Senin, 28 Februari 2022

selasa,1 maret 2022

gering teh enyaan

malem kemis,23 february 2022,
sabada isya an nya incu di kota aya vc arek sasadu cenah kakak cantik utah utahan.....
 nya harita incu lalaki anak ti si bungsu kabeneran karak datang rek ngendong.
       ngan tadi isuk kuring ngopi teh jeng kang atak.....bada juhur ngopi teh jeng ki omen...ki ider......jeung om budi......anu rata rata pernah gering batuk muriang ngadadak.
       da eta kuring dina wanci tabuh 10 peuting ngadadak lieur,suku paranas sing sareab.....pikiran les poho.....inget inget minggu we.......

rebo, 23 february 2022

Senin, 21 Februari 2022

Faedah air hujan

Faedah air hujan

Diceritakan sebuah Hadits dalam kitab An Nawaadir ; Dari Malaikat Jibril kepada Rasulullaah Shallallaahu ‘Alaihi Wasallam tentang obat super ampuh air hujan;


فائدة ; روي أنه صلى الله عليه وسلم قال: علمني جبريل دواء لا أحتاج معه إلى دواء ولا طبيب ، فقال أبو بكر وعمر وعثمان وعلي رضي الله عنهم ; وما هو يا رسول الله ؟ إن بنا حاجة إلى هذا الدواء . فقال ; يؤخذ شيئ من ماء المطر وتتلى عليه فاتحة الكتاب ، وسورة الإخلاص ، والفلق ، والناس ، وآية الكرسي ، كل واحدة سبعين مرة ويشرب غدوة وعشية سبعة أيام . فو الذي بعثني بالحق نبيا ، لقد قال لي جبريل ; إنه من شرب من هذا الماء رفع الله عن جسده كل داء وعافاه من جميع الأمراض والأوجاع ، ومن سقي منه امرأته ونام معها حملت بإذن الله تعالى “. ويشفي العينين ، ويزيل السحر ، يقطع البلغم ، ويزيل وجع الصدر والأسنان والتخم والعطش وحصر البول ، ولا يحتاج إلى حجامة ولا يحصى ما فيه من المنافع إلا الله تعالى ، وله ترجمة كبير اختصرناها، والله اعلم . ( كتاب النوادر للإمام القليوبي رحمه الله تعالى آمين ، ص ؛ ١٩٤ ).


Artinya: “Faedah”; Diriwayatkan bahwasanya Nabi Muhammad Shallallaahu ‘Alaihi Wasallam bersabda di hadapan para sahabatnya :
“Di ajarkan kepadaku oleh Malaikat Jibril tentang satu obat yang tidak memerlukan kepada obat yang lain dan tidak pula membutuhkan kepada para dokter.


Kemudian sahut Abu Bakar, Umar, Utsman, dan sahabat Ali Radhiyallahu An’hum bertanya:
“Apa itu wahai Rasulullah? Sesungguhnya kami sangat membutuhkan obat itu ?”

Kemudian Rosulullah Shollallaahu ‘Alaihi Wasallam berkata :
“Ambillah secukupnya dari air hujan, lalu bacakanlah surat Al-Fatihah, surat Al-ikhlas, surat Al-Falaq, surat An-nas dan Ayat Al-Kursi. Setiapnya (masing-masing) dibaca 70 kali, Dan diminum pada pagi dan petang selama tujuh hari.
Demi Dzat yang mengutuskanku dengan yang benar sebagai seorang Nabi, kata Rasulullah : Sesungguhnya malaikat Jibril telah menyatakan kepadaku:
Barang siapa yang meminum air ini niscaya Allah akan "menghilangkan" semua penyakit yang ada dalam tubuhnya dan "menyembuhkan"dari segala penyakit yang ada.

Dan barang siapa yang memberi air itu untuk istrinya dan tidur bersama istrinya niscaya istrinya akan hamil dengan izin Allah SWT.
Dan air tersebut juga dapat menyembuhkan dua mata yang sakit, menghilangkan penyakit sihir, dan menghilangkan dahak dan menghilangkan sakit dada, gigi, pencernaan, sembelit, dan kencing yang tidak lancar.
Dan juga tidak dibutuhkan kepada membekam, serta masih banyak faedah-faedahnya yang lain tidak terhingga kecuali oleh Allah Subhanahu wa Ta’ala.
Mengenai tentang keutamaan air tersebut ada satu tarjamah besar yang telah kami (mushannif) ringkas. Sesungguhnya Allah Subahanahu wa Ta’ala lah yang Maha mengetahui…


Minggu, 13 Februari 2022

JATINING DIRI

JATINING DIRI

Dina mangsa kiwari, kanyataan anu teges hususna keur bangsa urang anu pada-pada ngalalakon kahirupan di gelar “Manusa”, 
sangkan tepung anu naon rupa nu di paluruh nyatana “Kasajatian diri dina ules watek anu nyata ka sifatan manusa ebreh dina lalaku jeung puguh lumakuna hirup anu 
“Ngama na(asal kecap kama= cukang lantaran hirup) sarta mampu ngawujudkeun dina tutur jeung lisan sarta sifat jeung tabeat nu hade tur nyata.
Taya bayana saupama ieu guaran urang bedah 
tur di pedar dumasar kana tata cara adat budaya pribadi, 
geusan nanjeurkeun tangtungan diri kasampurnaan, 
sangkan pa-ngadeg-na, 
jatining diri nu sampurna 
pikeun ngawangun tatanan hukum tangtu 
anu 5 :

1. KA-TUHANAN.
Sangkan ngadeg kasajatian diri ka- manusaan (Tuhu Tuhuan Tuhan).
Hukum hirup katangtuan salaku mahluh ciptaan nu miwanda aturan kapastian 
anu di sebut 
Takdir teu bisa di pungkir, 
kadar teu bisa di singlar 
salaku titis tulis maluk 
anu di sebut sifat manusa.

2. KA-MANUSAAN.
Ules watek mahluk anu mibanda ciri dina sifat
1. Welas asih.
2. Tatakrama.
3. Undak usuk jeung asal usul. 
4. Adat istiadat budaya.
5. Wiwaha yuda Naraga 
     hartina 
     apal diri, 
     apal rasa jeung rumasa).
     Sangkan ngadeg kasajatian diri dina.          
     kabangsaannana (bangsa Manusa).

3. KA-BANGSAAN.
Wujud tangtu ku ciri dina 
1. Bangsa miboga Rupa.
2  Bangsa miboga Basa.
3. Bangsa miboga Aksara.
4. Bangsa mboga budaya.
5  Bangsa boga Nagara).
Cara ciri kabangsaan sangkan teges tur nangtu yen kabangsaan tangtu apal yen kasajatian diri teh miwanda titis jeung tulisna,
titis na nya manusa, 
tulisna atawa ucap jeung lakuna nya manusa sabab iwal ti bangsa manusa 
anu bakal apal yen hirup teh aya nu miboga 
nya eta: Ma = 
anu suci anu nitipkeun usik daya pangawasa dina, sir pikir budi jeung rasa, 
nu di sebut jati Nusa= 
anu asal nu disebut aci ning alam. 
Bumi,
angin, 
cai 
seuneu, 
sumurup dina sarining nu di leueut jeung di tuang gumulung ngahiji ngajadi raga diri katitipan 
ku Ruh jati( nu maha Suci), 
jeung ku alam nu jadi waruga.
Lamun Diri. Balik jatina, mulang Ragana. 
Diri ngadeg tetep langgeng salalawasna 
nga jadi titis waris. 
Nyata elmu nu mangfaat.
Mangkana nu di sebut ka bangsaan 
tangtu ngadeg kasajatian diri ka-rahayat an.

4. KA- RAHAYATAN.
Ules watek nu mampu ngadegkeun kasajatian diri nu wawuh ka asal diri 
yen diri teh ngangon jisim jeung jirimna 
nu jadi titipan 
tinangtu milaku sifat adil 
( kala laku ti-nimbang-an)
Adil teh hiji ules watek milaku ku cara 
“ati ati, taliti, nastiti, dihin tur pasti”. 
Nu disebut jiwa Rancage”

5. KA-ADIL-AN.
Ules watek tinimbangan atawa 
kasaimbangan hirup dina nga-wujud keun kasajatian diri 
“Ka Mardhi ika an”.
Dasar hirup anu 5 di luhur, 
nyata hiji gambaran pasti 
pikeun panataan laju ning hirup kumbuh 
pikeun nyahaya keun wujud 
anu ka sifatan ku karsa jeung kersana 
anu Ma-Ha na, 
geusan:
”Wawuh ka kujur, katut apal ka pangeusina diri. Sarta mampu ngalaksana papancen hirup 
anu ngabdi kanu nangtuan abdi na.(ngawula) 
nga “badega salaku abdi nagara 
ragana manusa.
Dina medar tur ngaguar harti misti nu mustari, taya sanes iwal ti nguningakeun hiji ajen inajen 
ka Sundaan numutkeun elmu titipan 
anu ka pibanda ku kapribadian “Manusa Sunda. 

Dina wengkuan nu di sebut “Tatali Paranti”.
Hamo landung ku catur.
Hamo panjang carita.
Malar pibahaneun ngudag elmu Ajining Rasa 
ka-SAMPURA-an, 
pikeun netepan 
KA-SAMPURNA-AN.”GUSTI NU MA-HA 
(suci hirup) 
(sampura ‘Na).
Manusa nu “Nga- Maha.
(nu nyucikeun hirup, sampura’sun).- 
Ka-sampurna-an, sifat (ules watek) 
anu jadi cahayana sinar(cahaya awal) 
ti anu Wasa’Na, 
geusan ngawasakeun kanu di wasana 
pikeun ngawasaan pangawasana 
dina sagala kakawasaannana, 
nyaeta Pangawasa Sinar’na (Pancer diri).- 
Ka-Sampura-an.Wujud jeung laku anu nyinarkeun atawa nyahayakeun sinar Wasa ‘Na, 
anu jadi alat kawasana mancerkeun 
sifat pancerna.
Gusti nu maha, 
manusa nu nga maha.
Wasana gusti di basa keun ku manusa.-
Basa lisan.-
Basa Tutur.-
Basa Wujud.-
Basa Budi, 
Gusti pancerna sifat, 
ingsun nu mancerkeun dina ka-sifat-annana.
Hirup geusan manceran 
dina sagala pangawasana, 
kersa anu geus di kersakeun 
pikeun nuju kana aji ning ka sampurnaan, 
tangtu mudu metik elmu ning kasampurnaan ieu, geusan ngahontal tur mampu-
Ngagem ma diri.-
Pangajian laku.-
Pangajen diri anu mangrupa:
1. AJI LUHUNG . (Sangkan diri kaharkatan).
2. AJI KOMARA. (sangkan diri ka darajatan).
3. AJI WIWAHA. (sangkan diri ka martabatan).

Tilu pang Aji di luhur, 
mangrupa dadasar elmu 
keur nyifatan laku ning lampah 
sangkan jadi 
“Diri nu ngagema ka-sinaran ku panceran asal, sangkan wawuh kanu “TILU DAWUH”, 
nu nyangking nyinaran Galuh 
(tempat cahaya suci (pura hyang). 
Sajero ning ati nu bakal nebaran sinar ules watek nyaeta Dawuh:
1. Nga- Sanghyang 
    (diri mi-jati ka-tuhu-an), 
    keur pangaji elmu suci 
    anu wawuh kanu kagungan wasa.
2. Nga-Rahyang.
    (diri mirasa kamanusaan). 
    Keur pangaji elmu suci anu wawuh ka kujur 
    apal ka diri anu di kawasa.
3. Nga-Dahyang. 
    (diri miraga ka Nusa an), 
    keur pangaji elmu suci geusan apal kana hak 
    jeung pancen mahluk salaku di gelar 
    bangsa nusa (ka-Nusa-an) 
    anu campur dina nagara ragana manusa 
    campur sampurna.Cahaya nu jadi ules watek 
    tilu Dawuh anu nyinaran Galuh tadi 
    tangtu teu leupas tina diri, 
    yen diri teh kawandaan sifat:
1. Ka-Wisnu-an. 
    ( kawasana-an), 
    jiwa mampu ngadalikeun rasa kawasa’Na.
2. Ka-Shiwa-an 
    (ka sa hawa an). 
    Hirup mampu ngadalikeun hirup 
    jeung sasama na.
3. Ka-Brahma-an 
    (ka barah manaha-an/ ka Warah manah-an), 
    hirup mampu ngadalikeun laku ucap jeung 
    tekadna (warah manah/ pamatri ati

Selasa, 25 Januari 2022

ILMU NING RASA KA-SAMPURNA-AN

[26/1 02:14] aji rasha: Bismillahirrohmaanirrohiim...

ILMU NING RASA KA-SAMPURNA-AN 
geusan DIRI, 
dina Hiji Ajen nu Tangtu, Nyata-na Ngolah DIRI, geusan : 
Ka-Sampurna-an : 
Sipat Laku (ules, watek), 
nu nyahayakeun Sinar (cahaya, asal) 
ti nu "Wasa-NA", 
geusan "nga-Wasa-keun" 
ka nu di "Wasa-NA", 
pikeun nga-BASA-keun Wasa pang-Awas'A ku Kersa-NA. 

Sinar-NA atawa 
PANCER DIRI. * ka-Sampuna-an : 
Wujud jeung Laku nu Nyinar'keun Cahaya Sinar Wasa-NA, 
nu dina nga-Wasa-keunana. 

Nyinarkeun atawa Mancerkeun : 
“Sampurna di Wasa GUSTI NU MAHA SAMPURNA 
di Basa INGSUN 
anu nga Ma-Ha.” 
(Gusti Pancer-na Sipat, Ingsun anu Mancer-keun 
dina Kasipatanana). 

Hirup geusan Mancer-an 
dina sagala pang-Awas'A Kersa anu geus di Kersa-keun pikeun nuju kana 
Aji Ning Ka-Sampurna-an Hirup, 
tangtu mudu metik éILMU-NING HIRUP. 
geusan ngahontal, 
tur nga-Gema keun Diri, pang-Aji-an Laku 
keur Pang-Aji-an Diri 
nu mang-Rupa : 
1. Aji luhung : 
    sangkan Diri
    (Ka-Harkat-an). 
2. Aji Komara : 
    wibawa sangkan Diri.  
    (Ka-Darajat-an). 
3. Aji Wiwaha : 
    sangkan Diri 
    (Ka-Martabat-an). 

pang-Aji di luhur, 
dasar Elmu keur Nyipatan Lakuning Lampah, 
Ciri Diri nu nga-Gema Ka-Sinar-an-KU. PANCER-AN ASAL, 
sangkan wawuh ka nu 3(tilu) dawuh nu nyangking NYINARAN GALUH 
sa-Laku JAGAT PA-NATA-AN RASA 
ti nu nga-RASA'anana. 

3(tilu) dawuh nu nyangking 
di JAGAT PA-NATA-AN (tempat cahaya Suci) 
nu aya dina Diri nu Nebar-an CAHAYANING ULES WATEK, nyaéta Sinar nu dawuh : 
1. Nga–SANG-HyANG : 
    (Diri Mi'JATI ka-TUHU-an 
    di Alam-na) keur Pangaji 
    EImu Suci nu Apal ka NU 
    KAGUNGAN WASA. 
2. Nga–RA-HYANG : 
    (Diri Mi'RASA 
    kama-Nusa-an di Alam'-na) 
    keur Pangaji Elmu Suci nu 
    Apal Diri nu ka-Hirup-an. 
3. Nga-DANG-HYANG : 
    (Diri Mi'RAGA ka-Nusa-an 
    di Alam-na) keur Pangaji 
    Elmu Suci geusan Apal 
    kana Hak jeung Pancar-an 
    Mahluk nu pada-pada 
    di-Cipta sa-Alam 
    (ka-NUSA-an), 
    anu Campur sangkan 
    SAMPURNA. CAHAYA-NA 
    nu jadi Ules Watek tina 
    3(tilu) dawuh nu NYINARAN GALUH, tangtu Diri ka-Wanda-an Sipat : 
1. Ka-WISNU-an 
    (kawasanaan) : 
    Hirup, mampu Ngadalikeun 
    Rasa jeung Wasana. 
2. Ka-SHIWA-an 
    (kasahawaan) : 
    Hirup, mampu Ngadalikeun 
    Hirup jeung sa-Sama-na. 
3. ka-BRAHMANA-an 
    (kabarahmanaan) : 
    Hirup, mampu Ngadalikeun 
    Laku jeung Alam-na. 

3(tilu) Cahaya anu Nyipatan Jadi Cahaya nu di-sebut : ULES-WATEK-DIRI, 
udagan anu Dihin 
ku katangtuan, 
pikeun netelakeun ka-Sampurna-an 
dina Nata-ran Tatapak ka-Hirup-an, 
nu bakal jadi Adeg pang-Adeg-na Diri, 
pikeun Nyubadanan ka-Butuh-an Pasti. 

Ngahartian, 
Patujuan HirupNa. 
sabab : 
Hirup anu ng-UsiK-keun, Hirup anu ng-OBAH-keun, Hirup anu ng-A'WASA-keun, Hirup anu nga-RASA-keun, geusan : 
Hirup Kudu Mawa Cageur, Hirup Kudu Mawa Bageur, Hirup Kudu Mawa Bener, 
ku alatan Hirup nu ka-Hirup, nu ka-HIRUP-keun 
ku Hirup-na anu Suci, Ngabukti kalawan Nyata. Hirup-na keur nuju ka-Sampurna-NA.

TRI PANCER SILAH 
Tri Pancer Silah, nyata-na : 3(tilu) Cahaya-na Diri 
anu Mancerkeun Sipat geusan ngahontal ka-Sampurna-an Diri 
nu Mi'Banda Sinar : 
1. AJI LUHUNG 
Harti'na : Munel ku Pangaweruh Rasa jeung Jiwa sa-Laku Sari-Ning Diri 
anu Teguh Pengkuh tur Ampuh Timpuh sarta Awas dina ng-A'Wasa-keun 
tur ng-Awas-keun pang-A'wasa-na, 
Nebar-keun Ellmu pang-aweruh ka-Sampurna-an, 
ku dasar Taliti sarta Nastiti. 2. AJI KOMARA (Wibawa). Gelar-an Laku-Ning Diri 
nu nyangking patokan Pasti, dina nga-Jaga tur nga-Riksa Ules Watek 
tiap-tiap Anggota Badan, 
Aji Komara mang-Rupa Wangunan Diri nu Pinuh 
ku Sinar ka-sa'JATI-an Hirup, Teges-na mah 
Laku Paripolah, ka-Ules-Watek-an ku naon Rupa nu di-Lakonan, 
Pageuh ku dadasarna 
ka Ikhlasan, 
tur di barengan ku Pancer-na Rasa. 
PANCERAN AJI KOMARA 
aya dina SINAR-NA RASANING : 

PANCER-Na LAKU : 
Jujur Ka Diri, 
Kukuh Kana Jangji,(Kujang), Lemes Usap Teuas Peureup, Heureut Keupeul, Lega Awur. 

