Selasa, 02 Maret 2021

REBO, 3 MARET 2021

     Saat ayeuna,danget ayeuna pisan rasa nu ngancik dina pikiran pribadi kalintang beurat tur teu bisa di caritakeun ka nu lian.
      Coretan iyeu nu jadi sasaran diri dina nampa beubeurat rasa tina pikiran.
      Taneuh nu ku kuring di cicingan sa estuna milik nu jadi indung kuring pusaka ti rama na aki kuring.
      Ku sabab kuring ngalaman loba hutang ku lantaran kredit ka bank mangsa keur dagang batu jeung pasir, nya kuring ka paksa ngajual nu lega na 300 meter persegi ka urang Jambi.
      Eta ge ngajual sa lega 300 m2 ge bari kapaksa teh nyulayaan kana acara asal.
      Da hirup kumbuh teh kudu dahar nginum,mana kuring teu acan bisa maju usaha kos batur,ari anak geus nincak kudu rumah  tangga.
      Nu mimiti rek rumah tangga teh anak nu bungsu nu awewe, nya kuring ka paksa kudu ngajual deui taneh sesa milik indung kuring nu keur di cicingan ku kuring.
      Nya gening aya babaturan dalit nu daek nulungan,atuh 100 m2 deui ku kuring di jual,bari pikiran teh keun we da ka sobat,natangga ge asa moal kukumaha iyeuh.
      Hirup terus di pawayangan kuring masih angger can bisa maju usaha,anak lalaki kuring  ge tos arek rumah tangga, nya kuring menta nambah ngajual deui 50 m2,kagok seep cek nafsu kuring,ngan babayaran na teu anggeus nu ayeuna mah kabayar sa paro na da batur kuring ge mulai bangkrut usaha na.
       Tah ku sabab hal iyeu kuring jadi beurat pikir nyeri rasa, hayang mulangkeun eta taneuh pilang bara utuh kabeh , atuh anu ka batur  kuring heula bisa ka beli deui.....
      Ngan ti mana nyiar duit na?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar