Dina mangsa ngahareupan Pilpres Indonesia 2019 , geus jadi kanyataan misahna pikiran dina beda pilihan geusan piliheun diantara papada.
Bisa jadi salaki jeung pamajikanna pasalian pilihan,bisa oge anak jeung kolot beda pilihan.
Komo deui papada urang nu teu aya hubungan kakaluargaan,dina beda pikiran iyeu ngabalukarkeun pajauh jauh huma,nu teu kaciri na mah ngabalukarkeun beungeut nyanghareup hate mungkir.
Ngan aya deui nu leuwih alahbatan beungeut nyanghareup hate mungkir,nyaeta satujuan dina pamilih ieu namung ngarasa aing pang bisana,pang nyahona geusan ngameunangkeun pilihan na teh nepi ka nuduh atawa nganggap batur mah euweuh kanyaho ngan aing pang sagalana.
Padahal tujuan na kuduna mah sauyunan dan manehna teh sabeungkeutan geusan ngameunangkeun pilihan na.
Tapi nu jadi sabab na mah sanajan sabengkeutan dina tujuan na ge,nu saurang ngadukungna teh kudu di buruhan atawa kudu make biaya atawa di bere ku anu di dukungna,nu saurang deui ngarasa ngadukung teh teu kudu sagala di aku tur kudu di biaya an atawa di buruhan,cukup samampu na bari teu kudu nyaho anu di dukungna yen dirina satekah polah ngarojong supaya unjul.
Memang yeuh zaman teh geus nyata yen duit eta ngaganti posisi kawasa na gusti.
Nauzubillahi munzalik.
Rabu, 21 November 2018
NARIMA TUR RUMASA
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar