Senin, 13 Oktober 2014

KAJADIAN NYATA DI TAHUN 2014

Ieu lain ngan saukur carita,dimana kajadian nana teh tumiba kanu jadi rama sang Bathara Aji Rasha nyaeta balukar tina laku lampahna nafsu manusa anu sarakah kusabab ieu sarakah teh watak jeung tabeat manusa anu teu apal kana dirina.
Ari kajadian ieu teh nyaeta baheula Lima,atanapi Tujuh tahun kalangkung ka pi nini atanapi bibina pun rama anu dina aya dikieuna teh di kantunkeun ku carogena bari teu ngagaduhan putra saurang ge,sajabi di kantunkeun ku carogena teh pun nini ieu teh di waris ku carogena mangrupa harta taneuh anu kaetang lega.
Saentosna di kantun ku carogena pun nini teh,ngical sadaya taneuh warisan ti carogena,mung ngaiwalkeun 460 meter anu janteun bumi tur majlis taklim.
Ari taneh warisan eta di icalna ka hiji aparat jegud tur mi istri anu jabatan nana saurna diplomat,numana dina acara ical galeuh  taneh warisan eta teh,pun nini teu ngical sadaya harta tanahna tea,ngaiwalkeun 460 meter jang bumi padumukan,ari anu jadi calo ieu jual beli tetep ngarasa hayang beunang sadayana,mangkana di suratan ku akta jual beli sadayana,bari malsukeun tanda tangan para ahkli waris atanapi persetujuan keluargi,sabab pun nini teu gaduh putra saurang ge,mung gaduh dua urang eteh,sareng saurang alo lalaki ti raka lalaki.
Ari taneuh anu 460 meter ta sanajan tos ka asup kana surat eta jual beli,di tegeskeun ku pernyataan tukar menukar bila mana eta juragan jegud bade ngabangun,pun nini siap di pindahkeun kalawan di tukeuran ku ukuran taneh tur bangunan nu sarupa.
Ari buktina,mana horeng pun nini maot leuwih ti payun ti juragan jegud teh,tanah 460 meter tur bumi sarta majlis tea di bagikeun ka ahkli waris pun nini.
Mari mari sawatara tos Tujuh tahunan,jol datang ngaku ngaku sarta nuding nu jadi pamajikan eta jegud teh ka pun rama majarkeun teh eta tanah geus di bayar ku salakina,ari salakina juragan jgud ge maot teu sabaraha lila saentosna nini maot.
Jeung bari kitu teh eta randa lieur teh ngongkon ka Ketua MUI,Aparat Tripika,padahal baheula anu babagi warisan nini teh Ketua MUI.
Tah mimiti ieu jaman teh geus teu make kana aturan anu dijalankeun ku dirina sorangan,aparat pamarentahan sanajan teu apal lalakonan jol pipilueun ka jelema anyar anu rek maksakeun nafsu sarakahna,da eta abong abong di bibita ku duit.
Padahal.surat jual beli tanah ka pun nini tandatanganna di palsukeun,perjanjian tukar menukar jadi batal lantaran dua nana anu ngayakeun perjanjian tos pada mati.
Eleh eleh ieu jaman teh tos ngacapruk di jalankeun ku manusa manusa ngaco tur poho lantaran teu nyaho bari ngaku ngaku nyaho.