PANCER-Na GAWE : 
Geusan Mingpin Diri Sakujur, Batur Sakasur, 
Dulur Salembur Kalayan Baraya Sabuder Awur. 
geusan Hirup nu Munel 
ku AJI jeung PANG-AJI DIRI nu di Olah ku ka-Rancage-an, Budi jeung Parangi 
sa-Laku WAWANGI DIRI, someah, darehdeh sarta Hormat ti Lawat ka sa-Sama Hirup-na. 

Éta Hasil tina 
ng-Asah Akal jeung Pikir,
[26/1 02:14] aji rasha: ng-Olah jeung nga-Riksa Hirup, 
Ngudag Tujuan 
geusan nga-Jaya Tapak, Lalampahan Sorangeunana : “SUCI HING PAMRIH RANCAGE HATE”. 

3. AJI WIWAHA 
Hartina : Ajen-Inajen kaparigelan Diri 
dina Ngolah ka-Motekar-an Elmu nu Weruh 
Salaku Kembang-na Diri, Munel ku WARNA-Na RASA, BUDI jeung DAYA, 
KARYA jeung KARSA-Na, pikeun Panalar BUAH CIPTA (karya diri). 

SUGRI Pang-BAKTI "SAJI-NING LEMAH-CAI", pakeun 
JAYA WERUH 
SADURUNG WINARA. KARSA-Ning Ngarancah Bintang, 
Tinawur Nebar Caaang, Pakeun Ngembangkeun Talatah Keur 
"NGA-WANGI LEMAH CAI". Ka-WIWAHA-an (martabat) salaku Diri di wangun 
ku olahan dasar 
anu nga-LAHIR-keun 
KARYA jeung KARSA 
dina ka-Motekar-an Elmu, Ngolah Hirup 
Jadi ka-Hirup-an nu Hirup keur nga-Hurip-an 
geusan nyumponan 
ka-Butuh ALAM WARUGA. 

Ajen Pangajen Salaku Diri Ajen Pangajen Sa-Laku Diri Numut-keun Sunda : 
Lalakon Lampah 
dina ka-Hirup-an 
kudu di Wangun 
ku olahan dasar Elmu 
dina Tuturan Adat jeung Budaya Tuturunan, "KARUHUN NU BUHUN", pikeun PA-NATA-RAN 
Tur PA-NUTUR-AN 
ULES WATEK jeung PARIPOLAH-Na 
nu nga-Gambar-keun 
Salaku MANUSA Sunda Sangkan 
Mampu Nyumponan : ka-Butuh Alam Jiwa, ka-Butuh-an Alam Pikir, jeung ka-Butuh Alam Waruga, sangkan 
dina NATA RASA jeung 
NITI DIRI, 
aya Kendali 
teu mangprung ngaberung sakama-kama, 
sakarep INGSUN. 

Aturan Hirup 
di Alam Panyorangan. 
Kudu pengkuh kana Aturan anu di sebut: 
“TATA, TITI, DUDUGA, 
KALIH PERYOGA. 

* TATA (aturan léngkah) = ta-TAPAK-an Laku 
nu Kudu Napak 
kana Ugeran Aturan 
Talari Paranti 
sangkan 
teu Ngarempak Aturan, 
teu “Pamali". 

* TITI (tahapan lengkah) = ti-TINCAK-an Laku 
anu Nincak kana pa-NIAT-an anu Surti jeung Nastiti. 

* DUDUGA (sawangan) = Rupaning anu rek di Lakonan tinangtu kudu di sawang heula 
samemeh di-sorang, 
sangkan Hasil-na : 
"Cai-na Herang 
Lauk-na Beunang" 
anu ka-Rasa 
pikeun ka-Salamet-an. (WIWAHA YUDA NA-RAGA). 

PERYOGA = ukuran kamampuh 
pikeun ngajurung Laku 
dina Hiji Tujuan (kasanggupan anu diukur 
ku kamampuh). nga-Hudang-keun Rasa, sangkan 
Rasa ka Hudang Geter 
nu di sebut : 
Jiwa Ngaras, 
Jiwa Ngarus-Ras, 
Jiwa Nga Raas, 
Jiwa nu Ngawaas. 

Ka jerona Jiwa 
sangkan ka-Hudang RASA anu RUMASA. 
Basa seni 
anu didangdingkeunana, nangtu jadi basa 
keur pang-Jejer 
pikeun pang-Arti-an, 
nepikeun Rasa anu Eling, Jamparing-na. 
BASA SENI 
anu di haleuangkeunana, 
(ku Tembangna) breh Teges, salaku mawa “Wawanti” 
tina Sora jadi Sari 
keur Panepi, 
tina Sora Jadi Sari 
Keur pang-Hudang Rasa. 
Sari Sora nu maranti Wawanti tangtuna mawa Hiji wawanti, atawa wanti-wanti 
Basa Amanat atawa 
Basa Talatah, 
anu Ngajadi Tali Paranti : geusan GUAR'eun, 
geusan BACA'eun , 
sangkan Jiwa 
tetep ka-Hudang 
SARI RASA-na Rumasa. 

Jiwa anu ka-Geter 
jadi Rasa nu : 
NgaRas-, 
NgaRaas, 
Ngarus-ras, jeung Nga-RUMASA-keun. 
Leuwih Teges nu pasti 
dina nga-Wanti Rasa, 
anu Nalutur 
dina galindengna Catur, 
dina Kecap-na Saur, 
Tetes Jentre eusi-na 
ukur pitutur, 
geusan : 
Pepelingan, 
Pepedaran, 
Wasiatan, 
Amanatan 
pikeun Diri lumaku Hirup, Wawuh Ka Kujur 
Sangkan Akur Geusan Diri Keur nga-DIRI-an nana. 

KA-JEMBAR-AN RASA ka-Jembar-an Rasa mang-Rupa-keun 
salah sa-Hiji 
Adeg pang-Adeg Rasa, 
nu jadi dasar 
pa-NATA-an Hirup 
sa-Laku Manusa, 
anu ka-MANUSA-an. Ka-JEMBAR-an RASA, mangrupakeun 
pondasi Diri nu Kukuh, 
nu Nguatan Wangun-an Hirup, 
sangkan Ajeg tur Pageuh, MUSTIKA-Na Ngancik 
jadi Pamatri, 
dina "ATI NU WENING" 
dina "RASA NU RUMASA", "JIWA NU WIWAHA", 
kalawan 
"PIKIR NU NGARTI" 
TEGES Ciri-na 
Sipat Nu Nga-JATI DIRI.. 

Ka-JEMBAR-an RASA 
tara kapoles 
ku Rasa Hayang Tembong Diri, 

"Lain UCAP Anu GELAR, 
Lain LISAN Anu NYORA... 

Tapi.... 
Tembong-na Jadi RASA, 
Anu Bisa di-RASA-keun Ku-RASA-RASA Nu SA-RASA." 

KaHadéean anu Gelar 
ngan ukur Lilisanan, ka-Hade-an 
ngan ukur popolesan 
(basa – basi). 
Tapi, 
Ka-HADE-an nu Gelar 
ku LAKU jeung LAMPAH-na , Nyata Teges 
SARINING ka-JEMBAR-an DIRI anu nga-JATI”. 

Ka-JEMBAR-an RASA 
ti nangtu, bakal 
TEGES BUKTI-na, 
Nyata aya Sa-Laku 
nu Jadi CIRI-na, 
ku ka-PRIBADIAN-ana, 

Nyata : 
MANCER-keun CAHAYA BUDI jeung BASA-na nu ka-TATA. 

Ka-JEMBAR-an RASA USIK Sa-JERO Ning Cicing. 
OBAH Sa-JERO Ning Dada, USIK-na , 
Maranti DIRI
[26/1 02:14] aji rasha: OBAH-na Maranti RASA. 
Nu Nganteur 
ka Lemah Sungka Nyangkaruk geusan ka-Puluk. Pasir Liuh Peu-peunta-san. Ajrih Ning Rasa pang-GALIH. 

Milih Rabi MINDA RASA Rabi-na Ka Sang GUMATI . RASA-na 
Sang GURUH MINDA GURU-na Weruh Pi-Tuduh. JAPA-na 
AJI NING DIRI. 
geusan midiri! 

JAPA-na AJI NING RASA…. geusan Mi-RASA...!! 

JAPA-na AJI NING HARTI.…..geusan NGARTI..!! 

JAPA-na AJI NING KERSA …geusan NGERSA...!. 

Nyumput Buni 
Nembrak Caang, 
Buni Sotéeh NIAT ATI 
Nu SUCI, 
Nembrak Caang, 
Ku LAKU LAMPAH Nu Nyata. 

Nu di Teundeun 
di Han-Deuleum-keun, Geusan pa-NEULEUM-an nana. 
Nu di Tunda 
Dina Han-JUANG . 
Geusan DIRI nga-Daya Juang, Nya Hamo Luntur Ku Waktu, Kapan TAPAK 
dina TINDAK...
Kapan GALUR dina CATUR.. Mun di Teang 
Tangtu Panggih 
Mun di Penta Tangtu Mikeun. Nya Hamo La'as Ku Zaman. "MUSTIKA PU-RAGA JATI SUNDA". 

