Minggu, 03 Desember 2017

NAHA TEU NGAGUGU KANA PARENTAH SALAKI?

Kamari,Saptu 3 Desember 2018, kula nyaring wanci tabuh 10 isuk,kulantaran di geuingkeun ku nujadi bojo da aya utusan uyut arek nyandak formulir dukungan purnabhakti kepala desa di Kecamatan Cariu sareng Tanjungsari,da Inohong hoyong ningali.
Nya Kula atuh jadi terus hudang,beberesih mandi tuluy milu ngariung di hareup jeung bojo bari aya balarea batur anu matuh unggal poe ge da keur dagang bbm.
Kula mere titah ka bojo yen sapatu anak anu keur dipoe geura pindahkeun bisi aya nu nyokot,nitah teh nepi ka tilu kali.
Dina sabada Juhur kula terus di imah di kamar,sasarean deui nunggu wanci na asar.....
Dina mangsa rek magrib,anak kula nu boga sapatu nanyakeun dimana eta sapatu ayana ka kula.
Cek kula tanyakeun ka indung hidep,mun teu apaleun tangtuna leungit aya nu maling.
Nya bener pisan indung na budak kula teu rumasa merenan eta sapatu,atuh jelas tur nyata eta sapatu teh leungit aya nu maling.
Kula jadi rada kesel ka nu jadi bojo,bet teu ngagugu kana titah kula nu jadi salaki...
Tah mantak ka tiap istri sing nurut tur toat ka salaki....ulah sok ngbahaan mantak jadi mamala nu nyata......

Sabtu, 02 Desember 2017

HIRUP AYEUNA ZAMAN NA KULA

Caangna sarengenge masih sarua saperti caangna nu baheula,angin nu pake napas sarua kawas angin nu baheula,taneh nu di cicingan masih keneh bumi ni baheula,tapi naha bet beda rarasaan kula nu hirup di zaman ayeuna,beda jeung carita carita karuhun kula........
Karuhun kula geus ngamanatkeun yen " Tekad,Ucap jeung Lampah eta kudu sarua..." ngan gening di zaman kula ayeuna bet kalobaan beda dina ucapna lain kalakuan na...........beu boa boa ieu zaman teh geus teu ngeunah dina rarasaan na.....
Mun enya ieu zaman ayeuna teh kalobaan di zamanan ku manusa nu kalobaan lain tekadna lain ucapna jeung lain kalakuanna......na kumaha ke balukarna geusan anak incu urang kahareup?