Minggu, 09 Januari 2022

DIRI NU SAJATI

[8/1 13:32] aji rasha: 
teangan ilmu 
pikeun nganyahokeun nu ngunguntit, 
beurang peuting teu jauh. 

Agama Sajati  

Perkawis Agama Suci, 
urang terangkeun mimitina, 
kieu Dalilna, dina Hadits geus kamashur, 
Mimiti 
Awallu dinni, makrifa tullah, 
lamun rek lakon Agama, wajib ma rifat heula, 
kana Dzat Alloh nu Agung, 
supaya sah Ibadahna

Tapina sanes deui, 
hal ma rifat ka Dzat Allah, 
eta teh lain sapertos, nganyahokeun ka nu anyar, Hawadits basa Arab mah, 
Hawadits teh nu ngajentul, 
nu nyata aya buktina; 
Ngan poma sing kaharti, 
sing ka Ilmu  
sabab Allah Ta ala teh, 
ceuk saksina 
Dzat laisa, kamislihi  
hartina 
Dzatna Yang Agung, 
teu aya upamana

dawuhan Kangjeng Nabi, 
wajib nganyahokeunana, 
nganyahokeun diri maneh, 
diri anu sajatina, 
sabab ceuk haditsna, 
Waman aroffa nafsakhu, faqod aroffa robbaha 
man aroffa robbaha, faqod jahilan nafsah  

kieu pihartieunana, 
saha-saha jelema, nyaho kana dirina 
tangtu nyaho ka robb na 
Jeung saha geus nyaho ka robbna
dirina geus tangtu bodo, 

mangga geura manahan, 
dalilna teh kitu, 
pikeun saksi ngelmu tea

dawuhan Jeng Nabi, 
Illa anna awalla nafsah, fardu aen,  
mimitina hal Ibadah, 
sing terang jatining hirup, 
masing tepi ka aenna
Sasat kudu katingali, 
sifat hirup sing kapendak, 
jatining Sahadat, 
bibitna sagala rupa, 
nya hakekat Muhammad, 
awalna Muhammad, 
nya eta 
Sagara Hayat 

Sarsilah Ayana Dzat
ngelmu teh ulah ukur catur, 
kudu nepi ka ing jasad, 
ditalungtik dugi kana siki, 
neuleuman kamakripatan

hayu urang ngawirid, 
medar asal-muasalna urang, 
sangkan jentre tur merele, 
ti memeh alam ngawujud, 
nepi ka barangkalih, 
negeskeun saha nu medal, 
tur langgeng dudumuk, 
anu pangheulana aya, 
dina salebeting Nuqot-Ghoib, 
kasebat Dzat Nu Kawasa

Ari nuqot hartina teh siki, 
ari ghoib hartina teh samar, 

kade ulah lelewodeh, 
kudu bareng jeung tafakur, 
ngahartikeun nuqot-ghoib, 
tegeskeun siki nu samar, 
wangina nelah Nur, 
cahya padang narawangan, 
nu dinamian Sifat Sajati, 
sayaktosna Nur Muhammad 

Pang dinamian Sifat Sajati, 
sabab 
cahyana tanpa wayangan, 
jentre bakating ku hade, 
sanggeus Kun jadi Fayakun, 
mungguhing Robbul Idzati, 
upami ngersakeun aya, 
cekap ngadawuh Kun, sategesna jadi nyata, 
nu dinamian Asma Sajati, 
nyata ku Pangadika-Na

Kun eta Pangandika Gusti, 
Fayakun gumelar salawasna, 
langgengna salalawasna 
pami parantos midawuh, 
tos teu aya nu mustahil, estuning sakedat netra, 
ku Pangandika Kun, naon-naon jadi aya, 
eta kersana Af al Sajati, mungguhing Alloh Ta ala

Mangsa saestuning 
bibit kawit sakur anu dumadi 
sumebar ngageter teu liren-liren, 
nuqot ghoib teh kakungkung, 
ku Pangandikana Gusti, 
ngajadi roh nu diraksa, 

Kun jadi Fayakun, 
jadi cahaya nu herang, 
wujud gumelarna Roh Idhofi, 
Roh Sajati wayang Dzat-Na 

Roh Idhofi teh gumeter deui, 
ngagelarkeun cahaya nu 5, 
bodas 
beureum 
hideung 
koneng, 
cahya hejo teu kakantun, 

gumeterna teh ngahiji, 
ngagelarkeun kanyataan, 
buktosna Fayakun, 
nu lemes campur nu kasar, 
ngawujud jadina 
Jisim Kuring, 
raga jiwa urang tea

Tah kitu ari tolabul ilmi, 
mungguhing jasad lemes jeung kasar, 
mun tos keuna ku papasten, 
raga jeung jiwa ngawujud, 
usik-malik muna-muni, 
gumelar di ieu alam, 
kudu loba sujud, 
tandana urang sukuran, 
mungguh kituna unggeling bathin, 
nampi rohmat ti Manten-Na 

Nurutkeun piwejang para wali, 
patokan Firman Alloh Ta ala, 
Baginda Ali mijentre, 
nu ngindung ka Sabda Rosul, 
ngawincik jatining ilmi, 
medaran jajaten iman, 
Isun nyatana Huu, 
ari Huu batina Iman, 
insan urang jatining Sir Gusti, 
Gusti jatining Sir urang; 
Hayu urang wirid nu ka hiji, 
medar ayana dzat Nu Kawasa, 

anu salawasna jentre, 
samemeh diayakeun ruh, 
tacan aya ing sawiji, 
jauh ti panyangka akal, 
taya nu ngawujud, 
nu pangheulana aya, 
jatining Nu Maha Suci, 
Asma Isun Robbul Anna; 

Kadua watekna dzat adzali, 
jatining Isun Murba Wisesa, 
di dinya nyata geus ebreh, 
sasaka ing Qudrot Isun, 
Af al Isun jirim bukti, 
nu awal tos dipiwarang, 
sangkan Hayyun Qoyyum, 
Sajarotul Yaqin tea, 
atawa tangkal sajati, 
jadi Alam Makdum Adam