Pasti-na Bakal Ka Panggih, Mang-RUPA 
Balungbung Timu, 
Sabab Jangji Nu Bihari, Hamo nya Sulaya Pikir, 
Nu MISTI, 
Nu MUSTI, 
Tandes "DIRI NU NYAKSENI". Geus Natrat TU-LISAN-ana, Moal Sulaya, Ka-JANGJI-na, Teges Netes Tur Tetela 
Nya DIRI SU-RAT-Anana, 
Nya ALAM TU-LISAN-Ana KITAB-na JAGAT BUANA Moal Luntur Ku Mangsi-na. Moal Soeh Daluang-na. BACA-eun 
SA-TUNGTUNG UMUR 
Nya HATE Kudu Rancage. Teges Netes Tur Tetela 
Nya DIRI SU-RAT-anana, 
nya ALAM TU-LISAN-nana * CIRI-na : 
SA-TANGTUNG DIRI..

Cara-na : 
SA-TAPAK SA-JAGAT.. JEMBAR RASA NAGARA-na,  BUKTI-na : 
"RAGA SALIRA"..
Ciri Bukti : 
ka-JEMBAR-an RASA-Na MANUSA, 
Teges Mapaesan Hirup, 
Ku Nebar-an SINAR RASA, 
Nu Ngadangiang Ka-MULYA-an sabab : 
Hirup nu nga-Gema keun DIRI, Pasti-na, 
Tepung jeung ka Sa-JATI-an. "KUDRAT PASTI" 
Bakal Apal Kana TITIS. 
jeung TULIS-na. (CAGEUR).  

TITIS Anu nga-Jadi WUJUD (Manusa).  
TULIS, Anu nga-Jadi SIPAT (ka-Manusa-an). 

Hirup anu nga-Gema 
DIRI jeung RASA. 
Pasti-na Tepung 
jeung ka Eling-an. 
Kadar Diri, 
Dihin jeung Pasti.  

DIHIN : 
ka-YAKIN-an 
(Hirup lain ka-Hayang). 

PASTI : 
Pasti ti anu MASTI-keun 
anu moal bisa di Pungkir. 

Apal kana 
RASA jeung RUMASA  

RASA anu ka-TARIMA,
RUMASA pa-NARIMA-an. 

Hirup anu ngagema 
DIRI jeung PIKIR, 
Pasti-na Tepung jeung ka-Parigel-an. 
geusan NANJEUR-keun DIRI, dina Nyungsi TAPAK jeung LACAK pa-Lakonan-ana. (BENER). 

TAPAK : 
Alam nu geus di Sorang, LACAK : 
Alam pa-Nyungsi-an pi-Lalakon-eun. 

dina Nyungsi LALAKON DIRI geusan pi-Laku-eun, 
nuju Lengkah ka Alam 
anu bakal di sorang, 
anu ngajadi upayana, 
DIRI tetep Nyawang Alam 
ka Tukang geusan Narawang ka Alam anu bakal disorang, tangtu bakal nga-Hasil-keun, 
JALAN Ta-TAPAK-an 
anu MOAL NYASAR. 
nu Ngandung Harti : 
Bakal SALAMAT-na DIRI. Siloka-na : 
"BIHARI NGANCIK KIWARI", Nganjang Ka-Alam Pageto (Supagi), 
pameulina nyata Hirup Kudu : NYEPI di-Leuwi-na DIRI.  TAPA di-Sagara RASA. geusan nga-Balungbung Timu. 
JALAN GEDE Sa-SAPU-an. TAPAK geusan pang-Eunteung-an. 
Ku semu, JEMBAR-na RASA. Galeuh Bitung 
Hate Kangkung. 
Hurung Nangtung 
Siang Leumpang. Pangjugjugan, 
ALAM CA'ANG 
POE PANJANG. 
"NAGARA TUNJUNG SAMPURNA". 

R a m p e s… 
Dasar 
pikeun nga-Lalaku, ka-Hirup-an 
di Alam Hirup kumbuh, 
Alam Jagat Raya (dunya). dina Sorangan atawa 
anu Kasorangan, 
tangtu aya nu Marengan, 
dina masing-masing 
Alam Hirup-na 
anu Mi'Wanda 
CIRI jeung CARA nu beda. 
boh UKURAN-nana, TANGTUNG-anana, sarta PANCER-na, 
Gumantung kana 
KUDRAT PASTI-na 
nu geus di-KERSA-keun jeung di KARSA-keun 
ku NU MAHA-NA, 
tapi Ukuran Urang sa-Laku 
nu di Gelar 
di Alam Jagat Raya ieu : Mi'Wanda 
TITIS nu nga-JADI WUJUD jeung 
TULIS anu nga-JADI SIPAT, salaku Mahluk 
anu leuwih ti Sagala-na, 
anu ka-PANCER-aén 
pikeun mi'LAKU ka-MULYA-an anu ka-SAMPURNA-an, sangkan WUJUD MANUSA Mi'Banda 
SIPAT ka-MANUSA-an. 

Manusa di-leuwih-keun 
ti Mahluk anu lianna, 
lain ngan Ukur di-AKU leuwih dina ka-MULYA-ana, 

tapi Teges 
di leuwihkeun soteh dina RASA TANGGUNG JAWAB-na salaku Mahluk anu bakal Jadi Tunggangan-na Mahluk-Mahluk sa-Sama Hirup anu di CIPTA 
geusan Campur Marengan dina Hirup-na Manusa, 

Manusa téh salaku 
"Para-HU HYANG-NA", 
geusan nganteur sa-Kum-na CIPTANING GUSTI, 
"Ku-Da Sampurna." 

Ngan Manusa anu di sebut Sampurna tur Mulya teh :
[26/1 02:14] aji rasha: TEGES Mi'BANDA SIPAT ka-JEMBAR-an RASA. 
di antara-na boga Ciri : WELAS ASIH, 
UNDAK USUK, 
TATA KARAMA, 
ADAT, jeung 
WIWAHA YUDA NA-RAGA. 

JALMA di gelar 
tina pang-Asal-an Cangkang geusan JALMA-an 
(Wadah Hirup Nu Kosong). ngandung Harti : 

ngan Ukur di-TITIP-an Pang-A'WAS-A Awal 
nu Masih SUCI. 
tacan ka-BANGUN tur 
tacan ka-ADEG-an. 
tacan ka-SIPAT-an. 
nu Nyampurna-keun 
pikeun Adegan, 
Sipat jeung Ules Watekna, 

Jalma bisa nga-WUJUD 
ukur Mahluk JALMA-AN. 
nu ka Wangun tur 
ka Ules Watek-an ,
ku Sipat-Sipat Mahluk lianan anu ka Inum tur ka Dahar 
ku Diri-na, 
lamun teu Mampu Nyampurna-keun nana sangkan Sampurna. 
nu Bukti-na Mahluk Jalma-an sa-Rupa kitu,tacan "PAS" di-sebut MA-NU-SA, 

Sipat Jalma 
anu NITIS MANI-TIS Manusa, anu ka-Sipat-an, ka-Manusa-an, 
Bakal Teges, 
dina "LAKU NING DIRI" jeung Ules Watek-na ,
Mi'Banda Tujuan Hayang Nyampurna-keun hirup 
anu nga-RUMASA-keun. 

HIRUP Boga 
HAK jeung ka-WAjIB-an, tur Hirup teh, 
aya nu Campur dina Diri-na, nu kudu di-Sampurna-keun, pikeun ka-Mulya-an dina "LAJU NING LAKU" 
nu Bakal di Sorang-na. 

Manusa nu ka-Manusa-an Teges Jalma-an nu ka-Pilih sa-Laku pa-Lakon Hirup 
nu geus Jadi TITIS TULIS-Na. 

KUDRAT PASTI 
ti NU MAHA-NA, 
sabab : 
iwal ti Manusa 
nu Bakal Mampu nga-Laksana PANCER-an pikeun Ngurus jeung Ngatur ,atawa 
nga-Rawat Alam 
sa-Laku TITIP-an, 
sa-Laku sa-Sama Hirup 
nu di-Cipta, 
Manusa Sampurna, Campurna Gumulung, 
geusan nga-Jadi Tangtung sa-Laku Mahluk nu Linuhung, NU KAGUNGAN 
KU KERSA-NING 
NU MAHA AGUNG, 
NU MAHA KERSA JEUNG KARSA, 
“GUSTIi NU MAHA KAWASA”. 

Sipat Jalma anu ka-Manusa-an di-sebut-na ; "CAI AHUUNG" 
(CiHung atawa Ciung) Harti-na 
Hirup anu di Karsa, 
Rumasa. 
Hirup Nyata Pancer-an 
ti NU MAHA KAWASA. 

Paralun 
mung Ukur ga-Gambar-an, tur si-Siga-an, 
Tebih ka-nu sa-Enya-na, 
Dua Sifat nu nga-Jadi 
Ules Watek-na Jalma-an 
nu di-Simbul-keun tadi , 
Bisa nga-Beda-keun Diri 
nu ka-Sipat-an 
mana nu Ngancik Nyarungsum dina : 
"PU-RAGA JATI NING DIRI" Pikeun nga-Larap-keun 
naon anu jadi Udag-an PANCER-na Hirup, 
nu Ngara-na Manusa, 
tangtu keuna ku Dihin (ka-Yakin-an) jeung 
tangtu (dasar), 
aturan Hirup nu nuju 
kana LALAKON 
nu sa-Enya-na. 

A-GEMAN Ka-MANUSA-an Tinangtu Patokan jeung Ukuranana 
aya Dasar A-GEMAN-ana, 
nu di-sebut : 
A-GEMAN Ka-MANUSA-an. 

AGEMAN Asal Kecap tina : Gama, 
(Gema atawa Gema-Na), 
nu di-sebut : 
Sa-Wa-Ra, 
SINAR WASA-NA. 
nu nga-Jadi Cahaya Diri, 
anu Dihin ku-Pasti-na, 
nu teu bisa Robah, 
dina ka-Tangtu-an Aturan Gerak jeung Gerik Manusa. 

nyangking Aturan jeung 
Tata Cara Dasar 
ku Elmu jeung Weruh. 

GERAK nyata-na : 
Hirup Nu ng-USIK-eun. 
"Ka-mi, Ka-ma, Nu Sa” 

Ka-Manusa-an mang-Rupa-keun 
Elmu Panemu 
pikeun nga-Lokat Diri sangkan Apal Ka : 
1. DIRI-NA : 
    Mahluk nu di Cipta 
    Ku KERSA jeung KARSA 
    SANG-HYANG MAHA 
    CIPTA
    di sebut : "Hing Sun-Na". 

2. KALAM-NA : 
    Mahluk nu di Gelar di 
    Alam-NA geusan 
    nga-Lalaku TULISAN 
    HIRUP jeung DHIHIN-Na 
    "Hing Sun Da–Na". 

3. DARAH-NA : 
    Mahluk nu Marengan 
    Campur jeung Nyampur 
    Marengan Hirup nu 
    nga-Hurip-an nana 
    "Hing Sun Ha–Na". 

Manusa Gelar ku 3 Tangtu : 

1. KA-MI : 
"ASIH-NA GUSTI" 
Nu nga-JATI Ruh Hyang, atawa Ruh SUCI. 

2. KA-MA : 
"ASAH-na BAPA", jeung "ASUH-na INDUNG" 
(Gumulung), 
nu nga-JATI pa-NITIS-an WUJUD atawa RAH-MANI, jeung 
nu nga-Jadi pa-NITIS-an 
Ules Watek (Sipat Rasa) RA-HIM. 

3. NUSA : 
"WANGI-NA SARI NING NAGARI". 

KA-MI : 
Sipat Mahluk nu ”Tuhu” 
kana Hirup, 
nu nga-Laksana PANCER-aén TITIS TULIS, ti NU-NGERSA-KEUN nana 
nu Ngancik di : 
"SANG KURING-NA" 
SAJATI NING WASA-WASA-NA. 
Hirup ku USIK-NA, 
Hurip ku OBAH-NA, 
sagala-na KERSA-NINGà 
NU KAGUNGAN WASA. "INGSUN DARMA LAKONI", geus ti NU MURBA HING WISSA. 
TuHu, 
ka NU NYIPTA-KEUN-Ana, "GUSTI PANG-ASIH”, Ka-TUHAN-an. 

KA–MA : 
Sipat Mahluk nu “TuMut” 
ka nu Jadi Cukang Lantaran, nga-GELAR-keun 
ka Alam Dunya : 
I"NDUNG Nu NGANDUNG",
[26/1 02:14] aji rasha: Ka-MANUSA-an : 
nga Ules Watek 
Ku Cara Ciri-na, 
Ku Dihin-na : 
Welas Asih. 
Undak Usuk 
Tata Karama. 
Adat Istiadat
jeung Wiwaha Yuda Na-Raga. 

Ka-BANGSA-an: 
nga Ules Watek 
Ku Cara Ciri-na, 
Ku Pasti-na : 
Bangsa Mi'Banda : RUPA Bangsa Mi'Banda : BASA Bangsa Mi'Banda : AKSARA Bangsa Mi'Banda : ADAT 
                                 ISTIADAT  
Bangsa Mi'Banda : BUDAYA 

Ka-Bangsa-an nyangking sa-Laku DARMA WANGSA 
ka Nagara, 
pikeun nyangking papancen pasti pa-Nebar-an Ules Watek nu ka-RAH-HAYAT-an, 
Ciri Bukti Bela Diri jeung Sasama 
NATAR NUTUR LAJU-NING AJEN PANGAJEN, 
geusan Ngolah Laku, 
di antara-na : 
Diri Nyaah ka-sa-SAMA. 
Diri Bela ka-BANGSA-an. 
Diri Bakti ka LEMAH CAI. 
Diri Nga-Rumat nga-Ramat ka BUDAYA. 
Diri Nga-WANGI keun NUSA SARI NAGARI. (Turunan). 

Wawuh ka Diri 
(wawuh ka kujur). 
Luyu kana 
"AJEN SARI-NING SUNDA" pikeun "MANUSA SUNDA" geusan NYUNDA 
di ALAM Pa-NYUNDA-an ieu, Mi'Larap-na, 
ku Ules Watek SIPAT tur PARIPOLAH, 
nu Natrat Teges geusan : SUNDA nu Jadi TUTUR 
dina Pang-LOKAT-an Pa-NYUNDA-an-nana, 
geusan pang-ADEG-na 
anu TEGES, 
pikeun JELMA (Jelma-an), sangkan Jadi "MANUSA". 

Diri-Na (INGSUN-Na). 
Diri sangkéhan tina 
Kecap Awal DA jeung RA. 

"DA”, ngandung Harti : 
buana (Alam). 

”RA”, Cahaya, Sinar, 
Ules Watek, atawa 
sa-Nur nu di ka-Wasa-an.  

"NA”, nu KAGUNGAN 
KARSA jeung KERSA, 
nu Teu WUJUD, 
Teu NGARAN, 
Teu Nga-RUPA. 

TUNGGAL dina TUNGGUL MANuNGGAL sarta MANUNGGUL NGANCIK Sa-JERO-Ning ANCAK. 
USIK Sa-JERO-Ning CICING. OBAH Sa-JERO-Ning RASA. 

Nu ASAL Nga-HIRUP-an USIK. Nu ASAL nga-HIRUP-an RASA. 
Nu MAHA AGUNG (AH-Ung). DZAT Asal, 
Pa-ASAL-an. 
Pang-ASAL-an, 
Pang-AWIT-an (Wiwitan). 
Nu Jadi BIBIT KAWIT 
Nu Nga-WIT , (Ka-AWIT-an). 

Tampa WATES 
Ku AMBAH-an. 
Tampa WANGEN 
Ku PEDAR-an. 
Tampa MAMPU 
Di BASA-keun. 

Geusan MEDAL Ba-BASA-An. Tina Basa ku-Wasa-na. Unggeuk-na : 
"NU MAHA SAGALANA" Pun...

TEGES-na nu di sebut Diri, CAHAYA ALAM-NA 
sa-Laku PANCER SILAH, atawa SIPAT tina ka-WUJUD-an. KALAM-NA, atawa ALAM-NA (DA–NA), 

KA = pang-ANCIK-an , 
LA = Ka-HIRUP-an, 
MA = Ka-JATI-an. 

TEGES-na 
ALAM SORANG-eun, 
nu Bakal di-SORANG, tur SORANG-eunana pikeun Pa-NYORANGAN-ana 
di sebut ; "LALAKON"... 

TITIS TULIS (Sorangan ‘NA). Sa-SAMA NA (SA HA–NA). 

Sa-Sama-na = nu Marengan tina : 

HIRUP = 
USIK jeung OBAH-NA Pang-AWAS-A-NA. 

HURIP = 
Nu di USIK-eun jeung 
Nu di OBAH-keun Pang-ADAYA-NA. 

Nyata nu Nga-HANA 
(aya Hirup kersa-NA), 
dina Sa-JERO-Ning 
USIK jeung OBAH-NA, tur Sa-LUAR-eun, 
RUPA jeung WUJUD-NA. MA-NU-SA. 
JATI-Ning Gumulung Campur nu Bareng, 
Para-HU Pang-Anteur ka-SAMPURNA-an nu Campur, 
geusan Nyorang 
"KA-ALAM CA'ANG, 
POE PANJANG", 

"JALAN GEDE SASAPUAN" NUJU KA NAGARA PANGKONAN GUSTI, "NAGARA TUNJUNG SAMPURNA", 

"SAWARUGA, SAWARA JATI". SUNDA Ngandung Harti : Tatanan Pari Polah Hirup, 
nu Dihin ku Tangtu cara-na, Papasten ku Pasti 
dina Ciri-na, 
pikeun nga-WUJUD-keun, nga-BUKTI-keun, 
yén Mahluk nu Gumelar 
di ieu ALAM JAGAT BUANA PANCER TENGAH. 

Teges : 
Kudu Ngalaksana 
Sagala nu geus 
Jadi Pancer-an 
keur Nyubadanan nampa HAK jeung KA-WAJIB-AN LALAKON nu geus 
Jadi TITIS TULIS Ti DITU-NA (Kudrat Pasti). 

Asal nu TUNA Sagala-na TUNA nyaeta : 
Sagala-na ti NU NGARSA-keun 

Tuna – R a g a 
Tuna – R u p a 
Tuna – R a s a 
Tuna – B a s a 
Tuna – W a s a. 
Tuna – W a n d a. 
Tuna – B a n d a. 

Urang Darma Nga-Lalakon, Ngalaksana (Ngamalakeunana). 
Éstu Sagala-na di-KERSA-keun, tur di-KARSA-keun, 
ti NU NGERSA-keun jeung NGARSA-keunana 
NU MAHA AGUNG sangkan : NG-ADEG-NA 
KARSA jeung KERSA-NA, 
nu Jadi WASA 
dina KA-WASA-NA. 
Mampu : nga-WASA-keun kanu di KAWASA-AN-nana, pikeun nga-WASA-an 
Sagala pang-A'WAS'A-NA, sangkan AWAS 
kana PANG-AWASA-NA.. NG-ADEG-Keun 
NU MAHA AGUNG, 
dina Nga-MAHA -Keunana, 
ku nu KA-AGUNGAN-Ana, Teges, 
dina NGAMALA KEUN-ana, (Ngamana) : 
Ngama-Raga Jadi Mi'RAGA.  Ngama-Rupa Jadi Mi'RUPA. Ngama-Rasa Jadi Mi'RASA. Ngama-Basa Jadi Mi'BASA. Ngama-Banda Jadi
                               M'iBANDA. 
Ngama-Wasa Jadi Mi'WASA.
[26/1 02:14] aji rasha: Tunggul-Na RA-HAYU, sa-Laku 
(“Ambu Pang-ASUH”). 

"BAPA Nu NGA-YUGA" Tangkal-na DARAJAT sa-Laku (”Bapa Pang-ASAH”). 

INDUNG jeung BAPA : 
Cukang Lantaran 
nu Nebar-keun 
BENIH BIBIT AWIT pang-AWIT-an (PaWit). 

WIT = S I R PA-WIT = Gumulung-na SIR 
nu Nga-Jadi. pang-AWIT-an = Tempat Ruang Waktu, pang-ANCiK-an Hirup Awal (Lamut Kasih Indung, 
nu di sebut Alam Kandung Indung). 

Basa Simbul-na, 
di sebut : 
"PALAWANGAN" atawa 
GUHA PALBUAN, atawa GUHA PAWON. 
INDuNG jeung BAPA, 
sa-Laku "KARANG PAWITAN". nu nga-Jadi Cukang Lantaran Gelar-na Tuturus 
anu Bakal nga-Jadi : 
"SAWA, SIWI , NU JADI SEUWEU SILIWANGI" 
Hasil tina SILIWANGI-na ka-NYA'AH BAPA, 
tur WANGI-na ka-ASIH-na INDUNG. 
SaLaku 
TINGKEUBAN PARA-HU. atawa SasakaNa. 

Tuturus nu di sebut : 
ANAK = SAWA SIWI 
sa-Laku Kado Emas-na, atawa PUSAKA-Na. 
(KaWaHa Domas). 
KAWAH DOMAS, 
sa-Laku 
TUNGKEUBAN PARA-HU HYANG, nu Jadi BIBIT AWIT di pa-Lembang-an, 
geusan Pa-MEDAL-an sa-Laku Mahluk anu nga-Jadi pi-BAKAL-eun, 
Gumantung kana pa-TALI-an, nu Nyipatan TERAH jeung DARAH-na, 
dina Jangji Awal (PaTaKa), mangkana saupama Mahluk nu di-Gelar-keun 
Jadi JALMA-an, 
ti LULUHUR-na, 
lamun TEGES Sampurna 
dina Ka-Manusa-anana, mangka Hing geusan kudu Nyahaya-keun Mahluk jadi Jalmaan nu ka-Manusa-an, aya dina pa-TALEK-an 
Para GURU HYANG, 
nu nga-BEDA-keun 
ti Mahluk nu liana, atawa "Nga-HING SUN MEDANG KA-HURIP-AN". 

BAPA. 
nu Nurus-keun TERAH, TEGES ka-pa-Pancar-an geusan nga-JAYA tuturus dina Ngolah Hirup, Nurun-keun 
ELMU pang-AJI PANALAR DIRI, 
pikeun DARAJAT-na, (Komarana). 

INDUNG 
nu Nurus-keun DARAH, TEGES ka-pa-Pancar-an geusan nga-ASUH tuturus dina ngalarapkeun 
Elmu pang-Aji Pangulas Rasa pikeun MARTABAT-na, (Wibawana). 

INDUNG jeung BAPA 
sa-Laku SASAKA-Na, 
Tuturus sa-Laku PUSAKA-Na INDUNG BAPA. 

NU–SA : 
(Sari Pati Alam) = 
KU DZAT-NA, 
nu nga-Jadi CAHAYA. : CAHAYA RUPA, 
CAHAYA DAYA, 
CAHAYA RASA, 
tina Sari Pati-na, ka-Hirup-an, nu Nyampur nga-WARUGA, dina ka-HIRUP-an 
nu nga-HURIP-keunana. 
Alam ka-HIRUP-an jeung Ka-HURIP-an, 
pikeun Nyampurnakeun Sa-KUM-na Mahluk 
nu Kumelit di Alam-NA, Nyampurnana, 
ku alatan "NUSA” 
jadi bahan pikeun ka-Hirup-an, 
ka-Hirup-an, tur ka-Hurip-an jeung ka-Hurip-an. 

Gumulung-na Sari Pati Alam, dina Sa-WARUGA-na Mahluk, Mampu Medar-keun 
Hiji Sipat, atawa 
nga-Jadi Ules Watek 
nu Nganteur LAKU jeung LAMPAH-na atawa 
ADAT jeung ka-BIASA-anana .

GEMA atawa 
GEMA-NA Hirup 
anu Nga-Gema ka-TUHAN-an, TEGES Laku Ning Diri 
dina Hirup-na 
Mi'Banda RASA ka-RUMASA-an 
kana KARSA jeung KERSA. GUSTI NU MAHA KAWASA. * 

Hirup nu nga-Gema ka-Manusa-an, 
TEGES Laku Ning Hirup-na Mampu nga-Laksana Sipat anu nga-Wanda DARAJAT -Na BANGSA (Komara).  

Hirup anu nga-Gema Kabangsaan,
teges lakuning Hirup, 
Mampu nga-Laksana Sipat nu Mi'Banda DAYA CIPTA KARYA jeung KARSA 
geusan Mi'Banda (Wiwaha). atawa Mi'Banda 
AJEN PANGAJEN DIRI, 
Ajen ka sa-sama Hirup 
nu, SURTI kana HAK Hirup-na Alam nu lian, 
nu ka-Rah-HAYAT-an. 

Hirup nu nga-Gema keun 
3 Tangtu 
Dasar Pakeman Hirup : Ka-TUHAN-an, ka-MANUSA-an tur ka-BANGSA-an, nu ka-Rah-HAYAT-an, 
Dihin jeung Pasti-na Diri, 
dina nga-ASUH Hirup-na, Bakal Mampu Natar-an jeung Nutur-an 
RAH jeung HAYAT-na 
keur nga-JAGA-an carita 
anu di-LALAKON-keun 
di Alam-na 
Ku Sipat Ka-ADIL-an. 

Hirup nu Mi'Banda 
Sipat ka-ADIL-an, 
Tangtu Laku-Ning Hirup 
nu Nungku, 
Pinuh ku ka-JEMBAR-an RASA jeung RUMASA Diri. dina Ules Watek 
nu Jadi Laku-Ning 
ka-ADIL-an DIRI-na, 
Nyata nga-WUJUD Jadi “CAHAYA-NA (Nur), atawa WUJUD nu : 
ka-SINAR-an (Mardhi Ika). DIRI sa-Laku 
Nu Jadi CAHAYA GUSTI, 
dina (Pari Polah-na). CAGEUR Awak-na, 
BAGEUR Laku-na, tur 
BENER éIlmu-na. 

Ka-Mardhi Ika-an atawa WUJUD Nu Ka-SINAR-an Ka-TUHAN-an : 
nga Ules Watek, 
KERSA-NA : 
Sadar, 
Sadrah, 
Pasrah jeung 
Tumarima.
[26/1 02:14] aji rasha: Ngama-Wanda Jadi Mi'WANDA. 

KA–MA, 
Sari Ning Pati Cikal Bakal, Cukang Lantaran 
ti NU-SA Asal, 
Pi-Bahan-eun 
WADAH SUKMA , 
RAH-MANI Ti SA-JATI-Ning Nu KAGUNGAN Jadi. 

NGA-MA = 
Nga-WUJUD-na RAH-MANI NU-SA Asal 
pikeun 
NGA-WARUGA JATI-NA. SA-JATI NING HIRUP. 

Jadi Pang-AKU-an, jeung Pang-LAKU-an. 
mun di-AKU Kudu Jadi 
LAKU jeung LAMPAH. SUNDA nyangking Pancer-an, 
Nyusun deui nu ka-Tunda, dina SA-SARI NING WARUGA nu geus Nga-JATI, 
sangkan SAMPURNA NITIS SAWARAGA, (sawaruga). dina SORA UGA 
NU SAMPURNA. 

Sampurna-na, 
Nyata dina Campur-na Sakabeh nu ka-Wasa-an 
ku nu Asal, 
Gumulung Nyangking Sa-JERO-Ning Cangkang nga-WUJUD RUPA nu ka-Sipat-an (Waraga). 

Satiap Anggota Badan, 
nu Mi'Wanda Ciri 
dina sa-DIRI-na, 
Teges Mi'Banda cara sa-RAGA-na, 
nga-Watek Pancer Sewangan, tetep nga-Rujak-nga-Rujuk, Tunggal SaDaMi, 
sa Wasa-Wasa-NA 
aya pang-A'Wasa jeung Awas-NA : 

Awas kana Wasa, 
keur nga-Awas keun 
Naon nu di Wasa-keun 
ku, pang-A'Wasa-NA. 

Wasa nu di ka-Wasa-keun Jadi pang-A'Wasa-Na, 

Teges dina Nga-Wasa-keunana.  

