Rabu, 06 April 2022

Neuleuman kasajatian:

[18/12/2021 20:06] Aing: 

Neuleuman kasajatian:

1.Nafsu,
nyaéta cahaya beureum tangtungan seuneu kasajatian juhud, 
nu hirup rumingkang 
di sakur alam 
nu jadi tangtungan jati diri sareng wangunan 
kasajatian adam (akma–sukma). 
Jadi amparan lampah, ngumpama nu 
ngabuahkeun tanaga ngalahirkeun kakuatan, numutkeun adab lampah kasajatian dina kajuhudan.

2.Akal,
nyaéta cahaya bodas tangtungan cai kasajatian tuhu, 
nu hirup rumingkang 
di sakur alam 
nu jadi tangtungan jati diri sareng wangunan 
kasajatian adam 
(akma, sukma). 
Jadi amparan lampah, ngumpama nu 
ngabuahkeun kabersihan, ngalahirkeun kasucian numutkeun adab lampah kasajatian dina katuhuan.

3.Waruga,
nyaéta cahaya hideung tangtungan bumi 
kasajatian rusiah. 
nu hirup rumingkang 
dina jati diri sareng wangunan kasajatian adam (salaku manusa/jalma), 
jadi tutunggangan lampah, ngumpama nu 
ngabuahkeun darma ibadah ngalahirkeun amalan lampah karusiahan.

4.Kinasihan,
nyaéta cahaya kalangkang hérang tangtungan wening kasajatian Alloh, 
nu hirup rumingkang 
dina jatidiri sareng wangunan kasajatian diri adam ( kalbu). Jadi amparan lampah, ngumpama nu 
ngabuahkeun kadeuheusan ngalahirkeun kacintaan, 
numut adab lampah nyawa dina kasanggupan 
élmu sajatina.

5.Karahayuan,
nyaéta cahaya ngeplak tangtungan bodas 
kasajatian Rosul, 
nu hirup rumingkang dina jatidiri sareng wangunan kasajatian diri adam ( kalbu). Jadi amparan lampah, ngupama nu ngabuahkeun darma agung 
ngalahirkeun asah, asih-asuh simbul wawangi sajati 
basta silih wangian, numutkeun adab lampah mimpin (ngakhalifah). 
dina kasanggupan 
élmu kasajatianana.
[18/12/2021 20:12] Aing: 6.Khalifah,
nyaéta enggon gumilang, tangtungan nabi 
kasajatian mimpin, 
lampah tapané 
sajatining hurip, 
Jadi amparan lampah ngupama nu ngabuah lampah ngangon diri ngawuluku sakur kasajatian, 
Jadi amparan lampah ngangon diri nu ngabuah laku ngatik ngadidik, 
ngasuh ngabimbing, 
ngabina. 
Jadi amparan laku ngawuluku kasajatian diri, ngabuah lampah ngaji diri neuleuman kasajatian 
ngolah diri 
ngalampahkeun kasajatian.

7.Ibadah,
Nyaéta darma nu hirup rumingkang dina hirup sareng kahirupan adam (salaku manusa/jalma), 
jadi dandanan kasa-jati-an khalifah 
nu ngabuahkeun darma ngalahirkeun amalan, numutkeun adab lampah kasanggupan dina ngawurkeun wawangi sajatina.

Kautamaan adam 
salaku khalifah bumi :
Lain sawates 
kajuhudan kasajatian nafsu tangtungan iblis, 
lain saukur 
katuhuan kasajatian akal tangtungan malaikat, 
tapi aya dina 
kasanggupan mimpin, kasingeran ngangon sakur kasajatian nu aya dina diri (bumi) sareng 
kasurtian, 
katalitian sareng 
ngarti kana wawangi sajati dina wujud adab–adaban sareng panarat 
nu jadi tatali paranti kasajatian Gusti Mahasajati, para sajati, 
diri sajati jeung 
makhluk sajati.

Kautamaan manusa 
dina lampah ibadah ka Gusti :
Lain dina 
kajuhudan kasajatian nafsu tangtungan iblis, 
lain dina katuhuan kasajatian akal tangtungan malaikat, tapi aya dina 
kaweningan-
kasajatian élmu sajati. 
Nu ngalahirkeun kadeuheusan ka Gustina (manunggal 
sajatining abdi kaula Gusti) sareng kacintaan 
ka makhluk-Na. 
(manunggal sa jati ning abdi kaula makhluk), 
Nu ngabuah laku lampah cageur, 
bageur, 
bener, 
pinter sareng 
singer. 
jembar manah - 
asak hampura, 
handap haté/asor - 
syukur nikmat, 
pasrah sumerah - 
luhur tarékah

Kasampurnaan darma adam salaku khalifah bumi sareng adam salaku manusa 
ibadah ka Gusti
[18/12/2021 20:17] Aing: Nyaéta :

Di jero 
Maha sajatina(Alloh) ,
di tengah kasajatiana-Na (Muhammad), 
di luar makhluk.

Di jero 
Kitab Suci Maha sajati, 
di tengah 
Kitab Diri Maha sajati, 
di luar Kitab diri sajati.

Di jero nitis ngama’rifat, 
di tengah nyukma ngahakékat, 
di luar ngusumah nyaré’at.

Di jero ruh/nyawa, 
di tengah akma sareng sukma, 
di luar jiwa sareng raraga.

Di jero 
kalbu - akal - nafsu, 
di tengah hate-pikir, 
di luar indra - pangawakan.

Di jero 
élmu sajati, 
di tengah élmu kasajatian, 
di luar pangarti sajati.

Di tukang kalbu, 
di tengah akal, 
di hareup haté.

Di tukang akal, 
di tengah pikir, 
di hareup darma.

Di jero haté, 
di tengah pikir, 
di luar pangawakan - indra.

Di jero ngaji diri, 
di tengah ngagali diri, 
di luar guyang diri.

Di jero ngadorong, 
di tengah nyampur, 
di luar ngaluluguan.

Di jero dzikir, 
di tengah mikir, 
di luar singkil.

Di jero asah, 
di tengah asih, 
di luar asuh.

Di jero kajuhudan, 
di tengah katuhuan, 
di luar kacintaan.

Kajuhudan 
ka-sa-jati-NA, 

katu-HU-an 
kana ka-sa-jati-an-NA, 

kacintaan ka makhluk ciptaan-NA. 

Manunggal sajatining 
abdi kaula, 
sampurnaning adam numutkeun adab kasajatian salaku manusa

amalan malem jum'at

[18/12/2021 19:43] Aing: 
Amalan malam jumat
[18/12/2021 19:53] Aing: 


bissmillahir rohmaanirrohiim 
allohumma anntal awwalu 
falaisa qoblaka syaiun, 
wa antal akhiru 
falaisa ba’da syaiun 
wa antal a’liim. 
Wa antal qodiru innaka a’la kullisyaiin qodiir.
Allohumma robbana 
anjil a’laina maaidatam minassamaai
takuunu lana ‘idal liawwalana waahiriina wa ayatan minka warjuqnaa wa annta khoirurrojiqiin 

"1.Hadiah fatihah kepada 
    N Muhammad, 
    Nabi khidir, 
    N Ilyas, 
    N Sulaiman.

Membaca do’a 103x
 


Puasa kiparat
 
1.puasa pada hari 
   selasa, rabu dan kamis.              
   Pada malam jum’at 
   tidak tidur dari matahari.       
   terbenam sampai terbit.    
   fajar(sholat Subuh) 
   di lakukan selama 7 pekan.

