeun paninggal mah nyaéta Uteuk.
Ceuli.
Kitu deui sora anu karungu
ku ceuli,
éta ogé ku alatan geterna aether kénéh anu katarima
ku ceuli.
Aether ngageterkeun lamad panglampud liang ceuli terus ngageterkeun Palu anu longer antelna kana lamad. Tungtungna éta Palu keuna deui kana urat syaraf pangrungu, terus ngageter nepi ka muarana nyaéta Uteuk.
Nya di dinya katetepanana manusa biga rungu sora.
[31/12/2021 22:48] aji rasha: Irung.
Pangangseu/ pangambeu ogé nya kitu ku ayana geteran aether
tur ngambeuna mah disahkeun ku Uteuk.
Kulit.
Pangrasa ogé ku ayana geteran aether kénéh anu katampa ku urat syaraf nu minuhan sakuliah kulit jeung bubungkus liana.
Jadi nyata ka urang
Panon,
Ceuli,
Irung,
Baham,
Kulit
bisana nampa pangrasa téh poko na mah ku Uteuk,
sabab di dieu ngamuarana pancadria.
Pantes pisan Uteuk
ka anu tuna ngajina
sok di puhit jeung dipigusti.
Omat urang ulah nepi ka kitu sabab Uteuk
moal bisa digawé lamun euweuh Hayat.
Tadi di hareup geus disebutkeun panon parabot nu pangapesna, lantaran teu kawasa ninggal anu aya di tukangeunana upama jirima henteu malik, kitu deui ka gigir, ka luhur jeung ka handap upama teu ngarobah jirimna.
Jadi ana kitu tanagana
panon mah ngan saukur kana adep-adepan baé,
tur kudu aya dina kaayaan anu caang,
ulah aya di nu poék.
Tapi sanajan kitu kakuatan panon bisa ngagambarkeun anu katinggal téa, ieu geus ngajadikeun hiji kaahéngan. Kitu sababna sok aya jalma nu muhit kana panon kusabab panon téh kaasup ogé jadi pagelaran cahaya.
Tanaga pangrungu (Ceuli) kawasana leuwih tip panon, Sabab tara nanya ka anu
di tukang atawa di gigir,
kitu deui di luhur jeung di handap, sumawonna nu di hareup.
Kitu deui ceuli mah
tara tampikan,
boh poék atawa caang,
sarua jeung harkatna Pangambung (irung).
Tapi sanajan kitu éta pancadria teu meunang dipuhit sabab digawéna
teu kawasa sorangan,
hartina kudu dibatuan ku nu liana. Buktina:
anu ninggal, ngarungu, ngangseu jeung ngarasa saenyana mah Uteuk.
Sakali deui urang teu meunang muhit kana Uteuk sabab uteuk gé masih
ka purba ku Hirup (Hayat).
Kusabab tepungna jeung Uteuk ka jalan getih
anu dikompa ku Jajantung atawa Ati Fu’ad.
Kitu deui Jajantung ogé
ulah dipuhit, sabab kompa anu digeterkeun ku geteran aether téa.
Kitu deui poma ulah muhit kana Jajantung,
malah sabagéan jalma
aya nu teu werat nyebut jajantaung tapi
“Kembang Cau”,
ieu hiji urusan anu kacida tunana.
Ana kitu jol tujuan
ku angkeuhan “Kumpulkeun baé kabéhanana”,
jadi nu dipuhit téh
MANUSA HAKIKI, nyaéta
MIM HA MIM DAL,
ieu oge salah kénéh,
sabab sarua jeung muhit kana Rasa,
nyatana kana badan
bukti ADAM.
[31/12/2021 22:52] aji rasha: Aya deui anu muhit
kana panyambungan
ti Bapa jeung ti Indung, nyaéta nu disebut: MANI-MADI-
WADI- MANINGKEM,
gelarna Pangéran
ka Indung Bapa,
pokna :
BAPA BATIN –
INDUNG BATIN,
beuki komo salahna!
Sabab pabéntar pisan jeung patokan yén Allah ngan HIJI, kari-kari ayeuna jadi DUA nyaéta IBU-RAMA.
Atawa ADAM-HAWA.
Omat nu diajar jeung ngaji Tarékat ulah nepi ka kitu, sumarambat nyieun panutan atawa patokan anu apes.
Saterusna :
“Anu mana atuh anu SAH sarta kudu dipilampah?”
Ieu babaran boga jalan sorangan, nyaéta
mimitina kudu TAHKIK heula kana Surat Al Ikhlas (QS 112).
Sababna éta téh ngandung élmu Allah.
Tambahan deui
ku Surat AL Fatihah anu mangrupakeun ‘umul Qur’an, ogé nu boga lalandihan “Maklumat”.
Sok geura ulik sing husu
éta dua surat insya Allah urang bakal tajali kana dalil ALIF LAM LAM HA
[31/12/2021 22:59] aji rasha: Kitab Kadua
BAB I -
Élmu Kajadian Alam
Dawuhan Allah:
“Sumastawa illassama-i wahiya duchaan”
Ari dunya téa miwah nu gelar, jadi upama urang
rék nyukcruk Élmu Kajadian, utamana dimimitian ku ‘kajadian dunya heula’. Nyaéta ku lalakon dunya
tina gaib nepi ka nyaré’atna, nyaéta ku bukti.
Sabab moal kurang aya pananyaan:
“Naon ari mimitina dunya?” atanapi
“Jeung naon nu aya saméméhna aya
bumi jeung langit?”
Dawuhan Allah:
Lajeng Anjeunna ngajugjug kana nyiptakeun langit tur langit téh masih ngarupakeun haseup,……."
(QS Fushshilat, 41:11)
Tah ieu di handap
dicoba ngabahas kateranganana.
Menggah nu jadi kawit
alam katut eusina, nu teu meunang dikira-kira
ku mamanahan,
sabab aya hiji musabab
nu ngatur nu ditetepkeun ku undang-undang alam.
Éta ‘dzat’
geus ngandung pinten-pinten ‘perbawa’ jeung kakuatan
anu bakatna ‘panas’.
Tapi masih kénéh ‘rengrem-reureuh’,
tacan metakeun pagawéan. Hartina éta dzat
geus ngandung ‘perbawa’ jeung ‘kakuatan’,
yén kitu kuduna!
Tingali bae endog hayam,
pék medal ti hayam,
geus papisah tina badan biangna.
Di jero éta endog téh
ngan aya bobodasna jeung kokonéngna wungkul.
Ti dinya éta endog dihaneutkeun ku panyileungleuman biangna. Terus jadi pitik.
Tinggali ayeuna pasésaan endog téa,
yakin ku urang anu jadi hayam téh nyaéta bobodasna jeung kokonéngna;
sabab cangkang jeung lamadna mah masih bukti aya wujudna
angger kitu kéneh.
Hayu ayeuna urang papay dina wujud anak hayam, geuning aya wujud bulu, tulang, pamatuk jeung kuku. Éta sakumna wujud teuas, sedengkeun tadi mah keur
di jero endog kénéh
teu aya wujud nu tareuas.
Nu aya ngan bobodasna jeung kokonéngna.
Coba ti mana jolna éta tulang, panatuk, kuku, bulu anak hayam téh?
Upama lain ‘perbawana pribadi’ medal tina ‘kakuatan sorangan’.
Kana kaayaan tulang, bulu, pamatuk, kuku jeung sajabana jarang aya nu panasaran kana kajadianana
[31/12/2021 23:06] aji rasha: Kitu deui kana dzat pibakaleun dunya jeung eusina.
Dina soal ieu urang
kacida tingaleunana,
aya kecap teu kudu loba teuing kapanasaran,
ceuk nu ngedul.
Éta dzat pibakaleun téh bukti, matuh dalit jeung alamna,
tur jembar henteu kakurung ku waktu jeung wates.
Lantaran éta dzat
jeung alamna teu acan metakeun pagawéanana, perbawana ‘tiis’ jeng ‘poék-mongkléng’,
teu remeng-remeng acan.
Ceuk ahli élmu alam,
Éta alam disebutna
“Alam Ama”,
jeung dzat anu minuhan éta Alam Poék atawa Alam Ama disebutna “DU”.
Tadi geus diterangkeun
yén éta DU atawa Dzat
jeung Alam Ama téa dalit ngahiji atawa gumulung henteu papisah atawa aing-aingan, sumawonna maké aya antarana,
hartina: GUMULUNG!.
Dzat anu ngandung rupa-rupa perbawa jeung kakuatan téa, ‘reureuh salebeting reureuh’ pagawéanana ‘cicing nu anteng’,
matak perbawana poék.
Jadi dina alam anu tanpa wates-wangen tadi
sanajan teu katinggali
ku sing saha nu rék nganyahokeun kajaba ti
Allah swt.,
éta téh geus aya "fa’al”, nyaéta DU,
anu teu bisa di kira-kira
wujud jeung sipatna;
kitu deui af’alna.
Nyaéta reureuh
nu sipatna poék jeung tiis.
Ari dzat DU téa
perbawana panas.
Di palebah dieu
geus aya dua sipat,
nyaéta ‘panas’ jeung ‘tiis’,
anu teu sarua kaayanana,
teu bisa hanteu basa Arabna: “ismalat jadabeh asmal astadab”
ceuk basa ilmiahna mah atawa basa Kimia
“korabat so’aharat ‘alakoh hasyabah”
nyaéta kakuatan anu
silih tarik kusabab
hayang ngahiji.
Ku sabab ayeuna
datang BAKAT, jeung DU tadi ngandung ‘perbawa’ jeung ‘kakuatan’
éta dzat henteu "tetep dina reureuh" ,
tapi ‘lilir’,
anu tadina ‘cicing’
diganti ku ‘nyeuseup jeng meres’,
ibarat dina barang nu wujud mah KEMBUNG – KEMPÉS
[31/12/2021 23:20] aji rasha: Silokana:
‘hayat ngariut jeung beukah’. Ti dieu DU téh jadi GAIB,
nu disebutna HU.
Kusabab geus robah
tina reureuh jandi gerak
jeung kakuatan bakatna tadi tambah rongkah,
nya jadi kakuatan KHOLAB, terus jadi kajadian IDTIRAB.
Kusabab ayeuna
geus jadi kakuatan KHOLAB, nyaéta bakat panasna
Dzat HU.
Waktu gaib tambah nyambirat sipat poék atawa nu tiis kapanasan,
terus “nguap”
jadi jinis anu ‘lemes’. Disebutn KOKABI,
nyaliara minuhan Alam Ama.
Di ahir jadi wates Paninggal, hartina
panghalang katutasna Paninggal,
ilahar ku urang ayeuna disebutna LANGIT.
Ngan harita alam masih kénéh poék,
tah dina Al Qur’an ieu disebutna “dukhaan”.
Dawuhan Allah:
“Jeung Anjeuna nyiptakeun
di bumi éta gunung-gunung anu tohaga di luhurna. Anjeuna ngabarokahan sareng
Anjeunna nangtoskeun kadar katuangan (panghuni)na
dina jero opat mangsa. (Pangjawab) keur jalma-jalma nu nanyakeun’. (QS Fushshilat - 41:10).
Kecap ‘dukhaan’
loba nu napsirkeun,
aya nu nyebut ‘poék’,
aya nu nyebur ‘haseup’.
Tapi sajaba ti haseup ogé sarua ‘poék’ kénéh baé.
Ceuk ulama Alza Muchsori, ahli tafsir kieu:
“Éta haseup téh
nguap tina cai,
nyaéta bakat tiisna,
poék téa anu jadi dasar
Tahta Pangéran.
Nyerebung ka luhur, engké di ahir upama geus tuhur bakal jadi bumi.
Uap anu nyerebung téa
jadi langit”
Dawuhan Allah:
“Wasi’a kursiyyuhush samaawati wal ard…..”
“kursi Pangéran téh lega ngaliputan Langit jeung Bumi ….” (QS Al Baqarah – 2: 255)
Kusabab HU teu weléh-weléh ngedalkeun perbawa jeung kakuatanana,
anu tadi geus disebutkeun, dalit ngahiji jeung Alamna. Komo ayeuna alam geus dieusi ku dzat anu lemes jeung geus miboga kakuatan “mahnetisme” tina HU
terus gelar Dzat deui
anu baris jadi wawadah “cahaya di ahir”,
nyaéta SIR.
SIR ieu anu ngeusian rupa-rupa jinis Dunya, sajabana dunya badag geus jejel pinuh ku rupa-rupa jirim jeung wujud.
Éta Sir rata eusina anu lowong jeung nu teu lowong. Hartina:
kilangbara lolongkrang-lolongkrang dunya, menggah manusa, batu, kai, cai, seuneu jeung sajabana ti éta sapuratina kaeusian ku Sir ieu.
Ari Sir ieu jadi wawadah kauatan jeung perbawa Hayat Dunya,
dina saanggeusna ngajadi Maqom Cahaya.
Tapi waktu jaman dalil HU kénéh,
ieu Sir tacan kapanjingan
ku cahaya.
Sabab sagala kajadian
masih kénéh tacan aya pagawéanana anu tetep,
ukur mencarkeun perbawa wungkul.
Ogé ka Sir can aya sabab
anu ngagerakkeun.
Kusabab HU téa
loba perbawana jeung kakuatanana,
henteu weléh-weléh mencarkeun perbawa jeung kakuatanana.
Tapi ayeuna mah rada pered sabab kapager ku Sir
anu ngeusian sakuliah Alam.
Kitu deui sabab geus aya kakuatan “mahnitisme”.
Jadi sakumna nu geus gelar ngarubung katarik ku HU. Kawuwuh deui ieu
naktu GAIB, teu weléh-weléh ngariung jeung BAKAT.
Nya gelar kakuatan tanaga “listrik”,
basa Arabna KAHRAB,
nyaéta anu mereketengtengkeun HU.
Hu sateruna muncrat kalawan muni,
nya bray baé CAHAYA
anu jadi pangeusi Sir.
Ieu Sir kaasupan Cahaya jeung tanaga listrik,
terus ngageter nu teu eureun-eureun,
sahingga tacan nepa kana waktuna deui tina bakat tiis, poék tadi ku KAHRAB jeung IDTIRAB jeung kaasupan ku Sir, dieusian ku Cahaya, jebul bae anasir CAI.
Geus puguh ku munculna HU, jadi Cahaya pasti gelar anasir SEUNEU.
Datang ka dieu HU
geus ngalakonan tina poék jadi caang,
nyaéta tina reureuh
jadi digawé,
nya ganti jadi Dalil Allah
anu unggelna kieu:
“Allohu nurus samawaati wal ard….”
“ Allah téh (Nu Masihan) cahaya (ka) langit jeung bumi".
(QS Nuur, 24:35).
Kitu deui Sir
ngalalakon tina reureuh
jadi ngageter,
kawuwuh jadi wadah cahaya, nya disebat
NUR MUHAMMAD.
Kitu deui
anasir Seuneu jeung
anasir Cai
pada ngalalakon,
miwah ngedalkeun
perbawa jeung kakuatanana séwang-séwangan.
Sakumna anu kajadian
tina HU jeung sipatna
henteu suwung
tina perbawana tur kakuatanana,
kitu deui teu eureun-eureun pada digawé,
dilantarankeun ku
‘geterna aether’
nu teu eureun-eureun téa.
[31/12/2021 23:30] aji rasha: Ayeuna ganti lalakon Alam.
Tadina mah
poék jeung reureuh,
ayeuna
jadi caang jeung digawé,
tur sakumna bibit kadunyaan geus kumpul,
ngan dina wujud anu lemes kénéh, nyaéta
can jadi saréat anu badag.
Ku kakuatan geteran aether téa jeung ku lemesna sakabéh wujud-wujud,
ieu jirim-jirim anu ngumpul téa tuluy boga gerakan muntir saperti kincir,
anu mawa tetep nepi
ka ayeuna.
Sanajan geus nyaréat
bumi, langit, panon poé, bulan, béntang,
pada tetep gerakanana ngubeng-ngubeng baé kawengku ku aether anu teu eureun-eureun gerakna.
Ari barang anu lemes téa pageuh dina bakatna
hayang paburencay,
tetep sotéh ngagulung
nya éta ku perbawa ngincir tea.
Tapi sanajan kitu
henteu seweng-seweng
aya anu kapeclengkeun,
terus patepung jeung jinis
nu séjén deui saperti
jinis seuneu tepung jeung jinis cai atawa bumi;
kitu deui jinis angin
patepung jeung seuneu atawa jinis nu opat ngagulung
jadi hiji,
nyaéta saperti adonanana badan Adam di ALam lemes tadi.
Asalna tina anasir bumi, cai, angin, seuneu,
hayatna tina Cahaya,
naktu Gaib anu boga wawadah aether.
Tadi di hareup diterangkeun yén
seuneu tina Ismu Jinis;
Cai, Angin, Bumi tina sipatul Af’al, jeung
Hayat tina Cahaya Nijis.
Nyata ayeuna mah
yén dua rupa badan
anu di manusa téh
najan asalna tunggal hiji ogé aya nu tina sipatul Jinis,
aya nu ti Sipatul Af’al jeung Sipatul Sipat.
Lamun dibéjér-béaskeun mah kieu:
Badag tina sipatul Af’al
Getih tina sipatul Sipat
=> GUMULUNG JADI HIJI
Hayat tina sipatul Jinis
Nya terus ngalalakon
anu nimbulkeun Asma.
Di luhur geus dibabarkeun yén kakuatan jeung perbawa dalil HU jeung gelarna SIR téa ngajadikeun opat anasir nyaéta;
Seuneu,
Cai,
Angin,
Bumi.
Anu pada ngandung
kakuatan jeung perbawa séwang-séwangan.
Tina ieu opat anasir
anu pada ngandung tanagan jeung kadorong ku kakutan jeung perbawa aether
terus aya rupa-rupa campuran,
nyaéta:
Seuneu dalit jeung Cai, Angin, Bumi.
Seuneu dalit jeung Cai, Angin, tinggal Bumi.
Seuneu dalit jeung Cai, tinggal Angin jeung Bumi
Seuneu dalit jeung Angin, Bumi, tinggal Cai.
Seuneu dalit jeung Angin, tinggal Bumi jeung Cai.
Seuneu dalit jeung Bumi – tinggal Angin jeung Cai.
Cai, dalit jeung Angin, Bumi – tinggal Seuneu.
Cai dalit jeung Angin – tinggal Seuneu jeung Bumi.
Cai dalit jeung Bumi – tinggal Seuneu jeung Angin.
Angin dalit jeung Bumi – tinggal Cai jeung Seuneu.
[31/12/2021 23:41] aji rasha: Ieu sakumna kaeusian
ku Sir jeung Cahaya, ngadatangkeun rupa-rupa kajadian anyar
anu jadi Bakat jeung Tabé’at Dunya badag.
Kitu deui Roh Manusa
nya ti dinya asalna.
Di dieu moal waka diwicik hiji-hiji, sabab bisi panjang teuing lalakona,
Ngan engké di hareup pasti kapanggih sambunganana.
Tapi wicikan anasir-anasir dina wujud tunggalna
dina ieu bahasan urang gelarkeun saeutik-saeutik, sabab éta anu nyambung kana kajadian Manusa.
Wicikan Anasir Alam
Dina wujud dunya badag
aya 5 Sipat anu dalit jadi hiji, nyaéta:
Jinis Seuneu
Jinis Cai
Jinis Angin
Jinis Bumi
Jinis Sir, wawadah Cahaya.
Ieu séwang-séwang
pada boga sipat reureuh jeung digawé (gerak),
ogé hadé jeung goréng.
Jadi anu 5 rupa jinis téa
ka Dunya Badag mawa 4 x 5 tabé’at,
sarua jeung 20 tabé’at.
Kusabab pada mawa séwang-séwang téa,
éta nu 4 jinis
(Seuneu, Cai, Angin, Bumi) watekna mumusuhan baé, lamun diantep ku Sir.
Hayu urang telek hiji-hiji.
Seuneu jeung Cai:
upama loba teuing Seuneu
ti batan Cai,
Cai nu éléh
pasti Cai bakal saat.
Sabalikna
upama Cai loba teuing, Seuneu bakal pareum
kacéos ku Cai.
Seuneu jeung Bumi
nya kitu deui,
Cai jeung Bumi, pon pilalagi. Loba teuing Cai
bumi bakal ngayur.
Sabalikna,
Cai anu nyerep kana Bumi, bakal saat.
Ari Seuneu jeung Angin atawa Cai jeung Angin,
silih bantu perbawa,
upama sarua tatandinganana.
Gedé Angin:
Seuneu bakal ngagugudag, Angin ogé bakal ngaguruh.
Cai jeung Angin nya kitu kénéh:
Gedé Angin,
cai bakal umpal-umpalan
ku lambak (tsunami).
Gedé Cai angin mingkin rosa. Dina silih bantuna antara Seuneu, Cai jeung Angin,
éta kajadian bakal ngakibatkeun guyur atawa ngaruksak alam dunya.
Ari Bumi jeung Angin
aya 2 rupa akibat:
a). Loba teuing Angin,
Bumi bakal garing terus meledug,
b). Sabalikna loba teuing Bumi,
Angin bakal kapépéed,
jadi aber.
Kitu baé ieu 4 anasir salilana, upama ku Sir
teu diatur kaayaan tatandinganana
antara lobana hiji-hijina anasir,
supaya bisa akur
nepi ka runtut-raut, rempug-jukung,
bisa digawé babarengan.
Upama diantep mah
nya moal séwang-séwang pacéngkadan paséa saumur-umur,
susah milampah sok riweuh ka nu eukeur.
Kadang kala nu wajib dipilain, nu salah dienya-enya. Kumaha atuh sangkan
bisa akur?
Nyaéta
Sir nu kudu giat sarta unggul, sabab Sir téh ngeusian sakabéh anasir nu 4 tadi.
Nu matak kudu unggul perbawana jeung tanagana
ti anu 4 tadi,
Lamun teu kitu
nya Dunya badag
moal bisa bérés atawa
mawa aman lulus mulus, tangtu ngancik dina berewit ku kasakit, matuh nyucud dina pakéwuh.
Ari jalanna
pikeun nguatan ieu Sir
kudu ku tarékah,
supaya tanaga atawa
daya listrikna (electricity jeung
daya mahnitna (magnetic) tambah badag,
nepi ka bisa ngawengku jeung ngaheuyeuk anasir
anu 4 tadi,
sina nepi ka tundukna datang kana ngalakonan rintih-rapih, répéh jempé, silih bantuan dina jalan kahadéan.
Sarta silih geuing
dina laku kagoréngan,
supaya pupugasanana nimukeun komara, pangaruh, peurah sarta pangungsi kasucian Ati.
[1/1 10:36] aji rasha: Kitab ka Dua
elmu Kajadian Manusa
[1/1 10:42] aji rasha: Dawuhan Allah:
“Ma asolakum min hasanati faminallah.
Wa maa asolakum min syayiatin famin nafsik”
Geus kacaturkeun yén Adam nyaré’atna ku dosa,
boga angkeuhan
“ieu aing bisa ngajadikeun”, malah disebutna ogé
ABUL BASYAR.