Susunan WALI SA-JIWA 
nu NAWARAJATI. 

1. SIR : 
Geter nu nyangking ka-Hayang-an,
geusan ku pamilih Ati. 

2. RASA : 
Buah Hasil 
tina Tepung-na antara geteran ,panyangking-na Wasa, 

3. CIPTA : 
Geter anu nyangking 
di antara Pikir,keur ka Hayangan (gambaran). 

4. AKAL : 
Upayaan geusan Tepung ka-Hayang-an, pa-nyungsi-an Jalan Tujuan. 

5. BUDI : 
Wasa nu nyanking 
dina Pamilih-na Jiwa geusan nga-Basa Usik Rasa. 

6. DAYA : 
Wasa nu nyangking dina Waruga geusan nga-Basa-keun Usik Raga. 

7. ASMA : 
Wasa nu nga-Wasta (nga-ra-na), Waruga-na 

8. SUKMA : 
Ruh Hirup nu ng-Usik-eun, Alam Pikir (akal) 

9. LELEMBUTAN. : 
Ruh Hirup, nu ng-Usik-eun Alam Sadar. 
Nyusun BASA 
nu kudu di-BASA-keun. jeung WASA nu kudu di-WASA-keun, 
MACA-keun LALAKON, 
Salila lengkah Ngasuh Hirup, ti Awal Gelar KA-ALAM-NA, nepi ka Ahir Hayat-na, geusan, Masrah-keun 
ka Nu Nga-GELAR-keunana, Asal Gelar dina ka-AYA-an SUCI, Mulang kudu SUCI, malah ngantung kudu Ninggal-keun 
KALAM NU SUCI, geusan NITIS-keun tur NETES-keun ka nu di Kantun, Nyata : Tu-Turun-an. "SUNDA", 
asal kecap awal tina : 
SUN = KU RéHING, atawa Mahluk Cipta Ning. KURING-NA, nu Mi'Banda : Cahaya 
Jati 
Wasa 
DA = SANG KURUNG 
(Ku Ruhung), 
(nu di barengan), 
nyatana Kurung,-NA, 

Kurung Na. 
Waruga Na. 
Wujud Na (nu kawasa an).  

NA = nu Hirup, 
(nu ng-Usik-keun, 
nu ng-Obah-keun, 
nu nga-Rasa-keun, 
nu nga-Nyaho-keun, jeung 
nu nga-Harti-keun. 

SUN, atawa Sun-Na, ngandung harti : 
Mahluk nu di-Cipta. 
SunDa, atawa Sun Daha = Mahluk nu di-Cipta di pa-Gelar-an (alam hirup,na), nu di-sebut : 
DaNya atawa Dunya-Na, (INGSUN MEDAL). 
INGSUN Medal Tandang nyangking ka-Hyang-an 

INGSUN Medal Tandang nyandang ka-Hayang. 

INGSUN Medal Tandang ku-Dia-Hyang. 

INGSUN Medal Tandang Nyang KURING Caang (Sang-Kuring, 
Sang-Hyang, 
ka barangan ka beurangan). 

SUNDA, 
bisa ngandung harti, : 
Tataran Alam Jagat Buana 
nu geus Dihin ku Pasti, pikeun ta-Tapak-an nga-Lalakon, 
Mahluk nu di Cipta, 
geusan nga-Lalaku 
Alam Hirup Lalakon-an, 
dina pa-Tapak-an, 
nu ngeunaan kana Pang-Alam-an, 
nu di Alam-an, 
sangkan nga-Jadi Alam-na, tur nga-Jadi KALAM-NA, pa-Tangtu-an Titis Tulis na. Hasil dina pa-NYORANG-an, ku-SORANG-an, 
nu ka-SORANG-an tur 
keur SORA-ngana. 

Sorangana 
Pitutur-na, 
nya NU MAHA, 
nu nga-WASA-keun. Nyorang-ana 
nga-LISAN-na, 
nyata "INGSUN" 
nu ngu-MAHA, 
nu nga-BASA keun: 
SORA geusan Jadi UCAP, NYORA geusan Jadi LAMPAH.. 

KEDAL UCAP, KU-BASA-NA. MEDAL LAMPAH, KU-WASA-NA. 
UCAP SORA : 
Nga-Ungkara 
Jadi LISAN jeung HAKSARA.  

UCAP : 
Pangawasa Sora Mahluk, pikeun Nepi-keun kereteg 
nu jadi pang-Anteur Maksud jeung ka-Hayang, 
nu mang-Rupa-keun SORA-NA. 

SORA : 
nu Neges-keun ciri-ciri Sawara na Mahluk. 

SORA Nu Jadi UCAP 
di sebut : "KECAP", 
ngan-Aya di Manusa.
[26/1 02:14] aji rasha: KECAP : 
Kedal Lisan, 
nu nga-Ungkara Nepi-keun Maksud. 

BASA : 
Basa Sora : 
Runtuyan KECAP 
nu nga-Ungkara mang-Rupa "KALIMAT" (nyawara). Paparan keur Nepi-keun Maksud. 

BASA RASA : 
Paparan Nepi-keun Maksud tina Gambaran nu nga-Ungkara ka-Aya-an HATE, brehna aya dina Gurat Raray, (beungeut, rupa, pameunteu). 

Raray : 
CAHAYA nu nga-Ungkara ka-Aya-an HATE. 

BASA AWAK : 
Paparan pikeun Nepi-keun pa-Maksud-an Ucapan, 
nu di Lisan-keun ku Usik-na Awak, 

BASA HAKSARA : 
paparan pikeun nepikeun pa-Maksud-an nga-Ungkara Ucap-an ku mang-Rupa-keun Simbul TULISAN (haksara Hurup jeung haksara Angka). 

BASA BUDAYA : 
Paparan pikeun Nepi-keun pa-Maksud-an dina ngaé-Bréeh-keun Gerentes Hate, 
pikeun nga-Ungkara Gambaran ka-Hirup-an, 
nu di tepi-keun ku mang-Rupa Hasil Karya Seni. 

LAMPAH nga-ungkara 
Jadi TULISAN, 
sa-Laku Tutur jeung Laku pikeun PANG-AJI KA-DIRI (pangajen diri), 
PANG- HARTI (pangarti). 

AHUNG SWASTI 
ASTU PURANA KARSA Sampurna di Wasa-na 
NU MAHA. PURAGA KERSA 

Sampura-Na, 
di Basa Ing SunNa, 
NU Nga-MAHA. 
Tedak Ing Wang Ka-Wasa-NA, tedak Ingsun Hing kang 
di Wasa. 
Tedak Kang Pitutur Laku, Pitutur Kang Ing RUH-MUHUN. 
Nu NGARSA Linggih Tumuhu Mager Alam Ing Wang NuSa SunNa. 
Nusa HaNa,……. 
Nusa CaRaKa. 
Nusa DaTa ,……. 
NuSa SaWaLa. 
Nusa PaJaYaNya 
Nusa MaGaBaNga. 

Nitis-keun Sari pa-AJI, Netés-keun Sari pa-HARTI, geusan keur nga-Rumat Rasa, sangkan keuna kana 
Titis Tulis Diri, 
KUDRAT PASTI ti HYANG WIDI, 
keur Nangtung- keun ka-Dihin-an Takdir Diri, 
Kadar Awak, 
dumasar kana 
sagala papasten 
nu geus Jadi Katangtuan 
ti Ditu-NA. 
pikeun nga-Wujud-keun tangtungan pang-Adeg Diri, jeung JATI geusan kumawula, nyabadakeun 
ka Nu KAGUNGAN. nga-Rasa-keun nga-Rasa-keun, 
ngaRAS-keun tur nga-Rumasa-keun. nga-Rasa-keun, 

Tepung : 
NGA = Engeuh, 
RA = Cahya 
SA = Teges nga-Ras-keun, Nampanan : 
NGA = Engeuh, 
RAS = di-Rasa-keun nga-Rumasa-keun, Tumarima : 
NGA = Engeuh, 
RU = nyahayana, 
MA = Tati Ning Suci Kuring-na, 
RA = Cahya 
SA = Teges, Keun. 
WANDA jeung BANDA Sa-Laku Mahluk nu Mi'Manda WUJUD jeung RUPA 
nu ka Wastaan, 
Nata Tapak-na, 
teu sarua, 
antara pang-AKU-an jeung Pa-LAKU-ana. 

TITIS : ngandung harti : 
Rupa atawa Wujud di-sebut : "nga-Wanda". 

TULIS : ngandung makna, : 
nu Neges-an Tabiat atawa Sipat, di sebut "nga-Banda". Wanda jeung Banda, 
teu misah, 
tampa di antaraan 
ku Wates jeung Ruang Pamisah, 
di sebutna : "Gumulung". 

Wanda Gelarna : 
Ules Watek (Sipat), 

Banda (Pakaya WasaNa). 
aya Wanda, aya Banda, 

tangtu bakal jadi 
Kanda atawa Kara. 

KANDA : 
Lalakon Hirup 
ngangking ka-Hade-an sakumaha KUDRAT PASTI 
ku Alam-na 
(bukti wujud nyata). 

KARA : 
Lalakon Hirup 
nyangking ka-Hade-an ku-Gambar-an Alam-na (panyamaran antara 
bener jeung salahna).  

KANDA : 
Tatapakan 
Awal jeung Ahir-na ci-Cipta-an, 
nu Gelar di Alam tempat-na, dina Titis Tulis ku Pasti-na, Datang jeung Mulang-na 
di pa-Gelar-an 
ka pang-Balik-anana, 
tinangtu 
ka ASAL WIWITAN-ana, 
nu di-sebut : 
"MULIH KA JATI NING SUCI, MULANG KA JAGAT NING ASAL-NA" 
Ka : ALAM CA'ANG, 
POE PANJANG, 
TARA BANGSA, 
NAGARA TUNJUNG SAMPURNA (Pang Lokatan). 

KARA : 
Tatapakan lelengkahan 
Awal jeung Ahir-na 
Hiji Lalakon, 
di Sarung-keun 
ku pa-Nyamar-an jeung Gambar-an ,
keur nangtu keun 
Hiji ka-Hayang, 
ku ka-Tangtu-an : 
Bener jeung Salah, 
kudu jeung Ulah, 
Karma jeung Pahala, 
pang Bibita jeung pa-Nyingsieun-an, 
anu jadi aturan atawa : DOGMA : 
hasil buah pa-Mikir-an 
anu bisa jadi, aturan 
nu Lahir-na, 
ku pa-Nyarungsum-an antara Akal nyambung jeung Nafsu, anu di sebut : 

KARA. (olah pikir nu hirup), ataw aturan nu Gelar-na : MU-RAGA JATI, 
tepung-na antara : 
AKAL jeung RASA. (Pangabaran) nu di-sebut : KANDA. 

KARA : 
nyandang pangaraksa Nu "MURWA DAKSI ING PASTI" * 

KANDA : 
nyangking Kersa "HYANG MAHA MURBA HING WISSA", tanpa Rupa, 
tanpa Sora 
tanpa Warna, 
tanpa : Pa-Neges-an di luhur, mang-Rupa-keun katangtuan keur NU NGA-MAHA, 
ka NU KAGUNGAN MAHA. Sangkan Nuju kana Hiji Bener, Ku RUPA-NING WUJUD BE-BENER-AN, 
geusan tepung jeung 
Tujuan Bener Nu Hiji. 
”ANU SA-ENYA-ENyA-NA BENER" 
(Aya Bukti nu ka-Nyata-an). Satiap Wujud, 
tangtu nga-Wanda Rupa di-bere Ngaran atawa (Wasta), tur 
Mi'Banda Ules Watek (sipat). TEGES jadi Ciri 
anu nga-Beda-keun antara Mahluk Hiji, 
jeung Mahluk nu liana, saperti : 
Wujud nu di Wasta (Ngaran), Mi'Wanda (Rupa) jeung Mi'Banda (Sipat),
[26/1 02:14] aji rasha: mang-rupa-keun 
Karsa jeung Karsa, 
ti KUDRAT PASTI-NA. 
geus ngajadi : 
"Titi Tulis, jeung Tulisan-nana, 
dina KALAM Sorang-Sorang-na, 
“HADE Tapi KAHADE” 
Hirup geus ti di-TUNA. Bongan TuNA SA-GALA-NA Hirup nu KU-KERSA-NA 
Keur NUSA-NA 
Hirup nu KU-KARSA-NA 
Keur nu KA-RASA-NA 
NU SA-SAWA, 
NU SA-HUDARA 
NU SADA, 
NU SA-DARA 
NU-HU NU TUHU 
KU DIA HYANG, 

Hirup geus ti di-Tuna, 
Asal Tuna sagala-na, 
ka-USIK-an, 
ka-OBAH-an, 
ka-WASA-an tur 
ka-BASA-an, 

Hirup lain ka-Hayang, 
tapi ka-Hyang-an, 
ku pasti Na 
(Kersa Abdi, Karsa Gusti).  

PARIGEUING 
GEUSAN NYUNDA Pari-Geuing, 
mang-Rupa-keun pitutur pikeun Mi-Laku Sipat 
nu Nyunda, 
keur Ngayoman, 
Ciri dina Diri, tur 
Cara nu Nyoko dina UGA, malar pi-Bahan-eun, 
Bekel Hirup di Alam jeung pa-Pada-na, 
Luyu kana Tujuan Hirup 
nu sa-Teges-na 
nyata-na 
Nyicipta KAMARDHI IKA-AN (Merdéka). 

pa-Neges-an ka-Luhung-an "ELMU-NING SUNDA" geus teu ka-Ukur ku-Catur, atawa ka-Talar ku-Baca, 
Tapi breh Teges 
dina Pari Polah-na jadi pang-AKU-an 
dina la-LAKU-an, 
sabab tangtuna oge 
sagala 
nu di-Rasa, 
nu-ka-Rasa, tur 
hasil dina panga-Rasa-an, nga-Jadi-keun Hiji Ajen 
dina nyumponan Pancer-an pikeun Tumarima 
Iwal Ti Ku-MEDAL-keun Rasa, ku ka-Rumasa-an. 
ayana "Rasa, Rumasa jeung Tumarimana Manusa 
dina Elmu ka-Manusa-an tinangtu bakal nga-Wujud-keun 
Hiji Bangsa nu ka-Bangsa-an" nu geus di Tangtu-keun Ku SANG-HYANG MAHA KERSA (Gusti Anu Maha Tunggal), 
nu geus jadi Hiji Papakon Patakonan, 
Ti "SANG-HYANG LULUHUR SUNDA", 

nu Neges-keun : 
Talatah-na 
Aturan-Aturan Hukum Dumasar kana 
"CIPTA, 
KARSA jeung 
KUDRAT”, 

Teges-na 
MANUSA SUNDA : 
Ulah mo-Poho-keun 
ka NU NYIPTA 
(TUhU ka KERSA-NA 
nu di sebut Ka-TUHAN-an). 

Ulah nya-Pira-keun kana Talatah tur pi-Wejang 
Para KALUHUR. 
(Tumut ka Luluhur). 

Ulah nga-Lian-keun 
ka sa-Sama CIPTAAN GUSTI, 

Ajeén ka "LEMAH CAI-NA". 
nu jadi 
pang-Asal-an 
Sari-Ning Pati-NA 
nu Marengan. 
Sangkan Pinanggih jeung Ka-WALUYA-an, ka-RAHARJA-an, tur ka-MULYA-ana, 
MULUS RA-HAYU 
BERKAH SALAMAT, 
CAGEUR, 
BAGEUR Tur 
BENER, 
MULUS LALAKON JASAD-NA, RA-HAyU LALAKON GAWE-NA 
BERKAH KU MILIK NILIK-NA, SALAMAT LALAKON JUANG-NA, 
CAGEUR AWAK-NA, 
BAGEUR KA-LAKU-ANA. Tur, BENER ÉLMU-NA. 

AMIN.. YAA ALLOH 
YAA GUSTI 
YAA ROSULULLOH.

Sabtu, 15 Januari 2022

ngalogat

  1. Ari/Utawi/Adapun, digunakan untuk menunjukan kalimat yang berkedudukan sebagai mubtada.
  2. Eta/Iku/Adalah, digunakan untuk menunjukan kalimat yang berkedudukan sebagai khobar.
  3. Saha/Sopo/Siapa, digunakan untuk menunjukan kalimat yang berkedudukan sebagai fail/naibul fail yang berakal.
  4. Naon/Opo/Apa, digunakan untuk menunjukan kalimat yang berkedudukan sebagai fail/naibul fail yang tidak berakal
  5. Kana/Ing/Kepada, digunakan untuk menunjukan kalimat yang berkedudukan sebagai maf'ul bih.
  6. Kalayan/Kalawan/Dengan, digunakan untuk menunjukan kalimat yang berkedudukan sebagai maf'ul muthlaq.
  7. Dina/Ingdalem/Di, digunakan untuk menunjukan kalimat yang berkedudukan sebagai dharaf zaman.
  8. Dan sebagainya.
Tabelnya kira-kira seperti ini:

NOINDONESIAJAWASUNDAMENUNJUKAN
1AdapunUtawiAriMubtada
2AdalahIkuEtaKhobar
3SiapaSopoSahaFa'il
4ApaOpoNaonFa'il
5KepadaIngKanaMaf'ul Bih
6DenganKelawanKalayanMaf'ul Mutlaq
7DiIng dalemDinaDhorof Zaman
8Dsb.Dsb.Dsb.Dsb.

Contoh lengkapnya bisa dilihat pada gambar/tabel berikut ini:
makna logat Kitab Kuning dengan Aksara Arab Pegon
Gambar 1: Urutan 1 sampai 37

makna logat Kitab Kuning dengan Aksara Arab Pegon
Gambar 2: Urutan 38 sampai 50

Keterangan tabel dalam gambar di atas:

  • Kolom 1: Nomor 
  • Kolom 2: Rumus, berupa aksara pegon singkat yang digunakan sebagai kode makna gramatikal
  • Kolom 3: Posisi penempatan kode pada kalimat bahasa arab dalam kitab, bisa di atas, di bawah atau sejajar
  • Kolom 4: Musyar ilaih, yakni takib atau kedudukan kalimat dalam gramatikal nahwu, contohnya mubtada, khobar, fa'il, dsb.
  • Kolom 5: Makna dalam bahasa indonesia, jawa atau bahasa lokal lainnya
  • Kolom 6: Contoh penerapan dan aplikasinya dalam bahasa arab atau kitab kuning.
Bagi sahabat santripedia yang ingin berkonsultasi lebih lanjut terkait cara memaknai kitab kuning menggunakan arab pegon, bisa berkomunikasi dengan kami melalui email: info.santripedia@gmail.com dan nanti akan ditindak lanjut melalui chat Whatsapp.