Nya alam nu ajali abadi, 
anu ngadeg atra salawasna, 
alam suwung anu teges, 

tuluy gumelar cahaya Nur, 
Nur Muhammad nu kawarti, 
tegesning Miratul Hayal, 
jadi Rohul Quddus, 
neneh Hijah silokana, 
Rupa kersa Isun suci, 
dzatna Roh Idhofi tea

Katilu Kahening dzat Illahi, 
satemena jatining manusa, 
Rasaning Isun geus ebreh, 
rasa manusa teh Isun, 
bumi cai seuneu angin, 
karana Isun ka Adam, 
wujud sifat Isun, 
budhi 
akal 
roh  
rasa, 

wawangina Ing Kang Maha Suci, 
perlambang rupaning Isun 

Kaopat...
Baitul Makmur Illahi, 
Sajatining Isun satemena, 
gaduh tempat bumen-bumen, 
nyata di Baitul Makmur, 
salawasna langgeng ngancik, 
di mastaka Ing Kang Adam, 
magetaran Isun, 
di jero uteuk mastaka, 
lebetna acining rupi-rupi, 
ti uteuk ka mani tea; 

Sajeroning mani 
ngancik budhi, 
sajeroning budhi 
ngancik sukma, 
sajeroning sukma 
ngancik rasa, 
sajeroning rasa 
ngancik Isun, 

gumulung ngajadi hiji, 
nu sok miang ngalalana, 
nya ti Ing Kang Isun, 
susah ngabandingkeunana, 
dzat nu ngaliput Kahanan Jati, 
Isun Pangersa Pangeran; 

Lima...
Baitul Muharam Illahi, 
sajatining Isun satemena, 
kagungan tempat mahlige, 
Baitul Muharam Isun, 
salawasna langgeng linggih, 
dina dada Ing Kang Adam, 
magetaran Isun, 
dina Panggonan Larangan, 
lebetna rupi-rupi acining, 
kobongna Panggonan Imah; 
Sajeroning dada aya ati, 
nya jajantung nu jadi galeuhna, 

dumuk budhi nu ngabage, 
tempat angen-angen matuh, 
sukma oge milu ngancik, 
dina sukma aya rasa, 
tah eta teh Isun, 

teu aya deui pangeran, 
dzat nu ngaliput Kahanan Jati, 
Isun Pangersa Pangeran; 

Genep... 
Baitul Mukadis Illahi, 
sajatining isun saestuna, 
kagungan tempat mahlige, 
Baitul Mukadis Isun, 
salawasna langgeng ngancik, 
jero enggon pangsucian, 
magetaran Isun, 
dina Kandil Ing Kang Adam, 
lebetna rupi-rupi acining, 
genahna panggonan imah
Sajeroning kandil aya siki, 
panganjrekan mani di lebetna, 

eusina ngan madhi bae, 
dina madhi wadhi matuh, 
tempatna maningkem linggih, 
di lebetna aya rasa, 
tah eta teh Isun, 
teu aya deui pangeran, 
dzat nu ngaliput Kahanan Jati, 
Isun Pangersa Pangeran; 

Kitu jumenengna Nuqot Goib, 
turun jadi cahya Johar Awal, 
Cahaya Awal nu jentre, 
nu nganjrek di alam nu 7, 
ahadiat-
wahdat 
wahidiat 
arwah 
mitsal, 
Ajsam  
insan kamil, 
nya Sifat Isun sampurna; 

Tujuh...
Panetepan Iman diri, 
keur pamatri santosana Iman, 

ulah cangcaya nya hate, 
jeung ngawagu ragu-ragu, 
ngan kudu daek nalungtik, 
panceg dina galur, 
manteng dina kayakinan, 

nyungsi 
hakekat gusti ku gusti, 
hakekat urang ku urang; 

Kadalapan...
keur Saksi Sajati, 
Isun nyaksi ka dzat pribadina, 
nyakseni urang sakabeh, 
yen Isun Nu Maha Agung, 
huripna teu kenang pati, 
waspada permana tingal, 
winarah jeung weruh, 
nu waskita lan waspada, 
teu kasamaran ku rupa rupi, 
nya Alloh Pangeran urang; 

Jeung saestuna Illahi Robbi, 
tos nandeskeun rupa-rupi qodrat, 
ngalimpudan alam kabeh, 
jeung Muhammad nu saestu, 
rasa jeung cahaya Robbi, 
didamel utusanana, 
qodrat jadi Rosul, 
nu salawasna diriksa, 
tina sagala owah-gingsir, 
tur wisesa-bijaksana; 

Wirid nyutat make murad, 
malar mukana taofiq, 
ngadegna elmu makrifat, 
medal tina 
dalil
hadis, 
ijma 
kias 

dalil Pangandika Isun, 
hadis sabda ing Rasul-Na, 
ijma piwulang Kang Wali, 
kias mufakat para imam nu 4; 

Dumasar ka murad eta, 
jadi pangbukaning ilmi, 
medarkeun pangraksa rasa, 
sangkan medalna tarapti, 
bijilna jejer taliti, 
eling ka gaibing hirup, 
waskita awal ahirna, 
dimana nepi ka jangji, 
henteu kasasar 
da tangtu puguh losna; 

Nu jadi bibit makrifat, 
nurutkeun kias jeung hadis, 
Rasul paratos miwejang, 
ka pangersa Baginda Ali, 
nu merele dina dalil, 
Pangandikana Nu Agung, 
yen pedaran ayana dzat, 
diwisikkeun kana cepil, 
diharewoskeunana ti palih kiwa; 

Mungguh ku ngandika-na, 
Isun dzat nu maha suci, 
satemena katitipan, 
rasaning dzat ti ajali, 
nyatana rupa pribadi, 
diliput sifat Nu Agung, 
kagenggem af'alna rasa, 
natakeun asma pribadi, 
nu wisesa karana perbawa urang; 

Netelakeun saenyana, 
dzat nu sampurna teh pasti, 
nu matak aya babasan, 
sifat-na natakeun nami, 
tuluyna af'al katiti, 
nya warnaning dzat katembus, 

ari dzat ngaliput sifat, 
lir madu bareng jeung amis, 
pasti moal bisa dipisah-pisahkeun; 

Sifat enggon nata asma, 
lir srangenge jeung caangna, 
teu bisa dipisah-pisah, 

Asma enggon nata af'al, 
lir kaca dipake ngeunteung, 
teu beda jeung kalangkangna, 

Af'al enggon bawana dzat, 
misil laut jeung ombakna, 
pasti rosana ombak teh ngindung ka lautna; 

Jadi...
jatining Muhammad, 
nandeskeun dzat nu ajali, 
nya ku pangwasaning cahya, 
nu ngalimpudan jasadi, 
pating gumulung jeung cicing, 
dina lampah urang hirup, 
kawasa nempo jeung ngucap, 
kawasa ngambung jeung nguping, 
ngaraos sarining rasa 
ku qudrot-na; 

Nu kitu disebut warna, 
pangeran nu maha suci, 
ningal pan kawasa soca, 
Nguping ku kawasa cepil, 
ngandika ngagem lisani, 
ngangseu ku kawasa irung, 
nyari ku kawasa letah, 
sadaya menggah kawaris, 
dumeh ngagem kawasana diri urang; 

Ulah mangmang tur salempang, 
bari sumoreang ati, 
sabab tiap pangawasa, 
geus gumulung dina lahir, 
nyampak dina badan latif, 
geus ngancikan hirup kumbuh, 

kumelendang dina jasad, 
teges di lahir di batin, 
dzatna Robbul Idzati nyampak di urang

Ngan bae masing iyatna, 
ngarasa geus sugih ku tauhid, 
jembar ku elmu agama, 
ngarempak piwejang Nabi, 
ngawisik Baginda Ali, 
nu celuk koncina elmu, 
yen saneskara piwejang, 
teu weleh nyangsang kacangking, 
suluk sohib luhung elmu nalar; 

Sanajan cukup luhungna, 
leubeut ku tolabul ilmi, 
ngarasa loba ibadah, 
kudu bisa titih-rintih, 
tarapti reujeung taliti, 
bisi jadi kapidangdung, 
teu cukup sakadar apal, 
kudu nepi ka piharti, 
kudu nete taraje nincak hambalan; 

1
papay syareat, 
tarekatna nu sayakti, 
nepi ka jero hakekat, 
makrifat nu samisti, 

iman tauhid, 
islam jeung ihsan nu puguh, 
kakara ajeg imanna, 
sakumaha nu diwisik, 
ku Muhammad 
ka Baginda Ali tea; 

Nyata nu ngadeg tiheula, 
kawit ngadeg dzat nu qodim, 
kala masih awang-awang, 
salawasna nganti-nganti, 
sifat ajali abadi, 
hudutsu ilalam nu tangtu, 
teges pada-pada anyar, 
kalawan sacara dohir, 
pada silih tarik 
tetep tinetepan; 

Saestuna nu ngaran dzat, 
nya didinya sifat ngancik, 
kitu deui sabalikna, 
nyata didinya dzat ngancik, 
pada-pada silih tarik, 
dalilna turut-tinurut, 
susah ngabedakeunana, 
gumulung ngajadi hiji, 
tegesna manunggaling ngaraga sukma; 

Tegesna Alloh Ta ala, 
murba wisesana bukti, 
kawasana saneskara, 
kabeh alam sapangeusi, 
qudrotna teh rupi-rupi, 
pangbuka irodatna Isun, 
nu murbaning kawisesa, 
nyatana sifat nu bukti, 
geus jadi kanyataan tanda damel-na; 

Nu ti heula Isun aya, 
nu dumuk bibit mimiti, 
di Sajarotul Muntaha, 
ngadeg tangkalna ajali, 
kalayan jisim abadi, 
dina alam adam makdum, 
gumulung cahya gumilang, 
cahyaning pating karetip, 
katelah nyatana 
Nur Muhammad; 

Satuluyna aya kaca, 
miratul hayal ngabukti, 
nya dituturkeun ku nyawa, 
nu katelah roh idhofi, 
tuluy damar ngaran kandil, 
terusna getih ngawujud, 
tuluy dingding jalal nyata, 
hijab tea nu kawarti, 

mungguh kitu minangka laratanana; 

Di Sajarotul Muntaha, 
anging Sajarotul Yakin, 
nya Alam Adam Makdum tea, 
tegesna tangkal sajati, 
Hayyun ajali-abadi, 
sajeroning jagat matuh, 
masih keneh awang-awang, 
hakekat dzat mutlak qodim, 
dzat Atma pangwasa Alam Ahadiat; 

Hayyun teh tajalina dzat, 
sajatining dzat abadi, 
kusumah hujur hing tawang, 
sang ratu nu nyakrawati, 
nu linggih di Kanzul Arsyi, 
tatangkal dzat Adhiluhung, 
nu disebut Ta yun Awwal, 
nu katelah Hayyun Da im, 
hirup langgeng saendeng-endeng nyatana; 

Ari ihwal Nur Muhammad, 
eta cahya nu pinuji, 
rupina mungguh gumilang, 
jadi cahyaning sajati, 
sajeroning Nuqot Goib, 
perlambang Cahya Nu Agung, 
minangka sifating asma, 
nu di sajarotul yakin, 
jadi tata pangwasaning Alam Wahdat; 

Nur tajalina ta yun awwal, 
sumorot atma sajati, 
lir tunjung tanpa talaga, 
kembang hirup teu ku cai, 
martabatna Ta yun Tsani, 
nu jadi ebrehna hirup, 
negeskeun rupana cahya, 
ngawengku hirup pribadi, 
ngajadi Nurulloh cahaya nu 5; 

Nuriah cahaya samar, 
rupana hideung sajati, 

Nurani tegesna terang, 
rupana beureum sajati, 

nu moncorong mah Nurmahdi, 
rupa koneng hamo saru, 

Nurbuwat cahya santosa, 
rupa hejo henteu sangli, 

Nur Muhammad mah cahya bodas rupana; 

Kasebat Miratul Hayal, 
eta Kaca nu pinuji, 
kaca nu permana tingal, 
tempat nilik-nilik rupi, 
ngeunteungan jisim nu latif, 
tempat Isun mayunan Nur, 
minangka asmaning atma, 
ngagambarkeun jentrena Sir, 
jadi wayang pangwasaning Alam Wahidiat

Sir tajalina cahaya, 
sorot cahya Nur sajati, 
lir leunjeuran awi bungbas, 
teu katara nya pangeusi, 

Ta yun Tsabitah kasebit, 
netesan Rasa nu luhung, 
tegesna jatining rasa, 
hakekatna mah ngan hiji, 
dibasakeun kana 6 rupa; 

1.Rasa Purba, 
disebutna Sir Ibtadi, 
wahyuning Asmara Nala, 

2.Rasa Sir Kohari, 
Asmara Tura ngawuwuh, 

3.Rasa Sampurna, 
nu disebutna Sir Kamil, 
nu ngajadi wahyuning Asmara Burda; 

4.Rasa Mulya, 
nu kasebutna Sir Aji, 
wahyuning Asmara Dada, 

5.Sir Hakeki, 
tegesna Rasa Sajati, 
wahyuning Asmara Tontra, 

6.Rasa Tunggal, 
nya nu negeskeun Sir Wahdi, 
nu ngajadi wahyuning Asmara Gama; 

Nu disebat Roh Idhofi, 
nya eta Nyawa nu suci, 
kaluar ti Nur Muhammad, 
bening bawaning ajali, 
bersih bawaning abadi, 
nu katelah sukma kudus, 
hakekat af'aling atma, 
sukmana Ing Kahanan Dzat, 
jadi pangwasaning Alam Arwah; 

Roh tajali sir nu nyata, 
permana cahya sajati, 
lir tapak kuntul englayang, 
tapak hiber teu kaciri, 

Ta yun Harijiah kasebit, 
gumelar Sukma ngalantung, 
nu miraga ngalalana, 
hakekatna mah ngan hiji, 
tapi dibedakeun kana 7 rupa; 

1.Tepungna jasad jeung nafas, 
    nu negeskeun Sukma Lahir, 
    disebut Sukma Wahana, 

2.tepungna nafas jeung budhi, 
    negeskeun Sukma Bathin, 
    Sukma Jatnika kasebut, 
    nu ngaran Sukma Malana, 

3.tepungna nafsu jeung budhi, 
    negeskeun sukma 
    nu tetep cicingna; 

4.Tepungna nafsu jeung nyawa, 
   Sukma Mulya nu kawarti, 

5.Sukma Salamet tegesna, 
    mun nyawa rasa ngahiji, 
    Sukma Nyata nu kawarti, 
    negeskeun rasa nu luhung, 

6.Sukma Wisesa mah, 
    ku rasa cahya ngahiji, 
    nu negeskeun Sukma Wenang kawisesa; 

7.Sukma Kawasa, 
   Sukma Pamungkas tajali, 
   sampurna jatining sukma, 
   ku rasa-cahya ngahiji, 
   manikmaya dua jisim, 
   ratna komala gumulung, 
   sampurna Sastra Ludira, 
   nu gumilangna raspati, 
   jadi wawayangna wahdat-ahadiat; 

Nu disebut Kandil tea, 
eta Damar nu pinuji, 
teu seuneuan tapi caang, 
caangna leuwih ti misti, 
gambar Nafsu Roh Idhofi, 
gumebyar hurung ngagebur, 
minangka Pangemban Atma, 
hakekat kempel arwahi, 
jadi tempat wahanani Alam Misyal; 

Nafsu tajalina roh tea, 
wisesa sukma sajati, 
seuneu hurung di lautan, 
nu teu puguh kapiharti, 

Ta yun Muhhaniyyah kasebit, 
netesan Budhi nu luhung, 
tina uteuk muasalna, 
terus ngancik dina ati, 
nu tumerus medalkeun cipta-panyipta; 

Ka jajantung sumarambah, 
tuluy medalkeun birahi, 
nu ngancikna dina rasa, 
jadi nufus nu kawarti, 

mulang deui kana ati, 
jadi anfas na hamperu, 
nyerep jeung getih lumampah, 
jadi tanafas kawarti, 

ngambah mamaras bayah ngajadi nafas; 

Sumarambah kana jasad, 
nya nganteng dina tingali, 
medal sora tina lisan, 
manteng cipta sanubari, 
ngahudang cinta birahi, 
nu sok mindeng kapidangdung, 
tina rupaning kahayang, 
bawaning nafsu sajati, 
dina ngalaksanakeun pangemban atma; 

Nafsu dibasakeun 4, 

1.Nafsu Amarah , 
perwatekna kaniyaya, iden-panastren jeung jail, dugal hawa teu walagri, pernahna dina hamperu, 
kulit jeung getih leburna, kaluarna kana cepil, 
nu sorotna beureum bawaning kawasa; 

2.Nafsu Lawammah, 
watek hawek nu utami, halabhab jeung kabitaan, cape jeung lapar teu lali, lundung tunduh teu paduli, ngalebur bulu jeung kuku, 
bijil ti beuteung ka lisan, kahanan manah dumadi, 
nu sorotna hideung bawaning kawasa;

3.Nafsu Sawiyyah, 
Nafsu Hardha nu kawarti, mernah dina kalilipa, 
nu ngandung perwatekna dengki, nu panasbaran jeung hiri, 
urat jeung daging ngalebur, tina panon kaluarna, 
kahanan manah dumadi, 
nu sorotna koneng bawaning kawasa; 

4.Nafsu Mutmainah, 
teges Jinem nu kasebit, watekna kautamaan, 
resep kana mujasmedi, tatapa reujeung ngawirid, ngalebur balung jeung sungsum, 
dina babalung pernahna, nyata tina irung bijil, 
nu sorotna bodas bawaning kawasa; 

Ari hal Getih Sosoca, 
rupina sorotna getih, 
nyorot jadi 5 cahya, 
bodas-
hejo-
koneng  
beureum-
hideung nu sajati, 

paesan Dzat Rohul Kudus, 
nyata katelahna Akal, 
hakekat Atmana Budhi, 
jadi rupi wiwarnaning 
Alam Ajsam; 
Akal tajali nafsuna, 
kuat Hangkara Sajati, 
kuda jiro digedogan, 
dina pancadria nu ngancik, 
wisesa budhi piranti, 
ider jagat tapi lumpuh, 
jero lanjaran ayana, 