Kitu deui Hawa,
kénging lalandian jadi
UMUL BASYAR.
Henteu di angen-angen, yén loba pagawéan anu gampang tapi teu jadi buah kajembaran ning ayeuna ogé loba pisan anu pupunjung-pupuja hayang boga anak
tapi henteu baé.
Malah anu jadi téa mah
anu teu dimaksud-maksud acan, kadang kala nu dipigawéna, dijero lali.
Di dieu nétélakeun,
yén Adam aya nu ngawengku: “KU PERBAWA KAWI”.
Yakin deui,
yén Sir-na
buktina ku boga hayang tadi. Henteu kuat, sabab kalapud ku dosa,
jadi nyaréat,
boga kurungan badag.
Kusabab
Adam nekanan dosa,
tuluy nyaréat,
katibanan hukum,
jadi kakuatanana ngajadikeun ogé kudu nyaréat,
hartina kudu ikhtiar
akal tarékat,
nyatana ku pagawéan
anu lumrah.
Kamari geus dibabarkeun
yén bangsa nu badag mah asalna tina af’al,
nyaéta tina sipat pagawéan.
Jadi sagala rupa karepna ogé kudu ku af’al, atawa pagawéan anu af’alna dimimitian ku lapad "Bismillahirrahmanirrahiim".
Ieu ucapan anu
ngalakonan nyaréat,
rumasa yén Adam-na mah teu daya teu upaya.
Anging kudu dibarengan
ku kakuatan jeung perbawa ajali.
Malah ku para wali mah
ieu dalil Bismillah téh
keur tambahan ku kekecapan anu kieu unina:
Bisroh kot,
malroh kot,
Alloh Anu misri kot,
Roh anu asup kana jirim,
Rahim anu manjing kana Roh,
Roh sapatemu ning Dat Alloh
[1/1 10:47] aji rasha: Dawuhan Allah:
Mangkana manusa
kudu nangenan tina naon manéhanana dijieun. Manéhna diciptakeun tina cai nu dipancerkeun,
anu kaluar tina antara
tulang cangkéng lalaki jeung tulang iga awéwé.
(QS. ATh Thaariq, 86:5-7)
Nu kaunggel dina kitab Ikhbadul Ibad dicarioskeun: Allah swt. Badé midamel manusa pameget istri,
teras nyampur nuturkeun hukumna sareng dibantu
ku hikmatna.
Cimani anu murag tina
Sulbi pameget kana
rahim istri,
engké di dinya tepung
binih sareng binih.
Ari dina cimani
nu bijil ti lalaki téa
aya mangrebu-rebu bibit pimanusaeun.
Lembutna lir ibarat rambut dibeulah opat.
Wujudna panjang siga
cacing keremi anu obahna ngageleper,
yakin ieu geus kaeusian
ku Hayat.
Menggah dina cai mani istri éta binih téh baruleud lonjong siga endog.
Nya kitu deui lembut leuwih
ti lembut.
Tapi henteu motah saperti binih ti pameget;
ieu mah ngan ukur ngagulusur, ayem baé.
Kusabab binih di mani gerakna ngageter,
tabé’atna obah ngageleper tur tarik dipancerkeunana.
Éta binih-binih téh ngarayap ka jero pianakan istri, néangan pilwaneunana
anu geus aya salebet éta pianakan.
Ieu dua binih kamanusaan henteu jadi ku sagawayah tepung.
Sabab dina endog binih
di istri téh aya hiji cungap. Upama amprokna henteu milebahan éta cungap téa, sama sakali moal bisa aya kajadian.
[1/1 10:55] aji rasha: Kusabab kitu tina éta binih anu mangrebu-rebu téa
geus kasebat mulus
mun aya hiji baé anu bener amprokna.
Ari kajadian éta
binih pimanusaeun téh, henteu béda ti kaayaan endog sasatoan,
Upama dicuculan cangkangna anu teuas jeung lamadna, tinggal bobodasna ngalampudan beubeureumna.
Beubeureumna dina endog téa, éta mata holang
dina endog bibit manusa.
Tapi di dieu mah henteu
siga pulas beureum, hideung, konéng, héjo,
estu hérang anu
ngagenclang baé.
Sabada binih ti pameget nyeceb kana endog ti istri sajeroning pianakan,
terus éta mata holang binih
ti istri téa nyeuseup binih
ti pameget dongkap
ka ambles kabéh,
terus ngaduk jadi hiji.
Ti dieu datang
perbawa éta binih,
bisa mencar-mencarkeun sel
jadi mangjuta-juta sajeroning kurunganana;
nepi ka 40 poé lilana
éta adonan’teu eureun-eureun mencarkeun jeung teu béda wujudna tina anu hérang téa. Katelahna eta wujud “zutfah”.
Terus éta zutfah
jadi getih kentel,
lilana 40 poé deui.
Jeung henteu petot-petot mencarkeun kakuatan.
Waktu jadi getih kentel ngaranna “Alakah”
nu geus mawa
Piirungeun,
Pipanoneun jeung Pilambeyeun.
40 poé jadi gentih kentel,
nya terus jadi daging sarta asmana salin jadi "Mutfah".
Nya bijil ceuli jeung liangna; malah nu ngaliputan
jadi kulit.
Mata holang anu asal tadi jadi Jajantung jeung nampa geteran aether;
terus digawé nyeuseup
lir kompa.
Jadi ieu ngompa getih
sina nyaliara ka sakuliah buleudanana.
Dawuhan Allah:
Jeung satemenna Kami geus nyiptakeun manusa tina saripati (asalna) tina taneuh. Tuluy Kami jadikeun saripati éta cai mani (anu disimpen) di jero tempat anu tohaga (rahim). Tuluy cai mani éta Kami jadikeun getih kentel, terus getih kentel ieu Kami jadikeun sagundukan daging, jeung sagundukan daging ieu Kami jadikeun tulang-taléng, tuluy tulang-taléng ieu Kami bungkus ku daging.
Tuluy Kami jadikeun manéhna mahluk anu (wujudna) séjén.
Mangka Maha Suci Allah,
Nu Nyipta Nu Paling Hadé. (QA Al Muminuun 23 : 12-14)
[1/1 11:03] aji rasha: Ayeuna éta pimanusaeun téh kudu barang dahar,
teu cara tadi
éstu hirup ku Hayat wungkul.
Ari jalanna kadahareun téa ngaliwatan tali ari-ari
anu nyambungkeun udelna kana Bali,
minangka akar rapet nyeuseup kana dingding pianakan biangna.
Sabab kadaharanana ka éta pamanusaeun téh dianteurken ku getih biangna mapay tali ari-ari.
Saterusna éta bayi tulangan, uratan, nyaéta
urat Roh jeung urat Syaraf, ngan éta urat Rasa
anu kaluarna tina Uteuk sirah palebah tukang mapay sungsum tulang tonggong, terus mencar, nyaliara ngarancabang nepi ka pinuh sakuliah bungkeuleukan.
Tungtungna tina sakabéh urat pada ngancik dina kulit.
Ari urat getih mah bijilna
tina Jajantung beulah kénca, nyaéta tina “Fu’ad”;
terus mencar minuhan sakuliah daging;
engké ngumpul deui jadi hiji kuluwung,
balik deui kana Jajantung, jalanna ka beulah katuhu.
Terus kana kamar jajantung anu handap,
bijil deui kana Bayah.
Sabada disaring jeung dibeuleum ku hawa ambekan dina Bayah,
asup deui kana Jajantung beulah kénca rék diperes deui sina nyaksrak ka saluar awak.
Kitu deui jalanna getih Saumur-umur kukurilingan nepi ka sakujur awak ari can nepi ka waktuna balik mah.
Ari ‘pabrikna’ getih téh
nyaéta Kalilipa.
Ari napas mah jalanna
ti lawang panyambung hawa (oxigen) lebet ka jero
mapay kuluwung hawa
anu ngaréndéng jeung genggerong,
terus kana Bayah
ngeusian sakumna kekempis hawa,
datang ka rembung antel jeung getih anu kaluar
tina kamar Fu’ad
palebah katuhu.
Terus éta getih diduruk
ku oksigen supaya beresih deui.
Getih balik deui ka Jajantung. Hawa ayeuna jadi kotor sabab saolah-olah geus kaeusian ku rupa-rupa racun anu ngotoran getih.
Balik deui kana irung,
bijil jadi hawa.
Ari perjalanan Rasa mah béda deui,
urat syaraf nu geus nyaliara sakujur kulit,
henteu ngumpul deui jadi hiji balik ka asalna deui.
Tapi tetep baé kitu.
Ari aya nu kudu dirasakeun, nyaéta kulit kaoyagkeun
ku naon baé,
éta urat syaraf terus ngageter nepi ka Puseurna pisan, nyaéta Uteuk.
Terus éta Uteuk
ngageter deui,
ku ieu geteran urat syaraf bakal ngarasakeun
nyeri, peurih, panas, tiis jeung sajabana.
Nyata ari nu ngarasakeun mah Uteuk saperti: Paninggal, Pangangseu, Pangrungu, Pangrasa,
éta sadayana
padamelan Uteuk.
Engké ka hareup urang bahas dina pamuhitan ‘jalma
anu ulah
[1/1 11:07] aji rasha: Diunggelkeun ku para pakar dina kitab “Tasreh”:
Hak Nu Maha Suci ngajadikeun anggahota manusa téh
tina sababaraha jinis tulang, urat, daging jeung nu lianna.
Di dinya disebutkeun yén sirah téh kumpulan sakitu tulang, nu disebut KUBAH.
Pangambung sareng garis Budi sakitu tulang;
wawadah Akal sakitu tulang;
sakumna ditelek pisan bilanganana ku Akal.
Dicaritakeun sotéh lain rék ngukuhkeun bilanganana, tapi rék nerangkeun
yén éta bilangan téh tafsirkeuneun deui,
supaya kapanggih rusiahna.
Kitu deui rék nerangkeun
yén rarangkén jasmani téh mangratus-ratus
anu séwang-séwang boga perbawa jeung kakuatan sorangan.
Tapi pikeun lalakon kamanusaan mah
euweuh hiji bagéan anu bisa meta nyorangan,
kudu baé sili injeuman tanaga jeung babaturanana.
Tuladanana bilangan
aya hartina jeung panyambunganana,
kieu
[1/1 11:14] aji rasha: A. Getih
Ceuk Kitab ‘Tasreh’
bilangan Getih téh
nyaéta TÉTÉS,
beuratna disebut MISKOL atawa sakulak satengah (kulak ukuran fitrah).
Ari rupana getih aya 4:
1.Getih Bodas.
2.Getih Konéng.
3.Getih Beureum.
4.Getih Hideung.
B. Daging
Ari beuratna Daging
aya 28 kati.
Kati ngaran anu pasti
sarta geus disahkeun ku para Ulama,
Ari rupana daging aya 4:
1.Daging Bodas.
2.Daging Konéng.
3.Daging Beureum.
4.Daging Hideung.
C. Bulu
Ari jumlahna Bulu
aya 189,897 lambar.
D. Kulit
Rubakna kulit
panjangna 5 kaki (feet), pongpokna 3 kaki (feet).
E. Tulang
Jumlah tulang aya 224. Rupana tulang aya 4:
1.Tulang Bodas.
2.Tulang Konéng.
3.Tulang Beureum.
4.Tulang Hideung.
F. Urat
Jumlah urat aya 194.
Rupana aya 4:
1.Urat Bodas.
2.Urat Konéng.
3.Urat Beureum.
4.Urat Hideung.
G. Jeroan
Jumlah jeroan aya 7 rupa:
1.Ati Ngen, makamna Ati Sir
2.Jajantung, makamna Ati
Sanubari
3.Bayah, makamna Ati Jinem
4.Kalilipa
5.Ginjel (Kabungbuahan)
6.Hamperu
7.Peujit
[1/1 11:23] aji rasha: Jajantung jeung Bayah
ayana dina lebah gigir kénca sahandapeun susu kénca.
Kalilipa makamna Ati Fu’ad, ayana dina lebah susu kénca.
Ari Kabungbuahan Ati (ginjel).
Budi jeung Ati hangawi, ayana dina palebah
beulahan Dada,
ari nu hiji deui ayana
dina lebah susu katuhu.
Ari peujit makamna kadaharan,
panjangna peujit 18 jeungkal,
Buah Cai 5 jeungkal,
Buah kadaharan lian ti cai
9 jeungkal,
Buah panarik ambekan
4 jeungkal.
Ari nu kebat kana Jubur tungtungna 9 jeungkal.
Ari nu lepas kana Kubul tungtungna 5 jeungkal. Kaluhurna mah sajalan baé.
Tapi anu keur panarik ambekan boga dua jalan,
ka luhurna anu terus kana Sungut jeung kana Irung.
Ari nu kana Sungut nyaéta ambekan anu mawa rasa jeung ngadatangkeun rasa.
Ari nu kana Sirah nyaéta ambekan anu mawa rasa Ambeu sarta ngadatangkeun rasa Ambeu jeung mawa rasa Tingali sarta ngadatangkeun rasa Tingali, jeung nu mawa rasa Dangu sarta ngadatangkeun rasa Dangu. Jeung nu mawa rasa Saré sarta ngadatangkeun rasa sanggeusna Saré.
Ari kahandapna mah
kana dua palawangan atawa kana suku,
éta geus kakurung ku rasa
nu ka luhur ka nu jalan
dua téa.
Naha enya kitu?
Éstu pisan!
Upama urang henteu muhit kana bilangan salancar. Gaibna mah siloka getih téh enggon Hayat
anu jadi lantaran sagala rupa parabot manusa digawé.
Bilangan lima (5)
nerangeun asal gaibna
tina 5 sipat anasir
Seuneu,
Cai,
Angin,
Bumi jeung
Sir.
Terus nyaréat bilangan 7
ditambah ku Badan badag jeung Pagawéan badag,
ana balikna kana enol (0) hartina Hajrul Hayat,
nyaéta Alam.
Gelarna 5
anu asalna ti jero beuteung, béntangna ‘Mustari’,
poéna ‘Kemis’,
ciri wancina Udel.
Terus 7,
nyaéta lampah,
béntangna ‘Juhal’,
poéna Saptu,
ciri wancina Suku anu lonyob kana laku lampah kahéwanan
embung mawakanakahadéan
lamun henteu dipaksa.
Balikna deui engké kana nol, nyatana Hajrul Hayat.
Dalilna dina Al Qur’an
surat Al An’am ayat 37, unggelna kieu:
Jeung sasatoan nu aya
di bumi jeung sarupaning mamanukan nu hiber
ku dua jangjangna, taya lian (anging) umat (ogé) siga anjeun.
Moal kami popohokeun saeutik ogé dina Al-Kitab, tuluy maranéhanana bakal dikumpulkeun ka Pangéranna.
(QS 6:38
[1/1 11:31] aji rasha: Ku ieu dalil geus disebutkeun balikna sakumna umat,
nya ka tempat anu lumrah. Silokana ku angka nol (0).
Kitu deui poé jeung lintang kumna bakal balik deui
ka asalna.
Tadi geus diteangkeun yén manusa téh hirupna kudu ‘silih injeuman tanaga’.
Urang kiaskeun baé
ku barang bukti.
Ki Dadap can nyaho kana rupana goong,
ukur nyaho ngaranna béja
ti batur.
Jadi ana kitu Ki Dadap ngélmuna élmu Béja,
Imanna iman Béja.
‘Gung’ aya sora ti kajauhan, kadéngé ku Ki Dadap,
cék pikiranana, béjana nu kitu téh sora goong.
Ki Dadap ayeuna hayang tétéla di rupana.
Tah geuning ki Dadap téh boga kapanasaran,
henteu cukup ku dangu atawa katiginan haténa.
Ku saksi ceulina wungkul.
Da panonna ogé hayangeun sidik.
Panonna moal bisaeun sidik upama teu ngahiras tanagana suku sinaleumpang
Suku ayeuna leumpang
nepi ka tempat goong.
Sadatangna,
teu aya panakol goong,
tapi keukeuh danguna hayang sidik deui
kana sorana.
Nya tuluy ngahiras tanaga leungeun, sina nakol éta goong.
Sanggeus goong disada kakara Imanna pageuh.
Ayeuna panonna tuluy ngarérét kana kendang. Bakating ku hayang sidik kana sorana
nya tuluy ngahiras deui
kana leungeunna.
Tah ayeuna Ki Dadap
kakara yakin,
élmuna jeung imanna ogé ayeuna mah jadi pengkuh, sabab lain béja.
Ku ieu kias
nyata ayeuna ka urang
yén rék ma’ripat téh geuning sakumna bagéan badan téh kudu ubyag pada arusik
silih injeuman tanaga jeung kakuatan,
Upama peperencilan mah moal datang kana ma’ripat.
Kitu deui peta ma’ripat téh nyaéta dekna panakol
dicekel ku leungeun ditakolkeun kna goong téa; disaksi ku sakumna pancadria jeung
ku sipat-sipat anggahota
nu séjén.
Upama henteu kitu nya
Ki Dadap tetep dina sagala rupa ngalap cukup ku béja wungkul.
Nyasat manjing kana dalil kieu:
Laa haola walaquwwata illa billahil aliyyul adiim.
Kanyataan sangsara hirup jero tugenah baé,
midangdam Alloh, Allloheun, ku béja batur anu teu bisa ngayakinkeun.
Yakin kana sagala rupa
nu aya di manusa téh
henteu salah deui sakabéhna:
Hikmat, Mangpaat, Hasiat jeung Paédah,
Kitu deui pada béda-béda perbawana jeung kakuatanana,
nyaéta aya nu cicing
aya nu obah,
aya nu panas
aya nu tiis,
aya nu baseuh
aya nu tuhur
jeung sajabana
[1/1 11:43] aji rasha: Upama
anu Panas ngéléhkeun
anu Tiis atawa
anu baseuh ngéléhkeun
nu tuhur atawa ngeuwah-ngeuwah
anu cicing,
éta kajadianana
salah timbangan jeung
géséh patandingan
di jero awak urang,
tuluyna jadi panyakit, atawa ngadatangkeun bakat goréng, ngalajur napsu
ngumbar amarah,
henteu aya bédana jeung tabéat sato atawa jirim
anu kurang sampurna.
Dawuhan Allah:
Jeung satemenna
Kami ngajadieuan naraka (Jahannam) lolobana tina jinis jin jeung manusa, maranéhanana boga haté, tapi teu digunakeun
keur ngartikeun (ayat-ayat Allah)
jeung maranéhanana
boga panon (tapi) teu digunakeun ker ninggali (tanda-tanda kakawadaan Allah),
jeung maranéhanana
boga ceuli (tapi) teu digunakeun keur ngadéngékeun (ayat-ayat Allah).
Maranéhanana kawas ingon-ingon, malahan maranéhanana leuwih sasab. Maranéhanana jalma-jalma nu talangké.
(QS Al A’raaf, 7:179).
Kitu manusa
digelarkeun ka Alam Dunya henteu samata-mata,
tapi aya maksudna,
dawuhan Allah:
Jeung Kami henteu nyiptakeun jin jeung manusia lian ti supaya maranéhna ngabdi ka Kaula.
(QS 51: 56).
Tah ning pancén manusa téh kudu ngukuhkeun
sarta totomplokan kana kapercayaan ka Allah swt.
Tapi sanajan geus dibéré pancén kitu ogé
masih loba anu dholim jeung sambéwara,
nepi ka poho pisan
kana kawajiban
ngurus amanat Allah swt.
Ku kecap “liya’buduun” diterangkeun deui,
kudu deuheus ka Allah swt. Jadi wawakil-Na
dina nata jeung ngeuyeuk Dunya.
Dawuhan Allah:
“Ma asobaka min hasanatin faminallah,
wamaasobaka min sayiatin nafsik”.
Bener pisan
éta téh geus jadi dadasarna manusa.
Pan tadi ogé di luhur
geus dipopoyankeun, yén dunya badag mah enggon papaséaan wungkul.
Nyasat teu eureun-eureun sabil sabab asalna ogé
tina jinis-jinis
anu teu daékeun rapih jeung piri umpina.
Tapi éta téh aya nu manco nyaéta Sir,
nu matak ieu Sir kudu kuat supaya nanjung dina mimbar pangheuyeukanana
ka para ponggawa anu 4,
sina alus sina rapih
tina pacéngkadan anu 4.
Timbul baé rupa-rupa Roh anu ngandung perbawa jeung kakuatan séwang-séwang, nyaéta:
1.Roh Rabani
2.Roh Idopi
3.Roh Rohani
4.Roh Jasmani
5.Roh Hewani
6.Roh Nabati
7.Roh Kudus
anu asal ti ka-Sucian.
Terusna kasélér-sélér
ngan nepi ka jadi saksi wungkul,
henteu digunakeun keur ngeuyeuk ngajeujeuhkeun. Sabab Roh-roh
ngan pabéntar baé,
teu daékeun lulus dina enggoning ngajalankeun pagawéanana.
Samangsa-mangsa ngancik dina kagoréngan,
tinangtu bakal jadi kotor, balukarna kakuatan Roh
anu hadé jadi apes.
Nyatana hirup jadi sangsara, pinuh kanyeri, kabingung, kasusah jeung rupa-rupa deui.
[1/1 11:53] aji rasha: Urang ngalap conto,
ti orok gubrag medal
ka Alam Lahir,
teu usaha
teu naon-naon,
malah pancadria na ogé
teu acan bisa digawé.
Rohna masih beresih,
hartina masih Kudus
masih kuat tur bedas. Geuning loba nu asih, murudul rejekina bari teu kalawan disiar,
sarta ka orok mah tara aya anu cua.
Kitu watekna Roh Kudus, upama teu kaéléhkeun pangaruhna ku Roh-roh
anu séjén.
Lila-lila si orok ngagedéan, nungtut kakuatanana tarémbong,
parabotna mimiti digarawé, nepi ka balég,
sampurna anggahotana.
Sabab dina milampah kadéwasaan manéhna
loba milampah nu goréng, kayaning bohong, salingkuh, ambek ka pada babaturan jeung sajabana,
harita geus témbong balukarna.
Rizkina ngurangan jeung
loba kanyeri,
loba kasusah.
Mingkin gedé leuwih kotor, nepi ka nyiar rizki ogé
kudu banting tulang
dug nyuuh pet nyawa. Terusna aral subaha,
lampah ngabobodo manéh atawa dholim ka diri batur.
Lamun manusa geus kitu tandaning Kudusna nu apes. Rohani,Idopi empés-empésan
Roh Jasmani jeung
Roh Hewani anu tatanding. Nimbulkeun talajak héwan. Terusna nirca kalakuanana, terus nepi kana tabéat iblis. Karesepna sarakah, keukeureuweut
kana hak batur,
hayang ngarampas atawa mergasa.
Henteu diingetkeun
yén rizki téh datangna
kudu resmi,
sah ti papada mahluk,
moal murag ti awang-awang. Kitu sarsilahna!
Dina badan manusa
asalna Roh sadayana
sarua timbanganana,
henteu aya nu beurat sabeulah.
Lampahna éta jalma
loba kana kagoréngan, ngarugikeun kana timbangan Roh anu hadé.
Nya ana tuluy goréngna
Roh nu hadé mah nepi
ka éléh hujah jeung tanagana.
Sabalikna upama ngagugulung kahadéan
anu goréng bakal jadi hampang.
Upama Roh Héwani ngagedéan dibarengan
ku teu ngangen-ngangen kana Rohani jeung Rabani éta manusa tungtungna jadi iblis.
Pasualanana
mana anu hadé?
Naha ngagugulung
Robani jeung Kudus wungkul, engké Jasmani, Héwani, Nabati bakal pareum.
Ana pareum
éta manusa kudu baé
teu hayang dahar-paké,
poho ka anak pamajikan, sarua jeung nyangsara
ka badan anu jadi amanat manéhna.
Éta téh jadi dosa,
moal luyu jeung
pangaturan Islam.
Ari nu hade keur urang.
Anu resep kénéh campur-gaul jeung batur, hirup kudu bisa dahar-paké.
Jadi hadéna mah
sakumna Roh kudu sarua timbanganana.
Ka ditu ka dieu urang logor, balukarna hirup lulus jeung ibadahna,
tur dipikaasih ku sakumna mahluk.
Kumaha atuh
supaya éta Roh-roh sarua timbanganana,
singgetna kieu:
“Kudu Shalat jeung Shaum. Ulah poho kana tujuan Sahadat,
supaya Kudus
tetep langgeng perbawana jeung kakuatanana
ngeuyeuk, ngawengku Roh
nu séjénna,
ulah aya nu unggul sawaréh”
Nyanggakeun,
mung sakieu nu tiasa dipikahatur,
Insya Allah atuh enjing urang tuluykeun deui.
[1/1 12:52] aji rasha: Kitab Élmu Tasauf Titinggal Jagasatru
Kitab Katilu
Élmu Pilampahan
Nu Rek Maot
Sugan aya mangpaatna
ka anu keresa leukeun ngulik kana hiji-hiji lalampahan
nu rék maot.
Nu dipilari teu aya sanés, sugan bisa ngised-ngised
tina jalan anu bakal ngabahayakeun,
asup kana paribasa:
“Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok”,
Ari leukeun mah tur mayeng sok aya tapakna.
Ari lalampahan nu rék maot, numawi sok diaranggap seunggah ku sakumna jalma, taya sanés lian ti horéam dina nyorang
nu pikasieuneun atawa pinyerieun.
Malah mah sok seueur ogé nu ngajalankeun rupa-rupa bid’ah, taya lian nu dipalar,
ari pokona mah kieu:
Embung nyorang
lalampahan maot;
Sieun gering;
Sieun cilaka;
Sieun apes.
Tapi kumaha buktina?
Sakitu urang seueur milampah tarékah,
ari geus nepi kana waktuna mah teu burung dipaksa, mungkir ditambah nyeri, mungpang ditambah kasusah.
Tah ayeuna parantos kauninga hal paksaanana maot.
Teu aya isim anu mahi,
teu aya du’a anu mental, sumawona bid’ah,
najan doktor nu kasohor, dukun lepus nu pinunjul.
Éta ogé lapur,
dina palebah nyawa jeung badan geus waktuna papisah mah ngan kantu sadaya-daya
Kitu ogé upama leukeun ngulik lalampahan maot, kakara pamojokanana
kana pasrah atawa
tuluy kana: laahaola.
Upami teu uninga mah
kana jalan-jalan maot, kadang-kala tuluy sasab!
[1/1 13:01] aji rasha: BAB I –
Tujuh Jalan Maot
Ari jalan nu rék maot
aya 7 lalampahan,
éta nu 7 lalampahan
aya panghuluna,
nyaéta:
1.Baham,
nu jadi panghuluna Pangucapan.
Upama urang ngawula
kana kahayang ucapan,
teu dipikir saméméh pok, engké di mana-mana upama nyawa rék balik,
nu jadi lantaranana
sok nyeri beuteung jeung seueul-angen.
Sabab éta omongan urang
nu matak teu ngeunah karasana ku diri batur,
jalana kana ceuli/cepil, cicingna dina ati,
nu geus ngarasa kateungeunah ti urang téa.
Tah nu sarupa kitu,
di mana-mana maot
datang ka urang.
2.Ceuli,
nu jadi panghuluna Pangdangu.
Upama urang ngawula
kana pangdangu,
sagala omongan digugu.
Tara kalawan dipikir heula, boh nu goréng boh nu hadé, teu terang salah benerna.
Éta nu jadi lantaran maot, panyakitna ngarasa panas.
Sabab éta dédéngéan urang upama nampa omongan
ti batur sok dilangsungkeun kana ati.
3.Irung,
nujadi panghluna Pangangseu.
Upama urang ngawula
kana pangangseu,
naon sagala nu diangseu
teu ngahiji jeung angin
nu ka luar ka jero.
Engké di mana waktuna maot nu jadi lantaran panyakitna ngarasa leuleus, lesu,
teu nangan, atawa saperti anu mengi (asma).
4.Panon,
nu jadi panghuluna Paningal.
Upama urang ngawula
kana paninggal,
teu sagawé jeung caangna,
di mana engké rék maot
sok lila molototna.
Sabab beubeunangan paninggal urang léosna
kana angen-angen atawa panglamunan.
Naon baé nu geus katinggal tur dipikabogoh saméméhna kapimilik, éta panon
sok nyileuk baé.
Najan tipeuting sok lila peureum, atawa hésé saré.
5.Rasa,
nu jadi panghuluna
Sakijur Awak.
Upama urang ngawula
kana pangrasa
nu aya di sakujur awak,
tur nu dikawulaan téh sabangsaning pakarepan dunya wungkul,
teu pati ngarasakeun
kana jalan batin.
Éta upama rék maot panyakitna sok ngarasa eungap tur beurat,
sabab beurat narik rasa-rasa nu geus tumiba kana pancaindera téa.
6.Pikir,
nu jadi panghuluna Pikiran.
Upama urang ngawula
kana pikiran,
nyaéta paranti ngumpulkeun pikiran,
di dinya mah masing ati-ati, sabab untung-rugi di palebah dinya waktuna.
Untung upama nampa “diploma Islam”,
cilaka upama nampa nu lian nu jauh jeung cita-cita.
Sabab Iman téh
hiji pakakas anu kacida pentingna ti sakabeh
jinis sipat.
7.Jinis.
Lamun urang hayang kabawa ku nu katujuh ieu,
nyaeta Pupuhuna ti anu 6 téa, poma dina sagala tingkah ulah muhit
kana salah sahiji jinis.
Kabéh sakur anu HAK mah mungguh dina agama Islam éta anu kudu dikawulaan paréntahna,
sarta kudu make angger-angger atawa patokan dina hiji-hijina lalampahan.
Sabab anu jadi panghuluna teu napel atawa ngait
ka ditu ka dieu;
estu merdéka.
[1/1 13:08] aji rasha: Jadi lamun urang dikersakeun aya milik
nepi ka meunang nugraha pakeun ngiring ka dunungan anu kagungan HAK,
nyepeng ka-ISLAM-an,
éta geus lain darajat deui, péndékna sabéhditueun jalanna Rahmat jeung
Iman Tauhid Ma’rifat Islam.
Tah kitu jalan-jalanna
nu rék maot téh;
mana baé nu dipuhit
di antara anu 7,
éta moal salah deui
tangtu éta nu bakal mawa
ka urang,
lantaran dunya
geus nyobat sarta wanoh,
tur geus dipikaresep
ku urang.
Sabab Allah swt.
Nu Kagungan sipat Wahdiyah
Éta sipat anu pasti tur
tetep tara obah.
Samangsa-mangsa hiji
lain dua,
dua lain hiji,
beureum lain hideung, hideung lain beureum,
maot lain hirup,
hirup lain maot,
kitu saterusna.
Lamun urang hoyong terang kana kapastian hukum.
Perkara nu rék maot kateranganana kieu:
Dzat Daging/Getih,
Éta kabéh ngumpul
kana dasar Udel.
Sanggeus ngumpul di dinya, datang nu ngumpulkeun PANGRASA jeung PIKIRAN,
nya ngahijji dina UTEUK, nyaéta di alam WAHDAH.
Ti dinya turun kana MANAH, éta sok aya ciri
urat beuheung sok tarik waktu turunna.
Sanggeus ngahiji
tuluy ROH JASMANI diangkat,
keur waktu diangkat
sok aya ciri kawas anu kabeureuyan.
Sanggeus kitu
ngalih deui
kana PEUJIT, ROH RABANI diangkat.
Ti dinya ngalih deui kana BAYAH, ROH HEWANI diangkat.
Cirina, keur waktu diangkat roh hewani
sing awas ninggalina,
sok bijil késang tina irung jeung sok muriding cepilna.
Ti dinya teu lila deui
terus kana JAJANTUNG,
ROH NURONI diangkat. Cirina, pangambungna
sok rada bingkeng.
Ti dinya terus ngalih
kana ATI, ROH IDOPI diangkat.
Cirina, panon rada ngelok.
Ti dinya ngalih deui kana UTEUK, ROH NABATI diangkat,
ieu mah teu aya cirina,
kawas geus teu pati nyeri, margi geus caket
kana icalna.
Ti dinya gancang turun kana ELAK-ELAKAN, ROH KUDUS nu ka 7 na.
Cirina, cobi cabak dina tenggekna, upama tos teu aya nu ngembut, éta téh geus sampurna.
Iman Islamna geus ngahiji
nu diangkat jeung
nu ngangkat geus ngahiji.
[1/1 13:17] aji rasha: Ari éta nu geus maot
sok aya cicirén saré’atna
ka nu mawana:
Lamun mayit
semu HIDEUNG:
éta jalma nu ngawula
ka PANGUCAP.
Lamun mayit
semu BEUREUM:
éta nu ngawula
kana PANGDANGU.
Lamun mayit
semu KONÉNG:
éta nu ngawula
kana PANINGAL.
Lamun mayit
semu BODAS:
éta nu ngawula
kana PANGANGSEU.
Lamun cahayana
semu GADING:
éta mah anu geus BAGJA téa, muhit kana ka-ISLAM-an.
Tah kitu selang-surupna lalampahan nu rék maot téh.
Ayeuna kantun ‘kuburan’
anu kedah diémutan
sarta sing kahartos.
Ari nu utami
pakeun nyorang kubur téa supaya jadi sampurna,
taya lian ngan kudu sabar, pasrah, narima, sumerah
dina Hakna.
Sabab
kajeun henteu loba élmu,
tapi urang nyekelan ‘kasabaran’ nu sampurna,
éta geus mangpirang-pirang darajat;
urang dipaparin hiji pakakas ku Allah swt
anu pohara mahalna.
Tangtu éta nu dipaparin kasabaran lain jalma joré-joré,
tapi jalma seliran.
Ngan ieu kasabaran
kudu nganggo titimbangan itungan,
kieu ayat kuburan téh:
Mimita
alamna nu sina leungit, nyaréat dina kurungan.
Éta mayit ‘ngaleutikan’,
mimiti
aya alam “Insan Kamil’, saréatna
leungit antara tuurna.
Geus leungit sahiji alam, nyurup kana alam ‘Misal’.
Éta ogé surup deui,
leungit deui semet biritna.
Alam Misal
surup deui kana
alam “Ajsam”.
Alam Ajsam
surup deui kana alam ‘Arwah’.
Kurungan nungtutan leungit. Kantun sirah nu masih aya.
Alam Arwah surup deui
kana alam ‘Wahidiyah’,
les teu aya sirah.