   Pada malam jum’at.    
   membaca do’a berikut 
   sebanyak 129x :

Allohu lathiifun bi i’badhi 
yar juqu mayasyaa wahual qowiyyul aziz
 (As-syuro 19)

Puasa 13 hari dan 
melek 36 jam 
tidak boleh menyender
Melek sehari 
tidur hanya 2 jam

Tidak tidur malam jum’at ( untuk salat dan dzikir )
 

JAYA SAMPURNA

1.Dasar : Sama seperti melek
2.malam jum’at Doa
   ya subbuhun 21x 
   dengan menahan nafas,    
   arahkan pada posisi diatas.    
   susu sebelah kiri
3.Doa
   ya quddusun 21x 
  dengan menahan nafas,   
   arahkan pada posisi susu 
   sebelah kanan3.
   Ya robbi aksyif li hadzal 
   qolbi 21x 
   dengann menahan nafas
4.Ya a’limal ghoibi 
   wasy syahadah 21x 
   dengan menahan nafas.     
   arahkan pada posisi 
   tengah dada
5.Illallooh 21x 
   arahkan pada posisi 
   dibawah susu kiri
6.Alam taro ilaa robbika 
   kaifa maddzad dhilli 21x 
   dengan menahan nafas

sampurna ning sampurna

[18/12/2021 18:56] Aing: ( nu Maha Tunggal 
Tunggal sarasa , 
tunggal sa-pangawasa, Ngancik’na raga salira. 
Dina batin anu sidik, 
anu tara daek nga-bohong, jeung di bohongan. 
Nu hurung dina jajantung. 
Nu herangna, di kalilipa Hurung tanding 
dammar hurung.
Siang tanding 
dammar herang.
Anu hurungna, 
kurungan anu herang, 
eusi rasa kadi bulan, 
kadi sarangéngé 
ngahing medal. 
Remet menteng dina angen. Anu ngilo dina tikoro. 
Nu ngintip dina lalangit
Buka ini 
buka rohani 
Buka sintung, 
bukakeun gedongan ati.
Pang mukakeun cahaya 
ti anu maha kawasa. 
Supaya kapanggih bukti. 
Nu puguh diri sajati. 
Kudu nyata ceuk tuduhna...)
[18/12/2021 19:08] Aing: Saha anu apal nu linggih lungguh lénggah dina diri, tinangtu apal kana sajatina diri


Tahukan apa itu diri ?
Diri bukan tubuh, nama , identitas , bentuk , pikiran , akal budi /intelek atau spiritual anda

Diri adalah kesadaran murni atas penggunaan seluruh instrumen diri , 
Diri sejati Anda adalah kesadaran yang paling murni dan menjadi saksi 
atas diri anda 
yang Maha tunggal.

( nu Maha Tunggal 
Tunggal sarasa , 
tunggal sa-pangawasa, Ngancik’na raga salira. 
Dina batin anu sidik, 
anu tara daek nga-bohong, jeung di bohongan. 
Nu hurung dina jajantung. 
Nu herangna, di kalilipa Hurung tanding 
dammar hurung.
Siang tanding 
dammar herang.
Anu hurungna, 
kurungan anu herang, 
eusi rasa kadi bulan, 
kadi sarangéngé 
ngahing medal. 
Remet menteng dina angen. Anu ngilo dina tikoro. 
Nu ngintip dina lalangit
Buka ini 
buka rohani 
Buka sintung, 
bukakeun gedongan ati.
Pang mukakeun cahaya 
ti anu maha kawasa. 
Supaya kapanggih bukti. 
Nu puguh diri sajati. 
Kudu nyata ceuk tuduhna...)

Dalam keadaan sadar 
atau tidak sadar akan 
Jati Diri anda, 
Jati Diri anda tidak akan kehilangan identitasnya dan juga integritasnya .. 
jika anda mengidentifikasi Diri dengan tubuh dan pikiran anda 
maka Diri berada dalam keadaan khayalan, dan proses identifikasi anda berada pada delusi dan palsu dan ini membuat Anda menderita.

Diri adalah saksi murni. Namun, Anda perlu menyadari hal ini. 
Agar benar-benar bahagia, Anda perlu mengalami makom Diri ( melepas makom kemelekatan).

Kemudian mengerti dan menyadari bahwa diri adalah kesadaran murni, 
saksi hanya melalui pengetahuan murni yang Anda ketahui tentang 
Jati Diri Anda sendiri.

(Mustikana ngancik 
jadi pamatri, 
dina galih anu wening, 
ati anu suci jembah manah dina rasa nu rumasa, 
jiwa nu wiwaha, 
kalawan pikir anu ngarti. Teges cirina sipat 
anu ngaJati diri. 
Kajembaran rasa 
tara kapolés ku rasa hayang témbong diri, 
lain ucap anu gelar, 
lain lisan anu nyora 
tapi témbongna jadi rasa, 
anu bisa dirasakeun 
ku rasa-rasa anu sarasa. 

KaHadéan anu gelar 
ngan ukur lilisanan, 
kahadé ngan ukur popolésan (basa – basi). 

Tapi kahadéan anu gelar 
ku laku jeung lampahna , Nyata teges 
Sarining kajembaran diri 
anu ngajati.

Ka jembaran Rasa, 
ti nangtu, bakal teges buktina, nyata aya salaku anu 
jadi cirina, 
ku kapribadianana, 
nyata mancerkeun cahaya budi jeung basana 
anu katata. 
Kajembaran rasa, 
usik sajero ning cicing, 
obah sajeroning dada, usikna , maranti diri, 
obah na maranti rasa. 
Nu nganteur ka lemah sungka nyangkaruk 
geusan kapuluk. 
Pasir liuh peupeuntasan. Ajrih ning rasa panggalih. Milih rabi minda rasa 
Rabi na ka sang gumati. 
Rasa na sang guruh minda guru na weruh pituduh.
[18/12/2021 19:10] Aing: Japa na Aji ning diri 
geusan midiri!
Japa na Aji ning rasa 
geusan mirasa!
Japa na Aji ning harti 
geusan ngarti !
Japa na Aji ning kersa geusan ngersa !

Nyumput buni 
nembrak caang. 
Buni sotéh niat ati anu suci, Nembrak caang ku laku lampah nu nyata. 
Nu di teundeun 
di handeuleumkeun, 
geusan paneuleuman nana. Nu di tunda dina hanjuang. Geusan diri ngadaya juang. Nya hamo luntur ku waktu. Kapan tapak dina tindak, kapan galur dina catur, 
mun di téang tangtu panggih mun dipénta tangtu mikeun. Nya hamo laas ku jaman)
[18/12/2021 19:11] Aing: Leuwina pangasalan diri. Tapa di sagara rasa. 
Geusan nga balungbung timu. 
Jalan gedé sasapuan. 
Tapak geusan pangeunteungan. 
Ku semu, jembarna rasa. Galeuh bitung haté kangkung. Hurung nangtung 
siang leumpang. Pangjugjugan, alam caang poé panjang. 
Nagara tunjung Sampurna.
[18/12/2021 19:33] Aing: Ngirim rasa 
kanu kawasa
Ka Allah ta’alla 
ka Pangeran
 
Pun sampun tabe paralun, 
ka Gusti nu ngawidi, 
ka Pangeran nu ngawasa, anu ngawiati 
tungkebing langit,
anu ngaraksa 
tangkaring jagat, 
kula seuweu siwi Pajajaran,
seuja mukakeun turub cupu nu karuhun”
 
Sanduk sanduk ka 
para Rosul, 
para Nabi, 
para Wali, 
para Karuhun sadaya, 
Neda widi ka Gusti
Seja nyukcruk galur kapungkur
Mapay laratan baheula 
Nu natrat dina tutulisan 
Nu ka campa ku rasa 
Nu ka toel ku hate
Katepi ku pikir
Kajeueung ku panempo
Pang wuwuh na basa lisan Nu tumuwuh turun temurun
Teu ju’uh ku ci ibun
Teu luntur ku waktu
Teu laas ku jaman
Dina jiwa manusa Sunda
Pang tepungkeun 
jeung para lelembutan, 
wireh kuring kawakilan ku ...

Atuh deuiSeja amitan 
ka para lelembutan
[18/12/2021 19:40] Aing: Nu ka kurung 
ku wawangunan
Bisi ka geuleuh, 
ka keumeuhan, 
ka tajong, 
ka koer, 
kagandengan, 
ku prilaku manusa
Kaula rek nyandak warisan manusa
Kudu runtut, paut, anut, patut ka manusa 
Ulah hiri, ulah dengki, jail, kaniaya ka manusa
MULIH KA JATI 
MULANG KA ASAL
Niti wanci nu mustari... nincak dina waktu 
anu munggaran... 
sakabeh kudu ampih 
kana kandangna...
embe ampih 
kana
kuwungna... 
anjing eureun ngabaung... jangkrik peugat sorana... gaang pareum katincak... sakabeh hayam jago 
eureun kongkorongok... 
kyai bungkem sarebu basa... akal beak kahayangna... damar beak caangna... 
lauk eureun ngojayna... sawang balik 
kana suwungna... 
pasrah teu aya deui 
nu diharep... 
asal teu nyaho naon naon... balik ka euweuh naon naon... teu ngaboga boga... 
teungaku ngaku... 
lain kaditu lain kadieu... 
teu aya daya teu aya upaya... teu bisa itu jeung ieu... 
mugi jeuler teu kasaatan... mun bagong bakal sesegrok. mun anjing bakal ngaguik... mugi ulah siga kitu kieu... da asalna ge teu kieu teu kitu... gubragna urusan Gusti... balikna ge masrahkeun 
ka Gusti... 
pasrah sapasrah-pasrahna. mugi ulah kacolongan... kagoda ku betahna hirup didunya... 
ku loba baranghakan
pikeun nunda umur 
nunda paeh... 
manjangkeun hirup 
jeung lalakon di gelar 
jeung ngumbara di alam
dunya... 
mugi moal pahili... 
meuntas jalan nu pamali... 
da geus di cicil ti kamari... nyorangan paeh 
samemeh paeh... 
nyaho balik samemeh balik... ya Robbi... 
ingsun ngawiyatkeun diri... mugi sampurna dunya... sampurna akherat.... 
da tos dicumponan 
ku elmu kasampurnaan... sampurna ning sampurna..
[18/12/2021 19:41] Aing: sampurna ning sampurna
[18/12/2021 19:42] Aing: kamal mukamil... 
Mulih Ka Jati 
Mulang Ka Asal...

KAJADIAN MANUSA

[16/12/2021 21:04] Aing: KAJADIAN MANUSA
Sabagéan élmu anu ngajugjug kana ka-Pangéranan nyaéta bab Kajadian Manusa anu mimitana ngawujudkeun
bibit. Bibit ieu bakal dijadikeun manusa nyaéta Roh-na. Roh ieu dicampur jeung roh jasmani kawuwuh Kudratna
Gusti Allah swt. Tuluy nétés kana ‘bumi suci’.
Nyatana nganjrek dina rahim indung salila salapan bulan kalayan runtuyan kieu:
Bulan kahiji: kakara ngagepéng.
Bulan kadua: disebutna MOJUD
Bulan katilu: aya RUPA – di dieu mimiti diterapkeun KULIT.
Bulan kaopat: WUJUD, di dieu mimiti diterapkeunana UTEUK, nu matak sok mimiti kekerejetan.
Bulan kalima: NGADEG, diterapkeunana URAT, numatak sok bisa cicing anteng.
Bulan kagenep: Jadi tulang, numatak di jero beuteung bisa naék.
Bulan katujuh: jadina RUPA, RAMBUT, GETIH, DAGING.
Bulan kadalapan: Kajadianana “dulur anu opat, kalima Pancer,”
Bulan kasalapan: kajadian Jabang Bayi sagemblengna.
Ari nu disebut “dulur opat kalima pancer” diwangun ku:
1. Bali; nu jadi poko kacangcayaan tur karunyaan ka sasama mahluk.
2. Pamungkus; nu jadi poko tanaga atawa kakuatan.
3. ARI-ARI; Nu jadi poko kana jalan kahadéan.
4. GETIH. Alamat sambung-rasa ka malaikat Ijroil.
[16/12/2021 21:05] Aing: Jasmani ieu diriksa ku opat malaikat, dawuhan Allah:
Keur satiap manusa aya (malaikat) anu ngajagana kalayan parentah ti Allah swt. (Q.S. ArRad: 11)
1. Malaikat Jibrill ngariksa KULIT;
2. Malaikat Minkail ngariksa TULANG;
3. Malaikat Isropil ngariksa URAT;
4. Malaikat IJROIL ngariksa DAGING.
Akhirna sabada gembleng jadi teguh sarta kuat tina Kudratna Allah swt, sanggeus salapan bulan, wujud jadi
Bayi. Di dieu jabang bayi geus dibéré BUDI, AKAL, RASA, jeung HIRUP.
Ari nu aya di jero dada manusa nyaéta ATI. Di jero ATI ya Budi, di jero Budi aya ANGEN-ANGEN, di jero
ANGEN-ANGEN aya SUKMA, di jero Sukma aya RASA, di jero rasa aya DZAT.
Sanggeus kitu kabuka Kudratna Pangéran; terus gelar tina jero beuteung indung: bray caang, gero ceurik! Éta
geus beunang disebut: HIRUP DINA JAMAN UJIAN.
KASAMPURNAAN PARIPOLAH MANUSA.
Kasampurnaan paripolah manusa aya lima perkara:
1. Sampurna NIAT;
Henteu rumasa atawa umaku ngabogaan kahayang. Cita-citana ngan pasrah kana kersaNa ka NU
NGAYAKEUN. Tapi kudu jeung pangaturan anu jéntré;
2. Sampurna TAKBIR;
Hartina henteu ngabogaan kanyaho atawa paninggal, kajaba ti paninggalna Alllah swt. Tur anu ninggal ka mahluk
téh rasana mah tetep paninggal ka NU NGAGELARKEUN.
3. Sampurna SYAHADAT;
Hartina rumasa henteu ngabogaan puji atawa kadaék. Tujuanana mungguh sakabéh mahluk ngan ku sih pitilungna
Allah swt.
4. Sampurna SAKARAT/MAOT;
Hartina henteu aya patina; terus salamet tina sajatining hirup.
5. Sampurna HIRUP.
[16/12/2021 21:05] Aing: Tegesna teu aya; hirupna ngan Dzatna Allah swt. Nu matak kaayaan manusa nganyahokeun kana kaayaan nu
sampurna, supaya mahluk balik deui ka alam séwang-séwangan.
Upama geus bisa hanjat kana alamna séwang-séwangan, nyaéta geus jadi hiji wujud, tuluy nyawa téh balik ka
jero “tawajul Tarki”, sakumaha anu kasebut di handap ieu:
CAHAYA balik deui ka Alam Insan Kamil: nyaéta alam nalika Allah swt ngajadikeun Nabi Adam.
BUDI balik deui ka alam Ajsam: nyaéta ngahijina JOHAR jeung JISIM.
RASA balik deui ka Alam Misyal.
PANGUCAP balik deui ka Alam Arwah.
WARNA balik deui ka Alam Wahidiyah.
PANGANGSEU balik deui ka Alam Wahdah.
ANGEN-ANGEN balik deui ka Alam Ahadiyah.
HIRUP balik deui ka Alam Insan Kamil.
Ahirna kabéh baralik deui kana Kudratna Allah swt, inna lillahi wa ina ilaihi roji’uun!
KASAMPURNAAN NALIKA DI JERO RAHIM
[16/12/2021 21:06] Aing: Kasampurnaan nalika di jero beteung indung (rahim, nyaéta sampurnana: Kulit, Uteuk, Urat, Tulang,
Rambut, Daging, Getih jeung sungsum). Ari nu balik deui kana Kudrat Kapangéranan Nu Maha Suci jeung
henteu kacaritakeun watesna nyaéta: CAHAYA.
Cahaya Hideung nyurup kana Beureum;
Cahaya Beureum nyurup kana konéng;
Cahaya konéng nyurup kana bodas;
Cahaya bodas nyurup kana Cahaya NUR, Nur nu jadi TUNGGAL – hartina:
Kulit nyurup kana daging;
Daging nyurup kana Getih;
Getih nyurup kana tulang; Tulang ancur jadi deui CAHAYA, jeung sakumna bangsa Suci nyurup kana
Ma’ripat. Tegesna geus ninggalkeun wiuud KAULA. Ngarana wujud Kaula, nyatana ADAM. Jeung ayana
Kaula ku Kersana Asihing Gusti Nu Maha Suci.
Ayana nu kasebut tadi sampurnana tina Kudrat Anu Maha Suci. Geus teu rasa-rumasa, tetep tinggal
Asmana Allah Nu Maha Mulya, anu patali atawa katambah ku Dawuhan (Firman) Allah. Nyaéta kana anu
Kudratna Nu Maha Agung.
Ari anu turun ka jero “Karaton Agung”, nyaéta HAJRUL HAYAT:
1) Haréwosna kaayaan Dzat;
2) Panceran kaayaan Dzat;
3) Gelaran kaayaan Dzat;
4) Panceranana kaayaan Dzat;
5) Panceran élmu Santosaning Iman, nyaéta anu nerangkeun SAJATINING SYAHADAT.
[16/12/2021 21:06] Aing: Ieu sagemblengna turun ka jero Karaton Agung; nyaéta kana Kudratna Anu Maha Suci. Dasar anu
sabener-benerna nyaéta: NAPAS; TANAPAS; ANPAS; NUPUS; Campuran HIJARATUL HAYAT;
ROH JASMANI; ROH ROHANI; SYAREAT; TAREKAT; HAKEKAT jeung MA’RIPAT.
ÉTA kabéh balik kana NUKHAT GAIB; kakara sampurna, caang di jero pangartina, henteu kasamaran
kana sahiji-sahiji.
Sok aya sawatara mahluk nu ngalaman “jawaliyah”, nyaéta aya hahalang atawa lalangsé manusa anu
disababkeun ku robahna ciptaan haté. Nu matak di Kaula sok aya ‘apes’. Sabab Jawaliyah jadi alamat
kaapesanana kaula anu aya di jero hukum Nabi Adam. Jeung rarasaan anu kasebut di handap ieu:
1. Mimiti nu katémbong nyaéta ALAM ROH. Alam sagala nyawa. CAANG tapi lain beurang, Teu aya
kiblat, kulon, kalér, wétan, kidul, luhur, handap atawa tengah-tengah. Di dieu ninggal ‘samudera” anu
teu aya watesna; nyaéta téh nu jadi pokona hate nu ditambahan ku cahaya uteuk. Di tengan-tengah
ieu samudera aya DURIAT, nyaéta kacintaan anu teu aya pegatna; rupana siga KUWUNG-KUWUNG; cahayana gilang-gumilang. Nyaéta kanyataanana nu jadi pokona JAJANTUNG,
katambihan cahaya JOHAR AWAL, anu ngawengku jajatining ATI. Jadi kahayangna Kaula ngadeg
dina jero Angen-angen atawa Ciptaan. Ari jalan kaluar-asupna, aya dina PANON, CEULI,
IRUNG, BAHAM. Nya dingaranan MUKASIPAT. Ari kakawasaanana nungtun kana sakabéh
sipat. Waktu éta ulah nepi ka kapincut kana alamatna rupa-rupa nu aralus, tur nu matak narik kana
Rasa.
[16/12/2021 21:07] Aing: 2. Saeuweuhna Alam Roh, nya mendak ALAM SIR. Di dinya papanggih jeung cahaya opat rupa:
Hideung – beureum – konéng – bodas. Nyaéta anu jadi pokona BUDI. Nya ngaluarkeun dasar
NAPSU ANU OPAT perkara, nu jadi pakéan atawa hiasan di jero haté. Ari katinggalna nungturun
hiji-hiji. Nu mimiti katinggal cahaya hideung, nyaéta nu jadi alamatna napsu LOWAMAH. Ari
watekna jeung hawana dina waktu keur aya di jero hirup sok ngadatangkeun pules atawa tunduh.
Dukumna di jero peujit jeung kadut. Jalan kaluar-saupna kana baham. Ari kajadianana nu aya dina
cahaya hideung, katinggal rupi-rupi sasatoan sarta pada nyalampeurkeun, bari umaku Pangéran. Ari
perbawana dina waktu harita, bingbang, asa-asa, disebutna alamna Napsu kitu nyaéta Alam Nasut.
Hartina: Alam Limpeuran jeung Gugupan. Dina waktu harita, kadé masing inget sarta tekun, kuat,
ulah kagoda atawa kapincut ku cahaya hideung. Bisa jadi engké manéh nitis kana sato héwan anu
ayaya di dieu.
3. Sabada leungitna cahaya Hideung, ninggal Cahaya Beureum, nyaéta alamat napsu AMARAH. Ari
hawana keur waktu aya di jero Hirup ngadatangkeun MURKA, bengis, Panasbaran, Dengki, Korét,
Hawek, Teu Payaan jeung sabangsana. Ari pokona aya dina BAYAH, jalan kaluar-asupna kana
CEULI. Ari nu araya di dieu katinggalina bangsa MARAKAYANGAN atawa SILUMAN. Tuluy
pada ngaraku Pangéran. Perbawana dina waktu éta: haseup mubal-mubal. Alamna napsu Amarah
disebut ALAM JABARUT, hartina Alam Sulit atawa Susah. Kadé sing sabar sarta pasrah supaya
uah kaliru cicing dina golongan siluman.
[16/12/2021 21:07] Aing: 4. Sanggeus euweuh cahaya Beureum, ninggal cahaja Konéng nyaéta alamatna Napsu Sawiyah. Ari
watekna dina waktu keur hirup ANGIN NGAGELEBUG, alamna disebut ALAM LAHUT hartina
ROBAH atawa GERAK. Waktu keur aya di jero hirup eta napsu kaayaanana “nyaracal di sakujur
awak kaeusian”. Kadé sing inget sarta tetep tigin, ulah kagoda ku anu araya di alam Cahaya Konéng,
sabab tangtu nitis kana bangsa sarupaning bangsa manuk.
5. Euweuh cahaya Konéng, katinggal Cahaya Bodas, éta alamatna NAPSU MUTMAINAH, anu
watekna keur aya di jero hirup; Sarakah kana jalan Kahadéan, upamana: ibadah, amal jeung teu
weléh nyiar élmu. Ari jalan kaluar-asupna kana IRUNG; kajadianana nu aya dina Cahaya Bodas siga
aya LAUK LOH, nyaéta lauk anu bisa hirup dina cai Saliwaran atawa Samudera Rahmat. Éta ogé
lauk pada-pada umaku Pangéran. Ari kaayaan Cai Saliwaran: Hérang beresih teu aya hinggana jeung
teu terang ti mana asal-muasalna. Alam Napsu Mutmainah disebut ALAM MALAKUT. Tegesna
Pusat Kanyaho jeung Pangarti anu disumebarkeun ka sakuliah mahluk. Kadé masing inget, tetep
jeung tigin sarta tegug tur waspada, sabab éta téh lain tempat anu sajati anu dicawiskuen ku Anu
Maha Suci pikeun umat nu berbudi. Ulah nepi ka kaliru kana Cahaya Bodas, sabab engké bisa jadi
nitis kana lauk Loh, nu aya di éta samudra.
[16/12/2021 21:08] Aing: 6. Sabada euweuhna Alam Napsu Mutmainah, katinggali ALAM NUR, alam CAHAYA, alam anu caang
leuwih ti Alam Sir. Ti dinya datang cahaya rupa-rupa tadi téa: Hideung, Beureum, Konéng bodas,
jeung aya cahaya Héjo! Kabeh pada sumebar séwang-séwangan, jeung di jero hiji-hiji cahaya aya
KARATON, nyaéta anu jadi alamatna PANCADRIA (PANCA INDERA). Katambahan ku cahaya
anu YAKIN. Ari Alam Pancaindera disebutna ALAM HIDAYAT, tegesna pituduh nu nuduhkeun
waktu gelarna KARATON SAJATI. Tapi masih lain karaton anu disadiakeun ku Nu Maha Suci
pakeun jalma nu sampurna, saperti:
a. Karaton anu diwangun, diréka ku cahaya Hideung. Ieu Karatan Dzat Sasatoan;
b. Karaton nu diwangun ku cahaya Beureum ieu Karaton Dzat Siluman;
c. Karaton nu diwangun ku cahaya Konéng, ieu Karaton Dzat Bangsa Manuk;
d. Karaton nu diwangun ku cahaya Bodas, ieu Karaton Dzat Lauk Loh.
e. Karaton nu diwangun ku cahaya Nur wungkul, ieu Karaton Dzat Tutuwuhan.
Dina waktu éta ara sora anu kadéngé saolah-olah nuduhkeun Karaton Agung sarta muji. Omat
kudu diingetkeun jeung kasantosaan, ulah nepi ka nyipta-nyipta atawa milih kana salah sahiji
Karaton. Sabab tangtu asup kaba Karaton anu teu sampurna.
Satuluyna msih di ALAM NUR. , di dinya aya cahaya anu cékas . Di jero éta cahaya aya sarupa
barang anu hurung, wujudna siga lalaki nu keur nangtung, ngabogaan cahaya tujuh rupa.:
[16/12/2021 21:08] Aing: Hideung, Beureum, Konéng, Bodas, Héjo, Wungu, Belang. Di jero éta rupa-rupa cayaha
katinggalina siga kaéndahan sawarga. Kitu mungguh sawanganana, matak hélok tur kagét. Ieu téh
nyaéta nu jadi pokona BILANGAN, katambahan ku Sukma. Ari Alamna Bilangan disebut
ALAM ISHAT, tegesna: birahi, nyaéta Panganjrekan Rasa Cinta kana gumelarna Sawarga. Tapi
senyana lain Sawarga Suci, lain tempatna kani’matan atawa Rahmat. Éta téh tempat Kahyangan
para JIN atawa gudangna kaayaan wungkul saperti:
a. Katinggalna hiji pitempatan nu beunang mapaésan ku rupa-rupa rarangkén tina cahaya
Hideung. Éta nu jadi MUSTIKANA BUMI. Kanyataanana atawa kajadianana tina sagala
ciptaan jeung angen-angen anu hina. Lamun aya di dinya sarta betah, tangtu jadi Mandor
Rupa-rupa anu Hideung.
b. Anu katinggalna hiji patempatan anu dipapaésan ku rupa-rupa banda tina cahaya Beureum,
hurung siga cahaya seuneu. Éta téh kajadianana tina ciptaan anu sok ‘ngahinakeun kana
kaayaan papada kaula.’ Lamun baé betah di dinya, tangtu jadi Lulugu Jin Beureum.
c. Anu katinggalna hiji tempat anu beunang mapaésan ku rupa-rupa papaés tina cahaya Konéng.
Sinarna éta rupa-rupa papaés kacida matak waasna, siga cayaha kuwung-kuwung atawa
layung. Éta téh asal tina ciptaan anu sok ‘tara dicumponan atawa bohong’. Lamun betah di
dinya tantu jadi Lulugu Jin Konéng.
d. Anu katinggalna hiji patempatan anu dipapaésan ku rupa-rupa banda tina cahaya Bodas, siga
kilat gugurilapan. Éta téh anu asal tina ciptaan Satia-Tuhu-Lulus, tur cocog jeung nu di angen-anen. Lamun betah di dinya, tangtu nitis jadi sarupaning Jin Bodas.
[16/12/2021 21:09] Aing: e. Anu katinggalna hiji patempatan anu dipapaésan ku rupa-rupa banda tina cahaya Héjo nyaéta
kajadian tina ciptaan anu Santosa tur tetep. Lamun betah di dinya, tangtu nitis jadi Buta Héjo.
f. Anu katinggalna hiji patempatan anu dipapaésan ku rupa-rupa banda tina cahaya anu belang,
Éta kajadianana tina ciptaan Pamikir. Lamun betah di dinya bisa jadi nitis kana Jin Boréléng.
g. Anu katinggalna hiji patempatan anu dipapaésan ku rupa-rupa banda tina cahaya Wungu
(Bungur). Éta asal tina ciptaan wungkul, anu tara aya buktina. Lamun betah di dinya, bisa jadi
nitis kana Jin Wungu.
Sanggeus tutup nyorang rupa-rupa nu bieu geus diterangkeun di luhur, teu kungsi lila
ngambeu anu ‘seungit’. Nya éta tina sagala Kahyangan nu kacida arahéngna tur matak narik
kana sagala rarasaan. Di dinya ulah nepi ka ngarasa betah, lantaran ANGKER. Asup ka jero
Kahyangan anu henteu sampurna.
7. Saeuweuhna alan NUR, nyorang ALAM ULWI, ieu leuwih-leuwih ti Alam Nur. Di dinya katinggal aya
cahaya murub-mubyar gilang-gumilang, teu aya bangsana, éstu matak sérab, teu kiat teges ninggali.
Di jero éta cahaya aya anu mangrupa atawa siga NYIRUAN, ANU KEUR NYAYANG. Nyaéta
dina makam FANA, éta téh nu jadi warnana SUKMA, nu ngawuwuh kana sakabéh warna atawa
rupa; ngawengku di sakumna alam, ti nu leutik nepi ka nu badag, ti nu lemes nepi ka nu kasar. Anu
hirupna tina permanana atawa tina Kayakinan atawa Rasa. Waktu éta sumping Malaikat nu
ngarupakeun ‘bapa urang’, sarta “ngaku utusan Allah Nu Maha Suci”. Sanggemna dipiwarang ku
[16/12/2021 21:10] Aing: Pangéran Nu Agung, ngagiring manéh ka rahmatNa Gusti Allah swt. Mugia sing tetep tigin, teguh,
santosa iman, ulah nepi ka beunang kagoda, ngadéngé tur ngimankeun kana rupa-rupa caritaanana.
8. Masih aya di Alam Ulwi. Mingkin tambah caang sarta hébat ku sinar-sinar caangna tina cahaya tadi. Di
dinya katinggal aya Cahaya nu Moncorong tur sumorot. DI jero éta cahaya mimggal sarupaning
banda, sagéde wayang golék; kitu mungguh sawangan pikiran urang. Ari sipatna siga Mutiara
reujeung cahayana; Lain lalaki, lain awéwé, lain malawading, nyaéta nu jadi alamatna RASA, tapi
hirupna tina Dzatna ATMA. Waktu éta datang Widadari anu ngarupakeun ‘indung urang’. Sarta
ngaku jadi utusan Pangéran Nu Maha Suci, pikeun ngiringkeun ka rahmatNa Gusti Allah swt. Omat
ulah nurut kana éta caritaan.
9. Masih di Alam Ulwi, ngarasa caang nu lain-lain, ngaleuwihan ti sakumna sugri nu gelar, kulantaran
kacida ahéngna. Di dinya geus teu ninggal atawa teu témbong deui tina sagala sawangan. Sababna
ngan wungkul cahaya nu aya; nya geus ‘teu bisa deui nyaruakeun kana rupa-rupa jinis atawa sifat.
Éta téh Dzatna WAJIBUL WUJUD, teu di luhur, teu di handap; henteu nganjrek henteu dumuk, teu
mangrupa henteu aya warna. Sategesna AJAL ABADI, nu saenyana Murba Wisésa. Nu Kawasa;
Nu Maréntah kana sakabéh alam jeung eusina, anu ngawengku kana sakabéh gelar.
[16/12/2021 21:10] Aing: Dawuhan Sunan Kalijaga”
“Tah anak incu kami jeung ka para ihwan kami, para kaom Muslimin jeng Mu’minin, nu
sami-sami pada ngulik élmu Kapangéranan. Tah buktina saenya-enyana élmu Kama’ripatan
téh nyaéta ngawicik diri, nyasaak awak, panutuping kapanasaran hate, anu sok diparaké
angen-angen, nyaéta buktina tina sakumaha nu geus ditétélakeun, diterangkeun di luhur.
Ngan baé poma pisan jeung kumawani nukangkeun atawa cul teu ngalampahkeun kana
pagawéan anu geus diatur ku hukum Syara. Sababna moal bisa sampurna nyekelanana élmu
upama henteu meunang atikan syara. Sabab élmu Sayara téh nya éta anu ngandung
katartiban hiji-hiji tindakan jelema”

DALALAPAN CEKELAN HIRUP KI SUNDA

[16/12/2021 20:45] Aing: DALALAPAN CEKELAN HIRUP KI SUNDA



Sim kuring seja midangkeungkeun papatah para luluhur ki Sunda anu dianggo minangka rangkuman ti sagemblengna palasipah paripolah anu hadé.



Sim kuring masih émut yén pnaontah ti sepuh téh kieu unina:



“Mangkadé mun urang ngajalankeun hirup kumbuh kudu cageur, bageur, bener, pinter, singer,tata- titi, nastiti jeung surti”



Naséhat sepuh ieu kacida leresna janten salah sahiji cepengan hirup umumna urang Sunda. Kacida hadena lamun ka dalapann ageman hirup ieu, nya:

1)       Cageur

2)       Bageur

3)       Bener

4)       Pinter

5)       Singer

6)       Tata-Titi

7)       Nastiti, Jeung

8)       Surti



Ayeuna urang bandingkeun jeung naon anu didawuhkeuh ku Allah swt ngalangkungan ajaran Islam nu dipedar dina Al Qur’an.



CAGEUR

 Cageur nyaéta séhat. Tangtu dina ngajalankeun kahirupan,ibadah – saluyu jeung tujuan utama manusa diciptakeun ku Allah s.w.t. – nyaéta supaya ngajaga kaséhatan, boh lahir atawa batin. Urang moal  bisa ngajalankeun  pancén (ibadah) lamun henteu séhat. Kacindekanana manusa diwajibkeun “nganjaga diri” anu sahadé-hadéna.



Dawuhan Allah:



Jeung adegkeun shalat sarta bayar zakat. Jeung kahadéan naon baé anu anjeun usahakeun keur diri anjeun, tangtu anjeun bakal meunang pahalana di sagédéngeun Allah. (QS-Al Baqarah: 110)



Tengetan ayat=ayat ieu:  

  Jeung pulasara diri anjeun tina siksaan anu henteu khusus tumiba ka jalma-jalma anu zalim wungkul  di antara anjeun. (QS- Al Anfal: 25)



Hé jalma-jalma anu ariman, pulasara diri anjeun jeung kulawarga anjeung tina seuneu naraka….. (QS- At Tahrim: 6)



            Ngajaga kaséhatan ogé ngayahar kayaharan jeung inuman anu hadé (halal) jeung henteu kaleuleuwihi:



Dawuhan Allah: Jeung geura dalahar kadaharan anu halal tur hade tina naon anu ku Allah direzekian ka anjeun,...(QS- Al Maidah: 88)



 Dahar jeung nginum , Jeung ulah kaleuleuwihi.  Satemenna Allah henteu mikaresep ka jalma-jalma anu kaleuleuwihi. (QS- Al A’raaf: 31)



Kitu deui ngajaga diri jeung cukup reureuh, ngagunakan waktu ssaluyu jeung sunatullah, beurang keur usaha, peuting keur reureuh (saré).



Dawuhan Allah:Anjeunna anu ngadamel peuting keur anjeun (minangka) pakéan, jeung saré sangkan reureuh, Jeung Anjeunna ngadamel siang keur hudang usaha. (QS- Al Furqan: 47)
[16/12/2021 20:46] Aing: 2. BAGEUR.



Bageur, hartina jujur. Hiji jalma kudu miboga  sifat anu jujur sarta kahadéan ditanjeurkeun, paripolah anu  jujur téh kaasup nanjeurkeun kaadilan jeung bebeneran.



Dawuhan Allah:Hé jalma-jalma anu ariman, lamun anjeun mu`amalah henteu sacara langsung dina waktu anu ditangtukeun, supaya anjeun nyatet. Jeung hiji juru tulis di antara anjeun nuliskeunana kalawan bener….(QS-Al Baqarah: 282)



 Jeung lamun anjeun cangcaya bakal (kajadian) khianat ti hiji golongan, mangka serahkeun baé kasaluyuan éta ka maranéhanana kalawan jujur. (QS- Al Anfal: 58)



3. BENER.



Bener atawa balég, bebeneran nyaéta modal utama keur jadi manusa anu hadé. Lamun paripolah urang bener pasti hadéna, tapi maripolah kahadéan can tangtu benerna. Bebeneran ieu anu kudu ditanjeurkeun, bener, bebeneran (hak) ditekenkeun dina mangpuluh-puluh ayat dina Al Qur’an, malahan Al Qur’an téh sabenerma sumber bebeneran.

Dawuhan Allah:



Bebenran  téh nyaéta  ti Gusti anjeun,….  (QS-Al Baqarah: 147)



 Jeung Kami geus nurunkeun Al Qur'an ka anuen bari mawa bebeneran, menerkeun naon anu saméméhna , …….Jeung kadé anjeun ulah nurutkeun hawa nafsu maranéhanana anu ninggalkeun bebeneran anu geus tumiba ka anjeun…….. prak geura paheula-heula dina bebeneran (QS-Al Maidah: 48)
[16/12/2021 20:46] Aing: 4. PINTER.



Pinter, sabalikna tina bodo. Manusa dituntgut keur ninggalkan kabodoan, nungtut élmu jeung nyiar pangaweruh nu saloba-lobana. Al Qur’an kacida nganjurkeunana ka kaum Muslim keur nungtut élmu pangaweruh sarta ngagunakeun akalna. Kecap mikir jeung ngakal  kacida lobana ditejenkeun dina Aya-ayat Allah.  

Dawuhan Allah:



Satemenna dina midamel langit jeung bumi, jeung silih gunta-gantina peting jeung beurang aya cicirén keur jalma-jalma anu mikir ,(QS-Ali Imran: 190)



 pasti Allah bakal ngankat darajat jalma-jalma anu ariman di antara anjeun jeung jalma-jalma anu dibéré élmu pangaweruh sababaraha darjah . (QS-Al Mujadilah : 8)

  

            Sabenerna hiji kaliruan lamun aya kaum agamis anu ngéwa kana élmu pangaweruh. Lain ngan wungkul kangéwa éta sarua jeung nyegah manusa keur ngagunakeun akalna. Anu saterusna manéhnabakal leuwih atoh lamun anusa henteu syukuran kana kanikmatan anu dipaparinkeun ku  Allah s.w.t. anu geus ngaéedakan manusa leuwih mulya tibatan sato, tapi kangéwa éta jadi cicirén kumaha kaom agamis henteu syukuran kana hasil tina Élmu Pangaweruh. Élmu anu geus manggihan rupa-rupa pakakas modern tur canggih anu geus loba dipaké ku kaom agamis sorangan.

            Di sagigireun éta, jalma anu nolak kana nungtut élmu pangaweruh teu aya bédana jeung tukang hasut supaya manusa ulah  syukuran (bersyukur) ka Allah swt., sabab lamun manusa henteu nganggap kana paparinan Allah s.w.t. anu disenut akal anu kacida  “mahal” hargana, sarua baé jeung ngahina ka Allah s.w.t.

            Manusa teu kudu cangcaya yén Élmu Pangaweruh bakal ngurangan  ajén agama, malahan bisa ngaruksak. Masalah ieu geus katohyan dina guaran di hareup anu ngarupakeun hiji kamustahilan.  Sabenerna élmu pangawerh jeung kamajuan di bunya ieu lain jadi cirri yén manusa téh beuki ngarti, tapi beuki jéntré kabodoanana.

            Lamun para teknokrat-teknokrat kulon (Barat) mindeng nyiar pangawerhh ngeunaan élmu ghaib jeung dzat-dzat lemes ti bangsa India (Hindu), ému anu henteu gampang ditiru ku sing saha baé lamun tacan nalungtikna, ha lieu ngandung harti yén  manéhna henteu wani nnganggap énténg ka bangsa wétan (Timur).

            Kuurang wajib diaku yén bangsa urang geus katinggaleun jauh ku bangsa Barat dina hal teknologi, tapi ieu lain jadi bukti yén jalma Timur Kuna miboga élmu anu leueih handap ti kamajuan Barat jaman ayeuna.

            Kumaha baé ogé, henteu bisa dibantah yén bangsa Timur ngabogaan rarasaam jeung ajén anu urang sorangan henteu ngarti, nyaéta rarasaan henteu sugema lamun mopohokeun Dzat Anu Maha Kawasa nu teu dipikaharti ku urang.
[16/12/2021 20:47] Aing: 5. SINGER.



Singer, hartinya “terampil”, binangkit, produktif dina “berkarya”, loba kaahlian, dina prinsipna manusa Sunda ditungtut keur digawé. Dina basa Sunda aya istilah “rancagé”, hartina “terampil”. Dina hal ieu luluhur Sunda nganjurkeun supaya  Ki Sunda miboga kabinangkitan (skill) keur ngajalankeun hirupna anu pinuh ku tangtangan jeung tungtutan nu henteu babari. Kabinangkitan mémang salah sahiji jalan keur ikhtiar dina raraka ibadah ka Allah s.w.t. Saban jalma dianjurkeun keur usaha jemg digawé.



Dawuhan Allah:Keur kaunggulan anu sarupa kieu sakuduha usaha jalma-jalma anu digarawé.(Q.S. Ash Shafaat:61)



  Anjeuna anu midamel peuting keur anjeun (minangka papakéan, jeung sare sarta reureuh, Jeung Anjeuna  ngadamel siang keur hudang sarta usaha.(Q.S. Al Furqaan: 47)



             Jelas, ayat di luhur nganjurkeun ka urang kudu terus ihtiar sarta usaha,teu aya deui konci keunggulan téh nyaéta “singer” alias “terampil”.



 6. TATA-TITI.



Tata-titi, nyaeta tata-krama atawa sopan-santun, jalma anu séhat, jujur, bener, pinter jeung binangkit lamun seug poho kana sopan-santun (etika) antukna hirupna bakan teu dipikaresep ku batur. Palasipah ieu sagemblengna mah: TATA-TITI, DUDUGA PERYOGA, sagala paripolah ngagunakeun sopan-santun jeung etika anu bener.



Dawuhan Allah:



Jeung maripolah sopan téh leuwih hade keur maranéhna. (QS-An Nur: 60)



 Lapun anjeun dihormat ku hiji panghormatan, terus bales éta panghormatan ku anu leuwih alus, atawa bales (ku anu sarupa).(QS-Anisaa: 86)

  

Jeung nyieun kahadéan ka indung bapa, kaom kerabat, budak yatim, jeung jalma-jalma miskin, sarta  ucapkeun kekecapan  alus ka manusa,(Q.S. Al Baqarah: 63)



7. NASTITI.



Nastiti hartinya tartib. Tartib dina maripolah, tartib dina pagawéan jeung ngajaga katartiban téh salah sahiji modal utama keur ngahontal kaunggulan dina digawé. Migawé kalayan tartib hartina tumut kana aturan anu bener jeung henteu ngalanggarna.



Dawuhan Allah: 

Terus Kami ngajadikeun anjeun aya dna syaréat (aturan) tina urusan (agama) éta, mangkana sing tumut kana éta syaréat. (QS- Al Jaatsiyah: 18)



 Kami gwus nurunkeun Al Qur'an itu managka aturan (anu bener) (QS- Ar R’ad: 37)
[16/12/2021 20:47] Aing: 8. SURTI.



Surti hartina wijak, ngarti sarta gancang imeut kana maksud jalma, sanajan ngan ku isyarat wungkul, antukna manéhna bakal maripolah kalayan wijaksana jeung mampuh mutuskeun hiji hal kalawan bijaksana jeung adil.



Dawuhan Allah:Jeung (miwarang anjeun) lamun nagtukeun hukum di antara manusa supaya anjeun netepkeunana sacara adil. (QS- An Nisa: 58)



 Satemena Allah miwarang (anjeun)ngajalankeun kaadilan jeung maripolah kahadéan, méré ka kaom karabat, Jeung Allah melarang ti perbuatan keji, kemungkaran Jeung permusuhan. (QS- An Nahl: 90)

Jeung akhirnya tengetan ayat ieu:



Allah  henteu nyaram anjeun keur nyieun kahadéan jeung ngajalankeun kaadilan ka jalma-jalma anu henteu merangan anjeun alatan sarta henteu ngusir anjeun ti nnagara anjeun.. (QS- Al Mumtahanah: 8)

GUSTI KAWULA – KAWULA GUSTI

[16/12/2021 14:56] Aing: GUSTI KAWULA – KAWULA GUSTI 

Sebagian gede anu ngaruku sarta percaya ka Pangeran, ana disebut Gusti tujuan (maksud) caritana the nya eta nuduh kana Wujud nu Maha Suci. Jeung dimana nyebutkeun Kaula nya eta nuduh kana tekad, lampah jeung ucapna nu jadi mahluk, jadi palebah dieu mah tetela pisan cacak nuduh ngaran kaula oge geuning teu beunang dituduhkeun bungkeuleukannana nu ngaku bae. Ana kitu terang pisan samemeh urang nganyahokeun kana Wujud Gusti teh, atuh leuwih hade tiheula mah kudu nganyahokeun kana kaulana, ari sababna nya-eta lamun acan nyaho ka kaulana asa mohal nyaho ka Gustina, tadi geus dicaritakeun yen nyatana kaula teh nya-eta nu geus puguh nekadkeunnana , ngalampahkeunnana jeung ucapannana sacara nu kumawula ka Gustina. Ari parabotna pikeun kumawula teh nya-eta kaayaan anggahota mahluk anu kasipatan ku pangawasa jeung pangersa Pangeran , ari nu kudu dipiconto pikeun angger-angger nya-eta sakabeh Rukun nu geus ditetepkeun dina ka-Imanan jeung dina ka-Islaman – sare’atna kudu prak digawe sacara make a’dat – patarekannana geura tarek nafsu urang ku sorangan sabgkan ulah mamawa ka nu teu urus nyengcang tina kawajiban kumawula – hakekatna kudu iman ka nu wajib di imankeun, Islam patekadannana – marifatna nyaho mana anu enya jeung mana anu lain.

Ari hartina kaula eta teh kecap kapangkatan ti sakur nu geus bisa kumawula, jadi lamun acan bisa ngawula mah urang teh acan boga pangkat kaula. Jadi anu bisa kumawula teh, nya-eta :
1.     nu kasipatan ku Kodiran (nu kawasa) hartina geus walakaya metakeun anggahotana guna kumawula ka gustina.
2.     nu kasipatan ku Muridan (nu kersa), hartina geus daek migawe parentahan ti Rasulna guna Gumusti.
3.     nu kasipatan ku Aliman (nu uninga) hartina geus digawe kalawan nyaho kana kawajiban sacara nu kumawula.
4.     nu kasipatan ku Hajan (nu hirup) hartina geus ngahirupkeun parentah, nya-eta ngimankeun kalawan prak migawe sakur nu geus ditetepkeun ku rukun rukun Iman jeung Islam. Sare’atna kudu sa-adat jeung aturan nu menurut hukum Sara di dunya, Tarekatna kudu narek maneh, nya-eta nyegah napsu nu goreng ulah nepi ka ngalanggar kana hukum Agama sumawon Drigama. Hakekatna henteu ngabeda-beda  yen anu araya di sakabeh Alam jeung Jaman teh ayana, pangawasana, kadaekna, jeung kanyahona teh asal tina kamurahannana Pangeran, ana kitu Marifatna nya-eta lamun enggeus nyaho yen Wujudna Pangeran teh ku ayana sifat Rohman jeung Rohim, welas jeung asih, atuh ngawujudkeunnana titel (pangkat) kaula oge teu aya deui kajaba urang anu kudu kumawula ka Gusti ku jalan ngadatkeunsarta af’alna hartina sah tina rukun anu ditetepkeun ku Rasulna. Nyipatkeun welas jeung asih ka sasama, hartina lamun mangeran kanu sipatna welas jeung asih, atuh nu mangeranna oge kudu ngadatkeun welas jeung asih ka sakur nu dipiwelas jeung dipiasih ku Gustina, sangkan boga asma atawa ngaran kaulaning Gusti.
5.     nu kasipatan ku Samian (nu ngarungu) , hartina suhud migawe parentah, nohidkeun kumawulana ka Gustina.
6.     nu kasipatan ku Basiran (nu ningali), hartina geus waspada kana pagawean nu wajib dipigawe ku kaula.
7.     nu kasipatan ku Mutakaliman (nu ngandika), hartina geus prak nekadkeun, ngalampahkeun jeung ngucapkeun sarta enya Islam (suci) ngawulana teh.
[16/12/2021 14:57] Aing: Tah gulungna eta 7 kasipatan anu geus prak ngadatkeun kumawula sarta af”al dina wujud sacara ngawulana , nu kitu pangkatna atawa asmana nya-eta Kaula ... sabab
1.     geus kawasa ngadatkeun ngaula
2.     geus kersa ngadatkeun ngaula
3.     geus uninga kana elmu ngaula
4.     geus hirup , iman dina sajero ngaula
5.     geus ngarungu, tohid dina ngaula
6.     geus ningali, ma’rifat dina ngaula
7.     geus ngandika, tegesna geus Islam patekadannana nyungsi kana kecap “Kaula nekadkeun teu aya deui Pangeran anging Gusti Allah , jeung nekadkeun Kaula satemenna Rassululah teh Utusannana”
Jadi ana kitu lamun urang hayang boga  “ngaran” Kaula sarta sanggeus ngarasa yen ayana pangawasa, kadaek, kanyaho, hirup, ngadenge, nenjo jeung ngomong teh asal tina kasarengan ku sipat kamurahan Gusti atuh eta 7 parabot teh kudu di Imankeun sarta jeung Islamna supaya nga-Wujud kana patekadan Kaula tea.
Katerangan panutup tina hal kecap kaula nya-eta urang kudu prak ngawula heula, ari parabotna nya-eta lamun urang keur kasipatan ku sipat Ma’nawiah: nu kuasa, nu kersa, nu uninga, nu hirup, nu ngarungu, nu ningali jeung nu ngandika. Tah eta nu 7 perkara lamun di Imankeun keur kumawula ka Gusti sarta Islam, hartina enya kumawulana teh menurut kana pangersa Rassulullah, teu sulaya jeung rukunna, nu kitu mah kakara boga ngaran kaulaning Allah ..........
Tapi sabalikna lamun eta kasipatan tadi diimankeun kana goreng sarta rukuna ka nu goreng , eta ngarana kaulaning goreng, sabab tetelana ngaran eta gumantung kana sifatna nu ngaadatkeun , ari af’alna sanggeus sanggeus ngawujud pagaweannana.

Kaula nu pantes diturut, nya-eta: nu tara nyumputkeun elmu nu hade – nu tara sirik jeung pidik – tara upat simuatan – atoh mun manggih nu hade – daek ngomekeun nu salah – tegesna nu teu nyalimpang tina papagon Agama, Sareatna nya-eta daek ngadatkeun cara prak-prakannana nu ber-agama dina alam ieu – Tarekatna nu nyegah hawa napsuna nu sok ngajadikeun matak henteu ngeunahna batur sumawona kana rasana sorangan – Hakekatna geus nyaho kana kawajiban sorangan dina sapanjang ber-agana, rajeun oge usil ka batur lain nyieun kagorengan taoi rek ngabenerkeun kasalahannana atawa nanya sakur nu dikira berguna, tegesna jauh tina siksik-melik, -- Mari’fatna lamun geus ngawujud sakur nu geus diomongkeun, nu dibaca, nu diuji tegesna Iman jeung Islam (suci).

Sanggeus ngarti kana katerangan anu di luhur , sarta sangkan ulah meunang panyebut bohong ucapan, geura prak atuh adatkeun sangkan nga-WUJUD.

SYAHADATNA
          SOLATNA
                   ZAKATNA
                             PUASANA
                                      MUNGGAH HAJINA

TAWAJUH

[16/12/2021 12:47] Aing: Ari tawajuh teh nya-eta pagawean nu manjing guru, hartina nekad-keun ku lampah jeung ucapna sakur anu geus diajarkeun ku guruna.

Tapi mungguhing di dunya sok aya papasangannana, atuh tawajuh oge teu beunang ditetepkeun dina hade bae, ari sababna geuning sok loba bukti aya nu ngajarkeun kagorengan, atawa saukur bebeneran sorangan alias lain bener tulen atawa ngan ngawujud-keun angkeuhan wungkul.

Tah ku lantaran eta sangkan urang manggih jalan pikeun tawajuh nu hade teh atuh kudu jeung pamilih, sabab loba anu geus kajadian goreng lantaran saentasna tawajuh, saperti loba nu jadi reu'eus, teu akur jeung nu teu saihwan, cawadan, cegekan, ari aya nu ngome-keun hayoh dipajarkeun ngabantah ..... jeung salianna, atuh buahna beunang tawajuh teh tembres goreng, sabab kasaksian ku panca dria nu lima oge goreng, saperti katenjo, kadenge, kaambeu, ka-omongkeun jeung karasa ku anu ngarasakeunnana.

Naha nu kitu teh kalakuan anu hade ?

Meureun lain, sabab sidik nga-aDAT-keun kana siksik-melik wungkul .... hartina kajeun ngaku geus tawajuh, lamun sagala wungkul omongan alias boga rasa luhur sorangan, tapi pagawean-nana ngan matak goreng, anu tangtu manehna teh bakal panggih jeung beutina, palebah dieu sing ngarti; lain ngabeuti hui atawa taleus, tapi beutina goreng A-DAT tea, atuh panggahotana nu 9 nu diibaratkeun wali teh dipake MERAD hartina mangprung dina lampah goreng, tapi leuheung ari meradna ngan saban pukul 9 bae, atawa dina satungtung kasipatan ku pangawasa keur ngeusian pabeyasan karena halal mah, sabab ari nu merad teterusan sok manggih nu beureum (amarah?) koneng (luamah?) bodas (sawiyah?) hideungna, nya powekeun tuluy bae tadah tuduh, nu kasaksi ku panca driana oge hayoh di pi-Gusti. Atuh nu kitu mah dat anyar nu asal kajadian tina Kamurahan Pangeran, jeung hawana (pangawasa wujud anyar) nya-eta anu kasipatan ku Pangawasa Pangeran (Kudrat!). Anu matak ku nyalahannana sangka sok rajeun aya nu mapandeukeun Pangeran kana cahaya, suwung elingan, jajantung jeung rupa-rupa dat anu alanyar. Atuh lain Dat Laesa Kamislihi ari nu kitu mah ! Kusabab kitu tetela pisan jeung pancadria (5 panggahota urang) kudu dipake nganyahokeun ayana dat anu alanyar, nya-eta sangkan ulah wani mapandeukeun Gusti rek disasaruakeun jeung nu dicaritakeun di luhur sabab anu bisa dibuktikeun ku panca dria mah eta teh asup dat anyar anu ka-sipatan ku pangawasa jeung pangersana Gusti bae, sabab .... upama euweuh pangawasana mah tangtu moal aya dat-datna acan nu alanyar teh, ku lantaran eta supaya leuwih kaharti ieu di handap diterangkeun. 

Anu katenjo ku panon,
Anu kadenge ku ceuli
Anu kaambeu ku irung
Anu kaucapkeun ku lambe,
Anu karampa ku rasa.
[16/12/2021 12:47] Aing: Eta kabeh dat anyar (nu asal tina kamurahan Pangeran), ari panga-wasa nu dipake nenjo, ngadenge, ngambeu, ngucap jeung ngarasa ku urang eta KA-sipatan ku pangawasa Anjeunna, numatak pantes urang kudu mangeran ka Anjeunna teh, sarta lamun urang geus nyaho yen Gusti teh sifatna welas jeung asih, atuh ulah salah nya mangeran, ari mangeranna urang kudu nga-dat-keun parentah Rasulna, nga-sipat-keun sacara nu welas jeung asih ka sakabeh dat nu kabukti ku panca dria tea, sabab huripna alam dunya nya-eta kulantaran ayana jeung rukun anu ngeusiannana, karena lamun teu daek marigawe rukun Rasulna mah tangtu Alam teh ruksak tina kaayaan asalna ! Kusabab kitu tetela pisan lamun panca dria teu dipake nganyahokeun mana dat nu anyar jeung mana nu tiheula eta sok loba kajadian nu mahiwal ngajalankeun sareatna, tarekatna sok make ngarobahan rukun nu geus ditetepkeun ku nu tiheula, sarta geus nga-hak-keun bebeneran sorangan atawa bebeneran paguron-na, ana kitu ma'rifatna oge ngan kana cita2 (dikira-kira, dipapan-deukeun), ana kitu mah atuh salah, sabab moal aya kecap Muhala-fatulilhawadis, lamun beunang keneh disasaruakeun!

Ku katerangan di luhur sugan bisa dihartikeun kieu pikeun nu tawajuh teh kudu bisa puasa hartina teu ngabeda-beda kaayaan rasa nu sejen jeung manehna eta sarua.

5 powe teh lain powe anu masang nya-eta nu make beurang jeung peuting, tapi ieu mah: kudu netelakeun yen enyana sakabeh dat nu kasaksi ku pancadria eta lain Gusti, tapi eta dat asalna tina kawelas jeung ka-asihna Gusti.

7 powe nya kitu keneh, lain powe papasangan tapi yen nu aya dina 7 lapis bumi jeung 7 lapis langit eta kasipatan ku pangawasana Gusti. Anu matak lamun urang geus nyaho yen sakabeh dat anu araya teh asal ti Gusti, atuh urang oge kudu nembongkeun sacara anu mangeran ka Gusti, nya-eta mikanyaah ka sakabeh dat anu kasipatan ku pangawasa jeung pangersa Gusti.

9 powe, hartina satungtung urang ka-datan, ka-sipatan ku pangawasa Gusti saperti kieu: sanggeusna urang boga (?) badan, geus kitu tuluy bisa eling, nenjo, ngadenge, ngambeu, ngomong, ngarasa, mikir, obah jeung ngalangkah, tah eta nu 9 perkara ku urang ibaratkeun parabot pikeun melak (ngalampahkeun) kalakuan anu hade jeung sasama pada di dunya, palebah dieu tetela ari neangan beuti hade ulah diteangan ku sapedah ngabeuti hui atawa ku merad migusti kana cahaya bae, tapi satungtung urang kasipatan ku pangawasa sacara anu dicaritakeun di luhur, atuh geura prak sareatkeun parentah Rasul anu geus ditetepkeun dina Rukun-na, sangkan sa aDat dina enggon-enggoning Mangeran ka Gusti teh, Manutna ka Rasul nya-eta ulah migusti ka sakabeh dat nu anyar. Geura tarek nafsu urang, sangkan ulah mawa kana jalan anu salah (mahiwal ti parentah Rasul), hartina lamun urang daek melak hade, beutina ge tangtu hade, daunna ge kahadean, nu tangtu beunang dilalab, hakna geus teu salah deui, panggih jeung kasalametan, ma'rifatna ka nu hiji, meureun moal ucas-acos, ibarat nu maen colok, Gusti pek dipapandekeun, dicipta dicita-cita, atuh beunang dicipta mah lain, sabab bisa nyipta soteh urang mah kana dat nu geus kapanggih.
[16/12/2021 12:47] Aing: 40 powe, hartina lain ngan 40 beurang jeung peuting bae urang iman ka Gusti teh, tapi salawasna satungtung urang kadatan jeung kasipatan ku pangawasa jeung pangersaNa mah atuh geura prak nga-datkeun sareat nu miturut RukunNa, ngersakeun narek nafsu supaya ngimankeun ka sakur nu ditetepkeun dina Rukun Iman.

Puasa nu miturut Agama mah, sarta nu geus ditetepkeun ku Rukun Islam, ngan dina bulan Puasa sabulan.

Ari nu 5, nu dipake guguru pikeun neangan kahadean mah nya-eta ku pancadria sangkan nganyahokeun ka sasamana.

Ari nu 7, nya-eta pikeun nganyahokeun yen nu araya dina babasan 7 tungkebing langit jeung 7 tangkaraking bumi pada kasipatan ku pangawasa Pangeran, sarta pangawasana teh henteu percumah, tapi estu berguna keur hirup sarerea, jeung

Anu 9, nyaeta pangawasa urang teh kudu dipake ngahirupkeun (nurut) kana paerntah Agama, ngahuripkeun ieu dunya, ngajalan-keun welas asih ka sasama.

Anu 40, satungtung urang ngarasa kasipatan ku pangawasa jeung pangersa Pangeran mah, atuh nya sapantasna bae aya rumasana, ari rumasana nya-eta ulah ngaku luhur ulah reu-eus, kudu daek nuduhkeun jalan kanu teu terang, kitu oge ulah ari nyanyahoan mah, daek ngahampura kana kasalahan batur, welas jeung asih ka sasama di dunya, henteu mandang basa jeung bangsa di dunya, mun boga kasalahan kudu tumarima, cindek mah kudu tumarima dina teu nyahona, sarta sawajibna kudu Iman, hartina nya-eta percaya ka Gusti, (nu sipatna diterang keun dina sipat 20 , jeung 20 deui ma'na-na), ka Kitabna, ka RasulNa , Malaekatna jeung Takdirna sangkan salamet ti awal nepi ka panggih jeung powe panganggeusan teh Islam patekadannana, prak Sahadat, prak Solatna, Jakat Fitrah Puasana, karena lamun teu kitu hartina lamun teu prak kumaha Munggah hajina? kapan bisana disebut agama hiji teh ku a-DATna, ari adat Islam nya-eta nu milampah Rukunna.