Minggu, 13 Februari 2022

JATINING DIRI

JATINING DIRI

Dina mangsa kiwari, kanyataan anu teges hususna keur bangsa urang anu pada-pada ngalalakon kahirupan di gelar “Manusa”, 
sangkan tepung anu naon rupa nu di paluruh nyatana “Kasajatian diri dina ules watek anu nyata ka sifatan manusa ebreh dina lalaku jeung puguh lumakuna hirup anu 
“Ngama na(asal kecap kama= cukang lantaran hirup) sarta mampu ngawujudkeun dina tutur jeung lisan sarta sifat jeung tabeat nu hade tur nyata.
Taya bayana saupama ieu guaran urang bedah 
tur di pedar dumasar kana tata cara adat budaya pribadi, 
geusan nanjeurkeun tangtungan diri kasampurnaan, 
sangkan pa-ngadeg-na, 
jatining diri nu sampurna 
pikeun ngawangun tatanan hukum tangtu 
anu 5 :

1. KA-TUHANAN.
Sangkan ngadeg kasajatian diri ka- manusaan (Tuhu Tuhuan Tuhan).
Hukum hirup katangtuan salaku mahluh ciptaan nu miwanda aturan kapastian 
anu di sebut 
Takdir teu bisa di pungkir, 
kadar teu bisa di singlar 
salaku titis tulis maluk 
anu di sebut sifat manusa.

2. KA-MANUSAAN.
Ules watek mahluk anu mibanda ciri dina sifat
1. Welas asih.
2. Tatakrama.
3. Undak usuk jeung asal usul. 
4. Adat istiadat budaya.
5. Wiwaha yuda Naraga 
     hartina 
     apal diri, 
     apal rasa jeung rumasa).
     Sangkan ngadeg kasajatian diri dina.          
     kabangsaannana (bangsa Manusa).

3. KA-BANGSAAN.
Wujud tangtu ku ciri dina 
1. Bangsa miboga Rupa.
2  Bangsa miboga Basa.
3. Bangsa miboga Aksara.
4. Bangsa mboga budaya.
5  Bangsa boga Nagara).
Cara ciri kabangsaan sangkan teges tur nangtu yen kabangsaan tangtu apal yen kasajatian diri teh miwanda titis jeung tulisna,
titis na nya manusa, 
tulisna atawa ucap jeung lakuna nya manusa sabab iwal ti bangsa manusa 
anu bakal apal yen hirup teh aya nu miboga 
nya eta: Ma = 
anu suci anu nitipkeun usik daya pangawasa dina, sir pikir budi jeung rasa, 
nu di sebut jati Nusa= 
anu asal nu disebut aci ning alam. 
Bumi,
angin, 
cai 
seuneu, 
sumurup dina sarining nu di leueut jeung di tuang gumulung ngahiji ngajadi raga diri katitipan 
ku Ruh jati( nu maha Suci), 
jeung ku alam nu jadi waruga.
Lamun Diri. Balik jatina, mulang Ragana. 
Diri ngadeg tetep langgeng salalawasna 
nga jadi titis waris. 
Nyata elmu nu mangfaat.
Mangkana nu di sebut ka bangsaan 
tangtu ngadeg kasajatian diri ka-rahayat an.

4. KA- RAHAYATAN.
Ules watek nu mampu ngadegkeun kasajatian diri nu wawuh ka asal diri 
yen diri teh ngangon jisim jeung jirimna 
nu jadi titipan 
tinangtu milaku sifat adil 
( kala laku ti-nimbang-an)
Adil teh hiji ules watek milaku ku cara 
“ati ati, taliti, nastiti, dihin tur pasti”. 
Nu disebut jiwa Rancage”

5. KA-ADIL-AN.
Ules watek tinimbangan atawa 
kasaimbangan hirup dina nga-wujud keun kasajatian diri 
“Ka Mardhi ika an”.
Dasar hirup anu 5 di luhur, 
nyata hiji gambaran pasti 
pikeun panataan laju ning hirup kumbuh 
pikeun nyahaya keun wujud 
anu ka sifatan ku karsa jeung kersana 
anu Ma-Ha na, 
geusan:
”Wawuh ka kujur, katut apal ka pangeusina diri. Sarta mampu ngalaksana papancen hirup 
anu ngabdi kanu nangtuan abdi na.(ngawula) 
nga “badega salaku abdi nagara 
ragana manusa.
Dina medar tur ngaguar harti misti nu mustari, taya sanes iwal ti nguningakeun hiji ajen inajen 
ka Sundaan numutkeun elmu titipan 
anu ka pibanda ku kapribadian “Manusa Sunda. 

Dina wengkuan nu di sebut “Tatali Paranti”.
Hamo landung ku catur.
Hamo panjang carita.
Malar pibahaneun ngudag elmu Ajining Rasa 
ka-SAMPURA-an, 
pikeun netepan 
KA-SAMPURNA-AN.”GUSTI NU MA-HA 
(suci hirup) 
(sampura ‘Na).
Manusa nu “Nga- Maha.
(nu nyucikeun hirup, sampura’sun).- 
Ka-sampurna-an, sifat (ules watek) 
anu jadi cahayana sinar(cahaya awal) 
ti anu Wasa’Na, 
geusan ngawasakeun kanu di wasana 
pikeun ngawasaan pangawasana 
dina sagala kakawasaannana, 
nyaeta Pangawasa Sinar’na (Pancer diri).- 
Ka-Sampura-an.Wujud jeung laku anu nyinarkeun atawa nyahayakeun sinar Wasa ‘Na, 
anu jadi alat kawasana mancerkeun 
sifat pancerna.
Gusti nu maha, 
manusa nu nga maha.
Wasana gusti di basa keun ku manusa.-
Basa lisan.-
Basa Tutur.-
Basa Wujud.-
Basa Budi, 
Gusti pancerna sifat, 
ingsun nu mancerkeun dina ka-sifat-annana.
Hirup geusan manceran 
dina sagala pangawasana, 
kersa anu geus di kersakeun 
pikeun nuju kana aji ning ka sampurnaan, 
tangtu mudu metik elmu ning kasampurnaan ieu, geusan ngahontal tur mampu-
Ngagem ma diri.-
Pangajian laku.-
Pangajen diri anu mangrupa:
1. AJI LUHUNG . (Sangkan diri kaharkatan).
2. AJI KOMARA. (sangkan diri ka darajatan).
3. AJI WIWAHA. (sangkan diri ka martabatan).

Tilu pang Aji di luhur, 
mangrupa dadasar elmu 
keur nyifatan laku ning lampah 
sangkan jadi 
“Diri nu ngagema ka-sinaran ku panceran asal, sangkan wawuh kanu “TILU DAWUH”, 
nu nyangking nyinaran Galuh 
(tempat cahaya suci (pura hyang). 
Sajero ning ati nu bakal nebaran sinar ules watek nyaeta Dawuh:
1. Nga- Sanghyang 
    (diri mi-jati ka-tuhu-an), 
    keur pangaji elmu suci 
    anu wawuh kanu kagungan wasa.
2. Nga-Rahyang.
    (diri mirasa kamanusaan). 
    Keur pangaji elmu suci anu wawuh ka kujur 
    apal ka diri anu di kawasa.
3. Nga-Dahyang. 
    (diri miraga ka Nusa an), 
    keur pangaji elmu suci geusan apal kana hak 
    jeung pancen mahluk salaku di gelar 
    bangsa nusa (ka-Nusa-an) 
    anu campur dina nagara ragana manusa 
    campur sampurna.Cahaya nu jadi ules watek 
    tilu Dawuh anu nyinaran Galuh tadi 
    tangtu teu leupas tina diri, 
    yen diri teh kawandaan sifat:
1. Ka-Wisnu-an. 
    ( kawasana-an), 
    jiwa mampu ngadalikeun rasa kawasa’Na.
2. Ka-Shiwa-an 
    (ka sa hawa an). 
    Hirup mampu ngadalikeun hirup 
    jeung sasama na.
3. Ka-Brahma-an 
    (ka barah manaha-an/ ka Warah manah-an), 
    hirup mampu ngadalikeun laku ucap jeung 
    tekadna (warah manah/ pamatri ati

Tidak ada komentar:

Posting Komentar