Di dinya geus euweuh rupa. Ngahiji di palebah udel.
Dina alam Wahidiyah
ngan tinggal kawas ‘cimani’.
Ti dinya surup deui
kana alam ‘Wahdah’,
kumpul deui kana jero sirah.
Ti dinya mah tuluy leungit , ngan kantun cahaya pabeulit, hideung, beureum, konéng, bodas lir ibarat katumbiri.
Geus kitu éta cahaya
tuluy nyurup deui:
Nu hideung ka nu beureum, nu beureum ka nu konéng,
nu konéng ka nu bodas,
nu bodas ka nu TUNGGAL, nyaéta jadi hiji
CAHAYA NU SAMPURNA, hibar jeung
CAHAYA TANDING.
Iman Islamna geus ngahiji.
Ti dinya mah kumaha kersa, lamun tetep di kuburan, ‘karamat’ ngaranna.
Lamun euweuh di kuburan ngalih kana amal tadi
nyaéta ka ‘Tanah Mekah’.
Lantaran
asal ti dinya waktu ngadeg bumi-langit katut eusina kabéh, ngaranna Ma’unah
[1/1 13:25] aji rasha: Ari éta
nu sok aya ‘susurupanana’ MU’JIZAT ngaranna,
sabab
sami ngantos bumi-langit katut jeung sakabéh alam.
Ari nu sok ‘ngaririwaan’,
éta mah ruh/nyawa
nu néangan jalan pibalikeun, tuluy ngalayang upruk-aprak ka mana menerna. Karesepna di nu suni,
di nu bala.
Ana manggih nu ngaliwat tuluy éta sukma atawa nyawa gancang nyampeurkeun, maksudna hayang dituduhkeun jalan pakeun balik.
Ngan kusabab geus
béda alam,
nanyakeunana sok
ku isyarah.
Kitu deui sok aya nu nyurup kana jasad sato héwan, ma’lum nu linglung
teu nyaho pijalaneun.
Ayeuna cobi manahan
kapan urang jeung sakumna kaayaan asal tina
‘Nur Muhammad’
ayeuna sing bisa balik kana ‘Nur Nu Asal’.
Alam ogé tangtu kitu
teu béda jeung diri urang.
Sababna tadi sabakal papada tina ‘Nur Muhammad'.
Ari éta nu sok nyiksa,
urang ulah kagét.
Lantaran Allah swt.
kawasa kabina-bina,
bakal nibankeun hukum
nu pasti,
tara géséh ti gawéna.
Margi aya dawuhanana dina Al Qur’an anu unggelna kieu:
“Lamun anjeun migawé
hiji rupa pagawéan,
boh nu hadé
Cboh nu goréng,
sanajan sarua jeung sireum, tangtu éta pagawéan anjeun aya wawalesna.
Moal géséh ti nugeus
diparigawé ku aranjeun.
Kapan Kami téh
sipatna Wahdaniyah
nyaéta pasti,
tara gerak,
tara robah.
Atuh lamun robah mah
lain hukum Kami,
tapi hukum nu dijalankeun
ku umat Kami”
(QS 99:7-8).
Ayeuna ku urang
tiasa diemutkeun kantenan pisan.
Upami robah-robah
tangtu lain pasti,
lalamunan atawa coba-coba. Allah swt. lain kitu!
Upami nyebat HIJI lain DUA kitu deui sabalikna.
Tah kitu hukum Yang Agung kantun urangna ngémut-ngémut,
“di dunya geus melak naon?” Pibekeleun keur balik,
boh bisi leuleus di jalan. Naon kabeuki geura prak
ti ayeuna.
Geura melak kana peujit pakir-miskin.
Lantaran éta tampatna pepelakan keur batin.
Urus, piara sing hadé,
tur teu matak ngarugikeun kana kadaharan keur urang, ieu mah ngan sésémpéran tinimbang jeung mubadir,
teu ka ditu teu ka dieu menggah katuangan gaplah, ulah diantep haraseum, anggur pelakkeun deui
ka fakir jeung ka miskin, engké tangtu
bakal kasampeur jeung
ka ala di alam batin.
Nyanggakeun.
[1/1 13:36] aji rasha: Kitab Katilu
Élmu Pilampahan
Nu Rek Maot
BAB II -
Maot Jeung Rukun Islam
Ari rukun Islam téh
apanan ukur aya 5
sakumaha baheula
basa urang keur budak ogé geus dipapatahan,
naon waé atuh?
nyaéta:
1.SYAHADAT,
kaitanana jeung PANINGAL, ari pagawéan panon nyangkingan kana syahadat.
2.SHALAT,
kaitanana jeung PANGANGSEU,
irung nyangkingan shalat.
3.ZAKAT,
kaitanana jeung PANGRUNGU,
jasadna cepil
4.PUASA,
kaitanana jeung PANGRASA/LÉTAH
wujudna BAHAM
5.HAJI,
kaitanana jeung SUKMA,
nu nyangking sakabéh rasa,
éta sajatining sukma
nu deuheus ka nu Islamna, éta gawéna nu 5
geus pasti tara pahili,
pada boga cangkingan.
Jalma Islam
kudu nyaho ka dirina,
kitu ceuk syahadat,
teu aya deui robb
anging Allah Nu Hiji.
Di urangna sing kaharti
nu luarna jeung jerona, kotéktak dina salira.
Upama urang rék nalungtik néangan nu luarna
tangtu aya di antarana.
Tapi nu hade mah jerona heula, sabab
nu di luar miwarangan deui nu di jero,
molahkeun kurungan
nu tangtu aya wawakilna.
Nu di jero ogé nya kitu ngawakilkeun deui
henteu molah ku manéh,
tapi ku ATI
nu disebut Muhammadiyah.
Dina badan geus rumaket, gumulung jadi hii,
raosna daging jeung tulang, digerakkeun, dipolahkeun
nya éta ku ATI téa.
Geura mangga intip,
mun aya salah sahiji pancaindera anu tuna
tangtu anu gerak téh ATI.
Ari nu nyaré’at
nyerep jeung kurungan bagéan Muhammadiyah.
Tah di dinya coba raraoskeun gerakna ati ka mana léosna?.
Luar-jerona sing sidik,
mana nu sok ngarawatna.
Masing ngarti ka Allah swt. pisah tunggal sing kaharti.
Lamun nyaho kana diri, tangtu nyaho ka Islamna.
Upama urang teu ngarti,
coba taroskeun
ka nu geus kasebat Guru pasualan perjalanan batin.
[1/1 13:48] aji rasha: Ari pikiran urang
ku anu mana dirawatna? Kieu:
Éta anu sok amarah ATI,
di luar-jero geus jongok lawang nu 4 ditutup,
tuluy gumulung jadi hiji, campur dina Panghuluna nyaéta dina UTEUK
(dina rukun nu Kalima).
Éta anu ngarawat pikir
nu geus deukeut kana Islam.
Ari nu di luar mah yakin, nyaéta nu ngaran ‘caang’
nu ngarawat ka sakabéh.
Lamun caang kabéh surup, ATI jalma kabeh ngampih, sabab layanna geus surup.
Nu di urang tangtu ngumpul ngahiji dina tempatna.
Lamun keukeuh
nu aya di urang nyaring
nepi ka bray beurang
tara paciweuh pipikiran,
raos teunangan, leuleus.
Malah ingetan
sok ngurangan,
dahar teu pati mirasa
sabab teu babarengan.
Cobi ayeuna raraoskeun, mana nu ngarawat pikir urang?
Upama
nuduh kana panon poé,
lapur da lain.
Ngaku kana panon urang,
éta oge salah,
da kudu ka nu caang,
margi dina kekecapan ‘caang’ kedah ‘yakin’.
Di mana ayana éta anu ngarawatan pkiran urang téh?
Saenyana mah deukeut,
tapi jauh!
Sok patepung
tapi tara papangih!
Reureujeungan
tapi teu ngahiji!
Ana tepung di nu suwung.
Sabab sanajan panon poé pang bisana disawang mangpaatna
ari tepung jeung cahaya
nu aya dipanon urang.
Kitu deui panon urang,
bisa diarah gunana
upama tepung jeung
cahaya panon poé.
Da ana teu tepung mah
lapur sok poékeun.
Bisana digunakeun téh
kudu babarengan.
Bisa tepung di nu suwung!
Geura ayeuna raraoskeun, upama nu caang di urang jeung cahaya nu aya
di alam Kabir
henteu babarengan,
éta tangtu salah sahiji pancadria atawa pakakas
nu aya di urang
sok aya robahna,
upamana:
dina waktu saré ,
cobi éta nu saré laan calanana,
sanajan nepi kana oratna témbong ogé
sigana moal ngarasa éra, lantaran teu babarengan jeung layanna.
Kitu deui,
upama nu caang di urang nyaring,
tapi nu aya di alam Kabir surup atawa pareum,
éta oge lapur moal beunang digunakeun,
sabab teu babarengan jeung caang nu aya di urang.
Tah nu sok bisa ngampihkeun pikir urang téh nyaéta ku gumulungna
nu caang di urang jeung
nu caang di alam Kabir:
“Bisa tepung di nu suwung!”.
Numatak,
urang kudu daék nyaring, nyaéta ngarah milu
ka nu caang,
napsu tungtut ised-sed
sing kabawa ku nu caang, ulah milu ka nu poék.
Margi gawéna nu poék
sok ngajak salingkuh, ngabohongan kanu caang.
Ari gawéna nu salingkuh ngabongohan anu caang, keresepna jeung nu poék.
Geura mangga sing kahartos, “Alam padang, poé panjang”.
Ari pihartieunana
‘padang’ nyaéta caang.
Ari ‘poé panjang’
nyaéta tanggal ‘14’.
Beurang disambung
ku peuting,
panon poé surup,
diganti ku bulan pada-pada sami caang,
jadi caangna panjang,
béda ti sasari.
Kitu pihartieunana
‘alam padang poé panjang’.
Di urang sok aya babasan “ngabungbang”,
ti peuting sok nyegah saré,
nu dimaksud nyaéta,
hayang milu ka nu caang,
lain aleut-aleutan ka kuburan.
Tapi sing nyaho gunana ‘nyaring bari babacaan’
tur geus di ilaharkeun
ku ulama.
[1/1 13:55] aji rasha: Dawuhan Allah:
Sundana:
Jeung dina sabagéan peuting anjeun kudu shalat tahajud minangka hiji ibadah tambahan keur anjeun; pamuga robb anjeun ngangkat anjeun ka tempat anu pinuji.
(QS 17:79)
Jeung éta roh
upama rek bijil anu tinangtu nyeri heula,
tapi lamun kanyerina dipikanyaho sarta dipikawanoh nepi ka wawuh sugan baé aya hampurana
ka urang.
Ari tarékahna
supaya ulah pohara teuing nyerina,
urang kudu wanoh jeung ‘
nu sok ngarawat kana pikir’.
Hijikeun Imanna
jeung Islamna sing dalit
jeung gumulung.
Dalitna antara
angin jeung caang.
Éta nu sok narik Roh
jeung Sukma,
anu caricingna di antara
“teu napel jeung itu,
teu napel jeung ieu”.
Jinis Roh:
1.ROH NABATI.
Padumukan Iman-Islam, pernahna dina UTEUK.
Ieu téh nu jadi panghulu
ti antara sakabéh Roh.
Ari rukun Islam
tara cicing sabab jadi Sukma anu muterkeun
“nyaring” jeung “sare”,
nu percaya ka Allah swt.
2.ROH JASMANI.
Cicingna dina dasar UDEL.
3.ROH IDOPI.
Cicingna dina ATI
ngahiji jeung paningal.
4.ROH NURANI,
pernahna dina JAJANTUNG ngahiji jeung pangangseu.
5.ROH HEWANI,
pernahna dina BAYAH, ngahijina jeung pangrungu.
6.ROH RABANI,
pernahna dina PEUJIT
ngahiji jeung pangucap.
7.ROH KUDUS,
cicingna “di antara nu teu napel kana badan”.
Damelna pulang-anting
ka jero jeung ka luar.
Ieu tutunggangan anu Islam, teu ngarasa nyeri-peurih, lantaran teu gumulung tea.
[1/1 14:03] aji rasha: Pancén Sawatara Roh
1.Roh Idopi
purah ngumpulkeun ‘ingetan’ dikirimkeun kana UTEUK
sina ngumpul jadi hiji jeung pagawéan Islam.
Kira-kira ana bijil
‘metu ka martabat soca’,
tur kabéh sagala pikir jeung ingetan kumpul di dinya.
Ari watekna manusa tara eureun mikabingung,
mikiran ayana alam
naon nu jadi bakalna, kumaha ngayakeunana.
Roh Idopi ogé
ngahiji jeung Paningal, paningal nu jadi
‘tungtungna Rasa’.
Mun rék usik-malik
rawuh jeung pikir sakabéh dina badan nu nyaréat mimitina tina panon,
sabab irung mah
tara nundutan.
Kitu deui éta panon
upami pikiran pabeulit
masih kénéh paburencay
sok tara téréh saré da kedah dilalanyahan heula.
Pikiran sina lalindeuk
sina turut jadi hiji
kana puseurna utusan, kakara bisa sirna.
2.Roh Jasmani
ngandelna ka Malaikat
nu nyangking
‘Pangrasa sakudjur badan’, tapi lamu lawang anu 4 nutup ieu roh tara bisa jalan,
teu bisaeun usik-malik.
4.Roh Nurani
percayana kana Al Qur’an, saban ari roh Nurani mah ngahijina jeung pangangseu didingna dina jajantung.
Lir ibarat Nabi Angin kaluar-kajero nu jalanna ngalangkungan pangambung, ibarat Muhammadiyah.
Nu mantak ngandel
ka Qur’an,
sabab hayangeun kaangken ku Kangjeng Nabi Muhammad saw,
sedengkeun nu kagungan
Al Qur’an téh Kangjeng Nabi Muhammad saw,
5.Roh Hewani
anu teu percaya
kana poé ahir
anu ngahijina jeung pangrungu,
sabab kitu sok ngabantah,
ari éléhna ngan ku maot.
Sabab angkeuhanana
ngan hayang unggul di dunya kajeun henteu di ahérat.
6.Roh Rabani
ngahijina jeung baham
atawa pernahna dina peujit. Watekna baham:
omong hade, omong goréng, duanana dipilampah.
Kitu deui kadaharan
nu halal, nu haram,
nu makruh, riba nu sok tara karasa,
lar-sup asup kana baham, asal nu aya sagala bres.
Nu matak sok jadi untung hade goréng kawadahan
dina peujit.
Sakitu hubungan Roh
jeung awak urang.
[1/1 14:16] aji rasha: Kitab Katilu
Élmu Pilampahan
Nu Rek Maot
BAB II -
Hakékat
Tujuh Lapis Bumi Jeung Langit,
Roh Jeung Jasad Manusa
Dawuhan Allah:
“Allah nu nyiptakeun
tujuh langit nya kitu
deui bumi”
(QS 65: 12)
Jelas yén Allah midamel tujuh lapis bumi sakumaha ayat di luhur,
numutkeun élmu tarékat
kieu kaitanana jeung
jasad manusa:
Bumi nu kahiji
kanyataanana PEUJIT.
Bumi nu kadua
kanyatanana BAYAH.
Bumi nu katilu
kanyataanana JAJANTUNG.
Bumi nu kaopat kanyataanana ATI.
Bumi nu kalima kanyataanana HAMPERU.
Bumi nu kagenep kanyataanana UTEUK.
Bumi nu katujuh kanyataanana ELAK-ELAKAN.
Supaya dipikaharti
ayeuna sugan cocog jeung engkéna.
Sabab engké dina
waktu maot 'nu boga imah’ meureun ngumpul jeung Roh Anu 6
Anginna tangtu nutup, ngaranna sampurna.
Ayeuna guaran 7 lapis langit sing jadi misil ka diri ibaratkeun jeung salira.
Langit nu ka1
nu panghandapna,
Roh Rabani
anu ngancikna dina baham, mun urang muhit pangucap tangtu di dinya cicingna.
Langit nu ka2
Roh Hewani,
ngahijina jeung pangrungu, mun urang muhit ka dinya nya di dinya ayana.
Langit nu ka 3,
Roh Nurani
ngahijina jeung pangangseu, mun urang muhit kadinya nya di dinya ayana.
Langit nu ka 4.
Roh Idopi
nu ngahijina jeung paningal, mun urang muhit kana titingalian nya di dinya cicingna.
Langit nu ka 5
Roh Jasmani,
nu nyicinganana ‘mabur’, rasana daging jeung tulang, eta tempat nu ‘rajin’
saparo santri.
Maksudna rajin saparo santri, rajin ngaji bab agama, nyaritakeun batal jeung haram,
ngabahas bab zakat jeung fitrah,
tapi sok salingkuh.
Ari cumarita dalil jeung hadist di tambah rajin muji jeung dzikir
tapi tutuluyanan kana ngupat, nyaritakeun awak batur.
Ari diri pribadi teu dipikir. Mangkana sasaran sing apik! Tanwandé di urang aya
nu goréng di awak batur. Upami urang muhit kanu kitu nya tangtu merenahna di dinya.
Langit ka 6
Roh Nabati
tempat ‘mandorna’.
Upama muhit ka dinya geus tangtu cicing di dinya.
Ieu tempat keur calik
nu daékan,
daék shalat,
daék ngaji,
daék éléh,
daék nulung,
daék mapatahan
nu can ngarti jsb.
Tah ieu nu disebut babasan ‘silih asih,
silih asuh,
silih asah,
silih caangan’
(SILIH WANGI!).
Langit ka 7
Roh Kudus
nu sok pulang-anting
ka luar ka jero.
Cicingna dina tutunggangan Islam,
cicing di Langit Ka 7.
[1/1 14:21] aji rasha: Tapi kadé sing waspada,
lain daek ngaji wungkul ngorolang apal cangkem, capétang pilih tanding,
ari ditanya hartina LAPUR
teu pati bisa nerangkeun, kalah ka tuluy gegelendeng malik pusing ka nu nanya.
Majarkeun téh jalma comél, make ngudak harti sagala.
Teu perlu diladénan,
nu ngaji hukum-hukuman naon pigunaeunana,
ku élmu syara oge cukup.
Éta nu pasti syara téh langkung lengkep,
tapi lamun teu ngariung jeung nu di luar ku pangémut
acan tangtu bisa cukup
ku sajalan
sabab élmu syara téh disebutna Pangaturan.
Tarékat jalan Pangaturan,
Hakékat anu menerkeun
kana lalampahan syara,
Ma’ripat anu mukakeun, nyaangan kana jalan syara atawa ngaji.
Kitu anu kaémut,
kedahna sadayana pacantél-cantél,
ieu disebutna TASALSUL
dina basa Arab mah.
Aya babasan kieu:
Élmu pakeun nganyahokeun.
Hakékat tukang menerkeun.
Akal tukang misah-misah.
Supaya ulah pacorok
nu salah jeung nu bener,
nu lain jeung nu enya, sapantesna, samistina, supaya ulah pahili
tumerapna hukum-hukum.
Sabab lamun hukum
geus salah,
kaliru menerkeun
éta sok papanjangan,
jadi cék-sok papaduan.
Lain hukum anu salah
atawa hukum teu pasti,
tapi nu metakeun hukum lolobana teu ngarti.
Ibarat hiji pakarang,
najan alus sarta seukeut upama salah makéna
tangtu taya gunana.
Ibarat metakeun bedog dipake nyacaran jukut,
cobi mangga emutan, kumaha tapak-tapakna?
Sumawona dina hukum upama salah metakeun
moal béda jeung pakakas tadi.
[1/1 14:33] aji rasha: Kitab Kaopat
Élmu Daya Laduni
Guaran Ki Jagasatru VI
Dina hakékatna
diajar Élmu Hikmah
kacida babarina keur jalma-jalma anu Yakin, Tekun, jeung Ikhlas.
Sabab sajeroning diajar
Élmu Hikmah kacida dalit kaitanna jeung Élmu Spiritual atawa Élmu Ibayah
ka Allah SWT.
Satacan urang ngalengkah keur diajar Élmu Hikmah leuwih ti heula
urang kukuhkeun
Pondasi Élmu Spiritual urang ka Sang Khalik
sabab
Élmu Hikmah Daya Laduni asalna langsung ti Allah SWT. tur henteu bisa diganggu gugat ku makhlukna.
KUN FAYA KUN…..
Firman Allah,
anu hartina:
Satemena
kaayaan kakawasaan Na lamun Anjeunna miharep
aya hiji hal,
Anjeuna ngan ngadawuh (hakekat) barang éta:
” Jadi andika! “.
Maka manéhnaa terus jadi.
Baca Surat Ya-Sin ayat 82.
Ngeunaan Élmu Laduni
Yé Makhluk ieu
henteu kawasa,
tapi Allah anu Maha Kawasa!
Diajar (nungtut élmu) diwajibkeun keur sakumna Muslimin tur Muslimat (hadits).
Tapi Hakikatna élmu datangna ti Allah
lian tina Atikan.
Kitu deui rezeki
datang lian tina gawé urang!
Urang diajar
sabab diparéntah Allah
tur Sunnah Nabi.
Lamun Allah miharep,
jeung urang diajar,
Allah maparin élmu
Lamun Allah mikahoyong, jeung urang diajar,
tapi Allah henteu
maparin élmu
Lamun Allah mikahoyong, tanpa diajar ogé,
Allah maparin élmu
Laailaha illallah
Diajar téh makhluq,
Allah anu Kawasa.
Kecap laduni dipetik ti ayat Allah anu unina:
“Tur kami geus ngajarkeun
ka (Nabi khidhir) ti sisi Kami hiji élmu”.
(Al Kahfi: 65)
Élmu laduni/élmu mauhub ngarupakeun salah sahiji élmu anu kudu dipiboga
ku urang anu hayang jadi
ahli tafsir Alqur’an.
Disagigireun kudu ngawasa 14 cabang élmu séjénna saperti
élmu lughah,
nahwu,
saraf,
balaghah,
isytiqoqo,
élmu alma’ani,
badi’,
bayan,
fiqh,
aqidah,
asbabunuzul,
nasikh mansukh,
élmu qiraat,
élmu hadits,
usul fiqih ( hukum-hukum furu’) tur
élmu mauhub .
Élmu ieu nyaéta
kurnia khusus ti Allah swt.
“man ‘amila bimaa ‘alima waratshullahu ‘ilma
maa lam ya’lam”
Hartina :
Nabi saw. mngadawuh :” singsaha anu ngamalkeun elmu anu manehna nyaho maka Allah SWT.
bakal maparinkeun anu tacan dipikanyaho ku manehna".
Perkara ieu geus dijelaskan ku Sayyidina ‘Ali ra.
Nalika anjeunna ngajawab pananyaan balaréa,
“naha anjeuna geus meunang élmu khusus atawa wasiat khusus ti Rasulullah saw. Anu ngan dibikeun
ka anjeuna tur henteu
ka jalma lian?”
Hazrat ‘Ali ra. ngajawab : ”Demi Allah anu geus nyiptakeun sawarga tur jiwa-jiwa, kuring henteu pernah meunang nanaon kajaba élmu anu Allah paparinkeun ka salah saurang keur ngagem Alqur’an!”
Ibnu Abi Dunyarah ngadawuh yén pangaweruh tina Al-quran tur naon-naon
anu ditangkep tina Alqu’an sakitu jembarna.
Saurang ahli tafsir
kudu mikawanoh 15 cabang élmu anu disebutkeun di hareup.
Tafsiran jalma anu henteu mahir sajeroning élmu-élmu ieu nyaéta kaasup tafsiran bil-rakyi (tafsir numutkeun pikiran sorangan)
anu hal ieu dicaram
ku SYARA’.
Para sahabat ra.
Meunang élmu basa Arab sacara tabii tur élmu-élmu lian maraéhna meunang langsung ti élmu kanabian (nabi SAW).
Nabi SAW ngadawuh: ”Singsaha anu mere fatwa sajeroning masalah agama, tanpa aya élmu
maka keur manéhna meunang laknat Allah, malaikat tur manusia sakumna”
(HR. Imam suyuti).
Jadi Élmu laduni
= Élmu ti Allah
asbab hasil amal,
sabab Allah geus nuduhkeun cara meunangkeunana
ka urang .
[1/1 14:40] aji rasha: Tatacara
Diajar Élmu Laduni
Élmu laduni tur cara/jalan keur meunangkeunana
di sajeroning
ALQUR’AN TUR HADITS :
1.Sieun Ka Allah
Kitab alhikam,
Syaikh Ibnu Athoillah aAasykandary
(ka Madrasah Alazhar-asyarif abad 7 hijriah)
nyebutkeun nukilan ayat ti Aalqur’anulkarim :
wataqullaha wayu’alimukumullah”
(Qs. Al baqarah ayat 282)
Hartina :
“Sieun ka Allah
pasti Allah bakal ngawulang manéh “
(Qs. Al Baqarah ayat 282)
Sifat sieun/tunduk/tumut ngan ka Allah,
kacida mulyana.
Lian deui élmu laduni
anu Allah paparinkeun
tapi Allah bakal nundeukkeun sakumna makhluq,
malahan malaikat ogé
bakal khidmad tur satuluyna mantuan (kalayan izin Allah),
sakumaha maksud tina hadits nabi SAW :
Nabi saw ngadawuh:
man khofa minallahi
khofahu kulla syai
waman khofa ghoirallah khofa min kulli syai”
Hartina :
Singaha anu kasieunna
ngan ka Allah
maka sakumna bakal takut/tunduk kainyana.
Singsaha sieun/tundukna
ka salian ti Allah
maka sakumna makhluq bakal (jadi asbab) pikasieunan keur inyana"
Paluruh alkisah-alkisah
para salafushalih,
kumaha pasukan dakwah sahabat milampah jalan saluhureun cai meuntasan walungan Tigris di Irak,
pasukan dakwah sahabat anu leumpang meuntasan Laut Merah,
Mu’adz bin Jabal ra
shalat 2 rakaat
maka gunung batu anu baradag beulah dua
muka jalan keur manéhna, para sahabat nu kasohor ngupingkeun dzikir barang paéh (roti tur mangkok) .
Abu Dzar Alghifary ra.
Ku paréntah khalifah
Umar ra.,
inyana ditugaskeun keur ngasupkeun deui ka jero lahar gunung seuneu anu geus kaluar tina kawahna. Maka kalayan izin Allah, lahar panas kasebut
asup deui ka kawah gunung (kasebut hayatushabat).
Abdullah Atthoyar ra.
Bisa hiber kawas malaikat anu boga jangjang,
maka nalika ditanya
ku Rasulullah,
naon anu jadi asbab
Allah masihan karomah kasebut,
maka anjeuna ngawaler ”kaula ogé teu nyaho,
tapi mungkin sabab kaula
ti saméméh asup Islam
nepi ka ayeuna
kaula teu pernah
nginum khamr, jst”
[1/1 14:46] aji rasha: 2.Ngamalkeun Ému
Anu Dipikanyaho
Salahsahiji hadits shohih yebutkeun yén
nabi Muhammad saw ngadawuh:
man ‘amila bimaa ‘alima waratshullahu ‘ilma
maa lam ya’lam”
Hartina :
Nabi saw. ngadawuh:
Sing saha anu ngamalkeun elmu anu dipikanyaho
ku inyana maka Allah SWT. bakal maparinkeun elmu
anu tacan dipikanyahona".
3.Heunteu Mikaasih Dunya
‘Alammah Auyuti ra. ngadawuh:
andika nganggap yén
élmu mauhub nyaéta
di luar kamampuhan jalma.
Dina hakékatna
henteu kitu,malahan cara keur ngahasilkeun ĩlmu ieu ku ayana sababaraha asbab.
Ngaliwatan ieu Allah swt. geus ngajangnjieuan élmu kasebut.
Asbab-asbab ieu nyaéta :
ngamal keun élmu
anu dipikawanoh,
henteu mikanyaah dunya tur nu lian-lian….”
Sakumaha kaunggel
dina hadits, yén
Nabi saw. ngadawuh:
Sing saha anu zuhud
kana dunya (henteu cinta dunia),
maka bakal dipaparin élmu ku Allah tanpa diaajar”
(Fadhilatushaqat).
4.Ngado'a
Sagala datang ti Allah,
maka Rasulullah maparin conto ka urang supaya terus ngadoa
supaya dipaparin élmu
tur hidayah ti Allah swt.
Keur nuwuhkeun rasa sieun ka Allah jeung dzikir.
Keur nuwuhkeun zuhud
ka jeung mujahadah.
Sedengkeun Doa
bakal ditarima
lamun urang ikhlas.
Ku kituna urang kudu diajar tur dibingbing ku guru-guru anu mursyid.
6.Dakwah
Lamun urang ngamalkeun dakwah (Amr bil ma’ruf wa nahya ‘anil munkar) atawa ngajak kana kahadéan tur nyegah kamungkaran
maka Allah bakal maparin ‘ilm wa hilm (’ilmu tur kalembutan haté)
langsung ti qudrat Allah swt.
[1/1 14:49] aji rasha: Sakumaha kaunggel
dina hadits qudsi
(kurang leuwih maknana) nalika Allah ngadawuhkeun kautamaan umat
akhir zaman ka Nabi Isa as., maranéhanana make sarung dina beuteung-beuteungna, lamun maranéhana laleumpang di tanah anu rata maranéhna dzikir “alhamdulillah”,
di tanah anu nanjak maranéhna dzikir “allhuakbar”,
lamun leumpang di tanah
anu mudun maranéhna dzikir “subhanallah”
tur maranéhna ngajak
kana kahadéan
tur nyegah kemungkaran (dakwah),
padahal maranéhanana téh bodo (henteu boga élmu)
tur kasar (henteu hilm).
Maka Nabi Isa as. naros: “Kumaha maranéhna
bakal bisa dakwah
padahal maranéhanana téh henteu boga ‘ilm tur hilm (kalembutan haté)?"
Maka Allah ngadawuh:
”Kami sorangan anu bakal mere ilm tur hilm
ka maranéhna”
(Muntakhob ahadits)
Élmu laduni
nyaéta karunia khusus/khas keur hambaNa,
komo keur maranéhanana anu geus ma’rifat.
Jalma nu geus ma’rifat
bakal meunagkeun sagala-galanaa
sabab henteu aya kahayang kadunyaan
sajeroning haténa.
Nabi saw. ngadawuh:
“man wajayallah wajaya
kulla syai,
man faqayallah faqaya
kulla syai”
Hartina :
Singaha wanoh ka Allah maka manéhna bakal meunang sagala-galana. Singsaha anu henteu wanoh ka Allah maka manéhna bakal kaleungitan sagala-galana.”
[1/1 16:40] aji rasha: Guru Mursyid
[1/1 16:44] aji rasha: Dawuhan Allah:
Hartina:
"Tuluy maranéhna panggih jeung saurang hamba
di antara hamba-hamba Kami, anu geus dibéré
ku Kami ka manéhna
rahmat ti sisi Kami,
jeung anu geus diajarkeun
ku Kami élmu tii sisi Kami."
(QS AL Kahfi, 18:65)
Lamun urang rék diajar
hiji élmu pangaweruh
tangtu kudu boga hiji guru.
Pantar nabi ogé,
nyaéta Nabi Musa as.
hayang miboga hiji élmu kudu manggihan hiji guru, nya pendak jeung hiji Hamba sakumaha nu ditulis dina ayat di luhur,
Hamba anu geus dipaparin élmu ti Allah swt.
Ceuk ahli tafsir hamba Allah nu dikamsud dina ieu ayat (guru Mursyid) nyaéta
Nabi Khidir,
wallohu‘alam.
Ayeuna lamun urang rék diajar kudu manggihan
hiji guru anu geus meunang élmu ti Allah swt.
Tah ieu di handap dibabarkeun kriteria
salah sahiji jalma nu pantes disebut guru:
I. Kawajiban Guru.
Bangsawan,
hartina
nyangking kaagungan.
Ulama,
ngarti kana satara kitab.
Ahli tapa.
Mujana, nu diselir tina sakabéh ahli kaalusan.
Gunawan,
anu pinter tur ngarti ngajalankeun kapinteranana.
Prawira,
anu dipisepuh
ku para akhli séjénna.
Hartawan,
kaya tur jembar manah.
Sufatia,
ahli tani tur satia.
Tangtuna ieu boga panafsiran anu disaluyukeun jeung kaayaan jaman
[1/1 16:46] aji rasha: II. Panganggo Guru.
Kudu bisa nulis sakurang-kurangna 3 aksara.
Kudu ngarti kana élmu basa.
Kudu bisa mapantes kaluarna ucapan.
Kudu paham kana élmu Sya’I, bisa mapantes kana kaluarna sora lagu (kasidah dina basa Arabna mah, karawitan ceuk urang Sunda mah).
Sugih ku carita,
kaharti ku murid (retorika nu alus).
Sugih ku pangarti,
asor hujahna.
Seukeut pikiranana (cerdas)
Jejeg ingetanana.
[1/1 16:48] aji rasha: III. Angger-Angger
Anu Jadi Guru.
Nyaah ka murid.
Rajin dina ngajarna.
Teu ngajeng-ngajeng pangasihan murid.
Cakep kaluarna carita.
Suci tina sagala sangkaan murid.
Henteu ngalucon pananyaan murid.
Teu nyapirakeun patanyaan murid, bener nerangkeunana.
Henteu ngarah pujian atawa ngaluhurkeun manah tina sagala élmuna – jembar manah
[1/1 16:49] aji rasha: IV. Utamana Nu Jadi Guru.
Mulus bandana.
Lemah-lembut caritaanana, henteu galak tur bengis.
Mulus dina sagala kalakuanana.
Tetep teguh akal-budina.
Adil dina nerapkeun hukum-hukumna.
Taliti tina sagala panyawanganana.
Mulus tina sagala tapakna.
Tara sieun meunang sorangan atawa migawé raos ku anjeun
[1/1 16:50] aji rasha: Nu jadi murid
boga kawajiban pikeun nyampurnakeun hirup:
Hadé turunan.
Sabangsa.
Saagama.
Sabasa.
Bisa nulis.
Akil balég.
Séhat.
Teu loba panyela atawa cawadan ka batur.
Upama cicirén sakumaha
anu diebutkeun bieu geus cumpon,
kakara kawajiban hiji guru jeung pimurideun téa
kudu boga WUDHU.
Sakitu ngeunaan criteria
Guru Mursyid.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar