Jumat, 01 Oktober 2021

tapak meri dina leuwi anu sa tapak

Dina Prasasti Sang Hyang Tapak nu katelah Prasasti
ShriJayaBhupati di Sukabumi abad XI, negeskeun yen urg kudu mikukuh
EKOSISTEM. Sing saha anu mikadeudeuh ka Lingkungan sabudereun, sarta
babakti ka masyarakat, eta geus pinasti dina lengkah TAPAKNA SangHyang Widi
Wasa. Nu gaduh Widi. Nu miboga
KaWasana saAlam Jagat Pawenangan. Cag Rampes! 

tapak meri dina leuwi

Sampurasun....,

Aya sabaraha hiji tapak meri dina leuwi?
Saur para guru anu mumpuni, aya 16 tapak meri dina leuwi.
Lamun eta kabeh kapanggih maka artina urang geus bisa 100% mersihan batin tina 
kokotor.
Lain eta wungkul, urang geus kalindungi tina kokotor batin, moal bisa katerap 
deui.
Tempat balik urang lain ka surga deui, kulantaran di surga masih aya kokotor, 
saperti misalna sifat kasarakahan kana kanikmatan (lahir/batin).
Tempat balik urang bakal ka Anjeuna...
Tapak meri anu ka 1 nyaeta aya dua:
1.a  Tapak materi
1.b  Tapak batin

Tapak materi mangrupa komponen materi anu pangleutikna (elektron? quark?).
Tapak batin mangrupa unsur-unsur mental.

Eta kabeh bakal namprak dina mata batin urang.
Urang bakal bisa nalungtik hiji-hiji kalawan euweuh karaguan.

Tangtuna lamun urang latihan soson-soson pantang nyerah, kalayan berserah diri 
(muslim?).
Lamun teu berserah diri, moal bisa tenang, moal siap, artina aya gelisah keneh 
dina batin.

Eta panginten sakitu heula nun...
Eh, tapi naon anu 15 tapak deui, eta tapak meri teh...?
Sok atuh saha anu uninga, urang silih babagi di dieu... lamun manggihan eta 
tapak meuri moal bireuk deui...  :)

Wallahu'alam

Febi

spiritual ~roh~nyawa~bathin

Gambaran na ieu di handap.

Buku ini diterbitkan untuk menjelaskan spiritual secara mudah dan sederhana
untuk orang banyak. Selama ini Spiritual adalah bidang bahasan yang
membingungkan. Sebab itu marilah kita kembali pada dasarnya. Spiritual
adalah ilmu tentang Spirit atau Roh. Jangan jangan dicampur adukkan dengan
berbagai hal lain. Spiritual adalah perjalanan jiwa mencari dan menemukan
yang abadi dan illahi, yaitu yang berwujud Spirit. 

Kita tidak bicarakan metafisika dan paranormal dan ajaran2 "New Age" yang
berisi aneka cara metode dan praktik. Seribu satu macam. Kita akan bicara
inti spiritual. 

Kita tidak akan bicara politik, sosial, ekonomi, bahkan tidak mengenai
agama. Kita bicara mengenai Rohani kita saja. Dalam spiritual kita harus
bicara tentang Hubungan Pribadi kita dengan Spirit, terutama Spirit yang
berdiam dalam lubuk samudera batin kita yang terdalam, Roh Suci, Cahaya
Penuntun, Sang Percikan Illahi. 

Buku Laws of Spiritual adalah sebuah rangkuman dasar spiritual. Dilengkapi
dengan sebuah model dasar spiritual alam semesta yang bisa menjelaskan
secara lebih utuh perjalanan spiritual manusia. 

ISI BUKU. 

Buku Laws of Spiritual terdiri dari 10 kompetensi dasar spiritual yang
tersusun sebagai berikut: 

Pengantar dan berbagai Definisi 

Kompetensi 1. Pengenalan pada Roh, terutama Roh Percikan Illahi, Roh yang
tertinggi, yang berdiam dalam diri setiap manusia, Anda dan saya. Inilah
kunci dan titik puncak perjalanan spiritual. Inilah Roh yang secara riil
akan memberi Anda hidup setelah mati. Dalam bab ini saya akan uraikan
cara-cara praktis kita membangun hubungan dengan Inner Spirit. 

2. Transformasi Spiritual. Inilah fungsi dan pekerjaan pokok dari Sang
Percikan Illahi. Kita manusia diubah, dilahirkan lagi, ditransformasi, dari
kodrat evolusi binatang menjadi kodrat spiritual. Ini proses nyata yang kita
alami sepanjang hidup kita. Pekerjaan itu disebut Spiritualisasi. Ilmunya
adalah Spiritual. Hasilnya adalah kita manusia akan menjadi lebih Spiritual.
Hasil akhirnya adalah jiwa kita diubah menjadi total Spirit. 

Kompetensi 3-5 adalah Nilai-nilai pokok yang dibentuk dan diajarkan oleh
Tuhan dan Roh Percikan Illahi dalam diri manusia. Spiritual itu belajar
Nilai (Values), bukan sekedar makna atau wujud fisik. Makna dipelajari oleh
filsafat. Wujud dan zat dipelajari dalam ilmu pengetahuan. Spiritual
membahas Nilai. Spiritual tidak berusaha memaknai atau menafsirkan dengan
otak. Spiritual itu belajar tentang nilai-nilai semesta yang hanya bisa
dipahami oleh hati. 
Ada tiga nilai pokok spiritual : 
- Cintakasih , 
- Rahmat dan Pengampunan, Welas Asih 
- Perbuatan Baik 

Mengapa tiga itu? Sebab inilah proses spiritualisasi alam semesta. Sebab
Cinta adalah prinsip motivasi dan ENERGI spiritual dari Tuhan. Welas asih
adalah SIKAP (attitude) kita secara pasif pada orang lain. Dan Perbuatan
baik adalah Kasih IN ACTION kepada orang lain. 

Kompetensi ke-6 dan 7 membahas tentang pemahaman Hukum Universal Alam
Semesta, terutama hukum Karma atau Sebab Akibat. Anda tidak bisa lepas dari
hukum ini, sehebat apapun diri Anda mengelakkannya. Alam semesta memiliki
akunting yang persis untuk sebab akibat. Sebab itu di sinilah kita belajar
Moral atau pertimbangan Baik dan Jahat. Hukum berikunya adalah tentang
Memberi dan Menerima. Inilah dasar dari the Law of Attraction dan semua
keberhasilan hidup. Give, give and give all yourself to God and to humanity.
You will see success. 

Kompetensi 8 dan 9 membahas 2 kecakapan komunikasi praktis antara Tuhan dan
manusia. 
Worship atau Penyembahan, dimana kita memuja dan menyembah dengan segenap
hati tanpa mengharap balasan. Inilah proses refleksi jiwa dimana diri kita
akan menjadi makin illahi seperti diri Tuhan yang illahi itu. Inilah proses
pengisian energi spiritual. 

Yang kedua adalah Doa, dimana kita menyampaikan permohonan dan mendengar
jawaban dari alam roh. Inilah kerjasama atau sinergi dengan alam roh. Kita
perlu menyampaikan dan kita perlu melatih diri kita untuk mendengar jawaban
doa. Doa selalu mengharap jawaban. Inilah proses sinergi dengan alam
semesta. 

Kompetensi 10 merangkum dan membahas yang terpenting dari semuanya, dan itu
kembali pada yang pertama, yaitu ketaatan pada kehendak Roh Percikan Illahi
yang ada dalam diri manusia. Kalau kita taat pada Yang Didalam, dipastikan
kita akan mendapat support penuh dari Beliau yang didalam dan kita akan
melihat kehidupan abadi. 

Dari Tuhan, kembalinya pada Tuhan. Kita manusia diberi kehendak bebas untuk
memutuskan ikut yang mana, kehendak Tuhan atau kehendak sendiri? Kembalinya
segala sesuatu pada diri kita masing-masing!

 

From: Roza Rahmadjasa Mintaredja

ruh~nyawa~bathin

Ruh mah anu sipatna langgeng, aya di diri urang,  sifat nu suci. Asal ti Gusti.

Nyawa, nya  tina  saripati  bumi/taneuh, seuneu/energi, cai, udara. 

Datangna boh tina kadaharan, napas anu dihirup, atanapi cai anu di inum ku 
urang-urang.

Ruh anu gulung jeung nyawa eta disebut Batin, Jiwa urang tea.

Upami dina ajaran Bhagawan-Gita, katelahna  atanapi sesebatanana Atman/nyawa 
sareng Brahman/Ruh.

kalam ka sunda an 3

Bag III
Disiplin Ulikan Kasundaan Eusi

Ulikan eusi kasundaan, ulikan sunda jero, eusi atawa jati,  mangrupakeun ulikan 
nu lengkep teori reujeung praktekna sanajan pustakana aya dina hambalan sunda 
nu ayeuna geus teu populer deui di lingkungan formal alam pikiran kalolobana 
urang sunda katut para budiman sunda ayeuna. Ieu ‘elmu’ ngeunaan Sunda,  katut 
‘teknologi’ tina metakeun sunda eusi keur kamaslahatan alam katut eusina nu 
geus kapanggih ku luluhur sunda baheula, kahontalna teh make parabot rasa nu 
geus kacaangan sunda. 
Ulikan ieu dina proses edukasina mentingkeun JADI tibatan saukur nyaho. Hartina 
ulikan disiplin kasundaan leuwih mentingkeun jadi Sunda (Nyunda) tibatan nyaho 
ka sunda, leuwih mentingkeun jadi Caang moncorong cahayaan. Tibatan saukur 
nyaho ayana Sunda.
Kabiasaan Dina Nganepikeun Sunda Eusi 

Saperti nu di sebutkeun diluhur ulikan sunda eusi mentingkeun jadi, mentingkeun 
jadi sunda nu caang cahayaan timanan ngan saukur nyaho ayana caang eusi. Jadi 
dina nganepakeun ulikan ngeunaan sunda eusi teu sambarangan ditepikeun. 
Nepikeuna jeung nepakeunna teh make ‘media’ husus nyaeta make paawas awas rasa 
pabersih bersih ati ku cara mernahkeun tangtung di bumi suci alam padang hasil 
tina henang hening henung sunda. 
Kulantaran ngeunaan alam rasa dina hambalan sunda, tulisan, ucap ‘teori’ atawa 
katerangana sering disilib sindirkeun atawa dipilihan ngajaga timbulna salah 
harti nu ngadenge/numacana. Dina geus kacekel barang tur Aya-na karek 
dijentrekeun satarabasna. 
Hal eta teh lantaran, caritaan sunda eusi mah hese kahontal ku jalma nu 
ngagedekeun keneh uteuk jeung angkeuhna sorangan. Dina merenahkeun tangtung 
nage carita sunda eusi bakal ngan saukur dikira kira lamun jalmana can manggih 
‘Aya’ jeung ‘barang’na. Ari kira kira tangtu lain jeung moal nu enyana. 
Sigana moal jadi aneh upami budiman sapertos Hoof-Panghulu H. Hasan Mustapa 
seueur masihan simbol siloka sareng sindir dina ngadugikeun pamendakna teras 
dipilih-pilih nurutkeun pamahaman nu ngupingna, diantarana misalna wae H Hasan 
Mustapa mung milih sabagian ayat Qur’an –dina adab padikana disebut 105 ayat, 
numutkeun etangan Ayip Rosidi 352 ayat- dina nyerat tafsir qur’anul adhim. 
Dipilih ngan sabagian leutik  tina qur’an sigana tangtos kaemuteun ku anjeuna 
yen tafsirna hiji waktos, bakal kaaos ku umum nu teu sadayana apal kana aya 
jeung barangna, kaayeunakeun geus kajadian. Eusining qur’an nu numutkeun 
anjeuna, hatamna ti sunda ka sunda deui teh  moal gampang kaharti ku ‘bangsa 
kaula’. Saurna ge, ‘Komo lamun jalmana geus tikait kana panyakit ati’. 
Bangsa kaula didinya lain nuduhkeun urang sunda kabeh tapi sakabeh bangsa jalma 
nu masih keneh di ka-kaulaan, teu masagi dina rasa kuring, rasa kami, rasa 
ingsun jeung rasaning aing. Nu karitu moal bisa ngahontal eusining bacaan 
sagemblengna.
Kusabab sunda(eusi)na mah moal  kahartieun ku pamahaman ka-kaula-an komo deui 
ku nu geus kotor hatena nu ngan ngarti sisindiran jeung wawangsalan. Ayat ayat 
nu dipilihna keur nuduhkeun supaya jalma nu di ka-kaula-an katuduhkeun kana 
sunda. 
Dina kanyataanana lantaran kamampuh umum nu teu sarua eta tafsir jadi ‘dongeng’ 
atawa ‘carita’ penafsiran  nu warna warna utamana ku para budiman nu teu weruh 
ka sunda eusi.
Tapi tangtu eta teh lumrahna kitu jeung kuduna kitu, ku ayana wacana teh 
ngabantu nyaangan uteuk dina nyusuk kanyataan ‘aya’ jeung kanyataan ‘barang’ nu 
dicaritakeun nyaeta Sunda tea. 
Ngan jadi pihanjakaleun lamun dina ngabahasna saukur make uteukna mungkul teu 
daek make ati anu putihna. Tangtunganana teu daek dijadikeun kabuyutan 
(kabuyutan=tempat suci) da nganggap kabuyutan teh ayana diluar, di kuburan 
luluhurna mungkul, teu hayang nyieun sorangan siga luluhurna baheula nu mampuh 
nyieun jeung boga kabuyutan.  
Kapan loba kacaritakeun elmu tapak kamampuh pikeun ‘tanjeur na juritan’ 
‘heubeul jaya di buana’ teh pan ayana di kabuyutan, jadi boga kabuyutan 
sorangan teh kudu pisan lamun hayang hirup mulya ameh masing masing bisa makena 
dina nyanghareupan musuh jeung tangtangan hirup. 
Nu teu daek nyieun kabuyutan dina dirina sorangan pohoeun kana ayat Al Qur’an 
nu unina kieu: Fi buyutin addinallahu anthur fa'a wa yudzkara fihasmuhuu 
yusabbihu lahuu fiihaa bilqudhuwi wal ashal (QS Annur: 36), yen ngan di 
buyut=tempat suci asma Allah teh diijinkeun ayana. Matak kudu jadi nyieun 
kabuyutan nu deuheus ka awakna supaya bisa nyusuk jeung gampang makena. Dina 
ngahartikeun sunda nu teu daek beberesih ati jeung lampahna mah ngan saukur 
meunang dongeng bari teu karasaaeun manfaatna ku inyana sorangan. 
Hal ieu teh nu oge sok dipaurkeun ku para budiman sunda eusi sanesna, sieun 
sunda teh ngan saukur jadi dongeng, pagede gede carita, parame rame  mere 
tafsiran tapi nyundana teu jadi, da teu daek manggihan aya jeung barangna. 
Kadieunakeun, paling henteu nu katengetan taunan katukang, dina ngahartikeun 
mentingkeun jadi Sunda tea, sabagean jalmi tedak sunda nu nganyahokeun sunda 
eusi nganggap ieu ulikan pamali. Pamali diomongkeun pamali dituliskeun 
sagawayah sabab ngajaga jeung kasieunan bisi ulikan teh jadi ngan saukur 
dongeng, pagede gede carita wungkul, bari teu karasaeun teu kapanggih. Dina 
kapaksa nulis, nulisna terus sok di silib sindirkeun atawa lamun ditepikeun sok 
milih milih kanu enggeus ‘mateng’ pola pikir jeung pola lakuna, dipilihan kanu 
geus tapis neuleuman sunda luar heula. Ngarariung nepikeun eusi na ge sok milih 
dina waktu sareureuh budak atawa ditepikeun teu sagemblengna, sesana sina 
kapanggih sorangan ku nu hayang nyusudna. 
Kabiasaan nu katengetan eta tangtu ngan saukur kawijakan jalmina atawa sifatna 
kasuistis nu kahareup bisa di saluyukeun jeung kabutuh selerna asal tetep 
mentingkeun JADI.  Sabab, harti ‘hese’ nganyahokeun sunda eusi didieu lain 
hartina teu bisa kahontal jeung teu bisa manggihanana, komo teu bisa di 
‘bukakeun’ mah sabab lamun puguh ‘cara jeung jalanna’ mah teu hese hese acan. 
Cara jeung jalan ieu, nu ayeuna dina loba lingkungan formal karasa asing, 
tibabaheula sabenerna turun tumurun di tepakeun ditepikeun dicekel dialusan ti 
mimiti kapanggihna ku luluhur urang sunda tug nepi ka jaman ayeuna 
disampurnakeun nganggo sir’ah jeung minhaj  Islam  nu datang ti tanah Arab. 
Ulikan kasundaan eusi nu tangtungan jeung nembongkeunana 1) ngagunakeun awas 
caang rasa jeung  bersih ati; 2) bijilna tina SIR nu ku sari, 3) ayana  
lantaran RAS ku rasana nu hasil tina merenah tangtungan di bumi suci alam 
padang sabab mampuh henang hening henung dina Sunda eusi, sabenerna mangrupa 
skill nu bisa diajarkeun bisa ditepakeun kalawan empiris. 
Ulikan sunda eusi ieu ngarupakeun ulikan empirik sabab lamun make jalanna saha 
wae nu makena bakal tepi. Tapi tangtu lamun teu nyaho  jeung teu make carana 
lebeng moal panggih. Lir ibarat hayang nyaho internet [sunda eusi diibaratkeun 
internet] teu boga modemna (warnet euweuh), sanajan komputer awakna alus 
hardware jeung software na alus moal bisa nepi. Jadi we internet ku nuboga eta 
komputer ngan saukur ‘khayalan’ Nya terus we dikira kira da rea maca ngeunaan 
internet eta tina majalah, buku atawa dongeng batur nu eusina lain hand book 
atawa journal tapi ngan saukur ‘cenah’ nu dibungbuan ‘basa iklan’. Sanajan cang 
tangtu  jadi ‘sasar’ atawa ‘bias’  dina nyahona ngan saukur dongengna wungkul. 
Informasi jeung fasilitas ti internetna mah weleh teu ngarasaan jeung 
ngabuktikeun. Tapi, lamun bisa nga-acessna mah kabeh nu nga-access pada ngarasa 
jeung ngabuktikeun sarua gening kitu internet teh. Tah dina sapopoena tiap 
netter beda beda
 makena beda beda naon nu didownload [khasanah pustaka jeung teknologi sunda 
eusi]  ka komputer awakna kumaha karesepna kumaha kabutuhna.
Ngawanohkeun ‘modem’ ieu nu sigana perlu ditepikeun deui supaya  kana sunda 
eusi teh loba nu nganyahokeun,  ngarasaan, jeung ngabuktikeun. Supaya jaradi 
caang nyaangan uteuk angkeuh jeung lampahna dina nanjeurkeun deui sunda boh 
dina budayana boh dina tangtungan kasundaana nu ayeuna warna warna jeung terus 
kagerus jaman.
Jenis modemna nu aya dina pabetekan pustaka hambalan  Sunda: aya nu tina Agama 
Islam, aya oge nu tina ‘inovasi’ luluhur sunda baheula. Ngan ari kanggo para 
budimanna mah, sigana, kedah tapis nganggo duanana sabab lamun teu pernah 
ngaraoskeun jeung ngabuktoskeun sacara haqul yakin ngeunaan inovasi luluhur 
tedak sunda, terus teu jadi ‘tacit jeung explicit knowledge’, tangtos moal  
ngeusi dina nganepikeun jeung ngama’naana budayana, moal ENYA, da ngan saukur 
nganggo kira-kira. Nuduhkeun jeung ngajelaskeun budaya sunda -nu nyunda- ka 
selerna oge tangtu teu eusian da teu merenah  Sundana. 


Panutup
Panginten nu ngaos, timimiti ningal ieu tulisan  ngemut : naha bener henteu ? 
boa ngan saukur ngira-ngira, ngimpi, ngahayal, atawa supertisi ? atawa naha 
ngan saukur pamanggih subyektif ? 
Ieu tulisan ‘panganteur’ bijil tina hasil  multiple case study. Protocol jeung 
data base kajian sadia pikeun external validity, Tehoritical proposition keur 
nganalisa papanggihan aya, sabagian ditepikeun dina ieu tulisan Keur internal 
validityna.  Key informants masih aya, Dokumentasi artefak arsipna  aya, oge 
chain of evidence dina hambalan sundana bisa nedunan construct validity, 
Tinggal  daek langsung jadi participant observer ngalakukeun kajian sorangan 
pikeun nganyahokeun ngeunaan tangtungan Sunda jati - lain ngan saukur mitos 
tapi aya, empirik jeung bisa dipake. Ngan tangtu pikeun ngalakukeun participant 
observation, maca data base jeung nyusud chain of evidence na  perlu ‘training’ 
heula.
Ieu ‘kajian’ perlu ‘tempat’ keur ngawacanakeun utamana dina nepikeun hasilna, 
‘pustaka’ sumber na masih dikalangan koleksi  pribadi-pribadi tertentu 
hariwangeun keneh lamun disimpen di ‘perpustakaan umum’ lantaran sieun 
‘pustakawanna’ teu ‘eungeuh’.
Ngahaja ditulis ti pandeuri sabab hayang oge nganepikeun yen  tangtungan sunda 
jati, khasanah pustaka jeung teknologi sunda dina hambalan sunda bisa di 
talungtik dibuktikeun make pola pikir pola laku disiplin ilmu ‘jalmi nyakola 
modern’ , supaya rea urang  sunda ayeuna nu gedena ku sikep ilmiah (scientific) 
bisa maca pustaka jeung make ‘teknologi’ dina hambalan sunda keur nanjeurkeun 
deui sunda; sugan ari rea mah engke paTAPA di nagara nu masagi dina tangtungan 
sunda eusi, aranjeunna jadi sauyunan nanggarakaeun Pajajaran anu mulya nohonan 
uga.  
Ngan tangtu kudu dimimitian ku  sumanget,  nu saur kangjeng Nabi Muhammad saw 
mah, Al hanifiyyat al-samhah. 

Robbana atmim lanaa nuuranaa…
 Nun… Nungauban sampurnakeun sunda abdi..
 (At-tahrim 66:8)
Amin.


Cag.

kalam ka sunda an 2

Bag II
Katerangan  Sunda Eusi 
Dina Ageman Urang Sunda Ayeuna (Agama Islam)
Sabagian katerangan tina Qur’an dina tulisan ieu dicutat lain rek saukur 
nyalindung ka Qur’an dina ngajentrekeun ulikan SUNDA eusi tapi utamana 
nuduhkeun yen ulikan SUNDA eusi, jero atawa jati dina Qur’an aya sanajan 
sir’ah kalawan minhaj dina manggihan jeung nyimbolkeunana teu sarua.


Sunda teh Iman, Iman teh Sunda

Sunda dina harti sunda eusi nyeta Nur nu nyaangan ati nu kapanggih ku awasna 
ati (rasa) teh kanyataan Iman, sabab Iman dina (agama) Islam numutkeun Allah 
swt dina Al-Qur’an mangrupikeun Nur. Iman teh Sunda jati (Nur) nu mangrupakeun 
hidayah nu datangna ti nu murbeng Alam. 
 ‘.…[Kitab jeung] iman teh Nur (Sunda) ti Allah, nu ku sunda eta Allah mere 
pituduh ka sing saha bae nu kuanjeuna dikersakeun, jeung saenyana ku sunda eta 
maneh bakal mere pituduh kana jalan –sirothol- mustaqim’ (As-syura, 42:52).

Dina disiplin kasundaan, saperti nu disebutkeun di bagian saencanna, Nur ieu 
kapanggihna lamun hiji jalma nyirnakeun pancadriana heula, oge tapak uteuk 
jeung angkeuhna sorangan heula nepikeun ka teu kumanehna manehna acan. 

Nyunda Ciri nu Ariman 

Lamun meunang iman Nur nya jadi nyunda. Hartina lamun nyunda caang cahayaan, 
Nur(sunda)na moncorong jeung pasti terus hayang tetep nyunda cahayaan. 
Numutkeun Firman Allah swt dina Al-qur’an ‘…Jalma jalma nu ariman mah nyunda 
(caang cahayaan), sundana (Nurna) tembong sumirat moncorong  dihareupeun jeung  
dina (lebah) leungeun katuhuna, maranehna nu nyunda (nu caraang) nyarita: Nun 
Gusti, mugi Gusti nyampurnakeun kasundaan abdi sadaya…’ (At Tahrim, 66:8). 
Jadi sabenerna lamun hiji jalma, hususna, urang sunda (etnis/genetis) iman 
terus bener ngulik jeung ngalakonan  Islam kuduna bakal leuwih nyunda gumawang 
lain jadi ‘Arab’, Kuduna mah anu loba elmuna elmu lahir elmu batin kudu leuwih 
nyunda caang moncorong, lain jadi ‘bule’.

Kitab Mangrupa Sunda

Sunda eusi ngajadikeun, pancadria uteuk jeung angkeuhna kacaangan. Lamun tapis 
didinya nya jadi permana kana kamulyaan jeung kani’matan hirup hurip, saperti 
nu geus kaalaman ku jalma jalma saencana.  Al Qur’an nu harti asalna bacaan 
bacaeun oge mangrupa sunda:
‘.… Kitab [jeung iman] teh Nur (Sunda) ti Allah, nu ku sunda eta Allah mere 
pituduh ka sing saha bae nu kuanjeuna  dikersakeun, jeung saenyana ku Nur 
(sunda) eta maneh bakal mere pituduh kana jalan –sirothol- mustaqim’ (As-syura, 
42:52).
Dina ayat nu lainna bisa ditingali yen ku kitab, nu mangrupa Nur (sunda) eta 
tea, Allah ngaluarkeun jalma jalma ti poek ka nu caang  kalawan idinna jeung 
nunjukkeun ka jalan mustaqim (AL Maidah, 5:16).
Kitab Alqur’an oge aya dina hate nu nyunda: “kitab (Al Qur’an) teh ngarupakeun 
ayat ayat Nu Maha Kawasa nu nyata dina hate jalma nu ngelmu” (Al ankabut, 
29:49).  Ari elmu ngandung harti kanyaho, sedengkeun ari kanyaho teh unsur 
caang (sunda) nu mere jeung jadi tuduh ka tiap jalma dina pikir ucap jeung 
usikna nyanghareupan kabutuh hirup huripna.

Nu Nyunda  Moncorong Cahayaan Tanda Sajatining SUNDA

Allah nurunkeun ayat ayatna ka abdi abdina lantaran seja nyundakeun 
[ngaluarkeun  maranehna tinu poek kanu caang] (Al Hadid, 57:9). 
Caang cahayaan sunda ieu ngarupakeun ciri nu ariman boh Lalaki boh awewe: 
‘Mu’minin jeung mu’minat mah sumirat tembong Nur (sunda) dihareupeun jeung dina 
leungeun katuhuna, mareunang pangbagea kabagjaan surga keur maranehanana ..’ 
(al Hadid, 57:12). 
Cahaya (sunda) Caang teh mangrupakeun rahmat jeung ampunan Nu murbeng Alam 
Allah swt lantaran maranehna pengkuh nyunda [mu’minin] (Al Ahzab 33:43).
Urang sunda sakuduna, ngalangkungan para budimanna, sing bisa katuduhkeun yen 
kayakinan sunda nu tembong dina pola pikir pola laku katut tapak budayana 
baheula teh nyumber tina pangaweruh ti Nu Maha Kawasa Allah rabbul ‘alamin. Ieu 
teh bisa kahontal lamun para budiman sundana bener nuduhkeun nembongkeun sunda 
(eusi) kalawan ENYA ka bangsana dina pola pikir pola lakuna. 

Hayang Manggihan Jeung Meunang Sunda Teh Kudu Islam

Cara hayang manggihan sunda eusi teh euweuh deui kudu tumut turut sumerah 
(aslamtu) ka Nu Murbeng alam: ‘Jalma jalma nu dibukakeun ku Nu murbeng Alam 
hatena kana tumut turut sumerah (aslamtu) ka Gustina, manehna meunang Sunda ti 
Gustina’ (Az Zumar, 39:22). 
Jadi lamun para budiman sunda baheula nyunda eta teh  pasti lantaran pola laku 
lampah  jeung pikirna Islam  tunduk turut tumut ka nu Murbeng alam. 
Sedengkeun Nu Murbeng Alam ieu cahayana langit jeung bumi ‘Allahu nuurus 
samawaati wal ardhi’ anu ‘Nurrun ‘ala nurrin’. Kanyataan Sunda eusi ieu sanajan 
‘nyata’  da moal aya ucap lamun euweuh ‘barangna’ lain hiji ulikan nu sagawayah 
da teu bisa kahontal ku kamampuh jalma biasa nu masih teu daek, terus teu bisa 
bener aslamtuna. 

Pangaweruh Sunda Eusi Tanda Kaluhungan Luluhur Tedak Sunda

Para budiman urang ‘sunda’ (etnis) ayeuna tangtos tos pada aruninga kecap 
Sunda, saperti nu diantarana diterangkeun dina Ensiklopedi Sunda,  mimiti 
kapanggih karek di taun 736 dina prasasti Rakyan Jarupangambat sedengkeun 
karajaan  Sundana karek ngadeg tahun 669 M. 
Ngaran Sunda ieu nu mere ciri jeung sesebutan ngeunaan kahirupana hiji bangsa 
tangtu lain nu pangheulana aya jeung hirup di daerah jawa kulon, sabab didaerah 
jawa kulon keneh,  kurang leuwih 500 taun saacanna (130 M) geus aya karajaan nu 
disebut Salakanagara, nu ngarupakeun karajaan  pangmimitina aya di Nusantara, 
dimana salila ngadegna teh geus boga budaya, ‘beunta’, daragang jeung wawawuhan 
jeung bangsa lain nu ‘maju’ saperti India jeung  China. Sanggeus karajaan 
salakanagara pareum,  saacan Sunda kasebut – dina prasasti - malah aya karajaan 
Tarumanagara nu salila kurang leuwih 300 tahun neruskeun salakanagara 
(358-669). Tarumanagara geus sanggup mere bukti sajarah –diantarana batu tulis 
di Bogor -  nu warta ayana eta kahirupan geus kacatet oge ku seler bangsa lain. 
Saterusna, sanggeus Sunda aya, sanajan dina sajarahna dibere warna ku robah 
robahna  pamarentahan jeung nagarana diantarana aya Kendan, Galuh, terus jadi 
Pajajaran, terus nepikeun jadi Sumedang larang, Banten, Cirebon - ngaran nu 
dijadikeun ‘sesebutan’ atawa ciri pikeun manusa, kamanusaan jeung budaya na 
tetep dipilih Sunda. naha lain urang Salaka, urang Taruma, urang Kendan, atawa 
urang indraprasta, urang Galuh, atawa urang Pajajaran ? (dua kecap panungtung, 
katingalina, ngan sering dipake piken ‘nostalgia’ ka ayana jaman kamulyaan 
baheula) naha bet ngaku jeung nyebut urang Sunda ? 
Hal ieu teh tangtu aya ajen inajen nu hayang ditepakeun hayang ditepikeun jeung 
 nu terus aya lantaran luhung jeung bener eusina. Ajen inajen ngeunaan SUNDA 
ieu dipiara jeung diwariskeun ti generasi ka generasi sabab ngeunaan  kayakinan 
hirup hurip nu mulya nu datangna ti Nu murbeng alam.
Sunda ieu tangtu hasil ‘inovasi’ ti budiman luluhur sunda tina naon nu geus 
kapanggih dina nyanghareupan tantangan hirup hurip nu aya hubungan jeung 
kayakinan tangtunganana dumasar kana pola pikir pola laku saacanna. Kapan agama 
di tatar sunda teh ngarupakeun pengembangan tina agama hindu agama budha nu 
samemehna datang ka tatar sunda, istilah jeung jargon-jargon agama di sunda na 
ge pan rea nu beda jeung hindhu atawa budha.
Lamun ngarujuk kana Al Qur’an, nu sabagianna ditepikeun saencana dina ieu 
tulisan, sunda eusi sarua jeung nu didugikeun Qur’an. Kaluhungan budiman 
luluhur sunda baheula waktu can ngagem Agama Islam nunjukkeun yen aranjeuna teh 
parantos ngalampahkeun ‘bener.’ 
Kukieu teh bisa katingali yen Luluhur sunda baheula tangtu tos kasumpingan 
Rasul nu moal boa rasulna urang sunda sorangan. Komo deui numutkeun Qur’an yen 
tiap umat kapasihan Rasul kanggo nyundakeun jalmana nya hartina nyandak tinu 
poek kanu caang ku pangersana Rabbul Alamin. 
Sanajan lamun ditengetan nurutkeun  tahun kapanggihna prasasti jaru pangambat 
eta, 700 M,  teh ratusan taun sanggeus Agama Islam (Islam AL khusus= sir’ah 
sareng minhaj nu digelarkeun ku Kangjeng Nabi Muhammad saw) lungsur ka buana 
panca tengah (abad ka 6 M) nu mungkin aya pangaruhna tina Islam. Tapi, can aya 
bukti yen pangaruhna aya di tatar sunda.  Atawa lamun aya pangaruh na ge hal 
ieu  leuwih nunjukkeun yen para budiman luluhur sunda harita sir’ah jeung 
minhajna beda ti agama Islam ti tanah arab.
Sakali deui, konsep gambaran ngeunaan Sunda eusi nu sawanda saperti nu 
didugikeun ku Al-Qur’an ti agama Islam (Islam AL khusus) nunjukkeun yen urang 
sunda baheula, paling henteu para budimanna, geus gaduh pangaweruh ngeunaan 
kayakinan Islam (Islam Al umum nu dicandak sadaya Rasulullah di tiap umat). 
Jadi, budayana ge tangtu nyumber tina falsafah kayakinanana falsafah tauhid 
falsafah kasundaan nu caang hasil pola pikir pola laku nu kacaangan ku Nu Maha 
Suci. Robah jadi Agama Islam (Islam al khusus) teh lantaran sir’ah jeung minhaj 
nu digelarkeun ku Kangjeng Rasulullah Muhammad saw langkung langkung sampurna 
nyampurnakeun sakabeh nu enggeus dipake samemehna, kaasup nu dipake di tatar 
sunda nu mun sacara praktek na mah eta jalan (sareat) teh lewih sederhana. 
H.Hasan Mustapa (1930), nu numutkeun Ayip Rosidi tos dianggap Bujangga Sunda 
pangbadagna, ngadugikeun ngeunaan ‘tempat’na Agama Islam jeung tangtungan Sunda 
jati (HH Mustapa, Tafsir Quranul adhim: 293-294), yen Agama Islam nu 
digelarkeun ku Kangjeng nabi Muhammad saw teh ‘sareat pangparatan hakekat’, nu 
ngabuka rasiah sindir siloka prawira perlambang teori nu tiheula-heula dina 
nekanan Sunda ka Sunda deui. Ieu Hoofd Panghulu ngadugikeun yen eusi Al qur’an 
nu jadi sumber ajaran Islam ka buktikeun ‘nekanan saur karuhun [tedak sunda] 
hatamna Qur’an ti sunda ka sunda deui’. Ti (Nur) Cahaya caang ka caang  (nur) 
cahaya kanyataan sunda eusi.
Jadi, ageman nu dipake ku urang sunda ayeuna, Agama Islam, teh ngan beda 
sareatna mungkul –leuwih sampurna- nu matak dina ngagem Islam  nu datangna ti 
tanah Arab ieu teh H Hasan Mustapa gaduh kasimpulan: ”baheula ku basa sunda 
ahirna ku basa arab: jadi kaula nyundakeun Arab nguyang ka arab, ngarabkeun 
sunda tina basa Arab”.
Hanjakalna, kadieunakeun rea para budiman sunda, kulantaran henteu wanoh  jeung 
henteu masagi kana tangtungan sunda eusi luluhurna,  seueur nu ngajelaskeun ka 
selerna yen gantina ageman kana agama Islam ti tanah Arab teh kulantaran 
kayakinan luluhur sunda baheula goreng, ‘musrik’ atawa salah. Nya tangtu 
budayana oge jadi ‘musrik’, goreng atawa salah da nyumber tina kayakinan anu 
goreng musrik atawa salah tea. Jadina, budaya sunda na oge saeutik saeutik tapi 
pasti ditinggalkeun sabab maranehna kayakinkeun yen eta budaya teh nyumberna 
tina kayakinana anu ‘supertisi’ henteu ‘tauhid’ lain ti Allah swt jrrd. Terus, 
pola laku kabiasaan asal sapopoena anu masih dina budaya ‘sunda’ oge jadi loba 
kasieun kapaur kaera ku ka cap kolot, tahayul (mitos), bid’ah, syirik jrrd, 
lain ngakar ti Islam.
Matakna loba urang sunda nu neuleuman jeung make agama Islam jadi Arab budayana 
sabab manehna kayakinkeun yen budaya arab teh kasebutkeun nyumber tina Islam. 
Komo deui sanggeus jadi Indonesia terus patepung jeung budaya sejen –barat- nu 
keur nanjung,  budaya sundana beuki kagerus  da nu ngarora ngarasa teu boga nu 
alus ngeunaan asal usulna nu perlu dijadikeun tangtungan. Urang  sunda ayeuna 
jadi rea nu teu reueus, teu hayangeun miara jeung make budaya sundana, lantaran 
nu normal mah tangtu mikir naon untungna miara jeung make –komo nanjeurkeun- 
pola pikir pola laku katut tapak-tapak anu sumberna mitos, musrik, salah atawa 
goreng ? 

kalam ka sunda an 1

Kalam Kasundaan:Tangtungan SUNDA 
Ku 
Eddy Nugraha

Bubuka

Kanyaho urang sunda ngeunaan nu aya hubungana jeung ‘sesebutan’ sunda warna 
warna, timimiti nu nganyahokeun sunda dina harti kayakinan, budaya, karajaan, 
etnis, basa, tempat, sastra, seni tug nepikeun ka nu teu apal pisan naon ari 
sunda teh. 
Salian ti warna warna kanyaho urang sunda ngeunaan ‘sesebutan’ sunda eta, harti 
nu dipake ku para budimanna ngeunaan sunda oge robah robah ti jaman ka jaman.  
Misalna, dina pustaka tahun 50-an harti sunda teh nepikeun ka leuwih ti 25 
harti  (Sajarah Sunda I, 1956). Satuluyna, dina kamus basa sunda [timiti 
citakan ka 1 (LBSS, 1975) nepi ka citakan ka 7 (LBSS 1992)] ngan dihartikeun 
sacara etnis sanajan ditambah katerangan ngeunaan harti asalna. Robah robahna 
ieu nunjukkeun robahna pangartos para budiman urang sunda dina ngama’naan sunda 
jeung dina ngajelaskeun ngeunaan tangtungan sunda ka bangsana. 
Ka beh dieunakeun dina ensiklopedi sunda (2000), ku para budiman nu ngadamelna 
entri sunda dihubungkeun deui jeung budaya, tempat, etnis, karajaan, sastra 
jeung basa nu ngarupakeun ‘produk’ atawa tapak budaya nu geus kakumpulkeun, 
tapi acan nuduhkeun jeung ngajelaskeun kayakinan eusi atawa jati nu jadi, jeung 
nu kudu jadi, tangtungan urang sunda. 
Ngeunaan kayakinan eusi atawa jati dina ensiklopedi sunda ngan saukur 
dihubungkeun jeung entri agama sunda wiwitan nu dibere komentar ‘hanya sedikit 
diketahui’, oge teu aya katerangan ngeunaan hubungan eusina jeung ageman ayeuna 
nyaeta Agama Islam. Padahal, di bagian sejen di sebutkeun yen dina pamahaman 
para budiman urang sunda, aranjeunna pernah garaduh pamadegan yen budaya sunda 
teh mangrupakeun ‘seluruh perwujudan gagasan, perilaku, dan hasil kegiatan 
manusa sunda dalam bidang-bidang;… , dan sistem religi (ensiklopedi sunda, 
586). Tangtu ‘kecap’ religi teh nyoko kana kayakinan tangtungan  eusi atawa 
jati.
Sedengkeun, pangaweruh ngeunaan sunda nu nuduhkeun tangtungan  eusi atawa jati, 
lain ngan saukur ‘produk’ jeung tapak, diperlukeun pisan di ieu jaman global 
dina upaya miara jeung ngawariskeun budaya sunda ka generasi nu pandeuri. 
Perluna teh lantaran  kahiji, generasi sunda ayeuna geus rea manggihan 
budaya-budaya sejen nu ‘aralus’ jeung geus dipake nyampak dina kahirupan 
sapopoena, pangpangna budaya ti Jawa nu geus rea campur dipake di sunda, Arab 
nu jadi ‘baju’ Islam, ‘Indonesia’ nu jadi budaya formalna, jeung budaya barat 
nu maju elmu jeung teknologina, nu ku ‘kaalusana’ teh geus rea jadi bagian tina 
kabiasaan hirup sapopoena.  
Tangtungan jati atawa asal ieu, nu  lamun bener tur alus mah, bisa nimbulkeun 
kareueus ngeunaan asal usulna sorangan jadi urang sunda - boga ‘asal usul nu 
pantes diakukeun’ – jeung bisa jadi  cecekelan dina kahirupan ngajajar jeung 
jajaran seler-bangsa lain. Lamun geus boga kareueus ka asal usul jatina tangtu 
daek kawaris, daek make jeung daek nanjeurkeunana.
Kaduana, budaya sundana sorangan nu rek diwariskeun ayeuna geus saru geus 
nyampur jeung budaya deungeun, jeung geus rea teu jadi pakean kalolobana urang 
sunda ayeuna, atawa ngan saukur jadi ‘pinggiran’ dibanding dominasi budaya 
‘alus’ lainna. Kukituna tangtungan eusi atawa jati luluhurna bisa jadi 
payakinan jeung pamake dina milih budaya-budaya nu aya ayeuna, terus dina make 
jeung mekarkeunana keur ngajembarkeun tangtung.
Tulisan ieu ngarupakeun guaran panganteur ngeunaan sunda nurutkeun harti asal 
nu aya hubungana jeung kayakinan ngeunaan tangtungan sunda, utamana sunda eusi 
atawa jati  malah mandar  nanjeurkeun deui sunda. 

Bag I
Sunda Dina Harti Sunda Asal jeung
Kayakinan Ngeunaan Tangtungan Sunda

Dina Kamus Umum Basa Sunda (LBSS) disebutkeun yen harti asal Sunda, teh caang, 
gumawang moncorong, kukituna Sunda teh mangrupakeun Nur atawa cahya. 
Jadi, nurutkeun harti asal diluhur, kasundaan teh ngarunut kana sifat sifat 
Sunda, sifat sifat  caang gumawang jeung moncorong cahya atawa Nur. 
Ana kitu mah  anu nyunda teh nyaeta anu caang anu gumawang anu moncorong 
cahayaan. 
Sedengkeun Nyundakeun jadi ngandung harti nyaangan mindahkeun tinu poek kanu 
caang kana cahaya.
Harti sunda asal ieu saenyana nuduhkeun hiji ulikan tuturunan nu jadi dasar 
tangtungan jeung payakinan tedak sunda. Pustaka na ge aya dina sunda. 
Panganteur pikeun eta ulikan didugikeun saperti dihandap ieu:

Ulikan Kasundaan asal (wiwitan)

Sunda dina kasundaan asal ngawengku ka cahaya nu kapanggih ku kamampuh lahir 
jeung cahaya nu kapanggih ku kamampuh batin.
Pangaweruh ngeunaan Sunda, cahya atawa Nur ieu jeung kamatihan kamampuhan nu 
bijil tidinya dina pola pikir pola laku geus mangrupakeun ulikan anu masagi, 
sanajan kadieunakeun beuki teu populer malah karasa ‘asing’. 
Ieu Sunda teh kapanggih, Aya, dina jeung jeroeun tangtung katut luareunana; 
Sunda nu kapanggih jeung aya dina jeung diluar tangtung disebut Sunda luar, ari 
Sunda nu aya dijero tangtunganana disebut Sunda jero. 

Sunda luar

Sunda luar kapanggih pangheulana, mimitina ku parabot ngagunakeun awasna panca 
indra, angkeuh jeung uteuk kawas sunda panonpoe, sunda bulan jeung sunda 
bentang nu langsung kapanggih ku pancadriana nepikeun ka nu kapanggih ku uteuk 
jeung angkeuhna bari make parabot dhahir kayaning sunda seuneu, sunda lampu jll 
-  katompernakeun ku pangaweruh nu kapanggih ku pancadria, uteuk jeung angkeuh 
teh nyata yen Sunda ieu aya ditiap barang dhahir (E=mc2)]. Kecap sunda keur 
nerangkeun sunda luar kadieunakeun jarang dipake cukup ku cahya/caang lampu, 
cahya/caang panonpoe jrrd.
Sunda luar ieu mere tuduh nembongkeun kana rupa rupa kanyatan hal/barang, nu 
cicing atawa usik, nu aya didhahir. Ti dinya terus mangaruhan nyaangan  rasa 
rumasa inyana ngeunaan kahirupan jeung hirup huripna. Tina rasa rumasa ieu 
mekarkeun pola pikir pola laku budayana.  

Sunda jero

Sunda jero, nu jadi poko bahasan ieu guaran, kapanggih mimitina ku parabot 
ngagunakeun rasa - ari rasa teh mangrupakeun awasna Hate, Ati atawa dina basa 
arab mah disebut Qalbu - tapi rasana lain rasa rarasaan, rasa ieu rasa  nu 
dijurung  jeung boga rumasa kana katunaan panca indra, rumasa kana katunaan 
angkeuh jeung uteukna. Ku karumasaan ieu, rasana jadi awas kana ayana Sunda 
jero.
Sunda luar luas ambahanana da kapanggih aya di alam dhahir, sedengkeun Sunda 
jero nyamuni kapanggih ayana heureut di jero tangtung. Tapi, lamun geus 
kapanggih Sunda jero ieu luar biasa gedena (Sunda besar) jeung guna katut 
kamampuhna ngawengku jeung metakeun sakabeh alam katut eusina.
Ku pangaweruh ngeunaan Sunda jero katuduhkeun yen sunda nu aya di ieu alam 
dhahir, sunda luar, ngan mangrupakeun gambaran, tanda, usik, ciri jeung tuduh 
ayanana Sunda jero, matak Sunda luar disebut oge sunda kecil. Sunda luar 
disebut oge sunda Sajati lantaran ngarupakeun tanda kanyataan ayana Sunda jero 
nu jadi jatina. Ulikan ngeunaan sunda luar atawa sunda sajati sok disebut 
ulikan cangkang da sunda luar teh ngabungkus ngahalangan Sunda jati. Sedengkeun 
ulikan sunda jero (jati)  disebut ulikan eusi sabab Sunda jati teh eusi poko 
sumberna sunda luar atawa sunda sajati.
Sunda jero leuwih hese kapanggihna timanan sunda luar, pareng bisa kaawaskeun 
jeung mermanakeunnana teh saeunggeus boga kanyaho ngeunaan sunda luar sabab 
nyamuni dijero tangtung, kapanggihna lamun bisa ngaleutikeun tug nepikeun ka 
nyirnakeun tangtung (heula) nyirnakeun (heula) kanyaho nu bijil tina angkeuhna, 
tina uteukna jeung tina pancadriana kanyataan naon nu sok di ‘jargonkeun’ paeh 
samemeh paeh, dina ulikan sunda eusi jadina paeh samemeh paeh teh ku cara tumut 
turut tunduk sumerah ka Nu Maha Suci (aslamtu). 
Kanyaho Sunda eusi nu geus kahontal ku luluhur tedak sunda mangrupakeun kanyaho 
nu nepi ka hambalan luhur alam cahya (Nur), atawa alam malakut (malak = cahya), 
disimbolkeun ku jargon alam kaHyangan - alam kahyangan alam  luhureun alam 
kadewaan (dewa=dev=cahaya). Jadi kanyaho sunda eusi ngeunaan ulikan dina 
hambalan cahaya luhureun cahaya - nurrun ‘ala nurrin. Alam Sunda (cahya Nur) 
eusi atawa jati tempat nganyahokeun ayana AYA, oge merenahkeun gambaran ka 
jatian mutlak panungtungan nu pangluhurna atawa pangjerona ngeunaan Nu Murbeng 
alam. Kapanggihna lamun mampu beberesih nepikeun ka geus teu ku manehna manehna 
acan. 

Nyunda Dina Tangtungan Sunda Eusi

Saeunggeus rasana manggihan Sunda jero, si rasa jadi leuwih awas dina nengetan 
jeung nangenan hirup. Lewih awasna rasa ieu ngajadikeun uteuk leuwih encer 
atawa sok disebut caang uteuk; panca indra na leuwih awas jeung leuwih mampuh 
malah ahirna, lamun permana jeung pengkuh, bisa mampuh ngawaskeun sunda jati; 
angkeuhna jadi leuwih merenah da boga rumasa kacaangan terus bisa mernahkeun 
tangtung, tungkul ka jukut tanggah ka sadapan bisa pindah cai pindah tampian. 
Nya usikna jadi nyunda caang gumawang (herang beresih) tanda Sajatina Sunda 
(eusi/jero). 
Nu nyunda katingal katengetan ku batur moncorong tanda kanyataan sunda jati 
dina tangtungan. Moncorong teh kaciri leuwih caang jeung fokus ti 
sabudeureunana. nu moncorong teh teu kudu  kabeh caang lir caang panonpoe 
tengah poe, tapi nuduhkeun hijidi ‘hal’ nu leuwih caang leuwih buleud leuwih 
padu ti sakurilingna.  Lampu batere oge nu weuteuh bisa moncorong ari convergen 
jeung poek mongkleng mah sabudeureunaan. Mata maung moncorong lamun peuting 
mah, sabalikna panon poe ge karek disebut moncorong lamun keur isuk isuk. 
Jadi, jalmana karek disebut nyunda lamun leuwih punjul ti nu lian tina sagala 
hal; bisa dina harti cahaya, aura, wibawa, sima, pola pikir, elmu,  kamajuan, 
karir, seler jrrd; tapi punjul na teh nyaangan, jadi tuduh, conto, ngauban kanu 
lian. 
Para budiman sundana, lain sunda dina harti etnis atawa genetis tapi sunda 
eusi, boh di menak boh di cacahna barisa nyararumput buni dinu caang hartina 
marampuh nyimpen angkeuh hawa nafsuna nepikeun ka teu bijil dina waktu 
masamoan, nu bijil tina tangtungan kaciri ku batur teh tinggal caang sunda 
jatina nu caang nyundakeun nyaangan  batur jeung sabudeureunana. 
Kadieunakeun harti nyumput buni dinu caang teh sok dihartikeun nyumput  teu 
kaciri ku batur nepikeun ka hese kapanggihna. Ieu carita teh bijil ti  jalma nu 
teu ngarti sunda eusi, komo manggihanana, jadi teu bisa nengetan ka nu nyunda 
(eusi)  da lamun weruh ka semuna mah justru nu nyumput buni dinu caang teh 
gampang ka ciri da caang jeung moncorong. Caang ucapna caang lampahna caang 
uteukna moncorong tangtunganana gumawang eusina nya tandaning sunda tea.
Pikir, ucap jeung lampahna anu nyunda, diantarana katengetan ngaliwatan para 
budiman sunda eusi, tara kaluar kapangaruhan ku angkeuhna tapi pengkuh 
nurutkeun gerentes ati putihna. 
Dina prakna katembong ku batur bijil nyari tina SIR na, kaatur nurutkeun kumaha 
RAS nu bijil tina rasana, nya sok disebut sir kusari ras kurasa kumambang di 
alam rasa, rasa sajatining rasa nya rasa nu caang kacaangan Sunda. Ringkig 
jeung rengkakna nuduhkeun jeung nembongkeun sunda eusi nu sok kaciri dina tata 
lakuna. Tapakna ayeuna bisa katengetan, diantarana, dina seni ‘kesenian’ 
baheula atawa dina gerak ulin penca eusi.
Lamun teu nyunda - teu jadi sunda, teu jadi caang – ngan saukur nyaho ayana 
caang, komo teu apal, teu  karasa teu kapanggih mah tangtu Hirupna moal hurip, 
poek kabawa sakaba kaba kasasar tibabaradug.  Nya disindirkeun salah sahijina 
make dongeng sangkuriang - nyaeta ngeunaan nu geus loba kanyaho jeung 
pangaweruh tapi henteu caang eusi henteu nyunda jati:
Lamun (gunung) sunda(Nur)na euweuh teu katangen ku diri, (Gunung) sunda(Nur)na 
geus musna teu kapanggih, ilang ngan kari dongengna. Nya tinggal burangrangna 
ngagunung ngajegir ngarangrangan, parahu hirupna teu bisa lalayaran da geus 
nangkub dina kabingung. Diri ngan jadi tunggul, tunggul nu jadi sagede gunung 
lantaran teu bisa nunggalkeun awak, lantaran teu bisa mendet (sang Hyang) 
tikoro, tikoro nafsu manehna sorangan nu tungtungna ngaberung nafsu ngumbar 
amarah. Henteu apal kana wayah, asa peuting asa beurang, katipu ku lisung 
batur. Jadina sok teu wayahnaan, teu nyaho ka wayah (waktu) teu bisa 
merenahkeun awak. Ajina jadi teu matih jampena jadi teu teurak,  situ huripna 
teu jadi. Ngarungsing keur ngorana, kurunyinyi pakokolot, euweuh anu 
lalebareun, da saha anu lebarna ari lain nu ngarasana.
Dongeng sangkuriang tangtu ngarupakeun kapinteran budiman sunda baheula dina 
nyilibkeun eusi da gunung gunung jeung carita urut situ mah geus pasti aya 
memeh dongeng sangkuriang nangkubkeun gunung kacaritakeun. Kajadian alamna aya 
heula terus katengetan jalma budiman, nya hasil tina nengetan lingkungan teh 
tuluy dianggit di reka jadi carita bari ditambahan nyilibkeun eusi.

Kasundaan Eusi Disimpenna Dina Sunda 

Pustaka ngeunaan tapak tapak budiman sunda disimpen na lain dina daluang atawa 
barang tapi dina hambalan Sunda jati. Kukituna Aya jeung barangna eta sunda, 
katut tapak-tapak khasanah jeung kamampuh sunda mah ngan bisa kapanggih lamun 
jalmana mampuh nganjang ka hambalan sunda.Tapak barang jeung daluang mah ngan 
sabagian hasil pagawean tina make jeung kacaangan sunda eusi nu bisa jadi tuduh 
ngeunaan Sunda sagemblengna. 
Pustaka ieu bisa kabaca katengetan ku nu mampuh nganjang ka hambalan sunda. 
Pustaka sunda eta satungtung dunya ieu aya moal keuna ku ruksak. Moal hese 
neundeun moal hese nyokot moal beurat mamawana da henteu maksa dina 
marenganana. ‘karakteristik’ ieu pustaka sok disindirkeun ku kecap diteundeun 
di handeuleum sieum di tunda di hanjuang siang paragi nyokot ninggalkeun. Eta 
kabeh lain tangkal nu ngajentul tapi tangkal diri nyaeta Handeuleum sieum nu 
ngahirupkeun Nur hanjuang siang nu ngahuripkeun rasa, kabeh alat jeung 
passwordna sabenerna aya di seuweu siwi tinggal nganyahokeun jeung makena, 
nepakeun jeung nuduhkeun kana ieu ‘konci’ jadi kawajiban budiman sunda tiap 
jaman supaya seuweu siwi teu poekeun tangtung, supaya seweu siwi sunda 
(etnis/genetis) mampuh maca eta pustaka terus katuduhkeun jeung jadi nyunda 
(caang). 
Tempat nyimpen khasanah sunda eusi nu ayana di alam nur sunda sok dituduhkeun, 
diantarana, ku carita Mundinglaya dikusumah:
yen lamun hayang ngamulyakeun pajajaran (awak) kudu manggihan Layang salaka 
Domas = Layang =bacaan, tingal kecap asal Qur’an= bacaan) Salaka Domas = nu 
caang cahayaan lir emas sinangling), aya oge nu nyebut layang sasaka domas, 
sasaka=tihang, jadi maskudna sarua wae nyaeta bacaan nu jadi tihang tangtungan 
nu mangrupa Nur Sunda. Eta bacaan teh ayana di jabaning langit =langit nu sejen 
ti langit dunya nu kapanggih ku nu perluna harita. Ieu ngandung  harti langit 
kanyaho lain nu aya di alam nur Sunda. 
Bacaan di langit nu lain ti langit dunya nu sasari teh kapanggihna ngan ku 
Munding laya di kusumah (munding=hewan, laya=paeh, kusumah=kamanusaan; 
tangtungan kamanusan nu kahewanana geus paeh). Sanggeus ngelehkeun poek na 
hijab jungkiringna awak (jongrang kalapitung) terus meruhkeun guriang  tujuh,  
tujuh patapaan panaekan awak nu kudu dihijikeun ditunggalkeun. Nya, jadi 
Guriang Tunggal  nu boga ciri wisesa dina wayah. 
Ahirna lamun bisa wisesa dina wayah, menang bacaan (layang)  nu mangrupa sunda 
(nur) nu lir emas sinangling (salaka domas) atawa jadi tihang (sasaka) 
tangtungan. Ieu layang Nur (sunda) teh terus marengan kababawa jeung nu 
wisesana keur pakeun jeung bacaeun  dialam dunya, jadi tuduh kamulyaan hirup.
Tuduh lain ngeunaan pustaka jeung kamampuh sunda eusi diantarana sok 
disimbolkeun ku caritaan ngeunaan Gunung Sunda. Gunung sunda hiji ngaran gunung 
nu rea diakukeun aya di hampir ditiap wewengkon dimana para budiman sunda eusi 
pernah nurunkeun jeung nepakeun eta ulikan misalna di subang, sukabumi, ciamis 
jrrd. Gunung Sunda eta dipake nunjukkeun ayana tempat caang (nur) sunda eusi 
dimana kamampuh luluhur aya, bari jeung Gunung Sunda geologisna mah geus euweuh.
Kanyataan jadi lobana akuan tempat ayana gunung sunda sabab harita mah 
komunikasi antara  Wiku/Ajar  jeung jalma-jalma nu diajarna teu saperti ayeuna. 
Jadi lamun ceuk hiji pandita dina hiji waktu ‘ieu yeuh ‘tempat’  manggihan 
Sunda eusi’, nya terus tempatna jadi disimbolkeun ngaran Gunung sunda. Terus 
lamun diwewengkon lain aya Ulama/Wiku  lain nu nepikeun Sunda eusi, ‘tempat’na 
teh disebut deui gunung sunda, da dijaman harita leuwih ‘komunikatif’ nuduhkeun 
eusi make perlambang Gunung anu jelas kaciri ngeunaan ‘gede’ jeung ‘agung’ na 
eusi sunda. 
Jaman harita tangtu teu jadi masalah mere ngaran ka hiji gunung/pasir, jeung 
jadi teu asa pacorok jeung ngaran pasir/gunung diwewengkon lain nu (relatif) 
paanggang, bisa jadi dina waktu harita teu katepikeun katempat lain, bari komo 
ngaran eta henteu negrak da ngeunaan perlambang eusi. Nya terus eta ngaran 
turun manurun  napak di dinya. 
Tapi ayeuna, ku komunikasi nu geus sakitu gampangna jadi timbul pasualan naha 
gunung sunda teh bet jadi loba. Mana gunung sunda nu benerna ? Kabeh oge bener, 
da bisa jeung meunang wae, tapi nyata AYAna mah dina tangtungan nu manggihanana 
baheula jeung nu katepaan tur nanjeurkeunana ayeuna, da ngaran gunung sunda na 
mah ngan saukur siloka perlambang nu dibarengan tapak. 
Mangga tengetan, eta teh sawanda jeung ‘dongeng’ gunung pasir  di Arab nu 
disebut Jabal Nur (Jabal=gunung, Nur=Sunda). Eta gunung dingaranan gunung sunda 
lantaran tempat eta nu dianggo Kangjeng Nabi Muhammad saw khalwat teras 
mendakan Nur (SUNDA eusi/jati) bekel nyaangan (nyundakeun) umat. 
Jadi perluna urang sunda  dituduhkeun ngeunaan ulikan sunda teh sabab  lamun 
teu wanoh kana aya tur barangna ulikan sunda eusi, can bisa nganjang ka eta 
hambalan sunda, bakal hese nuturkeun carita carita kasundaan (eusi) komo 
meunang pustaka sunda eusi keur bekel nyundakeun urang sunda (etnis/genetis), 
merenahkeun jeung nanjeurkeun deui budaya anu sundana, da disimpenna eta 
pangaweruh numere kamampuh teh ayana dina hambalan Sunda. 
Lamun can pernah nganjang ka hambalan sunda, Kabinangkitan luluhur sunda dina 
nganepikeun tangtungan ngaliwatan simbol jeung perlambang nu nuduhkeun aya 
jeung barang dina hambalan sunda teh hese kahontalna,  nya terus biasana nu can 
ngahontal ieu nganggap eta ‘tuduh’ teh  ngan saukur mitologi nu teu cocok jeung 
paham Islam.  Ku lantaran dianggap mitos atawa dimitoskeun ku budimanna 
[mitos=takhayul=ngahayal=supertisi] jadi we selerna ge teu bisa nyokot hikmah, 
teu bisa katuduhkeun, tina eta carita ngeunaan luluhurna, terus akibatna,  
budayana ge kagerus da teu kanyahokeun jatina [tengetan wanda pamendak 
Prof.Dr.H Dadang khamad, Msi dina Agama Islam dan budaya Sunda, KIBS 2001]. 
Tapi, Lamun geus nyekel jeung weruh kana eta ‘Aya’ jeung ‘barang’na ulikan 
tangtu kapanggih yen dina ‘dongeng-dongeng’ kasundaan aya ‘benang merah’ nu 
natrat ngeunaan tangtungan sunda, ulikan Sunda, nu rea dianggit dicaritakeun ku 
rupa rupa kabinangkitan luluhur tedak sunda keur nuduhkeun SUNDA jeung 
kamampuhna  ka seuweu siwi seler bangsana. 
Malahmah, dimana geus manggihan hambalan sunda tengtu engke bisa kabaca bisa 
katengetan ayana ‘teknologi’ sunda nu geus kapanggih ku budiman tedak sunda ti 
bihara ka bihari nu dipake pikeun nyundakeun alam katut eusina. Conto-conto 
‘teknologi’ sunda eusi nu pinunjul -nu ngan bisa kapanggih, ka wacanakeun, 
kabukakeun diantara nu aya jeung keur dina hambalan sunda- sok rea dijargonkeun 
di wacana sapopoe ku istilah elmu kabuyutan galunggung (nyusuk tempat suci dina 
awak supaya jadi caang lir inten dina galuh nu agung), elmu kasiliwangian (elmu 
silih seungitan pada batur),  jeung elmu kasumedangan (elmu madangan, nyaangan 
nyundakeun alam tur eusina) atawa Elmu kabantenan (elmu sasaka supaya jadi 
kanyataan ujung kulon). Jadi jargon soteh, lantaran dina hambalan sundana eta 
‘teknologi’ teh geus jadi ulikan nu masagi tapi sifatna eksklusif ngan 
kahartieun ku nu kabeneran katepaan lantaran panggih jeung Ajar/Ulamana.