Ta yun Ma nawiyah nya nami, 
nu jadi kadalina Jisim jeung Jasad; 

Ari saestuna akal, 
nu saestuna ngan 1, 
dibasakeun jadi 5, 

1.Budi Ma nawi, 
    atawa Ati Ma nawi, 
    tegesna wahyuning Qolbu, 

2.Budhi Sanubari, 
    nu jadi pangwaaning qolbu tegesna; 

3.Budhi Suwedha, perwatekna titih-rintih, 
    mawa sifating borangan, 

4.Budhi Jaki, 
    nya Budhi Fu ad kawarti, negeskeun Urat.                Jajantung, atawa Aklun nelahna, 
    sifating pangajak budhi, 
    jadi permananing qolbu 
    nu tegesna; 

5.Budhi Sir 
   atawa budhi Ati Sir, 
   rasaning ati tegesna, 
   nelahna Budhi Saufi, 
   nu hartina Ati Wening, 
   sucita rasaning qolbu, gambaran badama akal, 
   nu sifatna suci bersih, 
   jadi jatining rasa qolbu nyatana; 

Tegesna ati nu 5, 
dina pangartina budhi, 
dingaranan Pancadria, 
nyeta pangawasa budhi, 
medal ti rasaning budhi, 
minangka galeuhning qolbu, 
jinisna nya 3 rupa, 
nyerep jeung nu 5 tadi, 
gumulung dina lebeting Pancadria; 

Ari Dingding Jalal mah, 
nyata Hijab nu kasebat, 
sumorot unggeling warna, 
lir kebul haseup uap cai, 
kuatna bawa ngajadi, 
natrat wasana Nu Agung, 
minangka Jasad na Atma, 
watesan sampurna Jisim, 
jadi raga Alam Insan Kamilatan; 

Mun ngaguar eusi jasad, 
saestuna ngan sa 1, 
tapi dibasakeun 2, 

1.Jasad Hurip, 
   atawa badan jasmani, 
   jadi tina kebul lebu, 

2.Jasad Latif  
   atawa badan ruhani, 
   tina kebul haseup asal-muasalna; 

Antarana 2 jasad, 
gulangkep ngajadi 1, 
ngajadi panggonan maddah, 
tempat ngancikna anasir, 
gumulung hurip jeung latif, 
jasmani rohani campur, 
lir keris manjing warangka, 
kaliputan Hayyun Daim, 
pangemban gelarna 
sifating kawula; 

Mun ngaguar eusi Hijab, 
tengetkeun masing taliti, 
nyata aya 3 rupa, 
1.rupa kebul nu 
2.rupa haseup , 
3.rupa ibun 

tina 3 rupa ieu, 
aya 3 pangkat deui, 
sakabehna jadi pangwasaning jasad; 

Hijab Kebul 3 rupa, 
1.Hijab Kismi  
   dadasar pokokna jasad, saperti tulang jeung.     
   daging, pon kitu sabangsa kulit, jeung anu.    
   kasebut bulu, 
   jeung sajabana ti eta, 
   nu di saluareun jisim, 
   nu jadi bungkusan pangwasaing Jasad; 
   Bangsa uteuk ati bayah, 
   lan jajantung jeung ati, 
   oge saperti liana, 
   ayana di jero jisim, 
   jadi eusina ragawi, 
   nu moal bisa ngawagu, 
   kana rupa koneng emas, kaasupna Hijab Rukmi, 
   jadi pangwasa nempo wahyaning jasad

Ari golongan sungsuam, 
katut sabangsana getih, 
jeung sajabaning mani mah, 
nu lalembut jeung laleutik, 
nu jadi eusi ragawi, 
mangrupi sorotna wujud, 
nu awas permana tingal, 

Hijab Retna nu kawarti, 
jadi pangwasaning sosocana jasad; 

Hijab Haseup tilu rupa, 

1.Hijab Pepeteng kawarti, 
   nu dumukna dina nafas, pangwasa nafasna.     
   jisim, 

2.Hijab Guntur nu paranti, nutupan ngeusian.    
   wujud, pangwasaning pancaindra, 

3.Hijab Seuneu nu pangahir, jadi pangwasaning 
   rupa nafsu jasad; 

Hijab Uap 3 rupa, 
1.Hijab Ibun 
   terusna ngajadi Sukma, 
2.Hijab Nurrasa, 
   jadi Rasa rupi-rupi,  
3.Hijab Nurcahya  
   jadi kahananing Atma, 
   bibit buit Insan Kamil, 

kabeh hijab jadi pangwasaning Dzat; 

Keur jentrena pek tengetan, 
nalika Nu Maha Suci, 
nya ngawujudkeun sifatna, 
jeneng Adam nu kawarti, 
bahana 4 perkawis, 
mangrupa haseup kekebul, 
dijadikeun bahan maddah, 
taneuh-seneu-angin-cai, 
jadi Rupa Wajah wisesaning sifat; 

Ditegeskeun satemena, 
yen rupa-rupa anasir, 
nyatana mangrupa maddah, 
nya beungetna Wajah Gusti, 
sifatna langgeng abadi, 
na embun-embunan dumuk, 
tuluy turun kana soca, 
saterusna kana cepil, 
nya dina irung ngagulung 
jadi nafas; 

Lumpat deui kana lisan, 
di jero dada manganti, 
sumarambah dina jasad, 
jleg jumeneng Insan Kamil, 
ku kersaning Maha Suci, 
kawasaning Maha Agung, 
teu keuna gingsir jeung owah, 
mernah di Atina Ati, 
nu katelah mahligena Baitullah; 

Mungguhing sajatining dzat, 
nyatana dzatining Gusti, 
ngagem pangwasa nu wenang, 
nu ngajembarkeun pangasih, 
katarik ku rasa budhi, 
kairut pangwasa nafsu, 
ngagelarkeun kabeh rasa, 
di Baitul Makmur ngancik, 
ngadon rereb ngabebener panca dria; 

Mun aya harkatna jasad, 
hirup di dunya teu lami, 
kasirep ku atma-sukma, 
katarik pangwasa budhi, 
teuleum dina rasa budhi, 
kapincut ku hawa nafsu, 
lebur ku pangwasa cahya, 
mulih ka dzat mutlak qodim, 
nya dinamian Wafat dina jasad mah; 

Ari hakekatna wafat, 
lain ngan saukur mati, 
ngan sakadar pindah tempat, 
mulih ka jatining kawit, 
balik ka alam ajali, 
ngajugjug ka alam luhung, 
renggenek di alam mulya, 
alam langgeng tur abadi, 
mulang ka jatining manusa sampurna; 

Mun urang hayang Waskita, 
hayang jadi Insan Kamil, 
prak teuleuman makna Shalat, 

nu ngandung sabelas harti, 
tawis kaasih ka Gusti, 
kacinta ka Maha Agung, 
yen dzat-sifat-asma af'al, 
ngajadi Qur'an Sajati, 
indungna tuduh jalan 
ka pangbalikan; 

Tah kieu tegesna shalat, 
1.dina nangtung nu hakiki, 
   nya nandakeun hirup urang, 

2.dina ruku nu sayakti, nandakeun paningal diri, 

3.pas itidal nu saestu, nandakeun pangucap.      
   urang, ngaos babacaan Qur an, 
   tanda pangrasa sajati, 

4.lungguh tumaninah mah negeskeun iman; 

5.Dina palebah tahiyat, 
   tanda ngamantepkeun tauhid, 

6.palebah ngucapkeun salam, 
   geus marifat islam diri, 

ari pupuji ka Gusti, 
nafas urang nu lar-sup, 
dina dzikir jeung wiridan, 
waspada ingetan qolbi, 
ari kiblat mah 
madep ka hening urang; 

Pikeun jalma nu tos apal, 
jeung pikiranana ngarti, 
tos tinangtu moal ham-ham, 
dumuk di maqom sajati, 

ngisat raga nyungsi diri, 
moal ngangluh ku bangbaluh, 
tos henteu sungkan nyorangan, 
teu ngumbar nafsu birahi, 
nu saincak-incakna parantos lillah; 

Mangga geura tafakuran, 
sing tartib kalayan apik, 
nuju ka Insan Kamil tea, 
dina shirotol mustaqim, 
nalungtik jatining diri, 
tong hariwang jeung ngawagu, 
ku aling-aling panghalang, 
sabab jagat geus dieusi, 
ku pangawasana Af al nu wisesa

Sifat-Sifat Dzat Alloh Ta ala 
1.Wujud, 
2.Qidam,  
3.Baqo 
4.Muhalafathu lilhawadits 5.Qiyamuhu binafsihi  
6.Wahkhdaniat; 
7.Qudrot  
8.Irodat, 
9.Ilmu 
10.Hayat; 
11.Samma  
12.Bassar  
13.Qolam; 
14.Qodiran,  
15.Muridan; 
16.Aliman, 
17.Hayyan; 
18.Sami an, 
19.Basiran 
20.Mutakaliman, 

nya semet eta mah seep, 
enggeus jejeg eta 20 sifat; 

Nu kaasup sifat 20, 
nya dibagi 4, 
1.Nafsiah 
2.Salbiah; 
3.Ma ani 
4.Ma nawiyah 

Nafsiah pangambung 
Salbiyah paningal urang sifatna; 
Ma ani pangdangu sifatna, 
Ma nawiyah baham  

Nafsiah 1, 
Salbiyah 5, 
Ma ani 7, 
Ma nawiyah 7, 

urang buktikeun sing sidik, 
Nafsiah, 
bagianana ngan 1, 
geuning sifatna 1, 
nyatana eta Pangambung, 
irung urang henteu dua, 

Salbiyah 
dina soca, aya 5 perkawis, 
1.bobodasna soca, 
2.hihideungna 
3.kokonengna dina soca
4.beubeureumna soca 
5.heherangna panon wening, 

tah nyata bukti,5 barangna jadi gulung, 
kawasa Gusti Allah, 
dina saban-saban jinis, 
tangtu pisan aya bae rasiahna; 

Ma ani rasiahna, 
eta dina cepil bukti, 
itung lelegokna cepil, 

Ma nawiyah 
bagiannana 7 bukti, nyata, 
nyaeta ngarana biwir urang nu ti handap,nu luhur, 
gugusi nu ti luhur ti handap;  
ngaran lalangit,anu ti handap, ti luhur, 
di tengah letah sahiji, 
jejeg 7 barangna Ma nawiyah; 

Ieu ge aya dalilna, 
iqro qitabai a dalil, 
kafa binafsika, 
alyauma alaika hasiba 

unina dalil, 
sundana nu kamashur, yen 

wajib pisan manusa, 
ngaji teh kudu ngajinis, 
enya eta ngaji saadeging badan; 

Ulah ngaji luar badan, 
matak ngajauhkeun Gusti, 
teu ngarasa babarengan, 
siang wengi ngangliputi, 
babarengan nya sumanding, 
sumerepna nu geus tangtu, 
sanggeusna maca daluang, 
terus ngaji luang deui, 
nya eta ngarasakeun daluang tea; 

Dihartikeun dilenyepan, 
diterapkeun kana diri, 
sing cocog jeung sareatna, 
hakekatna geus pasti, 
aya dina diri pribadi, 

nu matak kudu diemut, 
kalawan make Tarekat, 
sangkan bisa Ma rifati, 
sabab eta nu 4 
henteu papisah; 

Sareat Hakekat, 
Tarekat Makrifat 
teu beunang di pisah-pisah, 
kudu gulung jadi 1, 
boh dina lakon Agami, 
sumawona dina Ilmu, 
kudu gulung anu 4, 
sabab manusa ge geuning, 
sampurna bisa gumelar di Dunya; 

Taya lian ngan ku 4, 
pangucap 
pangangseu  
paningal
pangdangu 

jadi lamun kurang hiji, 
teu sampurna urang hirup, 
komo lamun kurang dua, 
pinasti moal katepi, 
sumawona kurang tilu nyucud pisan; 

Panyipuh Laku Lampah  
Emut ka pisaur Wali, 
Nu celuk ahli tarekat, 

Mun urang hayang rancage, 
Kalawan jatnika rasa, 
Gumelar di Alam Dunya, 
Panemu kudu disipuh, 
Ku laku 4 perkara; 

1.resep susuci, 
   Suci ati lampah nista, l
   aku hasud kapalire, 

2.ngurangan dahar, 
   minangka ngalatih raga,
   sakur rereged kalebur, 
   ngabiasakeun tirakat; 

3.susuci batin, 
   Ku loba ngurangan sare, 
   reujeung nu kasebut sahwat, 
   pikeun pangluyu ing jiwa, 
   hartina imbang-imbangan, 
   jeung sarupaning bangbaluh, 
   anu mangaruhan jiwa; 

4.kudu tarapti, 
   ngurangan nafsu cacarita, 
   basa garihal teu hade, 
   pikeun panglenyepna rasa, 
   upama geus lenyep rasa, 
   jadi laku anu lungguh, 
   berwibawa jeung perceka;
   Mungguh cocoba hirup sajati, 
   lumampah dina 2 golongan, 

1.5 golong, 
   resep ngumbar hawa nafsu, agul ku kasuka ati, 
   watak bohong palacidra, gede ambek jeung.           ngaberung, sok hasud hate jeung fitnah, 

ieu cocoba lenyepan sing kaharti, 
kaasup cocoba jiwa; 

2.sagolong jeung cocobaning raga, 
   aya 5 nu kapeto, 
   nyaeta cocoboh laku, 
   ngabudi haseum jeung bengis, 
   ngalaku milampah nista, 
   tirakatan jadi embung, 
   sabisana kudu bisa, 
   diajar nyingkahan nya eta cocobi, 
   sangkan waluya ragana; 

mun ngalaman cocoba tadi, 
kawengku ku 4 akibatna, 
Nista Papa teu pangesto, 
panggih jeung ripuh bangbaluh, 
nya Dora Sangsara deui, 
tegesna manggih kanaas, 

Dusda Lara nu manggih panyakit tugenah, 

Nihaya Pati, 
teu inget ka pangbalikan; 

Sabisa-bisa diaji, 
diajar nyinglar cocoba, 
tatapa jeung jakat gawe, sangkan hirupna waluya, 
tapa Badan handap raga, jakatna resep nu alus, sarupaning kahadean; 

Nafsu tapana lillahi, 
sabar ku rupa cocoba, jakatna ku handap hate, 
bari loba ngahampura, 
sagala kaluluputan, 

sanajan loba nu hasud, 
teu weleh sabar darana; 

Nyawa tatapana lantip, 
ku hate temen guligah, jakatna ulah munafek, 
rasa tapana utama, 
jakatna miceun nalangsa, sanajan rasa hanjelu, 
teu weleh rasa gumbira; 

Cahaya tapana suci, 
jakatna wening paningal, panempo nu henteu hade, 

Atma mah tapana awas, jakatna eling wiwitan, 

kitu mungguhing panemu, 
nu disebut kajembaran; 

Nu liana aya deui, 
wening dina ditapaan, 
atawa dijakatan teh, 
sakur aya dina badan, 
saperti 

Panon tapana, 
ku kurang sare jeung tunduh, jakatna ku loba beunta; 

Ari tatapana Ceuli, 
nyegah hawa nafsu badan, jakatna teu resep denge, 
beja goreng ti nu lian, 

lamun Irung ditapana, 
kudu ku ngurangan nginum, jakatna ulah cempadan; 

Lisan mah tapana biwir, 
kudu ku ngurangan dahar, jakatna ulah campur bae, 

Tapa Parji nyegah sahwat, jakatna nyingkahan jinah, 

Leungeun tapana cocokot, jakatna ulah openan; 

Suku tapana nyamuni, 
kudu nyegah laku lampah, lumaku ka lampah goreng, jakatna resepan leumpang, kana jalan kahadean, 
nyiar pituduh pitulung, 
ku rupa-rupa tirakat; 

Lamun urang resep ngalakonan kitu, 
kagolong utama, 
kitu saur Sunan Ampel, 
nalika ngawasiatan 
ka santrina; 

Lamun beuteung geus lapar ngaharegung, 
buru-buru dahar, 
ulah bareng jeung talangke, sangkan dahar ponyo 
cara kana perang; 

Lamun urang rek ambek 
ka diri batur, 
kudu geuwat-geuwat, pepende hate ku sare, 
supaya gancang kasawur pangeruhna; 

Mun rek perang 
kudu ngudag ambek batur, ulah sok sumerah, 
supaya leber wawanen, sangkan punjul 
aya dina kajayaan;
[8/1 16:48] aji rasha: mun arek sumaba 
ka anu jauh, 
kudu nyarap heula, 
sanajan ukur saemet, 
supaya ulah kalempohan 
di jalan; 

Lamun eukeur gawe kaganggu ku tunduh, 
kudu leuleumpangan, 
ngan kade ulah nyangkere, supaya kabangbalerkeun henteu sare; 

Aya deui papagah 
ti nagri batur, 
ti Nagri Sang Budha, 
keur santri nu loba rehe, 
nu dibarengan talangke ibadahna; 

Saalusna hudang 
keur jalma nu hirup, 
sare leuwih genah, 

najan hudang teu hade, 
lewih utama sare 
mun teu ibadah; 

Saalusna sare 
keur jalma nu hirup, 
leuwih hade hudang, 
tibatan ngan ukur sare, 
lewih hade nyaring milampah ibadah; 

Saalusna nyaring 
keur jalma nu hirup, 
alus diuk mernah, 
najan nyaring bari rehe, leuwih utama cicing 
bari ibadah; 

Saalusna diuk 
keur jalma nu hirup, 
nangtung leuwih mernah, batan diuk ngalamun bae, leuwih hade nangtung 
bari jeung ibadah; 

Saalusna nangtung 
keur jalma nu hirup, 
leuwih hade leumpang, 
batan nangtung tambuh laku, leuwih hade lumaku 
nyiar panalar; 

Jadi mun rek tatapa 
lain saukur, nyepi ngisat raga, keur lahir jeung batin wae, 

tapi kudu dibarengan ngalenyepan; 
saincak-incak usik 
badan sakujur, 
kudu lirih lisan, 
duduga peryoga kade, 
nyarita kudu diunggel tinimbangan; 

Ngalengkah sing ati-ati 
nujul waktu, 
kudu ninggang mangsa, 
keur waktu milampah hade, kudu temen bareng wekel jeung iatna; 

Peta kitu jadi ugeran 
nu tangtu, bangsa nu sujana, perceka reujeung rancage, lamun kitu lampah lulus perbawana; 

Sabab kauger ku babasan 
nu suluk, yen waruga badan, kapindingan ku lalangse, 
ku hasil pertingkah polah dina lisan; 

Lisan nu sakacam-caem ngarahul, 
bisa ngabinasa, 
ngelehkeun wirasat hate, matak jadi panghalang kana ibadah; 

Rupa goreng
 kapindingan hade laku, lampah nu merenah, dibarengan hate sholeh, cacad kapindingan 
ku basa someah; 

Ari nu ngaruksak waruga 
nu matut, odoh ku pakean, pirajeunan eneleke, 
resep make pakean kusut 
teu mernah; 

Sakecap-kecap omongna henteu husu, 
saenyana rupa, 
henteu matak jadi goreng, lamun ngukur ka kujur nimbang ka awak
[8/1 17:02] aji rasha: Gambaran 
keur Nu Ngisat Raga  

Mertelakeun riwayatna hadis, waktu engke amprok jeung kiyamat, 
nya eta Utusan Alloh, 
nu ngaran Ba ats, 
hartina nu ngemban janji, 
rek nagih ka alam dunya, Malaikat Jibril kapundut, mancen tugas 9 hal, 
tugas Pangersa Gusti 
Nu Maha Suci, 
titah Nu Maha Kawasa; 

1.mundut wateking bumi, 
nya eta itsbatna wujud jasad, ibarat rupa pasemon, 

2.adiling ratu, 
ku robahna paningali, reujeung hambarna pangrasa, katut torekna pangrungu, 

3.sugihing arta, 
ibarat kendorna urat-urat getih, nya maburing mani tea; 

4.jadi mitsil gingsirna budhi, Nu disebut wiranging pandita, 

5.mitsil nu odoh, 
naasning werdha nu tangtu, totonden rek peureum ati, 

6.sabarna sudra, 
ibarat murkana nafsu, 
tanda rek resep sagala, 

7.bade mundut wiranging 
   istri, 
tanda nafsu mutmainah; 

8.imana nu mu'min, saibaratna misahkeun sukma, 

9.tulisan Qur an, 
lir sietna rasa madu, 
Upama rasana lilir, 
totonde geus ngarandapan, palanggeran nu saestu, 
anu geus genah merenah, ngancik dina paningal soca pribadi, 
jeung paningal ka nu lian; 

Aya riwayat nu lain, 
tandana deukeut ajal, 
datang cahaya nu 6, 
bijil tina jasad urang, 

1.lir ibun cahaya, 
kapinding bodasna lauk, koneng papakeanana; 
Di jerona wujud jalmi, ngaku-ngaku malaikat, nganggo papakean koneng, poma ulah rek kagembang, nyeta gambar uteuk urang, sumawona arek nurut, 
kana uar pangajakna; 

2.bijil deui, cahaya nu dijerona, saperti aya 
nu jentre, 
rupa saperti bangbara, 
aya manuk katingalna, 
Buroq nya anjeuna ngaku, ngajak tumpak ka Suwarga; 

3.bijil deui, cahaya nu dijerona, jirim lalaki nu kasep, sorot panonna lir kilat, nyebrot seuneu ti bahamna, sorana lir ngagulugur, mamaksa ngagoda urang; Poma urang ulah gimir, kaluar ti patekadan, sumawona dipalire, 
sieun ku tangtunganana, 
eta wawayanganana, 
dzat budhi urang saestu, 
nya eta akalna urang; 

4.bijil deui, cahya 
tina awak urang, 
halimun nu poek mongkleng, dijero cahya katingal, 
aya nu saperti kaca, 
aya istri nu gelenyu, 
ngabibita rasa urang; 
Poma urang ulah gingsir, kabengbat rasa asmara, sumawona jeung merende, bogoh ku dedeganana, kapincut kapiduriat, 
eta teh wayangna nafsu, tanda deukeut ka Rahmat-Na; 

5.bijil deui, cahya 
tina badan urang, 
rupa mega ngabelegbeg, 
ti angen nepi ka sirah, 
nu pinuh ku rupa-rupa, 
nya Malaikat nu tangtu, kawas nu mapagkeun urang; Poma urang ulah lali, kapincut ku pangolona, sumawona jeung nyarande pedah loba babawaan, 
cenah bekel di sawarga, 
eta wayang sukmana ruh, tanda di jalan Rahmat-Na; 

6.bijil deui, cahaya 
nu luetik pisan, 
rambut onaman mah gede, nu ngadeg hareupeun urang, tapi caangna gumilang, 
bus kana panon nyulusup, bijil kana ceuli urang; Saterusna asup deui, 
kana liang irung urang, 
dina urat ting berebet, 
tuluy bijil tina lisan, katembong lir caang bentang, ka embun-embunan nyusup, sasmita sajero cipta; Saterusna nyusup deui, 
kana jero uteuk urang, 
anu ahirna mah nganjrek, dina panggonan imahna, Baitul Makmur katelahna, tetep dina tahta agung, 
di gedong Maha Suci
[8/1 17:03] aji rasha: Katingal aya nu calik, 
di sakatuhueunnana, 
ngaku malaikat nu neneh, ngaluarkeun sorot cahya, caang padang narawangan, 
ti lebeting Baitul Makmur, keur tunggangan 
ka Manten-Na; 

Poma urang ulah robih, 
obah salebeting cipta, manteng ka nu di mahlige, eta teh wawayangna dzat, rasa pribadina urang, 
mun tina 6 geus lulus, 
asup ka Kasampurnaan; 

Kitu carios wekasan gelar di dunya, 
najan rehe ulah lengle, 
ngatik diri ngisat raga, 
hakekat urang gumelar, 
ka sakur nu ngulik elmu, 
mugi hasil pamaksudan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar